Kagiatan Diajar LatihanPancén Tingkesan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 40 Internét lain ngan sakadar méré mangpaat keur siswa tapi ogé keur para guru. Mangpaat internét keur para guru, diantarana: a. Jadi sumber pikeun ngajembaran bahan pangajaran. b. Silih tukeur informasi jeung papada guru séjén di sakuliah dunya anu boga pangalaman leuwih. c. Nambah wawasan pangajaran saluyu jeung kamekaran jaman. d. Nuturkeun téhnologi katut sagala kamekaran jaman nu lumangsung. e. Jadi tempat pangajaran sangkan bisa ngajawab sakabéh pertanyaan nu ditanyakeun ku siswana.

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan atawa Kagiatan diajar nu kudu dipilampah ku sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Niténan tujuan jeung indikator. 2. Maca pedaran matéri ngeunaan Téhnik Informatika jeung Komunikasi dina Pangajaran Basa Sunda. 3. Diskusi kelompok pikeun migawé latihan pancén. 4. Maca Tingkesan matéri. 5. Néangan tur maca référénsi nu séjénna pikeun ngalengkepan latihanpancén. 6. Tanya jawab jeung fasilitaor lamun aya bangbaluh ngeunaan matéri dina kagiatan diajar 2.

E. LatihanPancén

Jawab atawa tétélakeun sakur pananya jeung paréntah ieu di handap 1. Jelaskeun dasar hukum ngagunakeun téhnologi informatika jeung komunikasi dina pangajaran 2. Jelaskeun sacara singget wangenan internét 3. Jentrékeun sajarah singet internét di Indonesia 4. Jelaskeun sacara singget aplikasi email dina pangajaran 5. Jelaskeun mangpaat internét pikeun guru PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 41

F. Tingkesan

Ngamangpaatkeun internét pikeun média pangajaran mangrupa hal nu penting. Pentingna internét dina pangajaran, lantaran bisa ngamangpaatkeun aplikasi internét nu bisa ngagampilkeun prosés pangajaran. Sajabaa ti éta internét pikeun pangajaran bisa ngabantu ngawangun prosés pangajaran nu leuwih pikaresepeun. Internét pikeun média pangajaran miboga mangpaat nu hadé keur guru jeung siswa. Mangpaat internét keur siswa, diantarana: 1 Ngagampilkeun komunikasi jeung sakumna jalma pikeun silih tukeur gagasan sarta diskusi dina hiji website; 2 Jadi sarana nu bisa méré jawaban tina sakabéh pertanyaan para siswa nu can kapanggih jawabanana; 3 Ngabogaan babaturan ti nagara-nagara séjén nu bisa ngabantuan dina kahirupan sosial sarta bisa jadi tempat pikeun silih tukeuran pangalaman dina cara diajar jeung kahirupan séjénna; 4 Nambah wawasan nu patali jeung rupa-rupa pangaweruh di sakuliah dunya Internét lain ngan sakadar méré mangpaat keur siswa tapi ogé keur para guru. Mangpaat internét keur para guru, diantarana: 1 Jadi sumber pikeun ngajembaran bahan pangajaran; 2 Silih tukeur informasi jeung papada guru séjén di sakuliah dunya anu boga pangalaman leuwih; 3 Nambah wawasan pangajaran saluyu jeung kamekaran jaman; 4 Nuturkeun téhnologi katut sagala kamekaran jaman nu lumangsung; 5 Jadi tempat pangajaran sangkan bisa ngajawab sakabéh pertanyaan nu ditanyakeun ku siswana.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku