STRUKTUR NARATIF FIKSIMINI BASA SUNDA.

(1)

PANGJAJAP ... iv

TAWIS NUHUN... vi

DAFTAR EUSI... viii

DAFTAR TABÉL ... x

DAFTAR BAGAN ... xi

DAFTAR GAMBAR ... xii

DAFTAR GRAFIK ... xiii

Bab I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 WatesanjeungRumusan Masalah Panalungtikan ... 5

1.2.1WatesanMasalah Panalungtikan ... 5

1.2.2Rumusan Masalah Panalungtikan ... 6

1.3Tujuan Panalungtikan ... 6

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 7

1.5WangenanOperasional ... 8

1.6AnggapanDasar ... 10

Bab II TÉKS VERBAL DINA ROHANG STATUS FACEBOOK MINANGKA LAKU BASA DINA KAGIATAN KOMUNIKASI VERBAL TINULIS ... 12

2.1 KomunikasiVérbalTinulis ... 12

2.2 Téks ... 23

2.3 LakuBasa... 33

2.3.1KontéksLakuBasa ... 33

2.3.1.1UndakUsukatawaTatakrama Basa ... 33

2.3.1.2Nu MakéBasajeung Nu Dicaritakeun ... 36

2.3.1.3KasangTukangTempat, waktu, jeungSuasana ... 37

2.3.1.4Alat Nu Digunakeun ... 37

2.3.1.5Rasa, Nada, jeungRagamBasa ... 38

2.3.1.6AmanatjeungTujuanOmongan ... 46

2.3.2Warna Laku Basa ... 47

2.3.3Wanda Laku Basa ... 50

2.3.4FungsiLaku Basa ... 52

2.4 TéhnikMétaforis ... 55

2.5 Rohang Status dinaFacebook ... 62

Bab III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN... 64

3.1 Métode Panalungtikan ... 64

(2)

Bab IV FUNGSI PRAGMATIS LAKU BASA

DINA ROHANG STATUS FACEBOOK ... 77

4.1 Déskripsi Data ... 77

4.2 KontéksLakuBasadinaRohang Status Facebook ... 79

4.2.1UndakUsukatawaTatakramaBasa ... 80

4.2.2Nu MakéBasa ... 83

4.2.3Nu Dicaritakeun ... 84

4.2.4KasangTukangTempat, waktu, jeungSuasana ... 87

4.2.5Rasa jeung Nada ... 89

4.3 WarnaLakuBasadinaRohang Status Facebook ... 93

4.3.1Laku Basa Répréséntatif ... 94

4.3.2Laku Basa Direktif ... 95

4.3.3Laku Basa Éksprésif ... 96

4.3.4Laku Basa Komisif ... 100

4.4Wanda Laku Basa dina Rohang Status Facebook ... 104

4.4.1Laku Basa LangsungTeu Literal ... 104

4.4.2Laku Basa TeuLangsungTeu Literal ... 106

4.5 FungsiLakuBasadinaRohang Status Facebook ... 112

4.6 TéhnikMétaforisTéksLaku Basa dinaRohang Status Facebook ... 118

4.7Pedaran Hasil Panalungtikan ... 130

Bab V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 140

5.1 Kacindekan ... 140

5.2 Saran ... 146

DAFTAR PUSTAKA ... 148

LAMPIRAN-LAMPIRAN: 1.Data TéksdinaRohang Status Facebook ... 153

2.Korpus Data ... 158

3.Format Kartu Data ... 160

4.Conto DataIntertékstual ... 161 5.SK Pembimbing

(3)

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang

Manusa gelar ka alam dunya dibarengan ku rupa-rupa poténsi jasmani, akal, jeung roh pikeun ngaréspon kahirupanana. Éta poténsi ku manusa digunakeun umpamana dina nyanghareupan lingkunganana atawa kumaha carana nyuprih pangaweruh. Pasualan-pasualan anu disanghareupan ku manusa, direaksi gumantung kana wates kamampuh dasarna. Pasualan atawa pangaweruh anu sipatna émpiris, diréaksi ku manusa ngaliwatan poténsi jasmani, sedengkeun pasualan anu sipatna logis diréaksi ngaliwatan poténsi akal. Poténsi boh digunakeun nalika adu hareupan jeung pasualan anu sipatna teu émpiris jeung teu logis.

Tina carana manusa ngaréaksi pasualan-pasualan sabudeureun kahirupanana, ngagelarkeun rupa-rupa kagiatan, salasahijina nya éta kagiatan makéna basa. Kagiatan kreatif manusa dina ngagunakeun basa téh di antarana bisa diébrehkeun ngaliwatan kagiatan sastra. Eta hal ten luyu jeung pamanggih Rusyana (1984:311) yén sastra aya dina dunya fiksi, mangrupa hasil kréatif manusa, hasil niténan, tanggapan, fantasi, pikiran, parasaan, jeung kahayang anu campur aduk, anu diwujudkeun kalawan ngagunakeun basa. Sastra gelar dilantarankeun ku ayana dorongan-dorongan tina rasa kahayang manusa

(4)

pikeun ngébréhkeun eusi haté, pangalaman, jeung kahayang pikeun mangaruhan ka papada manusa.

Karya sastra mekar kalawan teu leupas tina kamekaran élmu pangaweruh anu aya di saluareun dunya sastra. Palebah dieu, gelar situasi anu raket pisan antara fénoména sastra jeung eunteung kahirupan. Kahirupan manusa téh teu nembrak dina kahirupan nyata waé, aya ogé anu nyampak dina kahirupan-kahirupan fiktif dina karya sastra.

Kahirupan sastra Sunda kiwari nambahan euyeub ku lahirna genre karya sastra nu disebut fiksimini. Ku karancagé Nazarudin Azhar, tingpucunghul karangan nu disebut "fiksimini". Sasat aya patokan anyar nu béda ti nu pondok saméméhna. Sababaraha taun ka tukang, méméh balaréa sibuk mésbuk, kungsi aya istilah "carpon mini" deuih. Kituna mah lain di urang wungkul. Di tatar deungeun gé aya istilah minifiction katut rupaning lalandian séjénna kayaning flash fiction, short short story, microfiction, malah aya nanofiction sagala rupa. Barangna mah éta-éta kénéh: wanda carita nu pohara pondokna.

Pangna disebut fiksimini alatan wangunna nu pondok pisan, leuwih pondok tina carita pondok mini nu geus gelar saméméhna. Ditilik tina pondokna mah ngaharib-harib carita guguyon, boh lisan boh tinulis, nu geus mekar leuwih tiheula. Bédana katara tina eusina, carita guguyon najan réa nu eusina kritik kana kahirupan sapopoé, sacara struktur mah kurang dipaliré. Sedengkeun fiksimini kaitung merhatikeun pisan struktur jeung narasina salaku sarana nétélakeun eusi.

Konsépsi perkara fiksimini salaku karya sastra anyar dina kahirupan sastra Sunda saéstuna tacan jinek. Pasualan kahiji patali jeung watesan naon jeung

(5)

nu kumaha ari fiksimini. Aya sawatara pihak nu nétélakeun yén fiksimini mangrupa tarjamahan tina kecap mini-fiction, nu mimiti hirup di Amerika Latin, dina abad ka-20. Borges, Cortázar, jeung Monterroso, mangrupa pangarang kawentar nu ngamimitian nulis fiksimini kalayan daria, sok sanajan dina waktu trétna mah bisa jadi teu ieuh mikiran istilah fiksimini. Wujudna nu ngahrib-harib carita guguyon cara nu kiwari réa dimuat dina sawatara majalah jeung Koran, boh basa Sunda boh basa Indonésia, bisa jadi némbongkeun yén éta genre pisan nu jadi huluwotan lahirna fiksimini basa Sunda téh. Salian ti éta, situs jejaring sosial facebook jeung twitter nu jadi media sumebarna fiksimini basa Sunda, milu mangaruhan kana gelarna konsépsi fiksimini. Éta situs-situs mémang ngawatesanan nu makéna dina nuliskeun status jeung tweet ukur dina lobana 140 karakter.

Pasualan kadua, patali jeung strukturna. Ieu hal ditandaan ku réana karya fiksimini nu ngaharib-harib sajak liris, nepi ka sakapeung mah hésé nangtukeun naha éta karya téh mangrupa prosa atawa puisi. Ieu pasualan tangtu baris réa rambat kamaléna, utamana tangtu baé dina nangtukeun hiji karya téh kaasup kana fiksimini (salaku prosa) atawa sajak liris (salaku puisi). Saupama ieu hal teu jinek tangtu baris ngabalukarkeun gelarna pasualan-pasualan liana patali jeung konsépsi téa. Misalna baé sok sanajan wangunna liris, pangarang nangtukeun hasil karyana téh kaasup fiksimini, tangtu baris pagedrug jeung konsépsi wangun sajak liris nu geus gelar saméméhna.

Fiksimini téh panginditanana tina prosa, lain puisi atawa sajak. Jadi karanganana gé karangan prosa, ngan pondok. Jadi karangan nu mangrupa puisi

(6)

atawa sajak mah, teu kaasup kana fiksimini. Biasana mah puisi atawa sajak leuwih anteb ulin dina métafor. Naon nu hayang ditembrakkeun dina tulisan, dipapandékeun kana métafora, atawa kecap barang nu bisa disurahan hartina sacara konotatif. Ari nu disebut prosa liris mah, biasana karasa dina wirahma kalimahna (unsur musikalitasna), lain pédah leubeut ku métafora. Prosa téh asalna

tina basa Latén, hartina “terus terang”, nembrak. Jadi fiksimini béda jeung sajak

nu resep „nyumputkeun nu hayang ditepikeun‟ ku pangarangna. Dina sajak mah,

nu maca remen kudu „ngasruk‟ heula sangkan bisa néwak makna atawa harti dina éta sajak. Béda jeung maca prosa, nu maca geus disuguhan tokoh, lalakon, konflik, jeung nu liana ku pangarang. Nu maca tinggal nuturkeun galur carita.

Ku éta hal, fiksimini basa Sunda nu kiwari gelar ngawarnaan kahirupan sastra Sunda téh perlu ditalungtik tina rupa-rupa pasualan, ti mimiti sajarahna tepi ka strukturna. Ulikan kana fiksimini basa Sunda nu kungsi aya pangpangna mah mangrupa sawangan saules minangka kritik karya, umumna dijieun ku admin (nu nyekel konci grup Fikmin Sunda dina facebook) jeung sawatara anggotana.

Misalna waé, Ki Hasan kungsi nulis perkara “Sérial Jurus Mikmin ala Godi

Suwarna Saparakanca”, eusina ngungkab fiksimini karya Godi Suwarna jeung sawatara pangarang nu geus kawéntar kayaning Hadi AKS, Dadan Sutisna, jrrd. Dusi Herlianto ogé ngulik perkara fikmin dina facebook. Ulikanana museur kana fikmin karya Ganjar Kurnia, museur dina pasualan atawa téma heureuy. Endah Dinda Jénura mah ulikanana masualkeun rupa-rupa wangun fiksimini nu kungsi atawa nyampak aya dina karya-karya pangarang Sunda. Ulikan lianna museur dina unak-anik saluareun karya tapi aya patalina jeung fikmin, contona ulikan

(7)

darpan A.Winangun nu masualkeun ajén ékonomis fikmin. Sedengkeun nu mangrupa panalungtikan daria perkara fiksimini basa Sunda tina rupa-rupa jihat minangka ulikan sastra mah tacan kungsi dilaksanakeun.

Dikasangtukangan ku hal-hal sakumaha dipedar di luhur, ieu panalungtikan dilaksanakeun. Panalungtikan pangpangna dipuseurkeun kana maluruh jeung nyusud kumaha struktur naratif fiksimini basa Sunda nepi ka kapaluruh kumaha konsépsi nu jadi ciri atawa idéntitasna salaku karya sastra anyar winangun prosa. Ku éta hal, ieu panalungtikan dijudulan “Struktur Naratif Fiksimini Basa Sunda”.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Dina ieu panalungtikan, fiksimini basa Sunda ditalungtik struktur naratifna. Ulikan struktur naratif museur kana déskripsi struktur jero nu patali jeung wangun, eusi, jeung ciri-ciri naratifna kalawan nyuméndér kana konsépsi nu ditétélakeun ku Gerard Genette (1972) jeung Zvetan Todorov (1985). Tina struktur jero jeung ciri naratif nu kapaluruh, baris digambarkeun kumaha konsépsi patali jeung idéntitas fiksimini salaku wangun karya sastra anyar dina kahirupan sastra Sunda.

1.2.2 Rumusan Masalah

Sakumaha anu geus didadarkeun di luhur, fiksimini basa Sunda téh némbongkeun ciri atawa karakteristik anu tangtu palebah struktur jeung gayana.

(8)

Dumasar kana éta hal, ieu panalungtikan baris dipuseurkeun kana masalah struktur naratifna, sakumaha dirumuskeun ieu di handap.

1) Kumaha struktur intrinsik nu ngawengku téma, galur, palaku, jeung kasang tukang dina fiksimini basa Sunda?

2) Kumaha waktu naratif nu ngawengku modus, kala, jeung puseur sawangan dina fiksimini basa Sunda?

3) Kumaha konsépsi anu mekar jeung jadi idéntitas fiksimini basa Sunda?

1.3Tujuan Panalungtikan

Sacara umum, ieu panalungtikan mibanda tujuan pikeun maluruh struktur

naratif fiksimini basa Sunda jeung ma‟nana salaku gambaran kahirupan manusa.

Sedengkeun sacara husus, ieu panalungtikan mibanda tujuan pikeun ngadeskripsikeun:

1) struktur intrinsik fiksimini basa Sunda nu patali téma, galur, palaku, jeung kasang tukang;

2) waktu naratif fiksimini basa Sunda nu ngawengku modus, kala, jeung puseur sawangan; jeung

3) konsépsi anu mekar jeung jadi idéntitas fiksimini basa Sunda.

1.4Mangfaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

(9)

1) ngabeungharan ulikan sastra Sunda, utamana anu patali jeung wangun prosa tina jihat strukturalisme;

2) nyadiakeun pedaran anu kompréhénsif patali jeung konsépsi anu jadi ciri atawa idéntitas fiksimini salaku wangun karya sastra anyar dina kahirupan sastra Sunda.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan dipiharep méré mangpaat pikeun usaha ngungkab rupa-rupa genre karya sastra dina kahirupan sastra Sunda. Salia ti éta, dipiharep mawa mangpaat sakumaha ieu di handap.

1) Déskripsi struktur naratif dina fiksimini Sunda bisa dijadikeun dokuméntasi dina hirup-kumbuhna fiksi mini ngawarnaan kamekaran kahirupan sastra Sunda.

2) Bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran di sakola.

1.5Wangenan Operasional

Sangkan écés, istilah anu aya patalina jeung judul ieu panalungtikan didéfinisikeun sacara operasional dumasar kana watesan-watesan sakumaha ieu di handap.

1) Struktur Naratif

Dina tiori linguistik Saussure (1959), konsép strukturalisme téh patali jeung hal-hal: a) tanda (sign) nu ngawengku konsepsi pananda (signifier) jeung patanda (signified), jeung b) hubungan sintagmatik jeung paradigmatic

(10)

(asosiatif). Ku sawatara ahli sastra kayaning Gerard Genette (1976) jeung Zvetan Todorov (1985), konsep Saussure tuluy digunakeun dina widang sastra. Nurutkeun Todorov (1985:12), sacara struktur karya sastra bisa patali jeung aspék semantik, sintaksis, jeung verbal. Aspék verbal téh nurutkeun Genette (1976) mah patali jeung tilu tingkatan naratif nu ngawengku: narration „narasi‟, discourse „wacana‟, jeung story „carita‟. Aya tilu katégori nu némbongkeun silihpakaitna tilu hal kasebut, nyaéta a) voice: person, time of narration, narrative level; b) tense: order, duration, frequency; jeung c) mode: focalization. Patali jeung ieu panalungtikan, struktur naratif téh diwatesanan salaku unsur jero karya sastra winangun prosa dumasar kana ciri naratif nu ngawengku modus (mode), kala (patali jeung order katut duration), jeung puseur sawangan (patali jeung person).

2) Fiksi Mini Basa Sunda

Fiksimini asalna tina kecap minifiction, hirup di Amerika Latin, mimiti abad 20. Borges, Cortázar, jeung Monterroso, di antara pangarang kawentar nu kasebut nulis fiksi mini kalayan daria, bari waktu trétna mah bisa jadi teu ieuh mikiran istilah fiksimini. Huluwotan fiksimini basa Sunda téh salian tina konsépsi minifiction nu gelar dina hasanah sastra Barat, nyuméndér ogé kana carita-carita guguyon nu biasa dimuat dina rubrik guyon sawatara majalah jeung koran, tur dipangaruhan ku facebook salaku média sumebarna nu ngawatesanan jumlah karakter dina postinganana. Dumasar kana éta hal, nu disebut fiksi mini basa Sunda dina ieu panalungtikan téh nyaéta karya sastra winangun prosa nu ukuranana pondok pisan, cukup ngawengku kurang

(11)

leuwih 140 (saratus opat puluh) karakter, eusina leuwih daria ti batan carita guguyon nu jadi huluwotanna.

1.6Struktur Organisasi Tésis

Hasil-hasil dina ieu panalungtikan disusun ngawengku lima bab kalawan struktur organisasi sakumaha ieu di handap.

BAB I BUBUKA

Mertélakeun perkara kasang tukang, watesan jeung rumusan pasualan, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, wangenan istilah, jeung struktur organisasi tésis.

BAB II ULIKAN TIORI, ANGGAPAN DASAR, JEUNG RARAGA PIKIR Dina ieu bab didadarkeun:

1) sajumlahing konsép poko anu dijadikeun tatapakan pikeun analisis pasualan anu ditalungtik dumasar kana sajumlahing buku jeung bahan bacaan lianna salaku rujukan konsép jeung tiori:

-kamekaran sastra Sunda

-fiksimini minangka karya sastra -struktur naratif karya sastra.

2) anggapan dasar nu digunakeun dina panalungtikan. 3) raraga pikir nu digunakeun dina panalungtikan.

(12)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Ieu bab mertélakeun perkara désain panalungtikan, nangtukeun data, instrumén panalungtikan, jeung prosédur analisis data.

BAB IV STRUKTUR NARATIF FIKSIMINI BASA SUNDA

Dina ieu bab, didadarkeun hasil analisis data anu dijadikeun sampel dina ieu panalungtikan jeung pedaranana.

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

Dina ieu bab didadarkeun kacindekan tina hasil analisis anu dipedar dina bab saméméhna, jeung sawatara saran anu dianggap penting pikeun panalungtikan lianna.

(13)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1Désain Panalungtikan

Sacara umum, ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan sastra anu ngagunakeun pamarekan kualitatif. Puseur panitén ieu panalungtikan neueul kana perkara struktur naratif sakumaha nu ébréh dina sawatara karangan fiksimini basa Sunda karya pangarang-pangarang nu ngagunduk dina Grup Fiksimini Basa Sunda dina ramatloka facebook. Metode anu digunakeunana nyaéta metode déskriptif. Nurutkeun Sukmadinata (2009:72), metode déskriptif mangrupa metode pikeun ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun rupa-rupa fénoména, boh anu sifatna alamiah boh jijieunan atawa rékayasa, kalawan museurkeun ulikanana kana wangun, kagiatan, karakteristik, parobahan, patalina, sasaruaan, sarta bédana jeung fénoména lianna.

Data dikumpulkeun ngaliwatan téhnik talaah pustaka jeung observasi, sarta tuluy dianalisis ngagunakeun téhnik analisis teks. Téhnik talaah pustaka jeung observasi digunakeun pikeun maluruh bahan pustaka jeung data anu aya patalina jeung pasualan anu ditalungtik. Ku cara ngagunakeun téhnik analisis teks, bahan anu geus dikumpulkeun téh tuluy dianalisis sarta diteuleuman eusina nepi ka kapanggih hubunganana jeung jejer pasualan anu ditalungtik.

(14)

Dumasar kana paradigma, métode, jeung téhnik di luhur, ieu panalungtikan dipuseurkeun kana struktur naratif fiksimini basa Sunda nu ngawengku struktur intrinsik jeung eusi naratif. Anu ditalungtik dina struktur intrinsik nyaéta téma, palaku, galur, jeung kasang (waktu jeung tempat). Sedengkeun nu ditalungtik dina wengkuan eusi naratif nyaéta modus, kala, jeung sawangan. Tina ulikan perkara struktur intrinsik jeung eusi naratif, baris katémbong konsépsi fiksimini Sunda minangka karya sastra winangun prosa naratif. Patalina jeung masalah dina ieu panalungtikan, alur ieu panalungtikan digambarkeun sakumaha bagan di handap.

Jejer Panalungtikan

Struktur Naratif Fiksimini Basa Sunda

Watesan Masalah

Struktur jero nu patali jeung wangun, eusi, jeung ciri-ciri naratifna kalawan nyuméndér kana

konsépsi nu

ditétélakeun ku Gerard Genette (1980) jeung Zvetan Todorov (1985)

Rumusan Masalah

1) Kumaha struktur jero fiksimini basa Sunda? 2) Kumaha waktu naratif fiksimini basa Sunda? 3) Kumaha konsépsi anu

mekar jeung jadi idéntitas fiksimini basa Sunda?

Tujuan Panalungtikan

Ngadéskripsikeun: 1) struktur jero

fiksimini basa Sunda 2) waktu naratif

fiksimini basa Sunda 3) konsépsi fiksimini

basa Sunda

Métodologi

- Pamarekan: Kualitatif - Métode: Déskriptif - Téhnik: Observasi,

Talaah Pustaka, Rékam

Analisis Data

(15)

3.2Nangtukeun Data

Data nu digunakeun dina ieu panalungtikan gumantung kana rangkay analisis jeung rangkay mikir anu geus ditangtukeun. Pikeun nohonan kabutuhan sakumaha anu kaunggel dina rangkay analisis jeung rangkay mikir kasebut, diperlukeun data anu mangrupa karya-karya fiksimini basa Sunda. Fiksimini bas Sunda anu digunakeun salaku data dina ieu panalungtikan dicokot tina rohang Grup Fiksimini Basa Sunda dina ramatloka facebook.

Teu sakabéhna karya fikmin nu nyampak dianalisis, tapi digunakeun sawatara sampel nu ditangtukeun ngaliwatan téhnik judgment sampling. Éta téhnik saéstuna teu jauh béda jeung purposive sampling. Nurutkeun Patton (Satori jeung Komariah, 2010:52), téhnik judgment sampling digunakeun dumasar kana

tinimbangan “memilih kasus yang kaya informasi untuk diteliti secara

mendalam”, kalawan dipatalikeun jeung tujuan panalungtikan. Purposive

sampling ogé mangrupa téhnik milah sampel dumasar kana tujuan.

Tina catetan admin (pingpinan grup), tepi ka bulan Méi 2012 jumlah anggota grup aya 2.867 urang. Tina éta jumlah, ngan 1.330 urang nu ngahasilkeun atawa nyieun fikmin. Jumlah naskah fikmin ti 1.330 urang fikminer téh aya 19.576 naskah fikmin. Dina Grup Fiksimini Basa Sunda Facebook, fikmin diwincik kana lima gundukan: petingan, warta, curhat, cakakak, jeung dapon. Dumasar téhnik purposive sampling, sampel dina ieu panalungtikan ditangtukeun minangka wawakil tina unggal gundukan katégori fikmin. Unggal gundukan diwakilan ku 2 (dua) fikmin, nepi ka réana sampel téh nyaéta 10 (sapuluh) fikmin.

(16)

Data dikumpulkeun ngaliwatan téhnik rékam dokumén ngagunakeun software Adobe Acrobat Professional vérsi 7 jeung Microsoft Word Professional 2010. Léngkah-léngkahna ngawengku:

1) rohang fiksimini sunda nu ngamuat sagemblengna ngaliwatan prosés print to file, nepi ka ngawujud dokumén Adobe Acrobat (*.pdf);

2) téks dina dokumén *.pdf nu luyu jeung kritéria sumber data ditandaan ngaliwatan fasilitas highlight text tool dina bagian (tab) tools-commenting; 3) téks nu geus ditandaan saterusna disalin ngaliwatan prosés copy to clipboard,

tuluy dipindahkeun kana dokumén Microsoft Word (*.docx) ngaliwatan prosés paste.

3.3Instrumén Panalungtikan

Dina waktu ngumpulkeun data, instrumén anu dipaké nyaéta panalungtik sorangan. Dina prak-prakan nganalisis ciri naratif dumasar wangun intrinsik jeung eusi naratif, panalungtik ngagunakeun alat analisis nu mangrupa padoman analisis téks sakumaha tabél ieu di handap.

Tabél 3.1

Padoman Analisis Téks

No. Aspék Analisis Sub Aspék

1. Déskripsi Téks a. Dadaran kontéks b. Ringkesan carita

2. Analisis Téks a. Analisis unsur intrinsik: - Téma

- Galur - Palaku

- Kasang Tukang b. Analisis waktu naratif:

- Modus - Kala

(17)

No. Aspék Analisis Sub Aspék

- Sawangan 4. Konsépsi Fikmin a. Ciri Naratif

b. Ciri Wangun

3.4Prosédur Analisis Data

Prosédur analisis data nu dilakukeun mangrupa téhnik analisis interaktif, nya éta analisis data kualitatif nu ngawengku tilu galur kagiatan (réduksi data, midangkeun data, katut nyindekkeun jeung vérifikasi) nu dilaksanakeun sacara babarengan, sakumaha bagan ieu di handap.

Bagan 1: Tehnik Analisis Interaktif (Miles jeung Huberman, 1992:16)

Saméméh dianalisis, data nu geus dikumpulkeun téh diklasifikasikeun ngaliwatan téhnik-téhnik sakumaha anu geus disebutkeun di luhur. Sabada dikla-sifikasikeun, data diréduksi ngaliwatan prosés séléksi, museurkeun, ngabasajan-keun, jeung abstraksi data kasar. Data téh diséléksi ku jalan milah-milah kalawan

(18)

panalungtikan. Sedengkeun midangkeun data mangrupa hiji prosés nyusun (nga-rakit) atawa ngaorganisasikeun informasi nu kapaluruh patali jeung kagiatan nyin-dekkeun jeung vérifikasi.

Kagiatan nyindekkeun jeung vérifikasi mangrupa léngkah penting dina prosés panalungtikan. Nyindekkeun hasil panalungtikan téh didadasaran ku kagi-atan ngaorganisasikeun informasi nu dicangking dina kagikagi-atan analisis data. Saba-da éta, dilaksanakeun tafsiran intéléktual kana kacindekan-kacindekan nu dicang-king.

Dumasar kana masalah dina ieu panalungtikan, prosédur analisis data téh ngawengku léngkah-léngkah sakumaha ieu di handap.

1) Maca sakabéh data;

2) Ngaidéntifikasi struktur intrinsik dina fikmin anu dijadikeun sumber data, nu ngawengku téma, galur, palaku, jeung kasang tukang;

3) Ngaidéntifikasi waktu naratif dina fikmin anu dijadikeun sumber data;

4) Nalaah konsépsi ngeunaan fikmin, sakumaha nu nyampak dina wengkuan struktur naratifna;

(19)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Tina hasil analisis patali jeung struktur intrinsik, waktu naratif, katut konsépsi fiksimini basa Sunda sakumaha dipedar dina bab IV, bisa dicindekkeun sawatara hal sakumaha ieu di handap.

1. Tina hasil analisis sampel data, sacara umum bisa ditétélakeun struktur intrinsik fiksimini basa Sunda nu ngawengku téma, palaku, galur, jeung kasang tukang. Téma museur kana hiji pasualan, umumna patali jeung pasualan-pasualan rumah tangga, asih papada manusa, asih manusa jeung lingkungan sabudeureunana, jeung pasualan sosial kamasarakatan patali jeung kahirupan sapopoé. Palaku umumna teu réa, cukup saurang palaku utama jeung hiji nepi ka tilu palaku tambahan. Réréana palaku tambahan mah teu ditampilkeun langsung, ukur disabit-sabit. Galur umumna mérélé, museur kana hiji kajadian. Aya ogé nu ngagunakeun galur nyoréang ka tukang. Carita ogé umumna langsung torojogan dibawa kana pusuer pasualan. Kasang tukang waktu jeung tempat mah prah baé sakumaha carita atawa karya fiksi umumna, ngawengku lingkungan sabuduereun dina mangsa kamari jeung kiwari.

(20)

a) Modus nu digunakeun umumna aya dua, narator salaku palaku jeung narator nu lain palaku. Salaku palaku, narator nyaritakeun kajadian nu tumiba atawa kaalaman ku dirina. Sedengkeun narator nu lain palaku mah nyaritakeun kajadian nu kaalaman ku jalma lianna nu jadi palaku carita. Dina modus narator nu lain palaku, posisi narator aya di luareun carita. Tina dua modus sarupa kitu, naratee (nu maca) mah teu kalibet jeung teu dilibetkeun dina carita.

b) Ditilik tina narasi peristiwa kajadian (narrative of event), téhnik narasi nu digunakeun umumna mimésis nu leuwih némbongkeun informasi ti batan naratorna sorangan. Sedengkeun patali jeung narasi peristiwa ujaran (narrative of words), peristiwa ujaran téh umumna ngagunakeun téhnik narrated speech, peristiwa ujaran téh ditémbongkeun ngaliwatan narasi ti narator. Ukur sabagian leutik nu ngagunakeun atawa direumbeuy ku téhnik transposed speech jeung reported speech. Dina katégori ujaran nu dinarasikeun, peran dina carita pangpangna dicangking ku narator. Unggal ujaran téh disampakkeun ngaliwatan médiasi narator. Gaya teu langsung mangrupa ciri utama katégori ujaran nu ditransposisikeun. Éta katégori biasana sifatna leuwih mimésis, tapi hadirna narator karasa kénéh. Sedengkeun dina katégori ujaran nu dilaporkeun, kahadiran narator disingkahan. Ruang salega-legana dipaparinkeun ka palaku pikeun nampilkeun dirina.

c) Waktu carita jeung waktu narasi umumna aya dina kronologi anu sarua, ngawengku hiji atawa dua kajadian puseur. Unggal kajadian

(21)

lumangsungna dina sapoé. Patali jeung durasi waktu narasina, carita umumna diébréhkeun ngaliwatan kalimah nu kurang ti tilu puluh kalimah. Ku cara ngamangpaatkeun kalimah-kalimah nu pondok, éféktif, jeung saeutik jumlahna, umumna katémbong ayana ellipsis, narasi téh dipondokkeun.

3. Fiksimini dina hirup kumbuhna dipangaruhan ku rohang atawa médiana. Mekar dina situs jejaring sosial facebook jeung twitter, fiksimini basa Sunda kakeunaan ogé ku kawatesanana karakter nu bisa ditémbongkeun atawa ditulis, kurang leuwih 140 karakter. Dina kamekaranana, jumlah 140 karakter téh mekar jadi kurang leuwih 100 kecap. Éta hal dipangaruhan ku médiana nu geus teu ukur ngamangpaatkeun facebook jeung twitter, tapi dina situs husus fiksimini jeung sawatara majalah. Tina sawatara fiksimini nu dianalisis dina ieu panalungtikan, katitén yén fiksimini mangrupa carita nu témana museur kana hiji pasualan, galurna mérélé basajan, jumlah palaku jeung kasang tukang tempat tur waktuna ukur hiji nepi ka dua. Tina jihat waktu narasi, téhnik narasi nu digunakeun biasana mimesis, informasi leuwih ditémbongkeun ti batan naratorna kalawan leuwih mentingkeun nganteurkeun carita sacara langsung, ngagunakeun kecap-kecap jeung kalimah nu padet.

5.2 Saran

Sacara métodologi, ieu panalungtikan didadasarkeun kana sumber data nu kawatesanan. Fiksimini basa Sunda nu mekar dina facebook saéstuna kawilang réa pisan, ngan baé dina ieu panalungtikan mah data nu dikumpulkeun tur

(22)

dianalisis téh kawatesanan. Sangkan hasil panalungtikan lianna nu sarupa jeung ieu panalungtikan leuwih jembar, kawilang hadé saupama data nu digunakeun téh leuwih réa jumlahna, boh tina jihat réspondénna, média sumebarna, boh tina jihat jumlah téksna sorangan. Hadé ogé saupama dibandingkeun jeung karya-karya fiksi lianna, utamana nu wangunna sajak lirik.

Ditilik tina ambahan ulikanana, ieu panalungtikan saukur nalungtik téks fiksimini basa Sunda patali jeung struktur intrinsik katut waktu naratifna. Pikeun panalungtikan lianna nu sarupa jeung ieu panalungtikan, hadéna ambahan ulikanana dilegaan tina jihat struktur éktrinsik, sosiologi sastra, psikologi sastra jsté. Pon kitu deui tina jihat struktur naratifna, dilegaan ku cara nganalisis pernyataan naratif jeung lingkungan penceritaanana.

Nalungtik perkara fiksimini basa Sunda tétéla teu cukup ukur dibekelan ku pangaweruh paélmuan sastra. Karya sastra raket patalina jeung widang-widang paélmuan lianna saluareun paélmuan sastra. Ku éta hal, penting pisan panalungtik nu aya minat ngulik perkara fiksimini jeung karya sastra lianna, mekelan dirina ku pangaweruh-pangaweruh dina widang paélmuan sosiologi, antropologi, psikologi, pédagogik, komunikasi, jeung sains.

(23)

DAFTAR PUSTAKA

Adiwidjaja, R.I. 1950. Kasusastraan Sunda II. Jakarta: J.B. Wolters.

Ali, Mohamad. 1985. Penelitian Kependidikan Prosedur dan Strategi. Bandung: Angkasa.

Alwasilah, A. Chaédar. 2009. Pokoknya Kualitatif: Dasar-dasar Merancang dan Melakukan Penelitian Kualitatif. Jakarta: Pustaka Jaya.

Aminuddin. 1991. Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru. Barthes, Roland. 1978. Introduction to Structural Analysis of Narratives dalam

Image–Music-Text. (Terj. Stephen Heath). New York: Hill and Wang. Chandler, Daniel. 2002. Semiotics: The Basic. New York, USA: Routhledge. Cruse, Alan. 2006. A Glosari of Semantics and Pragmatics. Edinburgh, Inggris:

Edinburgh University Press.

Danesi, Marcel. 2002. Understanding Media Semiotics. London: Arnold Publisher.

Darpan. 2011. “Généalogi Carita Pondok Sunda: Tilikan Postkolonial”. Tésis di Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda, Sekolah Pascasarjana UPI. Teu diterbitkeun.

Facebook Inc. 2010. Facebook Confidential and Proprietary. USA: Facebook Inc. Fairclough, Norman. 2003. Analysing Discourse: Textual Analysis for Social

Research. London: Routledge.

Fludernik, Monica. An Introduction to Narratology. New York: Routledge.

Fraenkell, Jack R. jeung Norman E. Wallen. 2007. How to Design and Evakuate Research in Education (Sixth Edition). New York: McGraw-Hill.

Gazali, Spk. (Panarjamah). 2009. Metode Analisis Teks dan Wacana: Stefan Titscher, Michael Mayer, Ruth Wodak, Eva Vetter. Yogyakarta: Pustaka Pelajar

Genette, Gerard. 1980. Narrative Discourse: An Essay in Method. New York: Cornell University Press.

Hadi W.M., Abdul. 2008. Hermeneutika Sastra Barat dan Timur. Jakarta: Pusat Bahasa.

(24)

Hayder, Hasin jeung Mark Alexander Basin. 2010. Learning Facebook Application Development. USA: PACT Publishing.

Heigham, Juanita jeung Robert A. Croker (Éditor). 2009. Qualitative Research in Applied Lingusistics: A Practical Introduction. Hampshire: Palgrave Macmillan.

http://facebook.com (diaksés Séptember 2011-Méi 2012)

Hurford, James R., Brendan Heasley, jeung Michael B. Smith (Éditor). 2007. Semantics: A Coursebook. New York: Cambridge University Press.

Iskandarwassid. 1992. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten. Isnéndés, Rétty. 2010. Téori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Kenan, Shlomith Rimmon-.1989. Narrative Fiction: Contemporary Poetics. New York: Methuen & Co.

Keraf, Gorys. 1994. Diksi dan Gaya Bahasa. Jakarta: Gramedia

Kridalaksana, Harimurti. 1984. Kamus Istilah Linguistik. Jakarta: Gramedia. Lakoff, George jeung Mark Johnson. 1980. Metaphor We Live By. Chicago: The Luxemburg, Jan Van. 1989. Tentang Sastra. Jakarta: Intermasa.

Masinambow, E.K.M. jeung Rahayu S. Hidayat (éditor). 2001. Semiotik: Mengkaji Tanda dalam Artifak. Jakarta: Balai Pustaka.

Miles, M. B. jeung A. M. Huberman. 1992. Qualitative Data Analysis: A Source Book of New Methods. Beverly Hills: SAGE Publication.

Panitia Kamus LBSS. 1995. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Propp, Vladimir. 2003. Morphology of The Folktale. Texas: University of Texas Press.

Ratna, Nyoman Kutha. 2009. Stilistika: Kajian Puitika Bahasa, Sastra, dan Budaya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Riemer, Nick. 2010. Introducing Semantics. New York: Cambridge University Press.

Rosidi, Ayip. 1983. Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Jakarta:Pustaka Jaya. Rusyana, Yus. 1969. Galuring Sastra Sunda. Diktat kuliah, teu diterbitkeun. Rusyana, Yus. 1984. Panyungsi Sastra. Bandung: Gunung Larang.

(25)

Samuél, Énrico Élizar jeung Andhika Rahmayanto. 1997. Microsoft Internet Solution: Menguasai Internet dengan Cepat dan Mudah. Jakarta: Elex Media Komputindo.

Santoso, Slamet. 2010. Penerapan Psikologi Sosial. Bandung: Refika Aditama. Satori, Djam’an. jeung Aan Komariah. 2009. Metodologi Penelitian Kualitatif.

Bandung: Alfabeta.

Saussure, Ferdinand de. 1959. Course in General Linguistics dalam Adams, Hazard (ed.). 1992. Critical Theory since Plato, Revised Edition. Fort Worth: Harcourt Brace Jovanovich, Inc.

Soekanto, Soerjono. 1990. Sosiologi Suatu Pengantar. Jakarta: Raja Grafindo Perkasa.

Sudaryat, Yayat. 2003. Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten. Sudjiman, Panuti jeung Aart Van Zoest (Éditor). 1996. Serba-serbi Semiotika.

Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Sukmadinata, Nana Syaodih. 2009. Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Sugiyono. 2009. Metode Penelitian Pendidikan: Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Sumardjo, Jacob jeung Saini K.M. 1988. Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia.

Sumarsono, Tatang. 1986. Pedaran Sastra Sunda. Bandung: Medal Agung.

Sutopo. 2002. Metodologi Penelitian Kualitatif. Surakarta: Sebelas Maret University Press.

Tarigan, Henry Guntur. 1984. Prinsip-prinsip Dasar Sastra. Bandung: Angkasa. Teubert, Wolfgang. 2010. Meaning, Discourse and Society. New York:

Cambridge University Press.

Tim UPI. 2011. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia 2011. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Todorov, Zvetan. 1975. The Fantastic, A Structural Approach to A Literary Genre. New York: Cornell University Press.

Todorov, Zvetan. 1985 Tata Sastra [Zaimar, Okke dkk. (penerjemah)]. Jakarta: Djambatan.

Woodworth, Katheryn A. 2010. Facebook for Beginners [Online]. URL: http://www.facebook.com/katheryn.woodworth [1 September 2010].

(26)

Zaimar, Okke K.S. 2008. Semiotik dan Penerapannya dalam Karya Sastra. Jakarta: Pusat Bahasa.

Zoest, Aart van. 1991. Fiksi dan Nonfiksi dalam Kajian Semiotik (tarjamahan Manoekmi Sardjoe). Jakarta: Intermasa.

(1)

lumangsungna dina sapoé. Patali jeung durasi waktu narasina, carita umumna diébréhkeun ngaliwatan kalimah nu kurang ti tilu puluh kalimah. Ku cara ngamangpaatkeun kalimah-kalimah nu pondok, éféktif, jeung saeutik jumlahna, umumna katémbong ayana ellipsis, narasi téh dipondokkeun.

3. Fiksimini dina hirup kumbuhna dipangaruhan ku rohang atawa médiana. Mekar dina situs jejaring sosial facebook jeung twitter, fiksimini basa Sunda kakeunaan ogé ku kawatesanana karakter nu bisa ditémbongkeun atawa ditulis, kurang leuwih 140 karakter. Dina kamekaranana, jumlah 140 karakter téh mekar jadi kurang leuwih 100 kecap. Éta hal dipangaruhan ku médiana nu geus teu ukur ngamangpaatkeun facebook jeung twitter, tapi dina situs husus fiksimini jeung sawatara majalah. Tina sawatara fiksimini nu dianalisis dina ieu panalungtikan, katitén yén fiksimini mangrupa carita nu témana museur kana hiji pasualan, galurna mérélé basajan, jumlah palaku jeung kasang tukang tempat tur waktuna ukur hiji nepi ka dua. Tina jihat waktu narasi, téhnik narasi nu digunakeun biasana mimesis, informasi leuwih ditémbongkeun ti batan naratorna kalawan leuwih mentingkeun nganteurkeun carita sacara langsung, ngagunakeun kecap-kecap jeung kalimah nu padet.

5.2 Saran

Sacara métodologi, ieu panalungtikan didadasarkeun kana sumber data nu kawatesanan. Fiksimini basa Sunda nu mekar dina facebook saéstuna kawilang réa pisan, ngan baé dina ieu panalungtikan mah data nu dikumpulkeun tur

(2)

ieu panalungtikan leuwih jembar, kawilang hadé saupama data nu digunakeun téh leuwih réa jumlahna, boh tina jihat réspondénna, média sumebarna, boh tina jihat jumlah téksna sorangan. Hadé ogé saupama dibandingkeun jeung karya-karya fiksi lianna, utamana nu wangunna sajak lirik.