UPACARA ADAT GUSARANANU AYA DI DESA TAMBAKMEKAR KACAMATAN JALANCAGAK KABUPATEN SUBANG : Ulikan Struktural jeung Sémiotik.
UPACARA ADAT GUSARANANU AYA DI DESA TAMBAKMEKAR KACAMATAN JALANCAGAK KABUPATEN SUBANG
(Ulikan Struktural jeung Sémiotik) SKRIPSI
diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat
nyangking gelar Sarjana Pendidikan Departemen Pendidikan Bahasa Daerah
ku
Nurlela Novianti NIM 1105178
DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2015
(2)
UPACARA ADAT GUSARANANU
AYA DI DESA TAMBAKMEKAR
KACAMATAN JALANCAGAK
KABUPATEN SUBANG
(Ulikan Struktural jeung Sémiotik)
Oleh
Nurlela Novianti
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra
© Nurlela Novianti 2015 Universitas Pendidikan Indonesia
Februari 2015
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.
(3)
(4)
STRUKTUR SÉMIOTIK DALAM UPACARA ADAT GUSARAN YANG ADA DI DESA TAMBAKMEKAR KECAMATAN JALANCAGAK
KABUPATEN SUBANG1
Nurlela Novianti2 ABSTRAK
Tujuan penelitian ini yaitu menganalisis dan mendeskripsikan sejarah upacara adat gusaran, struktur berlangsungnya upacara adat gusaran, dan unsur semiotik yang ada dalam upacara adat gusaran. Penelitian ini menggunakan metode kualitatif dengan pendekatan etnografi dan deskriptif. Data dikumpulkan menggunakan teknik studi pustaka, observasi, wawancara, dan dokumentasi. Hasil dari penelitian ini yaitu: 1) menurut narasumber sejarah upacara adat gusaran sudah ada sejak jaman para wali, upacara adat gusaran dilaksanakan sebelum anak dikhitanan, yang bertujuan untuk membersihkan anak dari haram dan najis; 2) kegiatan berlangsungnya upacara adat gusaran yang pertama yaitu nyembahkeun, mandi koneng, dan gusaran; dan 3) unsur semiotik yang terdapat dalam upacara adat gusaran
ada 25 yang termasuk simbol, 8 termasuk indeks, dan 6 termasuk ikon. Selain itu ada beberapa saran yang ditujukan kepada: 1) mahasiswa, untuk melanjutkan penelitian lebih dalam mengenai upacara adat gusaran; 2) masarakat, agar menjaga dan melestarikan kebudayaan yang ada disekelilingnya; dan 3) lembaga-lembaga kebudayaan, agar lebih memperhatikan lagi kebudayaan yang ada di Tatar Sunda, khususnya upacara adat gusaran.
Kata kunci: Strukturalisme, Unsur Sémiotik, Upacara Adat Gusaran.
1 Skripsi ini dibimbing oleh Bapa Dr. Dedi Koswara, M.Hum. dan Ibu Dr. Retty Isnendes,
M.Hum.
2 Mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan
(5)
SEMIOTIC STRUCTURE OF THE CEREMONIAL GUSARAN
IN THE VILLAGE TAMBAKMEKAR SUB-DISTRICT JALANCAGAK
DISTRICT SUBANG1
Nurlela Novianti2
ABSTRACT
The purpose of this study is to analyze and describe the history of traditional ceremonies gusaran, the course structure ceremonies
gusaran, and semiotic elements that exist in traditional ceremonies
gusaran. This study used a qualitative method and descriptive ethnographic approach. Data were collected using the technique of literature study, observation, interviews, and documentation. The results of this study are : 1) according to historical sources gusaran ceremony has existed since the time of the guardians, gusaran traditional ceremony held before the child was circumcised, which aims to rid the child of unclean; 2) sustainability activities gusaran first ceremony is nyembahkeun, mandi koneng, and gusaran; and 3) semiotic elements contained in traditional ceremonies gusaran there are 25 that includes symbols, 8 including an index, and 6 including icons. In addition there are some suggestions addressed to : 1) cultural institutions, so more attention to culture in Tatar Sunda, Especially ceremonies gusaran; 2) students, to continue research in traditional ceremonies on gusaran; and 3) society, in order to maintain and preserve the culture around him.
Keywords: structuralism, semiotics elements, traditional ceremoniesgusaran. 1This thesis supervised by Mr. Dr. Dedi Koswara, M.Hum.
and Mrs. Dr. Retty
Isnendes, M.Hum.
2
Students of the Department of Local Language Education Faculty of Education and Language Arts Universitas Pendidikan Indonesia
(6)
DAPTAR EUSI
LEMBAR PERNYATAAN ... i
ABSTRAK ... ii
PANGJAJAP ... iii
TAWIS NUHUN ... iv
DAPTAR EUSI ... vii
DAPTAR SINGGETAN ... x
DAPTAR TABEL ... xi
DAPTAR BAGAN ... xii
DAPTAR GAMBAR ... xiii
DAPTAR LAMPIRAN ... xv
BAB I BUBUKA ... 1
1.1Kasang Tukang... 1
1.2Watesan jeung Rumusan Masalah ... 3
1.2.1 Watesan Masalah ... 3
1.2.2 Rumusan Masalah ... 4
1.3Tujuan Panalungtikan... 4
1.3.1 Tujuan Umum ... 4
1.3.2 Tujuan Husus ... 4
1.4Mangpaat Panalungtikan ... 5
1.4.1 Mangpaat Téoritis ... 5
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5
(7)
BAB II STRUKTURALISME-SEMIOTIK JEUNG UPACARA ADAT . 7
2.1Strukturalisme ... 7
2.2Sémiotik ... 8
2.2.1 Wangenan Sémiotik ... 8
2.2.2 Kamekaran Sémiotik ... 9
2.2.3 Komponén Dasar Sémiotik ... 10
2.2.4 Téori Sémiotik numutkeun Charles Sanders Peirce ... 12
2.3Upacara Adat Gusaran ... 13
2.3.1 Watesan Upacara Adat ... 13
2.3.2 Aspék Upacara adat ... 15
2.3.3 Unsur-unsur Upacara Adat ... 15
2.3.4 Upacara Adat Gusaran ... 16
BAB III METODE PANALUNGTIKAN ... 18
3.1Metode Panalungtikan ... 18
3.2Téhnik Panalungtikan... 19
3.2.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 19
3.2.2 Téhnik Ngolah Data ... 20
3.3Instrumen Panalungtikan ... 20
3.4Desain Panalungtikan ... 23
3.5Lokasi Panalungtikan jeung Sumber Data ... 24
3.6.1 Lokasi Panalungtikan ... 24
3.6.2 Sumber Data ... 25
3.6Wangenan Operasional ... 27
BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 28
4.1Hasil Panalungtikan ... 28
4.1.1 Kaayaan Upacara Adat Gusaran ... 28
4.1.2 Struktur Lumangsungna Upacara Adat Gusaran ... 30
4.1.2.1Waktu jeung Tempat Lumangsungna Upacara Adat Gusaran ... 30
4.1.2.2Prak-prakan Lumangsungna Upacara Adat Gusaran ... 31
(8)
4.1.2.4Kadaharan dina Upacara Adat Gusaran ... 35
4.1.2.5Pakakas dina Upacara Adat Gusaran ... 36
4.1.2.6 Unsur-unsur Upacara Adat Gusaran ... 41
4.1.3 Unsur Sémiotik anu Nyampak dina Upacara Adat Gusaran ... 44
4.2Pedaran ... 48
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN... 51
5.1Kacindekan ... 51
5.2Saran ... 52
DAPTAR PUSTAKA ... 54
LAMPIRAN ... 56
(9)
BAB III
METODE PANALUNGTIKAN
Dina ieu bab dipedar ngeunaan metode panalungtikan anu ngawengku tujuh sub-bab, nya éta metode panalungtikan, téhnik panalungtikan, instrumen panalungtikan, léngkah-léngkah panalungtikan, desain panalungtikan, lokasi panalungtikan jeung sumber data, jeung wangenan operasional.
3.1 Metode Panalungtikan
Metode panalungtikan nya éta cara pikeun nyangking data panalungtikan luyu jeung udagan anu rék dihontal. Hal ieu luyu jeung pamadegan Sugiyono dina Widiastuti (2014, kc. 33) nétélakeun yén métode panalungtikan nya éta cara ilmiah anu digunakeun sangkan meunang data kalayan udagan jeung kagunaan anu tangtu. Kitu deui, numutkeun Arikunto (2010, kc. 203) metode panalungtikan nya éta cara anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun panalungtikan kualitatif. Panalungtikan kualitatif numutkeun Moleong (2012, kc. 6) nya éta panalungtikan anu miboga maksud pikeun maham fenomena ngeunaan hal anu kaalaman ku subjek panalungtikan, misalna kalakuan, persepsi, motivasi, tindakan, jrrd., sacara holistik, sarta ku cara deskripsi dina wangun kecap jeung basa, dina hiji konteks husus nu alamiah jeung ngamangpaatkeun rupa-rupa metode alamiah.
Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta metode kualitatif kalayan pamarekan etnografi jeung déskriptif. Numutkeun Moleong (2012, kc. 26) pendekatan etnografis sacara umum nya éta pengamatan-berperan sarta
salaku bagian tina panalungtikan lapangan. Numutkeun Arikunto (2010, kc. 3) métode déskriptif nya éta panalungtikan anu miboga maksud pikeun nalungtik kaayaan, kondisi, jeung anu aya patalina kana éta hal, anu hasilna bisa diébréhkeun kana laporan panalungtikan.
Pamarekan etnografi digunakeun pikeun panalungtik turun langsung ka lapangan, ngilu anclub kana prosés lumangsungna upacara adat gusaran, tuluy nalungtik hal-hal anu patali jeung upacara adat gusaran. Métode déskriptif kualitatif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun kaayaan,
(10)
19
struktur prak-prakan jeung unsur sémiotik nu aya dina upacara adat gusaran di Désa Tambakmekar Kacamatan Jalancagak Kabupaten Subang.
3.2 Téhnik Panalungtikan
Téhnik panalungtikan mangrupa salah sahiji usaha sangkan bisa ngalaksanakeun panalungtikan ngagunakeun metodé anu baris ditangtukeun, sangkan udagan nalungtik ngeunaan struktur sémiotik dina upacara adat gusaran bisa kahontal.
3.2.1 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data nya éta téhnik observasi, téhnik studi pustaka, téhnik wawancara, jeung téhnik dokumentasi.
1) Téhnik Observasi
Téhnik observasi nya éta téhnik panalungtikan anu dilaksanakeun sacara turun langsung ka lapangan pikeun meunangkeun informasi anu akurat ngeunaan kaayaan upacara adat gusaran di Désa Tambakmekar, struktur prak-prakan upacara adat gusaran sarta unsur sémiotik nu aya dina upacara adat gusaran.
2) Téhnik Studi Pustaka
Téhnik studi pustaka digunakeun pikeun ngumpulkeun data anu sipatna dokumen, misalna data gambar-gambar atawa tinulis. Ieu téhnik digunakeun pikeun ngumpulkeun tiori-tiori jeung data anu digunakeun pikeun pangdeudeul panalungtikan.
3) Téhnik Wawancara
Téhnik wawancara nya éta téhnik nu digunakeun pikeun ngumpulkeun informasi ku cara tanya jawab jeung informan anu bisa méré informasi jeung pamadegan ngeunaan kaayaan upacara adat gusaran di Désa Tambakmekar, prak-prakana sarta unsur sémiotikna. Tanya jawab jeung informan anu boga pangaweruh leuwih jembar ngeunaan maksud nu aya dina upacara adat gusaran, misalna ka sesepuh/kolot nu aya di Désa Tambakmekar.
(11)
20
4) Téhnik Dokumentasi
Téhnik dokumentasi nya éta téhnik nu digunakeun ku cara ngadokumentasikeun naon-naon nu patali jeung panalungtikan, saperti ngadokumentasikeun prak-prakanna upacara adat gusaran, pakakas nu digunakeun sarta ngadokumentasikeun wawancara jeung narasumber.
3.2.2 Téhnik Ngolah Data
Téhnik anu digunakeun dina ngolah data nya éta:
1) ngaidéntifikasi masalah. Masalah dina ieu panalungtikan nya éta kurang dipikawohna maksud jeung tanda dina kabudayaan upacara adat gusaran; 2) ngalakukeun studi pustaka nu patali jeung masalah;
3) nganalisis maksud jeung tanda nu aya dina upacara adat gusaran ngagunakeun tiori Pierce, nu ngawengku ikon, indeks, jeung simbol;
4) milah-milah data dumasar wangunna;
5) ngadéskripsikeun jeung nyusun data hasil panalungtikan; jeung 6) nyieun kacindekan dina hasil panalungtikan.
3.3 Instrumen Panalungtikan
Instrumen anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta kamera,
handphone, pedoman observasi, jeung pedoman wawancara.
1) Kamera
Kamera digunakeun pikeun ngadokumentasikeun prak-prakanna upacara adat gusaran jeung narasumberna boh dina wangun foto atawa vidio.
2) Handphone
Handphone dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngarekam sora
narasumber nu diwawancara ngeunaan kabudayaan upacara adat gusaran. 3) Pedoman Observasi
Pedoman observasi digunakeun pikeun pedoman dina ngalaksanakeun panalungtikan langsung ka lapangan. Observasi dilaksanakeun sangkan data-datana teu mempar tina objék panalungtikan. Format observasi saperti ieu di handap.
(12)
21
Téma observasi:... Lokasi observasi:... Waktu observasi:...
Tabél 3.1
Pedoman obsérvasi dina Prak-prakanana Upacara Adat Gusaran
No Objék anu diobsésrvasi Aya Teu aya
1 Pakakas anu dipaké
Baskom keur wadah cai konéng Samak Lisung Halu Sapu tangan Baju kariaan Sapatu kariaan Papajangan
Baju awéwé jeung lalaki
2 Bahan-bahan anu dipaké dina upacara adat gusaran
Cai konéng Cai béas
Kembang tujuh rupa Bakakak hayam
Bubur bodas bubur beureum
Susuguh Tumpeng
Cai jeung daun hanjuang
Menyan 3 Jalma nu ngilu ilubiung
kana lumangsungna upacara adat gusaran
Sesepuh lembur
Budak nu rék digusaran Paraji
Ibu-ibu nu tutunggulan 4 Unsur kaagamaan Istigosahan
Diropéa tina Isnendes (2013, kc.121 )
4) Pedoman Wawancara
Pedoman wawancara digunakeun pikeun pedoman dina ngalaksanakeun wawancara, sangkan waktu wawancara teu mempar teuing dina udagan ngaguar ngeunaan upacara adat. Wawancara dilaksanakeun sangkan informasi ngeunaan upacara adat leuwih munel sarta meunang informasi luyu jeung udagan panalungtikan nya éta apal struktur lumangsungna upacara adat
(13)
22
gusaran jeung unsur sémiotik anu nyampak dina upacara adat gusaran. Patalékan-patalékan anu di tulis dina ieu pedoman wawancara ngan saukur gurat badagna hungkul, dina prak-prakana mah éta patalékan bakal leuwih luas ngaguar ngeunaan upacara adat. Éta patalékan bisa di tingali dina tabél ieu di handap.
Tabél 3.2
Pedoman Wawancara
No Rumusan Pertanyaan
1 Asal-muasal upacara adat gusaran
- Kumaha sajarah mimiti aya upacara adat gusaran di Désa Tambakmekar?
- Kumaha respon masarakat jaman baheula jeung kiwari kana diayakeuna upacara adat gusaran? - Aya parobahan naon upacara adat gusaran jaman
baheula jeung jaman kiwari? 2 Prak-prakan upacara adat
gusaran
- Kumaha struktur prak-prakan upacara adat gusaran?
- Persiapan naon waé anu kudu disiapkeun saacan lumangsung upacara adat gusaran?
- Aya ritual husus atawa henteu dina upacara adat gusaran?
3 Fungsi, tujuan jeung mangpaat
- Naon fungsina diayakeun upacara adat gusaran di Désa Tambakmekar?
- Naon tujuan diayakeun upacara adat gusaran? - Aya mangpaatna atawa henteu diayakeun upacara
adat gusaran?
- kumaha balukarna lamun upacara adat gusaran teu dilaksanakeun?
4 Palaku, bahan-bahan jeung pakakas dina upacara adat gusaran
- Saha waé nu ngilu ilubiung dina upacara adat gusaran?
- Pakakas naon waé anu kudu dipersiapkeun dina upacara adat gusaran?
- Bahan-bahan naon waé anu kudu aya dina upacara adat gusaran?
- Aya maksud naon waé anu nyampak dina pakakas jeung bahan dina upacara adat gusaran?
- Aya parobahan atawa henteu bahan-bahan jeung pakakas jaman baheula jeung kiwari?
(14)
23
3.4Desain Panalungtikan
Ieu desain dipaké pikeun ngadéskripsikeun asal-muasal upacara adat gusaran nu aya di Désa Tambakmekar Kacamatan Jalancagak Kabupatén Subang, prak-prakan upacara adat gusaran, jeung struktur sémiotik nu aya dina upacara adat gusaran.
Ieu panalungtikan disusun ngagunakeun sababaraha léngkah, nya éta nangtukeun masalah, ngawatesan jeung ngarumuskeun masalah, nyieun instrumén panalungtikan, observasi kana objek panalungtikan pikeun ngumpulkeun data, tuluy data diolah sarta didéskripsikeun dina wangun karangan, anu ahirna hasil panalungtikan dicindekkeun. Ku kituna struktur desain dina ieu panalungtikan bisa digambarkeun saperti ieu di handap.
Bagan 3.1
Desain Panalungtikan
Ngolah Data
UDAGAN PANALUNGTIKAN
Ngadéskripsikeun:
1) asal-muasal upacara adat gusaran anu aya di Désa Tambakmekar Kacamatan Jalancagak Kabupaten Subang;
2) prak-prakanna upacara adat gusaran; jeung
3) struktur semiotik nu aya dina upacara adat gusaran.
Nyieun Instrumén Panalungtikan
Obsérvasi
Ngumpulkeun Data
Ngawatesan jeung ngarumuskeun masalah Nangtukeun Masalah
(15)
24
3.5 Lokasi Panalungtikan jeung Sumber Data 3.6.1 Lokasi Panalungtikan
Lokasi ieu panalungtikan nya éta di Désa Tambakmekar Kacamatan Jalancagak Kabupatén Subang. Luas lahan pamukiman 40 Ha/m², lahan pasawahan 55,32 Ha/m², lahan perkebunan 108,42 Ha/m², luas pemakaman 1,50
Ha/m², luas buruan 10,00 Ha/m², luas taman 0,5 Ha/m², luas perkantoran 0,2
Ha/m², luas prasarana umum 1,66 Ha/m². Ku kituna, total luas wilayah Désa Tambakmekar 217,60 Ha/m².
Ieu di handap data jumlah penduduk Désa Tambakmekar numutkeun jenis kelamin jeung tingkat pendidikan.
Tabél 3.3
Jumlah Penduduk Numutkeun Jenis Kelamin
Jenis Kelamin Jumlah
Lalaki 4.304 Orang Awéwé 4.356 Orang Jumlah Total 8.658 Orang
Tabél 3.4
Jumalah Penduduk Numutkeun Tingkat Pendidikan
Tingkat Pendidikan Jumlah
SD 1.697 Orang SMP 689 Orang SMA 667 Orang Diploma (1,2,3,4) 59 Orang
Sarjana (1,2,3) 97 Orang Tidak Pernah Sekolah -
Désa Tambakmekar miboga kondisi lahan nu datar nu mangrupa lahan
perkebunan jeung pertanian. Désa Tambkamekar dibagi jadi tilu dusun, nya éta:
(1) dusun I (Rancabogo), (2) dusun II (Simpang), (3) dusun III (Patrol). Watesan-watesan administratif Désa Tambakmekar nya éta saperti ieu di handap.
1) Belah kaler (Utara) : Desa Cijambe 2) Belah wetan (Timur) : Désa Bunihayu 3) Bélah kulon (Barat) : Désa Kumpay
(16)
25
4) Bélah kidul (Selatan) : Désa Tambakan
Jarak Désa Tambakmekar ka Ibu Kota Kecamatan Jalancagak 4 KM, jarak ka Ibu Kota Kabupatén Subang 12 KM, jarak ka Ibu Kota Provinsi Bandung 45 KM, sarta jarak ka Ibu Kota Negara Jakarta 130 KM.
Gambar 3.1
Lokasi Désa Tambakmekar
3.6.2 Sumber Data
Numutkeun Arikunto (2010, kc. 172), sumber data dina panalungtikan nya éta subjék nu bisa di paké dina meunangkeun data. Anu jadi data dina ieu panalungtikan nya éta upacara adat gusaran anu aya di Désa Tambakmekar Kacamatan Jalancagak Kabupatén Subang. Anu jadi sumber data dina panalungtikan nya éta di handap ieu.
1) Data ti sesepuh atawa kolot di Désa Tambakmekar, anu leuwih apal kana upacara adat gusaran pikeun meunangkeun data ngeunaan upacara adat gusaran anu aya di Désa Tambakmekar Kacamatan Jalancagak Kabupatén Subang.
2) Data di Désa Tambakmekar, pikeun meunangkeun data ngeunaan kaayaan Désa Tambakmekar.
(17)
26
3) Data ti sababaraha jalma di Désa Tambakmekar, anu apal kana upacara adat gusaran.
Format data informan anu diasongkeun waktu lumangsungna wawancara nya éta saperti ieu di handap.
Tabél 3.5 Data Informan
No Foto/Wasta Yuswa Agama Pakasaban Kalungguhan (1) (2) (3) (4) (5) (6) 1
Amar
78 Taun Islam Wiraswasta Sesepuh Lembur
2
Aceng Warga
68 Taun Islam Wiraswasta Sesepuh Lembur
3
Tasih
74 Taun Islam Ibu rumah tangga
(18)
27
4
Amung
75 Taun Islam Wiraswasta Sesepuh Lembur
3.7 Wangenan Operasional
Sangkan meunang gambaran dina ieu panalungtikan, baris ditataan ieu di handap ngeunaan istila-istilah panalungtikan.
1) Sacara étimologis, strukturalisme asal kecapna “struktur”, hartina nya éta
ayana hubungan anu tetep antara kelompok-kelompok gejala atawa unsur (elements); éta hubungan téh digelar ku penelitian hasil tina pengamatan. Éta
kaitan atawa hubungan téh saéstuna anu nangtukeun sarta ngécéskeun saban-saban objék nu ditalungtik. Éta objek panalungtikan téh mungkin baé mangrupa badan manusa, minat manusa, masarakat, matematika, metodologi, alam, basa atawa sastra. Kaitan jeung gejala, dua hal penting anu disebut tadi téa mangrupa wujud anu sipatna abstrak (Koswara, 2011, kc. 13).
2) Sémiotik nya éta élmu anu ngulik jeung maluruh ngeunaan rupa-rupa tanda anu nyampak dilingkungan masarakat. Sobur (2009, kc. 15) nétélakeun yén sémiotik nya éta élmu atawa métode analisis pikeun ngulik tanda. tanda-tanda nya éta pakakas anu dipaké dina upaya pikeun usaha néangan jalan di dunya, disabundereun manusa.
3) Upacara adat gusaran nya éta upacara adat anu aya di Désa Tambakmekar. Ieu upacara adat gusaran biasana dilaksanakeun ku budak awéwé atawa lalaki anu rék kariaan. Upacara adat gusaran mangrupa salasahiji kagiatan kabudayaan anu aya di Désa Tambakmekar, biasana lamun geus ngalaksanakeun upacara adat gusaran budak sok di kariaankeun, nya éta di taékeun kana sisingaan tuluy diarak-arak ngurilingan lembur. Upacara adat gusaran geus jadi adat kabiasaan anu diturunkeun sacara turun-tinurun.
(19)
DAPTAR PUSTAKA
Ahimsa-Putra, H.S. (2001). Strukturalisme Levi-Strauss. Yogyakarta: Galang
Press
Amelia, K. (2014). Simbol-simbol anu Nyampak dina Tradisi Nyepuh di Désa Ciamis Kecamatan Panjalu Kabupatén Ciamis. Skripsi JPBD. UPI
Bandung: Teu diterbitkeun
Arikunto, S. (2010). Prosedur penelitian suatu pendekatan praktek. Jakarta:
Rineka Cipta
Danadibrata, R.A. (2009). Kamus basa sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama
Danandjaja, J. (2007). Foklor Indonesia. Jakarta: Pustaka Utama Grafiti
Isnendes, R. (2010). Kajian Sastra. Bandung: Daluang
Isnendes, R. (2013). Struktur dan Fungsi Upacara Ngalaksa di Kecamatan Ranca Kalong Kabupaten Sumedang dalam Perspektif Pendidikan Karakter.
Disertasi di PSBI Pasca Sarjana UPI Bandung: Teu diterbitkeun Koentjaraningrat. (1985). Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: PT
Gramedia
Koentjaraningrat. (2005). Pengantar Antropologi I. Jakarta: Rineka Cipta
Koentjaraningrat. (2009). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: PT Rineka Cipta
Koswara, D. (2011). Racikan Sastra (Pangdeudeul Bahan Perkuliahan Sastra
Sunda)
Moleong, L. (2012). Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: PT Remaja
Rosdakarya
Santosa, P. (2013). Ancangan Semiotika dan Pengkajian Susastra. Bandung:
Angkasa
Sobur, A. (2009). Semiotika Komunikasi. Bandung: PT Remaja Rosdakarya
Offset
Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: Geger Sunten
Sudjiman jeung Van Zoest. (1996). Serba-Serbi Semiotika. Jakarta: Gramedia
Pustaka Utama
Syuropati, M.A. Teori Sastra Kontemporer & 13 Tokohnya. Karangla 05
Tamanan Banguntapan Batul YK: In Azna Books
TIM Redaksi Kamus Besar Bahasa Indonesia. (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia Edisi Keempat. Jakarta: PT GramediaPustaka Utama
(20)
56
Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.
Bandung: UPI
Wahyuni, A. (2012). Ajén Simbolis dina Upacara Nadran di Désa Blanakan Kecamatan Blanakan Kabupatén Subang pikeun Salah Sahiji Alternatif Bahan Ajar di SMP Kelas VII (Ulikan Struktural-Sémiotika). Skripsi JPBD. UPI Bandung: Teu diterbitkeun
Widiastuti, W. (2014). Tradisi Ngaruat Lembur di Desa Tanjungsiang Kecamatan Tanjungsiang Kabupaten Subang pikeun Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII (Ulikan Semiotik). Skripsi
(1)
3.5 Lokasi Panalungtikan jeung Sumber Data
3.6.1 Lokasi Panalungtikan
Lokasi ieu panalungtikan nya éta di Désa Tambakmekar Kacamatan Jalancagak Kabupatén Subang. Luas lahan pamukiman 40 Ha/m², lahan pasawahan 55,32 Ha/m², lahan perkebunan 108,42 Ha/m², luas pemakaman 1,50
Ha/m², luas buruan 10,00 Ha/m², luas taman 0,5 Ha/m², luas perkantoran 0,2
Ha/m², luas prasarana umum 1,66 Ha/m². Ku kituna, total luas wilayah Désa Tambakmekar 217,60 Ha/m².
Ieu di handap data jumlah penduduk Désa Tambakmekar numutkeun jenis kelamin jeung tingkat pendidikan.
Tabél 3.3
Jumlah Penduduk Numutkeun Jenis Kelamin
Jenis Kelamin Jumlah
Lalaki 4.304 Orang
Awéwé 4.356 Orang
Jumlah Total 8.658 Orang
Tabél 3.4
Jumalah Penduduk Numutkeun Tingkat Pendidikan
Tingkat Pendidikan Jumlah
SD 1.697 Orang
SMP 689 Orang
SMA 667 Orang
Diploma (1,2,3,4) 59 Orang
Sarjana (1,2,3) 97 Orang
Tidak Pernah Sekolah -
Désa Tambakmekar miboga kondisi lahan nu datar nu mangrupa lahan
perkebunan jeung pertanian. Désa Tambkamekar dibagi jadi tilu dusun, nya éta:
(1) dusun I (Rancabogo), (2) dusun II (Simpang), (3) dusun III (Patrol). Watesan-watesan administratif Désa Tambakmekar nya éta saperti ieu di handap.
1) Belah kaler (Utara) : Desa Cijambe 2) Belah wetan (Timur) : Désa Bunihayu
(2)
25
4) Bélah kidul (Selatan) : Désa Tambakan
Jarak Désa Tambakmekar ka Ibu Kota Kecamatan Jalancagak 4 KM, jarak ka Ibu Kota Kabupatén Subang 12 KM, jarak ka Ibu Kota Provinsi Bandung 45 KM, sarta jarak ka Ibu Kota Negara Jakarta 130 KM.
Gambar 3.1
Lokasi Désa Tambakmekar
3.6.2 Sumber Data
Numutkeun Arikunto (2010, kc. 172), sumber data dina panalungtikan nya éta subjék nu bisa di paké dina meunangkeun data. Anu jadi data dina ieu panalungtikan nya éta upacara adat gusaran anu aya di Désa Tambakmekar Kacamatan Jalancagak Kabupatén Subang. Anu jadi sumber data dina panalungtikan nya éta di handap ieu.
1) Data ti sesepuh atawa kolot di Désa Tambakmekar, anu leuwih apal kana upacara adat gusaran pikeun meunangkeun data ngeunaan upacara adat gusaran anu aya di Désa Tambakmekar Kacamatan Jalancagak Kabupatén Subang.
2) Data di Désa Tambakmekar, pikeun meunangkeun data ngeunaan kaayaan Désa Tambakmekar.
(3)
3) Data ti sababaraha jalma di Désa Tambakmekar, anu apal kana upacara adat gusaran.
Format data informan anu diasongkeun waktu lumangsungna wawancara nya éta saperti ieu di handap.
Tabél 3.5 Data Informan
No Foto/Wasta Yuswa Agama Pakasaban Kalungguhan
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
1
Amar
78 Taun Islam Wiraswasta Sesepuh Lembur
2
Aceng Warga
68 Taun Islam Wiraswasta Sesepuh Lembur
3
Tasih
74 Taun Islam Ibu rumah tangga
(4)
27
4
Amung
75 Taun Islam Wiraswasta Sesepuh Lembur
3.7 Wangenan Operasional
Sangkan meunang gambaran dina ieu panalungtikan, baris ditataan ieu di handap ngeunaan istila-istilah panalungtikan.
1) Sacara étimologis, strukturalisme asal kecapna “struktur”, hartina nya éta ayana hubungan anu tetep antara kelompok-kelompok gejala atawa unsur (elements); éta hubungan téh digelar ku penelitian hasil tina pengamatan. Éta