AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

(1)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII

SKRIPSI

Diajeungkeun pikeun Nyumponan Salah Sahiji Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan

ku

SANDI MASRI PUTRI 0906867

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

2013

(2)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII

Oleh

SANDI MASRI PUTRI

Sebuah Skripsi Yang Diajukan Untuk Memenuhi Salah Satu Syarat Memperoleh Gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahas dan Seni

©Sandi Masri Putri 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

September 2013

Hak Cipta dilindungi oleh undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhnya atau sebagian, Dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

LEMBAR PENGESAHAN SKRIPSI SANDI MASRI PUTRI

NIM 0906867

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII Disaluyuan jeung disahkeun ku

Pangaping I,

Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP 196411101989032002

Pangaping II,

Retty Isnendes, S.Pd., M.Hum. NIP 197212021999032001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

(4)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

(5)

i

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII 1)

SANDI MASRI PUTRI 2) ABSTRAK

Skripsi ini berjudul “Ajén Éstétika dina Kasenian Tradisi Parebut Sééng di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XII”. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan sejarah kesenian tradisi parebut sééng di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug kabupaten Sukabumi, tahapan-tahapan kesenian parebut sééng, transformasi atau perubahan dari kesenian parebut sééng di jaman sekarang, nilai estetika yang terdapat dalam kesenian parebut sééng, dan hasil penelitian dapat digunakan sebagai salah satu bahan pembelajaran membaca bahasan tentang kesenian di SMA kelas XII. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah deskriptif-analitik dengan tehnik telaah pustaka, wawancara, observasi, dan dokumentasi. Instrumen yang digunakan dalam pengumpulan data adalah kamera digital dan pedoman wawancara. Hasil penelitian menunjukan bahwa kesenian tradisi parebut seeng merupakan kesenian yang berhubungan dengan ilmu bela diri pencak silat aliran Cimande dalam acara pernikahan di Kampung Kuta Desa Kutajaya pada tahun 1900-an. Tahapan-tahapan pada kesenian ini adalah adanya percakapan antara kedua jawara silar yang dilanjutkan dengan adu ketangkasan untuk memperebutkan seeng. Seiring berkembangnya jaman, kesenian ini telah melahirkan kesenian baru dalam bidang seni pertunjukan yang berupa tarian dan drama/teater. Nilai estetika dalam kesenian ini terdapat pada properi sééng, gerakan pencak silat, busana, alat musik, dan terdapat unsur keindahan dalam unsur manusia dan alam. Hasil dari penelitian ini bisa dijadikan untuk alternatif bahan pembelajaran membaca bahasan tentang kesenian di SMA kelas XII. Diharapkan penelitian ini bisa memperkaya khasanah kesenian tradisional Sunda dan bermanfaat bagi lembaga, akademisi dan masyarakat umum.

Kata Kunci : Nilai estetika, kesenian parebut seeng, dan bahan alternatif pembelajaran membaca bahasan.

1)

Skripsi dibimbing oleh Dr. Ruhaliah, M.Hum. dan Retty Isnendes, Spd, M.Hum.

2)

(6)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

i

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII 1)

SANDI MASRI PUTRI 2) ABSTRACT

This paper entitled “Ajén Éstétika dina Kasenian Tradisi Parebut Sééng di Désa

Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan pangajaran

Maca Bahasan di SMA Kelas XII”. The aim of this research is to describe about the history of art Parebut Seeng in Sukabumi, Performances of Parebut Seeng art, transformation of Parebut Seeng art in this era, the aesthetics value which containe on Parebut Seeng art, and make it become reading lesson plan in XII class of senior high school about the aesthetics value of Parebut Seeng art which located in Sukabumi. This research use the descriptive-analitycal method and to collect all of informations used literature technique, observation, and interview. Instrument of this research used dygytal camera and interview teks. In the research procces found the informations, that is the Parebut seeng art is the one of traditional arts from Sukabumi. The function of Parebut seeng art in wedding is a performances pencak silat. The parebut seeng art demonstrates a beauty of musical instruments, clothing, movement of pencak silat, and this art using „seeng‟ as the symbol. The benefit of this research is to give the knowlage about the aesthetics value contained in Parebut seeng art, and make it become reading lesson materials in XII class of senior high school.

(7)

x

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vii

DAPTAR TABÉL ... xi

DAPTAR BAGAN ... xii

DAPTAR GAMBAR ... xiii

DAPTAR SINGGETAN ... xiv

DAPTAR LAMPIRAN ... xv

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 5

1.2.1 WatesanMasalah ... 5

1.2.2 RumusanMasalah ... 5

1.3 TujuanPanalungtikan ... 6

1.3.1 Tujuan Umum ... 6

1.3.2 Tujuan Husus ... 6

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.4.1 Mangpaat Téoritis ... 6

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 7

1.5 RaragaTulisan ... 7

BAB II ÉSTÉTIKA, KASENIAN, JEUNG BAHAN PANGAJARAN MACA 2.1 Éstétika ... 8

2.1.1 Wangenan Éstétika ... 8

2.1.2 Ajén Éstétika ... 11

(8)

x

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

2.2 Kesenian ... 14

2.2.1 Kamekaran Kasenian ... 14

2.2.1.1 Kamekaran Kasenian Dumasar Kana Waktu ... 14

2.2.1.2 Kamekaran Kasenian Dumasar Kana Tempat jeung Lokasi .. 15

2.2.2 Hakékat jeung Fungsi Kasenian ... 16

2.2.3 Filsapat Seni ... 18

2.2.4 Ajén Seni ... 20

2.3 Bahan Pangajaran Maca ... 21

2.3.1 Bahan Pangajaran ... 21

2.3.2 Kritéria Milih Bahan Ajar ... 22

2.3.3 Mangpaat Bahan Pangajaran ... 23

2.3.4 Kasang Tukang Pangajaran Basa Sunda ... 23

2.3.5 Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar Pangajaran Basa Sunda di SMA ... 24

2.3.5.1 Wangenan SKKD Basa Sunda ... 24

2.3.5.2 Standar Kompeténsi Lulusan SMA/SMK/MA ... 24

2.3.6 Wangenan Maca ... 25

2.3.6.1 Pangajaran Maca ... 26

2.3.6.2 Kamampuh Maca ... 27

2.3.6.3 Pangajaran Maca Bahasan di SMA ... 28

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data ... 31

3.1.1 Subjék Panalungtikan ... 31

3.1.2 Gambaran Umum Lokasi jeung Sosial Budaya Tempat Panalungtikan ... 32

3.2 Desain Panalungtikan ... 34

3.3 Métode Panalungtikan ... 35

3.4 Wangenan Operasional ... 36

3.5 Instrumént Panalungtikan ... 37

(9)

x

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 39

3.6.2 Téhnik Ngolah Data ... 40

BAB IV AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII 4.1 Sajarah Kasenian Tradisi Parebut Sééng ... 41

4.1.1 Kasang Tukang Kasenian Tradisi Parebut Sééng ... 41

4.1.2 Sasakala Ngaran Kasenian Parebut Sééng ... 44

4.2 Prak-prakan Kasenian Tradisi Parebut Sééng ... 45

4.2.1 Prak-prakan Kasenian Parebut Sééng dumasar kana Kronologis Carita ... 45

4.2.2 Prak-prakan Kasenian Parebut Sééng dumasar kana Jurus Silat 46 4.3 Transpormasi Kasenian Tradisi Parebut Sééng ... 53

4.3.1 Parobahan Kasenian Tradisi Parebut Sééng di Mangsa Kiwari. 53 4.3.2 Seni Pertunjukan Parebut sééng di Mangsa Kiwari ... 55

4.3.2.1 Pagelaran Seni Tari/Ibing Parebut sééng ... 56

4.3.2.2 Pagelaran Seni Téater/Drama Parebut sééng ... 60

4.4 Ajén Éstétika dina Kasenian Tradisi Parebut Sééng di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi dumasar kana Tiori Kant 62

4.4.1 Ajén Éstétis atawa Ajén Murni (Intrinsik) ... 62

4.4.1.1 Ajén Éstétis Wangun ... 63

4.4.1.2 Ajén Éstétis Gerakan ... 64

4.4.1.3 Ajén Éstétis Warna ... 66

4.4.1.4 Ajén Éstétis Sora ... 67

4.4.1.5 Ajén Éstétis anu Murni Ditilik tina Kaharmonisan Sora Kendang jeung Gerakan Penca Silat ... 69

4.4.1.6 Ajén Éstétis Drama ... 69

(10)

x

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

4.4.2.1 Ajén Ékstra Éstétis dina Wangun Manusa ... 71

4.4.2.2 Ajén Ékstra Éstétis dina Wangun Alam ... 75

4.4.3 Ajén Éstétis Intéléktual ... 76

4.4.4 Ajén Éstétis dumasar kana Tiori Katarsis ... 79

4.5 Bahan Pangajaran Maca Bahasan Ngeunaan Kasenian Tradisi Parebut sééng di SMA Kelas XII ... 80

4.5.1 Nyusun Bahan Ajar ... 80

4.5.2 Nyusun Évaluasi tina Bahasan Kasenian Tradisi Parebut Sééng ... 84

4.5.3 Nyusun RPP Maca Bahasan Ngeunaan Kasenian Parebut Sééng ... 88

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 94

5.2 Saran ... 96

DAPTAR PABUKON ... 97

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 100

(11)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Kahirupan manusa di masarakat teu leupas tina kabudayaan anu diwariskeun sacara turun-tinurun ti hiji generasi ka generasi séjénna. Hiji individu kudu bisa nyaluyukeun pola pikir jeung sikepna kana adat-istiadat, sistem norma, sarta aturan-aturan nu dipaké di lingkungan budayana. Éta prosés téh kawilang panjang, lantaran kahirupan manusa téh mangrupa bag-bagan tina sosial budaya anu di jerona boga ajén palsapah nu mangaruhan kana kahirupan sapopoéna.

Koentjaraningrat (1990) nétélakeun yén kecap kabudayaan téh asalna tina basa Sansekerta nya éta “buddhayah”, bentuk jamak tina budi atawa akal, maksudna hal-hal anu patali jeung akal, sedengkeun kecap “budaya” mangrupa kecap kantétan tina budi daya anu ngawengku harti tina hasil cipta, karsa, jeung rasa.

Ditilik tina ulikan antropologi, kabudayaan téh nya éta sakabéh sistem gagasan, paripolah, jeung hasil karya manusa dina kahirupan masarakat nu dijadikeun milik diri manusa ku cara diajar (Koentjaraningrat, 1990:180). Ku kituna, sakabéh paripolah manusa teu leupas tina aturan-aturan nu tangtu, nepi ka jadi ciri atawa idéntitas pikeun dirina.

Dumasar katerangan di luhur, bisa dicindekkeun yén kabudayaan nya éta sakabéh kabiasaan-kabiasaan manusa nu ngawengku ide, gagasan, kapercayaan, pangaweruh, seni, tindakan moral, adat, hukum, karya, jeung sakumna pangabisa manusa tina hasil cipta, karsa, jeung rasa nu aya di hiji masarakat tur dijadikeun milik diri ngaliwatan prosés diajar.

Koentjaraningrat (1990:205) nétélakeun, yén unsur-unsur kabudayaan sacara universal téh kabagi kana tujuh unsur, nya éta; 1) sistem réligi atawa kapercayaan, 2) sistem organisasi kamasarakatan, 3) sistem pangaweruh, 4) sistem basa, 5) sistem kasenian, 6) sistem pakasaban, jeung 7) sistem tehnologi jeung pakakas.

(12)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Tina tujuh unsur kabudayaan sacara universal nu ditétélakeun ku Koentjaraningrat, di antarana nya éta sistem kasenian. Sistem kasenian mangrupa salah sahiji wujud budaya manusa nu patali jeung seni katut kaéndahan. Éksprési prosés kahirupan manusa mangrupa dadasar tina gelarna kasenian, lantaran dina kasenian nyampak salah sahiji éksprési prosés kahirupan pikeun ngartikeun hirup, jeung néangan ngeunaan naon ari éndah, naon ari hadé, jeung naon ari bener (Sutrisno, 1993:6).

Kasenian mangrupa ébréhan kréativitas tina kahirupan manusa, ku kituna kasenian boga sifat dinamis atawa teu tangtu, bisa robah saluyu jeung jaman, dipiara atawa diraksa, népakeun jeung ngamekarkeun pikeun ngagelarkeun deui kasenian anyar di masarakat, bari teu ngaleungitkeun idéntitas asalna.

Djiwapradja (dina Rosidi, 2011:46) ngarumuskeun yén kasenian nasional Indonesia kabagi kana dua bagian, nya éta 1) ayana kasenian-kasenian daérah nu geus jadi bagian tina hirup tur jati diri bangsa, jeung 2) ayana pangaruh kasenian luar nu teu bisa ditolak lantaran salaku mahluk sosial, tangtuna teu jauh jeung lingkungan antar bangsa.

Rupa-rupa kasenian tradisi nu aya di sawatara daérah di Indonésia, méré ciri kana kabeungharan kasenian nasional. Indonésia anu diwangun ku sababaraha sélér bangsa, salah sahijina nya éta Sunda, boga rupa-rupa kasenian tradisi nu tumuwuh di masarakatna, sarta boga kasenian tradisi nu ngawengku kabiasaan masarakatna séwang-séwangan. Sakabéh karakteristik kasenian tradisi nu aya di sabudeureun Indonésia téh mangrupa harga diri bangsa sacara nasional. Ku kituna saupama seni tradisional tumpur, tangtuna bakal ngurangan atawa ngaleungitkeun harga diri bangsa sacara teu langsung.

Jawa Barat beunghar ku kasenian anu jadi ciri has di masing-masing daérahna. Kasenian tradisi ieu geus mekar tur tumuwuh sacara turun-tumurun di masarakatna. Umpamana baé kasenian Kuda Rénggong ti Sumedang, Badawang ti Bandung, Sisingaan atawa Singa Dépok ti Subang, Cianjuran ti Cianjur, jeung Uyeg ti Sukabumi.

Kabupatén Sukabumi euyeub ku rupa-rupa pariwisata jeung kasenian tradisi nu mangrupa warisan ti para karuhun masarakat Sukabumi. Salah sahiji

(13)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

kasenian tradisi anu jadi ciri has di Kabupatén Sukabumi nya éta kasenian Uyeg. Ieu kasenian téh dianggap gambaran masarakat di sabudeureun Kabupatén Sukabumi.

Salian ti Uyeg, di Sukabumi mekar warna-warna kasenian tradisi séjénna, boh anu sifatna umum, boh nu sifatna husus. Kasenian tradisi umum mangrupa warna kasenian nu aya tur tumuwuh di sakuriling tatar Sunda saperti calung, angklung, réog, degung, jaipongan, wayang golék, jeung seni béla diri penca silat. Kasenian tradisi séjénna nu husus, mangrupa kasenian has nu aya di hiji wewengkon nu geus nyebar tur mekar ka wewengkon séjénna, nya éta diantarana kasenian parebut sééng.

Parebut sééng mangrupa warna kasenian has nu mekar di wewengkon Sukabumi, ieu kasenian asalna ti Désa Kutajaya, Kacamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi anu dipikawanoh dina taun 1911-an (wawancara jeung Djuarsa, 2013).

Kasenian parebut sééng téh mangrupa bagian tina runtuyan upacara jatukrami di daérah Sukabumi. Kasenian ieu patali jeung paguron penca silat di daérah Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi. Harita, aya rombongan paguron penca silat ti Cimandé datang ka Désa Kutajaya pikeun ngalamar putra ti pupuhu paguron silat Désa Kutajaya. Niat atawa maksud pikeun ngalamar putra ti pupuhu paguron silat Désa Kutajaya téh teu langsung ditarima kitu waé ku pihak awéwé, lantaran aya sawatara sarat anu kudu dilakukeun saacan éta lamaran téh ditarima. Saratna nya éta wawakil ti pihak lalaki kudu bisa ngarebut sééng ti pihak awéwé. Parebut sééng éta téh dilakukeun ku cara némbongkeun kamampuh silat ti wawakil séwang-séwangan.

Dina poé nu geus ditangtukeun, rombongan ti pihak lalaki (paguron penca silat ti Cimandé) datang ka Désa Kutajaya pikeun ngalaksanakeun sarat nu geus ditangtukeun saméméhna, nya éta ngadu jajatén. Ku kamahéran silat wawakil ti pihak lalaki, sééng téh bisa direbut, anu hasilna éta lamaran téh ditarima ku pihak awéwé (hasil wawancara jeung Djuarsa, 2013).

Ditilik tina katerangan di luhur, bisa dicindekkeun yén awéwé téh mangrupa harta anu kudu dijaga, tur boga ajén luhur dina kahirupan, ku kituna teu sagawayah dipiboga ku batur. Dina hal ieu bisa digambarkeun yén masarakat

(14)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Sukabumi téh méré ajen luhur ka awéwé. Jadi kasenian parebut sééng téh boga ajén anu ngutamakeun kapentingan awéwé salaku pihak anu kudu dijaga jeung diaping.

Kiwari, lantaran parobahan jaman, kasenian tradisi parebut sééng geus ngamekarkeun kasenian tradisi lianna. Parobahan atawa trasformasi dina kasenian tradisi parebut sééng téh nya éta ayana kasenian parebut sééng anu prak-prakanna leuwih nekenkeun kana seni pertunjukan nu mangrupa seni tari jeung seni drama atawa téater.

Seni tari parébut sééng, nyaritakeun ngeunaan hal-hal anu aya patalina jeung kasenian tradisi parebut sééng baheula, nya éta hiji seni pertunjukan dina wangun tarian anu nyaritakeun ngeunaan hiji jajaka anu hayangeun ka hiji wanoja, tapi teu gampang meunangkeun éta wanoja téh, kudu aya usaha nu enya-enya pikeun meunangkeun wanoja nu dipikahayang.

Seni pertunjukan drama/téater mah, nekenkeun kana alur carita atawa sajarah mimiti ayana kasenian tradisi parebut sééng anu diperankeun ku sawatara pamaén. Seni pertunjukan ieu, nyaritakeun sacara gembleng asal mula kasenian tradisi parebut sééng, nepi ka prak-prakanana. Digambarkeun ku sawatara pamaén nu maké kostum, tur dilengkepan ku seting tempat jeung kajadian nu disaruakeun jeung mangsa harita.

Lila-kalilaan ieu kasenian tradisi téh jadi hiji pintonan anu atraktif, tuluy mekar jadi kasenian hiburan. Ieu kasenian téh lain ngan saukur mekar di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi wungkul, tapi geus nyebar ka daérah séjén ku cara ilubiung dina féstival tingkat Jawa Barat jeung nasional.

Ku ayana pagelaran seni tari jeung drama parebut sééng, kiwari kasenian tradisi parebut sééng téh geus méh tumpur. Masarakat leuwih milih lalajo pagelaran seni tari atawa drama lantaran dianggap leuwih ngirut tur efisien boh dina tempat boh dina waktu pagelaranana. Ku kituna sacara teu langsung kasenian tradisi parebut sééngna sorangan kapopohokeun.

Panalungtikan ngeunaan kasenian tradisi parebut sééng, saacanna geus dilakukeun ku Giran Ihlas Munggaran (2008), anu judulna Kontinuitas dan

(15)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Cicurug Kabupatén Sukabumi. Upama ditilik deui, kasenian tradisi parebut sééng

téh boga ajén éstétika (kaéndahan) jeung ajén palsapah anu dipercaya ku masarakatna.

Pikeun ngajembaran ambahan panalungtikan ngeunaan kasenian tradisi parebut sééng, tur dipikawanoh ku masarakat di sabudeureun Sukabumi umumna, jeung generasi muda hususna, sarta dipatalikeun jeung bahan pangajaran di sakola, ieu panalungtikan penting dilakukeun. Hasil panalungtikan ieu, dipiharep bisa jadi salah sahiji bahan ajar nu luyu jeung SKKD maca artikel budaya lokal pikeun siswa SMA kelas XII. Ku kituna, ieu panalungtikan dijudulan “Ajén Èstétika dina Kasenian Tradisi Parebut Sééng di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Maca Kelas XII”.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Pédaran ngeunaan kabudayaan dina widang kasenian di tatar Sunda téh lega pisan ambahanana. Ditilik tina ajén palsapahna ngawengku ajén atikan, ajén sosial, ajén moral, ajén kapercayaan, jeung ajén éstétikana. Sangkan masalah nu ditalungtik jeung dipedar leuwih jéntré tur henteu méngpar tina widang nu ditalungtikna, ieu panalungtikan téh diwatesanan pedaranna ngeunaan ajén éstétika dina kasenian tradisi parebut sééng.

1.2.2 Rumusan Masalah

Masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun saperti ieu di handap. 1) Kumaha sajarah kasenian tradisi parebut sééng di Désa Kutajaya Kecamatan

Cicurug Kabupatén Sukabumi?

2) Kumaha prak-prakan kasenian tradisi parebut sééng di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi?

3) Kumaha transformasi (parobahan) kasenian tradisi parebut sééng dina mangsa kiwari?

4) Ajén éstétika naon waé anu nyampak dina kasenian tradisi parebut sééng di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi?

(16)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

5) Kumaha ngadéskripsikeun bahan pangajaran maca ngeunaan kasenian tradisi parebut sééng di SMA kelas XII ?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum ieu panalungtikan boga tujuan pikeun ngariksa kabudayaan jeung kasenian nu aya di masarakat, hususna dina ngamumulé kasenia tradisi parebut sééng, tur mikanyaho ajén éstétika naon waé nu aya dina kasenian parebut sééng.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun; 1) Sajarah kasenia tradisi parebut sééng di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug

Kabupatén Sukabumi;

2) Prak-prakan kasenian tradisi parebut sééng di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi;

3) Transformasi (parobahan) kasenian tradisi parebut sééng dina mangsa kiwari; 4) Ajén éstétika anu nyampak dina kasenian tradisi parebut sééng di Désa

Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi;

5) Ngadéskripsikeun bahan pangajaran maca ngeunaan kasenian tradisi parebut sééng di SMA kelas XII.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Teoritis

Mangpaat teoritis dina ieu panalungtikan nya éta bisa dijadikeun répérénsi pikeun ngajembaran élmu pangaweruh ngeunaan kasenian Sunda, ngajembaran pangaweruh masarakat, hususna ngeunaan kasenian parebut sééng. Ieu panalungtikan ogé mangrupa invéntaris kabudayaan nu aya di tatar Sunda.

(17)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis ieu panalungtikan bisa dijadikeun répérénsi pikeun mahasiswa, seniman, jeung masarakat pikeun ngajembaran pangaweruh ngeunaan kasundaan, hususna dina widang kasenian. Ieu panalungtikan ogé bisa ngeuyeuban bahan pangajaran basa Sunda di SMA, hususna dina kaparigelan maca artikel pikeun siswa ku cara maca atawa niténan sacara langsung.

1.5 Raraga Tulisan

Skripsi ieu disusun jadi lima bab. Bab ka I mangrupa bubuka nu medar ngeunaan kasang tukang tina panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan boh sacara umum boh sacara husus, mangpaat panalungtikan anu ngawengku mangpaat teoritis jeung mangpaat praktis, sarta raraga tulisan dina ieu skripsi.

Bab II mangrupa bagian tina skripsi anu medar ngeunaan tatapakan teori anu dipaké dina ngalaksanakeun panalungtikan. Hususna medar kajian teori ngeunaan falsapah tina ajén éstétika.

Bab III mangrupa bagian skripsi anu ngébréhkeun ngeunaan métodologi anu digunakeun dina ieu panalungtikan, ti mimiti jenis metodé panalungtikan, prak-prakan dina ngolah data hasil panalungtikanna, sarta sumber data anu digunakeun dina panalungtikan, desain panalungtikan, téhnik panalungtikan, instrumén panalungtikan, sarta wangenan operasionalna.

Bab IV mangrupa bagian tina skripsi anu medar sarta ngadéskripsikeun hasil panalungtikan anu ngawengku prak-prakan panalungtikan, nganalisis data hasil panalungtikan, jeung medar ngeunaan kaévéktipan ajén éstétika dina kasenian parebut sééng.

Bab V mangrupa bagian tina skripsi anu medar ngeunaan kacindekan tina hasil panalungtikan nu geus dilaksanakeun ku panalungtik sarta saran tur harepan panalungtik pikeun kamajuan panalungtikan kahareupna.

(18)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data

Sumber data nya éta subjék ti mana éta data dicangking. Sacara gurat badag, sumber data ngawengku tilu rupa, nya éta jalma, tempat, jeung kertas atawa dokumén (Arikunto, 2010:172).

1) Jalma nya éta sumber data anu bisa méré data mangrupa jawaban lisan (sumber lisan) ngaliwatan wawancara atawa jawaban tinulis tina angkét. 2) Tempat nya éta sumber data nu mangrupa tampilan dina kaayaan cicing

atawa gerak. Tempat di dieu mangrupa tempat pikeun obsérvasi.

3) Kertas atawa dokumén nya éta sumber data nu mangrupa tanda-tanda hurup angka, gambar, atawa simbol-simbol séjén. Dokumén mangrupa objék pikeun métode dokuméntasi.

Luyu jeung pedaran di luhur, sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta data ti seniman atawa jalma-jalma anu aya patalina jeung kasenian parebut sééng, data nu mangrupa naskah pagelaran seni tradisional parebut sééng (data tinulis), jeung ngaliwatan hasil rékaman dina waktuna ngawawancara, tina poto, atawa vidéo pintonan kasenian tradisi parebut sééng. Tempat anu jadi sumber data (lokasi) dina ieu panalungtikan nya éta Désa Kutayaja Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi.

3.1.1 Subjék Panalungtikan

Subjék panalungtikan dina ieu skripsi téh nya éta kasenian parebut sééng di kampung Kuta, Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi. Ku kituna, dina ngumpulkeun data ngeunaan kasenian parebut sééng, panalungtik ngayakeun wawancara ka para seniman nu aya di Kabupatén Sukabumi jeung pihak-pihak anu aya patalina jeung kasenian Parebut sééng. Wawancara dilakukeun ka sababaraha pihak saperti ieu di handap.

(19)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

1) Bapa Adin Sutisman salaku pupuhu grup kasenian parebut sééng jeung pupuhu perkumpulan seni Ronantis di Désa Kutajaya;

2) Bapa Drs. Djuanda salaku eks Kepala Dinas Pariwisata dan Kebudayaan di Kabupatén Sukabumi;

3) Bapa Toto Sugiarto salaku tokoh seni (seniman) jeung guru kasenian di Kabupatén Sukabumi;

4) Bapa Ahmad Djuarsa salaku eks Penilik Kebudayaan di Kecamatan Cicurug, anu kiwari boga pancén salaku Pengawas TK jeung SD di Kecamatan Cicurug; jeung

5) Bapa Yudi Irawan salaku tokoh masarakat jeung wakil pembina grup kasenian parebut sééng jeung perkumpulan seni Ronantis di Désa Kutajaya.

3.1.2 Gambaran Umum Lokasi jeung Sosial Budaya Tempat Panalungtikan 3.1.2.1 Lokasi

Nu jadi lokasi panalungtikan dina ieu skripsi nya éta Kampung Kuta, Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi. Wates kampung Kuta nya éta di béh kalér diwatesanan ku Kabupatén Bogor, béh kidul diwatesanan ku Désa Benda, di béh wétan boga wates jeung Taman Nasional Gunung Halimun Salak (TNGHS), sedengkeun di béh kulon diwatesanan ku Désa Pasawahan. Sacara topografis, kampung Kuta kaasup kana daérah dataran luhur (pegunungan) anu suhu alamna aya dina kaayaan tiis.

Nurutkeun data anu aya di Désa Kutajaya taun 2013, jumlah penduduk Désa Kutajaya téh nya éta 8.932 urang lalaki, jeung 8.351 urang awéwé tina 6.223 KK. Wincikan sacara leuwih jéntré ngeunaan jumlah penduduk dumasar kana klasifikasi umur, bisa katitén dina profil Désa Kutajaya anu aya dina lampiran.

(20)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Gambar 3.1 Peta Désa Kutajaya

3.1.2.2 Warga

Hubungan antar masarakatna kawilang alus dina kahirupan sapopoéna, sarta masarakatna soméah hadé ka sémah. Salian ti éta lamun aya kapapaténan jeung nu gering sok silih bantuan boh tanaga boh matéri. Ieu nandakeun masarakatna hirup kumbuh sauyunan, silih ajénan, antara masarakat hiji jeung lianna. Kitu ogé lamun aya kerja bakti masarakatna sok paheuyeuk-heuyeuk leungeun.

3.1.2.3. Atikan

Kamekaran widang atikan di kampung Kuta geus kawilang alus, lantaran katémbong tina hasil atikan ti mimiti PAUD, TK, SD, SMP/Mts, SMA/MA/SMK, jeung paguron luhur ogé dihontal. Ku kituna di Kampung Kuta, sacara umum masarakatna téh geus wanoh kana huruf (teu buta huruf) jeung bisa ngitung.

3.1.2.4 agama

Agama jeung kapercayaan masarakat Kampung Kuta Désa Kutajaya umumna ngagem agama Islam. Kagiatan-kagiatan rutin kaagamaan anu dilakukeun di Kampung Kuta Désa Kutajaya diantarana nya éta pangajian mingguan ibu-ibu anu sok dilaksanakeun unggal poé salasa, pangajian bapa-bapa

(21)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

unggal poé Kemis (malam jumaah), pangajian rutin barudak laleutik (ba’da asar),

jst.

3.1.2.5 Basa

Basa anu digunakeun ku masarakat Kampung Kuta Désa Kutajaya dina hirup kumbuh sapopoé nya éta lolobana ngagunakeun basa Sunda. Hal ieu anu ngalantarankeun pangajaran muatan lokal nu aya di sakola ngagunakeun basa indung nya éta basa Sunda. Tapi aya ogé sawatara warga (biasana pendatang) anu ngagunakeun basa nasional (basa Indonésia).

3.1.2.6 Pakasaban

Pakasaban masarakat Kampung Kuta Désa Kutajaya di antarana buruh tani anu ngurus sawah atawa kebon batur, patani paré (nu boga sawah), patani sayur (nu boga kebon), anu ngingu ingon-ingon, PNS, buruh pabrik, wiraswasta, karyawan Bank, karyawan toko, buruh pasar, jst.

3.2 Desain Panalungtikan

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

TUJUAN PANALUNGTIKAN Ngadéskripsikeun:

1. Sajarah kasenian parebut sééng di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi.

2. Prak-prakan kasenian parebut sééng.

3. Transformasi (parobahan) kasenian parebut sééng dina mangsa kiwari. 4. Ajén éstétika anu nyampak dina kasenian parebut sééng.

5. Bahan pangajaran maca ngeunaan kasenian parebut sééng di SMA kelas XII.

(22)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan

Unggal panalungtikan tangtuna waé kudu dirojong ku métode-métode anu luyu jeung tujuan nu rék dihontal. Métode nurutkeun Kamus Besar Bahasa

Indonesia (1995:652) “merupakan cara yang teratur dan terpikir baik-baik untuk mencapai maksud, dan cara kerja yang bersistem untuk memudahkan

pelaksanaan suatu kegiatan guna mencapai tujuan yang ditentukan”. Sacara

jembar, métode mangrupa salah sahiji cara pikeun maham kana réalitas, jeung léngkah-léngkah sacara sistematis pikeun nganalisis runtuyan sabab akibat.

Métode panalungtikan nya éta cara anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data dumasar kana tujuan nu hayang dihontal. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif, hal ieu saluyu jeung

pamanggih Moléong (Cahyani, 2009:6) “penelitian yang bermaksud untuk

memahami fenomena tentang apa yang dialami oleh subjek penelitian misalnya

NGAYAKEUN PANALUNGTIKAN DI DÉSA KUTAJAYA JEUNG WAWANCARA KA SENIMAN KASENIAN PAREBUT SÉÉNG

NGANALISIS JEUNG NGADÉSKRIPSIKEUN DATA AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG

NGADÉSKRIPSIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA NGEUNAAN KASENIAN PAREBUT SÉÉNG DI SMA KELAS XII.

(23)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

perilaku, persepsi, motivasi, tindakan, dll”. Dina enas-enasna mah métode panalungtikan déskriptif téh nya éta panalungtikan pikeun ngumpulkeun data sacara déskriptif, teu nyieun ramalan, jeung teu nguji hipotésis. Ieu métode dilakukeun ngaliwatan obsérvasi sacara langsung (survéy) ka lapangan.

Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun sajarah, prak-prakan, transformasi (parobahan), jeung ajén éstétika nu aya dina kasenian parebut sééng di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi.

3.4 Wangenan Operasional

Aya sababaraha istilah anu perlu dijelaskeun nu aya patalina jeung panalungtikan sangkan engkéna henteu nimbulkeun salah tafsir. Judul ieu panalungtikan nya éta Ajén Éstétika dina Kasenian Tradisi Parebut Sééng di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XII. Dina éta judul dipedar ngeunaan wangenan operasionalna.

1) Ajén nya éta nilai atawa harga.

2) Éstétika nya éta cabang tina élmu filsapat nu ngaguar ngeunaan kaéndahan jeung tanggapan manusa kana éta kaéndahan.

3) Kasenian mangrupa salah sahiji bagian tina tujuh unsur budaya universal nya éta basa, sisten pangaweruh, organisasi sosial, sistem téhnologi, sistem pakasaban, jeung sistem kapercayaan.

4) Tradisi nya éta kabiasaan atawa adat-istiadat.

5) Parebut sééng nya éta kasenian anu dilakukeun ku dua urang pesilat lalaki pikeun marebutkeun sééng nu dijadikeun simbol awéwé dina upacara jatukrami di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi. 6) Désa Kutajaya nya éta tempat diayakeunana panalungtikan anu perenahna

di Kacamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi.

7) Pangajaran maca nya éta kagiatan diajar-ngajar di sakola anu ngagunakeun média bacaan.

(24)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

8) SMA (Sekolah Menengah Atas) nya éta lembaga pendidikan formal tingkat menengah anu aya dina naungan Departemen pendidikan dan

kebudayaan (DEPDIKBUD).

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta sakabéh alat atawa cara pikeun ngahontal tujuan panalungtikan saperti kaméra digital jeung pedoman wawancara.

1) Kaméra digital

Kaméra digital digunakeun pikeun ngarékam pintonan parebut sééng jeung dipaké ogé pikeun ngarékam prosés ngumpulkeun data dina téhnik wawancara ka para seniman parebut sééng. Salian ti éta, digunakeun pikeun ngahasilkeun gambar dina prak-prakan magelarkeun parebut sééng. 2) Padoman wawancara

Padoman wawancara digunakeun pikeun patokan nalika ngawawancara para seniman parebut sééng. Dina pedoman wawancara, ayana runtuyan patalékan-patalékan anu patali jeung rumusan masalah dina ieu panalungtikan. Runtuyan patalékan nu kasampak ngan saukur gurat badagna tina patalékan nalika di lapangan, hal ieu dilantarankeun sangkan dina prosés ngawawancara kacipta suasana anu leuwih lugina sangkan ngahiji dina obrolan anu hampang.

Tabél 3.1 Padoman Patalékan dina Wawancara

Indikator No Daptar Patalékan

Sajarah kasenian tradisi parebut sééng di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi

1) Taun sabaraha mimiti ayana kasenian parebut sééng? 2) Di mana mimiti ayana kasenian parebut sééng? 3) Naon kasang tukang ayana kasenian parebut sééng? 4) Ti pihak mana anu méré persaratan parebut sééng? 5) Naha kasenian ieu dingaranan parebut sééng? 6) Naha saratna bet ngagunakeun sééng?

7) Bisa teu sééng diganti ku pakakas séjénna?

(25)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

9) Tiasa teu ieu kasenian dipidangkeun dina acara séjén? 10) Nalika midangkeun kasenian parebut sééng, saupama

sééngna teu karebut ku pihak lawan, naon balukarna? Prak-prakan kasenian

tradisi parebut sééng di Désa Kutajaya

Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi

1) Persiapan naon waé anu kudu dilakukeun saacan kasenian parebut sééng dilaksanakeun?

2) Saacan ieu kasenian lumangsung aya upacara atawa ritual?

3) Persaratan naon waé anu aya pikeun mintonkeun tur magelarkeun kasenian tradisi parebut sééng? 4) Dina midangkeun ieu kasenian sok aya sasajén teu? 5) Raksukan nu kumaha anu digunakeun nalika

midangkeun kasenian parebut sééng?

6) Waditra atawa pakakas naon anu digunakeun nalika midangkeun kasenian parebut sééng?

7) Nalika ngadu jajatén, aya sawatara aturan anu kudu dilaksanakeun ku masing-masing jawara teu? 8) Naon anu nandakeun yén ngadu jajatén dina

midangkeun kasenian tradisi parebut sééng téh geus rék bérés?

9) Kumaha urutan atawa runtuyan dina magelarkeun kasenian parebut sééng?

Transformasi atawa parobahan kasenian tradisi parebut sééng di mangsa kiwari

1) Naha kasenian tradisi parebut sééng téh masih digunakeun ku masarakat sabudeureunna? 2) Naon waé tarékah sangkan kasenian ieu tetep

digunakeun?

3) Naon kasang tukang tina ngamekarkeun kasenian séjénna?

4) Naon waé dampak atawa pangaruh nalika ayana kasenian séjén anu dimekarkeun ku kasenian parebut sééng?

(26)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

5) Naon bédana antara kasenian tradisi parebut sééng nu baheula jeung seni pertunjukan parebut sééng nu kiwari?

Ajén éstétika anu nyampak dina kasenian tradisi parebut sééng

1) Unsur seni naon waé anu aya dina kasenian parebut sééng?

2) Aya katangtuan husus teu dina ngagunakeun unsur musikna?

3) Aya katangtuan husus teu dina tatarias wajah jeung

busana?

4) Aya katangtuan husus teu tina gerak/jurus anu digunakeun?

Ngadéskripsikeun bahan pangajaran maca ngeunaan kasenian parebut sééng di SMA kelas XII

1) Naon waé tarékah sangkan kasenian parebut sééng bisa dipikawanoh hususna ku baruda sakola?

2) Upama dijadikeun bahan pangajaran pikeun barudak sakola cocog teu?

3) Upama dijadikeun bahan pangajaran di sakola, saéna diajukeun pikeun murid SD, SMP atawa SMA?

3.6 Téhnik Panalungtikan

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta téhnik talaah pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi.

1) Téhnik talaah pustaka (sumber tinulis) nya éta téhnik ngumpulkeun data ku cara ngulik jeung nganalisis bahan-bahan tinulis pikeun néangan tur nangtukeun dasar-dasar téoritis anu aya patalina jeung ieu skripsi.

2) Téhnik obsérvasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data ngeunaan kumaha sajarah, prak-prakan, jeung transformasi atawa parobahan dina kasenian tradisi parebut sééng.

3) Téhnik wawancara digunakeun pikeun nyangking data sacara langsung ti para seniman atawa informan anu apal kana kasenian tradisi parebut sééng,

(27)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

pikeun nyangking bahan sacara lisan (sumber lisan) sangkan data-data anu kacangking bener-bener akurat.

4) Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina wangun arsip, vidéo, jeung gambar anu ngadokuméntasikeun naon waé anu ditalungtik ti mimiti nepi ka ahir, jeung kumaha prak-prakan panalungtikan lumangsung.

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Téhnik anu digunakeun pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta analisis data hasil obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Data tina hasil obsérvasi téh dikumpulkeun sarta dipasing-pasing, satuluyna didéskripsikeun, sanggeus kitu diolah pikeun kapentingan panalungtikan dumasar kana pamarekan éstétika. Nu dipaluruh nya éta ngeunaan sajarah kasenian tradisi parebut sééng di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi, prak-prakan kasenian tradisi parebut sééng, transformasi (parobahan) kasenian parebut sééng di mangsa kiwari, anu satuluyna dipedar ajén-ajén éstétika anu aya dina kasenian tradisi parebut sééng, jeung ngadéskripsikeun bahan pangajaran maca bahasan ngeunaan kasenian parebut sééng di SMA kelas XII.

(28)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu skripsi judulna “Ajén Éstétika dina Kasenian Tradisi Parebut Sééng di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XII”. Ieu panalungtikan nyoko kana perkara ajén éstétika dina kasenian tradisi parebut sééng. Dina ieu panalungtikan digunakeun métode déskriptif kalayan téhnik talaah pustaka, obsérvasi, wawancara jeung dokuméntasi. Dina prosés panalungtikan kapanggih sababaraha hal saperti sajarah kasenian tradisi parebut sééng, prak-prakan kasenian tradisi parebut sééng, transpormasi atawa parobahan kasenian parebut sééng dina mangsa kiwari, ajén éstétika anu nyangkaruk dina kasenian tradisi parebut sééng nu aya di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi, jeung ngadéskripsikeun bahan pangajaran maca bahasan ngeunaan kasenian parebut sééng di SMA Kelas XII.

Kasenian parebut sééng dipikawanoh dina taun 1900-an. Ieu kasenian mimiti dipaké di Kampung Kuta Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi. Dina enas-enasna mah ieu kasenian téh raket patalina jeung paguron silat nu aya di Cimandé. Ieu kasenian dingaranan parebut sééng lantaran dina enas-enasna mah, ieu kasenian ngagunakeun sééng anu dianggap simbol awéwé lantaran boga bentuk anu sarua siga cangkéng awéwé. Kitu deui dina prak-prakanana, ieu kasenian téh némbongkeun kamahéran penca silat ti dua urang lalaki anu maké kamprét jeung pangsi warna hideung, dina marebutkeun sééng. Ku kituna dingaranan kasenian parebut sééng.

Ditilik tina prak-prakanana, ieu kasenian dimimitian ku datangna rombongan ti pihak lalaki (bésan), tuluy aya paguneman antara jawara ti pihak lalaki jeung jawara ti pihak awéwé ngeunaan maksud datangna rombongan ti Cimandé ka Kutajaya. Sanggeus paguneman bérés, acara diteruskeun kana prungna ngadu jajatén antara dua urang jawara silat pikeun marebutkeun sééng anu dipirig ku kendang penca.

(29)

Luyu jeung kamajuan jaman, kasenian tradisi parebut sééng geus ngamekarkeun kasenian anyar dina widang seni pagelaran tari jeung seni pagelaran drama parebut sééng. Tujuan dina seni pagelaran ieu nya éta salaku salah sahiji média panglirur lara jeung méré hiburan pikeun masarakat anu bisa dipintonkeun dina acara naon waé tur di mana waé. Dina harti lain ngan saukur bisa dipintonkeun dina acara jatukrami wungkul. Pagelaran seni tari parebut sééng dilakukeun ku sapuluh urang anu kabagi kana lima urang lalaki jeung lima urang awéwé. Dina seni tari parebut sééng busana anu dipaké kawilang leuwih berwarna jeung modéren. Pagelaran seni drama parebut sééng, sacara umum nyaritakeun ngeunaan sajarah nepi ka prak-prakan kasenian parebut sééng sacara gembleng. Sakabéh tokoh anu kalibet dina sajarah kasenian parebut sééng diperankeun ku sababaraha urang anu maké kostum jeung dina seting anu disaruakeun jeung mangsa harita. Waditra anu dipaké dina pagelaran seni tari jeung drama nya éta saperangkat kendang penca jeung gamelan laras saléndro.

Dina prosés panalungtikan kapanggih sababaraha hal, nya éta kasenian tradisi parebut sééng anu aya di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi aya sawatara unsur séni séjénna. Dina hal ieu kapanggih sawatara ajén éstétika saperti ajén éstétika murni (intrinsik), ajén ékstra éstétika (ékstrinsik), ajén éstétika dumasar kana tiori sarwa inteléktual, jeung ajén éstétika dumasar kana tiori katarsis. Éta ajén-inajén téh bakal katitén dina wangun sééng, gerakan penca silatna, waditra anu dipakéna, jeung busana anu digunakeun dina ieu kasenian.

Ajén éstétis dina kasenian tradisi parebut sééng nu aya di désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi bisa jadi salah sahiji alternatif bahan pangajaran basa Sunda hususna matéri ngeunaan budaya jeung kasenian. Hal ieu saluyu jeung SKKD Basa Sunda anu aya di SMA kelas XII nya éta “maca bahasan kasenian”, nu disusun tina hasil panalungtikan nu dijudulan “Ajén Éstétika dina Kasenian Tradisi Parebut Sééng Di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA kelas XII”.

