contoh pidato bahasa sunda
Contoh
Pidato
Resmi
Sambutan
Kepala
Sekolah
pada
Acara
Perpisahan Menggunakan Bahasa Sunda yang baik dan Sopan.
Assalaamu a’laikum Warahmatullahi Wabarokaatuh...
Alhamdulillah, dina kasempatan anu sae ieu urang sadayana tiasa ngariung
mungpulung di tempat ieu dina raraga paturay tineung murangkalih kelas 6
SD Jatimullya 3, samen taun 2015-2016.
Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji miwah sukur ka dzat illahi
Robbi, pangeran sadaya alam nyaeta Alloh SWT. Urang sadayana salaku
manusa, mangrupikeun kawajiban kanggo urang nyaeta sukur kana ni’mat
anu parantos dipaparin ku Alloh SWT ka urang sadayana. Ti kawit ni’mat anu
alit dugi ka ni’mat anu pangageungna, sareng eta teh moal tiasa kanilai ku
angka paling ageung nu aya di dunya ieu.
Manusa dipaparin otak anu tiasa dianggo mikir, sareng hate anu tiasa
digunakeun kanggo ngabentenkeun mana anu leres sareng amana anu
lepat, mana anu sae sareng mana anu awon.
Kabagjaan kango sing saha jalmi anu tiasa ngagunakeun akal sareng hate
na kanggo nafakuran kaagungan sareng kakawasaan Gusti Alloh SWT.
Nu kadua hayu urang panjatkeun salawat tur salam ka panutan alam,
habibana wa nabiyyana Muhammad SAW. Teu hilap oge ka kulawarga,
sahabatna, sareng para pengikutna. Mudah-mudahan urang sadayana
kalebet umat anu patuh sareng taat kana ajaran mantenna. Amiin.
Salaku pimpinan sakola SD Jatimulya 3, sim kuring ngecap nuhun ka para
wargi sadayana, tamu uleman dina raraga acara paturay tineung ieu anu tos
hadir nyumponan uleman ka ieu tempat. Mugia langkah sampeanna janten
buktos sareng dijantenkeun catetan amal kasaean kanggo bekel urang jaga
di akherat.
Nurutkeun kana tradisi sareng kabudayaan dina unggal tutup taun, SD
Jatimulya 3 sok ngagelar acara paturay tineung kelas 6. Acara ieu teh
mangrupikeun
acara
anu
biasa
dilakukeun
kanggo
ngaleupaskeun
murangkalih kelas 6 anu bade neraskeun sakolana kanu langkung luhur.
Dina acara ieu teh aya sababaraha kagiatan anu bade dikapayunkeun, anu
engkena tiasa ditonton ku para hadirin sadayana.
Sim kuring atas nami sakola, nyuhunkeun supados acara ieu dilaksanakeun
secara tartib, aman, tur lancar, nu mudah-mudahan tiasa nyandak kana
pangaruh anu sae kanggo urang sadayana anu hadir, atuh oge masyarakat
sagedengeun sakola kanggo umumna.
Mung sakitu anu tiasa kapihatur, ku ngarepkeun mugia acara paturay
tineung ieu janten acara anu sukses. Amiin.
Hatur nuhun kana perhatosan Bapak miwah Ibu sadayana.
Salajengna, acara bade dipasihkeun deui ka MC (pangatur acara), ka
pangatur acara mangga dilajengkeun!.
Wassalaamu a’laikum warahmatullahi wabarokaatuh.
Didamel ku:
Robby Nur Awaluddin, S.Pd
Facebook: ROBBY AWALUDDIN