KASENIAN BRING-BRUNG DI KALURAHAN LEDENG KACAMATAN CIDADAP KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA : Ulikan Struktural-Sémiotik.

(1)

KASENIAN BRING-BRUNG

DI KALURAHAN LEDENG KACAMATAN CIDADAP KOTA BANDUNG

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

(ULIKAN STRUKTURAL-SÉMIOTIK)

SKRIPSI

Diajéngkeun pikeun nyumponan salasahiji sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikam

Ku: Dwi Komarasari

0907244

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

BANDUNG


(2)

KASENIAN BRING-BRUNG DI KALURAHAN

LEDENG KACAMATAN CIDADAP KOTA

BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN

MACA DI SMA

Oleh Dwi Komarasari

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Dwi Komarasari 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

April 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(3)

(4)

KASENIAN BRING-BRUNG DI KALURAHAN LEDENG KACAMATAN CIDADAP KOTA BANDUNG

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA (ULIKAN STRUKTURAL-SÉMIOTIK)1

oleh Dwi Komarasari2

ABSTRAK

Skripsi ini berjudul Kasenian Bring-brung di Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran di SMA. Penelitian ini berpangkal dari masalah kurangnya rasa peduli masyarakat sekitar terhadap kesenian tradisional. Penelitian ini juga bertujuan untuk mendeskripsikan kesenian Bring-brung di Kelurahan Ledeng Kecamatan Cidadap Kota Bandung dan bahan pembelajaran membaca di SMA. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif dengan menggunakan teknik studi pustaka, observasi, dokumentasi, dan wawancara. Instrumen yang digunakan dalam pengumpulan data adalah kamera digital, handycam, dan pedoman wawancara. Hasil penelitian: 1) latar belakang dan sejarah kasenian Bring-brung yang dimulai masuknya ajaran Islam ke Sunda melalui media kesenian yaitu Seni Terebang yang berganti nama dikarenakan alat musik yang digunakan berbunyi ‘bring’ dan ‘brung’, 2) struktural-sémiotik yang ada dalam kesenian Bring-brung dimulai aspek-aspek, tatacara, fungsi keagamaan, fungsi upacara, fungsi media komunikasi untuk masyarakat, fungsi media pendidikan, fungsi media hiburan, nilai musyawarah, nilai gotong royong serta nilai sosial., dan 3) hasil penelitian mengenai kasenian Bring-brung ini efektif untuk dijadikan bahan pembelajaran membaca diseluruh tingkat Sekolah Menengah Atas (SMA), khususnya kelas XII.

1. Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. Dedi Koswara, M.Hum. dan Retty Isnendes, S.pd, M.Hum. 2. Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung Angkatan 2009


(5)

THE ARTS OF BRING-BRUNG AT LEDENG DISTRICT CIDADAP SUB-DISTRICT BANDUNG MUNICIPALITY

FOR READING TEACHING MATERIAL AT SMA (STUDY OF STRUCTURAL-SEMIOTIC)1

By : Dwi Komarasari2

ABSTRACT

The script entittle is The Arts of Bring Brung at Ledeng District Cidadap Sub-District Bandung Municipality for Reading Teaching Material at SMA. The background of this study based on the low of pay attention of local inhabitans to the traditional arts. The objectives of this study is to find out the description the arts of Bring Brung at Ledeng District Cidadap Sub-District Bandung

Municipality for Reading Teaching Material at SMA. The research method is included in descriptive analytic qualitative research in which the technique was conductive by using literature, observation, documentation, and interview. the instrument of data collection technique was conductive by using digital camera, handycamp, and directive of interview. From the data analyses show that (1) The background and the cultural of arts bring brung start at Islam come in to Sunda throught arts media called “Terebang” which change of the name caused by the tool of music used make a noise bring brung, 2) structural-semiotic on the arts of

bring brung consist of several aspects, customs and manner, religious function, ceremonial function, communication media for inhabitans functions, educational media function, comfortable media function, deliberation value, mutual cooperation value , and social value, and 3) the result of the research show that the arts of bring brung was effective used for the reading teaching material at all of the level of SMA, especially at the XII grades.

1. This Script underguider by Dr. Dedi Koswara, M. Hum and Retty Isnendes, S.Pd, M. Hum. 2. University student of Pendidikan Bahasa Daerah Department FPBS UPI Bandung clas of 2009


(6)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Kabudayaan nya èta kabiasaan anu dipigawè ku hiji masarakat sarta diturunkeun ti generasi ka generasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan anu ditètèlakeun ku Linton dina Simanjuntak (1999:120), yén kabudayaan téh nya èta sakabèh pangaweruh, sikep, jeung paripolah anu mangrupa kabiasaan nu dipibanda sarta diwariskeun ku anggota hiji masarakat anu tangtu.

Kabudayaan numutkeun E.B. Taylor dina Harsojo (1990:6) nya èta:

Keseluruhan yang komplèks, yang di dalamnya terkandung ilmu pengetahuan, kepercayaan, kesenian, moral, hukum, adat-istiadat, dan kemampuan yang lain serta kebiasaan yang di dapat oleh manusia sebagai anggota masyarakat.

Pamadegan di luhur nuduhkeun yèn kabudayaan mangrupa hiji kabiasaan masarakat anu ngawujud adat-istiadat anu kudu dipigawè sacara turun-tumurun. Éta kabudayaan nyoko kana èlmu pangaweruh.

Manusa boga kasadaran yèn dirina aya di tengah-tengah masarakatna jeung alamna, sarta ayana kakawasaan nu ngaraksa alam. Éta hubungan mibanda tujuan pikeun ngahontal kasalametan jeung kani‟matan, ku ngaliwatan kasadaran ka dirina sorangan, ka masarakat sabudeureunana, ka alam, jeung kana kakawasaan nu ngaraksa kahirupan sakumna. Kasenian tradisional ogè mangrupa salah sahiji wujud kabudayaan anu patali jeung kapercayaan. Dina kapercayaan urang Sunda, atra pisan gumulungna antara animisme jeung dinamisme Hindu, Budha jeung Islam.

Urang Sunda minangka salah sahiji sèlèr bangsa di Indonesia geus ngahasilkeun rupa-rupa kabudayaan. Kabudayaan Sunda nya èta kabudayaan anu dipimilik ku masarakat Sunda, èta tèh hasil tina prosès adaptasi kana parobahan-parobahan alam anu tuluy-tumuluy dina waktu anu kacida lilana. Kabiasaan-kabiasaan anu napak kana konsep kepercayaan dina mangsa bihari, kiwari masih kènèh dipilampah, bakal katitèn dina kasenian tradisional. Kasenian tradisional


(7)

mangrupa wujud tina hubungan antara manusa jeung pribadina, masarakatna, alamna, ogé Pangéranna.

Rupa-rupa kasenian tradisional di Jawa Barat mibanda potènsi seni nu kudu meunang perhatian, boh ti pihak pamarèntah boh ti lembaga-lembaga sèjènna. Ku sabab sakabèh kasenian nu aya di Nusantara tèh mangrupa hasil tina krèativitas bangsa Indonesia. Di antarana aya kasenian calung, celempungan, benjang, cianjuran, degung, réog, wayang, bring-brung jeung réa-réa deui.

Seni Bring-brung mekar di masarakat RW 04 Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung anu mayoritas agamana Islam, mawa simbol anu diwariskeun ku generasi saméméhna. Dina nepikeun èta simbol-simbol, kasenian bringbrung boga ma‟na. Hal èta sarua jeung anu diungkapkeun ku Cliffort Geertz dina Pujileksono (2009:14)

Kebudayaan adalah suuatu yang dengannya kita memahami dan memberi makna pada hidup kita. Kebudayaan mengacu pada suatu pola makna-makna yang diwujudkan dalam simbol-simbol yang diturunalihkan secara historis, suatu sistem gagasan yang diwariskan yang diungkapkan dalam bentuk-bentuk simbol yang dengannya manusia menyampaikan, melestarikan, dan mengembangkan pengetahuan mereka mengenai sikap serta pendirian mereka terhadap kehidupan (Pujileksono, 2009 : 14).

Istilah Bring-brung anu digunakeun jadi ngaran jenis kasenian di lingkungan masarakat Ledeng mimitina nyoko kana sora waditra nu nimbulkeun sora jiga „bring‟ jeung „brung‟. Anu dimaksud waditrana nyaèta terebang jeung dog-dog. Jadi, Bring-brung nya èta seni hasil ngahijina dua jenis waditra antara terebang jeung dog-dog. Terebang mangrupa waditra anu ngagunakeun mèdia kulit jeung kai anu bentukna silinder anu diameterna 40-60 cm, panjangna antara 10-15 cm, sajenis rebana (Atik Soepandi, 1985-99), sedengkeun dog-dog nya èta waditra nu biasa ditakol tina kulit, biasana sok ditakol ngagunakeun alat bantu paranti nakol (Kubarsyah, 1998-77).

Kasenian Bring-brung dianggap ngabogaan kakuatan spiritual jeung mistis. Ku kituna biasana dilaksanakeun dina maulid Nabi, ngaruat, upacara sunatan budak, jatukrami jeung dina sukuran sarta hiburan.


(8)

3

Dina wangun pintonanana, kasenian Bring-brung, tina cara gerak, eusi jeung waditra anu digunakeun nambahan nuansa ka-Islamanana. Dina pintonanna ogè sifatna variatif, nya èta ngagabungkeun seni vokal, musik, jeung tari. Saluyu jeung pamadegan Jakob Sumarjo ngeunaan kategori seni pertunjukan :

Bentuk seni Islami yang digolongkan kedalam seni pertunjukan terdiri dari seni vocal, musik, dan tari. Bentuk seni lain adalah seni drama atau teater (di dalamnya termasuk sastra), kaligrafi dan arsitektur Islam (Sumardjo, 2001:188).

Aya sababaraha kaunikan anu katingali dina kasenian Bring-brung nya èta para palaku atawa seniman Bring-brung didominasi ku lalaki. Dina kasenian ieu aya dalang anu mingpin tuluy ngahaleuangkeun syair-syair. Salian ti syair tina kitab barzanji aya ogè lagu-lagu tambahan anu sifatna hiburan nu biasa disebut lagu-lagu jamjami anu eusina mangrupa peupeujeuh, papahingan, jeung padoman hirup. Biasana lagu-laguna ditalar, loba pisan amanat-amanat anu aya dijerona. Baheulana dipaké pikeun nyiarkeun agama Islam.

Salian ti èta, ieu kasenian boga fungsi jadi sarana sosialisasi ajèn-ajèn budaya masarakat nu ngarojongna. Dina nyanghareupan kamekaran jaman anu sakitu tèrèhna, karasa pisan ayana parobahan fungsi dasar dina ieu kasenian. Hal ieu teu lepas tina pangaruh mekarna sosial-budaya. Contona dina mangsa baheula mah kasenian ieu tèh miboga tujuan husus pikeun upacara, ayeuna mah lolobana ngan saukur dijadikeun hiburan. Kaayaan samodèl kieu, mangrupa salah sahiji pangaruh tina ngèsèrna kahirupan anu tradisional jadi kahirupan anu modern.

Kasenian Bring-brung di Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung terus ngalaman parobahan-parobahan, luyu jeung perwujudan mèkanismeu kabudayaanana. Kamajuan jaman mawa pangaruh kana lunturna seni tradisional ku kamajemukan seni modern jeung pola pikir masarakat. Hal ieu mèrè tanda yén masarakatna teu konsistèn dina ngokolakeun ieu kasenian nepika nu asalna loba grup Bring-brung di Ledeng téh ayeuna mah ngan tinggal hiji. Ku kituna, lila kalilaan ieu kasenian téh bisa leungit ku lantaran masarakat kurang informasi ngeunaan ieu kasenian.


(9)

Sanajan aya upaya ti masarakat jeung ti pamarèntah ngeunaan kudu dimululèna budaya Sunda hususna di Jawa Barat, tapi dina kanyataanna, èta tarékah teu acan nyugemakeun jeung malah mah masarakat loba nu ninggalkeun kasenian tradisional.

Salah sahiji tarékah ngawanohkeun atawa ngamumulé kasenian téh bisa ngaliwatan matéri pangajaran di sakola. Lantaran siswa dianggap salaku generasi nu poténsial pikeun neruskeun kasenian Bring-brung. Komo deui dina ieu kasenian téh nyampak ajén-ajén tina wujud (struktur) jeung perlambang-perlambang (sémiotik).

Dina kajian élmu, widang struktur jeung sémiotik téh teu bisa dipisahkeun, komo dina lingkup budaya lantaran hal éta saluyu jeung pamadegan A. Teeuw (2003:40) nétélakeun, yén widang garapan sémiotik lain ngan semet ngulik élmu jeung sastra wungkul, tapi ogé aspék atawa pamarekan nu tangtu dina élmu seni (éstétika), antropologi budaya, filsafat, jeung nu lianna. Malah Dumazier jeung Ripert (Zoest, 1993:124) matalikeun hubungan budaya jeung sémiotik téh kieu “yén tingkat kabudayaan nyoko dina simbol-simbol aféktif, kognitif, jeung konatif anu ngahubungkeun manusa jeung Gusti, manusa jeung dunya (alam), masarakat, jeung dirina sorangan dina mangsa peradaban nu tangtu”.

Ku kituna, pikeun ngajéntrékeun hal di luhur sarta pikeun ngajawab rasa kapanasaran, ieu panalungtikan ngahaja dilaksanakeun di Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung.

Saméméhna ieu loba panalungtikan skripsi di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah anu eusina ngeunaan budaya saperti ku Eka Purwati anu judulna Ajén Éstétis Dina Kasenian Sisingaan Di Kabupatén Subang taun 2011, ku Dede Iskandar anu judulna Sajarah simbol-simbol Dina Kasenian Singa Dépok Lingkung Seni Jaya Putih I Désa Margasari Kacamatan Dauan Kabupatén Subang taun 2009, ku Nur Asiah anu judulna Ajén-inajén Dina Kasenian Burok di Désa Pabedilan Wétan Kecamatan Pabedilan Kabupatén Cirebon Pikeun Bagan Pangajaran Di SMP taun 2010. Salian ti éta skripsi anu dikaji ku ulikan struktural-sémiotik geus aya nyaéta dilaksanakeun ku Rekha Rosdiana Dewi anu judulna Ajén Falsafah Kasenian Tarawangsa Désa Rancakalong Kecamatan


(10)

5

Rancakalong Kabupatén Sumedang (Hiji ulikan structural-sémiotik), skripsi di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah taun 2012.

Sok sanajan paniténna sarua, tapi objékna mah béda. Dina ieu panalungtikan, lain nalungtik strukturna wungkul, tapi ogé simbol anu nyangkaruk dina kasenian Bring-brung nu dipatalikeun jeung bahan pangajaran

maca di SMA kelas XII saluyu jeung Standar Kompetensi 12.3. Mampu membaca untuk memahami dan menanggapi bacaan yang berupa artikel, carita buhun dan bahasan jeung Kompetensi Dasar 12.3.1 Membaca artikel tentang budaya.

Ku kituna, ieu panalungtikan nu dijudulan Kasenian Bring-brung di Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA(ulikan struuktural-sémiotik) perlu dilaksanakeun.

1.2.Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang masalah, sangkan teu jembar teuing, ieu panalungtikan tèh diwatesanan ku medar Kasenian Bringbrung di Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung ngagunakeun kajian struktural-sémiotik pikeun bahan pangajaran maca di SMA.

1.2.2 Rumusan Masalah

Masalah dina panalungtikan ieu dirumuskeun dina patalékan-patalékan di handap.

1. Kumaha kontéks (kasang tukang jeung kamekaran) Kasenian Bringbrung di Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung?

2. Kumaha struktural-sémotik (aspék-aspék; pintonan; fungsi; jeung ajén kabudayaan) Kasenian Bringbrung Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung?

3. Kumaha ngalarapkeun hasil panalungtikan dina bahan pangajaran maca di SMA?


(11)

1.3 Tujuan Panalungtikan

Ieu panalungtikan miboga tujuan umum jeung tujuan husus. Tujuan umum nya èta ngariksa kasenian tradisional nu aya dimasarakat, sedengkeun tujuan husus nya éta:

1. Ngadéskripsikeun kontéks (kasang tukang jeung kamekaran) Kasenian Bringbrung di Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung. 2. Ngadéskripsikeun struktural-sémotik (unsur-unsur; pintonan; fungsi; jeung

ajén kabudayaan) Kasenian Bringbrung Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung.

3. Ngalarapkeun hasil panalungtikan dina bahan pangajaran maca di SMA. 1.4 Mangpaat Panalungtikan

Unggal panalungtikan dina hakèkatna mah ngabogaan tujuan. Ieu panalungtikan tèh miboga mangpaat, anu ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat ieu panalutikan tèh dipiharep bisa ngeuyeuban kazanah budaya Sunda dina widang kasenian, utamana kasenian Bringbrung.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat ieu panalungtikan pikeun ngaronjatkeun kasadaran masarakat Sunda sangkan terus ngamumulè kasenian anu aya di masarakatna. Upama dipatalikeun jeung widang atikan, hasil tina panalungtikan téh bisa dimangpaatkeun ku guru basa jeung sastra pikeun dijadikeun alternatif dina nangtukeun bahan pangajaran.

1.5 Sistematika Nyusun Skripsi

BAB I ngawengku kasang tukang masalah, idèntifikasi masalah, watesan masalah jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, jeung sistematika nyusun skripsi.


(12)

7

BAB II ngawengku tiori ngeunaan tiori kasenian, sémiotik jeung bahan pangajaran maca.

BAB III ngawengku téknik panalungtikan, sumber data, lokasi, instrument panalungtikan, teknik ngolah data, jeung wangenan operasional.

BAB IV analisis data.


(13)

BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan

Ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan kualitatif. Bogdan jeung Taylor (dina Muhammad, 2011:19) nétélakeun, yén panalungtikan kualitatif nya éta panalungtika nu hasilna data déskriptif mangrupa kekecapan tinulis atawa lisan tina tingkah polah jalma-jalma anu ditalungtik. Numutkeun jenisna, dina panalungtikan kualitatif aya anu disebut panalungtikan déskriptif. Panalungtikan déskriptif nya éta panalungtikan anu dilakukeun pikeun mariksa jeung ngukur gejala nu tangtu. Ieu panalungtikan kaasup kana panalungtikan déskriptif. Dina ieu panalungtikan, landasan tiori dibutuhkeun tapi teu digunakeun salaku dasar pikeun nangtukeun kritéria pengukuran kana gejala anu ditalungtik (Fathoni, 2006: 97).

Satuluyna Danim (2002:41) nétélakeun, yén panalungtikan déskriptif nya éta panalungtikan anu dilakukeun pikeun ngadéskripsikeun hiji kajadian atawa daérah populasi nu tangtu sarta mibanda sifat faktual sacara sistematis jeung akurat. Saluyu jeung pamanggih Suyatna (2002:14), métode panalungtikan déskriptif nya éta panalungtikan anu mangrupa akumulasi data dasar ku cara déskriptif wungkul; teu nguji hipotésis, teu nyieun ramalan/prédiksi, atawa teu nyangking ma’na implikasi.

Pikeun ngahontal tujuan panalungtikan, panalungtik kudu maké métode panalungtikan anu cocog. Métode panalungtikan nya éta métode anu digunakeun waktu panalungtikan (Fathoni, 2006: 98). Métode asal kecap tina basa Yunani nya éta methohodos anu hartina jalan nu dipaké. Jadi, métode panalungtikan nya éta cara-cara mikir jeung ngalakukeun anu geus disiapkeun kalayan hadé pikeun ngayakeun panalungtikan sarta pikeun ngahontal hiji tujuan panalungtikan (Kartono, 1983:15-16).

Arikunto (1996:150) nétélakeun, yén métode panalungtikan téh nya éta cara anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan. Dumasar kana tujuan nu hayang dihontal, métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta


(14)

29

métode déskriptif. Métode déskriptif nya éta métode anu digunakeun pikeun ngayakeun pemeriksaan jeung ngalakukeun pengukuran-pengukuran kana gejala émpirik anu ditalungtik (Fathoni, 2006:100).

Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun kasenian Bring-brung. Ieu panalungtikan museur kana prak-prakan, pakakas (properti), simbol-simbol dina prak-prakan, jeung pakakas anu digunakeun.

3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik nu digunakeun dina ngumpulkeun data nya éta ulikan pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung dokumentasi.

3.2.1 Téhnik Ulikan Pustaka

Dina téhnik ulikan pustaka (literature) panalungtik maca, néangan sarta neuleuman eusi buku-buku pikeun nangtukeun dasar-dasar téoritis anu aya patalina jeung masalah nu rék ditalungtik.

3.2.2 Téhnik Obsérvasi

Obsérvasi mangrupa téhnik pikeun ngumpulkeun data kalawan miboga ciri-ciri anu leuwih husus upama dibandingkeun jeung téhnik lianna nya éta wawancara jeung kuisioner (Sugiyono, 2010:145). Obsérvasi teu diwatesan ngan ka manusa, tapi ogé bisa ka objék-objék alam nu aya di sabudeureunana. Obsérvasi dilaksanakeun langsung ku cara niténan struktural-sémotik (palaku; pakakas; waditra; prak-prakan; fungsi; ajén-ajén) Kasenian Bring-brung.

3.2.3 Téhnik Wawancara

Téhnik wawancara nya éta téknik anu dilaksanakeun ku cara komunikasi langsung jeung masarakat salaku informan. Téhnik wawancara digunakeun pikeun ngawawancara masarakat Ledeng anu patali jeung sajarah kana ngadegna Kasenian Bring-brung ogé hal-hal anu patali jeung Kasenian Bring-brung.


(15)

3.2.4 Téhnik Dokuméntasi

Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngarojong informasi data ngeunaan Kasenian Bring-brung. Anapon data-data anu didokumentasikeun ku panalungtik salila prosés ngumpulkeun data nya éta:

1) hasil panalungtikan langsung ka objék panalungtikan; 2) foto pakakas, waditra, prak-prakan; jeung

3) hasil ngawawancara ka dalang jeung sesepuh masarakat Ledeng.

Dumasar téhnik di luhur, ngumpulkeun data dilakukeun kalawan tahap-tahap saperti ieu di handap:

1) nyusun rarancang panalungtikan;

2) obsérvasi sarta ngumpulkeun data kalawan turun langsung ka lapangan; 3) ngayakeun wawancara; jeung

4) ngadokumentasikeun sarta ngainpentarisir data nu katimu. 3.3 Instrumén Panalungtikan

nstrumén panalungtikan nya éta sakabéh alat atawa cara anu digunakeun dina panalungtikan. Pikeun ngahontal tujuan panalungtikan, instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta: kaméra digital, handycam, jeung pedoman wawancara.

1) Kaméra Digital

Kaméra digital digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun foto dina prak-prakan kasenian Bring-brung di Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung;

2) Handycam

Handycam digunakeun pikeun ngarékam vidio prak-prakan kasenian Bringbrung sarta ngumpulkeun data dina téhnik wawancara ka para seniman jeung aprésiator kasenian Bring-brung di Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung;

3) Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara para seniman kasenian Bring-brung di Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota


(16)

31

Bandung. Anapon pedoman wawancara anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta:

Tabel. 3.1 Idéntitas Narasumber

Tabel. 3.2 Format Wawancara

Format Wawancara

1) Saha jenengan Bapa téh sareng kalungguhan dina grup kasenian Bring-brung salaku naon?

2) Kumaha sajarah Kasenian Bring-brung di Kalurahan Ledeng? 3) Kumaha prak-prakan kasenian Bring-brung téh?

4) Naha aya ritual husus sateuacan prakna ieu kasenian?

5) Dimana digelarkeunna pintonan kasenian Bring-brung? Naha di lebet atawa di luar rohangan?

6) Saha waé nu tiasa ngiringan jeung saha waé nu teu tiasa ngirinan dina ieu kasenian?

7) Naon waé pakakas atawa properti nu digunakeun dina kasenian Bring-brung?

8) Saha waé seniman nu aya di kasenian Bring-brung?

9) Simbol-simbol naon waé nu aya dina pakakas atawa properti kasenian Bring-brung?

10) Ajén falsafah naon waé nu aya dina kasenian Bring-brung?

Idéntitas Naeasumber

1) Wasta : ………

2) Tempat, Ping Gumelar : ……...

3) Atikan : ………..

4) Pakasaban : ……….

5) Kalungguhan di Masarakat : ……..


(17)

11) Ti iraha Bapa tiasa kana kasenian Bring-brung? naha turun-timurun tina sepuh atanapi tiasa nyalira?

12) Kumaha prosés pewarisan ieu kasenian kanggo kapayunna?

3.4 Lokasi jeung Sumber Data

Lokasi panalungtikan mangrupa tempat panalungtik ngalakukeun panalungtikan jeung nganalisis bahan panalungtikan. Ieu panalungtikan dilaksanakeun di RW 04 Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung. Kalurahan Ledeng mangrupa dataran luhur 750 m dpl, legana 3,134 Ha, sarta curah hujan rata-rata 1100 mm/thn. Sacara géografis, wates wilayah Kalurahan Ledeng nya éta: beulah kulon Kacamatan Sukasari, beulah kalér Bandung Barat, beulah wétan Kacamatan Coblong jeung Kabupatén Bandung Barat, sarta beulah kidul Kacamatan Coblong.


(18)

33

Dina ieu panalungtikan, sumber data digunakeun pikeun nyangking data nu ditalungtik. Data bisa mangrupa carita lisan atawa tulisan. Salian ti éta, ogé maké sumber data lapangan ku cara wawancara langsung ka narasumber atawa masarakat Ledeng, hususna ka Dalang Kasenian Bring-brung, umumna sesepuh masarakat Ledeng kalayan katangtuan: 1) pituin urang Ledeng, 2) umur sakurang-kurangna 40 taun, 3) apal kana sajarah atawa Kasenian Bring-brung.

Ku kituna, nu dijadikeun sampel total dina ieu panalungtikan nya éta grup Kasenian Bring-brung nu aya di RW 04 Kalurahan Ledeng.

3.5 Desain Panalungtikan

Léngkah-léngkah nyusun ieu panalungtikan bisa dititenan dina bagan ieu di handap:

Bagan 3.1 Desain panalungtikan Identifikasi

Masalah

Observasi

Ngolah Data

Deskripsi


(19)

3.6 Wangenan Oprasional

Judul ieu panalungtikan nya éta “Kasenian Bring-brung di Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA (ulikan struktural-sémiotik)”. Sangkan aya gambaran tina ieu judul, perlu dijéntrékeun wangenan-wangenan istilah dina ieu panalungtikan nya éta:

1) Kasenian

Kasenian nya èta salah sahiji bagèan tina tujuh unsur budaya sacara universal.

Kasenian bisa dicindekkeun nya èta adu manis antara gagasan (idea), kagiatan sosial (activities) atawa laku lampah manusa dina seni jeung benda-benda seni (artefak), salaku pangrojong kana kasenian.

2) Bring-brung

Bringbrung nya èta wangun kasenian Sunda nu mangrupa adumanis dua jenis alat musik (waditra) antara tarebang jeung dog-dog

3) Pangajaran Basa Sunda

Pangajaran Basa Sunda mangrupa prosès interaksi antara guru jeung siswa sarta bahan ajar dina hiji lingkungan diajar pikeun ngahontal hiji tujuan, dina pangajaran basa sunda.

4) Maca

Maca nya èta prosès diajar anu komplèks lantaran ngalibatkeun kagiatan fisik jeung mèntal.

5) Élmu/ulikan Struktural-Semiotik

Élmu/ulikan Struktural-Semiotik nya èta èlmu anu nalungtik ngeunaan lambang atawa tanda anu raket patalina jeung sistem katut lambang dina kahirupan manusa.

3.7 Léngkah-léngkah Panalungtikan

Léngkah-léngkah dina ieu panalungtikan dibagi kana opat tahapan, nya éta: 1) léngkah tatahar;

2) léngkah ngumpulkeun data; 3) léngkah ngolah data; jeung 4) léngkah nyusun laporan.


(20)

35

3.7.1 Léngkah Tatahar

Léngkah mimiti dina ieu panalungtikan nya éta: 1) ngajukeun judul panalungtikan;

2) ngumpulkeun sumber bahan kajian;

3) nangtukeun masalah jeung objék panalungtikan; 4) nyieun proposal panalungtikan;

5) ngaréngsékeun surat ijin panalungtikan; jeung 6) konsultasi ka dosén pangaping.

3.7.2 Léngkah Ngumpulkeun Data

Léngkah pikeun ngumpulkeun data-data dina ieu panalungtikan nya éta: 1) niténan sarta ngumpulkeun data sacara obsérvasi langsung dina waktu aya

pagelaran kasenian Bringbrung di désa Rancakalong;

2) ngadokuméntasikeun sarta ngainventarisir data nu aya di lapangan; jeung 3) ngayakeun wawancara ka seniman jeung aprésiator kasenian Bringbrung. 3.7.3 Léngkah Ngolah Data

Léngkah ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta: 1) mariksa sarta niténan data-data anu geus kakumpulkeun; 2) milihan data nu kapaké pikeun nyusun laporan;

3) nganalisis jeung ngadéskripsikeun data; jeung 4) nyieun kacindekan tina data nu geus kapaluruh. 3.7.4 Léngkah Nyusun Laporan

Léngkah nyusun laporan mangrupa léngkah pamungkas dina ieu panalungtikan sabada hasil panalungtikan dipasing-pasing jeung dianalisis tepi ka jadi informasi anu bisa disusun dina wangun déskriptif. Satuluyna ieu laporan disusun sacara sistematis dina wangun skripsi


(21)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Panalungtikan ieu dijudulan “Kasenian Bring-brung di Kalurahan Ledeng

Kacamatan Cidadap Kota Bandung pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA”.

Kasenian Bring-brung lahir jeung mekar di Kalurahan Ledeng kacamatan Cidadap Kota Bandung. Ieu panalungtikan dikasangtukangan ku sabab Kasenian Bring-brung terus ngalaman parobahan-parobahan nu luyu kana parobahan jaman nu mawa pangaruh kana lunturna seni tradisional ku kamajemukan seni modern jeung pola pikir masarakat, hal ieu nu méré tanda yén masarakatna teu konsistén dina ngokolakeun ieu kasenian nepika grup Bring-brung tinggal nyésa hiji. Ieu panalungtikan ngagunakeun ulikan struktural-sémiotik numutkeun tiori Charles Sander Peirce nu ngabédakeun tilu rupa tanda nurutkeun sipat patalina antara

penanda jeung petanda nya éta: 1) ikon; 2) indéks; jeung 3) simbol.

Panalungtikan ngajawab tilu rumusan masalah nu aya dina ieu skripsi. Kasang tukang kasenian Bring-brung di Kalurahan Ledeng dimimitian ku asupna ajaran Islam ka Sunda nu nyebarkeunana ngaliwatan média kasenian nya éta seni terebang nu robah ngaran kulantaran waditra nu digunakeun nya éta tarebang jeung dog-dog nu sadana “bring” jeung “brung”.

Ayana struktural-sémiotik kasenian Bring-brung timimiti pamaén, pakakas, waditra, prak-prakan, pungsi kaagamaan, pungsi upacara, pungsi pikeun média komunikasi pikeun masarakat, pungsi média atikan, pungsi média hiburan, ajén musyawarah, ajén gotong royong jeung ajén sosial.

Tina panalungtikan kasenian Bring-brung di Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung ieu bisa jadi salasahiji alternatif pikeun bahan pangajaran maca basa Sunda di SMA, hususna pikeun ngungkulan Standar Kompetensi 12.3 Mampu membaca untuk memahami dan menanggapi bacaan yang berupa artikel, carita buhun, dan bahasan sarta Kompetensi Dasar 12.3.1 Membaca artikel tentang budaya ngaliwatan artikel “Kasenian Bring-brung”.


(22)

81

5.2 Saran

Saréngséna ieu panalungtikan, aya sababaraha saran anu baris ditepikeun, pikeun:

5.2.1 Lembaga Kabudayaan jeung Pariwisata Kota Bandung

Lembaga Kabudayaan jeung Pariwisata Kota Bandung dipiharep leuwih merhatikeun jeung leuwih ngainventarisir budaya jeung seni hususna kasenian tradisional nu aya di Kota Bandung kaasup kasenian Bring-brung. 5.2.2 Siswa, Mahasiswa, jeung Guru

Ieu hasil panalungtikan téh dipiharep bisa jadi bahan pangajaran seni budaya atawa budaya Sunda. Mudah-mudahan masih kénéh teu puas ku ayana hasil ieu panalungtikan, ku kituna dipiharep boga kahayang pikeun ngaguar leuwih jero atawa garapan anu leuwih husus kana ieu kasenian Bring-brung.

5.2.3 Masarakat Umum

Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi hiji sarana pikeun masarakat umum mikawanoh jeung mikaresep kana kasenian Bring-brung nu aya di Kalurahan Ledeng Kacamatan CIdadap Kota Bandung salaku kasenian tradisional nu aya di Jawa Barat hususna budaya Sunda. Leuwih bisa ngamumulé kana budaya Sunda nu aya disabudeureunana sangkan teu leungit.


(23)

DAFTAR PUSTAKA

Abdurrahmat, Fathoni. (2006). Manajemen Sumber Daya Manusia. Jakarta: Rineka cipta

Arikunto, S. (1998). Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Prakték. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R.A (2006). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Dinas Pendidikan Jawa Barat. (2007). SKKD Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra.

Harsojo. (1988). Pengantar Antropologi. Bandung: Binacipta.

Isnéndés, R. (2010). Kajian Sastra Aplikasi dan Kritik pada Karya Sastra Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang.

---. (2010). Teori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI .

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. 1988. Palanggeran Éjahan Basa Sunda. Bandung: Sonagar Press.

Koentjaraningrat. (1990). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Aksara Baru. ---. (1994). Metode-metode Penelitian Masyarakat. Jakarta: PT Gramedia

Pustaka Utama.

Koswara, D. (2009). Racikan Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Kubarsyah, U. (1994). Waditra: Mengenal Alat-alat Kesenian Daerah Jawa Barat. Bandung: CV. Sampurna

Nugraha, Ikhsan. (2011). Ajén Sosiologis dina Tradisi Upacara Adat Ngalaksa di

Kabupatén Sumedang pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA kelas XII.


(24)

83

Rosdiana, Rekha. (2012). Ajén Falsafah Kasenian Tarawangsa Désa Rancakalong Kecamatan Rancakalong Kabupatén Sumedang (Hiji ulikan structural-sémiotik). Bandung: JPBD UPI

Rosidi, Ekadjati, Edi S.(2000). Ensiklopedi Sunda : Alam, Manusia dan Budaya.

Jakarta: Pustaka Jaya.

Soepandi, Atik .(1985) Peralatan Hiburan dan Kesenian di Jawa Barat.

