T PBBS 1402539 Chapter1

BAB I
BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah
Sacara geografis Jawa Barat miboga luas daérah anu kawilang lega, anu
ngajadikeun wilayahna miboga wates langsung jeung daérah séjénna saperti di
belah Kulon watesna jeung Provinsi Jakarta sarta Provinsi Banten, ogé di belah
Wétan watesna jeung Provinsi Jawa Tengah. Ieu hal ngajadikeun wilayah Jawa
Barat miboga sababaraha daérah anu miboga wates langsung jeung wilayah di
luar Jawa Barat, diantarana waé Kabupaten Bekasi, Kota Depok, Kabupaten
Bogor, Kabupaten Sukabumi, Kabupaten Cirebon, Kabupaten Kuningan,
Kabupaten Ciamis jeung Kota Banjar. Ti sababaraha Kabupaten jeung Kota anu
miboga wates langsung jeung daerah di luar Jawa Barat tangtu ngabalukarkeun
ayana parobahan kabudayaan.
Parobahan Kabudayaan lain ngan saukur dilantarankeun ku daérah anu
miboga wates langsung jeung daérah séjénna, tapi ieu hal bisa ogé dilantarankeun
ku kamajuan teknologi jeung transportasi masarakatna. Kiwari masarakat geus teu
hésé rék indit jauh lantaran sistem transportasi anu gampang jeung maju, ieu hal
ngajadikeun pacampurna budaya di masarakat hiji daérah.
Pacampurna budaya nu mangrupa basa di hiji masarakat lolobana aya di
wates daérah anu masarakatna heterogen. Basa mangrupa alat komunikasi

masarakatna, saluyu jeung pamadegan Sudaryat nu nétélakeun yén
Basa nyaéta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap
manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem
(konvénsinal) antar anggota masarakat pikeun tujuan patali marga atawa
komunikasi. (Sudaryat, 2004 kc. 6).
Dumasar kana pamadegan di luhur, tangtu jelas basa miboga peran anu penting
dina hirup kumbuh masarakat. Lantaran ku ayana basa, masarakat bisa mikaharti
naon maksud hiji jalma. Dina masarakat anu heterogen basa miboga ragam-ragam
basa anu jelas lantaran ayana bébéda kasang tukang pamaké basa.
Nurutkeun Chaer & Leonie Agustina (2004, kc. 62), ragam basa nya éta
keragaman basa anu dilantarankeun ku masarakat nu heterogén. Ragam basa
dibagi dua nya éta ragam ditilik tina nu makena basa jeung ragam anu ditilik tina
Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1

2


cara makéna basa. Ieu hal saluyu jeung Sudaryat (2004, kc. 11) nu nétélakeun
ragam basa dibagi kana dua jihat nya éta pamaké jeung pamakéan. Ditilik tina
jihat pamaké, ragam basa diwincik deui jadi dua nya éta idiolék jeung dialék.
Idiolék nya éta pangbéda basa nu ngabédakeun omongan tiap individu.
Sedengkeun dialék nya éta pangbéda basa nu ngabédakeun omongan tiap
kelompok masarakat. Dialék diwincik deui jadi tilu nya éta régiolék, sosiolék,
jeung kronolék. Sedengkeun ditilik tina jihat pamakéan, ragam basa dibagi tilu
nya éta dumasar tujuan makéna basa, kabakuan makéna basa, jeung medium
makéna basa. Ragam basa nurutkeun tujuanna diwincik jadi tilu bagian, nya éta
basa sapopoé, basa paélmuan, jeung basa kasastraan. Sedengkeun ragam basa
nurutkeun kabakuanna diwincik jadi dua nya éta basa baku jeung basa teu baku.
Pamungkas ragam basa nurutkeun mediumna diwincik jadi dua nya éta basa lisan
jeung basa tulisan.
Bangsa Indonésia hususna masarakat Jawa Barat mangrupa masarakat
dwibahasawan, nu ngawasa basa kahiji (B1) basa Daérah (basa Sunda), jeung
basa kadua (B2) basa Indonesia. Di Kabupaten Karawang anu miboga wates
langsung jeung Kabupaten Bekasi, masarakatna miboga ragam basa anu béda.
Sanajan sacara Geografis Bekasi kaasup Provinsi Jawa Barat tapi basa anu
dipakéna nya éta basa Betawi. Ieu hal mangaruhan kana basa anu aya di
sabudeureunana saperti Kabupaten Karawang.

Dina ieu panalungtikan, dipedar ragam basa dumasar pamaké. Ieu hal
dikasangtukangan ku ayana ragam basa di Kecamatan Pakisjaya. Kecamatan
Pakisjaya perenahna di wates Kabupaten Bekasi jeung laut Jawa anu masarakatna
heterogen boh tina basana boh tina budayana. Masarakat anu aya di wates laut
Jawa lolobana ngagunakeun basa Jawa sedengkeun wates Kabupaten Bekasi
lolobana ngagunakeun basa Betawi, ku kituna masarakat Pakisjaya miboga tilu
basa anu hirup.
Ku ayana tilu ragam basa anu hirup di masarakat Pakisjaya ngabalukarkeun
ayana kontak basa. Kontak basa nya éta silih pangaruhanna basa anu bisa
ngawujud campur kode, jeung alih kode. Salian ti éta, kapanasaran kana kasang
tukang jeung faktor-faktor nu ngabalukarkeun ayana ragam basa di Kecamatan

Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3

Pakisjaya ngahudang panalungtik pikeun medar ragam basa anu hirup di
masarakat Pakisjaya ngagunakeun tilikan Sosiolinguistik.

Sosiolinguistik mangrupa widang élmu antardisiplin sosiologi jeung
linguistik. Sosiologi nya éta élmu anu maluruh hirup kumbuhna masarakat di hiji
daérah, sedengkeun linguistik nya éta élmu anu maluruh basa salaku objek
kajianna. Jadi sosiolinguistik nya éta élmu anu maluruh ngeunaan hubungan
antara basa jeung faktor-faktor sosial dina hiji masarakat tutur.
Panalungtikan saméméhna anu medar ngeunaan ragam basa, nya eta Nida
Kania Dewi dina taun 2013 anu judulna Ragam jeung Adegan Basa dina Upacara
Adat Ritus Tiwu Panganten di Kecamatan Babakan Kabupaten Cirebon. Dina
panalungtikan anu dilakukeun ku Nida Kania Dewi dipedar ngeunaan ragam basa
jeung adegan basa dina upacara adat ritus tiwu pangantén, sedengkeun
panalungtikan ngeunaan ragam basa nu aya di masarakat mah can kungsi
dilaksanakeun, anu ngabédakeun ieu panalungtikan jeung panalungtikan
saméméhna nya éta objek dina ieu panalungtikan museur kana masarakat salaku
pamaké basa. Salian ti éta, dina ieu panalungtikan ogé dipedar ngeunaan kontak
basa nu ditilik tina sosiolingistik.
Indit tina éta pasualan, ku kituna panalungtikan anu judulna “Ragam Basa di
Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang (Tilikan Sosiolingistik)” perlu
dilaksanakeun.

1.2 Rumusan Masalah

Rumusan masalah dina ieu panalungtikan nya éta ragam basa, alih kode,
campur kode jeung faktor nu ngabalukarkeun ayana ragam basa. Ragam basa
mangrupa bagian tina sosiolinguistik anu medar basa anu dipaké ku masarakat.
Dina ieu panalungtikan ragam basa anu dimaksud nya éta ragam basa sosiolék
(Chaer, 2004) anu aya di masarakat Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang.
Ragam basa ngabalukarkeun ayana kontak basa anu ngawengku alih kode
jeung campur kode dina komunikasi masarakatna. Tiori alih kode anu dipaké dina
ieu panalungtikan nya éta nurutkeun Suwito (1983, kc. 68-71) alih kode kabagi
jadi dua, nya éta alih kode intern (alih kode tina basa Indonesia), jeung alih kode
ekstern (alih kode tina basa asing). Sedengkeun campur kode kabagi jadi dua, nya
Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4

éta inner code-mixing (capur kode tina basa Indonesia), jeung outer code-mixing
(campur kode tina basa asing).
Tiori anu dipaké pikeun medar faktor anu ngabalukarkeun ayana ragam basa
nya éta tiori anu aya dipedar ku Chaer (2004).

Dumasar kana kasangtukang sarta rumusan masalah di luhur, anu jadi
masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.
1) Ragam basa naon waé nu aya di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang?
2) Kumaha alih kode nu aya di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang?
3) Kumaha campur kode nu aya di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang?
4) Faktor naon waé anu ngabalukarkeun ayana ragam basa nu aya di Kecamatan
Pakisjaya Kabupaten Karawang?

1.3 Tujuan Panalungtikan
1.3.1

Tujuan Umum
Tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta maluruh ragam basa anu aya

di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang ditilik tina Sosiolinguistik.
1.3.2

Tujuan Husus
Tujuan husus ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun


1) ragam basa nu aya di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang;
2) campur kode nu aya di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang;
3) alih kode nu aya di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang;
4) faktor anu ngabalukarkeun ayana ragam basa nu aya di Kecamatan Pakisjaya
Kabupaten Karawang.

1.4 Mangpaat Panalungtikan
1.4.1

Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh

ngeunaan ragam basa ditilik tina Sosiolinguistik.
1.4.2

Mangpaat Praktis
Sacara praktis ieu panalungtikan dipiharep bisa méré gambaran ngeunaan

ragam basa, hususna di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang. sarta méré


Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5

gambaran pikeun guru maham karakteristik siswa di daerah perbatasan nalika
diajar basa Sunda.

1.5 Raraga Tulisan
Sistematika panulisan dina ieu tesis ngawengku lima bab, nya éta:
1) BAB 1 BUBUKA, anu ngawengku kasangtukang masalah, watesan jeung
rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga
tulisan;
2) BAB II ULIKAN PUSTAKA JEUNG RARAGA MIKIR, anu ngawengku
tiori-tiori ngeunaan ragam basa, alih kode campur kode jeung raraga mikir;
3) BAB

III


METODE

PANALUNGTIKAN,

anu

ngawengku

desain

panalungtikan, partisipan jeung tempat panalungtikan, ngumpulkeun data,
tehnik analisis data;
4) BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN, anu ngadadarkeun
hasil tina panalungtikan anu geus dilakukeun. Ngadadarkeun ngeunaan ragam
basa nu aya di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang, Nyieun klasifikasi
ragam basa, alih kode, campur kode, ngadeskripsikeun faktor anu
ngabalukarkeun ayana ragam basa nu aya di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten
Karawang;
5) BAB V KACINDEKAN, IMPLIKASI JEUNG REKOMENDASI, mangrupa
kacindekan tina hasil panalungtikan, implikasi panalungtikan sarta méré saran

ngeunaan hal anu aya patalina jeung panalungtikan anu dilakukeun.
DAFTAR PUSTAKA
LAMPIRAN

Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu