Tujuan Panalungtikan Sistematika Nyusun Skripsi

Dwi Komarasari, 2013 Kasenian Bring-Brung Di Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.3 Tujuan Panalungtikan

Ieu panalungtikan miboga tujuan umum jeung tujuan husus. Tujuan umum nya èta ngariksa kasenian tradisional nu aya dimasarakat, sedengkeun tujuan husus nya éta: 1. Ngadéskripsikeun kontéks kasang tukang jeung kamekaran Kasenian Bringbrung di Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung. 2. Ngadéskripsikeun struktural-sémotik unsur-unsur; pintonan; fungsi; jeung ajén kabudayaan Kasenian Bringbrung Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung. 3. Ngalarapkeun hasil panalungtikan dina bahan pangajaran maca di SMA.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Unggal panalungtikan dina hakèkatna mah ngabogaan tujuan. Ieu panalungtikan tèh miboga mangpaat, anu ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat ieu panalutikan tèh dipiharep bisa ngeuyeuban kazanah budaya Sunda dina widang kasenian, utamana kasenian Bringbrung.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat ieu panalungtikan pikeun ngaronjatkeun kasadaran masarakat Sunda sangkan terus ngamumulè kasenian anu aya di masarakatna. Upama dipatalikeun jeung widang atikan, hasil tina panalungtikan téh bisa dimangpaatkeun ku guru basa jeung sastra pikeun dijadikeun alternatif dina nangtukeun bahan pangajaran.

1.5 Sistematika Nyusun Skripsi

BAB I ngawengku kasang tukang masalah, idèntifikasi masalah, watesan masalah jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, jeung sistematika nyusun skripsi. Dwi Komarasari, 2013 Kasenian Bring-Brung Di Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB II ngawengku tiori ngeunaan tiori kasenian, sémiotik jeung bahan pangajaran maca. BAB III ngawengku téknik panalungtikan, sumber data, lokasi, instrument panalungtikan, teknik ngolah data, jeung wangenan operasional. BAB IV analisis data. BAB V kacindekan jeung saran kana panalungtikan anu geus dilaksanakeun. Dwi Komarasari, 2013 Kasenian Bring-Brung Di Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan

Ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan kualitatif. Bogdan jeung Taylor dina Muhammad, 2011:19 nétélakeun, yén panalungtikan kualitatif nya éta panalungtika nu hasilna data déskriptif mangrupa kekecapan tinulis atawa lisan tina tingkah polah jalma-jalma anu ditalungtik. Numutkeun jenisna, dina panalungtikan kualitatif aya anu disebut panalungtikan déskriptif. Panalungtikan déskriptif nya éta panalungtikan anu dilakukeun pikeun mariksa jeung ngukur gejala nu tangtu. Ieu panalungtikan kaasup kana panalungtikan déskriptif. Dina ieu panalungtikan, landasan tiori dibutuhkeun tapi teu digunakeun salaku dasar pikeun nangtukeun kritéria pengukuran kana gejala anu ditalungtik Fathoni, 2006: 97. Satuluyna Danim 2002:41 nétélakeun, yén panalungtikan déskriptif nya éta panalungtikan anu dilakukeun pikeun ngadéskripsikeun hiji kajadian atawa daérah populasi nu tangtu sarta mibanda sifat faktual sacara sistematis jeung akurat. Saluyu jeung pamanggih Suyatna 2002:14, métode panalungtikan déskriptif nya éta panalungtikan anu mangrupa akumulasi data dasar ku cara déskriptif wungkul; teu nguji hipotésis, teu nyieun ramalanprédiksi, atawa teu nyangking ma’na implikasi. Pikeun ngahontal tujuan panalungtikan, panalungtik kudu maké métode panalungtikan anu cocog. Métode panalungtikan nya éta métode anu digunakeun waktu panalungtikan Fathoni, 2006: 98. Métode asal kecap tina basa Yunani nya éta methohodos anu hartina jalan nu dipaké. Jadi, métode panalungtikan nya éta cara-cara mikir jeung ngalakukeun anu geus disiapkeun kalayan hadé pikeun ngayakeun panalungtikan sarta pikeun ngahontal hiji tujuan panalungtikan Kartono, 1983:15-16. Arikunto 1996:150 nétélakeun, yén métode panalungtikan téh nya éta cara anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan. Dumasar kana tujuan nu hayang dihontal, métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta

Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 4 31

SENI BELUK DI DÉSA RANCAKALONG KACAMATAN RANCAKALONG KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII : Ulikan Struktural jeung Sémiotik.

1 10 38

KASENIAN ANGKLUNG BUNCIS DI KACAMATAN CIGUGUR KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII : Tilikan Struktur jeung Sémiotik.

1 31 27

UNSUR SÉMIOTIK DINA KASENIAN BANGKONG RÉANG DI KAMPUNG CIJAURA DÉSA LEBAKMUNCANG KACAMATAN CIWIDÉY KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA.

0 21 32

ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN PENCA SILAT PANGLIPUR DI KALURAHAN BALÉÉNDAH KACAMATAN BALÉÉNDAH KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN SALAH SAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA BAHASAN KASENIAN DI SMA KELAS XII.

0 15 28

SIMBOL-SOMBOL KASENIAN GOONG RÉNTÉNG DI DÉSA CISARUA KACAMATAN CISARUA KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA KELAS XII: Ulikan Sémiotik.

1 34 33

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN RÉOG DONGKOL DI DESA KARYAMUKTI KACAMATAN PATARUMAN KOTA BANJAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMP KELAS IX.

2 33 33

KASENIAN BEBEGIG SUKAMANTRI DI KECAMATAN SUKAMANTRI KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA.

5 155 30

KASENIAN ANGKLUNG BUNCIS DI KACAMATAN CIGUGUR KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII : Tilikan Struktur jeung Sémiotik - repository UPI S BD 1105977 Title

0 0 3

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1102250 Title

0 1 3