Bandung: INVENTARISASI DAN DOKUMEN KEBUDAYAAN DAERAH.

Sudaryat, Yayat, dkk. (2007). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. Sudjiman, Panuti & Art Van Zoest. (1991). Serba-Serbi Semiotika. Jakarta: PT.

Gramedia Pustaka.

Suparlan, Parsudi (ed). (1993). Manusia, Kebudayaan, dan Lingkungannya.

Jakarta: PT RajaGrafindo Persada.

Suyatna, Amir. (2002). Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan

Pengajaran Bahasa. Bandung:____

UPI. (2011). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia. Bandung: UPI


(1)

34

Dwi Komarasari, 2013

3.6 Wangenan Oprasional

Judul ieu panalungtikan nya éta “Kasenian Bring-brung di Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA (ulikan struktural-sémiotik)”. Sangkan aya gambaran tina ieu judul, perlu dijéntrékeun wangenan-wangenan istilah dina ieu panalungtikan nya éta:

1) Kasenian

Kasenian nya èta salah sahiji bagèan tina tujuh unsur budaya sacara universal. Kasenian bisa dicindekkeun nya èta adu manis antara gagasan (idea), kagiatan sosial (activities) atawa laku lampah manusa dina seni jeung benda-benda seni (artefak), salaku pangrojong kana kasenian.

2) Bring-brung

Bringbrung nya èta wangun kasenian Sunda nu mangrupa adumanis dua jenis alat musik (waditra) antara tarebang jeung dog-dog

3) Pangajaran Basa Sunda

Pangajaran Basa Sunda mangrupa prosès interaksi antara guru jeung siswa sarta bahan ajar dina hiji lingkungan diajar pikeun ngahontal hiji tujuan, dina pangajaran basa sunda.

4) Maca

Maca nya èta prosès diajar anu komplèks lantaran ngalibatkeun kagiatan fisik jeung mèntal.

5) Élmu/ulikan Struktural-Semiotik

Élmu/ulikan Struktural-Semiotik nya èta èlmu anu nalungtik ngeunaan lambang atawa tanda anu raket patalina jeung sistem katut lambang dina kahirupan manusa.

3.7 Léngkah-léngkah Panalungtikan

Léngkah-léngkah dina ieu panalungtikan dibagi kana opat tahapan, nya éta: 1) léngkah tatahar;

2) léngkah ngumpulkeun data; 3) léngkah ngolah data; jeung 4) léngkah nyusun laporan.


(2)

35

Dwi Komarasari, 2013

Kasenian Bring-Brung Di Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung Pikeun Bahan 3.7.1 Léngkah Tatahar

Léngkah mimiti dina ieu panalungtikan nya éta: 1) ngajukeun judul panalungtikan;

2) ngumpulkeun sumber bahan kajian;

3) nangtukeun masalah jeung objék panalungtikan; 4) nyieun proposal panalungtikan;

5) ngaréngsékeun surat ijin panalungtikan; jeung 6) konsultasi ka dosén pangaping.

3.7.2 Léngkah Ngumpulkeun Data

Léngkah pikeun ngumpulkeun data-data dina ieu panalungtikan nya éta: 1) niténan sarta ngumpulkeun data sacara obsérvasi langsung dina waktu aya

pagelaran kasenian Bringbrung di désa Rancakalong;

2) ngadokuméntasikeun sarta ngainventarisir data nu aya di lapangan; jeung 3) ngayakeun wawancara ka seniman jeung aprésiator kasenian Bringbrung.

3.7.3 Léngkah Ngolah Data

Léngkah ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta: 1) mariksa sarta niténan data-data anu geus kakumpulkeun; 2) milihan data nu kapaké pikeun nyusun laporan;

3) nganalisis jeung ngadéskripsikeun data; jeung 4) nyieun kacindekan tina data nu geus kapaluruh.

3.7.4 Léngkah Nyusun Laporan

Léngkah nyusun laporan mangrupa léngkah pamungkas dina ieu panalungtikan sabada hasil panalungtikan dipasing-pasing jeung dianalisis tepi ka jadi informasi anu bisa disusun dina wangun déskriptif. Satuluyna ieu laporan disusun sacara sistematis dina wangun skripsi


(3)

Dwi Komarasari, 2013

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Panalungtikan ieu dijudulan “Kasenian Bring-brung di Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA”. Kasenian Bring-brung lahir jeung mekar di Kalurahan Ledeng kacamatan Cidadap Kota Bandung. Ieu panalungtikan dikasangtukangan ku sabab Kasenian Bring-brung terus ngalaman parobahan-parobahan nu luyu kana parobahan jaman nu mawa pangaruh kana lunturna seni tradisional ku kamajemukan seni modern jeung pola pikir masarakat, hal ieu nu méré tanda yén masarakatna teu konsistén dina ngokolakeun ieu kasenian nepika grup Bring-brung tinggal nyésa hiji. Ieu panalungtikan ngagunakeun ulikan struktural-sémiotik numutkeun tiori Charles Sander Peirce nu ngabédakeun tilu rupa tanda nurutkeun sipat patalina antara penanda jeung petanda nya éta: 1) ikon; 2) indéks; jeung 3) simbol.

Panalungtikan ngajawab tilu rumusan masalah nu aya dina ieu skripsi. Kasang tukang kasenian Bring-brung di Kalurahan Ledeng dimimitian ku asupna ajaran Islam ka Sunda nu nyebarkeunana ngaliwatan média kasenian nya éta seni terebang nu robah ngaran kulantaran waditra nu digunakeun nya éta tarebang jeung dog-dog nu sadana “bring” jeung “brung”.

Ayana struktural-sémiotik kasenian Bring-brung timimiti pamaén, pakakas, waditra, prak-prakan, pungsi kaagamaan, pungsi upacara, pungsi pikeun média komunikasi pikeun masarakat, pungsi média atikan, pungsi média hiburan, ajén musyawarah, ajén gotong royong jeung ajén sosial.

Tina panalungtikan kasenian Bring-brung di Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung ieu bisa jadi salasahiji alternatif pikeun bahan pangajaran maca basa Sunda di SMA, hususna pikeun ngungkulan Standar Kompetensi 12.3 Mampu membaca untuk memahami dan menanggapi bacaan yang berupa artikel, carita buhun, dan bahasan sarta Kompetensi Dasar 12.3.1 Membaca artikel tentang budaya ngaliwatan artikel “Kasenian Bring-brung”.


(4)

81

Dwi Komarasari, 2013

Kasenian Bring-Brung Di Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung Pikeun Bahan 5.2 Saran

Saréngséna ieu panalungtikan, aya sababaraha saran anu baris ditepikeun, pikeun:

5.2.1Lembaga Kabudayaan jeung Pariwisata Kota Bandung

Lembaga Kabudayaan jeung Pariwisata Kota Bandung dipiharep leuwih merhatikeun jeung leuwih ngainventarisir budaya jeung seni hususna kasenian tradisional nu aya di Kota Bandung kaasup kasenian Bring-brung.

5.2.2 Siswa, Mahasiswa, jeung Guru

Ieu hasil panalungtikan téh dipiharep bisa jadi bahan pangajaran seni budaya atawa budaya Sunda. Mudah-mudahan masih kénéh teu puas ku ayana hasil ieu panalungtikan, ku kituna dipiharep boga kahayang pikeun ngaguar leuwih jero atawa garapan anu leuwih husus kana ieu kasenian Bring-brung.

5.2.3 Masarakat Umum

Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi hiji sarana pikeun masarakat umum mikawanoh jeung mikaresep kana kasenian Bring-brung nu aya di Kalurahan Ledeng Kacamatan CIdadap Kota Bandung salaku kasenian tradisional nu aya di Jawa Barat hususna budaya Sunda. Leuwih bisa ngamumulé kana budaya Sunda nu aya disabudeureunana sangkan teu leungit.


(5)

Dwi Komarasari, 2013

DAFTAR PUSTAKA

Abdurrahmat, Fathoni. (2006). Manajemen Sumber Daya Manusia. Jakarta: Rineka cipta

Arikunto, S. (1998). Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Prakték. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R.A (2006). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Dinas Pendidikan Jawa Barat. (2007). SKKD Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra. Harsojo. (1988). Pengantar Antropologi. Bandung: Binacipta.

Isnéndés, R. (2010). Kajian Sastra Aplikasi dan Kritik pada Karya Sastra Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang.

---. (2010). Teori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI .

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. 1988. Palanggeran Éjahan Basa Sunda. Bandung: Sonagar Press.

Koentjaraningrat. (1990). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Aksara Baru. ---. (1994). Metode-metode Penelitian Masyarakat. Jakarta: PT Gramedia

Pustaka Utama.

Koswara, D. (2009). Racikan Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Kubarsyah, U. (1994). Waditra: Mengenal Alat-alat Kesenian Daerah Jawa Barat. Bandung: CV. Sampurna

Nugraha, Ikhsan. (2011). Ajén Sosiologis dina Tradisi Upacara Adat Ngalaksa di Kabupatén Sumedang pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA kelas XII. Bandung: JPBD UPI


(6)

83

Dwi Komarasari, 2013

Kasenian Bring-Brung Di Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung Pikeun Bahan

Rosdiana, Rekha. (2012). Ajén Falsafah Kasenian Tarawangsa Désa Rancakalong Kecamatan Rancakalong Kabupatén Sumedang (Hiji ulikan structural-sémiotik). Bandung: JPBD UPI

Rosidi, Ekadjati, Edi S.(2000). Ensiklopedi Sunda : Alam, Manusia dan Budaya. Jakarta: Pustaka Jaya.

Soepandi, Atik .(1985) Peralatan Hiburan dan Kesenian di Jawa Barat. Bandung: INVENTARISASI DAN DOKUMEN KEBUDAYAAN DAERAH.

Sudaryat, Yayat, dkk. (2007). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. Sudjiman, Panuti & Art Van Zoest. (1991). Serba-Serbi Semiotika. Jakarta: PT.

Gramedia Pustaka.

Suparlan, Parsudi (ed). (1993). Manusia, Kebudayaan, dan Lingkungannya. Jakarta: PT RajaGrafindo Persada.

Suyatna, Amir. (2002). Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan Pengajaran Bahasa. Bandung:____

UPI. (2011). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia. Bandung: UPI


Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 4 31

SENI BELUK DI DÉSA RANCAKALONG KACAMATAN RANCAKALONG KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII : Ulikan Struktural jeung Sémiotik.

1 10 38

KASENIAN ANGKLUNG BUNCIS DI KACAMATAN CIGUGUR KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII : Tilikan Struktur jeung Sémiotik.

1 31 27

UNSUR SÉMIOTIK DINA KASENIAN BANGKONG RÉANG DI KAMPUNG CIJAURA DÉSA LEBAKMUNCANG KACAMATAN CIWIDÉY KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA.

0 21 32

ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN PENCA SILAT PANGLIPUR DI KALURAHAN BALÉÉNDAH KACAMATAN BALÉÉNDAH KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN SALAH SAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA BAHASAN KASENIAN DI SMA KELAS XII.

0 15 28

SIMBOL-SOMBOL KASENIAN GOONG RÉNTÉNG DI DÉSA CISARUA KACAMATAN CISARUA KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA KELAS XII: Ulikan Sémiotik.

1 34 33

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN RÉOG DONGKOL DI DESA KARYAMUKTI KACAMATAN PATARUMAN KOTA BANJAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMP KELAS IX.

2 33 33

KASENIAN BEBEGIG SUKAMANTRI DI KECAMATAN SUKAMANTRI KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA.

5 155 30

KASENIAN ANGKLUNG BUNCIS DI KACAMATAN CIGUGUR KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII : Tilikan Struktur jeung Sémiotik - repository UPI S BD 1105977 Title

0 0 3

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1102250 Title

0 1 3