S BD 1006286 Chapter5

BAB V
KACINDEKAN JEUNG REKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan
Dumasar

kana

hasil

panalungtikan

pangaruh

média

pilem

pikeun

ngaronjatkeun kamampuh UUBS siswa kelas IX A MTs Negeri 1 Warudoyong taun

ajar 2013/2014, bisa dicindekkeun kieu:
1) Kamampuh UUBS siswa kelas IX A MTs Negeri 1 Warudoyong taun ajar
2013/2014 sanggeus maké média pilem téh ngaronjat. Ieu hal bisa katitén tina
hasil tés awal jeung tés ahir siswa. Saméméh maké média pilem dina
pangajaran UUBS. Aya 26 urang atawa 83.87% siswa anu meunang peunteun
˂ 65 kalawan katégori can tuntas, jeung 5 urang atawa 16.13% siswa anu
meunang peunteun ≥ 65 kalawan katégori tuntas. Sabada maké média pilem
dina pangajaran UUBS. Aya 21 urang atawa 67.74% siswa anu meunang
peunteun ≥ 65 kalawan katégori tuntas, jeung 10 urang atawa 32.25% siswa
anu meunang peunteun ˂ 65 kalawan katégori can tuntas.
2) Aya béda nu signifikan tina hasil rata-rata tés awal jeung tés ahir kamampuh
UUBS siswa kelas Siswa kelas IX A MTs Negeri 1 Warudoyong taun ajar
2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun media pilem. Hasil ratarata tés awal nya éta 55.19% ngaronjat jadi 69.70% tina hasil tés ahir, anu
ngahasilkeun rata-rata gain 14.15%.
3) Bisa dicindekeun yén hipotesis kerja (Ha) ditarima jeung hipotesis nol (ho)
ditolak. Hal ieu nuduhkeun yén média pilem miboga pangaruh pikeun
ngaronjatkeun kamampuh siswa dina maké UUBS siswa kelas IX A MTs
Negeri 1 Warudoyong taun ajar 2013/2014. Tina hasil uji hipotesis anu
ngahasilkeun titung > ttabélnya éta 11.93 > 2.46. Hartina média pilem téh miboga
pangaruh pikeun ngaronjatkeun kamampuh UUBS siswa.

Mohamad Irfan Ramdansyah, 2014
Média pilem pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa maké undak usuk basa sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
68

68

69

5.2 Rekomendasi
Sabada dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan kamampuh UUBS siswa kelas
IX A MTs Negeri 1 Warudoyong taun ajar 2013/2014 maké média pilem, aya
sababaraha rékomendasi saperti di handap.
1) Média pilem geus kabukti bisa ngaronjatkeun kamampuh UUBS kelas IX A
MTs Negeri 1 Warudoyong taun ajar 2013/2014. Kukituna, média pilem bisa
dipaké alternatif pangajaran pikeun ngaronjatkeun kamampuh UUBS.
2) Média pilem anu dipake pikeun pangajaran UUBS diusahakeun kudu saluyu
jeung umur siswa.
3) Ayana panalungtikan nu leuwih ngeunaan média pilem pikeun matéri
pangajaran anu liana bisa leuwih ngabuktikeun kaéféktifan eta media.

4) Pikeun panalungtik kudu leuwih asak deui dina ngararancang prak-prakan
ngagunakeun média pilem pikeun pangajaran UUBS.
5) Gunakeun ogé média pangajaran sejena dina ngaronjatkeun kamampuh UUBS
siswa SMP/MTs.

Mohamad Irfan Ramdansyah, 2014
Média pilem pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa maké undak usuk basa sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
69