KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014.

(1)

Rina Tesya Anggraeni, 2014

KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan

ku

Rina Tesya Anggraeni 1000473

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2014

(2)

RINA TESYA ANGGRAENI

KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP. 196302101987031001

Pangaping II,

Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd.

Kauninga ku:

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP. 196408221989031001

(3)

ii Rina Tesya Anggraeni, 2014

KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

PERNYATAAN

Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi dengan judul “Kasalahan

Morfologis dina Karangan Naskah Drama Siswa Kelas IX SMPN 6 Bandung

Taun Ajaran 2013/2014” ini beserta seluruh isinya adalah benar-benar karya saya

sendiri. Saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara yang tidak sesuai dengan etika ilmu yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan ini, saya siap menanggung resiko/sanksi apabila di kemudian hari ditemukan adanya pelanggaran etika keilmuan atau ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya ini.

Bandung, Januari 2014 Yang membuat pernyataan,

(4)

ii

KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/20141

Rina Tesya Anggraeni2

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh masih adanya kesalahan yang dilakukan oleh siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Tahun Ajaran 2013/2014 dalam keterampilan berbahasa aspek menulis, khususnya dalam menggunakan kaidah morfologis dalam menulis sebuah karangan berbentuk naskah drama. Data kesalahan morfologis dalam penelitian ini meliputi kesalahan dalam menggunakan kata asal, kesalahan dalam menggunakan imbuhan, dan kesalahan dalam menggunakan kata ulang. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif. Adapun tekhnik pengumpulan data dilaksanakan melalui tekhnik tes, dan tekhnik mengolah data dengan analisis unsur langsung. Sedangkan hasil dari penelitian ini menunjukkan dari 22 naskah drama yang disusun oleh siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Tahun Ajaran 2013/2014, ada 221 kata yang salah kaidah morfologisnya. Dari 221 kata tersebut, 151 kata (67,3%) merupakan kesalahan dalam menggunakan kata asal, 65 kata (29,5%) merupakan kesalahan dalam menggunakan imbuhan, dan tujuh kata (3,2%) merupakan kesalahan dalam menggunakan kata ulang. Simpulannya adalah dari jumlah kata yang mengalami kesalahan morfologis dalam naskah drama yang disusun oleh siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Tahun Ajaran 2013/2014, bisa disebutkan bahwa siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Tahun Ajaran 2013/2014 telah memahami dan bisa menggunakan kaidah morfologis dalam bahasa Sunda dengan cukup baik. Pengajaran tentang kaidah morfologis perlu diajarkan secara intensif kepada para siswa sebagai salah satu usaha untuk menghindari kesalahan dalam menulis, terutama dalam menggunakan kata asal.

1Skripsi dibawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. dan Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. 2

(5)

iii Rina Tesya Anggraeni, 2014

KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

MORPHOLOGICAL MISTAKES IN WRITING DRAMA SCRIPTS BY NINTH GRADERS OF SMPN 6 BANDUNG IN 2013/20141

Rina Tesya Anggraeni2

ABSTRACT

This research was conducted based on a background of the emergence of mistakes caused by students in writing skill, particularly in writing drama scripts. Morphological mistakes data in this research comprise mistakes in using root words, affix, and plurals. The method used in this research was descriptive, while the technique to obtain the data was conducted through testing technique and processing technique by analyzing the mistakes directly from the data. The result of this research shows that from 22 drama scripts written by the ninth graders in SMPN 6 Bandung in 2013/2014, there are 221 words found to be morphologically incorrect. From those 221 words, 151 words (67,3%) are mistakes in using root words, 65 words (29,5%) are mistakes in using affix, and seven words (3,2%) are mistakes in using plurals. A conclusion to be drawn from this research is that, in writing drama scripts, students are still making mistakes especially in using root words.

1Skripsi dibawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. dan Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. 2Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI

(6)

DAFTAR EUSI

PERNYATAAN ... i

ABSTRAK ... ii

PANGJAJAP ... iii

TAWIS NUHUN ... iv

DAFTAR EUSI ... vii

DAFTAR TABEL ... x

DAFTAR LAMPIRAN ... xi

DAFTAR BAGAN ... xii

DAFTAR SINGGETAN ... xiii

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5 Raraga Tulisan ... 5

BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, JEUNG ANGGAPAN DASAR ... 6

2.1 Ulikan Tiori ... 6

2.1.1 Kasalahan Basa ... 6

2.1.2 Kasalahan Morfologis ... 7

2.1.2.1 Wangenan Morfologi jeung Kasalahan Morfologis ... 7

2.1.2.2 Prosés Morfologis ... 8

2.1.2.3 Kecap ... 10

2.1.3 Naskah Drama ... 19

(7)

viii

Rina Tesya Anggraeni, 2014

KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.1.3.2 Wujud Naskah Drama ... 19

2.1.3.3 Drama Salaku Sastra Lalakon ... 20

2.1.3.4 Papasingan Drama ... 22

2.2 Raraga Mikir ... 23

2.3 Anggapan Dasar ... 24

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 25

3.1 Data jeung Sumber Data ... 25

3.2 Desain Panalungtikan ... 26

3.3 Métode Panalungtikan ... 27

3.4 Wangenan Operasional ... 27

3.4.1 Kasalahan Morfologis ... 28

3.4.2 Naskah Drama ... 28

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 28

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 30

3.7 Téhnik Ngolah Data ... 31

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 32

4.1 Hasil Panalungtikan ... 32

4.1.1 Data Kasalahan Morfologis ... 32

4.1.2 Kasalahan Ngagunakeun Kecap Asal/Salancar ... 33

4.1.2.1 Pola /e/ /eu/ ... 35

4.1.2.2 Pola / / /r/ ... 35

4.1.2.3 Pola / / /a/ ... 36

4.1.2.4 Pola / / /h/ ... 37

4.1.2.5 Pola /y/ / / ... 37

4.1.2.6 Pola /eu/ /é/ ... 38

4.1.2.7 pola /eu/ /e/ ... 38

4.1.2.8 Pola Kecap Dasar (KD) ... 39

4.1.2.9 Pola / / /u/ ... 40

4.1.2.10 Pola /w/ / / ... 41

4.1.2.11 Pola /e/ /a/ ... 41

4.1.2.12 Pola /a/ /u/ ... 42

4.1.2.13 Pola / / /e/ ... 42

4.1.2.14 Pola / / /é/ ... 43

4.1.2.15 Pola /o/ /u/ ... 44

4.1.3 Kasalahan Ngagunakeun Kecap Rundayan ... 44

4.1.3.1 Kasalahan Ngagunakeun Rarangkén Hareup ... 45

4.1.3.1.1 Pola /N-/ ... 45

4.1.3.1.2 Pola /ka-/ / / ... 46

4.1.3.1.3 Pola /sa-/ / / ... 47

4.1.3.1.4 Pola /ka-/ /N-/ ... 48

4.1.3.2 Kasalahan Ngagunakeun Rarangkén Tengah ... 49

(8)

ix

4.1.3.3.1 Pola /-an/ / / ... 50

4.1.3.3.2 Pola /-en/ /-eun/ ... 51

4.1.3.3.3 Pola /-a/ /-na/, /-ana/, /nana/ ... 51

4.1.3.3.4 Pola /-keun/ / / ... 52

4.1.3.3.5 Pola / / /-eun/ ... 52

4.1.3.4 Kasalahan Ngagunakeun Rarangkén Barung ... 53

4.1.4 Kasalahan Ngagunakeun Kecap Rajékan ... 54

4.2 Pedaran ... 55

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 57

5.1 Kacindekan ... 57

5.2 Saran ... 57

DAFTAR PUSTAKA ... 59

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 60

(9)

1 BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Nurutkeun Sudaryat (2000, kc. 6), basa nyaéta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvénsional) antar anggota masarakatna pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi.

Dina prosés komunikasi, enas-enasna mah mangrupa prosés hiji jalma nepikeun pesen (rasa, pikiran, amanat) ka jalma séjén ngaliwatan média vérbal atawa non vérbal. Minangka alat komunikasi, Sudaryat (2000, kc. 18) nétélakeun yén basa miboga sababaraha fungsi nyaéta fungsi kognitif, imajinatif, métabasa, émotif, konatif, jeung patis.

Fungsi kognitif nyaéta fungsi anu patali jeung kontéks; fungsi imajinatif nyaéta fungsi anu patali jeung nepikeun amanat anu sipatna éstétis; fungsi métabasa nyaéta fungsi anu ngajéntrékeun lambang basana sorangan; fungsi émotif nyaéta fungsi anu patali jeung ébréhan ti panyatur; fungsi konatif nyaéta fungsi anu patali jeung pamiarsa; jeung fungsi patis nyaéta fungsi anu patali jeung hubungan antara panyatur jeung pamiarsa.

Nilik kana pentingna fungsi basa, unggal jalma diperedih sangkan parigel dina ngagunakeun basa. Kaparigelan ngagunakeun basa hiji jalma téh mangrupa modal utama pikeun digunakeun dina komunikasi di masarakat. Hiji jalma bisa disebut parigel ngagunakeun basa, upama geus ngawasa komponén-komponén basa jeung éjahanana, katut bisa ngalarapkeunana dina kahirupan sapopoé luyu jeung kontéksna.

Minangka alat komunikasi, di Indonesia basa téh kabagi jadi tilu: (1) basa Daérah; (2) basa Nasional; jeung (3) basa Asing. Basa Sunda mibanda kalungguhan salaku salah sahiji basa daérah. Ieu kalungguhan téh ditangtayungan

ku UUD 1945, Bab XIII Pasal 32 Ayat 2 yén “nagara ngajénan jeung miara basa

(10)

2

Salian ti éta, basa Sunda ogé mangrupa salah sahiji mata pelajaran muatan lokal wajib di sakola-sakola nu aya di Jawa Barat, ti mimiti SD/MI nepi ka SMA/SMK/MA, luyu jeung Surat Edaran Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat No. 423/2372/Set-disdik Taun 2013.

Dinas pendidikan Jawa Barat (dina SKKD, 2006, kc. 87) nétélakeun yén fungsi pangajaran basa jeung sastra Sunda, luyu jeung kalungguhan sarta fungsina minangka basa daérah, nyaéta:

a) Sarana ngabina komunikasi di lingkungan kulawarga jeung masarakat Sunda;

b) Sarana mekarkeun basa Sunda minangka lambang kareueus jeung cicirén sélér Sunda; c) Sarana tatapakan jeung pangrojong pangajaran basa Indonesia atawa basa séjénna; d) Sarana ngabina ragam basa Sunda lulugu, pangpangna pikeun pangajaran di lingkungan pendidikan dasar; jeung e) Sarana mekarkeun sastra katut kabudayaan Sunda.

Éta kaparigelan basa téh kudu kahontal kalawan hadé, luyu jeung tujuan sarta fungsi pangajaran basa Sunda anu geus dijéntrékeun di luhur. Nulis mangrupa salah sahiji tina opat aspék kaparigelan basa. Nulis téh kaasup kana aspék kaparigelan basa anu sipatna produktif aktif.

Nuliskeun wangun kecap kudu luyu jeung hartina, boh harti morfologis boh harti gramatikal sangkan éta tulisan téh babari dipikahartina. Kitu ogé dina karangan naskah drama siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014, anu masih kénéh aya sababaraha kasalahan morfologis anu kudu dibenerkeun.

Morfologis mangrupa sipat anu patali jeung morfologi. Sedengkeun morfologi téh gurat badagna mah maluruh atawa medar morfém jeung kecap katut parobahanana (Rosmana, 2003, kc. 2). Ku lantaran kaédah morfologis téh salah sahiji kaédah basa anu kudu kacangking ku nu maké basana, ka asup parasiswa di sakola, atuh perkara morfologis ogé jadi salah sahiji bahan pangajaran di sakola komo dina nulis mah. Dina prakna, pamakéan kaédah morfologis téh tara salawasna bener, tapi bisa waé salah. Kasalahan kitu téh disebut kasalahan morfologis.

(11)

3

Rina Tesya Anggraeni, 2014

KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kasalahan morfologis nyaéta kasalahan ngagunakeun kaédah basa anu ngawengku ngararangkénan (afiksasi), ngarajék (réduplikasi), jeung ngantétkeun (komposisi). Ieu wangenan téh luyu jeung pamadegan Tarigan (1985, kc. 7) anu nétélakeun yén kasalahan morfologis téh mangrupa kasalahan ngagunakeun basa nu dilantarankeun ku salah nangtukeun rarangkén, salah ngagunakeun kecap rajékan, salah nyusun kecap kantétan, jeung salah milih wangun kecap.

Dina karangan naskah drama siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014, masih kénéh aya sababaraha kasalahan morfologis anu teu luyu jeung konstruksi gramatikal. Éta kasalahan morfologisna aya anu salah dina ngararangkénan, ngagunakeun kecap rajékan, atawa salah milih wangun kecap

asal/salancar. Dina SKKD SMP/MTs, aya standar kompeténsi “9.2 Mampu

berbicara untuk mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan dalam bentuk mengemukakan kritik, berpidato, menceritakan isi novel, berdiskusi, bermain peran, dan dramatisasi/musikalisasi puisi,” jeung kompetensi dasar “9.2.5 Bermain peran berdasarkan naskah drama.” Ayana éta standar kompeténsi jeung kompeténsi dasar téh, saméméh siswa molahkeun atawa ngaragakeun drama dumasar kana naskah drama, siswa kudu ngarang heula naskah dramana luyu jeung kamampuhna.

Panalungtikan perkara kasalahan morfologis sacara husus, geus dilaksanakeun

ku Indah Kartika Dewita dina skripsina “Kasalahan Morfologis dina Karangan Deskripsi Siswa SMP Lab. School” Taun 2009. Panalungtikan anu ngulik ngeunaan kasalahan morfologis dina karangan naskah drama acan aya anu

ngagarap. Ku kituna, ieu panalungtikan nu judulna “Kasalahan Morfologis dina

Karangan Naskah Drama Siswa Kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran

2013/2014” dilaksanakeun.

1.2Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah

Masalah dihartikeun minangka pateungteungna harepan jeung kanyataan. Teu sakabéh masalah bisa jadi objék panalungtikan. Masalah panalungtikan nyaéta masalah objéktif hiji panalungtikan. Ku kituna, di handap ieu baris dijelaskeun ngeunaan idéntifikasi jeung rumusan masalah panalungtikan.

(12)

4

1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Dina ieu panalungtikan diidéntifikasi sababaraha masalah anu baris dipedar, nyaéta perkara kasalahan pilihan kecap (diksi) anu henteu luyu jeung konstruksi gramatikal, anu ngawengku: (1) kasalahan ngagunakeun kecap asal; (2) kasalahan ngagunakeun wangun kecap rundayan; jeung (3) kasalahan ngagunakeun wangun kecap rajékan.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana kasang tukang anu geus ditepikeun, anu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

1) Naon waé kasalahan morfologis anu aya dina karangan naskah drama siswa

kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 téh ?

2) Tipe kasalahan morfologis naon waé anu aya dina karangan naskah drama

siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 téh ?

1.3Tujuan Panalungtikan

Saperti halna anu geus dijéntrékeun dina kasang tukang jeung rumusan masalah, sacara jéntré ieu panalungtikan mibanda dua tujuan, nyaéta tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungtikan nyaéta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun kasalahan morfologis anu aya dina karangan naskah drama siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus anu hayang dihontal ngaliwatan ieu panalungtikan nyaéta pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun kasalahan morfologis anu aya dina karangan naskah drama siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014. Ari analisis jeung déskripsina ngawengku:

1) Jumlah kasalahan morfologis; jeung

(13)

5

Rina Tesya Anggraeni, 2014

KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.4Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat panalungtikan ieu dijembarkeun kana dua bagian, nyaéta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban informasi ngeunaan élmu basa, hususna dina widang morfologi.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan boga mangpaat pikeun sababaraha pihak, di antarana waé:

a. Pikeun panalungtik, nambahan élmu pangaweruh dina widang katatabasaan.

b. Pikeun guru, dipiharep bisa méré gambaran ka paraguru pikeun nangtukeun

léngkah-léngkah nu kudu dilaksanakeun patali jeung ngalatih siswa dina pangajaran basa Sunda, hususna dina kaparigelan basa aspék nulis.

c. Pikeun siswa, dipiharep bisa méré gambaran ka parasiswa dina ngagunakeun

kaédah morfologis anu bener dina ngarang atawa nulis.

1.5Raraga Tulisan

Ieu tulisan dipidangkeun dina lima bab, baris jéntré saperti ieu di handap. BAB I Bubuka, ngajéntrékeun masalah jeung tujuan panalungtikan anu pakait jeung kasalahan morfologis dina naskah drama.

BAB II Ulikan tiori, raraga mikir, jeung anggapan dasar, ngajéntrékeun ngeunaan tiori-tiori anu dipaké jeung dijadikeun tatapakan dina ieu panalungtikan.

BAB III Métode panalungtikan, ngajéntrékeun sumber data, desain panalungtikan jeung instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan.

BAB IV Hasil panalungtikan jeung bahasan, ngajéntrékeun jeung ngabahas naon waé anu kapanggih dina data panalungtikan.

BAB V Kacindekan jeung saran, nyindekkeun ogé méré saran kana hasil panalungtikan.

(14)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1Data jeung Sumber Data

Data dina ieu panalungtikan nyaéta kasalahan morfologis dina naskah drama anu disusun ku siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014. Sedengkeun anu jadi sumber datana nyaéta naskah drama anu disusun ku siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014. Tina éta sumber data téh dicatet kasalahan morfologisna, anu ngawengku: 1) kasalahan ngagunakeun kecap asal/salancar; 2) kasalahan ngagunakeun wangun kecap rundayan; jeung 3) kasalahan ngagunakeun wangun kecap rajékan. Naskah drama anu dianalisis dina ieu panalungtikan aya 22. Nomer naskah drama disusun sacara alfabét. Ieu hal baris katitén dina tabél karangan naskah drama di handap.

Tabél 3.1 Judul Karangan Naskah Drama

No. Judul Naskah Drama Kelas

(1) (2) (3)

1. ABG Cararentil IX – 4

2. Babarengan IX – 4

3. Bonganna IX – 5

4. Copét Ditonjokan IX – 2

5. Garong Jenius IX – 1

6. Jurig Pulpén IX – 1

7. Kagoréngan Budak Ayeuna IX – 6

8. Maling Cipeuw IX – 4

9. Néangan Dasasila IX – 9

10. Ngedul IX – 8

11. Ngimpi Goréng IX – 9

12. Nurléla IX – 9

13. Pengamén Jadi Pahlawan IX – 5

(15)

26

Rina Tesya Anggraeni, 2014

KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(1) (2) (3)

15. Sahabat Nu Katunda IX – 8

16. Si Playboy IX – 1

17. Sinderéla Gadungan IX – 10

18. The Raid KW 2 IX – 9

19. Tukang Maling Duit Warga IX – 10

20. Tukang Loték IX – 2

21. Tukiem Janten Girlband IX – 9

22. Ucing Sumput IX – 5

3.2Desain Panalungtikan

Desain anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta saperti ieu dihandap.

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan Ulikan

Tiori

Masalah Panalungtikan

Kasalahan morfologis dina karangan naskah drama siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

Téhnik Ngumpulkeun Data Digunakeun téhnik tés jeung kartu data. Instrumén

Panalungtikan

Téhnik Ngolah Data Digunakeun téhnik analisis.

Déskripsi Data

Kasalahan morfologis nu aya dina karangan naskah drama siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

Kacindekan

(16)

27

3.3Métode Panalungtikan

Métode mangrupa stratégi, prosedur, cara-cara pikeun ngumpulkeun, nganalisis, jeung midangkeun objék panalungtikan (Ratna, 2010, kc. 467).

Métode panalungtikan nyaéta cara anu digunakeun ku nu nalungtik pikeun ngumpulkeun data panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 151). Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif.

Nurutkeun Ratna (2010, kc. 337), métode déskriptif nyaéta métode anu digunakeun pikeun ngadéskripsikeun hiji hal, tanpa nguji hipotésis. Ieu métode leuwih loba matalikeun kecap-kecap ti batan angka-angka atawa barang-barang budaya naon waé nu geus ditarjamahkeun kana wangun basa boh lisan boh tulisa. Tujuan métode déskriptif nyaéta pikeun nyieun gambaran sacara sistematis, faktual, jeung akurat ngeunaan fakta-fakta.

Dumasar kana masalah jeung tujuan nu hayang kahontal, ieu panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif, nyaéta métode nu bisa ngungkulan pasualan-pasualan anu aktual ku jalan ngumpulkeun data, ngaklasifikasikeun data, nganalisis, jeung nafsirkeun data (Surakhmad, dina Sugiyono, 2008, kc. 10).

Anu jadi dasar dipakéna métode déskriptif nyaéta ieu métode bisa leuwih museur dina ngungkulan pasualan-pasualan anu keur disanghareupan. Unsur-unsur anu didéskripsikeun dina ieu panalungtikan nyaéta kasalahan ngagunakeun wangun kecap asal/salancar, kasalahan ngagunakeun wangun kecap rundayan, jeung kasalahan ngagunakeun wangun kecap rajékan.

3.4Wangenan Operasional

Pikeun nyingkahan salah tafsir jeung sangkan aya cecekelan dina ngalaksanakeun ieu panalungtikan, aya sababaraha istilah anu perlu dijéntrékeun. Éta istilah téh patali jeung judul ieu panalungtikan, nyaéta kasalahan morfologis, jeung naskah drama.

3.4.1 Kasalahan Morfologis

Kasalahan morfologis nyaéta kasalahan ngagunakeun kaédah basa anu ngawengku ngararangkénan (afiksasi), ngarajék (réduplikasi), jeung ngantétkeun

(17)

28

Rina Tesya Anggraeni, 2014

KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(komposisi). Ari kasalahan morfologis anu rék didéskripsikeun dina ieu panalungtikan nyaéta pilihan kecap anu teu luyu jeung kaédah morfologis nu ngawengku kasalahan ngagunakeun kecap asal/salancar, ngararangkénan (afiksasi), jeung ngarajék (réduplikasi).

3.4.2 Naskah Drama

Dina ieu panalungtikan anu dimaksud naskah drama nyaéta karangan nu mangrupa carita atawa lakon dina wangun paguneman. Ieu karangan drama téh miboga rupa-rupa ciri, nyaéta (1) upama ditilik tina kalimah anu digunakeunana, drama lolobana ngagunakeun kalimah langsung, nyaéta kalimah anu dikedalkeun ku palaku; (2) aya bagian anu nerangkeun tingkah laku palaku, latar tempat, jeung latar waktu.

Tina wujud lahiriahna, karangan drama ngandung hal-hal saperti pertélaan palaku, babak jeung adegan, candraan, prolog jeung épilog, jeung paguneman.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan anu dipaké pikeun ngumpulkeun data, digunakeun instrumén anu mangrupa lembar tés ngarang. Eusina mangrupa pituduh pikeun nyusun karangan naskah drama sacara kelompok. Instrumén panalungtikanana, ngawengku lembar tés ngarang jeung kartu data.

a. Lembar Tés Ngarang

Ieu lembar tés ngarang eusina pituduh katangtuan nulis karangan jeung lembar karangan, anu mangrupa kertas kosong pikeun ngarangna. Ieu lembar tés ngarang diébréhkeun saperti ieu di handap.

(18)

29

TÉS NGARANG

Saméméh kelompok hidep molahkeun atawa ngaragakeun drama dumasar kana naskah drama, prak ayeuna jieun heula naskah dramana luyu jeung kamampuh hidep kalawan téma bébas! Gunakeun kecap nu merenah jeung éjahan basa Sunda anu bener!

Nama Anggota Kelompok:

Kelas:

(19)

30

b. Kartu Data

Kartu data dipaké pikeun nyatet kasalahan morfologis anu aya dina karangan naskah drama siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014. Dina kartu data dicatet informasi anu mangrupa no. Data, kecap nu ngalaman kasalahan morfologis, kode data, kecap nu benerna, jeung tipe kasalahan morfologisna. Ieu format kartu datana baris dijéntrékeun saperti ieu di handap.

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Teknik nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data nyaéta téhnik tés. Téhnik tés digunakeun pikeun ngumpulkeun data karangan naskah drama anu disusun ku siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014. Ari ngumpulkeun datana ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

1) Ngayakeun tés ngarang naskah drama;

2) Ngumpulkeun hasil karangan siswa;

3) Macaan hasil karangan siswa;

4) Nyirian kasalahan morfologis dina karangan; jeung

5) Nyatet kasalahan-kasalahan morfologis kana kartu data.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Dina ngolah data digunakeun téhnik analisis unsur langsung. Ari unsur anu dianalisisna nyaéta unsur-unsur kasalahan morfologis dina karangan naskah drama siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

(No.data)

Kalimah : ...

Kecap : ...

Kode : (kelas/nomer naskah drama/jajaran)

Kuduna : ...

(20)

31

Éta data diolah ngaliwatan léngkah-léngkah saperti ieu di handap.

1) Ngadaptarkeun kasalahan morfologis tina kartu data;

2) Nganomeran jeung ngodean data kasalahan morfologis;

3) Nyieun papasingan data dumasar kana tipe kasalahan morfologis;

4) Nganalisis kasalahan morfologis tina karangan naskah drama siswa;

5) Ngadéskripsikeun jeung napsirkeun kasalahan morfologis; jeung

(21)

59

DAFTAR PUSTAKA

AR, Syamsuddin dan Vismaia S. D. (2006) Metode Penelitian Pendidikan

Bahasa. Bandung: Sekolah Pascasarjana UPI dan PT. Remaja Rosdakarya.

Arikunto, S. (2010) Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, A. (2008) Morfologi Bahasa Indonesia (Pendekatan Proses). Jakarta: PT Rineka Cipta.

Danadibrata, R. A. (2006) Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat jeung UNPAD. Dewita, I. K. (2009) Kasalahan Morfologis dina Karangan Deskripsi Siswa SMP

Lab. School. Skripsi, JPBD, FPBS, UPI, Bandung.

Dinas Pendidikan Jawa Barat. (2006) Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar. Bandung: Dinas Pendidikan Jawa Barat.

FKMGMPBD Jawa Barat. (2013) Surat Edaran No. 423/2372/Set-disdik.

[Online].

Fkmgmpbdjabar.blogspot.com/2013/04/surat-edaran-kepala-dinas-pendidikan.html?m=1. [diunduh Mei 2013]

JPBD, FPBS UPI. (2008) Palanggeran Éjahan Basa Sunda (Edisi Revisi). Bandung: Sonagar Press.

Kridalaksana, H. (1983) Kamus Linguistik. Jakarta: Gramedia.

Kridalaksana, H. (1986) Kelas Kata dalam Bahasa Indonesia. Jakarta: Gramedia. LBSS. (1983) Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Prawirasumantri, A. (1994) Tata Basa Sunda Baku: Tata Sora jeung Éjahan. Bandung: Badan Yayasan LBSS.

Prawirasumantri, A. Spk. (1990) Kamekaran Adegan Kecap jeung Kandaga

Kecap Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.

Ratna, N. K. (2010) Metodologi Penelitian: Kajian Budaya dan Ilmu-ilmu Sosial

Humaniora Pada Umumnya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rosmana, I. A. (2003) Morfologi Basa Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI. Rusyana, Y. (1992) Panyungsi Sastra. Bandung: Rahmat Cijulang.

(22)

60

SMART Atom Pelajar. (2013) UUD 1945 Bab XIII Pasal 32 Ayat 2. [Online]. Smartatompelajar..blogspot.com/2013/01/pasal-tigadua-ayat-dua..html?m=1121. [diunduh Februari 2013]

Sudaryat, Y. (1991) Pedaran Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten. Sudaryat, Y. (2000) Élmuning Basa. Bandung: CV. Walatra.

Sudaryat, Y. Spk. (2007) Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. Sudjana, N. (1987) Tuntunan Penyusunan Karya Ilmiah. Bandung: Sinar Baru Algensindo.

Sugiyono. (2008) Metode Penelitian Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: CV. Alfabeta.

Tamsyah, B. R. Spk. (1996) Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: CV. Pustaka Setia.

Tamsyah, B. R. Spk. (1999) Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: CV. Pustaka Setia.

Tarigan, H. G. (1985) Pengajaran Morfologi. Bandung: Angkasa. UPI. (2013) Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI Press.

(1)

(komposisi). Ari kasalahan morfologis anu rék didéskripsikeun dina ieu panalungtikan nyaéta pilihan kecap anu teu luyu jeung kaédah morfologis nu ngawengku kasalahan ngagunakeun kecap asal/salancar, ngararangkénan (afiksasi), jeung ngarajék (réduplikasi).

3.4.2 Naskah Drama

Dina ieu panalungtikan anu dimaksud naskah drama nyaéta karangan nu mangrupa carita atawa lakon dina wangun paguneman. Ieu karangan drama téh miboga rupa-rupa ciri, nyaéta (1) upama ditilik tina kalimah anu digunakeunana, drama lolobana ngagunakeun kalimah langsung, nyaéta kalimah anu dikedalkeun ku palaku; (2) aya bagian anu nerangkeun tingkah laku palaku, latar tempat, jeung latar waktu.

Tina wujud lahiriahna, karangan drama ngandung hal-hal saperti pertélaan palaku, babak jeung adegan, candraan, prolog jeung épilog, jeung paguneman.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan anu dipaké pikeun ngumpulkeun data, digunakeun instrumén anu mangrupa lembar tés ngarang. Eusina mangrupa pituduh pikeun nyusun karangan naskah drama sacara kelompok. Instrumén panalungtikanana, ngawengku lembar tés ngarang jeung kartu data.

a. Lembar Tés Ngarang

Ieu lembar tés ngarang eusina pituduh katangtuan nulis karangan jeung lembar karangan, anu mangrupa kertas kosong pikeun ngarangna. Ieu lembar tés ngarang diébréhkeun saperti ieu di handap.

(2)

29

Rina Tesya Anggraeni, 2014

KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

TÉS NGARANG

Saméméh kelompok hidep molahkeun atawa ngaragakeun drama dumasar kana naskah drama, prak ayeuna jieun heula naskah dramana luyu jeung kamampuh hidep kalawan téma bébas! Gunakeun kecap nu merenah jeung éjahan basa Sunda anu bener!

Nama Anggota Kelompok:

Kelas:

(3)

b. Kartu Data

Kartu data dipaké pikeun nyatet kasalahan morfologis anu aya dina karangan naskah drama siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014. Dina kartu data dicatet informasi anu mangrupa no. Data, kecap nu ngalaman kasalahan morfologis, kode data, kecap nu benerna, jeung tipe kasalahan morfologisna. Ieu format kartu datana baris dijéntrékeun saperti ieu di handap.

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Teknik nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data nyaéta téhnik tés. Téhnik tés digunakeun pikeun ngumpulkeun data karangan naskah drama anu disusun ku siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014. Ari ngumpulkeun datana ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

1) Ngayakeun tés ngarang naskah drama; 2) Ngumpulkeun hasil karangan siswa; 3) Macaan hasil karangan siswa;

4) Nyirian kasalahan morfologis dina karangan; jeung 5) Nyatet kasalahan-kasalahan morfologis kana kartu data.

(No.data)

Kalimah : ... Kecap : ... Kode : (kelas/nomer naskah drama/jajaran)

Kuduna : ... Tipe Kasalahan : ...

(4)

31

Rina Tesya Anggraeni, 2014

KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Éta data diolah ngaliwatan léngkah-léngkah saperti ieu di handap. 1) Ngadaptarkeun kasalahan morfologis tina kartu data;

2) Nganomeran jeung ngodean data kasalahan morfologis;

3) Nyieun papasingan data dumasar kana tipe kasalahan morfologis; 4) Nganalisis kasalahan morfologis tina karangan naskah drama siswa; 5) Ngadéskripsikeun jeung napsirkeun kasalahan morfologis; jeung 6) Nyieun kacindekan tina hasil ngolah data.

(5)

AR, Syamsuddin dan Vismaia S. D. (2006) Metode Penelitian Pendidikan

Bahasa. Bandung: Sekolah Pascasarjana UPI dan PT. Remaja Rosdakarya.

Arikunto, S. (2010) Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, A. (2008) Morfologi Bahasa Indonesia (Pendekatan Proses). Jakarta: PT Rineka Cipta.

Danadibrata, R. A. (2006) Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat jeung UNPAD. Dewita, I. K. (2009) Kasalahan Morfologis dina Karangan Deskripsi Siswa SMP

Lab. School. Skripsi, JPBD, FPBS, UPI, Bandung.

Dinas Pendidikan Jawa Barat. (2006) Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar. Bandung: Dinas Pendidikan Jawa Barat.

FKMGMPBD Jawa Barat. (2013) Surat Edaran No. 423/2372/Set-disdik. [Online]. Fkmgmpbdjabar.blogspot.com/2013/04/surat-edaran-kepala-dinas-pendidikan.html?m=1. [diunduh Mei 2013]