S BD 1103056 Chapter1
BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Basa mangrupa pakakas komunikasi dina kahirupan manusa. Ari sababna,
ngaliwatan basa manusa bisa ngébréhkeun sagala pamaksudan. Basa nyaéta
sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh
éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvensional) antar anggota masarakatna
pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi (Sudaryat, 2004, kc. 6). Dina
kahirupan sapopoé di imah ilaharna maké basa indung, lebah dieu basa Sunda.
Kitu deui, di lingkungan masarakat Sunda dipaké basa Sunda. Ngan, aya ogé nu
dicampur jeung basa Indonésia. Ku kituna, saméméh asup sakola, barudak téh
maké basa Sunda, ari geus asup sakola maraké basa Indonésia minangka basa
kadua. Tina katerangan di luhur, barudak Sunda téh sakurang-kurangna maké dua
basa, nyaéta basa Sunda jeung basa Indonésia. Bisa disebutkeun yén barudak
Sunda téh dwibasa.
Suwito (1983, kc. 39) nétélakeun yén masalah kadwibasaan moal leupas tina
kontak budaya, sabab basa téh mangrupa ragam nu digunakeun sacara terusterusan nu mangaruhan ayana unsur-unsur basa nu hiji kana basa nu séjénna.
Dimana kontak sarupa baris ngabalukarkeun fénoména kabasaan. Kontak basa
Sunda pohara dalitna. Basa Sunda dipangaruhan ku basa Indonesia alatan ayana
kontak budaya. Kontak budaya nu ngawengku kontak basa mangrupa salah sahiji
faktor baris lumangsungna campur basa di masarakat. Campur basa téh
lumangsung dina wangun basa lisan jeung wangun basa tinulis.
Jaba ti dwibasaan, barudak Sunda ogé bisa jadi multibasa atawa multilingual.
Ari sababna, bisa waé barudak Sunda téh bisa basa Sunda, basa Indonésia, atawa
basa asing saperti basa Inggris. Ku ayana masarakat multilingual pasti baris aya
interferensi, integrasi, sarta alih kode jeung campur kode. Éta opat peristiwa tutur
téh gejalana sarua, nya éta ayana unsur basa séjén nu digunakeun dina tulisan
atawa omongan tapi konsép pasualanana béda. Campur kode mangrupa salah
sahiji masalah dina lumangsungna kagiatan nyarita.
Aditia Solehudin, 2014
CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI
Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu
2
Nurutkeun Chaer (2003, kc. 151), campur kode téh nyaéta:
“Pemakaian kode utama atau kode dasar yang digunakan dan memiliki fungsi
keotonomiannya. Dimana kode lain yang ikut terlibat hanyalah berupa
serpihan tanpa fungsi.”
Nurutkeun Pfaff (1979) dina Jendra (2012, kc. 32), campur kode téh nyaéta:
“Conversational code-mixing involves the deliberate mixing of two languages
without an associated topic or situation change.”
Ayana campur kode téh bisa jadi lantaran ayana kamajuan téhnologi,
informasi jeung komunikasi (TIK). Ku ayana kamajuan téknologi ngabalukarkeun
rupa-rupa kajadian dina widang komunikasi, éta kajadian téh bisa dihaja atawa teu
karasa ayana. Kiwari basa Sunda geus loba kapangaruhan ku basa séjén samodél
basa Indonesia jeung basa Asing. Wujud kamekaran nu teu karasa nyampakna
nyaéta dina wangun basa nu ditempo tina média sosial saperti facebook, twitter,
path, tumblr, jrrd.
Di antara éta kabéh média sosial téh, twitter nu pangdipigandrungna ku rumaja
ayeuna. Loba nu geus wanoh kana ieu média sosial sabab méh kabéh rumaja teu
bisa leupas dina nu ngaranna gadget atawa handphone anu miboga aksés internet
pikeun ngagampangkeun komunikasi. Dina taun 2014 nurutkeun enciety.co hasil
panalungtikan PeerReach, Indonesia kaasup pamaké twitter katilu panglobana
saalam dunya. Salian ti éta, Kota Bandung kaasup kota pamaké twitter kagenep
pangaktipna saalam dunya taun 2012 (forbes.com). Ku kituna, masarakat
Indonésia umumna keur migandrung kana twitter, kaasup mahasiswa Departemen
Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI ogé.
Ngagunakeun twitter tangtuna baé loba méré pangaruh ka nu makéna, boh
pangaruh hadé boh pangaruh goréng. Lantaran teu sakabéh akun twitter méré
informasi anu mangpaat pikeun nu nempona. Anu tadina tujuan utamana pikeun
komunikasi, iklan promosi, tapi ayeuna loba pisan dipaké keur daragang atawa
muka usaha, jrrd. Tapi, nilik kana eusi nu diébréhkeun ku nu boga akun muncul
hiji ragam basa Sunda nu kaindo-indoan ilaharna disebut kamalayon, atawa basa
Sunda nu kainggris-inggrisan. Éta hal téh nimbulkeun fénoména campur kode.

