T BSUN 1201604 Chapter5

115

BAB V
KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan
Dumasar kana hasil analisis struktural novel Carmad jeung pilem Boss
Carmad kalayan ngagunakeun métode komparatif, aya sawatara hal nu bisa
dicindekan. Kahiji, novel Carmad téh kawilang onjoy utamana dina unsur téma,
alur caritana, karakter tokoh jeung penokohan, jeung amanatna. Témana nu
ngagambarkeun kahirupa jalma sarakah digambarkeun ngaliwatan tokoh Carmad
nu dirojong ku tokoh-tokoh séjénna nu boga karakter nu béda-béda. Sok sanajan
galur caritana campuran, maju-mundur, tapi pangarang pohara parigél nepikeun
amanatna, nya éta balukar tina sipat sarakah téh mawa kasangsaraan.
Kadua, pilem Boss Carmad téh salah sahiji pilem sosial komédi, sabab
ngagambarkeun masalah kahirupan sapopoé ngaliwatan tokoh Carmad nu boga
sipat

sarakah,

nepika


ngalakukeun

hal-hal

nu

konyol

keur

nedunan

kasarakahanana. Sanajan geus boga pamajikan tilu, tapi Carmad keukeuh hayang
ka Sutirah, bélaan ngalakukeun sagala rupa nu antukna mawa kasangsaraan ka
dirina. Ngaliwatan alurna nu mérélé, ieu pilem téh kawilang suksés
ngagambarkeun karakter para tokohna nu ngadukung kana karakter tokoh
utamana. Sajaba ti éta, kaonjoyan ieu pilem téh sok sanajan ngagunakeun basa
Indonésia, tapi unsur kasundaanana masih keneh kentel, sabab dina dialog para
tokohna ayana kalana nyisipkeun basa Sunda, kitu deui tina lentong basana,

lentong basa urang Sunda.
Katilu, dumasar analaisis nu ngagunakeun métodé komparatif, tétéla antara
unsur-unsur struktural novel Carmad jeung pilem Boss Carmad aya hubungan,
lain wae dina téma jeung amanatna, tapi ogé dina alur atawa adegan, tokoh jeung
penokohan, jeung gaya basana. Ampir unggal adégan nu aya dina pilem Boss
Carmad téh mangrupa visualisasi tina eusi novel Carmad, kitu deui tokoh jeung
penokohanna.
Kaopat, salian ti ayana hubungan antara unsur-unsur strukturalna, prosés
ekranisasi novel Carmad kana pilem Boss Carmad ogé ngahasilkeun sawatara
Yatun Romdonah Awaliah, 2014
ÉKRANISASI NOVEL CARMAD KARYA TJANDRAHAYAT KANA PILEM BOSS CARMAD KARYA CHAERUL
UMAM (Uilikan Struktural)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

116

unsur nu béda. Utamana hal ieu dipangaruhan ku kawatesan téhnis jeung waktu
puter pilem, jadi teu sakabéh carita nu aya dina novel digambarkeun kana pilem.
Pikeun nu saméméhna kungsi maca novel Carmad tuluy nongton pilem Boss
Carmad mah pasti bakal ngarasa kuciwa. Sabab dina pilemna sutradara

nambahan, ngurangan jeung ngarobah variasi sawatara alur, tokoh jeung
penokohan, gaya basa, jeung setting nu fungsina disaluyukeun kana kamajuan
jaman, jeung utamana kapentingan bisnis. Ieu katémbong pisan dina gaya basa nu
digunakeun, dina novelna ngagunakeun basa Sunda, sedengkeun dina pilem jadi
basa Indonésia sangkan pasaran pilemna leuwih lega, lain ngan ukur ditongton ku
urang Sunda, tapi ogé ku étnis lianna.
5.2 Rékoméndasi
Dumasar kacindekan di luhur, tétéla yén novel Carmad téh salah sahiji
karya sastra Sunda nu alus ajénna nepi ka diékranisasi jadi pilem. Ku sabab kitu,
aya sawatara hal anu rék ditepikeun patali jeung ieu panalungtikan.
Kahiji, kahareupna dipiharep aya panalungtikan nu maluruh naon nu
ngalantarankeun novel-novel Sunda kiwari beuki jarang diékranisasi kana pilem.
Kadua, ieu hasil panalungtikan téh can dijadikeun bahan pangajaran. Ku
kituna, ieu panalungtikan téh bakal leuwih hadé upama bisa diterapkeun kana
bahan pangajaran.

Yatun Romdonah Awaliah, 2014
ÉKRANISASI NOVEL CARMAD KARYA TJANDRAHAYAT KANA PILEM BOSS CARMAD KARYA CHAERUL
UMAM (Uilikan Struktural)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu