64
Imas Rohilah, 2012 Adegan Kalimah Basa Sunda Dina Tarjamah Quran
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu
panalungtikan lian ku panalungtik séjén anu nuduhkeun yén ieu panalungtikan téh valid tur réaliabel.
3.3 Wangenan Operasional
Sangkan jelas tur aya kasaruaan pandangan ngeunaan istilah-istilah poko anu dipaké dina ieu panalungtikan, perlu diwincik wangenan operasional nya éta
ieu di handap. a. Adegan kalimah nya éta tata susun kalimah katut babagianana. Contona
kalimah “Kuring ngala lauk kamari.” mibanda adegan anu polana jejer, caritaan, udagan, jeung katerangan J+C+U+K.
b. Basa Sunda nya éta basa indung urang Sunda anu diparaké kénéh ku masarakatna boh di tatar Sunda boh di luareun tatar Sunda; dina hal ieu,
basa Sunda dipaké dina tarjamah Quran. c. Tarjamah nya éta hasil prosés mindahkeun basa sumber kana basa sasaran
kalawan ngungkabkeun deui ma’na basa sumber kalawan ngagunakeun adegan basa sasaran.
d. Quran nya éta kitab suci umat agama Islam anu diwahyukeun ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW ngaliwatan Malaikat Jibril.
e. Analisis struktur nyoko kana rucatan fungsi jeung katégori kalimah dina tarjamah Quran saperti J: KFB jeung C: KFG.
Conto 1 Kalimah Salancar: Kuring maca buku. Analisis Struktur: J:KB + C:KG + U:KB
Conto 2 Kalimah Rangkepan: Basa datang, manéhna keur diuk.
65
Imas Rohilah, 2012 Adegan Kalimah Basa Sunda Dina Tarjamah Quran
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu
Analisis struktur: K: Klausa Sélér Waktu + J:KB + C:FG f. Analisis sémantik nyoko kana peran sémantis unsur kalimah salancar
jeung hubungan sémantis antarklausa dina kalimah rangkepan. Conto 1 kalimah salancar: Kuring maca buku.
Analisis sémantik: palaku + kalakuan + pangrandap. Conto 2 kalimah rangkepan: Basa datang, manéhna keur diuk.
Analisis sémantik: hubungan waktu témporal.
3.4 Sumber Data
Sumber data ieu panalungtikan nya éta kitab tarjamah Quran dina basa Sunda. Kaidéntifikasi kitab tarjamah Quran basa Sunda anu kungsi terbit, saperti
dina tabél ieu:
Tabel 3.1 Kitab Tarjamah Quran Basa Sunda anu Kungsi Terbit
No Judul Tarjamah
Panyusun Taun
Terbit
1 2
3 4
1. Qur’an Sundawiyah
Teu kacatur 1927
2.
Tafsir Hibarna
Kol. Isa Edris 1932
3.
Al-Amin, Al-Quran Tarjamah Sunda
K.H. Qamaruddin Shaleh, H.A.A. Dahlan,
jeung Yus Rusamsi 1971
citakan kahiji
4.
Al-Kitabul Mubin
K.H. Mhd. Ramli 1974
66
Imas Rohilah, 2012 Adegan Kalimah Basa Sunda Dina Tarjamah Quran
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu
1 2
3 4
5.
Tafsir Quran basa Sunda
H. Oemar Bakry jeung Bachtiar Surin Tarjamah
ku Sayudi 1991
6.
Nur Hidayah, Saritilawah
Qur’an Basa
Sunda
R.H. Hidayat Suryalaga 1994
7.
Ayat Suci Lenyepaneun
E. Hasim 1984
8.
Al-
Munir, Tarjamah Qur’an
Basa Sunda
Prof.Dr.H.Djawad Dahlan
2005
9.
Al-
Qur’an Miwah Tarjamah
dina Basa Sunda
Proyek Penerbitan Mushaf Qur’an
Sundawy, Pemprov Jawa Barat
2005
Sumber: Usep Romli H.M., 2012
Tina sajumlahing kitab tarjamah anu diwincik di luhur, dicokot hiji kitab tarjamah anu judulna
Al-Amin, Al-Quran Tarjamah Sunda,
susunan K.H. Qamaruddin Shaleh, H.A.A Dahlan, jeung Yus Rusamsi, diterbitkeun ku CV
Diponegoro, Bandung, taun 2003 mangrupa citakan ka-5 pikeun sumber data. Pikeun ngalengkepan déskripsi hasil analisis, dina raraga mikaweruh
ma’na kalimah tarjamah, dipedar tarjamahtafsir kalawan nyumber kana kitab tarjamah
Ayat Suci Lenyepaneun
susunan E. hasin 1984 tur dilengkepan ku tafsir
Fizhilalil Quran
susunan Sayyid Quthb 2001. Nangtukeun éta kitab-kitab téh minangka sumber data dumasar kana
tinimbangan waktu, tanaga, tur waragad Arikunto, 2010: 183.
67
Imas Rohilah, 2012 Adegan Kalimah Basa Sunda Dina Tarjamah Quran
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu
Ieu sumber data kaasup kana sumber data
paper.
Sakumaha ceuk Arikunto, sumber data
paper
téh mangrupa simbol bisa mangrupa kertas atawa
barang anu digunakeun dina métode dokuméntasi 2002: 107. Tina kitab
Al-Amin, Al-Quran Tarjamah Sunda
, kacatet 6316 ayat, anu ngawengku Surat Makiyah sajumlah 4735 ayat, Surat Madaniyah sajumlah 1503
ayat, jeung Surat Makiyah-Madaniyah sajumlah 78 ayat. Éta ayat-ayat téh mangrupa populasi panalungtikan.
Tina populasi panalungtikan, dipilih 100 ayat anu réprésentatif pikeun dijadikeun sampel, kalawan téknik milih sampel sacara purposif, kalawan
tinimbangan, waktu, tanaga, jeung waragad anu kawatesanan, tur éta sampel téh bakal nganteurkeun panalungtik kana tujuan anu geus ditangtukeun, nya éta di
antarana manggihkeun kahasan adegan kalimah tarjamah Quran basa Sunda. Sudjana nyebutkeun, dina sampel purposif, sampel ditangtukeun kalawan
tinimbangan anu tangtu diluyukeun kana tujuan panalungtikan. Can aya rumus anu pasti jeung ditarima sakumna pihak pikeun nangtukeun lobana sampel, sabab
gumantung kana karakteristik jeung lobana populasi, tujuan panalungtikan, alatinstrumén anu digunakeun, sarta faktor teknis séjénna saperti waragad, waktu,
tanaga, jeung lianna 2004: 96. Fraenkel jeung Wallen nyebutkeun, “
Purposive samplesampling is a nonrandom sample selected because prior knowledge
suggests it is representative, or because those selected have needed information
2007: Appendix G- 7”. Sampel purposif nya éta sampel nonrandom anu dipilih
lantaran pangaweruh saméméhna nuduhkeun yén éta téh réprésentatif atawa dipilih lantaran mibanda informasi anu dipikabutuh. Sakumaha nurutkeun
68
Imas Rohilah, 2012 Adegan Kalimah Basa Sunda Dina Tarjamah Quran
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu
Arikunto 2010: 183, sampel purposif atawa sampel anu mibanda tujuan dilaksanakeun lantaran rupa-rupa tinimbangan saperti waktu tanaga, jeung
waragad anu kawatesanan. Wincikan sampel anu dimaksud katitén dina tabél ieu:
Tabél 3.2 Sampel
No. Ngaran jeung
Nomer Surat Ayat nu
Dianalisis Jumlah
Ayat Katerangan
1. An-Nisaa 4
1-50 50
Surat Madaniyah 2.
Al-Isnyiqaq 84 1-25
25 Surat Makiyah
3. Al-Aadiyat 100
1-11 11
Surat Makiyah 4.
Al-Humazah 104 1-9
9 Surat Makiyah
5. Al-Fiil 105
1-5 5
Surat Makiyah Jumlah
100
3.5 Téknik Ngumpulkeun Data