T PBBS 1402539 Chapter3

BAB II
ULIKAN PUSTAKA JEUNG RARAGA MIKIR

2.1 Ulikan Pustaka
2.1.1 Ragam Basa
Ragam basa mangrupa salasahiji poko bahasan dina kajian sosiolinguistik.
Kridalakasana dina Chaer & Agustina (2004, kc. 61) nétélakeun yén
sosiolinguistik mangrupa cabang linguistik nu miboga tujuan pikeun ngajelaskeun
ciri-ciri ragam basa jeung nangtukeun korelasi ciri ragam basa éta kalawan ciri
sosial kamasarakatanana.
Aya sababaraha unsur dina komunikasi masarakat di antarana panyatur,
pangregep, tempat nyarita, eusi carita, suasana nyarita, jsb. Nalika nyarita hiji
panyatur kudu merhatikeun ka saha manéhna nyarita, di mana nyaritana,
ngeunaan naon, iraha, jeung dina suasana nu kumaha. Ieu hal saluyu jeung nu
ditétélakeun ku Rene Apple dina Pateda (1987, kc. 15-16) yén aya dua faktor anu
ngabalukarkeun ayana ragam basa nya éta faktor situasional jeung faktor sosial.
Faktor situasional mangaruhan panyatur utamana dina kekecapan, iraha makéna
kode basa nu tangtu, dina situasi nu kumaha gumantung tempat nyaritana.
Sedengkeun faktor sosial mangaruhan panyatur tina kahirupan sosialna saperti
jenis kelamin, status sosial, atikan, kasangtukang ekonomi, jsb.
A. Wangenan

Ragam basa bisa dihartikeun salaku variasi makéna basa. Hal ieu saluyu
jeung anu ditétélakeun ku Suwito (1983, kc. 148) yén ragam basa téh nya éta hiji
istilah anu dipaké pikeun nuduhkeun salasahiji cara makéna basa dina
komunikasi, ayana ragam basa dilantarankeun ku ayana kabutuhan panyatur
saluyu jeung situasi dina kontek sosialna. Ayana ragam basa nuduhkeun yén nu
makéna basa téh sifatna heterogen.
Kitu deui ditétélakeun ku Chaer & Agustina (2004, kc. 61) yén ragam
basa nya éta sub sistem dina basa anu dibalukarkeun ku ayana pamaké basa atawa
panyatur anu heterogen sarta kagiatan panyatur anu beragam. Ragam basa bakal
leuwih loba saupama dipaké di lingkungan panyatur nu leuwih loba jeung tempat
anu lega. Dina salasahiji jurnal Sunahrowi (2007, kc. 81-92) nétélakeun yén
Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

6

7

ragam basa nya éta kabeungharan basa nu dilantarankeun dua faktor nya éta ti

panayaturna saperti umur, jenis kelamin jeung ti lingkunganna nya éta status
sosial kamasarakatanna. Kartomihardjo dina Fathur Rokhman (2013, kc. 15)
nétélakeun yén ragam basa mangrupa media pikeun nepikeun ma‟na sosial atawa
artistik anu teu bisa dikedalkeun ngaliwatan kekecapan nu ngabogaan ma‟na
harfiah. Tuluy Kridalaksana dina Fathur Rokhman (2013, kc. 15) ogé nétélakeun
yén ragam basa nya éta variasi basa dumasar nu makéna basa gumantung topik
pagunemananna jeung dumasar media ngedalkeun éta paguneman. Jadi bisa
dicindekeun yén, ragam basa nya éta rupa-rupa variasi dina hiji basa nu
dilantarankeun panyatur nu heterogen sarta media anu dipaké ku panyatur. Faktorfaktor nu ngabalukarkeunna ayana masarakat nu heterogen saperti umur, atikan,
agama, widang kagiatan jeung profesi, kasang tukang budaya, jsb.
B. Wanda Ragan Basa
Ragam basa dibagi jadi dua dumasar pamaké jeung pamakéan, dumasar
pamaké nya éta saha nu makéna basa, di mana cicingna, kumaka kalungguhan
sosial di masarakat, genre, jeung iraha éta basa dipakéna. Sedengkeun dumasar
pamakean nya éta basa dipaké pikeun naon, dina widang naon, naon mediumna,
jeung kumaha situasina. Eta hal saluyu jeung nu ditétélakeun ku Sudaryat (2004,
kc. 11) ngawincik ragam basa kana dua jihat nya éta pamaké jeung pamakéan.
1) Pamaké Basa
Ditilik tina jihat pamakéna, ragam basa diwincik deui jadi dua nya éta
idiolék jeung dialék.

a) Idiolék
Idiolék nya éta ciri has atawa pangbéda basa nu ngabédakeun omongan
tiap individu. Contona tiap jalama atawa individu miboga gaya nyarita séwangséwangan, sanajan kembar ogé gaya nyaritana mah moal sarua. Kiti ogé nu
ditétélakeun Fathur Rokhman (2013, kc. 17) yén dumasar pamaké basa idiolék
mangrupa basa panyatur séwang-séwangan, patali jeung kasang tukang panyatur
éta sorangan. Misalna panyatur anu miboga kasang tukang atikan anu luhur
miboga pangaweruh basa formal anu leuwih jembar ti batan panyatur anu jarang
aya di lingkungan formal. Ieu hal dibalukarkeun ku kasang tukang panyatur anu
béda anu ngajadikeun kamampuh basana ogé béda.
Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

8

b) Dialék
Nurutkeun Fathur Rokhman (2013, kc. 17) dialék nya éta ciri has atawa
pangbéda basa nu ngabédakeun omongan tiap kelompok masarakat. Dina basa
Sunda mah leuwih dipikawanoh ku istilah “basa wewengkon”. Salaku conto: tiap
daérah boh ti mimiti tingkat nagara nepi ka tingkat désa tur wewengkon miboga

gaya nyaritana séwang-séwangan, sanajan di Jawa Barat sarua ngagunakeun basa
Sunda pikeun pakakas komunikasina, can tangtu tiap Kabupaten ngagunakeun
basa nu sarua, boh lentongna boh kandaga kecapna. Élmu nu ngulik ngeunaan
dialék nya éta “dialéktologi”
Conto:
basa Sunda Priangan

ocon

= heureuy

basa Sunda Kuningan

sisiwo = heureuy

basa Sunda Priangan

sué

= sial


basa Cirebon

sué

= lila

basa Sunda Priangan

isukan = poé sabada poé ayeuna

basa Sunda Ciamis

isukan = iraha-iraha

Dumasar kana jihat dialék, Sudaryat (2004, kc. 11) ngawincik ragam basa
dialék jadi tilu bagian, nya éta:
(1) Régiolék
Régiolék nya éta ragam basa ditilik tina kaayaan régional atawa
geografisna. Conto, basa nu dipaké di daérah basisir leuwih teugeug jeung

umumna lentongna naék, sedengkeun di daérah pegunungan leuwih leuleus tur
lentongna ogé turun.
(2) Sosiolék
Sosiolék nya éta ragam basa ditilik tina kaayaan sosialna anu patali jeung
status, golongan, sarta kelas sosial panyaturna. Misalna waé, basa nu dipaké di
lingkungan lokalisasi tangtuna leuwih wanoh jeung remen ngagunakeun
kekecapan nu aya patalina jeung kagiatan nu aya di lokalisasi.

Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

9

Chaer & Agustina (2004, kc. 64) nétélakeun yén variasi basa atawa ragam
basa patali jeung tingkat, golongan, status, jeung kelas sosial panyaturna, éta bisa
ngawengku umur, atikan, genre, pakasaban, kabangsawanan, jeung sosial
ekonomi. Dumasar umur katémbong ragam basa nu dipaké ku barudak, rumaja,
dewasa jeung kolot béda-béda. Bédana ragam basa ieu lain patali jeung eusina,
tapi patali jeung aspek morfologi, sintaksis, jeung kandaga kecap. Dumasar atikan

nu makéna basa patali jeung kandaga kecap, artikulasi, morfologi jeung sintaksis.
Dumasr genre nu makéna basa ragam basa katémbong nalika komunikasi
sapopoé, upamana waé dina paguneman ibu-ibu jeung bapa-bapa aya bédana boh
dina kandaga kecapna boh dina eusi caritana. Satuluyna dumasar pakasaban atawa
profesi jabatan nu makéna basa, ragam basa katémbong tina paksaban jalma nu
béda-béda contona basa guru, basa tukang dagang, basa supir, jeung bakasaban
séjénna aya bédana, utamana dina kandaga kecap. Dina masarakat nu masih maké
tingkatan kebangsawanan aya ogé ragam basa nu patali jeung kebangsawanan éta.
Basa Jawa, basa Bali, jeung basa Sunda miboga ragam kabangsawanan contona
undak usuk basa atawa tatakrama basa. Pamungkas dumasar sosial ekonomi nu
makéna basa, ragam basa teu bisa kitu waé dibédakeun dumasar kabangsawanan
hiji jalma, tapi leuwih kana saha nu leuwih beunghar atawa henteu. Dumasar kana
ragam basa nu geus dipedar di luhur ragam basa dibagi dalapan jenis nya éta
akrolek, basilék, vulgar, slang, kolokial, jargon, argot, jeung ken.
Akrolek nya éta variasi sosial anu dianggap leuwih luhur ajénna tibatan
variasi sosial nu lianna. Salaku conto, dina taun 1914 basa Jawa leuwih luhur
ajénna tibanatan basa Sunda tur ngan ukur dipaké ku kalangan ménak atawa kaum
borjuis. Dina basa Sunda aya undak usuk basa. Undak usuk basa sacara umum
kabagi tilu, nya éta basa keur ka sahandapeun, basa keur ka sorangan jeung basa
ka saluhureun. Akrolek nya éta nalika makéna basa saluyu jeung undak usuk basa.