3
Nababan (1991, kc. 32) dina Aslinda jeung Syafyahya (2007, kc. 87)
nétélakeun ciri anu pangmucunghulna dina campur kode nyaéta dina situasi rinéh
atawa informal. Akun twitter mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah
FPBS UPI saenyana mah émang keur aya dina kaayaan anu teu formal. Ku kituna,
éta mahasiswa téh sacara teu sadar nyieun hiji status atawa tweet anu kaasup
campur kode. Contona dina tweet salah sahiji akun “@rianmantut atuh sateh ini
masih suasana lebaran kudu weh ngajak padungdeng téh hahaha” éta mangrupa
campur kode basa Sunda ku basa Indonesia. Hal éta téh nuduhkeun yén akun
twitter mawa pangaruh gedé kana kabeungharan kecap basa Sunda.
Panalungtikan ngeunaan campur kode téh lain perkara anyar. Ari sababna,
saméméhna kungsi aya ogé nu ngulik perkara campur kode, diantarana waé nu
nalungtik ngeunaan Campur Kode dina Siaran Tarucing Salasa Naker (Tarsan) Iradio 105,1 FM Bandung pikeun Bahan Ajar Ngaregepkeun di SMP (Nita Novita
Permatasari, 2010), Campur Kode dina Nulis Surat Pribadi Siswa Kelas VIII
SMPN 1 Lembang (Dian Astriani, 2013) jeung nu nalungtik ngeunaan Campur
Kode dina Siaran Béntang Parahyangan Bandung TV (Nisa Siti Zakiyah, 2014).
Éta tilu panalungtikan téh medar perkara campur kode dina makéna basa Sunda.
Panalungtikan nu kahiji medar campur kode dina siaran radio acara tarucing
salasa naker, panalungtikan nu kadua medar campur kode dina surat pribadi nu
ditulis ku siswa SMPN 1 Lembang, ari nu katilu medar campur kode dina siaran
Béntang Baranang di Bandung TV. Ieu panalungtikan téh ogé sarua pada-pada
medar campur kode dina basa Sunda. Ngan pédah bédana téh, sumber data dina
ieu panalungtikan nyaéta akun twitter dina internet. Ari pangna dipilih média akun
twitter, lantaran ieu média sipatna universal tur kiwari pohara dipikaresepna.
Dumasar kana katerangan di luhur, panalungtikan campur kode dina akun twitter
can aya nu ngagarap. Ku kituna, panalungtikan anu ngulik campur kode dina akun
twitter dilaksanakeun.
Ieu panalungtikan baris ngulik makéna basa Sunda katut campur kodena nu
kapanggih dina akun twitter, utamana masalah kabasaan anu lumangsung di
masarakat ngaliwatan akun twitter mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa
Daerah FPBS UPI dina média sosial twitter. Panalungtik nilik kana kaayaan yén
campur basa tinulis kawilang leutik, tapi lain hartina panalungtikan dipuseurkeun

4
kana salah sahiji wangun tinulis hungkul. Lantaran kabiasaan makéna basa lisan
sok kababawa kana wangun tinulis. Kabiasaan éta sok kababawa ku
dwibahasawan nalika nulis tweet dina twitter. Ku kituna ieu panalungtikan dibéré
judul “Campur kode dina Akun Twitter Mahasiswa Departemen Pendidikan
Bahasa Daerah FPBS UPI”.
1.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana kasang tukang jeung idéntifikasi masalah, masalah dina ieu
panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap.
a. Kumaha wanda campur kode anu aya dina tweet akun twitter mahasiswa
Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI?
b. Kumaha wujud campur kode anu aya dina tweet akun twitter mahasiswa

c. Kumaha adegan campur kode anu aya dina tweet akun twitter mahasiswa

1.3 Tujuan Panalungtikan
1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun maluruh masalah basa,
utamana campur kode nu dipaké ku mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa
Daerah FPBS UPI anu lumangsung di masarakat ngaliwatan akun twitter dina
média sosial twitter.
1.3.2 Tujuan Husus
Tujuan husus dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun mikanyaho jeung
ngadéskripsikeun campur kode dina akun twitter mahasiswa Departemen
Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Ari déskripsina ngawengku:
a. Wanda campur kode anu aya dina tweet akun twitter mahasiswa Departemen
Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.
b. Wujud campur kode anu aya dina tweet akun twitter mahasiswa Departemen

5
c. Adegan campur kode anu aya dina tweet akun twitter mahasiswa Departemen
Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Unggal panalungtikan tangtu miboga mangpaat. Kitu deui dina ieu
panalungtikan. Mangpaatna ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis anu aya dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngaronjatkeun
paélmuan basa nu kagolongkeun dina sosiolinguistik minangka élmu anu maluruh
basa katut makéna basa di masarakat. Jadi, campur kode bisa diasupkeun kana
ragam basa anu mangrupa masalah anu aya di masarakat multilingual.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan nyaéta:
a. Méré informasi ngeunaan campur kode nu aya dina akun twitter mahasiswa
Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.
b. Bisa nambahan pangaweruh pikeun ngalarapkeun basa Sunda dina ngalatih
kaparigelan nulis.
c. Mekarkeun pangaweruh para peminat sosiolingusitik Sunda.
d. Bisa jadi bahan tinimbangan pikeun guru jeung siswa ngeunaan kandaga kecap
basa Sunda.
e. Bisa dijadikeun référénsi panalungtikan campur kode satuluyna.
1.5 Sistematika Tulisan
Ieu tulisan téh dipidangkeun dina lima bab, nyaéta; bab I dijudulan “Bubuka”.
Dina bab I medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah,
tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika penulisan.
Bab II dijudulan “Tatapakan Tiori”. Eusina medar tiori campur kode, tiori
adegan kecap, jeung akun twitter, panalungtikan saméméhna jeung kalungguhan
tioritis.

6
Bab III dijudulan “Métode Panalungtikan”. Dina bab III diguar ngeunaan
desain panalungtikan, sumber data panalungtikan, instrumen panalungtikan,
téhnik ngumpulkeun data, jeung téhnik analisis data..
Bab IV dijudulan “Hasil Panalungtikan jeung Pedaran”. Dina bab IV
dijéntrékeun analisis campur kode dina akun twitter mahasiswa Departemen
Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.
Bab V anu dijudulan “Kacindekan jeung Rékoméndasi” anu eusina mangrupa
kacindekan hasil panalungtikan jeung rékoméndasi ti panyusun.