42
3.6.1 Pedoman Wawancara
Runtuyan poin-poin pananya dina tabél 3.1 mangrupa patokan dina wawancara ka informan. Daptar poin-poin patalékan éta ngan ukur gurat badagna.
Hartina di lapangan bisa ditambahan salega-legana jeung salaluasa-laluasana. Tabél 3.3
Pedoman Wawancara
Ruang Lingkup Mantra Data Informan
Data Mantra I
II
1.1 Ngaran Narasumber 1.2 Umur Narasumber
1.3 Jenis Kelamin Narasumber 1.4 Alamat Narasumber
1.5 Pakasaban Narasumber 1.6 Jenjang Atikan Narasumber
1.7 Kalungguhan Narasumber di
Masarakat 2.1 Warna Mantra Papasingan
2.2 Téks Mantra Unina Mantra 2.3 Asal Mantra
ti saha, iraha, dimana, kumaha, jeung naon sarat pameulina
2.4 Keur naon Pungsina 2.5 Cara Makéna
kumaha, iraha, dimana, jeung naon sarat makéna
Diropéa ku Septian tina tabél Isnendes 1998:33
3.7 Lengkah-lengkah Panalungtikan
Gurat badag panalungtikan nu dilakonan kabagi kana sababaraha léngkah panalungtikan, nya éta: tatahar, ngumpulkeun data, jeung nyusun laporan.
3.7.1 Tatahar
Kagiatan anu dilaksanakeun dina tahap tatahar ngawengku: 1
néangan katerangan ngeunaan masalah anu rék ditalungtik, 2
ngajukeun judul panalungtikan, 3
nyusun rarancang proposal panalungtikan, sarta 4
konsultasi ka dosén pangaping.
43
3.7.2 Ngumpulkeun Data
Léngkah-léngkah ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta: 1
macaan buku-buku sumber ngeunaan puisi mantra, jeung buku-buku penunjang séjénna pikeun bahan acuan;
2 obsérvasi ka lapangan,
3 wawancara ka narasumber,
4 ngumpulkeun data, sarta
5 konsultasi jeung dosén pangaping.
3.7.3 Nganalisis Data
Kagiatan nu dilaksanakeun ngawengku: 1
mariksa jeung ngaidéntifikasi data nu geus kakumpul, 2
nganalisis data, 3
nyieun kacindekan analisis, sarta 4
konsultasi ka dosén pangaping.
3.7.4 Nyusun Laporan
Nyusun laporan mangrupa tahap anu pamungkas tina tahapan panalungtikan. Dina ieu laporan sagala hasil panalungtikan dipidangkeun. Laporan di dieu mangrupa
wangun skripsi. Anapon sistematika dina nyusun laporan, nya éta:
1 Bab I Bubuka;
2 Bab II Mantra jeung Bahan Pangajaran Maca Puisi;
3 Bab III Métodologi Panalungtikan;
4 Bab IV Struktur Puisi Mantra di Désa Pangulah Selatan Kacamatan Kotabaru
Kabupatén Karawang pikeun Bahan Ajar Maca di SMA Kelas X; 5
Bab V Kacindekan jeung Saran.
132
Egi Praja Septian, 2013 STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN
KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Puisi mantra di Désa Pangulah Selatan masih kénéh nyampak jeung dipaké ku sabagian masarakatna. Sabada diayakeun panalungtikan di éta désa, ka kumpulkeun
77 puisi mantra ti 10 urang narasumber. Unsur-unsur puisi mantra anu dianalisis ngawengku: 1 déskripsi puisi mantra; 2 unsur intrinsik puisi mantra téma, rasa,
nada, jeung amanat; 3 larapan hasil panalungtikan pikeun dijadikeun bahan ajar maca di SMA kelas X.
Unsur-unsur puisi mantra anu dianalisis, kacindekanana nya éta: 1
Puisi mantra anu ka kumpulkeun aya 77, nya éta: 31 asihan, 20 ajian, 9 jampé, 7 rajah, 7 jangjawokan, 3 singlar.
2 Puisi mantra anu dianalisis, nya éta: 1 unsur intrinsik téma, rasa, nada, jeung
amanat, bisa dicindekkeun yén: a téma dina puisi mantra anu geus dianalisis, di antarana: sangkan dipiasih ku sakabéh jalma, pikeun ngubaran kasakit nyeri
panon, kabersihan awak, ngarambét di sawah, kaséhatan, jeung mepes amarah batur anu ambek atawa nu rék jahat; b rasa dina puisi mantra anu geus dianalisis,
di antarana: ménta kakuatan, panyalindungan, nyingkahan mahluk lemes, jeung sangkan batur pada mikanyaah atawa mikaasih; c nada dina puisi mantra anu
dianalisis di antarana: ngajak sangkan ibadah ka Gusti Alloh, nyucikeun diri tina sagala kokotor, jeung kalimah syahadat pikeun kasalametan di dunya jeung
ahérat; d amanat anu kapanggih dina puisi mantra nu geus dianalisis, di antarana: nu jahat pasti aya wawalesna, mung Gusti Alloh nu bisa ngajaga tina teluh, ménta
pitulung ka Gusti Alloh tina kagoréngan atawa nu rék jahat, jeung sangkan katingali ku sakabéh jalma panggeulisna atawa pangkasépna; 2 gaya basa anu
kapanggih, nya éta: 21 mindoan, 16 ngupamakeun, 11 rarahulan, 2 lalandian, 1 ocon, 1 mijalma; jeung 3 purwakanti: 24 pangluyu, 30 maduswara, 8