(30)

5.2 Saran

Dumasar kana hasil analisis data jeung kacindekan, aya sawatara rékoméndasi pikeun lajuning laku panalungtikan maca hususna maca bahasan ngeunaan kasenian. Dipiharep ieu hasil panalungtikan ngeuyeuban kana kajembaran kasenian tradisional anu aya di Jawa Barat hususna kasenian tradisi parebut sééng. Sangkan ieu seni teu tumpur, aya sababaraha saran diantarana ditepikeun ka lembaga, murid, mahasiswa, guru, jeung masarakat umum.

1) Lembaga Kabudayaan jeung Pariwisata Kabupatén Sukabumi

Lembaga Kabudayaan jeung Pariwisata Kabupatén Sukabumi dipiharep leuwih ngainvéntarisir budaya jeung seni hususna kasenian tradisional nu aya di sabudeureun Kabupatén Sukabumi.

2) Murid, Mahasiswa, Guru

Ieu panalungtikan téh dipiharep bisa jadi sumber atawa référénsi pikeun murid jeung mahasiswa dina diajar ngeunaan kabudayaan hususna dina widang kasenian. Iwal ti éta, ieu hasil panalungtikan ogé dipiharep bisa jadi salah sahiji bahan pangajaran di sakola.

3) Masarakat Umum

Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi salah sahiji sarana pikeun masarakat umum mikawanoh kana kasenian tradisi parebut sééng minangka salah sahiji kasenian has Sunda. Dipiharep ogé masarakat bisa leuwih mikaresep kana kasenian tradisional saperti kasenian parebut sééng. Iwal ti éta dipiharep masarakat bisa ngamumulé kasenian tradisi parebut sééng nu aya di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi.

(31)

1

DAPTAR PABUKON

Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Yogyakarta: Rineka Cipta.

Bastomi, Suwaji. 1992. Wawasan Seni. Semarang: IKIP Semarang Press.

Cahyani, Deti N. 2009. Unsur Éstétika dina Kasenian Celempungan “Sinta

Grup”anu aya di Désa Cibeusi Kacamatan Ciater Kabupatén Subang.

Skripsi Sarjana dina FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata pelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Bandung:

Dinas pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Ekadjati, Edi.S. 2009. Kebudayaan Sunda Suatu Pendekatan Sejarah. Jakarta: Pustaka Jaya.

---, Edi.S. 2009. Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran. Bandung: Pustaka Jaya

Farida, E. (2009). Ragam Basa Padagang Asongan pikeun bahan Pangajaran

Nyarita di SMP (Studi Kasus Basa Sunda Padagang Asongan dina Damri Tanjungsari Kebon Kalapa). Skripsi Sarjana pada FPBS UPI Bandung:

tidak diterbitkan.

Gazalba, Sidi. 1974. Antropologi Budaya. Jakarta: Bulan Bintang

Hartoko, Dick. 1984. Manusia dan Seni. Yogyakarta: Kanisius.

Herliana, Nina. 2011. Maca Téks Kesenian Badud Dusun Margajaya Désa

Margacinta Kacamatan Cijulang Kabupatén Ciamis pikeun Pangajaran Maca Bahasan di SMA. Skripsi Sarjana dina FPBS UPI Bandung: tidak

(32)

2

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia. 2008. Palanggeran Ejahan Basa Sunda Edisi Revisi. Bandung: Sonagar Press

Kartika, Darsono S. 2007. Estetika. Bandung: Rekayasa Sains.

Kartika, D.S. dan Nanang Ganda Perwira. 2004. Pengantar Estetika. Bandung: Rekayasa Sains

Kayam, Umar. 1981. Seni Tradisi Masarakat. Jakarta: Sinar Harapan

Koentjaraningrat. 1990. Kebudayaan, Mentalitas, dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama

Liang Gie, the. 1976. Garis Besar Estetika (Filsafat Keindahan). Yogyakarta: Penerbit Karya

Ratna, Nyoman Kutha. 2007. Estetika Sastra dan Budaya. Yogyakatta: Pustaka Pelajar

Rohidi, Tjetjep Rohendi. 2001. Kesenian dalam Pendekatan Kebudayaan. Bandung: STISI PRESS.

Rosidi, Ajip. 2009. Manusia Sunda. Bandung: Kiblat

---, Ajip. 2011. Kearifan Lokal. Bandung: Kiblat

Sachari, Agus. 2002. Estetika, Makna, Simbol dan Daya. Bandung: ITB

Sedyawati, Edi. 1981. Pertumbuhan Seni Pertunjukan. Jakarta: Sinar Harapan.

Sedyawati, Edi. 2007. Budaya Indonesia (Kajian Arkeologi, Seni, dan Sejarah). Jakarta: Raja Grafindo Persada

Sudaryat, Yayat., Abud Prawirasumantri. jeung Karna Yudibrata. 2009. Tata Basa

(33)

3

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Sutrisno, Mudji dan Christ Verhaak. 1993. Estetika Filsafat Keindahan. Yogyakarta: Kanisius

Suyatna, Amir. 2002. Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan

Pengajaran Bahasa. Bandung: Departemen Pendidikan Nasional

Universitas Indonesia Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Jurusan Pendidikan Bahasa Indonesia dan Daerah.

Tarigan, Henry Guntur. 2008. Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Percetakan Angkasa

Tamsyah, Budi Rahayu. 2008. Kamus Lengkap Sunda-Indonesia,

Indonesia-Sunda, Sunda-Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI

(1)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu skripsi judulna “Ajén Éstétika dina Kasenian Tradisi Parebut Sééng di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XII”. Ieu panalungtikan nyoko kana perkara ajén éstétika dina kasenian tradisi parebut sééng. Dina ieu panalungtikan digunakeun métode déskriptif kalayan téhnik talaah pustaka, obsérvasi, wawancara jeung dokuméntasi. Dina prosés panalungtikan kapanggih sababaraha hal saperti sajarah kasenian tradisi parebut sééng, prak-prakan kasenian tradisi parebut sééng, transpormasi atawa parobahan kasenian parebut sééng dina mangsa kiwari, ajén éstétika anu nyangkaruk dina kasenian tradisi parebut sééng nu aya di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi, jeung ngadéskripsikeun bahan pangajaran maca bahasan ngeunaan kasenian parebut sééng di SMA Kelas XII.

Kasenian parebut sééng dipikawanoh dina taun 1900-an. Ieu kasenian mimiti dipaké di Kampung Kuta Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi. Dina enas-enasna mah ieu kasenian téh raket patalina jeung paguron silat nu aya di Cimandé. Ieu kasenian dingaranan parebut sééng lantaran dina enas-enasna mah, ieu kasenian ngagunakeun sééng anu dianggap simbol awéwé lantaran boga bentuk anu sarua siga cangkéng awéwé. Kitu deui dina prak-prakanana, ieu kasenian téh némbongkeun kamahéran penca silat ti dua urang lalaki anu maké kamprét jeung pangsi warna hideung, dina marebutkeun sééng. Ku kituna dingaranan kasenian parebut sééng.

Ditilik tina prak-prakanana, ieu kasenian dimimitian ku datangna rombongan ti pihak lalaki (bésan), tuluy aya paguneman antara jawara ti pihak lalaki jeung jawara ti pihak awéwé ngeunaan maksud datangna rombongan ti Cimandé ka Kutajaya. Sanggeus paguneman bérés, acara diteruskeun kana prungna ngadu jajatén antara dua urang jawara silat pikeun marebutkeun sééng anu dipirig ku kendang penca.

(2)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Luyu jeung kamajuan jaman, kasenian tradisi parebut sééng geus ngamekarkeun kasenian anyar dina widang seni pagelaran tari jeung seni pagelaran drama parebut sééng. Tujuan dina seni pagelaran ieu nya éta salaku salah sahiji média panglirur lara jeung méré hiburan pikeun masarakat anu bisa dipintonkeun dina acara naon waé tur di mana waé. Dina harti lain ngan saukur bisa dipintonkeun dina acara jatukrami wungkul. Pagelaran seni tari parebut sééng dilakukeun ku sapuluh urang anu kabagi kana lima urang lalaki jeung lima urang awéwé. Dina seni tari parebut sééng busana anu dipaké kawilang leuwih berwarna jeung modéren. Pagelaran seni drama parebut sééng, sacara umum nyaritakeun ngeunaan sajarah nepi ka prak-prakan kasenian parebut sééng sacara gembleng. Sakabéh tokoh anu kalibet dina sajarah kasenian parebut sééng diperankeun ku sababaraha urang anu maké kostum jeung dina seting anu disaruakeun jeung mangsa harita. Waditra anu dipaké dina pagelaran seni tari jeung drama nya éta saperangkat kendang penca jeung gamelan laras saléndro.

Dina prosés panalungtikan kapanggih sababaraha hal, nya éta kasenian tradisi parebut sééng anu aya di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi aya sawatara unsur séni séjénna. Dina hal ieu kapanggih sawatara ajén éstétika saperti ajén éstétika murni (intrinsik), ajén ékstra éstétika (ékstrinsik), ajén éstétika dumasar kana tiori sarwa inteléktual, jeung ajén éstétika dumasar kana tiori katarsis. Éta ajén-inajén téh bakal katitén dina wangun sééng, gerakan penca silatna, waditra anu dipakéna, jeung busana anu digunakeun dina ieu kasenian.

Ajén éstétis dina kasenian tradisi parebut sééng nu aya di désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi bisa jadi salah sahiji alternatif bahan pangajaran basa Sunda hususna matéri ngeunaan budaya jeung kasenian. Hal ieu saluyu jeung SKKD Basa Sunda anu aya di SMA kelas XII nya éta “maca bahasan kasenian”, nu disusun tina hasil panalungtikan nu dijudulan “Ajén Éstétika dina Kasenian Tradisi Parebut Sééng Di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA kelas XII”.

(3)

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu 5.2 Saran

Dumasar kana hasil analisis data jeung kacindekan, aya sawatara rékoméndasi pikeun lajuning laku panalungtikan maca hususna maca bahasan ngeunaan kasenian. Dipiharep ieu hasil panalungtikan ngeuyeuban kana kajembaran kasenian tradisional anu aya di Jawa Barat hususna kasenian tradisi parebut sééng. Sangkan ieu seni teu tumpur, aya sababaraha saran diantarana ditepikeun ka lembaga, murid, mahasiswa, guru, jeung masarakat umum.

1) Lembaga Kabudayaan jeung Pariwisata Kabupatén Sukabumi

Lembaga Kabudayaan jeung Pariwisata Kabupatén Sukabumi dipiharep leuwih ngainvéntarisir budaya jeung seni hususna kasenian tradisional nu aya di sabudeureun Kabupatén Sukabumi.

2) Murid, Mahasiswa, Guru

Ieu panalungtikan téh dipiharep bisa jadi sumber atawa référénsi pikeun murid jeung mahasiswa dina diajar ngeunaan kabudayaan hususna dina widang kasenian. Iwal ti éta, ieu hasil panalungtikan ogé dipiharep bisa jadi salah sahiji bahan pangajaran di sakola.

3) Masarakat Umum

Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi salah sahiji sarana pikeun masarakat umum mikawanoh kana kasenian tradisi parebut sééng minangka salah sahiji kasenian has Sunda. Dipiharep ogé masarakat bisa leuwih mikaresep kana kasenian tradisional saperti kasenian parebut sééng. Iwal ti éta dipiharep masarakat bisa ngamumulé kasenian tradisi parebut sééng nu aya di Désa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi.

(4)

1

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu DAPTAR PABUKON

Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Yogyakarta: Rineka Cipta.

Bastomi, Suwaji. 1992. Wawasan Seni. Semarang: IKIP Semarang Press.

Cahyani, Deti N. 2009. Unsur Éstétika dina Kasenian Celempungan “Sinta Grup”anu aya di Désa Cibeusi Kacamatan Ciater Kabupatén Subang. Skripsi Sarjana dina FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata pelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Ekadjati, Edi.S. 2009. Kebudayaan Sunda Suatu Pendekatan Sejarah. Jakarta: Pustaka Jaya.

---, Edi.S. 2009. Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran. Bandung: Pustaka Jaya Farida, E. (2009). Ragam Basa Padagang Asongan pikeun bahan Pangajaran

Nyarita di SMP (Studi Kasus Basa Sunda Padagang Asongan dina Damri Tanjungsari Kebon Kalapa). Skripsi Sarjana pada FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Gazalba, Sidi. 1974. Antropologi Budaya. Jakarta: Bulan Bintang Hartoko, Dick. 1984. Manusia dan Seni. Yogyakarta: Kanisius.

Herliana, Nina. 2011. Maca Téks Kesenian Badud Dusun Margajaya Désa Margacinta Kacamatan Cijulang Kabupatén Ciamis pikeun Pangajaran Maca Bahasan di SMA. Skripsi Sarjana dina FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan

(5)

2

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia. 2008. Palanggeran Ejahan Basa Sunda Edisi Revisi. Bandung: Sonagar Press

Kartika, Darsono S. 2007. Estetika. Bandung: Rekayasa Sains.

Kartika, D.S. dan Nanang Ganda Perwira. 2004. Pengantar Estetika. Bandung: Rekayasa Sains

Kayam, Umar. 1981. Seni Tradisi Masarakat. Jakarta: Sinar Harapan

Koentjaraningrat. 1990. Kebudayaan, Mentalitas, dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama

Liang Gie, the. 1976. Garis Besar Estetika (Filsafat Keindahan). Yogyakarta: Penerbit Karya

Ratna, Nyoman Kutha. 2007. Estetika Sastra dan Budaya. Yogyakatta: Pustaka Pelajar

Rohidi, Tjetjep Rohendi. 2001. Kesenian dalam Pendekatan Kebudayaan. Bandung: STISI PRESS.

Rosidi, Ajip. 2009. Manusia Sunda. Bandung: Kiblat ---, Ajip. 2011. Kearifan Lokal. Bandung: Kiblat

Sachari, Agus. 2002. Estetika, Makna, Simbol dan Daya. Bandung: ITB Sedyawati, Edi. 1981. Pertumbuhan Seni Pertunjukan. Jakarta: Sinar Harapan. Sedyawati, Edi. 2007. Budaya Indonesia (Kajian Arkeologi, Seni, dan Sejarah).

Jakarta: Raja Grafindo Persada

Sudaryat, Yayat., Abud Prawirasumantri. jeung Karna Yudibrata. 2009. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya

(6)

3

Sandi Masri Putri, 2013

Ajen Estetika Dina Kasenian Tradisi Parebut Seeng Di Desa Kutajaya Kecamatan Cicurug Kabupaten Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Sutrisno, Mudji dan Christ Verhaak. 1993. Estetika Filsafat Keindahan. Yogyakarta: Kanisius

Suyatna, Amir. 2002. Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan Pengajaran Bahasa. Bandung: Departemen Pendidikan Nasional Universitas Indonesia Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Jurusan Pendidikan Bahasa Indonesia dan Daerah.

Tarigan, Henry Guntur. 2008. Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Percetakan Angkasa

Tamsyah, Budi Rahayu. 2008. Kamus Lengkap Sunda-Indonesia, Indonesia-Sunda, Sunda-Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI