Achmad Sopian Effendi , 2014
Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
3.4. Wangenan Operasional
Ieu panalungtikan miboga judul “ Ajén-inajén Kaislaman dina Paribasa Sunda pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda
Berbasis
Karakter di SMP ” nu
tujuanana pikeun meunangkeun ajén-ajén atikan karakter islami tina paribasa Sunda pikeun dijadikeun sumber bahan pangajaran basa Sunda di SMP. Pikeun
nyingkahan salah tafsir jeung salah sasaran, dina ieu panalungtikan didadarkeun sababaraha wangenan istilah sacara operasional.
a. Ajén-inajén Kaislaman
Ajén-ajén kaislaman nu dimaksud dina ieu panalungtikan nya éta
sistim nilai
nu aya dina ajaran Islam sacara umum hukum syara, étika, logika, éstétika, jsb. Éta ajén-ajén atawa niléy kaislaman ngababon kana dua sumber hukum
utama , nya éta Al- Qur‟an jeung Al-Hadist. Ajén –inajén kaislaman mangrupa
intipati ajaran Islam. Ku kituna perlu dipernahkeun dina 3 poko ajaran Islam, nya éta 1 aqidah, 2 syariah, jeung 3 ahlak.
b. Paribasa Sunda
Paribasa Sunda nu dimaksud di dieu nya éta salahsahiji pakeman basa nu aya dina basa Sunda. Istilah paribasa dina basa Indonesia disebut
peribahasa
, atawa
proverb
dina basa Inggris. Dina pamarekan kabasaan, paribasa sok diréndéngkeun jeung babasan. Sok sanajan kitu dina ieu panalungtikan ukur
nalungtik perkara paribasa, teu kaasup nalungtik perkara babasan ku sabab miboga karakter nu béda.
Jadi nu dimaksud paribasa dina ieu panalungtikan nya éta pakeman basa nu runtuyan kecap-kecapna geus puguh éntép seureuhna teu bisa dirobah atawa
ditambahan jeung dikurangan sarta miboga harti atawa ma‟na nu jero mangrupa
naséhat atawa wawaran luang pikeun masarakat pamakéna. c.
Bahan Pangajaran Basa Sunda Bahan pangajaran nya éta rupa-rupa perkara nu dipersiapkeun atawa
dirarancang kalayan sistematis pikeun dijadikeun materi pangajaran di sakola. Bahan pangajaran atawa
learning material
mangrupa materi ajar nu dibungkus
Achmad Sopian Effendi , 2014
Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
dina rupa bahan nu ditepikeun dina prosés diajar. Bahan pangajaran dina prak- prakanana mangrupa dadaran nu eusina ngeunaan fakta-fakta, prinsip-prinsip,
norma, nu raket pakaitna jeung perkara aturan, ajén-inajén, jeung sikep, sarta sapuratining kaparigelam motorik. Ku kituna eusi bahan pangajaran dina enas-
enasna mangrupa pangaweruh, ajén-inajén, sikep, tindakan jeung kaparigelan nu eusina amanat, informasi, jeung ilustrasi nu mangrupa fakta, konsep, prinsip,
jeung proses nu diarahkeun pikeun ngahontal tujuan pangajaran. Dina ieu panalungtikan bahan pangajaran nu dimaksud nya éta bahan
pangajaran basa jeung sastra Sunda sunda di SMP. d.
Atikan Karakter Atikan karakter nu dimaksud nya éta atikan nu udaganana pikeun
nu muwuhkeun sikep, tabé‟at, jeung ahlak nu mulya ka para siswa di sakola
ngaliwatan
internalisasi
ajén-inajén moral linuhung sangkan maranéhna mikanyaho, maham, jeung ngabiasakeun diri milampah kalakuan nu hadé, alus,
mangpaat keur kahirupan dirina, lingkunganana, bangsa, jeung agamana.
3.5. Instrumén Panalungtikan