Contoh Pidato tentang Kebersihan dalam Bahasa Sunda

Contoh Pidato tentang Kebersihan dalam Bahasa Sunda
Karya Levi Lesdiyanti ( [email protected] ) diterbitkan pada situs
www.windowbrain.com
Assalaamu alaikum warahmatullahi wa barakaatuh
Alhamdulillah dina waktos ieu urang tiasa riung mungpulung dina ieu tempat dina raraga silih
wasiatan dina kasaean. Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng sukur ka dzat
ilahi robbi. Anu mana dina danget ieu urang tos dipaparin mang pirang-pirang kanikmatan. Atuh
anu langkung utamana nyaeta nikmat iman sareng Islam.

Salawat sinareng salam, mugia tetep dicurah-limpahkeun ka panutan alam, habibana wa
nabiyyana Muhammad SAW. Atuh teu hilap oge ka keluargana, para sahabatna, sareng mudahmudahan dugi ka urang sadayana salaku umat mantena. Amin.

Dina kasempetan anu ayeuna, simkuring bade ngadugikeun salah sawios hadist anu unggelna
"Annadzofatu minal iman". Anu pihartoseunana nyaeta kabersihan teh eta sabagian tina iman.
Hadirin anu miharep rido Alloh, upami ku urang ditingal dina kahirupan sadidinten, urang sering
ngahilapkeun kana beberesih nu utamina dina kabersihan lingkungan tempat urang calik.

Buruan kalotor, solokan pinuh ku runtah, eta teh mangrupikeun hal sapele anu teu diangap
penting ku sapalihna jalmi. Padahal parantos ditegaskeun dina hadist yen kabersihan teh eta
sapalihna tina kaimanan. Ku hadist eta tos jelas, yen urang teh wajib ngajaga kabersihan. Bade
kabersihan pribadi atanapi lingkungan. Dina sapalihna hadist disebatkeun yen Alloh teh maha

endah, sareng mikacinta kana kana kaendahan.

Hadist nu kadua eta ngaisaratkeun ka urang sadayana sangkan kedah ngajagi diri sareng tempat
urang tina kabersihan. Urang ige sadayana pasti uninga, yen bersih teh endah. Kumargi eta, hayu
urang sasarengan ngajagi kabersihan sangkan ku eta urang bakal sehat, lingkungan urang janten
sehat tur endah katingalna.

Teu kenging dugi ka diri pribadi bersih, tapi lingkungan henteu. Eta ge lepat upami carana kitu
mah. Dua nana kedah saimbang supados tujuan sareng parentah Gusti Alloh tiasa kajalankeun ku
urang sadayana. Tina lingkungan anu bersih tiasa ngawujudkeun jasmani anu sehat tur kuat.

Ti kawit ayeuna hayu urang ngajagi lingkungan urang tina sampah atanapi runtah dina raraga
ngajalankeun sabagian parentah-Na, sareng ningkatkeun kaimanan urang salaku muslim anu
sajati. Peryogi kauninga oge, yen setan resepeun kana tempat-tempat anu kotor sareng bau. Atuh
eta oge tiasa janten alesan kadua kango nguatkeun pentingna kabersihan.

Mung sakitu anu tiasa kapihatur. Mugia tiasa nyandak manfaat tina anu didugikeun nembe.

Hatur nuhun kana perhatosanana, billahi fi sabilil haq, wassalaamu alaikum warahmatullahi wa
barokatuh.