S BD 1000343 Chapter1

BAB I
BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Sastra mangrupa kagiatan kréatif manusa atawa hasil réka cipta anu gelar
dina médium basa, sarta mintonkeun rupaning kahirupan manusa jeung kaayaan
alam harita. Sastra ogé bisa disebut minangka gambaran peradaban manusa sarta
dianggap salaku gejala social, sabab sastra nu aya dina waktu nu tangtu bakal
raket patalina jeung norma sarta adat istiadat nu tumuwuh dina jamanna. Sanajan
kitu, karya sastra sipatna fiksi atawa rékaan, bisa jadi mangrupa hasil pangalaman
hirup manusa, bisa ogé mangrupa carita nu geus diréka ku panulis. Sastra
mangrupa éksprési pribadi manusa nu mangrupa pangalaman, hasil mikir, rasa,
ide, sumanget, kayakinan dina wangun gambaran kongkrit nu nimbulkeun perkara
nu pikatajieun, kalawan basa minangka alatna.
Karya sastra téh aya tilu bagian: puisi, prosa jeung drama. Minangka
salasahiji wanda prosa, novel mangrupa prosa rékaan (fiksi) nu naratif (ngawujud
lalakon), umumna panjang sarta galur caritana atawa plot-na kompléks
(ngarancabang). Ku lantaran kitu, novel mah bisa midangkeun rupa-rupa tokoh,
ngasupkeun rupa-rupa kajadian, laluasa ngadéskripsikeun latar, jeung laluasa
ngahirupkeun karakterisasi (Iskandarwassid, 1992, kc. 91).
Sastra jeung psikologi raket patalina dina kahirupan sabab patali jeung

pasualan manusa salaku individu jeung mahluk sosial. Duanana ngamangpaatkeun
dasar nu sarua nya éta pangalaman manusa. Pamarekan psikologi dianggap
penting dina panalungtikan sastra.
Panalungtikan psikologi nu dipatalikeun jeung sastra miboga peran
penting dina pamahaman sastra ku sabab ayana sawatara kaonjoyan saperti:
pentingna psikologi sastra dina maluruh leuwih jero aspék penokohan; pamarekan
ieu dipiharep méré umpan-balik ka panalungtik ngeunaan penokohan nu
Erin Irtanti, 2014
Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

2

dimekarkeun; sarta panalungtikan ieu mantuan pikeun nganalisis karya sastra nu
patali jeung aspék-aspék psikologis (Endraswara dina Minderop, 2011, kc. 2).
Panalungtikan psikologi sastra ngawengku tilu kamungkinan, salasahijina
panalungtikan karakter para palaku nu aya dina karya sastra ngaliwatan analisis
palaku jeung penokohan. Psikologi sastra boga tujuan pikeun ngaréngsékeun
pasualan psikologi praktis dina nyangkem aspek-aspek nu aya dina karya sastra.
Psikologi sastra ngaguar masalah nu aya patalina jeung unsur-unsur kajiwaan

tokoh nu aya dina hiji karya
Nyurahan aspék psikolog dina karya sastra bisa ku cara neuleuman
sawatara aliran psikologi, saperti psikoanalisis, béhaviorisme, jeung humanistik.
Aspék psikologi dina karya sastra ditalungtik tina kajadian-kajadian anu dialaman
ku para tokoh, tina kalimah-kalimah nu diucapkeun ku tokoh, atawa tina déskripsi
jeung narasi pangarang dina téks. Pikeun nyangkem eusi karya, tangtu kudu maca
téks, nganalisis, nalungtik kana puseur pasualan nu hayang dipaluruh.
Psikoanalisis mangrupa wangun kritik sastra nu maké sajumlah téhnik
psikoanalisis dina nafsirkeun sastra. Psikoanalisis sorangan mangrupa wangun
terapi nu tujuanan pikeun nyageurkeun gangguan méntal ku cara maluruh jeung
niténan interaksi antara unsur-unsur sadar jeung teu sadar dina jero pikiran
(Concise Oxford Dictionary dina Barry, 2010, kc. 113).
Ieu novel baris ditalungtik ngeunaan salasahiji unsur kajiwaan dina karya
sastra nya éta ngeunaan psikoanalisis tokoh utama dina hiji karya sastra.
Panalungtikan psikoanalisis sastra téh nya éta mangrupa cara nu dipaké pikeun
nalungtik karya sastra ku cara ngidentifikasikeun aspék-aspék kajiwaan anu aya
dina hiji karya sastra. Aspék-aspék kajiwaan bisa ditalungtik ku cara: maham
unsur-unsur kajiwaan pangarang salaku panulis, maham unsur-unsur kajiwaan
tokoh-tokoh fiksional dina karya sastra, maham unsur kajiwaan pamaca karya
sastra (Ratna, 2009, kc. 343).

Novel Sabalakana karya Dadan Sutisna mangrupa karya sastra nu asup
nominasi Hadiah Sastra Rancagé 2014. Kasang tukang caritaan dina novel
Erin Irtanti, 2014
Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

3

Sabalakana mangrupa kahirupan masarakat golongan handap nu hésé meunang
kaadilan. Kaum Balakasontang mangrupa gambaran kaum nu ‘termarjinalkan’
sarta dianggap minangka sumber masalah. Pamarekan psikologis nyoko kana
analisis karya sastra boh intrinsik boh ékstrinsik. Dina analisis penokohan perlu
dipaluruh ngeunaan paripolah tokoh, naha penokohan katerap panyakit neurosis,
psikosis, jeung halusinasi. Wabah sabalakana nu aya dina caritaan novel
Sabalakana ampir sarua jeung gejala psikosis, nya éta gangguan tilikan pribadi
balukar sindrom psikiatri, nyababkeun kateumampuhan hiji jalma dina ngajén
réalita ku sabab kasieun dina fantasi dirina.

Nepi ka ngarojong betusna


kamarudahan nu mangrupa paripolah atawa omongan nu sacara jujur (balaka).
Dadan Sutisna sorangan nya éta pangarang nu dianggap poténsial. Dina
taun 2002, 2004, jeung 2011 dilélér hadiah Samsoedi ti Yayasan Kebudayaan
Rancagé pikeun buku bacaan barudak Nu Ngageugeuh Legok Kiara (Djatnika,
2001), Misteri Haur Geulis (Kiblat, 2003), jeung Rasiah Kodeu Binér (Kiblat,
2010). Taun 2003 anjeunna ogé kungsi meunang Hadiah Sastra LBSS jeung
Hadiah Jurnalistik Moh. Koerdi. Tulisanana sering dimuat dina sawatara
kalawarta saperti Manglé, Pikiran Rakyat, Kompas, jrrd.
Aya sawatara panalungtikan ngeunaan psikologi, anu kacatet ti mahasiswa
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS-UPI Bandung, dina wangun skripsi di
anatarana: Sawangan Psikoanalisis kana Novel Pangantén Karya Deden Abdul
Aziz (Andriany, 2005); Aspek Psikologis Carpon Sintung Kalapa Karya
Iskandarwassid

(Hapitasari, 2005); Kajian Psikoanalisis dina Novel Tempat

Balabuh Karya Aam Amilia (Perdiwan, 2006); Tokoh Novel Pipisahan Karya
RAF (Kajian Psikologi Humanistik) (Gugun Dedi Guntara, 2008); Ulikan
Psikologis kana Novel Budak Teuneung Karangan Samsudi pikeun Bahan
Pangajaran Nyarita di SMP (Rida Lela Meiwindra, 2011); Kajian Psikologi

Humanistik kana Novel Déng Karya Godi Suwarna (Hudaya, 2012); Kajian
Psikologi Humanistik kana Kumpulan Carita Pondok Anak Jadah Karya Cecep
Burdansyah (Erfhan Ertanto, 2012).
Erin Irtanti, 2014
Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

4

Ku kituna, panalungtik ngarasa perlu nalungtik aspék psikolog kalayan
judul Kajian Psikoanalisis kana Novel Sabalakana Karya Dadan Sutisna. Anu
jadi alesan nalungtik éta judul pikeun mikanyaho kumaha aspék psikologi dina
novél éta, kalayan dipiharep bisa ngeuyeuban atawa méré kontribusi kana
khasanah sastra Sunda.
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah
1.2.1 Watesan Masalah
Novel Sabalakana karangan Dadan Sutisna mangrupa salasahiji wanda
novel dina kasusastraan Sunda. Analisis psikoanalisis sastra ngawengku aspék
kapribadian Sigmun Freud, psikologi tokoh jeung penokohan karya sastra. Aspék
nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta psikologi tokoh jeung penokohan dina

hiji karya sastra.
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah tadi, nu nyusun ngarumuskeun
masalah saperti ieu di handap.
1) Kumaha struktur carita (téma, fakta carita, sarana carita) dina novel
Sabalakana karya Dadan Sutisna?
2) Kumaha karakter jeung penokohan dina novel Sabalakana karya Dadan
Sutisna disawang tina pamarekan psikoanalisis?
1.3 Tujuan Panalungtikan
1.3.1 Tujuan Umum
Dumasar kana kasang tukang katut rumusan masalah anu geus
diébréhkeun di luhur, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngaguar aspekaspék psikologis nu nyampak dina novel Sabalakana karya Dadan Sutisna
kalawan maluruh unsur-unsur carita.
1.3.2. Tujuan Husus

Erin Irtanti, 2014
Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

5


Tujuan

ieu

panalungtikan

nya

éta

pikeun

ngidentifikasi

jeung

ngadeskripsikeun:
1) struktur carita (téma, fakta carita, sarana carita) dina novel Sabalakana karya
Dadan Sutisna;

2) karakter jeung penokohan dina novel Sabalakana karya Dadan Sutisna
disawang tina pamarekan psikoanalisis.

1.4. Mangpaat Panalungtikan
1.4.1

Mangpaat Tioritis
Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat teoritis pikeun ngajembaran

pangaweruh

ngeunaan

cara

ngaaprésiasi

karya

sastra


make

sawangan

psikoanalisis.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat praktis pikeun:
1) méré gambaran kumaha nganalisis atawa ngulik karya sastra hususna novel
maké sawangan psikoanalisis;
2) sacara akademis panalungtik meunangkeun pangaweruh jeung wawasan
ngeunaan psikoanalisis;
3) nambahan kabeungharan hasanah sastra Sunda sarta bisa dijadikeun bahan
acuan kamekaran karya sastra Sunda;
4) bisa jadi sumber réperénsi pikeun akademisi sastra nu nalungtik sastra Sunda;
5) bisa ngeuyeuban hasil panalungtikan sastra Sunda tur jadi dokuméntasi dina
kamekaran sastra Sunda;
6) nambahan sarta méré gambaran interprétasi atawa analisis kana wanda novel.
1.5 Raraga Tinulis


Erin Irtanti, 2014
Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

6

Ieu skripsi disusun jadi lima bab nya éta Bab I, Bab II, Bab III, Bab IV,
jeung Bab V.
Bab I mangrupa bagian munggaran dina karya tulis wangun skripsi.
Eusina medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi jeung rumusan
masalah, tujuan panalungtikan nu dibagi jadi tujuan umum jeung tujuan husus,
mangpaat panalungtikan nu dibagi jadi mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis,
jeung raraga tulisan nu patali jeung kajian psikoanalisis.
Bab II. Medar ngeunaan tiori-tiori nu ngadadasaran panalungtikan sarta
posisi masalah nu ditalungtik dina widang paélmuan. Ieu bab disebut minangka
kajian pustakana. Kajian pustaka miboga fungsi minangka landasan téoritik dina
nyusun rumusan masalah sarta tujuan panalungtikan. Dina kajian pustaka,
panalungtik ngabandingkeun sarta matalikeun masalah nu keur ditalungtik jeung
tiori-tiori sarta hasil panalungtikan nu geus dilakukeun ku para ahli.
Dina ieu panalungtikan, kajian pustaka nu dipedar ngeunanaan wangenan

novel, struktur novel nu ngawengku unsur-unsur carita Robert Stanton (téma,
fakta carita, jeung sarana carita), tiori kapribadian Sigmund Freud jeung
psikoanalisis.
Bab III. Medar ngeunaan métode panalungtikan nu diwincik deui jadi
métode panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, instrumén panalungtikan, desain
panalungtikan, sumber data, wangenan operasional, jeung analisis data.
Bab IV. Dina ieu bab dibagi jadi dua bagian nya éta analisis data nu patali
jeung rumusan masalah sarta tujuan panalungtikan, jeung pedaran intina atawa
analisis temuan nu dipatalikeun jeung tiori-tiori dina Bab I.
Dina ieu panalungtikan, didéskrisikeun tur dianalisis struktur carita tina
novel Sabalakana karya Dadan Sutisna, sarta analisis palaku jeung penokohan
carita disawang tina pamarekan psikoanalisis.
Bab V. Medar ngeunaan kumaha panalungtik nafsirkeun hasil analisis
panalungtikan. Kacindekan mangrupa jawaban tina daptar patalékan nu aya dina
rumusan masalah. Saran atawa rékoméndasi ditujukeun ka nu nyieun kawijakan
Erin Irtanti, 2014
Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

7

ka nu ngagunakeun éta hasil panalungtikan, jeung ka para panalungtik lianna nu
rék nalungtik masalah nu sarua minangka lajuning lakuna tina hasil
panalungtikan.

Erin Irtanti, 2014
Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu