Téhnik Nganalisis Data

54 Sri Nurbaeti, 2013 Memorization model of mnemonics method In learning aksara sunda writing Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

3.7 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés tulis. Éta tés tulis téh digunakeun pikeun ngukur kamampuh siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013 dina nulis aksara Sunda saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik. Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngawengku sababaraha tahapan saperti diébréhkeun ieu di handap. 1 Siswa dibéré pretés pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis aksara Sunda; 2 Sabada mikanyaho hasil pretés siswa, panalungtik nangtukeun pakakas anu dibutuhkeun pikeun ngaaplikasikeun modél pangajaran memorization métode mnemonik, sarta média pangajaranana; 3 Ngalakukeun prosés diajar ngajar ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik kana matéri nulis aksara Sunda; sarta 4 Sabada ngalaksanakeun treatment ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik saterusna dilaksanakeun kagiatan postés pikeun mikanyaho kamampuh nulis aksara Sunda siswa naha ngaronjat atawa henteu.

3.8 Téhnik Nganalisis Data

Data anu geus dikumpulkeun tuluy dianalisis pikeun ngajawab hipotésis atawa pikeun néangan jawaban-jawaban anu jadi masalah dina ieu panalungtikan. Data hasil panalungtikan ieu ditujukeun pikeun ngajawab ieu masalah- masalah di handap. 1 Kumaha kamampuh nulis aksara Sunda saméméh ngagunakeun modél memorization métode mnemonik dina pangajaran nulis aksara Sunda di kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 20122013? 2 Kumaha kamampuh nulis aksara Sunda sabada ngagunakeun modél memorization métode mnemonik dina pangajaran nulis aksara Sunda di kelas 55 Sri Nurbaeti, 2013 Memorization model of mnemonics method In learning aksara sunda writing Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 20122013? 3 Naha aya béda anu signifikan kamampuh siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 20122013 dina nulis aksara Sunda antara saméméh jeung sabada ngagunakeun modél memorization métode mnemonik? Pikeun maluruh tujuan di luhur, dina ieu panalungtikan digunakeun léngkah-léngkah panalungtikan saperti ieu dihandap. 1 Mariksa pretés jeung postés. 2 Méré peunteun kana hasil pretés jeung postés siswa ngagunakeun pedoman meunteun saperti dina tabel 3.1. Dumasar kana éta pedoman, skor maksimal tina karangan siswa nya éta 100. Skor anu kahontal ku siswa dirobah jadi skor ahir kalayan ngagunakeun rumus: P = ∑Skor siswa ∑Skor maksimal x 100 Katerangan: P = peunteun ∑ Skor siswa = jumlah peunteun siswa ∑ Skor maksimal = jumlah peunteun maksimal Tabél 3.1 Format Skala Peunteun Nulis Aksara Sunda No. Soal Aspék anu Dipeunteun Skala Peunteun 1 2 3 4 5 6 7 8 1. Aya Ngalagena Swara - 5 5 - 2. Acara Ngalagena Swara - 5 5 - 3. Siti Ngalagena Panghulu - 7,5 2,5 - 4. Cakra Ngalagena Panyakra - 7,5 2,5 - 5. Bekel Ngalagena Pamepet Pamaéh 5 2,5 2,5 56 Sri Nurbaeti, 2013 Memorization model of mnemonics method In learning aksara sunda writing Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 6. Beureum Ngalagena Paneuleung - 7,5 2,5 - 7. Bobotoh Ngalagena Panolong Pangwisad 5 2,5 2,5 8. Gebyar Ngalagena Pamingkal Panglayar 5 2,5 2,5 9. Kupluk Ngalagena Panyiku Panyuku 5 2,5 2,5 10. Bangké Ngalagena Panyecek Panéléng 5 2,5 2,5 Jumlah 100 Saterusna éta skor téh ditabulasikeun dina tabél 3.2 ieu di handap. Tabél 3.2 Tabél Kamapuh Siswa dina Nulis Aksara Sunda KS Katégori Penilaian P Q Aksara Rarangkén A B C D E F G H I J K L M N O CT T ∑ � Katerangan: KS = Kode Siswa A = Aksara Swara B = Aksara Ngalagena C = Rarangkén ‘Panghulu’ D = Rarangkén ‘Panyakra’ E = Rarangkén ‘Pamepet’ F = Rarangkén ‘Pamaéh’ G = Rarangkén ‘Paneuleung’ H = Rarangkén ‘Panolong’ I = Rarangkén ‘Pangwisad’ J = Rarangkén ‘Pamingkal’ K = Rarangkén ‘Panglayar’ L = Rarangkén ‘Panyuku’ M = Rarangkén ‘Panyiku’ N = Rarangkén ‘Panyecek’ O = Rarangkén ‘Panéléng’ P = Peunteun Q = Kategori 57 Sri Nurbaeti, 2013 Memorization model of mnemonics method In learning aksara sunda writing Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu T = Tuntas CT= Can Tuntas Kategori: - Peunteun ≥ 75 Tunta siswa dianggap mampuh nulis aksara Sunda - Peunteun 75 Can Tuntas siswa dianggap can mampuh nulis aksara Sunda Data anu ditabulasikeun dipaké pikeun nguji hipotésis kalayan ngagunakeun analisis ngagunakeun statistik anu ngawengku: 1 Uji Sipat Data; 2 Uji Gain; jeung 3 Uji Hipotésis. 1 Uji Sipat Data Uji sipat data dina ieu panalungtikan ngawengku uji normalitas jeung uji homogénitas. Anu kahiji nya éta uji normalitas, uji normalitas ieu dilakukeun pikeun nangtukeun distribusi data, naha normal atawa henteu. Pikeun nangtukeun signifikansi béda niléy rata-rata, dilakukeun dua jenis analisis. Kahiji nya éta uji sifat data. Data anu miboga distribusi normal diolah ku cara analisis paramétrik kalawan ngagunakeun t-tést. Sabalikna data anu distribusina henteu normal diolah ngagunakeun analisis nonparamétrik kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon. Anu kadua, uji homogénitas variasi anu tujuanana pikeun nangtukeun homogénitas data niléy siswa.

a. Uji Normalitas