Tatahar Ngumpulkeun Data Nganalisis Data Nyusun Laporan

Tiya Komalasari, 2013 AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu 27 Tingkatan naon dina penca silat anu ngajarkeun ngagunakeun pakarang?ss 28 Tina waditra, biasa nu sok dipaké jinis waditra nu kumaha? 29 Naha kedah aya sinden atanapi henteu? 30 Kinten-kinten jurus jeung gerakan nu kumaha nu cocog dipaké ku murangkalih sakola? 31 Biasana sok aya kidung atanapi henteu nalika prak-prakan mintonkeun? 32 Kedah nganggé iket atanapi henteu ? 33 Biasana sok aya ungkara ieu budak geus dieusian. Maksadna kumaha perkawis éta? 34 Aya beubeur nu sok dipaké, maksad beubeur nu dipaké numutkeun tingkatan atanapi henteu?

3.7 Léngkah-léngkah Panalungtikan

Gurat badag panalungtikan nu dilakonan kabagi kana sababaraha léngkah panalungtikan, nya éta: tatahar, ngumpulkeun data, jeung nyusun laporan.

3.7.1 Tatahar

Kagiatan anu dilaksanakeun dina tahap tatahar ngawengku: 1 néangan katerangan ngeunaan masalah anu rék ditalungtik, 2 ngajukeun judul panalungtikan, 3 nyusun rarancang proposal panalungtikan, sarta 4 konsultasi ka dosén pangaping.

3.7.2 Ngumpulkeun Data

Léngkah-léngkah ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan, nya éta: Tiya Komalasari, 2013 AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu 1 macaan buku-buku sumber ngeunaan ajén éstétis¸ penca silat, jeung buku- buku penunjang séjénna pikeun bahan acuan; 2 obsérvasi ka lapangan, 3 wawancara ka narasumber, 4 ngumpulkeun data, sarta 5 konsultasi jeung dosén pangaping.

3.7.3 Nganalisis Data

Kagiatan nu dilaksanakeun ngawengku: 1 mariksa jeung ngaidéntifikasi data nu geus kakumpul, 2 nganalisis data, 3 nyieun kacindekan analisis, sarta 4 konsultasi ka dosén pangaping.

3.7.4 Nyusun Laporan

Nyusun laporan mangrupa tahap anu pamungkas tina tahapan panalungtikan. Dina ieu laporan sagala hasil panalungtikan dipidangkeun. Laporan di dieu mangrupa wangun skripsi. Anapon sistematika dina nyusun laporan, nya éta: 1 Bab I Bubuka; 2 Bab II Éstétika, Penca Silat, jeung Bahan Pangajaran; 3 Bab III Métodologi Panalungtikan; 4 Bab IV Ajén Éstétis dina Kasenian Penca Silat Cakar Kumbang Kencana di Kampung Nyingkir Désa Cihideung Kacamatan Parongpong Kabupatén Bandung Barat pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII; 5 Bab V Kacindekan jeung Saran. Tiya Komalasari, 2013 AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu 66

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dina proses panalungtikan kapanggih sababaraha hal, nya éta kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana lain wungkul miboga fungsi hiburan tapi oge, miboga fungsi nu séjén, nya éta fungsi beladiri, olahraga, ajaran karohanian, seni, jeung atikan. Dina mintonkeun kasenian penca silat taya sarat kudu nyadiakeun sasajén sakumaha ilaharna, cukup ku ngahaleuangkeun lagu “Kembang Gadung” saacan pintonan dimimitian. Dina kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana aya unsur seni lianna anu ngarojong kana ieu kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana nya éta seni tariibing koréografi, seni sora, seni musik karawitan waditra, seni busana, jeung seni pakarang. Unsur-unsur nu geus ditataan tadi, peranna sarua penting lantaran lamun unsur dileungitkeun pagelaran kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana moal sampurna lantaran unsur nu hiji jeung nu séjénna silih lengkepan. Dina panalungtikan, kapanggih ajén-ajén nu nyangkaruk dina kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana nya éta: ajén éstétis atawa ajén murni, ajén ékstra éstétis atawa ajén tambahan, ajén intrinsik, ajén ékstrinsik formal, ajén dumasar téori serba intéléktual, ajén éstétis dumasar téori katarsis. Ajén éstétis dina kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana di Kampung Nyingkir Désa Cihideung Kacamatan Parongpong Kabupatén Bandung Barat bisa jadi salasahiji alternatif bahan pangajaran basa Sunda, hususna matéri ngeunaan budaya, nya éta “ Maca Bahasan Kasenian”. Pangajaran di SMA kelas XII, nu disusun tina hasil panalungtikan nu dijudulan “Ajén Éstétis dina Kasenian Penca Silat Cakar Kumbang Kencana di Kampung Nyingkir Désa Cihideung Kacamatan Parongpong Kabupatén Bandung Barat pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII”.

Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 4 31

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN WAYANG LANDUNG DI DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

0 1 7

AJÉN MORAL DINA UPACARA ADAT NGEUYEUK SEUREUH DI DÉSA CIBODAS KACAMATAN LEMBANG: KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

1 6 47

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI.

1 11 23

UNSUR SÉMIOTIK DINA KASENIAN BANGKONG RÉANG DI KAMPUNG CIJAURA DÉSA LEBAKMUNCANG KACAMATAN CIWIDÉY KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA.

0 21 32

ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN PENCA SILAT PANGLIPUR DI KALURAHAN BALÉÉNDAH KACAMATAN BALÉÉNDAH KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN SALAH SAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA BAHASAN KASENIAN DI SMA KELAS XII.

0 15 28

ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN PENCA SILAT PANGLIPUR DI KALURAHAN BALÉÉNDAH KACAMATAN BALÉÉNDAH KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN SALAH SAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA BAHASAN KASENIAN DI SMA KELAS XII.

0 8 22

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 30 33

AJÉN ÉSTÉTIS KASENIAN GEMBYUNG DI KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 24 38

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN GÉSRÉK DI DÉSA GARUMUKTI KACAMATAN PAMULIHAN KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1201939 Title

0 0 4