Contona: kecap “balik” dipaké keur ka sahandapeun, kecap “wangsul” dipaké
keur ka sorangan jeung kecap “mulih” dipaké keur ka saluhureun
Basilek nya éta variasi sosial nu dianggap kurang luhur ajénna. Salaku
conto, upamana di Jawa aya basa Jawa “krama ndesa”, upama dina basa Inggris
nya éta basa nu dipaké ku para “cowboy”, sedengkeun dina basa Sunda nya éta

Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

10

basa Sunda dusun (teu baku), basa nu teu saluyu jeung undak basa, atawa basa
kasar. Contona: kecap “heueuh”
Vulgar nya éta variasi sosial nu miboga ciri yén panyaturna teu nyakola.
Bahasana cenderung teu sopan. Contona: Sia !
Slang nya éta variasi basa nu ngabogaan sifat husus tur rusiah. Hartina, ieu
variasi basa téh dipakéna ngan saukur ku panyatur nu tangtu, ogé teu meunang
dipikanyaho ku panyatur séjén salian ti anggota kelompok panyaturna. Salng
miboga pasipatan anu temporal tur leuwih jembar digunakeun ku panyatur

rumaja, tapi teu jarang sok dipaké ku panyatur kolot. Slang ogé miboga sipat
gancang robah ti mangsa ka mangsa. Contona: basa rumaja mangsa kiwari saperti
cemungudh (semangat), unyu-unyu (lucu), visun (pisan), jsb.
Kolokial nya éta variasi sosial anu digunakeun dina guneman sapopoé.
Kecap kolokial asalna tina kecap collquium (percakapan, konversasi) anu hartina
paguneman. Jadi anu disebut kolokial téh nya éta basa paguneman atawa basa
lisan. Contona: kecap “teu” anu asalna tina henteu, kecap “rék” anu asalna tina
arék, jsb
Jargon nya éta variasi sosial anu dipakéna diwatesanan ku kelompokkelompok sosial anu tangtu. Ungkara nu dipaké mindengna mah teu bisa
dipikaharti ku masarakat sacara umum atawa panyatur di luar kelompok
panyaturna, sanajan teu miboga sipat nu rusiah. Contona: jargon nu dipaké ku
BKKBN “dua anak cukup”
Argot nya éta variasi sosial anu pamakéanna diwatesanan ku pakasabanpakasaban anu tangtu tur miboga pasipatan anu rusiah. Koncina aya dina kandaga
kecap. Contona: dina kalangan koruptor aya istilah “apel malang” anu hartina
rupiah, jeung “apel washington” anu hartina dolar.
Ken (Inggris = cant) nya éta variasi sosial anu ngagunakeun lentong
“ngahelas” ogo tur bohong. Ken mindeng dipaké ku panyatur anu pakasabanana
salaku baramaén. Contona: “nyuhunkeun kanggo tuangna pa”
(3) Kronolék
Kronolék atawa dialék témporal nya éta ragam basa ditilik tina kaayaan

runtuyan lagu atawa kronologis. Contona basa nu dipaké dina mangsa 60-an
tangtu béda jeung basa nu dipaké dina mangsa kiwari. Upama nilik kana karya
Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

11

sastra mah, kandaga kecap jeung gaya nyarita nu dipaké dina novel “Baruang
kanu Ngarora” karya D.K. Ardiwinata dina taun 1914 tangtu béda jeung
kumpulan carpon “Panggung Wayang” karangan Aam Amilia dina taun 1992.
2) Pamakéan Basa
Nurutkeun Chaer & Agustina (2004, kc. 68) ragam basa nu patali jeung
pamakéan basa umumna patali jeung widang-widang nu tangtu nu miboga ciri
séwang-séwangan sarta miboga fungsi nu tangtu. Misalna basa dina widang
atikan, jurnalistik, militer, jsb, bakal miboga ragam basa anu béda lantaran
nyicingan fungsi anu béda. Supama ragam basa dumasar pamaké basa leuwih
nyoko ku saha dipakéna basa, dimana dipakéna basa. Ragam basa dumasar
pamakéan basa mah leuwih nyoko kana tujuan dipakéna basa boh lisan boh
tulisan.

Ditilik tina jihat pamakéanna ragam basa diwincik deui jadi tilu nya éta
tujuan, kabakuan, jeung médium.
a) Tujuan
Ditilik tina tujuanna, basa ogé dipaké gumantung kana tujuanna. Naha
pikeun komunikasi sapopoé, pikeun paélmuan, atawa pikeun kasastraan. Ragam
basa numutkeun tujuanana diwincik jadi tilu bagian, nya éta:
(1) Basa sapopé
Basa sapopoé nya éta basa anu dipaké nalika kagiatan sapopoé. Contona:
“ kamari aya nu demo di gedong DPR”
“Ceu, bade angkat kamana mani tos gaya?”
“ Isukan ka dieu deui nya, aya nu rék dipihapékeun! “
(2) Basa paélmuan
Basa paélmuan nya éta basa atawa istilah nu digunakeun dina salasahiji
widang paélmuan. Conto:
 Linguistik, fonologi, morfologi, sintaksis, sematik, jsb.
 Logaritma, modus, mean, median, jsb.
(3) Basa kasastraan
Basa kasusastraan nya éta basa nu digunakeun pikeun karya sastra. Conto:
 Gaya basa mijalma (majas personifikasi)
“Bintang tingkariceup bari neuteup urang duaan, Nung”
Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

12

 Sisindiran
Cikaracak ninggang batu
Laun-laun jadi legok
Tai cakcak ninggang huntu
Lila-lila mah dilebok
b) Lulugu (baku)
Ragam basa kabakuan nya éta dipakéna basa gumantung kana situasi
panyatur. Ragam basa kabakuan ogé katelahna mah nya éta „tatakrama basa‟
atawa „undak-usuk basa‟. Nurutkeun kana jihat kabakuan, ragam basa diwincik
jadi dua nya éta:
(1) Basa baku
Basa baku (basa lulugu), nya éta basa anu lumrah dipaké dumasar
tatakrama basa Sunda.contona:
“mangga geura tuang heula, parasmanan parantos sayogi.”
“Dupi Bapa tabuh sabaraha nyondong di Bumi?”
“Duh, hapunten manawi abdi anu lepat.”
(2) Basa teu baku
Basa teu baku (basa loma), nya éta basa anu lumrah dipaké masarakat
nalika paguneman sapopoé atawa dina kaayaan teu resmi. Contona:
“sia deuk ngilu moal jeung ngaing ka Sawah?”
“Pék geura dalahar heula bisi si Ujang kaburu nyampeur”
“Isukan Aing nyampeur ka imah Sia nya!”
c) Médium
Ragam basa médium nya éta dipakéna basa gumantung kana media anu
dipakéna. Dumasar kana jihat kabakuan, ragam basa diwincik jadi dua nya éta:
(1) Basa lisan
Basa lisan dipaké sacara lisan, umumna teu puguh adegan kalimahna.
Contona:
“Mang, baso hiji!” (meuli baso ka tukang baso)
“Pa, baso!” (nawaran baso)
“baso ah, yuk!” (ngajak ngabaso)
Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

13

(2) Basa tulisan
Basa tulisan nya éta basa anu dipaké dina tulisan, umumna leuwih jéntré
jeung tangtu adegan kalimahna. Contona:
“Mang, Abdi mésér baso samnagkok.”
“Pa, bade mésér baso?”
“Hayu urang mésér baso!”
2.1.2 Alih Kode jeung Campur Kode
Nurutkeun Hudson (1998, kc. 51) nétélakeun yén dina prakna kode ragam
basa bisa pacampur jeung kode ragam basa séjén pikeun lancarna komunikasi
antara dua panyatur anu miboga kode ragam basa anu béda. Pacampurna kode
ragam basa ieu Hudson ngaistilahkeun alih kode jeung peminjaman (campur
kode).
Salaku conto dipakéna kode basa antara basa Sunda (BS) jeung basa
Indonesia (BI) atawa sabalikna nalika komunikasi mangrupa hiji hal nu teu bisa
disingkahan ku masarakat dwibahasa atawa multi bahasa anu miboga kode ragam
basa nu béda. Unggal panyatur umumna hayang ngimbangan basa nu dipaké ku
batur nyaritana. Kusabab kitu masarakat multilingual atawa dwibahasa saperti
masarakat Indonesia salaku pnyatur kudu alih kode saluyu jeung nu diajak
nyaritana.
Masarakat bilingual atawa masarakat multilingual magrupa masarakat anu
ngawasa leuwih ti dua basa nalika komunikasi dina hirup kumbuh sapopoé. Ieu
hal dilantarankeun masarakat hirup di lingkungan anu heterogen. Basa mangrupa
pakakas komunilasi anu utama, komunikasi bakal lumangsung kondusip nalika
proses komunikasi bisa dipikaharti, boh ku panyaturna boh ku pangregepna.
Ayana ragam basa di masarakat salaku alat komunikasi, tangtu kudu dipilih ku
panyatur sangkan komunikasi lancar. Dipihna kode basa mangrupa alternatif nu
mimiti pikeun panyatur salaku nu maké basa dina masarakat heterogen. Contona,
saurang panyatur basa Sunda salaku dwibasawan bakal ngagunakeun basa
Indonesia nalika nyarita jeung panaytur nu lain basa Sunda. Pilihan kadua nya éta
ku cara campur kode, nya éta ngagunakeun hiji basa, misalna basa Indonesia nu
dicampur ku basa Sunda atawa basa séjénna.
Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

14

Ku ayana ngawasa dua basa atawa leuwih, alih kode jeung campur kode
bisa lumangsung di masarakat nu hetereogen. Panyatur sawaktu-waktu ngahaja
alih kode ka nu diajak nyarita sangkan bisa kahontal tujuan nyaritana. Tujuan
nyaritana saperti panyatur hayang ngrobah suasana formal ka teu formal. Panyatur
ogé sawaktu-waktu robah jadi campur kode tina hiji basa ka basa séjénna lantaran
kabiasaan.
2.1.2.1 Alih Kode
A. Wangenan
Alih kode nya éta barobahna maké basa dina komunikasi nu dilakukeun
sacara sadar atawa dihaja, parobahan pacampurna basa atawa ragam basa nu
dipaké masih kénéh ngabogaan fungsi otonomi séwang-séwangan. Appel dina
Chaer & Leonie Agustina (2004, kc. 107) nétélakeun yén alih kode nya eta
“gejala

peralihan bahasa karena berubahnya situasi”. Sedengkeun nurutkeun

Hymes dina Chaer & Leonie Agustina (2004, kc, 107-108) nétélakeun yén alih
kode “bukan hanya terjadi antarbahasa, tetapi dapat juga terjadi antar ragamragam atau gaya-gaya yang terdapat dalam satu bahasa”
Upama urang niténan naon anu ngalantarankeun ayana alih kode,
nurutkeun Fishman dina Chaer & Leonie Agustina (2004, kc. 108) nya éta bisa
dilantarankeun ku “siapa berbicara, dengan bahasa apa, kepada siapa, kapan, dan
dengan tujuan apa”. Dina buku-buku élmu linguistic anu ngabalukarkeun ayana
alih kode sacara umum diantarana: (1) panyatur, (2) pamiarsa atawa lawan tutur,
(3) parobahan situasi ku ayana jelema ka tilu, (4) parobahan situasi formal kana
informal atawa sabalikna, (5) parobahan topik paguneman. Ieu ogé nu
ditétélakeun ku Aslinda & Leni (2010, kc. 85) yén faktor nu ngabalukarkeun
ayana Alih kode aya lima nya éta saha nu nyarita, make basa naon, jeung saha
nyaritana, iraha, jeung naon udagan caritana.
Salasahiji conto masalah alih kode nya éta misalna dina hiji rohangan aya
dua urang Sunda, Dadan jeung Deni keur ngobrol ngeunaan pancén kuliah. Nalika
keur ngobrol, torojol datang Made anu urang Bali. Ku sabab ayana Made di éta
rohangan au milu ngobrol, Dadan jeung Deni ngarobah basana anu tadina make
basa Sunda jadi basa Indonésia.

Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

15

B. Wanda Alih Kode
Dumasar kana wandana, nurutkeun Suwito (1983, kc. 68-71) alih kode
kabagi jadi dua, nya éta alih kode intern (alih kode tina basa Indonesia), jeung alih
kode ekstern (aih kode tina basa asing).
(1) Alih kode intern
Alih kode intern nya éta robahna maké basa ti basa Sunda ka basa
Indonesia atwa basa daérah séjénna. Biasana basa nu digunakeun mimiti nya éta
basa sunda salaku basa asli urang sunda tuluy Alih kode ka basa Indonesia atawa
basa daérah séjénna. Conto Alih kode ti basa Sunda ka basa Indonesia saperti ieu
di handap.
Dadan: “Den poé ayeuna aya tugas naon euy?”
Deni: “Oh enya ayeuna téh aya tugas linguistik, ai manéh enggeus can?”
(tuluy datang Made milu nyarita)
Made: “Eh lagi pada ngomongin apa sih?”
Dadan: “Ini lagi ngomongin tugas linguistik, kamu udah?”
Made: “oh iya ya, aku lupa”
(2) Alih kode ekstern
Alih kode ekstern nya éta robahna maké basa ti basa Sunda ka basa asing
saperti basa Inggris, Arab, Jepang jeung basa séjénna. Biasana basa nu
digunakeun mimiti nya éta basa sunda salaku basa asli urang sunda tuluy alih
kode ka basa asing. Conto alih kode ti basa Sunda ka basa Inggris saperti ieu di
handap.
Situasi paguneman di jero kelas.
Dadan: “Den naha Mr. Hennry can datang waé, datang moal nya?”
Deni: “Teuing, urang ka kantin waé kitu?”
Dadan: “Hayu atuh”
(kakara rék kaluar ti kelas, tuluy Mr. Hennry datang)
Mr. Hennry: “Good morning class!”
Dadan jeung Deni: “Good morning Mr.”
Mr. Hennry: “Today, we will learn about convertation, open your book!”
Dadan: “What page Mr.”
Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

