S BD 1000343 Chapter5

BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Novel Sabalakana nu euyeub ku unsur kajiwaan nu ngajanggélék ngaliwatan
tokoh jeung penokohan dikaji maké pamarekan psikoanalisis. Métode panalungtikan
nu dipaké nya éta déskriptif analitik. Unsur-unsur carita dina novel Sabalakana
dianalisis maké tiori Robert Stanton, nu ngawengku: téma carita, fakta carita (palaku
jeung watek/penokohan, galur, latar), jeung sarana carita. Tujuanana sangkan bisa
dipaluruh kasang tukang munculna masalah psikologi katut prosés jeung akibat tina
kondisi psikologina. Karakter jeung watek (penokohan) para palakuna tuluy dianalisis
maké pamarekan psikoanalisis.
Dumasar kana hasil analisis, aya sawatara hal nu bisa dicindekeun. Ieu novel
miboga téma krisis sosial jeung pulitik nu tumuwuh di kalangan masarakat menengah
ka handap. Palaku utama dina ieu novel nya éta Santana, Lebé Unang, Gayatri, jeung
Rastiti. Palaku tambahan nu ngarojong sarta ngahirupkeun carita dina ieu novel
kawilang loba. Téhnik nu dipaké pikeun ngalukiskeun tokoh dina ieu novel aya dua,
nya éta: téhnik ékspositori jeung téhnik dramatik (dramatic). Téhnik dramatik dina
ieu novel, dilukiskeun ngaliwatan: 1) pelukisan pikiran jeung rarasaan (portrayal of
thought streem or of conscious thought), 2) réaksi palaku kana lingkungan (reaction
to event), 3) pelukisan lingkungan (discussion of environment, 4) paguneman


(conversation), jeung 5) réaksi palaku séjén (reaction of other characters). Latar
tempat géneral dina ieu novel ngawengku lembur Cikawening jeung lembur Sukalila.
Latar farsialna kagambar ngaliwatan backtracking. Ari lumangsungna (latar) carita
dina ieu novel lilana tilu poé, waktuna dimimitian ti poé Kemis pasosoré (Minggu
kadua bulan Rayagung). Latar sosial nu nyampak dina ieu novel Sabalakana nya éta
latar sosial-pulitik jeung latar sosial-kamasarakatan, nu ditandaan ku ceuyahna
Erin Irtanti, 2014
Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

131

wangun démokrasi milih pipamingpineun. Unsur-unsur galur nu kapanggih dina
novel Sabalakana nya éta: backtracking, suspense, foreshadowing, jeung konflik.
Galur dina ieu novel maké galur bobok tengah sabab caritana teu berurutan, tapi
ngacak, ‘luluncatan’, maké puseur carita nu robah ti tokoh hiji ka tokoh séjén. Puseur
carita nu dipaké nya éta métode romantic-ironic. Gaya basa nu dipaké nya éta: gaya
basa dialék, métafora, pléonasmeu, sinéstésia, personifikasi, litotes, hiperbola, simile,
eufimisme, ngasor, jeung métonimia.
Konsep struktur kapribadian nu ngawengku id, ego, jeung superego nu

ngajanggélek dina diri tokoh nu aya dina ieu novel mangaruhan kana paripolah
tokohna. Pagedrugna id, ego, jeung superego nimbulkeun sawatara konflik jeung
emosi nu nimbulkeun mékanisme pertahanan dina diri tokoh. Tokoh Santana nu boga
watek cinta mati ka Rastiti, ngalaman proyeksi ka Rastiti - minangka mékanisme
pertahanan kana égo nu aya dina dirina, lantaran Santana teu narima cinta ti kolotna
jeung kungsi terasing ti masarakat – pédah Santana dirorok ku akina nu kabaud
komunis. Tokoh séjén, saperti kaom Balakasontang miboga watek nu sadar kana ajén
kajujuran nu kuduna tumuwuh. Nu kaalaman ku kaom Balakasontang ampir sarua
jeung gejala psikosis. Superego dina diri kaom Balakasontang mampuh ngéléhkeun
id. Tokoh séjén aya nu némbongkeun watek nu timburuan, tukuh kana aturan,

galideur, sarakah, jsb. Sawatara tokoh boga naluri kematian jeung kahariwang dina
dirina nu ngawujud émosi saperti rasa salah nu disidem, kakeuheul, éra, jeung cinta.

5.2 Saran
Sawatara saran atawa rékoméndasi nu disusun pikeun pihak-pihak anu patali
jeung ieu panalungtikan saperti: panalungtik, masyarakat akademik atawa masyarakat
pamaca, lembaga paélmuan, jeung pangarang.

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

132

1) Panalungtik
Pikeun panalungtik hususna ka nu rék nalungtik garapan psikologi sastra
kaasup psikoanalisis, kudu bisa maham cara nerapkeun pamarekan psikologi modérn
kana talaah sastra sangkan euweuh kasalahpahaman. Panalungtik nu napak dina
kasang tukang élmu sastra kudu maham ogé kana élmu psikologi sangkan hasil
panalungtikan bisa nyugemakeun, henteu condong kana salasahiji élmu atawa beurat
sabeulah. Salian ti éta, ieu hasil panalungtikan dipiharep bisa jadi tatapakan pikeun
panalungtikan anu leuwih jembar, boh ngajembaran wengkuan analisis dumasar tiori
nu tangtu, boh karya sastra nu dianalisisna.

2) Masarakat Akademik atawa Masarakat Pamaca
Masarakat akademik atawa masarakat pamaca dipiharep bisa ngeuyeuban
pangaweruh, pamahaman, jeung aprésiasi kana karya sastra, hususna pamahaman
kana karya sastra nu boga tatapakan psikologi. Masarakat akademik atawa masarakat
pamaca ogé dipiharep wanoh kana psikoanalisis dina karya sastra.


3) Lembaga Paélmuan
Lembaga paélmuan dipiharep bisa ngahudang karep kalangan akademisi tur
kritikus sangkan terus ngaronjatkeun aprésiasi jeung kajian sastra nu patali jeung
psikoanalisis atawa psikologi sastra.

4) Pangarang
Pangarang dipiharep bisa ngeuyeuban deui khasanah karya sastra Sunda.
Ruang lingkup psikologi nu lega patali jeung pasualan kajiwaan dipiharep muka
lolongkrang pikeun pangarang dina ngaéksprésikeun konsép psikologi kana karya
sastra sarta ngaronjatkeun kamampuh dina ngolah tokoh jeung penokohan.

Erin Irtanti, 2014
Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

133

Erin Irtanti, 2014
Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu