T PBBS 1402539 Chapter5
BAB V
KACINDEKAN
5.1 Kacindekan
Dumasar kana pedaran jeung hasil panalungtikan dina bab 4, ieu
panalungtikan bisa dicindekkeun saperti ieu di di handap.
Ragam basa nu kapanggih di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang
aya genep nya éta akrolek, basilek, kolokial, argot, slang, jeung jargon. Ragam
basa akrolek kapanggih di profesi guru, pagawé pamaréntah, petani, jeung tokoh
agama. Ragam basa basilek ngan kapanggih di profesi petani. Ragam basa
kolokial kapanggih di profesi guru, siswa, pagawé pamaréntah, petani, padagang,
tokoh agama, jeung pamayang. Ragam basa argot ogé kapanggih di guru, siswa,
pagawé pamaréntah, petani, padagang, tokoh agama, jeung pamayang. Ragam
basa slang kapanggih di profesi padagang jeung siswa. Pamungkas Ragam basa
jargon kapanggih ngan di profesi pagawé pamaréntah. Ragam basa anu teu
kapanggih dina ieu panalungtikan nya éta ragam basa ken jeung ragam basa
vulgar. Dua ragam basa ieu teu kapanggih lantaran objek panalungtikan ngan
diwakilan ku tujuh profesi nya éta guru, siswa, pagawé pamaréntah, padagang,
pamayang, petani jeung tokoh agama anu jarang dipaké lantaran dianggap teu
lumrah.
Hasil analisis alih kode di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang,
kapanggih 36 data alih kode, dina paguneman ngan kapanggih wanda alih kode
interen. Alih kode nu kapanggih lolobana nya éta alih kode ti basa Sunda ka basa
Indonésia jeung basa Sunda ka basa Betawi, ieu hal dilantarankeun masarakat
Pakisjaya anu basa sapopoéna basa Betawi. Panalungtik salaku panyatur basa
Sunda leuwih sering alih kode ka basa Betawi atawa basa Indonésia sangkan
komunikasi lumangsung lancar.
Sedengkeun hasil analisis campur kode di Kecamatan Pakisjaya
Kabupaten Karawang kapanggih 38 data campur kode, dina paguneman ngan
kapanggih wanda campur kode ka jero. Masarakat Pakisjaya salaku panyatur basa
Betawi anu miboga pangaweruh basa Sunda tangtu dina komunikasina dua basa
éta silih mangaruhan, salasahijina ayana campur kode nu kapanggih dina ieu
Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
91
92
panalungtikan. Campur kode nu kapanggih lolobana basa Betawi jeung basa
Indonesia pacampur jeung kekecapan basa Sunda, ieu jelas lantaran pangaweruh
masarakat kana basa Sunda anu heureut.
Salian ti ragam basa, alih kode jeung campur kode kapaluruh ogé faktorfaktor anu ngabalukarkeun ayana Ragam basa di Pakisjaya. Aya dua faktor nya
éta:
a) Sacara geografis Kecamatan Pakisjaya perenahna di wates daérah Kabupaten
Bekasi jeung Laut Jawa anu masarakatna heterogen boh tina basana boh tina
budayana. Masarakat anu aya di perbatasan Laut Jawa lolobana ngagunakeun
basa Jawa sedengkeun perbatasan Bekasi lolobana ngagunakeun basa Betawi,
ku kituna masarakat Pakisjaya miboga tilu basa anu hirup.
b) Dina kahirupan sapopoé masarakat ngarasa butuh medium pikeun
ngagampangkeun nalika komunikasi. Komunikasi di dieu bisa ngawengku
komunikasi profesi, komunikasi sapopoé, jeung komunikasi komunitas.
5.2 Implikasi
Implikasi dina ieu panalungtikan ditétélakeun yén ragam basa salaku
variasi dina hiji basa dilantarankeun ku ayana faktor-faktor nu aya di masarakat,
saperti umur, atikan, agama, widang kagiatan, profesi, letak geografis, jeung
kasang tukang budaya miboga peran penting di masarakat hususna dina ieu
panalungtikan masarakat Pakisjaya. Ragam basa anu kapanggih méré gambaran
kaayaan basa Sunda di Pakisjaya dianggap teu penting lantaran basa sapopoéna
basa Betawi. Di sakola gé nalika pangajaran basa Sunda basa panganteurna basa
Indonesia jeung basa Betawi. Sanajan kitu dina paguneman masarakat Pakisjaya
basa Sunda masih hirup jeung nyicingan fungsi di masarakat salaku alat
komunikasi, éta hal katitén ku ayana alih kode jeung campur kode antara basa
Betawi jeung basa Sunda.
Ragam basa ogé nyicingan fungsi sosial di masarakatna salaku alat
komunikasi nalika hirup kumbuh sapopoé saluyu jeung kabutuhan. Misalna nalika
komunikasi di lingkungan pagawéan, ragam basa argot miboga peran anu penting
sangkan komunikasi leuwih efektif, kitu ogé ragam basa nu séjénna bakal
nyicingan peran saluyu jeung fungsina séwang-séwangan.

93
5.3 Rekomendasi
Ieu hasil panalungtikan dirékomendasikeun hususna pikeun masarakat
Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang sangkan apal kana kabeungharan basa
anu hirup di sabudeureunna hususna basa Sunda. Salian éta, ieu panalungtikan
dirékomendasikeun pikeun pamaréntah Kabupaten Karawang hususna Kecamatan
Pakisjaya sangkan basa Sunda leuwih diperhatikeun deui ngaliwatan sosialisasi
langsung ka masarakat jeung pangajaran di sakola hususna sakola anu aya di
perbatasan.