16

Mr. Hennry: “86!”
C. Faktor anu Ngalantarankeun Alih kode
Alih kode lumangsung nalika panyatur ngawasa dua basa atawa leuwih
saperti nu geus dijéntrékeun di luhur. Nurutkeun Hymes dina Chaer & Leonie
Agustina (2004, kc. 107) nétélakeun yén alih kode lain ngan saukur lumangsung
anatar basa tapi ogé antar ragam basa dina hiji basa. Dumasar éta sawangan jelas
robahna basa tina hiji basa ka basa séjén dilakukeun nalika hiji jalma robah
situasina. Saperti nu ditétélakeun ku Widjajakusumah dina Chaer & Agustina
(2004, kc. 112) nu ngabalukarkeun ayana alih kode tina basa Sunda kana basa
Indonésia nya éta:
(1) ayana jelema ka tilu;
(2) robahna topik paguneman tina non teknis kana teknis;
(3) robahna suasana paguneman;
(4) hayang dianggap pinter;
(5) hayang ngajauhkeun jarak;
(6) nyingkahan ayana salah make tatakrama basa dina basa Sunda;
(7) nyutat paguneman batur;
(8) kapangaruhan batur anu ngomong basa Indonésia;
(9) batur nu diajak nyaritana leuwih gampang basana;
(10) aya di pasamoan;
(11) ngamimitian nyarita lain make basa Sunda; jeung
(12) robahna media nyarita.
Ari anu ngabalukarkeun ayana alih kode tina basa Indonésia kana basa
Sunda nya éta:
(1) inditna jelema ka tilu nu maké basa Indonesia;
(2) jejer paguneman tina hal teknis ka non teknis;
(3) robahna suasana tina resmi ka teu resmi;
(4) ngarasa teu biasa saupama teu nyarita make basa Sunda jeung batur
salembur;
(5) hayang ngadeukeutkeun manéh;
(6) nyutat tina paguneman batur nyarita;
(7) kapangaruhan ku batur nyarita nu maké basa Sunda;
Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

17

(8) jelema nu diajak nyaritana leuwih ngora;
(9) ngarasa di imah sorangan; jeung
(10) hayang nembongkeun basa indungna nya éta basa Sunda;
2.1.2.2 Campur Kode
A. Wangenan
Campur kode nya éta makéna dua unsur basa atawa leuwih dina hiji
omongan, dimana antara unsur basa nu hiji jeung nu lianna silih pangaruhan
sacara konsistén. Nurutkeun Chaer jeung Leonie Agustina (2004, kc. 114) campur
kode nya éta:
Pemakaian dua bahasa atau lebih atau dua varian dari sebuah bahasa
dalam suatu masyarakat tutur, di mana salah satu merupakan kode utama
atau kode dasar yang digunakan dan memiliki fungsi dan keotonomiannya,
sedangkan kode-kode lain yang terlibat dalam peristiwa tutur itu hanyalah
berupa serpihan-serpihan (Pieces) saja.
Silih pangaruhanna dua unsur basa nu mangrupa serpihan-serpihan éta téh
biasana muncul dina situasi komunikasi nu tangtu, biasana dina situasi informal
nu balukar ayana kabiasaan ngagunakeun basa sapopoé, pikeun ngalengkepan
atawa ngajembaran kandaga kecap, jrrd.
Ari nurutkeun Kridalaksana (2009, kc. 40) campur kode nya éta makéna
unsur hiji basa kana basa séjén pikeun ngalegaan gaya basa atawa ragam basa,
kaasup di jerona kana makéna kecap, klausa, idiom, jrrd. Wangenan di luhur
nétélakeun yén campur kode mangrupa gejala sosiolinguistik anu nyababkeun
pacampurna dua varian basa boh dina wangun lisan boh dina wangun tulisan anu
biasana sifatna informal.
Nyaritakeun campur kode biasana dibarengan ku nyaritakeun alih kode,
dua hal éta miboga sasruaan nu hésé dibédakeun. Sasruaan campur kode jeung
alih kode nya éta dipakéna dua basa atawa leuwih dina komunikasi masarakat.
Dina kajadian campur kode jeung alih kode basa nu dipaké miboga fungsi jeung
keotonomian séwang-séwangan, nu dilakukeun boh sacara sadar boh teu sadar.
Wangun keotonomianna mangrupa kekecapan basa. Sedengkeun campur kode
miboga hiji kode utama nu dipaké salaku dasar keotonomian jeung geus
ngawangun hiji kode. Contona, panyatur basa Indonesia loba nyampurkeun

Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

18

kekecapan basa Sunda. Éta hal nu dilakukeun ku panyatur ngabalukarkeun ayana
ragam basa Sunda nu kamalayon atawa sabalikna.
Dina prak-prakanna, panyatur nalika lumangsungna campur kode sok
ngasupkeun unsur basa séjén nalika maké basa nu tangtu. Unsur basa nu
dimaksud bisa mangrupa kecap, frase, atawa klausa. Nalika panyatur milih kecap
keur komunikasi campur kode nu dipilih nya éta campur kode gejala peminjaman,
nginjeumna kecap nu dipilih ku panyatur ngabalukarkeun kahéngkéran keur dirina
sorangan sarta teu ngarasa maké campur kode, lantaran geus jadi kabiasaan.
Contona, kalimah “hakim wajib taat hukum” kecap taat mangrupa injeuman tina
basa arab. Panyatur nalika ngagunakeun éta kecap ngarasa teu sadar lantaran
kecap taat geus ilahar dipaké ku urang Sunda salaku basa sorangan. Aya ogé
kalimah “besok rék datang moal” kecap besok mangrupa kecap asli ti basa
Indonesia. Éta hal dilantarankeun panyatur miboga kamampu ngawasa basa Sunda
jeung basa Indonesia dina paguneman sapopoé nu tuluy jadi kabiasaan.
B. Wanda Campur Kode
Dumasar kana wandana, nurutkeun Suwito (1983, kc.76) campur kode
kabagi jadi dua, nya éta inner code-mixing (capur kode tina basa Indonesia), jeung
outer code-mixing (campur kode tina basa asing). Kitu ogé nu ditétélakeun ku
Nababan (1991, kc. 32) yén campur kode nya éta kaayaan nalika pacampurna hiji
kode basa jeung kode basa séjénna nu dilantarankeun ku situasi jeung kabiasaan
panyaturna.
(1) Campur kode tina basa Indonesia
Campur kode tina basa Indonesia nya éta campur kode nu lumangsung di
diri panyatur kalayan ngagunakeun dua unsur basa. Biasana basa anu digunakeun
basa kahiji (B1) salaku basa indung (basa Sunda), jeung basa kadua (B2) salaku
basa séjén anu mangaruhanna (basa Indonesia). Conto campur kode ti basa Sunda
ka basa Indonesia saperti ieu di handap.
Dadan: “Den besok si Dini nikah, datang moal?”
Deni: “wahh besok? Nya atuh hayu urang datang”
Kecap besok magrupa kecap asli ti basa Indonesia, dina paguneman di
luhur kecap besok teu kahaja diomongkeun ku panyatur lantaran kabiasaan maké
basa Indonesia.
Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

19

(2) Campur kode tina basa asing
Campur kode tina basa asing nya éta campur kode nu lumangsung di diri
panyatur kalayan basa nu mangaruhanna basa asing saperti Walanda, Inggris,
Jerman, Arab, jsb. Conto campur kode ti basa Sunda ka basa Inggris saperti ieu di
handap.
Dadan: “Den bualn hareup Ariana Grande rék ka Indonesia”
Deni: “Wahh maenya nonton yu?”
Dadan: “Maneh meni excited kitu euy”
Kecap excited magrupa kecap asli ti basa Inggris, dina paguneman di luhur
kecap excited teu kahaja diomongkeun ku panyatur lantaran kabiasaan maké basa
Inggris atawa kecap excited geus lumrah dipaké dina paguneman sapopoé.
Tina dua wanda campur kode, boh wanda campur kode tina basa Indonesia
boh wanda campur kode tina basa asing, sipatna bisa murni nya éta pacampurna
serpihan basa nu kapanggih dina data campur kode mangrupa basa atawa kosa
kecap basa deungeun nu teu kadaptar dina Kamus Basa Sunda, atawa bisa serepan
nya éta pacampurna serpihan basa nu kapanggih dina data campur kode mangrupa
basa serepan nu geus kadaptar dina Kamus Basa Sunda.
C. Faktor nu ngalantarankeun campur kode
Campur kode béda pisan jeung alih kode nalika proses lumangsungna.
Proses lumangsungna campur kode, sabenerna lumangsung nalika panyatur
nyampurkeun dua ragam basa dina hiji komunikasi non formal.
Nurutkeun (Suwito, 1983 kc. 35;72) lumangsungna campur kode tangtuna
aya kasang tukang jeung faktor-faktor anu ngalantarankeunana nya éta (1)
kabiasaan ngagunakeun basa sapopoé, (2) butuh sinonim pikeun nambahan
kabeungharan kecap, jeung ayana kahayang pikeun medar jeung nafsirkeun.
Sedengkeun nurutkeun Nababan (1991 kc. 32) nu nyababkeun panyatur
nyampurkeun kode basa hiji jeung basa séjénna utamana nalika nyampurkeun
kode basa asing nya éta pikeun némbongkeun pangaweruh basa asing manéhna
sangkan kalungguhan panyatur dianggap leuwih luhur.

2.2 Panalungtikan Saméméhna

Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

20

Geus aya sababaraha panalungtikan ngeunaan ragam basa anu kungsi
ditalungtik nya éta:
Aya sababaraha panalungtikan saméméhna anu medar ngeunaan ragam basa
nya éta kahiji panalungtikan Nida Kania Dewi dina taun 2013 anu judulna Ragam
jeung Adegan Basa dina Upacara Adat Ritus Tiwu Panganten di Kecamatan
Babakan Kabupaten Cirebon. Dina panalungtikan anu dilakukeun ku Nida Kania
Dewi dipedar ngeunaan ragam basa jeung adegan basa dina upacara adat ritus
tiwu pangantén, sedengkeun panalungtikan ngeunaa ragam basa nu aya di
masarakat mah can kungsi dilaksanakeun, anu ngabédakeun ieu panalungtikan
jeung panalungtikan saméméhna nya éta objek dina ieu panalungtikan museur
kana masarakat salaku pamaké basa. Salian ti éta, dina ieu panalungtikan ogé
dipedar ngeunaan kontak basa nu ditilik tina Sosiolingistik.
Kadua panalungtikan anu judulna Ragam Bahasa Transaksi Jual Beli Ikan
di Pasar Pelelangan Ikan Cilamaya Karawang ku Astri Susilawati taun 2014.
Dina éta panalungtikan medar ragam basa anu dipaké ku Nelayan nalika transaksi
jual beli di Pasar lelang Cilamaya Karawang anu masarakatna make tilu basa nya
éta basa Jawa, basa Sunda jeung basa Indonésia. Salian ti éta, panalungtikan Astri
leuwih museur kana jihat pamakéan basa upama dipatalikeun jeung tiori dialék
sedengkeun ieu panalungtikan leuwih museur kana jihat pamaké basa.
Katilu panalungtikan anu judulna Variasi Bahasa Jawa di Kecamatan
Waringinkurung Kabupaten Serang Provinsi Banten (Kajian Sosiodialektologi)
ku Ratu Fatimatujahro taun 2015. Dina éta panalungtikan medar ragam basa
sosial anu kapanggih di masarakat anu umumna maké basa Jawa dialék Banten,
kajian anu dipakéna nya éta Sosiodialektologi pikeun meunangkeun peta basa
sosial anu dipaké masarakatna tina jihat fonologi, morfologi jeung leksikal.
Kaopat panalungtikan anu judulna Bahasa Prokem di Kalalangan Remaja
Kotagede ku Ismiyati taun 2011. Dina éta panalungtikan medar ngeunaan Prokem
anu kaasup kana salasahiji jenis ragam basa, salian ti éta dina ieu panalungtikan
medar robahna struktur fonologis, proses ngawangun kecap sacara morfologis,
jenis ma‟na kecap dina basa prokem.
Kalima panalungtikan anu judulna Kajian Sosiolinguistik pada Stiker
Kendaraan Bermotor Roda Dua di Kota Bandung ku Dwi Wahyuni. Dina éta
Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

21

panalungtikan medar bentuk lingual, ragam basa, jeung ma‟na kalimah dina stiker
nu dipaké. Hasil panalungtikanna kapanggih ayana ragam basa sosial dina stiker
sarta kapanggih ma‟na tina kekecapan jeung kalimah anu umumna nyindir jeung
heureuy.
Kagenep panalungtikan anu judulna Register di Kalangan Remaja pada
Tabloid Gaul dan Asia Plus ku Devy Elkayanti Karmana taun 2013. Dina éta
panalungtikan medar register salaku salasahiji ragam basa anu medar dipakéna
basa (pamakéan basa) saluyu jeung kaperluan atawa widang anu tangtu. Dina ieu
panalungtikan majalah Gaul jeung Asia Plus dianggap ngawakilan basa rumaja
harita, nepi ka bisa kapanggih ragam basa naon anu dipaké jeung sakumaha
jumlahna.
Katujuh panalungtikan anu judulna Register Aktivis PMI Cabang Kota
Surakarta (Kajian Sosiolinguistik) ku Susanti taun 2006. Dina éta panalungtikan
medar ragam basa anu dipaké ku aktivis PMI dina panguneman sapopoéna. Ieu
panalungtikan leuwih museur kana pamakéan basa nalika aya di hiji lingkungan
anu tangtu atawa kelompok nu tangtu, anu dina ieu panalungtikan lingkungan
aktivis PMI. Kapanggih ayana ragam basa register nu kapanggih alatan
lingkungan basa anu heterogen. Lingkungan aktivis PMI anu asalna ti sababaraha
daérah tangtu ngabalukarkeun ayana ragam basa. Ku kituna ieu panalungtikan
leuwih medar ragam basa naon waé nu kapanggih sarta factor naon anu
ngabalukarkeun ayana ragam basa di lingkungan aktivis PMI cabang Surakarta.
Cindekna tina tujuh panalungtikan saméméhna anu ngabahas kajian
Sosiolinguistik, di unggal panalungtikanna pasti maké kajian sosiolék sanajan
medar bagian-bagian anu béda, lantaran basa sosial masarakat utamana masarakat
anu heterogen pasti ngabalukarkeun ayana ragam basa. Kitu deui dina ieu
panalungtikan, panalungtik miboga tarékah pikeun medar ragam basa di Pakisjaya
anu daérahna heterogen.

2.3 Raraga Mikir
Dumasar kana ulikan pustaka dina sub 2.1 ieu di handap dijentrékeun
raraga mikir ieu panalungtikan.

Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

22

Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu