S BD 1101889 Chapter3

BAB III
METODEU PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan
Desain panalungtikan mangrupa prosés anu dirancang pikeun ngajawab atawa
ngajéntrékeun masalah-masalah panalungtikan. Desain panalungtikan aya tilu
rupa, nyaéta (1) one shot case study, (2) prestest and pos test, jeung (3) static
group comparison (Arikunto, 2010, kc. 123)
Desain anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta desain pretest jeung
postést. Dimana dina ieu desain dilakukeun dua kali observasi nyaéta saméméh
jeung sabada ékspérimén anu ditujukeun kahiji kelompok, euweuh kelompok
pangbanding séjénna.
Observasi saméméh ékspérimén mangrupa pretést (O1) ari observasi sabada
ékspérimén mangrupa postést (O2).
Tabel 3.1
Desain Panalungtikan
Pretest

Perlakuan

Postest


O1

X

O2
(Arikunto, 2010, kc. 124)

Katerangan:
O1 = Pretest (hasil observasi saméméh perlakuan)
X = Perlakuan, ngagunakeun modél pangajaran Group Investigation
O2 = Postest (hasil observasi sabada perlakuan)

3.2 Sumber Data Panalungtikan
Sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta data hasil tés saméméh jeung
sabada dilarapkeunna modél pangajaran Group Investigation dina matéri
pangajaran nulis ringkesan warta siswa kelas VIII D SMP Negeri 5 Bandung Taun
Ajaran 2014/2015.

32

Nisa Dwi Nuranti, 2015
MODÉL PANGAJARAN GROUP INVESTIGATION PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS
RINGKESAN WARTA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

33

Datana nyaéta hasil karangan nulis ringkesan warta siswa kelas VIII-D SMP
Negeri 5 Bandung Taun Ajaran 2014/2015.
3.3 Instrumén Panalungtikan
Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta tés tinulis. Tés di
dieu nyaéta mangrupa tés nulis ringkesan warta. Sakabéh kagiatan panalungtikan
hususna dina tés tinulis geus ditangtukeun saméméhna ngagunakeun léngkahléngkah

modél Group Investigation jeung sanggeus ngalarapkeun léngkah-

léngkah modél Group Investigation.
Dumasar kana téknis ngalaksanakeunna, ieu panalungtikan ngagunakeun
observasi langsung, nyaéta observasi anu dilakukeun sacara langsung kana objek
nu ditalungtik. Siswa dibéré téks warta nu aya dina majalah. Dina ieu tés aya dua

léngkah, léngkah kahiji nyaéta siswa dititah maca

eusi téks warta nu geus

disadiakeun saluyu jeung waktu nu geus ditangtukeun nyaéta 10 menit. Léngkah
nu kadua nyaéta siswa dititah ngaringkes téks warta luyu jeung informasi nu geus
ditarima tina léngkah kahiji nyaéta maca eusi téks.
Ieu di handap aya conto téks warta nu dibikeun ka siswa saméméh jeung
sabada ngagunakeun modél pangajaran group investigation.

Nisa Dwi Nuranti, 2015
MODÉL PANGAJARAN GROUP INVESTIGATION PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS
RINGKESAN WARTA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

34

Gambar 3.1
Téks Warta pikeun Soal Tés Awal (pre-test)


Gambar 3.2
Téks Warta pikeun Soal Tés Ahir (pos-test)
Tabél 3.2
Kisi-kisi Soal
Kompetensi anu diuji:

Nisa Dwi Nuranti, 2015
MODÉL PANGAJARAN GROUP INVESTIGATION PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS
RINGKESAN WARTA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

35

Menanggapi, meringkas, dan menyajikan téks warta sesuai dengan kaidahkaidahnya
Indikator hasil diajar anu kudu dihontal:
Siswa kudu mampuh “menanggapi, meringkas dan menyajikan téks warta sesuai
dengan kaidah- kaidahnya.
Jumlah soal : 1
Peunteun


: 100 ( jumlah tina skor tiap aspék nu dipeunteunna)

Soal

: pék baca ieu téks warta, tur ringkes eusina.

Konci Jawaban
Aspék-aspék nu dipeunteun dina ieu panalungtikan ngagunakeun aspék-aspék
nu diébréhkeun ku Rahman, yén aspék nu dipeunteun dina tulisan ngawengku:
1. Aspék eusi (quality and scope of content)
2. Aspék organisasi eusi (organization & presentasion of content)
3. Aspék kosa kecap
4. Aspék adegan basa (gramatical features)
5. Aspék éjahan (spelling conventions)
6. Aspék karapihan (handwritting & neatness)
Skala skorna diébréhkeun dina ieu tabél di handap.
Tabél 3.3
Skala Skor Aspék nu Dipeunteun dina Nulis Ringkesan Warta
No
1


2

3

Aspék nu Dipeunteun
Eusi Ringkesan Warta
(luyu henteuna eusi warta
jeung eusi hasil ringkesan
warta +
kalengkapan 5W+1H)
Organisasi eusi
(nyambung henteuna tina
hiji kalimah ka kalimah nu
lianna, tina hiji paragrap ka
paragrap nu lianna)
Kosa Kecap (diksi)
(kecap nu digunakeun
ngandung harti anu
ngéntép sureuh atawa

henteu)

Skala Skor
27 – 30
23 – 26
20 – 22
15 – 19
10 – 14
23 – 25
19 – 22
15 – 18
12 – 14
11 – 9
18 – 20
15 – 17
11 – 14
8 – 10
5–7

Krireria

Hadé Pisan
Hadé
Sedeng
Goréng
Goréng Pisan
Hadé Pisan
Hadé
Sedeng
Goréng
Goréng Pisan
Hadé Pisan
Hadé
Sedeng
Goréng
Goréng Pisan

Skor
Maksimal
30


25

20

Nisa Dwi Nuranti, 2015
MODÉL PANGAJARAN GROUP INVESTIGATION PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS
RINGKESAN WARTA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

36

4

5

6

13 – 15
10 – 12
7–9

4–6
1–3
Éjahan
5
(aturan nulis dina tanda
4
baca, ngagunakeun hurup
3
vokal e, eu, jeung é)
2
1
Karapihan tulisan
5
(kajelasan/kabaca atwa
4
henteuna tulisan, bentuk
3
hurup)
2
1

Jumlah Skor Total
Adegan basa
( konstruksi kalimah anu
luyu jeung kaédah
katatabasaan)

Hadé Pisan
Hadé
Sedeng
Goréng
Goréng Pisan
Hadé Pisan
Hadé
Sedeng
Goréng
Goréng Pisan
Hadé Pisan
Hadé
Sedeng
Goréng
Goréng Pisan

15

5

5
100

3.4 Prosédur Panalungtikan
Nurutkeun Jonker & Pennink dina Suharsaputra (2012, kc. 54) prosedur atawa
léngkah anu digunakeun dina ieu panalungtikan dimimitian ku nangtukeun jeung
milih masalah. Masalah anu jadi kasang tukang dina ieu panalungtikan nyaéta
siswa nyanghareupan bangbaluh dina nulis hususna nulis ringkesan warta. Masih
kénéh loba siswa nu ngarasa can mampuh lantaran can ngawasa kandaga kecapkecap basa Sunda nu diébréhkeun dina warta wangun lisan atawa tulisan, antukna
siswa hésé nyangkem nepi ka ngalarapkeun dina wangun kalimah.
Sabada nangtukeun masalah, léngkah nu satuluyna nyaéta nangtukeun tujuan
nu rék dihontal jeung pertanyaan panalungtikan. Dina ieu panlungtikan tujuan
jeung ngajieun pertanyaan tina ieu panalungtikan nu dijabarkeun dina tujuan
jeung rumusan masalah nu aya dina Bab I. Léngkah nu katilu nyaéta nyungsi tiori
anu luyu jeung masalah panalungtikan, nu dijabarkeun dina Bab II. Léngkah nu
ka opat nyaéta mekarkeun modél

konseptual, léngkah

nu ka lima nyaéta

nangtukeun rarancang panalungtikan, nu ka genep nyaéta ngumpulkeun jeung
ngolah data, léngkah nu ka tujuh nyaéta nafsirkeun dipungkas ku ngalaporkeun.
Salian ti dalapan léngkah nu geus ditétélakeun di luhur, ieu panalungtikan
miboga hipotesis nya éta: Modél Group Investigation nembongkeun aya béda nu
signifikan pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis warta siswa kelas VIII-D SMP
Negeri 5 Bandung Taun Ajaran 2014/2015
Nisa Dwi Nuranti, 2015
MODÉL PANGAJARAN GROUP INVESTIGATION PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS
RINGKESAN WARTA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

37

3.5 Analisis Data
Analisis data dina ieu panalungtikan dibagi jadi dua léngkah, nyaéta téhnik
ngumpulkeun data jeung téhnik nganalisis data.

3.5.1 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik tés. Tés ieu
ngawengku pretest jeung postést. Pretést miboga tujuan pikeun ngukur
kamampuh siswa dina nulis ringkesan warta saméméh ngagunakeun modél
pangajaran Group Investigation. Ari postest mah tujuanna pikeun ngukur
kamampuh siswa dina nulis ringkesan warta sabada ngagunakeun modél
pangajaran Group Investigation. Lian ti éta postest ogé miboga tujuan pikeun
mikanyaho hasil antara saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran
Group Investigation, naha aya béda anu signifikan atawa henteu.

3.5.2 Téhnik Nganalis Data
Téhnik nganalisis data dilakukeun sabada data anu diperlukeun geus
dikumpulkeun. Kagiatan nganalisis data ngawengku sababaraha kagiatan saperti
ieu di handap.
1. Mariksa hasil karangan siswa tina saméméh jeung sabada ngagunakeun
modél pangajaran Group Investigation.
2. Méré peunteun nu dilaksanakeun ku 2 urang, nyaéta ku panalungtik jeung
nu dianggap mampuh meunteun kana hasil karangan siswa tina saméméh
jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran Group Investigation.
3. Ngasupkeun data saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran
Group Investigation kana tabél ieu di handap
Tabél 3.4
Tabél Peunteun Saméméh jeung Sabada ngagunakeun modél pangajaran Group
Investigation

Nisa Dwi Nuranti, 2015
MODÉL PANGAJARAN GROUP INVESTIGATION PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS
RINGKESAN WARTA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

38

Aspék
No

(1)

A

B

C

D

E

(2)

(3)

(4)

(5)

(6)



P

Kritéria

(7)

(8)

(9)

1
2


Katerangan:
A = Pilihan kecap
B = Éjahan
C = Kalengkepan eusi (luyu henteuna eusi warta jeung eusi hasil ringkesan warta,
5W+1H)
D = Kaobjektifan eusi
E = Karapihan Tulisan
P = Peunteun (tina hasil jumlah skor nu dipeunteun)
4. Data tuluy dianalisis pikeun nguji hipotésis, carana saperti ieu di handap.
(1) Uji Normalitas Data
(a) Nangtukeun peunteun siswa anu panggedéna jeung pangleutikna.
(b) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus di handap.
r = peunteun panggedéna – peunteun pangleutikna
(c) Nangtukeun jumlah kelas (k).
k= 1+3,3 log n
(d) Nangtukeun panjang kelas (p).

p=

Nisa Dwi Nuranti, 2015
MODÉL PANGAJARAN GROUP INVESTIGATION PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS
RINGKESAN WARTA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

39

(e) Nyieun

tabél

frékuénsi

peunteun

saméméh

jeung

sabada

ngagunakeun modél pangajaran Group Investigation kalayan
ngagunakeun tabél ieu di handap.
Tabél 3.5
Tabél Frékuénsi Peunteun Tés Awal jeung Tés Ahir
No
Kelas Interval
f1
x1
x12
f1x1

f1x12

1
2

(f) Ngitung mean (rata-rata) peunteun saméméh jeung sabada
ngagunakeun modél pangajaran Group Investigation kalayan
ngagunakeun rumus ieu di handap.

�̅ =

Katerangan :

Σ ���
Σ �

̅ = rata-rata (mean)


Σ = jumlah (sigma)
fi = jumlah data

xi = nilai tengah
(Sudjana, 2005, kc. 67)
(g) Ngitung standar déviasi (sd) kalayan ngagunakeun rumus ieu di
handap.

sd = √

�Σ � � − Σ � �
� �−

Katerangan :
Sd

= standar déviasi

Σfx2 = jumlah frekuensi nilai
Σfx 2 = jumlah frekuensi nilai x kuadrat

Nisa Dwi Nuranti, 2015
MODÉL PANGAJARAN GROUP INVESTIGATION PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS
RINGKESAN WARTA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

40

n

= jumlah subjék panalungtikan
(Sudjana, 2005, kc. 94-95)

(h) Ngitung frékuensi observasi jeung frékuénsi ékspéktasi (perkiraan).
a) Nyieun tabél frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspéktasi.

Kelas
Interval

Oi

Tabél 3.6
Tabél Frékuénsi Observasi jeung Ékspéktasi
BK
Zitung
Ztabel
Handap

Luhur

Handap

Luhur

Handap

Luhur

L

Ei

b) Nangtukeun Oi (frékuénsi observasi).
c) Nangtukeun batas kelas (bk).
d) Ngitung

Z=



− ̅



(transformasi normal standar bébas kelas).

e) Nangtukeun
f) Ngitung legana unggal kelas interval (L).
g) Ngitung frékuensi ékspéktasi (Ei).
Ei = n x L

Nisa Dwi Nuranti, 2015
MODÉL PANGAJARAN GROUP INVESTIGATION PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS
RINGKESAN WARTA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

�� − � 2


41

h) Nangtukeun nilai � (Chi Kuadrat)
��−Ei

� =Σ

��

(Sudjana, 2005, kc. 273)
i) Nangtukeun derajat kebébasan (dk).
dk = k-3
j) Nangtukeun harga �

k) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria ieu di handap.
(1) �2 �



< �2



(2) �2 �



> �2



normal,

teu normal.

, hartina data atawa populasi distribusina

, hartina data atawa populasi distribusina

(2) Uji Homogénitas Peunteun Pretest jeung Postést
(a) Ngitung variasi �2 unggal kelompok.

� =

Variasi Saméméh

� =

Variasi Sabada

�Σ � � − Σ � �
� �−

�Σ � � − Σ � �
� �−

(b) Ngitung harga variasi (Fitung).
F=





� �

� �

�ℎ

�ℎ

é


(c) Ngitung derajat kabébasan (dk).
dk = n - 1
(d) Nangtukeun harga

é

Nisa Dwi Nuranti, 2015
MODÉL PANGAJARAN GROUP INVESTIGATION PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS
RINGKESAN WARTA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

42

(e) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu di
handap.
a) Lamun
b) Lamun

<

� �

>

� �

é�

, hartina variasi sampel homogén.

é�

, hartina variasi sampel teu homogén.

1) Uji Gain
Uji gain miboga tujuan pikeun nangtukeun bédana antara hasil tés
awal (pretest) jeung tés ahir (postést), anu ahirna bakal meunangkeun gambaran
ngeunaan pangaruh digunakeunna modél pangajaran Group Investigation dina
nulis nulis ringkesan warta siswa kelas VIII D SMP Negeri 5 Bandung. Pikeun
nguji gain digunakeun tabél ieu di handap.

Tabél 3.7
Tabél Uji Gain Siswa
No

No.

Nilai Tés Awal

Nilai Tés Ahir

d

d2

Réspondén

2) Uji Hipotésis
(1) Ngitung rata-rata (méan) tina béda antara peunteun pretest jeung
postest.

Md =

Σ


(2) Ngitung derajat kabébasan (dk).
dk = n-1
(3) Ngitung jumlah kuadrat déviasi.

Σ�



-

Σ

Nisa Dwi Nuranti, 2015

MODÉL PANGAJARAN GROUP INVESTIGATION PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS
RINGKESAN WARTA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

43

(4) Ngitung titung.

t=





Σ� �
� �−

Katerangan :
t

= tés signifikasi

Md

= rata-rata tina béda antara peunteun saméméh jeung sabada
ngagunakeun modél pangajaran Group Investigation

Σ�

= jumlah kuadrat déviasi

n

= jumlah subjek dina sampel

(5) Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria ieu
di handap.
(a) Lamun

� �

pangajaran

>

é� ,

hartina hipotésis ditarima. Jadi, modél
mampuh

ngaronjatkeun

kamampuh nulis ringkesan warta siswa kelas

VIII D SMP

Group

Investigation

Negeri 5 Bandung.
(b) Lamun

� �

<

é� ,

hartina hipotésis teu ditarima. Jadi, modél

pangajaran Group Investigation henteu mampuh ngaronjatkeun
kamampuh nulis ringkesan warta siswa kelas

VIII D SMP

Negeri 5 Bandung.

Nisa Dwi Nuranti, 2015
MODÉL PANGAJARAN GROUP INVESTIGATION PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS
RINGKESAN WARTA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu