S BD 1100926 Chapter1

BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Indonesia mangrupa nagara anu beunghar pisan kabudayaanana, méh di
unggal wewengkon miboga rupaning budaya sarta adat kabiasaan anu béda tur
dihasilkeun tina kréatifitas sarta rupa-rupa aspék kahirupan manusa. Budaya
mangrupa hasil karya, rasa, tur cipta manusa, loba ma’na tina unggal unsur
budaya anu bisa nyaimbangkeun sarta jadi piwuruk dina sababaraha aspék
kahirupan. Kiwari ajén-ajén budaya di masarakat geus loba kapangaruhan ku
budaya-budaya deungeun. Pangaruh nu kacida atrana katempo tina kamekaran
atawa parobahan aspék-aspék budaya nu asup ka masarakat tur mangaruhan
budaya sarta hirup jeung cara hirup masarakat.
Kiwari teu sakabéh masarakat miboga kasadaran nu sarua dina ngajaga
adat-istiadat sarta budayana, aya kénéh sawatara masarakat nu masih nyekel
pageuh kana adat-istiadatna, contona masarakat adat. Di Tatar Sunda loba kénéh
masarakat kampung adat, salah sahijina masarakat Kampung Adat Ciptagelar di
Kabupatén Sukabumi. Di masarakat adat Kampung Adat Ciptagelar, unsur-unsur
budaya nu nyampak nya éta: (1) sistem kapercayaan; (2) sistem kamasarakatan;
(3) sistem élmu pangaweruh; (4) sistem basa; (5) sistem kasenian; (6) sistem
pakasaban; jeung (7) sistem téknologi. Sakabéh unsur-unsur budaya di luhur luyu
jeung unsur budaya anu diterangkeun ku E.B Tylor (dina Sulasman, 2013, kc. 40),

susunanna dumasar kana pasipatan unsur ti mimiti anu sipatna abstrak nepi ka nu
sipatna kongkrét.
Unsur budaya anu pangabstrakna mangrupa unsur pangpentingna tina
hirup kumbuh di masarakat, boh masarakat biasa boh masarakat adat. Unsur
kapercayaan mangrupa unsur nu jadi tatapakan dina hirup kumbuh manusa dina
ngawangun hubungan jeung Tuhan (Allah), ogé jadi tatapakan dina bebeneran
hirup antar manusa sangkan bisa ngahontal karahayuan.
Sistem kapercayaan mangrupa salah sahiji unsur budaya nu jadi cicirén
husus nu ngabédakeun Kampung Adat Ciptagelar jeung kampung adat séjénna.

Noor Ilmi Amalia, 2015
SISTEM KAPERCAYAAN KAMPUNG ADAT CIPTAGELAR
KABUPATEN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XII SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2
Pikeun masarakat Kampung Adat Ciptagelar, sistem kapercayaan mangrupa hal
anu kacida pentingna dina ngalakonan hirup. Masarakatna miboga tatapakan
sorangan dina ngajalankeun kahirupan agama sarta kapercayaan. Masarakat
Kampung Adat Ciptagelar mangrupa masarakat semi nomaden, pindah ti hiji

tempat ka tempat séjén dumasar kana wangsit nu ditarima ku Sesepuh Girang,
salian ti éta masarakatna ogé masih ngalaksanakeun upacara-upacara adat anu
diwariskeun turun-tumurun tur nepi ka danget ayeuna masih dicekel pageuh.
Lantaran can aya nu nalungtik pundah-pindah lembur, upacara-upacara
adat sarta hal-hal anu mangrupa unsur sistem kapercayaan di masarakat Kampung
Adat Ciptagelar, bawirasa perlu ayana panalungtikan nu leuwih daria ngeunaan
unsur kapercayaan Kampung Adat Ciptagelar. Dina ngalakasanakeun ieu
panalungtikan, didadasaran ku panalungtikan saméméhna ngeunaan sistem
kapercayaan sanajan objék panalungtikanana béda, di antarana Kasepuhan yang
Tumbuh di Atas yang Luruh (Kusnaka Adimihardja, 1992). Eusina ngeunaan
panalungtikan di Kampung Adat Ciptagelar ku Kusnaka Adimihardja, dosén
jurusan Antropologi di UNPAD, tapi lain nalungtik unsur kapercayaanna,
anjeunna nalungtik cara ngokolakeun hirup masarakat ku cara tatanén di huma,
jeung Teologi Kebatinan Sunda (Abdul Rozak, 2005). Eusina ngajelaskeun
ngeunaan panalungtikan aliran kebatinan perjalanan di Subang, Kabupatén
Bandung.
Salian ti mangrupa tarékah nginventarisir budaya, ieu panalungtikan ogé
bisa dimangpaatkeun pikeun kapéntingan séjén saperti arsip budaya jeung matéri
pikeun bahan pangajaran di sakola. Hasil panalungtikan bisa dijieun matéri
pangajaran maca ngeunaan artikel budaya, luyu jeung SKKD taun 2006 dina

silabus SMA kelas XII. Eusina nya éta meredih tarékah ti guru sangkan siswa bisa
diajar komunikasi ngaliwatan lisan atawa tulisan, diajar sastra, jeung diajar
maham kana ajén-ajén kahirupan. Hususna dina kaparigelan maca atikel budaya
nu aya dina KD 12.3.1. Ku kituna ieu panalungtikan dijudulan “Sistem
Kapercayaan Kampung Adat Ciptagelar Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan
Pangajaran Maca di Kelas XII SMA (Tilikan Etnografi)”.

Noor Ilmi Amalia, 2015
SISTEM KAPERCAYAAN KAMPUNG ADAT CIPTAGELAR
KABUPATEN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XII SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3
1.2 Rumusan Masalah Panalungtikan
Dumasar kasang tukang panalungtikan, aya sababaraha rumusan masalah
nu dipidangkeun dina wangun patalékan, nya éta:
a.

kumaha kahanan umum masarakat Kampung Adat Ciptagelar?


b.

kumaha sistem kapercayaan masarakat Kampung Adat Ciptagelar?

c.

téks tina hasil déskripsi panalungtikan nu kumaha nu luyu pikeun pangajaran
maca di kelas XII SMA?

1.3 Tujuan Panalungtikan
1.3.1 Tujuan Umum
Luyu jeung rumusan masalah nu geus dipedar, ieu panalungtikan dipiharep
bisa méré informasi ngeunaan kamekaran budaya, pikeun bahan panalungtikan
saterusna, sarta bisa dimangpaatkeun pikeun salah sahiji sumber informasi
alternatif pikeun bahan pangajaran maca SMA kelas XII.

1.3.2 Tujuan Husus
Salian ti éta, panalungtikan ogé dipiharep bisa ngadéskripsikeun:
a. kahanan umum masarakat Kampung Adat Ciptagelar,
b. sistem kapercayaan masarakat Kampung Adat Ciptagelar,

c. téks tina hasil panalungtikan anu luyu sarta bisa dipaké pikeun pangajaran
maca di kelas XII SMA.

1.4 Mangpaat Panalungtikan
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré réfleksi sistem kapercayaan
masarakat Kampung Adat Ciptagelar sarta kumaha prak-prakanana, pikeun
sumber informasi dina pangajaran formal atawa non-formal, ogé dina raraga
ngaraksa sarta nginvéntarisir budaya di Tatar Sunda.

1.4.2 Mangpaat pikeun Kawijakan

Noor Ilmi Amalia, 2015
SISTEM KAPERCAYAAN KAMPUNG ADAT CIPTAGELAR
KABUPATEN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XII SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4
Kampung Adat Ciptagelar kuat sacara hukum, sarta geus aya dina daftar
kabeungharan budaya Dinas Kepariwisataan, Kebudayaan, Kepemudaan, dan

Olahraga Kabupatén Sukabumi. Ieu panalungtikan dipiharep bisa leuwih
ngahudang kasadaran masarakat sangkan leuwih méré panitén sarta ngajaga
kabeungharan budaya nu nyampak disabudeureunna.
1.4.3 Mangpaat Praktis
Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi sumber informasi sarta jadi
pangdeudeul pikeun studi di Departemen Pendidikan Bahasa Daerah, sarta pikeun
saha waé anu ngabutuhkeun sangkan ngalegaan informasi sarta pangaweruhna
ngeunaan budaya sarta kampung adat.

1.4.4 Mangpaat pikeun Isu sarta Aksi Sosial
Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré gambaran kaayaan Kampung Adat
Ciptagelar sacara ringkes, sarta jadi motivasi pikeun saha waé nu hayang leuwih
apal kana kabeungharan budaya di Kabuptén Sukabumi.

1.5 Raraga Tulisan
Raraga tulisan mangrupa gambaran umum sistematika nyusun skripsi anu
méré gambaran eusi dina unggal bab sarta hubungan antara hiji bab jeung bab
saterusna. Bab 1 mangrupa bubuka sarta gambaran umum eusi skrispi, strukturna
ngawengku kasang tukang masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan,
mangpaat panalungtikan, sarta raraga tulisan. Bab 2 nya éta ulikan tiori atawa

landasan tioritis pikeun masalah anu dijieun objék panalungtikan, eusina
ngajelaskeun sacara déskriptif tiori-tiori nu luyu dipaké pikeun panalungtikan,
rujukan séjén anu aya pakaitna jeung panalungtikan sarta panalungtikan
saméméhna.

Bab

3

métode

panalungtikan

anu

ngajelaskeun

prosedur

panalungtikan, ti mimiti tiori nu dipaké, informasi ngeunaan lokasi atawa objék nu

ditalungtik,

desain

panalungtikan,

instrumén

panalungtikan,

tahapan

ngumpulkeun, ngolah sarta analisis data. Bab 4 eusina hasil panalungtikan, hasil
ngolah jeung analisis panalungtikan pikeun ngajawab rumusan masalah ku cara
ngadéskripsikeun sacara proporsional. Bab 5 eusina kacindekan, implementasi

Noor Ilmi Amalia, 2015
SISTEM KAPERCAYAAN KAMPUNG ADAT CIPTAGELAR
KABUPATEN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XII SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu


5
sarta rékoméndasi. Réfleksi tina hasil analisis panalungtikan sarta saran pikeun nu
nyieun kawijakan atawa nu ngamangpaatkeun hasil panalungtikan.

Noor Ilmi Amalia, 2015
SISTEM KAPERCAYAAN KAMPUNG ADAT CIPTAGELAR
KABUPATEN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XII SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu