S BD 1100926 Chapter5

BAB V
KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG REKOMENDASI
5.1 Kacindekan
Panalungtikan sistem kapercayaan Kampung Adat Ciptagelar ngawengku
sababaraha bahasan, nya éta gambaran umum Kampung Adat Ciptagelar, sistem
kapercayaan masarakat Kampung Adat Ciptagelar. Hasil panalungtikan ngeunaan
sistem kapercayaan Kampung Adat Ciptagelar bisa dijadikeun téks matéri
pangajaran maca. Ieu hal luyu jeung Standar Kompetensi 12.3 jeung Kompetensi
Dasar 12.3.1 ngeunaan artikel budaya.
Kasepuhan Adat Banten Kidul aya ti taun 1368 di Bogor, nepi ka kiwari
ieu kasepuhan umurna 646 taun. Kampung Adat Ciptagelar perenahna di
Kabupatén Sukabumi. Ieu tempat dipingpin ku Sesepuh Girang (Abah Ugi). Abah
Ugi magrupa turunan kasapuluh dina Beungkeutan Kasepuhan Banten Kidul.
Dina kahirupan sapopoéna, masarakat masih ngalaksanakeun tali paranti nu turuntumurun ti luluhurna. Ti mimiti cara tatanén, cara hirup, nepi ka cara nangtukeun
tanggal sarta bulan dina kalénder Tunggul Taun. Masarakat Kampung Adat
Ciptagelar ogé ngalaksanakeun pindah lembur lamun Sesepuh Girang meunang
wangsit kudu pidah ti luluhurna.
Masarakat Kampung Adat Ciptagelar ngagem agama Islam, ibadahna luyu
jeung rukun iman, sarta prak-prakanna ibadahna ogé méh sarua. Dina prak-prakan
hirup kumbuh sapopoé, masarakat ogé masih nagalaksanakeun tali paranti nu geus
aya ti baheula.

Sistem kapercayaan masarakat Kampung Adat Ciptagelar ngawengku
upacara adat jeung padoman hirup nu disebut Pancer Pangawinan. Upacaraupacara adat nu nyampak di Kampung Adat Ciptagelar nya éta upacara adat dina
kalénder Tunggul Taun, upacara adat dina siklus kahirupan, sarta upacara adat
dina pamakayaan. Téks hasil deskripsi nu dijieun bahan pangajaran artikel nya éta
tradisi upacara-upacara adat nu aya di Kampung Adat Ciptagelar.

5.2 Implikasi

Noor Ilmi Amalia, 2015
SISTEM KAPERCAYAAN KAMPUNG ADAT CIPTAGELAR
KABUPATEN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XII SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

61
Kampung Adat Ciptagelar mangrupa salah sahiji tempat nu beunghar
kabudayanana sarta ngeuyeuban rupaning budaya di tatar Sunda. Kahirupan
masarakatna nu masih nyekel aturan-aturan adat jadi cicirén husus nu
ngabédakeun antara masarakat Kampung Adat Ciptagelar jeung masarakat biasa.
Panalungtikan ngeunaan sistem kapercayaan di Kampung Adat Ciptagelar tangtu
ngabutuhkeun sababaraha élemen masarakatna pikeun jadi objék sarta narasumber

dina ieu panalungtikan. Kabeungharan budaya di tatar Sunda hususna di Kampung
Adat Ciptagelar ditalungtik sangkan bisa méré mangpaat, salah sahiji mangpaatna
pikeun dokuméntasi kabudayaan.
Dokuméntasi kabudaayan lian ti miboga mangpaat sangkan entragan
saterusna apal kana adat-istiadat sarta kabudayaan entragan saméméhna, ogé bisa
dimangpaatkeun keur kabutuhan séjén, saperti pikeun data atawa dadasar
panalungtikan nu aya patalina jeung budaya, jeung pikeun dijadikeun matéri
atawa bahan ajar pangajaran ngeunaan budaya hususna di tatar Sunda.

5.3 Rékomendasi
Panalungtikan ngeunaan sistem kapercayaan masarakat Kampung Adat
Ciptagelar tangtu loba kénéh kurangna, kawatesanan ku waktu, cara ngumpulkeun
data sarta sampel masarakat nu jadi narasumber sarta hal-hal séjén nu pakait jeung
métode panalungtikan masih kénéh kudu dilengkepan. Kabeungharan budaya di
ieu tempat sabenerna loba kénéh, lantaran ieu panalungtikan kawatesanan sarta
museur kana hiji hal, bawirasa perlu aya panalungtikan nu leuwih daria kana halhal séjén nu pakait jeung budaya di ieu tempat.
Saméméhna geus aya panalungtikan ngeunaan cara tatanén di Kampung
Adat Ciptagelar, objék nu ngirut sarta bisa dijadikeun panalungtikan di ieu tempat
nya éta rupaning upacara adat, upacara adat nu nyampak bisa dianalisis tina
sababarha jihat élmu. Hal sején nu bisa ditalungtik nya éta rupaning jenis

kadaharan. Dina unggal upacara adat sok disadiakeun kadaharan-kadaharan khas
nu tara dijieun unggal waktu, kadaharanna teu sarua jeung kadaharan di tempat
séjén. Ieu hal bisa ditalungtik sarta didokuméntasikeun pikeun daptar kadaharan
tradisional Sunda.

Noor Ilmi Amalia, 2015
SISTEM KAPERCAYAAN KAMPUNG ADAT CIPTAGELAR
KABUPATEN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XII SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu