Firdaus Ahsan R, 2014 Téhnik Tarucing Cakra Pikeun Évaluasi Pangajaran Maca Carpon di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Sacara  praktis  ieu  panalungtikan  téh  dipiharep  bisa  méré  informasi kumaha  kaéféktifan  tarucing  cakra  salaku  alat  évaluasi  dina  pangajaran
maca  carpon  di  SMP.  Sarta  méré  masukan  khususna  pikeun  guru  Basa Sunda  jeung  sakola  sangkan  bisa  dimangpaatkeun  salaku  referensi  ngajar
dina usaha ngaronjatkeun kamampuh maca carpon siswana.
1.5 Raraga Tulisan
Sistematika panulisan dina ieu skripsi diwangun ku lima bab utama anu eusi  tiap  bab-na  nya  éta:  Bab  I  mangrupa  bagian  bubuka  dina  skripsi  anu
ngébréhkeun  ngeunaan  kasang  tukang  tina  masalah  anu  baris  ditalungtik, idéntifikasi  jeung  rumusan  masalah,  tujuan  panalungtikan,  mangpaat
panalungtikan, boh anu ngawengku mangpaat praktis boh mangpaat tioritis, sarta raraga tulisan.
Dina  Bab  II  dipedar  ngeunaan  téori  nu  dipaké  dina  ieu  panalungtikan. Dina  ieu  bab  bakal  diébréhkeun  naon  ari  nu  disebut  évaluasi  pagajaran,
wangenan maca jeung papasingan maca, wangenan carpon sarta wangenan tarucing cakra.
Dina bab III dibahas ngeunaan sumber data, métode nu dipaké dina ieu panalungtikan,  desain  panalungtikan,  téhnik  panalungtikan,  instrumén  nu
dipaké dina panalungtikan, sarta wangenan operasional. Dina  bab  IV  minangka  bab  anu  ngadéskripsikeun  hasil  panalungtikan,
anu  ngawengku  prak-prakan  panalungtikan,  kamampuh  siswa  tina  hasil panalungtikan,  sarta  ngadéskripsikeun  kaéféktifan  Téhnik  Tarucing  Cakra
pikeun évaluasi pangajaran maca carpon di SMP. Dina  bab  V  didéskripsikeun  ngeunaan  kacindekan  tina  hasil
panalungtikan  sarta  saran  atawa  rékoméndasi-rékoméndasi  pikeun panalungtikan anu dilaksanakeun sabada ieu panalungtikan.
24
Firdaus Ahsan R, 2014 Téhnik Tarucing Cakra Pikeun Évaluasi Pangajaran Maca Carpon di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Sumber Data
Nurutkeun  Arikunto  2010:  129  sumber  data  tina  panalungtikan  nya  éta  subjék  anu ngahasilkeun éta data. Nu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas VII B
SMP Yadika Cicalengka taun  ajaran 20122013,  nu jumlahna 40 siswa, 16 lalaki  sarta 24 awéwé.
3.2 Désain Panalungtikan
Arikunto  2006:  22-23  nétélakeun  yén  nu  disebut  désain  panalungtikan  téh  nya  éta prosés nu dirancang pikeun ngajawab atawa ngajéntrékeun masalah-masalah panalungtikan.
Desain panalungtikan nya éta prosés anu dirarancang pikeun ngajawab sarta ngajéntrékeun sababaraha masalah anu aya dina panalungtikan. Ieu desain panalungtikan disusun dumasar
kana  léngkah-léngkah:  1  nangtukeun  masalah,  2  studi  pendahuluan,  3  ngawatesanan jeung  ngarumuskeun  masalah,  4  ngarumuskeun  anggapan  dasar,  5  milih  pamarekan,  6
nangtukeun sumber data, 7 nangtukeun jeung nyusun instrumén, 8 ngumpulkeun data, 9 analisis data, 10 nyieun kacindekan, jeung 11 nyusun laporan Arikunto, 2010:61.
Galur panalungtikanana baris diébréhkeun dina bagan ieu di handap.