Struktur Organisasi Tésis Désain Panalungtikan

9 Mamay Rahayu Tresna Adhi, 2012 Struktur Naratif Fiksimini Basa Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | Repository.Upi.Edu leuwih 140 saratus opat puluh karakter, eusina leuwih daria ti batan carita guguyon nu jadi huluwotanna.

1.6 Struktur Organisasi Tésis

Hasil-hasil dina ieu panalungtikan disusun ngawengku lima bab kalawan struktur organisasi sakumaha ieu di handap. BAB I BUBUKA Mertélakeun perkara kasang tukang, watesan jeung rumusan pasualan, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, wangenan istilah, jeung struktur organisasi tésis. BAB II ULIKAN TIORI, ANGGAPAN DASAR, JEUNG RARAGA PIKIR Dina ieu bab didadarkeun: 1 sajumlahing konsép poko anu dijadikeun tatapakan pikeun analisis pasualan anu ditalungtik dumasar kana sajumlahing buku jeung bahan bacaan lianna salaku rujukan konsép jeung tiori: - kamekaran sastra Sunda - fiksimini minangka karya sastra - struktur naratif karya sastra. 2 anggapan dasar nu digunakeun dina panalungtikan. 3 raraga pikir nu digunakeun dina panalungtikan. 10 Mamay Rahayu Tresna Adhi, 2012 Struktur Naratif Fiksimini Basa Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | Repository.Upi.Edu BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN Ieu bab mertélakeun perkara désain panalungtikan, nangtukeun data, instrumén panalungtikan, jeung prosédur analisis data. BAB IV STRUKTUR NARATIF FIKSIMINI BASA SUNDA Dina ieu bab, didadarkeun hasil analisis data anu dijadikeun sampel dina ieu panalungtikan jeung pedaranana. BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN Dina ieu bab didadarkeun kacindekan tina hasil analisis anu dipedar dina bab saméméhna, jeung sawatara saran anu dianggap penting pikeun panalungtikan lianna. 36 Mamay Rahayu Tresna Adhi, 2012 Struktur Naratif Fiksimini Basa Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | Repository.Upi.Edu BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Désain Panalungtikan

Sacara umum, ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan sastra anu ngagunakeun pamarekan kualitatif. Puseur panitén ieu panalungtikan neueul kana perkara struktur naratif sakumaha nu ébréh dina sawatara karangan fiksimini basa Sunda karya pangarang-pangarang nu ngagunduk dina Grup Fiksimini Basa Sunda dina ramatloka facebook. Metode anu digunakeunana nyaéta metode déskriptif. Nurutkeun Sukmadinata 2009:72, metode déskriptif mangrupa metode pikeun ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun rupa-rupa fénoména, boh anu sifatna alamiah boh jijieunan atawa rékayasa, kalawan museurkeun ulikanana kana wangun, kagiatan, karakteristik, parobahan, patalina, sasaruaan, sarta bédana jeung fénoména lianna. Data dikumpulkeun ngaliwatan téhnik talaah pustaka jeung observasi, sarta tuluy dianalisis ngagunakeun téhnik analisis teks. Téhnik talaah pustaka jeung observasi digunakeun pikeun maluruh bahan pustaka jeung data anu aya patalina jeung pasualan anu ditalungtik. Ku cara ngagunakeun téhnik analisis teks, bahan anu geus dikumpulkeun téh tuluy dianalisis sarta diteuleuman eusina nepi ka kapanggih hubunganana jeung jejer pasualan anu ditalungtik. 37 Mamay Rahayu Tresna Adhi, 2012 Struktur Naratif Fiksimini Basa Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | Repository.Upi.Edu Dumasar kana paradigma, métode, jeung téhnik di luhur, ieu panalungtikan dipuseurkeun kana struktur naratif fiksimini basa Sunda nu ngawengku struktur intrinsik jeung eusi naratif. Anu ditalungtik dina struktur intrinsik nyaéta téma, palaku, galur, jeung kasang waktu jeung tempat. Sedengkeun nu ditalungtik dina wengkuan eusi naratif nyaéta modus, kala, jeung sawangan. Tina ulikan perkara struktur intrinsik jeung eusi naratif, baris katémbong konsépsi fiksimini Sunda minangka karya sastra winangun prosa naratif. Patalina jeung masalah dina ieu panalungtikan, alur ieu panalungtikan digambarkeun sakumaha bagan di handap. Bagan 3.1: Alur Panalungtikan Jejer Panalungtikan Struktur Naratif Fiksimini Basa Sunda Watesan Masalah Struktur jero nu patali jeung wangun, eusi, jeung ciri-ciri naratifna kalawan nyuméndér kana konsépsi nu ditétélakeun ku Gerard Genette 1980 jeung Zvetan Todorov 1985 Rumusan Masalah 1 Kumaha struktur jero fiksimini basa Sunda? 2 Kumaha waktu naratif fiksimini basa Sunda? 3 Kumaha konsépsi anu mekar jeung jadi idéntitas fiksimini basa Sunda? Tujuan Panalungtikan Ngadéskripsikeun: 1 struktur jero fiksimini basa Sunda 2 waktu naratif fiksimini basa Sunda 3 konsépsi fiksimini basa Sunda Métodologi - Pamarekan: Kualitatif - Métode: Déskriptif - Téhnik: Observasi, Talaah Pustaka, Rékam Analisis Data Kacindekan 38 Mamay Rahayu Tresna Adhi, 2012 Struktur Naratif Fiksimini Basa Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | Repository.Upi.Edu

3.2 Nangtukeun Data