S BD 1103056 Chapter3

BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Desain Panalungtikan
Unggal panalungtikan tangtu mikabutuh desain panalungtikan sangkan
panalungtikan leuwih museur. Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 22-23) desain
panalungtikan

nyaéta

prosés

anu

dirarancang

pikeun

ngajawab

sarta


ngajéntrékeun sababarah masalah anu aya dina panalungtikan.
Dina ieu panalungtikan digunakeun pamarekan kualitatif kalawan métode
déskriptif. Pamarekan kualitatif digunakeun dina ieu panalungtikan, lantaran data
anu ditalungtikna mangrupa kecap-kecap dina tulisan. Saluyu jeung anu
diébréhkeun ku Moleong (dina Arikunto, 2010, kc. 22) yén panalungtikan
kualitatif téh nya éta panalungtikan anu datana atawa sumber datana mangrupa
kecap-kecap dina wangun lisan atawa tulisan, sarta barang-barang anu ditalungtik
sacara rinci sangkan ma’na nu nyamuni tina éta dokumén atawa tina éta barang
bisa kacangkem.
Djajasudarma (2010, kc. 9) nétélakeun yén métode panalungtikan déskriptif
nya éta métode anu miboga tujuan pikeun nyieun déskripsi; maksudna nyieun
gambaran, lukisan sacara sistematis, faktual jeung akurat ngeunaan data, sifatsifat,

sarta

hubungan

fénoména-fénoména

anu


ditalungtik.

Dina

ieu

panalungtikan, métode déskriptif digunakeun pikeun ngadéskripsikeun campur
kode anu aya dina akun twitter mahasiswa Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.
Satuluyna, desain dina panalungtikan digambarkeun ku bagan galur saperti ieu
di handap.

Aditia Solehudin, 2014
CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI
Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

23

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
Masalah


Observasi Tioritis

Observasi Data

Ngumpulkeun Data
-

Téhnik Dokuméntasi

Instrumén
-

Kartu Data

Ngolah Data
-

Milah-milah
Data


Téhnik Analisis Unsur Langsung

Nyieun Papasingan Data
Campur Kode Dumasar
Wanda, Wujud, sarta
Adegan Kecapna

Nganalisis
Data

Nyieun Kacindekan

Aditia Solehudin, 2014
CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI
Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

24

3.2 Data jeung Sumber Data

Data mangrupa sagala hasil catetan panalungtik, boh fakta boh angka
(Arikunto, 2010, kc. 161). Dumasar kana judul panalungtikan, data anu
ditalungtik nyaéta campur kode anu aya dina akun twitter, sedengkeun nu jadi
sumber datana nyaéta tweet dina akun twitter mahasiswa Departemen Pendidikan
Bahasa Daerah FPBS UPI anu aya dina daptar pengikut atawa followers akun
@diitadiit salaku panalungtik.

Data dina ieu panalungtikan aya 821 akun anu aya dina daptar followers per
tanggal 5 April 2015. Tina 821 akun twitter , teu sakabéh akun dipiboga ku
mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Dina média sosial
bisa dipiboga ku saha waé. Ku kituna, populasi anu nu dipilih mangrupa akun
twitter aktip nu dipiboga ku mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah

FPBS UPI.
Data nu dipilih pikeun sumber data diacak sacara random atawa acak ku cara
diundi luyu jeung nu diébréhkeun ku Arikunto (2010, kc. 180) yén sangkan
ngagampangkeun sampel random ku cara undian (untung-untungan). Dina daptar
followers panalungtik kapanggih aya 95 akun twitter nu dipiboga ku mahasiswa

Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Tina 95 akun twitter,

panalungtik nyokot sampel 15 akun twitter (25%) tina 60 akun twitter entragan
2011. Akun anu dipilih mangrupa akun aktip ti mimiti Januari 2014 nepi ka ahir
Desember 2014.

3.3 Ngumpulkeun Data
3.3.1 Instrumén Panalungtikan
Instrumén panalungtikan mangrupa alat atawa fasilitas nu digunakeun ku
panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanna leuwih gampang tur
meunangkeun hasil anu hade, dina harti anu leuwih taliti, lengkep, jeung
sistematis sangkan gampang diolah (Arikunto, 2010, kc. 203).

Nurutkeun Sudjana (2011, kc. 15) instrumén panalungtikan nyaéta alat pikeun
ngadéskripsikeun dina ngumpulkeun data anu dipaké pikeun ngukur variable
panalungtikan katut sarat-sarat anu kudu dicumponan.
Aditia Solehudin, 2014
CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI
Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

25


Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta kartu data. Dina unggal
tweet anu ngandung kecap atawa kalimah anu kaasup kana campur kode disalin

kana kartu data, diébréhkeun kode sumber data, tanggal, jeung déskripsi tina data
nu kapanggih. Kartu data dina ieu panalungtikan bisa katitén ieu di handap:
KARTU DATA
Makan bari tunduh (@ugitugit/ 050814)
Wanda Campur Kode: ka jero
Wujud Campur Kode: kecap
Wangun Campur Kode: kecap rundayan
Warna Campur Kode: kecap pagawéan
Gambar 3.1 Conto kartu data
Katerangan:
Makan bari tunduh

= tweet

@ugitugit

= ngaran akun twitter


050814

= tanggal, bulan jeung taun dikirimna

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik dokuméntasi.
Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun nganalisis wanda, wujud campur kode,
jeung adegan kecap dina akun twitter mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa
Daerah FPBS UPI. Téhnik ngumpulkeun data kalawan léngkah-léngkah ieu di
handap.
a. Mariksa jeung nitétan data-data anu dina file gambar.
b. Mindahkeun data campur kode tina file gambar kana microsoft word.
c. Nyirian campur kode nu aya dina file microsoft word.
d. Nyatet campur kode nu aya dina file microsoft word kana kartu data.
e. Mindahkeun data campur kode nu aya dina kartu data kana tabél data.

Aditia Solehudin, 2014
CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI
Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu


26

3.4 Analisis Data
Téhnik analisis data mangrupa kagiatan ngaanalisis jeung ngolah data. Téhnik
ngolah data dina ieu panalungikan nya éta ngagunakeun téhnik analisis unsur
langsung (immediate constituent (IC) analysis), nya éta analisis anu niténan
unsur-unsur basa anu langsung ngawangun unsur saluhureunana (Hockett dina
Sudaryat, 2004, kc. 32). Éta data diolah kalawan léngkah-léngkah ieu di handap.
a. Niténan deui data campur kode nu geus dikumpulkeun.
b. Nyieun papasingan data dumasar kana wanda campur kode, wangun campur
kode, jeung adegan kecapna.
c. Nganalisis campur kode.
d. Ngadéskripsikeun campur kode.
e. Nyieun tafsiran jeung kacindekan tina hasil ngolah data.

Aditia Solehudin, 2014
CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI
Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu