Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda. docx

kumpulan dongeng bahasa sunda

A. Dongeng Mite
Ratu Inten Déwata
Seueur nu nganggap yén carios Ratu Inten Déwata téh mung saukur
dongéngan legénda wungkul, margi taya buktos nu pasti atanapi data
émpiris nu leres-leres tiasa dipercanten. Sanaos kitu, carios Ratu Inten
Déwata masih tetep ngarupikeun dongéng karuhun nu masih dipercanten
ayana, utamina ku masarakat Tarogong, Garut, salaku carita sasakala
karuhun
karajaan
Timbanganten.
Taun 50-an pribados kantos ngahaja ngadongkapan ka sababaraha situs
nu dianggap patilasan karajaan Timbanganten. Di antawisna lokasi
Korobokan, Cipanas, sareng Gunung Putri. Hanjakalna, maksad ngajugjug
ka puncak gunung Guntur mah teu laksana, jalaran kaayaan kaamanan
waktos
harita
pikarisieun,
ku
mahabuna

gorombolan.
Waktos ngajugjug ka lokasi Korobokan teu tebih ti kacamatan Tarogong
kiwari, taun 50-an mah masih kénéh aya seueur gundukan batu. Katingal
pabalatakna gundukan babatuan, sapertos patilasan bangunan lami.
Sabudeureunnana seueur kakaian sarupaning tatangkalan arageung,
pacampur jeung eurih. Oge aya sababaraha kuburan lami nu teu kapiara,
pating solengkrah. Éta lokasi téh aya dina pasir luhur bukit alit. Leumpang
ka
punclutna
téh
asa
capé
da
nanjak.
Cenah di éta lokasi téh aya dugaan patilasan karajaan Timbanganten.
Nanging upami urang kadinya waktos ayeuna tahun 2008 mah, eta situs
teh tos moal katingal deui. Nu aya mah seueur bangunan enggal
diantawisna bangunan sakola sareng bumi-bumi mani pasedek-sedek. Teu
kapendak deui gundukan-gundukan batu nu kapungkur kungsi diduga
patilasan

karajaan
Timbanganten.
Di puncak gunung Putri, mun urang nyawang ka palih wetan sareng kidul,
plung plong pikawaaseun. Palih wetan, dihandap teu tebih, katingal atra
pamandian Cipanas, rada tebihan wetaneunana muncunguk kacamatan
Tarogong. Palih kidul rada tebih, nanging eces katingal bumi-bumi,
bangunan, sareng masjid Agung Garut. Pantes, sareng kasawang ieu
tempat teh taya sanes dalah situs patilasan kanjeng Ratu Inten Dewata nu
kantos
ngababakan
di
ieu
tempat.
Karajaan Timbanganten teh sakawitna puseur dayeuhna teh di Korobokan,
lajeng ngalih ka Tarogong saparantosna gunung Guntur bitu. Karajaan
Timbanganten kalebet nagara madeg mandiri, hartina teu kaereh/kajajah
ku nagara deungeun. Tanahna subur makmur gemah ripah lohjinawi,
murah sandang murah pangan, rea ketan rea keton. Sepi paling towong
rampog teh lain ukur ngan babasan. Rajana katelah Rangga Lawe, hiji raja
nu adil palamarta, gede wibawa tur dipikacinta ku rahayatna.


Saleresna nu kedah nyekel kadali pamarentahan teh sanes Rangga Lawe,
nanging rakana nu kasebat Ratna Inten Dewata. Hiji istri geulis
camperenik, salirana jangkung alit, kulitna koneng. Rambutna hideung
meles galing muntang bawana ngajadi. Tapi anjeunna teu hoyongeun
nyepeng karajaan, kalah dipasrahkeun ka raina Rangga Lawe, hiji jajaka
nu dedeg sampe rupa hade rancingeus, pertentang tur parigel.
Ceuk sakaol, sateucanna Rangga Lawe jeneng raja, nu nyepeng karajaan
Timbanganten teh ramana suargi nu jenengan Rangga Raksa Nagara. Ti
parameswari Dewi Gandani anjeunna kagungan dua putra. Nu cikal
jenengannana Ratna Inten Dewata, ari raina mah Rangga Lawe.
Sawaktos raja sepuh bade ngantunkeun alias tilar dunya, kantos
mantenna masihan bewara dina hiji riungan rehna mantenna bade
masrahkeun karajaan Timbanganten ka putrana nu cikal nyeta Ratna
Inten Dewata, margi kitu aturan buhun karuhunna. Nanging kalayan
lantip,
Ratna
Inten
Dewata
ngawaler:

“Abdi parantos kedal ucap, seja ngalaksanakeun kereteg hate, upami
diparengkeun abdi panjang umur, Ama sareng Ibu parantos teu aya, abdi
hoyong nyirnakeun pikir, ngahenang-ngahening nyorangan ngababakan.
Cindekna teu hoyong kadali pamarentahan. Kukituna, sanes nampik
pangasih Ama, bawiraos sae pasihkeun bae ieu karajaan teh ka pun adi
Rangga Lawe. Kalintang pantesna upami pun adi jadi raja, hiji jajaka
pertentang, gede wawanen, perceka dina sagala rupa hal. Tah, ku kituna
ka rayi Lawe, prak geura tampa amanat jeung kaasih ti Ama jeung ti
lanceuk.
Geura
cekel
ieu
karajaan
Timbanganten”.
Heuleut sababaraha waktos, lajeng Ratna Inten Dewata angkat ka gunung
Kutu nu kiwari disebat gunung Guntur, disarengan ku Ki Rambut Putih, nu
bumela ngaping ngajaring sang putri. Mangtaun-taun marantenna
ngababakan di hiji tempat nu katelah Babakan Putri. Tempat nu kalintang
pikabetaheun. Hawana seger. Komo mun pareng kekembangan
nyambuang sarareungit. Manuk-manuk recet disarada. Ngerelekna sora

pancuran nu ngocor kana empang matak betah tumaninah.
Hiji mangsa karajaan Timbanganten mayunan cocobi nu kalintang
ageungna. Nyeta halodo panjang, dugi ka masyarakat karajaan
Timbanganten tigerat kakirangan cai. Aya usulan ti para gegeden karajaan
supados ngadamel bendungan cai, sumber caina nyandak atanapi
ngabedol babakan Putri nu waktos harita ngarupikeun padepokan Ratna
Inten
Dewata.
Kalayan teu ngemutkeun kumaha mamanahan sareng pamadegan
ingkang raka, Rangga Lawe nyaluyuan pikeun ngabongkar babakan Putri,
nu caina engke baris dikocorkeun ka bendungan karajaan Timbanganten.
Tempat anu dipikabetah ku Ratna Inten Dewata teh lajeng dibukbak, teras
didamel tambak, teu tata pasini heula kanu kagunganana.
Ratna Inten Dewata kalintang benduna. Dadak dumadak langit angkeub
nutup buana Timbanganten jeung sabuderna. Kawitna mah rahayat

Timbanganten suka bungah. Angot Rangga Lawe mah, dikintenna hujan
bakal turun, katurug
turug tambak cai tos bade rengse.
Tapi kasuka jeung kabungah harita keneh sirna, sabab ngadak-ngadak

taneuh oyag. Gunung Guntur bangun nu ngaguruh. Lini gede mimiti
karasa. Taneuh inggeung. Gelap pating burinyay. Bumi genjlong asa
digunjang ganjing. Gunung Guntur ngabudalkeun batu pating saliwer.
Langit asa tungkeb. Pating jelegurna sora gelap dina ponclot gunung
Guntur beuki motah. Tatangkalan pating dorokdok raruntuh, pareunggas
katebak
angin
tarik
naker.
Geus kitu mah kakara rahayat Timbanganten ngarasa gimir. Bur-ber ka
ditu kadieu. Pating jarerit, pating koceak. Rangga Lawe kakara sadar, yen
eta kajadian kitu teh mangrupa bebendon ti dewa, dumeh geus
wangkelang bedegong ka nu jadi lanceuk. Cul anak pamajikan, Rangga
Lawe seja milarian Ratna Inten Dewata, rek mundut dihapunten.
Mantenna moal sugema, upama teu amprok heula jeung nu jadi lanceuk.
Kersaning Hyang Widi, Rangga Lawe tepang jeung Ratna Inten Dewata.
Kudupruk bae anjeunna nyuuh kana dampal sampean Ratna Inten
Dewata, sabari nyarios dumareuda: ”Duh, Mbok, hapunten jisim kuring
rumaos lepat. Ieu teh bebendon Hyang Widi ka jisim kuring, nu bedang
wangkelang

ka
salira
Mbok”.
Satutasna Ratna Inten Dewata ngahampura kana kalepatan Rangga Lawe,
ngadak-ngadak lini teh eureun. Gunung Guntur teu ngutahkeun deui
leutak panas. Batu gede, batu leutik geus taya nu pating belewer deui.
Langit ngadak-ngadak lenglang, angin leler. Ciri Dewata nyakseni kana
kabersihan
hate
Ratna
Inten
Dewata.
Ceuk sakaol, Ratna Inten Dewata sareng Ki Rambut Putih lajeng arangkat
ka palih wetan nu dituju nyeta gunung Talagabodas ayeuna, duanana
maksad neraskeun ngasakeun tatapana. Sarta didinya pisan marantenna
tarilem.
Ari Rangga Lawe mah, angkat ka hiji tempat nu seueur kokocoran cai.
Rangga Lawe nya ngababakan deui. Lila-lila eta babakan teh beuki rame
batan Korobokan kapungkur. Nepi ka kiwari babakan enggal teh katelah
Tarogong. Korobokan nu kapungkur kantos janten pusat dayeuh

Timbanganten, janten leuweung da teu dipirosea deui.Tapi ari ngaranna
mah
masih
keneh
tug
nepi
ka
ayeuna.
Mitutur catur kapungkur, Rangga Lawe nu dijenengkeun raja deui ku
rahayat Tarogong, sabada bumen-bumen di dinya, tilem teu ngantunkeun
tapak. Cipanas ayeuna jadi pamungpungan ti mana mendi, mangrupa
wewengkon pariwisata. Boh keur sukan-sukan, atawa ngadon tatamba
pangpangna caina matih pikeun nu katarajang kasakit kulit. Nya kitu deui
Tarogong ayeuna leuwih rame batan kampung Korobokan. Padahal
samemehna mah Korobokan teh puseur dayeuh karajaan Timbanganten.

Tapi ayeuna mah ukur ngaran kampung. Tarogong mah beuki lila beuki
rame. Garut katelah jadi Kota Inten.

B. Dongeng sasakala

Asal Usul Gunung Tangkuban Perahu
Di Jawa Barat tepatnya di Kabupaten Bandung terdapat sebuah tempat
rekreasi yang sangat indah yaitu Gunung Tangkuban Perahu. Tangkuban
Perahu artinya adalah perahu yang terbalik. Diberi nama seperti karena
bentuknya memang menyerupai perahu yang terbalik. Konon menurut
cerita rakyat parahyangan gunung itu memang merupakan perahu yang
terbalik. Berikut ini ceritanya.
Beribu-ribu tahun yang lalu, tanah Parahyangan dipimpin oleh seorang
raja dan seorang ratu yang hanya mempunyai seorang putri. Putri itu
bernama Dayang Sumbi. Dia sangat cantik dan cerdas, sayangnya dia
sangat manja. Pada suatu hari saat sedang menenun di beranda istana,
Dayang Sumbi merasa lemas dan pusing. Dia menjatuhkan pintalan
benangnya ke lantai berkali-kali. Saat pintalannya jatuh untuk kesekian
kalinya Dayang Sumbi menjadi marah lalu bersumpah, dia akan menikahi
siapapun yang mau mengambilkan pintalannya itu. Tepat setelah katakata sumpah itu diucapkan, datang seekor anjing sakti yang bernama
Tumang dan menyerahkan pintalan itu ke tangan Dayang Sumbi. Maka
mau tak mau, sesuai dengan sumpahnya, Dayang Sumbi harus menikahi
Anjing tersebut.
Dayang Sumbi dan Tumang hidup berbahagia hingga mereka dikaruniai
seorang anak yang berupa anak manusia tapi memiliki kekuatan sakti

seperti ayahnya. Anak ini diberi nama Sangkuriang. Dalam masa
pertumbuhannya, Sangkuring se lalu ditemani bermain oleh seekor anjing
yang bernama Tumang yang dia ketahui hanya sebagai anjing yang setia,
bukan sebagai ayahnya. Sangkuriang tumbuh menjadi seorang pemuda
yang tampan dan gagah perkasa.
Pada suatu hari Dayang Sumbi menyuruh anaknya pergi bersama
anjingnya untuk berburu rusa untuk keperluan suatu pesta. Setelah
beberapa lama mencari tanpa hasil, Sangkuriang merasa putus asa, tapi
dia tidak ingin mengecewakan ibunya. Maka dengan sangat terpaksa dia
mengambil sebatang panah dan mengarahkannya pada Tumang.
Setibanya di rumah dia menyerahkan daging Tumang pada ibunya.
dayanng Sumbi yang mengira daging itu adalah daging rusa, merasa
gembira atas keberhasilan anaknya.
Segera setelah pesta usai Dayang Sumbi teringat pada Tumang dan
bertanya pada pada anaknya dimana Tumang berada. Pada mulanya
Sangkuriang merasa takut, tapa akhirnya dia mengatakan apa yang telah
terjadi pada ibunya. Dayang Sumbi menjadi sangat murka, dalam
kemarahannya dia memukul Sangkuriang hingga pingsan tepat di
keningnya. Atas perbuatannya itu Dayang Sumbi diusir keluar dari
kerajaan oleh ayahnya. Untungnya Sangkuriang sadar kembali tapi

pukulan ibunya meninggalkan bekas luka yang sangat lebar di

keningnya.Setelah dewasa, Sangkuriang pun pergi mengembara untuk
mengetahui keadaan dunia luar.
Beberapa tahun kemudian, Sangkuriang bertemu dengan seorang wanita
yang sangat cantik. Segera saja dia jatuh cinta pada wanita tersebut.
Wanita itu adalah ibunya sendiri, tapi mereka tidak saling mengenali satu
sama lainnya. Sangkuriang melamarnya, Dayang Sumbi pun menerima
dengan senang hati. Sehari sebelum hari pernikahan, saat sedang
mengelus rambut tunangannya, Dayang Sumbi melihat bekas luka yang
lebar di dahi Sangkuriang, akhirnya dia menyadari bahwa dia hampir
menikahi putranya sendiri. Mengetahui hal tersebut Dayang Sumbi
berusaha menggagalkan pernikahannya. Setelah berpikir keras dia
akhirnya memutuskan untuk mengajukan syarat perkawinan yang tak
mungkin dikabulkan oleh Sangkuriang. Syaratnya adalah: Sangkuriang
harus membuat sebuah bendungan yang bisa menutupi seluruh bukit lalu
membuat sebuah perahu untuk menyusuri bendungan tersebut. Semua
itu harus sudah selesai sebelum fajar menyingsing.
Sangkuriang mulai bekerja. Cintanya yang begitu besar pada Sangkuriang
memberinya suatu kekuatan aneh. Tak lupa dia juga menggunakan
kekuatan yang dia dapat dari ayahnya untuk memanggil jin-jin dan
membantunya. Dengan lumpur dan tanah mereka membendung air dari
sungai dan mata air. Beberapa saat sebelum fajar, Sangkuriang
menebang sebatang pohon besar untuk membuat sebuah perahu. Ketika
Dayang Sumbi melihat bahwa Sangkuriang hampir menyelesaikan
pekerjaannya, dia berdoa pada dewa-dewa untuk merintangi pekerjaan
anaknya dan mempercepat datangnya pagi.
Ayam jantan berkokok, matahari terbit lebih cepat dari biasanya dan
Sangkuriang menyadari bahwa dia telah ditipu. Dengan sangat marah dia
mengutuk Dayang Sumbi dan menendang perahu buatannya yang hampir
jadi ke tengah hutan. Perahu itu berada disana dalam keadaan terbalik,
dan membentuk Gunung Tangkuban Perahu(perahu yang menelungkub).
Tidak jauh dari tempat itu terdapat tunggul pohon sisa dari tebangan
Sangkuriang, sekarang kita mengenalnya sebagai Bukit Tunggul.
Bendungan yang dibuat Sangkuriang menyebabkan seluruh bukit dipenuhi
air dan membentuk sebuah danau dimana Sangkuriang dan Dayang
Sumbi menenggelamkan diri dan tidak terdengar lagi kabarnya hingga
kini.

SASAKALA SITU BAGENDIT
Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana,
nyaéta Situ Bagendit. Cék sasakala mah, éta Situ Bagendit téh asalmuasalna kieu:
Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana
mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida
pisan kumedna.
Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacarpakacarna mah, tara aya nu larsup ka imahna. Éstuning lain babasan éta

mah hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di
tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku bawaning
embung campur jeung batur, da sieun kasoro téa.
Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah
Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna
dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang
lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya
nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy
diondang ngariung tumpeng. Atuh anu ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi
sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap gé geus bérés,
bari tingkarétap kénéh.
Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu
nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditari teu ditakon. Nya pok aki-aki téh
waléh yén teu kawawa lapar, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang téh
Nyi Endit bet nyarékan, nyék-sék-nyéksékkeun, pajarkeun téh taya kaéra,
teu ngahutang gawé, ménta bagian. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki
dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun wé.
Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna
ngomong kieu, “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya
wawalesna.”
Ngomong kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu
dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rug-reg ngarandeg,
sabab aya nu tinggarero, “Caah! Caah!” cenah.
Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan
Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu
inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék
nyingkiran cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai téh nepi ka lir
ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum
méh laput.
Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléhweléh sasambat ménta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua
ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi
situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi Bagendit.

SASAKALA GUNUNG TAMPOMAS
Kacaritakeun, Gunung Gedé anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora
pohara pikakeueungeunana. Sorana ngaguruh. Tina puncakna kaluar
haseup campur lebu anu hurung. Ieu gunung kawas-kawas arék bitu.
Rahayat Kabupatén Sumedang harita, pohara rareuwaseunana. Kumaha
balukarna lamun éta Gunung Gedé bener-bener bitu?
Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita. Ngan éta bupati téh pohara

towéksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana. Atuh sanajan can
kalaporan gé anjeunna parantos uningaeun, kumaha tagiwurna rahayat.
Anjeunna teras ngémutan sangkan bisa nyalametkeun rahayatna.
Ku pangjurung kanyaah ka rahayat téa, anjeunna teras nyepi di hiji kamar,
seja mujasmédi neda pituduh ti paradéwa. Susuganan ku jalan kitu,
anjeunna tiasa mangadep ka Yang Tunggal, dipasihan pituduh pikeun
nyalametkeun rahayatna.
Ku cengeng-cengengna nu mangadep, alhamdulillah, maksad Kangjeng
Bupati tinekanan. Dina hiji wengi, Kangjeng Bupati ngimpén kasumpingan
hiji aki-aki. Éta aki-aki anu nganggo anggoan sing sarwa bodas téh, pok
sasauran anca pisan, “Putu Éyang anu kasép, Éyang geus terang kumaha
kabingung hidep. Éyang hayang mantuan sangkan rahayat hidep bisa
leupas tina kahariwangna. Éta gunung kudu ditumbal ku keris pusaka
kagungan putra dalem anu dijieun tina emas. Poma hidep ulah deuk
ngorétkeun. Tah, sakitu baé ti Éyang.”
Sabada sasauran kitu, éta aki-aki téh les baé leungit tina impénan
Kangjeng Bupati. Satampina éta ilapat, énggal baé Kangjeng Bupati kaluar
ti kamar sarta teras nyandak keris pusaka.
Énggal anjeunna angkat ngajugjug ka puncak Gunung Gedé. Rurusuhan
da sieun bitu mantén. Najan rahayat anu keur bingung, nyaksian
Kangjeng Bupati angkat ka puncak gunung mah, teu tégaeun ngantep.
Bring baé naluturkeun.
Sadugina ka puncak Gunung Gedé, Kangjeng Bupati teu talangké, ngan
lung baé éta keris téh dialungkeun kana kawahna. Rahayat anu tadi
naluturkeun téh ngan bati colohok, da éta keris téh éstu kageugeut pisan
Kangjeng Bupati. Barang éta keris geus dikana-kawahkeun, jep saharita
sora anu ngaguruh pikakeueungeun téh jempé. Lini anu geus lila karasa,
harita mah teu karasa naon-naon. Sabada leungit kagétna, timbul
kabungah rahayat téh. Ger baé surak bakat ku atoh, sarta tuluy sumujud
ka Kangjeng Bupati tanda nganuhunkeun. Sakabéh rahayat ngaikrarkeun
seja satia-satuhu ka anu ngaheuyeuk dayeuh.
Éta maksud kasatiaan rahayat téh ku Kangjeng Bupati ditampi kalayan
dareuda, bakat ku bingah. Bingah manahna lantaran bisa nyingkahkeun
balai, bingah lantaran bisa nyalametkeun rahayatna.
Tah, nya ti harita pisan éta gunung katelah Gunung Tampa Emas, anu
saterusna robah jadi Gunung Tampomas. Ayeuna mah teu pikasieuneun,
malah mun pareng poé peré mah sok rajeun dijarugjugan nepi ka
puncakna.

C. Dongeng Fabel
Sakadang kuya jeung monyet
Isuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya
éta Sakadang Monyét.
“Sakadang Kuya!” Sakadang Monyét ngageroan.
“Kuk!” Témbal Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
Sakadang Monyét nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Keur naon Sakadang Kuya?”
“Ah keur kieu wé, keur moyan.”
“Ti batan cicing kitu mah mending ngala cabé, yu!”
“Di mana?”
“Di kebon Patani, mangka cabéna geus bareureum.”
“Embung, ah. Sakadang monyét mah sok gandéng.”
“Moal, moal gandéng ayeuna mah.”
“Nyaan moal gandéng?”
“Moal, nyaan moal gandéng.”
“Hayu atuh ari moal gandéng mah.”
Bring atuh Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya téh indit ka kebon
patani. Barang tepi ka kebon, katémbong cabé pelak patani geus arasak
mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor
kana pager, ari Sakadang Monyét ngaluncatan pager. Terus baé ngaralaan
cabé, didalahar di dinya kénéh.
Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah baé ladaeun. Kitu deui sakadang
monyét. Keur kitu, ana gorowok téh Sakadang Monyét ngagorowok.
“Seuhah lata-lata!” Maksudna mah “seuhah lada-lada”.
“Ssst, Sakadang Monyét, ulah gandéng atuh!”
Sakadang Monyét henteu ngawaro.
“Seuhah lata-lata!”
“Sakadang Monyét! Bisi kadéngéeun ku Bapa Tani.”

Tapi Sakadang Monyét api-api teu ngadéngé. Gorowok deui baé.
“Seuhah lata-lata!”
Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyét anu
tarik kadéngéeun ku Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa
Tani gura-giru lumpat ka kebon. Barang nepi ka kebon, katémbong aya
monyét jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah ngadaharan cabé.
“Beunang siah nu sok malingan cabé téh!” Bapa Tani ngagorowok
bari lumpat muru ka nu keur ngahakanan cabé.
Ngadéngé aya nu ngagebah, gajleng baé Sakadang Monyét ngejat,
térékél kana tangkal kai.
“Sakadang Monyét, dagoan!” Sakadang Kuya ngagorowok ménta
tulung. Tapi Sakadang Monyét teu maliré, teu ngalieuk-ngalieuk acan,
terus lumpat gagalacangan dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da
teu bisa lumpat, leumpang ngadédod baé. Kerewek baé ditéwak ku Bapa
Tani.
“Beunang ayeuna mah nu sok malingan cabé aing téh. Ku aing
dipeuncit!” Ceuk Bapa Tani.
Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam.
Angkanan Pa Tani, isukan kuya rék dipeuncit.
Peutingna, sakadang Monyét rerencepan ngadeukeutan Sakadang
Kuya, nu keur cendekul dina jero kurung.
“Ssst, Sakadang Kuya, keur naon?” Sakadang Monyét nanya.
“Éh, geuning Sakadang Monyét, Puguh kuring téh keur ngararasakeun
kabungah.”
“Kabungah naon Sakadang Kuya?”
“Nya éta, kuring téh rék dikawinkeun ka anak Bapa Tani.”
“Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?”
“Enya.”
”Nu bener Sakadang Kuya?”
“Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.”
“Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét
ngahuleng sajongjongan.
“Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat?” ceuk
Sakadang Monyét.
“Tukeur tempat kumaha?”
“Enya tukeur tempat. Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh
cicing di jero kurung.”
“Ah, embung.”
“Kuring mah karunya wé ka Sakadang Kuya, sapeupeuting
dikurungan.”
“Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani téh.”
Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna
sakadang kuya téh éléh déét.
“Heug baé tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya.
“Naon saratna?”
“Saratna mah gampang. Saméméh anjeun asup kana kurung, kuring
kudu di alungkeun heula ka leuwi.”
“Enya, énténg atuh kitu mah.”

Heunteu talangké, Sakadang Monyét ngaluarkeun Sakadang Kuya tina
kurung hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung baé Sakadang Kuya téh
dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyét buru-buru balik deui ka imah
Bapa Tani. Sup baé ngurungan manéh ku kurung hayam. Ngadedempés
ngadago-dago beurang, hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak
Bapa Tani.
Kocapkeun isukna.
“Manéhna, ka mana bedog téh? Urang asah,” ceuk Bapa Tani ka
pamajikanana.
“Rék naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?”
“Itu urang meuncit kuya di pipir.”
Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana téh kadéngéeun ku
Sakadang Monyét. Manéhna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing téh rék
dipeuncit, lain rék dikawinkeun jeung anak Bapa Tani. Rék kabur, geus
kagok. Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang baé atuh
Sakadang Monyét téh papaéhan, ngabugigag kawas bangké.
Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka bapana.
“Bapa! Bapa!”
“Aya naon, Nyai?”
“Ieu geuning nu dina kurung téh lain kuya.”
“Naon Nyai?”
“Monyét, jeung siga nu geus paéh deuih!”
Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy nyampeurkeun ka
anakna. Enya baé geuning dina kurung téh aya monyét ngabugigag, lain
kuya nu kamari. Kurung dibukakeun, monyét dialak-ilik.
“Naha bet jadi monyét? Jeung paéh deuih.”
“Enya, éta mani geus jeger kitu,” ceuk pamajikanana mairan.
Monyét téh dicokot ku Bapa Tani, lung baé dialungkeun jauh pisan.
Barang gubrag kana taneuh, koréjat monyét téh hudang, berebet lumpat,
kalacat baé naék kana tangkal kai.

Sakadang Kuya Nyieun Suling tina Tulang Maung

Sanggeus durukan téh pareum, Sakadang Kuya kurah-koréh. Manggih
tulang anu panjang, jigana mah tulang pingping tukang Sakadang Maung.
Tulang téh dicokot, tuluy diberesihan.
“Alus yeuh lamun dijieun suling. Ngan kumaha molongoanana?” ceuk
Sakadang Kuya. Ras inget ka Sakadang Caladi. “Aéh, enya, sina
ditroktrokan baé ku Sakadang Caladi.”
Sakadang Kuya ngadatangan Sakadang Caladi anu keur noktrokan tangkal
kalapa.
“Sakadang Caladi, turun heula sakeudeung, Emang tulungan!” ceuk
Sakadang Kuya.
“Aya naon, Mang?” ceuk Sakadang Caladi bari nyampeurkeun.
“Cing, pangnoktrokkeun tulang, keur suling!”
Tulang téh ditroktorak ku caladi.
“Nuhun Lo!” ceuk Sakadang Kuya.
Tuluy suling téh ditiup ku Sakadang Kuya.
Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi.
“Alah, teu ngeunaheun. Jigana mah kudu diliangan heula,” ceuk Sakadang
Kuya. Ras manéhna inget ka Sakadang Bangbara.
Sakadang Kuya néangan Sakadang Bangbara. Kapanggih keur ngalian
dina tangkal anu keur ngarangrangan.
“Sakadang Bangbara, ka dieu Jang, tulungan Ua sakeudeung!” ceuk
Sakadang Kuya.
“Tulungan naon, Wa?” ceuk Sakadang Bangbara.
“Cing, pangaliangankeun suling Ua, ieu teu ngeunaheun ditiupna.”
Tuluy atuh suling téh diliangan ku Sakadang Bangbara. Sanggeus
nganuhunkeun ka Sakadang Bangbara, suling téh ditiup deui ku Sakadang
Kuya.
Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara.
“Ah, can ngeunaheun kénéh baé. Jigana mah kudu dipasieup heula,” ceuk
Sakadang Kuya.
Keur kitu, geleber aya Sakadang Sireupeun ngaliwat.
“Tah, kabeneran aya Sakadang Sireupeun. Ka dieu heula, Jang, tulungan
Aki,” ceuk Sakadang Kuya.
“Aya naon, Ki? Meni rareuwas,” ceuk Sakadang Sireupeun.
“Ieu Aki téh boga suling, tapi masih kénéh silung. Cing, pangmasieupkeun
sakeudeung mah.”
Tuluy atuh suling téh dipasieup ku Sakadang Sireupeun. Rada lila, da
cenah masieup suling téh henteu gampang. Tapi teu burung anggeus ogé.
“Nuhun Jang.”
“Sami-sami, Ki.”
Tuluy atuh suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya.
Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,

ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot héong, torotot héong.
“Tah, ngeunah ayeuna mah sora suling téh. Nuhun ah, Jang,” ceuk
Sakadang Kuya bari indit.
Sajajalan Sakadang Kuya nyuling teu eureun-eureun. Sorana matak kelar.
Sato-sato ogé anu biasana garandéng, jep baé jarempé, ngadédéngékeun
sora suling Sakadang Kuya. Atuda lain suling samanéa.

Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong
Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur
anakan. Eta bagong teh keur huleng jentul wae bangun ngemu kabingung.
Pangna kitu lantaran poe eta manehna kudu nedunan jangji ka Sakadang
Maung, nyaeta masrahkeun anakna.
Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita
Sakadang Bagong ceurik. “Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung!
Kuring teh geus kolot, dagingna oge tangtu nya liat nya kelang. Kieu bae,
engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika.
Tangtu dagingna empuk tur pelem.”
Ngadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung teh teu tulus
ngerekeb. Hiji waktu manehna rek datang deui, nagih jangji.
Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu
nyumponan jangjina. Tapi piraku aing rek tega mikeun anak ka Sakadang
Maung? Kumaha akalna sangkan anak aing teu tulus dihakan? Sakadang
Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun.
Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun.
“Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong?”
Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku
naon pangna manehna baluweng poek pipikiran.
Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh
gampang atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring
bae. Urang neangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa
Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rek neangan Sakadang
Landak!”
Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui dibarengan
ku Sakadang Landak. Manehna terus ngajak indit ka hiji guha.
Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang
Landak kudu asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poek. Buluna anu
kawas cucuk teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di
lawang guha, ngabageakeun Sakadang Maung lamun engke ngurunyung.
Ari manehna kadua anak Sakadang Bagong rek nyarumput di nu buni.
Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge
geus ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong. “Mana anak sampean
teh, Sakadang Bagong?” cek Sakadang Maung bari jungang-jengong.
Sakadang Bagong antare nembalan: “Tuh, di jero guha. Tah geuning
katenjo ti dieu oge, ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun,
nedunan jangji ka andika. Didaharna ulah dilila-lila, teureuy bae sakaligus,

sing ulah kadenge ceurikna. Jig geura sampeurkeun, kuring rek indit
heula, teu kaduga nenjona.”
Sakadang Maung nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya bae katenjoeun aya
nu ngaringkuk di juru. Awahing ku atoh bari teu kuat hayang geura
ngerekeb, gabrug bae nu ngaringkuk teh dirontok, disamualkeun. Puguh
bae cucuk landak teh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung
gegerungan, sungutna baloboran getih. Diutah-utah oge landak teh teu
daekeun kaluar, da cucukna naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang
Maung teh paeh. Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina sungutna.
Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manehna
nganuhunkeun pisan ka Sakadang Peucang anu geus mere pitulung ka
dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak oge manehna kahutangan budi.
Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui ninggalkeun
Sakadang Bagong.