ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATÉN SUKABUMI.

(1)

No. 1389/UN40.3.D1/DT/2014

Khairul Fridarmawan, 2014

ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATÉN SUKABUMI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES

KABUPATÉN SUKABUMI

SKRIPSI

DiajengkeunpikeunNyumponan Salah SahijiSarat NyangkingGelarSarjanaPendidikan

ku

KHAIRUL FRIDARMAWAN

1002771

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

2014

(2)

No. 1389/UN40.3.D1/DT/2014

Khairul Fridarmawan, 2014

ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATÉN SUKABUMI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Lembar Pengesahan Skripsi

Khairul Fridarmawan 1002771

ADEGAN (STRUKTUR) MANTRAJEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES

KABUPATÉN SUKABUMI Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Dr. Dedi Koswara, M. Hum. NIP 195906141986011002

Pangaping II,

Dr. Ruswendi Permana, M.Hum. NIP 19501011986011001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001

(3)

No. 1389/UN40.3.D1/DT/2014

Khairul Fridarmawan, 2014

ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATÉN SUKABUMI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

PERNYATAAN

Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi yang berjudul “Adegan

Struktur Mantra Jeung Fungsina di Desa Sasagaran Kecamatan Kebonpedes Kabupatén Sukabumi” ini dan seluruh isinya adalah benar-benar karya saya sendiri, dan saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara yang tidak sesuai dengan etika ilmu yang berlaku dalam masarakat keilmuan. Atas pernyataan tersebut, saya siap menanggung resiko yang dijatuhkan kepada saya apabila dikemudian hari ditemukan adanya pelanggaran terhadap etika keilmuan dalam karya ini, atau ada klaim dari pihak lain terhadap karya saya.

(4)

Khairul Fridarmawan, 2014

ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATÉN SUKABUMI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ADEGAN (STRUKTUR) PUISI MANTRA DAN FUNGSINYA DI DESA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATEN

SUKABUMI

Khairul Fridarmawan ABSTRAK

Penilitian yang diberi judul“Adegan (Struktur) Puisi Mantra dan Fungsinya di Desa Sasagaran Kecamatan Kebonpedes Kabupaten Sukabumi”ini memiliki tujuan untuk menginventaris,menganalisis dan menjelaskan serta mandeskripsikan isi yang terkandung dalam puisi mantra yang tergolong menjadi enam bagian yaitu Jangjawokan, Asihan, Singlar, Jampe, Ajian dan Rajah. Metode yang digunakan dalam penelitian ini yaitu metode deskriptif yang menggunakan teknik studi pustaka, observasi, wawancara, dan tehnik dokumentasi.Puisi mantra yang berhasil dikumpulkandari Desa Sasagaran Kecamatan Kebonpedes Kabupaten Sukabumi seluruhnya berjumlah 25 puisi mantra, dari 25 puisi mantra yang telah terkumpul hanya dianalisis sebanyak 15 puisi mantra berdasar bentuk, isi, dan fungsinya. Setelah dilakukan analisis puisi mantra, dapat di dapat kesimpulan bahwa isi dari 13 puisi mantra mempunyai unsur yang sama yaitu unsur judul, pembuka, sugesti dan tujuan, serta hampir keseluruhan terbentuk dalam bahasa Sunda meskipun ada juga yang dipangaruhi oleh bahasa Jawa, Kawi, dan Sanskerta. Hasil penelitian ini bisa digunakan sebagai bahan pertimbangan untuk menggunakan dan menerapkan puisi mantra ini dalam kehidupan sehari-hari,dari mulai hal yang mendasari kita untuk menggunakandan apa pengaruh serta manfaat yang akan kita dapatkan dalam menggunakan puisi mantra tersebut, sampai tata cara menggunakan puisi mantra itu sendiri.Sebab tidak semua puisi mantra yang kita gunakan memberi hasil yang kita harapkan, tapi hasil pekerjaan yang memuaskan itu terdapat dalam cara bagaimana menggunakan puisi mantraserta sebesar apa usaha dan keyakinan kita agar suatu hal yang kita kerjakan mendapat hasil yang memuaskan.

(5)

Khairul Fridarmawan, 2014

ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATÉN SUKABUMI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ABSTRACT

This examination has a title“Adegan (Struktur) Puisi Mantra dan Fungsinya di Desa Sasagaran Kecamatan Kebonpedes Kabupaten Sukabumi”it purpose to archieving,analyzing, and describe about what thespell mean, or in Sundanese it called puisi mantra which classified into six part includejangjawokan, asihan, ainglar, jampe, ajian andrajah. Descriptive method has been taken into this examination there are many thing we can do lika study from the books, observing, interview, and also project documenter.The spell or it called puisi mantra which successfully taken is about25, from 25 it has been analyzing only 13 and that is describing about structure to build up the puisi mantra. After we have an analyzing, it make a conclusion that 13 puisi mantra have a same structure and that isa title, opening section, suggestion section and purpose, and almost all of them is using a Sundanese language, Javanese language, Kawi language and some of it has a Sanskerta language. This examination can be used to upgrading our knowledge about an old tradition and to compare how if this spell if we want to using in a daily life, and also we had to knownall about thing which build up the spell.

(6)

v

Khairul Fridarmawan, 2014

ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATÉN SUKABUMI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

Kaca

PERNYATAAN ... i

ABSTRAK ... ii

PANGJAJAP ... iii

TAWIS NUHUN ... iv

DAPTAR EUSI ... v

DAPTAR SINGGETAN ... vi

DAPTAR BAGAN ... vii

DAPTAR GAMBAR ... viii

DAPTAR TABÉL ... ix

DAPTAR LAMPIRAN ... x

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 IdentifikasijeungRumusanMasalah ... 4

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 TujuanPanalungtikan... 4

1.4 MangpaatPanalungtikan ... 5

1.5 SistematikaPenulisanSkripsi ... 5

BAB II SASTRA JEUNG PUISI MANTRA ... 7

2.1 Sastra ... 7

2.2 Wangun Karya Sastra ... 7

2.3 Wangenan Puisi Mantra ... 8

2.4 Fungsi Puisi Mantra ... 11

(7)

vii

2.5.1 Sajak Wirahma Merdika ... 12

2.5.2 Purwakanti ... 12

2.6 Papasingan puisi mantra dumasar kana (wangun, eusi, harti, jeung fungsi)... 13

2.6.1 Dumasar Fungsi ... 13

2.6.1.1 Asihan ... 14

2.6.1.2 Jangjawokan ... 15

2.6.1.3 Ajian ... 15

2.6.1.4 Singlar ... 15

2.6.1.5 Rajah ... 16

2.6.1.6 Jampé ... 16

2.6.2 Dumasar Eusi ... 16

2.6.2.1 Pencitraan ... 16

2.6.2.1 Jenis-jenis Citraan ... 17

2.6.3 Dumasar Wangun 2.6.3.1 Unsur Judul ... 18

2.6.3.2 Unsur Pamuka ... 18

2.6.3.3 Unsur Sugésti ... 18

2.6.3.4 Unsur Tujuan ... 18

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN ... 20

3.1 Sumber Data jeung Lokasi Panalungtikan ... 20

3.1.1 Sumber Data ... 20

3.1.2 Lokasi Géografis Tempat Panalungtikan ... 20

3.1.3 Peta Lokasi Panalungtikan ... 22

3.2 Desain Panalungtikan ... 22

3.3 Métode jeung Téhnik Panalungtikan ... 23

3.4 Wangenan Operasional ... 23

(8)

viii

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 26

3.7 Téhnik Ngolah Data ... 27

3.8 Léngkah-Léngkah Panalungtikan... 27

BAB IV ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATÉN SUKABUMI 4.1 Déskripsi Puisi Mantra Anu Kapanggih di Désa Sasagaran ... 29

4.2 Déskripsi Wangun, Fungsi, jeung Eusi Puisi Mantra di Désa Sasagaran ... 29

4.2.1 Déskripsi Naskah Puisi Mantra ... 30

4.3 Analisis Struktur Puisi Mantra ... 37

4.3.1 Analisis Asihan Mantra Asihan Sukma Prabu Silwangi ... 38

4.3.1.1 Teks Mantra ... 38

4.3.1.2 Eusi Mantra ... 38

4.3.1.3 Wangun Asihan Sukma Prabu Siliwangi ... 38

4.3.1.4 Fungsi Puisi Mantra ... 39

4.3.2 Analisis Asihan Mantra Asihan Kabut Sadana ... 40

4.3.2.1 Teks Mantra ... 40

4.3.2.2 Eusi Mantra ... 41

4.3.2.3 Wangun AsihanKabut Sadana ... 41

4.3.2.4 Fungsi Puisi Mantra ... 41

4.3.3 Analisis Asihan Mantra Asihan si Gunung Puntang ... 43

4.3.3.1 Teks Mantra ... 43

4.3.3.2 Eusi Mantra ... 43

4.3.3.3 Wangun Asihan Kabut Sadana ... 44

4.3.3.4 Fungsi Puisi Mantra ... 44

4.3.4 Analisis Asihan Mantra Jampé Raheut ... 45

4.3.4.1 Teks Mantra ... 45

4.3.4.2 Eusi Mantra ... 46

4.3.4.3 Wangun Mantra Jampé Raheut ... 46

(9)

ix

4.3.5 Analisis Asihan Mantra Katimbulan ... 48

4.3.5.1 Teks Mantra ... 48

4.3.5.2 Eusi Mantra ... 48

4.3.5.3 Wangun Ajian Katimbulan ... 49

4.3.5.4 Fungsi Puisi Mantra ... 49

4.3.6 Analisis Asihan Mantra Kajayaan ... 51

4.3.6.1 Teks Mantra ... 51

4.3.6.2 Eusi Mantra ... 51

4.3.6.3 Wangun Ajian Kajayaan ... 51

4.3.6.4 Fungsi Puisi Mantra ... 52

4.3.7 Analisis Asihan Mantra Paranti ka Reuma ... 53

4.3.7.1 Teks Mantra ... 53

4.3.7.2 Eusi Mantra ... 53

4.3.7.3 Wangun Asihan Jampé Paranti ka Reuma ... 53

4.3.7.4 Fungsi Puisi Mantra ... 54

4.3.8 Analisis Asihan Mantra Kaséhatan ... 55

4.3.8.1 Teks Mantra ... 55

4.3.8.2 Eusi Mantra ... 55

4.3.8.3 Wangun Jampé Kaséhatan ... 55

4.3.8.4 Fungsi Puisi Mantra ... 55

4.3.9 Analisis Asihan Mantra Pamusnah Rajawisuna ... 56

4.3.9.1 Teks Mantra ... 56

4.3.9.2 Eusi Mantra ... 57

4.3.9.3 Wangun Asihan Pamusnah Rajawisuna ... 57

4.3.9.4 Fungsi Puisi Mantra ... 58

4.3.10 Analisis Asihan MantraAsihan Brajamusti ... 59

4.3.10.1 Teks Mantra ... 59

4.3.10.2 Eusi Mantra ... 60

(10)

x

4.3.10.4 Fungsi Puisi Mantra ... 60

4.3.11 Analisis Asihan Mantra Paranti Dahar ... 62

4.3.11.1 Teks Mantra ... 62

4.3.11.2 Eusi Mantra ... 62

4.3.11.3 Wangun Asihan ... 63

4.3.11.4 Fungsi Puisi Mantra ... 63

4.3.12 Analisis Asihan Mantra Paranti Leumpang ... 64

4.3.12.1 Teks Mantra ... 64

4.3.12.2 Eusi Mantra ... 64

4.3.12.3 Wangun Mantra Paranti Leumpang ... 65

4.3.12.4 Fungsi Puisi Mantra ... 65

4.3.13 Analisis Asihan Mantra Paranti Ngising ... 66

4.3.13.1 Teks Mantra ... 66

4.3.13.2 Eusi Mantra ... 66

4.3.13.3 Wangun Jampé Paranti Ngising ... 66

4.3.13.4 Fungsi Puisi Mantra ... 67

4.4 Kacindekkan Analisis ... 68

4.4.1 Wangun ... 68

4.4.2 Eusi ... 70

4.4.3 Fungsi... 71

BAB VKACINDEKAN JEUNG SARAN... 73

5.1 Kacindekan ... 73

5.2 Saran ... 74 DAPTAR PUSTAKA ... LAMPIRAN-LAMPIRAN ...

(11)

1

Khairul Fridarmawan, 2014

ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATÉN SUKABUMI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 KasangtukangMasalah

Karya sastra mangrupa salasahiji média pikeun ngukur jeung ngabuktikeun hasil pamikiran manusa, boh sacara lisan atawa tulisan. Éta karya sastra téh aya jeung sumebar dina kahirupan masyarakat nu miboga fungsi salaku pamaké basa. Sacara tulisan, masyarakat salaku pamaké basa ngagunakeun sastra dina nepikeun ide-ide nu mangrupa hasil mikir kana wangun karangan nu bisa dipanggihan dina kahirupan sapopoé contona waé sajak. Sedengkeun dina wangun lisan, masyarakat loba ngagunakeun dina wangun karya nu bisa diapalkeun contona dina pupujian jeung dongéng.

Sastra téh sacara gurat badag dibagi kana dua katégori, nya éta karya sastra lisan jeung tulisan. Salasahiji karya sastra dina wangun tulisan nya éta sajak, carita pondok, carita pantun, wawacan, sedengkeun dina wangun lisan salasahiji contona nya éta dongéng, jeung nu loba sumebar di daérah–daérah nya éta puisi mantra.Dina ieupanalungtikan nu bakalditalungtiktéhnyaéta puisi mantra. Puisi mantra mangrupa wangun karya sastra puisi anu can ngalaman parobahan dina segi unsur, eusi, jeung kaidahna jeung kagolong kana wangun puisi Sunda (Rusyana, 1970: 3). Puisi mantra ngawengku sababaraha jenis puisi nya étajangjawokan, mantra, asihan, singlar, jeung santét.Salasahiji tina rupa – rupa conto puisi mantra nu bisa ditalungtik leuwih jero jeung diwincik tina prosés kamekaranana tur kaitung gedé mangpaatna pikeun kahirupan sapopoé hususna, nya éta jangjawokan. Dumasar hasil wawancara jeung narasumber nu aya di Kecamatan Kebonpedes Kabupatén Sukabumi, dina prak– prakanana jangjawokantéhaya kénéh patalina jeung sistem kapercayaan nu diagem ku masyarakat Sunda, nepika kiwari anu mimiti ngaleungit alatan kadéséh ku kamajuan jaman. Sistem kapercayaan masyarakat Sunda jaman baheula raket pisan patalina

(12)

2

Khairul Fridarmawan, 2014

ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATÉN SUKABUMI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

jeung lumangsungna kahirupan di masyarakat éta sorangan), kitu ogé nu aya patalina jeung atikan, siklus hirup manusa (dijerona kaasup kakandungan, babar, sunatan, panyakit jeung cara nyageurkeunna, nikah, jeung maot) tatanén, palintangan, nangtukeun tanggal hadé (Mustapa,2012: 35). Dina ieu hal, anu jadi cukang lantaran jangjawokan boga kalungguhan anu penting dina prak–prakan kahirupan sapopoé boh urusan duniawi boh urusan akhérat.

Jaman baheula masyarakat percaya kana ayana kakuatan goib anu aya patalina

jeung lumangsungna hirup

manusa,hartinahalanubisadiandelkeunjamanharitasaméméhayanakamekarantéhnologi , minangkapakakas pikeun ngajaga tina hal goréngnyaéta bantuantinakakuatangoib(JangjawokanInventarisasiPuisi Mantra Sunda, 2012: 35).Méh sarua jeungsenjataatawapakakasséjénna, liantidigunakeun kana kahadéan, tangtunaayaogé nu ngagunakeun kana kagoréngan.Alatankitu, pikeun nyingkahan atawa ngungkulanhal – hal goib nu dipaké kana kagoréngansamodél kitu, diantarana ngalakukeun cara - cara nu geus ditangtukeun kuaturan nu tangtu nu kawangundina kecap jeung kalimah anu disusun jadi salasahiji wangun jangjawokan.

Jamankiwariparobahan jaman nu geus kaitung maju.Kahirupan masyarakat jaman ayeuna katitén bédana lamun dibandingkeun jeung kahirupan masyarakat Sunda jaman baheula. Masyarakat sok ngarasa leuwih onjoy ngagunakeun pakakas tekhnologi jaman ayeuna, salasahiji conto dina ngawuluku sawah, pakakas anu digunakeun nya éta traktor, lain deui ku munding saperti nu mindeng dilakonan 20 taun katukang (taun 1994 masih kénéh loba di Kabupatén Sukabumi nu ngawuluku ku munding). Jangjawokan geus kadéséh jeung méh leungit sabab geus teu deui ngalaman prosés ngawariskeun budaya antara kolot baheula ka budak ngora jaman ayeuna. Teu loba masyarakat jaman kiwari nu mikanyaho ngeunaan jangjawokan.Anapon dina kaayaan samodél kitu, kurang pisan kasadaran pikeun

(13)

3

Khairul Fridarmawan, 2014

ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATÉN SUKABUMI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

nyosok leuwih jero kana titinggal kolot baheula nu boga poténsi bisa leungit jeung tilem dina kamajuan jaman nu unggal waktu beuki maju.

Prak–prakan ngagunakeun jangjawokanogé teu samanéa, aya anu diwiridkeun, anu cara meunangkeunna dipuasaan heula, lian ti éta aya contona di Sukabumiperenahna daérah Jampangkulon aya prosés"ngagaleuh"élmu, prosésna nya éta neuteup panon poé ti mimiti kaluar nepika luhurna satumbak, étatéh dilakonan dina sabaraha poé nepika ngarasa cukup. Tuluy ngalakukeun mandi di tujuh muara, sanggeus mandi di tujuh muara, ngalakukeun ziarah ka makam.

Tina Sababarah puisi mantra nu dikumpulkeun ti daérah Sukabumi hususna Désa Sasagaran Kecamatan Kebonpedes Kabupatén Sukabumi baris ditalungtik adegan, euis jeung fungsina. Lian ti kitu, ieu ogé minangka prosés méré ajén kana kabudayaan anu masih kénéh aya di sabudeureun urang, sabab puisi mantra mangrupa salasahiji kabudayaan titinggal karuhun anu masih kénéh aya jeung pinuh ku ajén falsafah anu bisa dijadikeun alat ukur kuatna kabudayaan jeung kapercayaan nu aya dina kahirupan manusa boh jaman baheula boh jaman ayeuna.

Panalungtikan ieu minangka ébréhan nu kainspirasi tina panalungtikan nu geus diayakeun saméméhna, nya éta Bagbagan Puisi Mantra Sunda, Projék penelitian pantun dan folklore Sunda ku Rusyana (1970), Puisi Mantra di Kecamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi: Analisis Déskripsi jeung Kontéks meunang Retty Isnendes (1998), Analisis Struktural Puisi Mantra Di Désa Cimindi Kacamatan Cigugur Kabupaten Ciamis pikeun bahan Pangajaran Aprésiasi Puisi Di SMA Kelas X ku Iis Aisah (2013), jeung Struktur Puisi Mantra di Désa Pangulah Selatan Kecamatan Kota baru Kabupatén Karawang Pikeun Bahan Ajar Maca di SMA ku Egi Praja (2013), Analisis Puisi Mantra di Désa Malati Kecamatan Naringgul Kabupaten Cianjur meunang Dadang Gunawan (2003).

(14)

4

Khairul Fridarmawan, 2014

ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATÉN SUKABUMI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sabada maca jeung nyokot kacindekkan tina sababaraha panalungtikan nu diayakeun saméméhna, lolobana nu ditalungtik tina puisi mantra téh sacara struktural, ogé rata-rata dilarapkeun kana pangajaran, can aya nu kungsi nalungtik adegan (struktur) eusi jeung fungsina. Dina ieu panalungtikan, baris ngabahas eusi jangjawokan, unsur nu ngawangunjeung fungsina jangjawokan.

1.2 IdentifikasijeungRumusanMasalah 1.2.1 IdentifikasiMasalah

Dumasar kana kasangtukang jeung hasil panalungtikan ti narasumber, jangjawokan mangrupa sastra buhun anu miboga peran sarta fungsi nu gedé pangaruhna dina kahirupan sapopoé dina jamanna.Maksudna, ieu jangjawokan jaman kiwari geus teu pati dipaké sabab kurangna minat masyarakat Sunda di daérah Kebonpedes pikeun ngagunakeun jangjawokan, kusabab geus jaman modern, tapi aya sawatara narasumber nu masih kénéh maké. Sangkan teu lega teuing, ieu panalungtikan baris diwatesan saukur maluruh adegan (struktur)puisi mantraeusi jeung fungsina di daérah Sukabumi Kecamatan Kebonpedes.

1.2.2 RumusanMasalah

Dumasar kana identifikasi masalah di luhur, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

1) Puisi mantra naon baé anu di Désa Sasagaran KecamatanKebonpedes?

2) Kumahawangun puisi mantra nu aya di Désa Sasagaran KecamatanKebonpedes? 3) Naon eusi mantra nu aya di Désa SasagaranKecamatanKebonpedes?

4) Kumaha fungsina mantra nu aya di Désa Sasagaran Kecamatan Kebonpedes?

1.3 TujuanPanalungtikan

Tujuanieupanalungtikantéhnyaétahayangmikanyahoaspek kapercayaan anu kawengku tina jangjawokan. Sacarahusustujuananuhayangdihontaltéhnyaéta.

(15)

5

Khairul Fridarmawan, 2014

ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATÉN SUKABUMI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2) Ngadéskripsikeun wangun, eusi, jeung fungsi puisi mantra nu aya di Kecamatan Kebonpedes nu diterapkeun dina siklus kahirupan éta sorangan. 3) Ngadéskripsikeuneusi tina puisi mantra nu aya di Désa

SasagaranKecamatanKebonpedes.

1.4 MangpaatPanalungtikan

Mangpaat nu dipihareptinaieupanalungtikantéhnyaéta:

1) Mikanyahounsur nu ngawangunpuisi mantra di masyarakat 2) Pikeuntolakukurdinangembangkeunkabudayaan

3) Mikanyahofungsitinangagunakeunjangjawokan 4) Maham kana eusi nu aya dina puisi mantra

5) Ngahudangkeunkasadaranmasyarakatpikeunmupustikabudayaanminangkaw arisantikolotbaheula.

6) Pikeun nu nalungtik, ningkatkeunkareueus kana kabudayaan nu masihkénéhbisakapanggih di masyarakat.

7) Bisangeuyeubanpangaweruhngeunaanpuisi mantra

hususnajangjawokanpikeun nu maca.

1.5 SitematikaPenulisanSkripsi

BAB I : Bubuka, medarngeunaankasangtukangmasalah,

watesanjeungrumusanmasalah, tujuanpanalungtikan, pangfaatpanalungtikan, wangenanopersional, jeunganggapandasar.

BAB II : Dasar-dasartiori, medarngeunaanwangenansasatra,

wangunkaryasasatra, wangenanpuisi mantra, sejarahkamekaranpuisi mantra, fungsipuisi mantra, papasinganpuisi mantradumasar kana (wangun, eusi, harti, jeungfungsi).

(16)

6

Khairul Fridarmawan, 2014

ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATÉN SUKABUMI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III : Métodologipanalungtikan, medarngeunaandéskripsiwewengkon, populasijeungsampel, métodejeungtéhnikpanalungtikan, tahapngumpulkeun data, tahapngolah data, jeungtahapnyusunlaporan.

BAB IV : Medarngeunaanpangaruhpuisi mantra kana kahirupan

sapopoémasyarakat di Desa

SasagaranKecamatanKebonpedesKabupaténSukabumi, nu ngawengkuhasilpanalungtikan, analisis data, daftartabélhasilanalisis.

BAB V : Panutup, nu ngawengkukacindekanjeung saran. DAFTAR PUSTAKA

(17)

20

Khairul Fridarmawan, 2014

ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATÉN SUKABUMI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data jeung Lokasi Panalungtikan 3.1.1 Sumber Data Panalungtikan

Sugiyono (2012:308) nétélakeun yén dina ngumpulkeun data bisa ngagunakeun sumber primer jeung sumber sekunder. Sumber primer nya éta sumber data nu langsung dibikeun ka nu ngumpulkeun data atawa panalungtik, sedengkeun sumber sekunder nya éta sumber data nu teu langsung dibikeun ka panalungtik, misalna ngaliwatan jalma lian atawa ngaliwatan dokumén. Sumber data dina ieu panalungtikan téh nya éta puisi mantra nu aya di Desa Sasagaran, Kacamatan Kebonpedes, Kabupaten Sukabumi.

3.1.2 Lokasi Géografis Tempat Panalungtikan

Kabupaten Sukabumi aya di wilayah ProvinsiJawa Barat jauhna 96 km dariIbukota Provinsi Jawa Barat (Bandung) jeung 119 km dari Ibukota Negara (Jakarta). Sacarageografis wilayah Kabupaten Sukabumi perenahna aya diantara6°57’ - 7°25’ Lintang Selatan dan106°49’ - 107°00’ Bujur Timur jeung boga luas daerah 4.161 km² atau 11,21% tina luasJawa Barat atau 3,01% tina luas Pulau Jawa,anapon batas-batas wilayahnya nya éta:

• Kalér, ngaliwatan KabupatenBogor, Provinsi Jawa Barat; • Kidul, ngaliwatan wates jeung SamuderaIndonesia;

• Kulon, ngaliwatan wates jeung KabupatenLebak, Provinsi Banten jeung Samudera Indonesia;

(18)

21

Lian ti éta sacara administratif KabupaténSukabumi ogéngaliwatan wates sacara langsungjeung wilayah Kota Sukabumi nu mangrupadaerah kantong (enclave) dikurilingan ku sababaraha wilayah Kacamatan di Kabupatén Sukabumi.Kacamatanéta nya étaKacamatan Sukabumi dibélahWétan, Kacamatan Cisaat dan KacamatanGunungguruh di belah Kulon, KacamatanNyalindung di belahKidul, KacamatanSukaraja dan Kacamatan Kebonpedes di belahWétan.Bentuk topografi wilayah Kabupaten Sukabumiumumna ngawengku bentuk taneuhnubergelombang di daerah kiduljeung mangrupa gunung didaerah bagean kalerjeung tengah. Tingkat kaluhuranana aya dina sekitar 0 - 2.960 m. Aya oge sababaraha daerah basisir jeung pagunungan diantarana Gunung Salak jeung Gunung Gedénumasing-masing boga puncak2.211 m jeung 2.958 m ngabalukarkeun kaayaan lamping leuwih miring (di luhur 35°)ngawengku 29% ti luas Kabupaten Sukabumi. Kaayaantopografi nu jiga kitu ngabalukarkeun wilayahKabupaten Sukabumi jadi rawan erosi.Lamun ditalungtik tina sumber cai, tetela sumberdaya air cukup loba, hal ieukagambarkeun ku lobana walungan diantarana Cimandirijeung walungannnna, Cipelang, Citatih,Citarik, Cibodas dan Cidadap. Lian ti eta aya oge walungan Ciletuh, Cikarang, Cikaso dan Cibuninu mangrupa pangwates jeung KabupatenCianjur di belahWetan. Sumber-sumber cai eta loba digunakeun ku masyarakat salaku pangairankanu tatanen.Tina segi kamampuh taneuh (tekstur jeung tingkat jerona taneuh), daerah Kabupaten Sukabumiboga bertekstur tanah sedeng (tanahlempung). Tingkat jeorna taneuhbisadikelompokkeun jadi 2 (dua) golongan nya etateneuh nujero pisan (leuwih ti90 cm) jeung taneuh nu kurang jero(kurang ti 90 cm).

Kampung Selajambu RT 04/01 mangrupa salasahiji kampung nu aya di Désa Sasagaran. Sasagaran magrupa hiji desa nu aya di sabudeureun KacamatanKebonpedes, Kabupaten Sukabumi. Kode pos nu digunakeun di Sasagaran nya éta 43194.

(19)

22

3.1.3 Peta Lokasi Panalungtikan

3.2 Desain Panalungtikan

Dumasar kana rumusan masalah jeung tujuan panalungtikan, nu jadi tatapakan dina ngayakeun panalungtikan sangkan puguh naon nu jadi udagan jeung nyingkahan salah léngkah dina ngayakeun panalungtikan, bakal ditétélakeun dina wangun tabél.

Narasumber Jangjawokan

Pengumpulan Klasifikasi Analisis

Pengarsipan (Dokumentasi)

* Editing

Atikan Tatanén

Siklus Kahirupan

Hasil ahir (Kacindekkan)

(20)

23

3.3 Métode jeung Tehnik Panalungtikan

Métode mangrupa salasahiji cara anu digunakeun pikeun ngahontal tujuan dina panalungtikan. Cara nu digunakeun dumasar kana tinimbangan anu nalungtik sabada nyawang tujuan jeung objék anu rék ditalungtik.

Arikunto (2010:203) nétélekeun métode panalungtikan nya éta cara anu dipaké ku panalungtik dinga ngumpulkeun data panalungtikan.

Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Tegesna métode anu ngagambarkeun jeung ngajéntrékeun kaayaan jeung kajadian anu keur disanghareupan. Ieu métode digunakeun lantaran data anu ditalungtik leuwih nyoko kana bahan anu bisa dianalisis ku cara déskriptif.

Istilah “déskriptif” asalna tina basa Inggris to describe nu hartina ngajéntrékeun atawa ngagambarkeun hiji hal, misalna kaayaan, kondisi, situasi, peristiwa, kagiatan, jrrd (Arikunto, 2010:3). Métode déskriptif ogé miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun, nyieun gambaran sacara sistematis, faktual, sarta akurat ngeunaan fakta-fakta, anu sipat jeung hubunganna nyoko kana kaayaan daérah nu tangtu. Tujuan ngagunakeun métodé déskriptif dina ieu panalungikan nya éta nyangking data tur méré gambaran ngeunaan wangun, pangaruh, jeung fungsi puisi mantra kana kahirupan sapopoé masarakat di Desa Sasagaran Kacamatan Kebonpedes Kabupaten Sukabumi.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan leuwih jéntré dina udagan panalungtikan, ditataan heula istilah-istilah atawa kecap-kecap anu dipaké jeung aya patalina jeung judul panalungtikan, diantarana:

1) Analisis

“penyelidikan suatu peristiwa (karangan, perbuatan, dan sebagainya) untuk mengétahui yang sebenarnya, sebab-sebab atau duduk perkaranya dan sebagainya” (KBBI)

(21)

24

2) Puisi

Cabang élmu sastra dina wangun lisan jeung tulisan. Nu dimaksud cabang puisi wangun lisan didieu nya éta puisi mantra.

3) Mantra

Nya éta jampé. Jampé pikeun ngalancarkeun naon nu dipigawé (KUBS, Kamus R. A Danadibratra)

4) Jangjawokan

Jangjawokan didieu maksudna salasahiji puisi mantra Sunda, hususna jampé nu digunakeun dina siklus kahirupan sapopoé anu dijerona kaasup kakandungan, babar, sunatan, nikah, dangdan, panyakit kaasup cara ngubaranna jeung maot.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2010:203), instrument panalungtikan nya éta alat atawa pasilitas nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangakan leuwih gampang jeung hasilna leuwih hadé, hartina leuwih taliti, lengkep, sistematika, jeung leuwih gampang ngolahna.

Dina ieu panalungtikan, sangkan bisa meunangkeun data jeung hasil nu nyugemakeun sarta ngayakinkeun, digunakeun sababaraha instrumen,nya éta :

a. Alat rékam

Piken ngumpulkeun data dina wangun audio. Ieu instrumén digunakeun nalika narasumber nétélakeun naon ari jangjawokan, kumaha cara makena, sarta prak-prakkan nu langkung écés. Jinis alat nu dipaké bisa mangrupa alat rekam husus atawa ngagunakeun media HP.

b. Kaméra (Foto)

Pikeun ngadokuméntasikeun data. Ieu instrumén digunakeun pikeun ngainvéntarisasi atawa pengarsipan jangjawokan anu aya dina wangun tulisan. Sarta pikeun ngadokuméntasikeun narasumber nu méré data lamun jangjawokan éta wangunna saukur lisan. Jinis alat nu dipaké mangrupa kaméra digital.

(22)

25

c. Kuisionér

Lembar pertanyaan atawa kuisionér, digunakeun pikeun meunangkeun data sacara tinulis jeung digunakeun pikeun data nu ngkéna baris diukur. Dina kuisioner ieu bakal ngawengku sababaraha pertanyaan anu nyoko kana tilu maksud poko nya éta, naon dadasar makena jangjawokan, naon kaonjoyanna maké jangjawokan, sarta pangaruh naon waé saupama ngagunakeun jangjawokan, ogé kumaha saupama teu ngagunakeun jangjawokan.

d. Format wawancara.

FORMAT WAWANCARA

Ngumpulkeun Data Puisi Mantra di Kecamatan Kebonpedes Kabupaten Sukabumi Desa Sasagaran

No. Narasumber:

A. Data Narasumber

1. Ngaran :

2. Umur :

3. Jenis Klamin :

4. Pakasaban :

5. Kalungguhan :

6. Padumukan :

B. Data Puisi Mantra

1. Judul Puisi Mantra : 2. Rumpaka Puisi Mantra :

3. Digunakeun :

4. Fungsi Puisi Mantra : a. baheula : ... b. ayeuna : ... 5. Jenis Puisi Mantra :

(23)

26

e. Catetan Lapangan

Catetan salila meunangkeun sarupaning data nu aya pakaitna jeung panalungtikan. Hal-hal nu lumangsung diluar agénda nu geus direncanakeun panalungtik, bisa dibaca dina catetan lapangan.

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta 1) téhnik studi pustaka, 2) obsérvasi, jeung 3) wawancara.

1) Studi pustaka

Studi pustaka digunakeun pikeun ngumpulkeun data jeung informasi ngeunaan pupujian anu aya patalina jeung subjék panalungtikan. Data nu geus kacangking bisa dijadikeun dasar dina ngalaksanakeun panalungtikan.

2) Obsérvasi

Obsérvasi nya éta prosés niténan jeung ngumpulkeun data-data anu diperlukeun dina panalungtikan. Téhnik obsérvasi digunakeun sangkan aya gambaran nu nyata ngeunaan kaayaan objék anu keur ditalungtik.

Arikunto (2010:273) nétélakeun yén métodé obsérvasi pikeun niténan kajadian anu kompléks anu bisa waé kajadiana pabareng, panalungtik disarankeun sangakan ngagunakeun alat bantu misalna, kaméra, vidéo, jeung audio-tapé rékorder. 3) Wawancara

Wawancara nya éta salah sahiji paguneman nu dilakukeun ku nu ngawawancara jeung narasumber pikeun meunangkeun informasi sacara lisan nu patalina jeung panalungtikan kucara ngajukeun patalékan ka narasumber.

Téhnik wawancara nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta ngagunakeun téhnik wawancara terstruktur. Wawancara dilaksanakeun jeung tokoh nu dianggap kokolot jeung maham pisan ngeunaan jangjawokan, sarta sababaraha warga nu ngagunakeun jangjawokan. Téhnik wawancara digunakeun sangkan meunangkan data ngeunaan pupujian.

(24)

27

3.7 Téhnik Ngolah Data

Sanggeus data hasil panalungtikan dikumpulkeun, satuluyna ngolah data. Téhnik ngolah data nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta ku cara purvosive sampeling.

Purvosive sampeling nya éta téhnik nyokot sampel sumber data ku tinimbangan nu tangtu. Tinimbangan nu tangtu ieu, saperti hiji jalma nu dianggap paling nyaho kana naon anu dipiharep, atawa nu dianggap ngawasa matéri anu ditalungtik, anu ngalantarankeun bisa ngalancarkeun panalungtik neuleuman objék/situasi sosial anu keur ditalungtik (Sugiyono, 2012:300).

Sabada ngumpulkeun data, data nu geus dikumpulkeun téh diolah dumasar kana téhnik-téhnik ngolahna anu geus dipedar tiheula.

Léngkah-léngkahna nya éta: 1) Tahap tatahar

2) Pra panalungtikan 3) Ngumpulkeun data 4) Nyusun data

5) Nyieun kacindekan analisis

3.8 Léngkah-Léngkah Panalungtikan

1) Tahap tatahar

Kagiatan nu dilakukeun dina tahapan tatahar, ngawengku (1) néangan katerangan ngeunaan masalah anu arék ditalungtik (studi pustaka), (2) ngajukeun judul panalungtikan, (3) ngumpulkeun sumber bahan kajian, (4) nangtukeun masalah jeung objék panalungtikan, (5) nyieun proposal panalungtikan, (6) konsultasi ka dosén pangaping, jeung (7) ngaréngsékeun surat ijin panalungtikan.

2) Pra panalungtikan

Kagiatan pra panalungtikan diayakeun sanggeus tatahar ngeunaan sagala rupa nu rék dilaksanakeun. Diayakeunna pra panalungtikan sangkan ngurangan résiko salah paham kana hipotésis anu dijieun ku urang.

(25)

28

3) Tahap ngumpulkeun data

Kagiatan nu dilakukeun dina tahapan ngumpulkeun data, ngawengku (1) telaah pustaka pikeun meunangkeun pamahaman awal ngeunaan pupujian nu rék ditalungtik, (2) ngalaksanakeun obsérvasi, (3) ngalaksanakeun wawancara, jeung tokoh nu dianggap kokolot jeung maham pisan ngeunaan jangjawokan, sarta sababaraha warga nu ngagunakeun jangjawokan,(4) ngadokuméntasikeun kagiatan salila panalungtikan.

4) Tahap nyusun data

Kagiatan nu dilakukeun dina tahap ngolah data, ngawengku (1) mariksa data anu geus dikumpulkeun, jeung (2) milih data nu rék ditalungtik (3) nalungtik hasil milihan data (4) ngadéskripsikeun wangun, pangaruh, jeung fungsi puisi mantra tina data nu geus dikumpulkeun.

5) Tahap nyusun laporan panalungtikan

Kagiatan nyusun laporan mangrupa tahapan pamungkas dina ieu panalungtikan. Hasil panalungtikan dianalisis tepi ka jadi informasi anu bisa disusun dina wangun déskriptif. Satuluyna ieu laporan disusun sacara sistematis dina wangun skripsi.

(26)

73

Khairul Fridarmawan, 2014

ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATÉN SUKABUMI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Puisi mantra mangrupa salah sahiji wangun karya sastra dina wangun puisi heubeul anu sumebarna sacara lisan. Puisi mantra masih kénéh bisakapanggih di sabudeureunDésa Sasagaran Kecamatan Kebonpedes Kabupatén Sukabumi, hususna ku masyarakat anu kagolong umurna geus kolot, contona nalika rék ka cai atawa rék milampah hiji pagawéan anu butuh hiji kaayaan anu beresih atawa suci. Ieu hal bisa katitén atawa dibuktikeun ku cara diayakeun panalungtikan ngeunaan puisi mantra di Désa Sasagaran Kecamatan Kebonpedes Kabupatén Sukabumi.

Bisa dicindekkeun yén puisi mantranu kapanggih di Désa Sasagaran Kecamatan Kebonpedes Kabupatén Sukabumi téh aya 20 Puisi mantra. Saterusna dina nangtukeun puisi mantra anu rék dianalis dipilih nu dianggap mindeng dipaké ku masyarakat Désa Sasagaran, tina 20 puisi mantra téh nu dianalisisna aya 13 nya éta wangun asihan aya 4: asihan sukma prabu siliwangi, asihan kabut sadana, asihan si gunung puntang, asihan brajamusti. Wangun jampé aya 2nya éta: jampé raheut, jampé kaséhatan. Wangun Ajian aya 3 nya éta: katimbulan, kajayaan, pamusnah rajawisuna. Wangun Singlar ngan hiji nya éta: paranti ka reuma. Dina Wangun jangjawokan aya 3nya éta: paranti dahar, paranti leumpang, paranti ngising.

Analisis dumasar kana wangun ngadéskripsikeun ngeunaan basa nu ngawangun puisi mantra, citraan anu aya dina puisi mantra, eusi anu kacangking dina puisi mantra, sarta fungsina. Malah aya sababaraha puisi mantra anu ditétélakeun kumaha cara meunangkeun jeung ngagunakeunna. Aya ogé analisis dumasar adegan struktur nya éta, anu dibagi kana opat unsur nya éta unsur judul, unsur bubuka, unsur sugésti, jeung unsur tujuan.

Basa anu digunakeun dina puisi mantra anu dianalisis nya éta basa Sunda, sabab daérah Sukabumi mangrupa salasahiji daérah di Jawa Barat anu dominan

(27)

74

Khairul Fridarmawan, 2014

ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATÉN SUKABUMI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

masyarakat ngagunakeun budaya Sunda. Ogé tina hasil panalungtikan téh kapanggih yén basa Sunda anu digunakeun téh lolobana Sunda buhun atawa arkaik. Tapi aya oge puisi mantra anu kapangaruhan ku basa Sanskerta, Jawa, jeung kawi.

Eusi puisi mantra nu ditalungtik biasana mangrupapaménta atawa paréntah

sangkan kahayang nu maké jangjawokan éta ditedunan ku nu gaib “Mahluk Gaib”,

jeung lian ti paménta, bisa dicindekkeun ogé yén puisi mantra téh méh sarua jeung pidu’a ka Alloh SWT anu bentukna béda, biasana ngadu’a ngagunakeun bahasa Arab, sedengkeun puisi mantra dina basa Sunda. Tapi eusina méh sarua.

Fungsina dina unggal puisi mantra téh béda-béda dumasar wangun jeung tujuanna, tapi anu rék dihontalna hiji nya éta kahadéan dina milampah hiji pagawéan. Dasarna sarua, dina ngagunakeun élmu naon waé ogé urang kudu disiplin jeung ulah gedé hulu lamun geus bisa, sarta kaayan haté urang kudu bersih. Dumasar hasil panalungtikan, kolot anu ngagunakeun puisi mantra dina kahirupan sapopoéna getol puasa senén kemis jeung tarapti dina ngagawéan hiji pagawéan.

5.1 Saran

Sabada ngayakeun panalungtikan puisimantra ngeunaan wangun, eusi, jeung fungsina karasa pisan mangpatna pikeun nu nalungtik, di antrana bisa nambahan élmu pangaweruh ngeunaan karya sastra Sunda, jeung bisa mikanyaho karya sastra wangun puisi mantra di wewengkon sorangan. Lian ti éta eusi nu aya dina pusi mantra ogé miboga mangpaat pikeun neuleuman hal-hal séjén nu aya hubunganna jeung puisi mantra. Tétéla anu ngawangun hiji puisi mantra téh loba pisan unsurna.

Dumasar kana éta hal aya sababaraha hal anu perlu ditepikeun diantarana, pikeun nu maca penting pisan mikanyaho kana karya sastra Sunda nu salah sahijina puisi mantra. Sangkan nu maca wanoh yén Sunda ogé beunghar ku karya sastrana. Alusna mah ditalungtik atawa minimal diinventarisasi sangkan salasahiji kabudayaan nu aya di tatar Sunda teu leungit kadeséh ku parobahan jaman.

(28)

75

Khairul Fridarmawan, 2014

ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATÉN SUKABUMI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Pikeun masarakat puisi mantra téh terus diriksa sangkan tetep hirup kucara dipaké dina kahirupan sapopé atawa bisa dibikeun ka anak incu, pikeun sakadar mikanyaho mah moal mantak dosa éstu salasahiji tarékah dina miara kabudayaan nu geus aya ti jaman baheula.

(29)

Khairul Fridarmawan, 2014

ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATÉN SUKABUMI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Danadibrata, R. A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama jeung UNPAD.

DISPARBUD. 2012. Jangjawokan Inventarisasi Puisi mantra Sunda. Bandung: Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat

Endraswara, Suwardi. 2009. Metodologi Penelitian Folklor, Konsep, Teori, dan Aplikasi. Yogyakarta: PT Buku Kita

Iskandarwassid. 1996. Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, Retty. 2010. Teori Sastra : Handout Mata Kuliah Teori Sastra. Bandung : Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung Kamilawati, Isma. Effendi, Rustam. Jurnal. Struktur dan Fungsi Mantra

Masyarakat Deah Dayak Desa Pangelak Kecamatan Upau Kabupaten Tabalong. Pendidikan bahasa dan Sastra Indonesia FKIP : Universitas Lambung Mangkurat

Koswara, Dedi. 2005. Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Koswara, Dedi. 2010. Sastra Sunda Buhun. Bandung: jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Mardiwarsito, L. 1990. Kamus Jawa Kuna Indonesia. Flores – NTT, Jl. Katedral : NUSA INDAH

(30)

Khairul Fridarmawan, 2014

ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATÉN SUKABUMI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Rusyana, Yus. 1970. Bagbagan Puisi Mantra Sunda. Bandung : Projek Penelitian Pantun dan Folklore Sunda

Rusyana, Yus. 1990. Panyungsi Sastra. Bandung : Rahmat Cijulang

Sudjana, Nana. 2011. Tuntutan Penyusunan Karya Ilmiah. Bandung : Sinar Baru Algesindo

(1)

3) Tahap ngumpulkeun data

Kagiatan nu dilakukeun dina tahapan ngumpulkeun data, ngawengku (1) telaah pustaka pikeun meunangkeun pamahaman awal ngeunaan pupujian nu rék ditalungtik, (2) ngalaksanakeun obsérvasi, (3) ngalaksanakeun wawancara, jeung tokoh nu dianggap kokolot jeung maham pisan ngeunaan jangjawokan, sarta sababaraha warga nu ngagunakeun jangjawokan,(4) ngadokuméntasikeun kagiatan salila panalungtikan.

4) Tahap nyusun data

Kagiatan nu dilakukeun dina tahap ngolah data, ngawengku (1) mariksa data anu geus dikumpulkeun, jeung (2) milih data nu rék ditalungtik (3) nalungtik hasil milihan data (4) ngadéskripsikeun wangun, pangaruh, jeung fungsi puisi mantra tina data nu geus dikumpulkeun.

5) Tahap nyusun laporan panalungtikan

Kagiatan nyusun laporan mangrupa tahapan pamungkas dina ieu panalungtikan. Hasil panalungtikan dianalisis tepi ka jadi informasi anu bisa disusun dina wangun déskriptif. Satuluyna ieu laporan disusun sacara sistematis dina wangun skripsi.

(2)

73

Khairul Fridarmawan, 2014

ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATÉN SUKABUMI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Puisi mantra mangrupa salah sahiji wangun karya sastra dina wangun puisi heubeul anu sumebarna sacara lisan. Puisi mantra masih kénéh bisakapanggih di sabudeureunDésa Sasagaran Kecamatan Kebonpedes Kabupatén Sukabumi, hususna ku masyarakat anu kagolong umurna geus kolot, contona nalika rék ka cai atawa rék milampah hiji pagawéan anu butuh hiji kaayaan anu beresih atawa suci. Ieu hal bisa katitén atawa dibuktikeun ku cara diayakeun panalungtikan ngeunaan puisi mantra di Désa Sasagaran Kecamatan Kebonpedes Kabupatén Sukabumi.

Bisa dicindekkeun yén puisi mantranu kapanggih di Désa Sasagaran Kecamatan Kebonpedes Kabupatén Sukabumi téh aya 20 Puisi mantra. Saterusna dina nangtukeun puisi mantra anu rék dianalis dipilih nu dianggap mindeng dipaké ku masyarakat Désa Sasagaran, tina 20 puisi mantra téh nu dianalisisna aya 13 nya éta wangun asihan aya 4: asihan sukma prabu siliwangi, asihan kabut sadana, asihan si gunung puntang, asihan brajamusti. Wangun jampé aya 2nya éta: jampé raheut, jampé kaséhatan. Wangun Ajian aya 3 nya éta: katimbulan, kajayaan, pamusnah rajawisuna. Wangun Singlar ngan hiji nya éta: paranti ka reuma. Dina Wangun jangjawokan aya 3nya éta: paranti dahar, paranti leumpang, paranti ngising.

Analisis dumasar kana wangun ngadéskripsikeun ngeunaan basa nu ngawangun puisi mantra, citraan anu aya dina puisi mantra, eusi anu kacangking dina puisi mantra, sarta fungsina. Malah aya sababaraha puisi mantra anu ditétélakeun kumaha cara meunangkeun jeung ngagunakeunna. Aya ogé analisis dumasar adegan struktur nya éta, anu dibagi kana opat unsur nya éta unsur judul, unsur bubuka, unsur sugésti, jeung unsur tujuan.

Basa anu digunakeun dina puisi mantra anu dianalisis nya éta basa Sunda, sabab daérah Sukabumi mangrupa salasahiji daérah di Jawa Barat anu dominan

(3)

masyarakat ngagunakeun budaya Sunda. Ogé tina hasil panalungtikan téh kapanggih yén basa Sunda anu digunakeun téh lolobana Sunda buhun atawa arkaik. Tapi aya oge puisi mantra anu kapangaruhan ku basa Sanskerta, Jawa, jeung kawi.

Eusi puisi mantra nu ditalungtik biasana mangrupapaménta atawa paréntah

sangkan kahayang nu maké jangjawokan éta ditedunan ku nu gaib “Mahluk Gaib”,

jeung lian ti paménta, bisa dicindekkeun ogé yén puisi mantra téh méh sarua jeung

pidu’a ka Alloh SWT anu bentukna béda, biasana ngadu’a ngagunakeun bahasa Arab,

sedengkeun puisi mantra dina basa Sunda. Tapi eusina méh sarua.

Fungsina dina unggal puisi mantra téh béda-béda dumasar wangun jeung tujuanna, tapi anu rék dihontalna hiji nya éta kahadéan dina milampah hiji pagawéan. Dasarna sarua, dina ngagunakeun élmu naon waé ogé urang kudu disiplin jeung ulah gedé hulu lamun geus bisa, sarta kaayan haté urang kudu bersih. Dumasar hasil panalungtikan, kolot anu ngagunakeun puisi mantra dina kahirupan sapopoéna getol puasa senén kemis jeung tarapti dina ngagawéan hiji pagawéan.

5.1 Saran

Sabada ngayakeun panalungtikan puisimantra ngeunaan wangun, eusi, jeung fungsina karasa pisan mangpatna pikeun nu nalungtik, di antrana bisa nambahan élmu pangaweruh ngeunaan karya sastra Sunda, jeung bisa mikanyaho karya sastra wangun puisi mantra di wewengkon sorangan. Lian ti éta eusi nu aya dina pusi mantra ogé miboga mangpaat pikeun neuleuman hal-hal séjén nu aya hubunganna jeung puisi mantra. Tétéla anu ngawangun hiji puisi mantra téh loba pisan unsurna.

Dumasar kana éta hal aya sababaraha hal anu perlu ditepikeun diantarana, pikeun nu maca penting pisan mikanyaho kana karya sastra Sunda nu salah sahijina puisi mantra. Sangkan nu maca wanoh yén Sunda ogé beunghar ku karya sastrana. Alusna mah ditalungtik atawa minimal diinventarisasi sangkan salasahiji kabudayaan nu aya di tatar Sunda teu leungit kadeséh ku parobahan jaman.

(4)

75

Khairul Fridarmawan, 2014

ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES KABUPATÉN SUKABUMI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Pikeun masarakat puisi mantra téh terus diriksa sangkan tetep hirup kucara dipaké dina kahirupan sapopé atawa bisa dibikeun ka anak incu, pikeun sakadar mikanyaho mah moal mantak dosa éstu salasahiji tarékah dina miara kabudayaan nu geus aya ti jaman baheula.

(5)

DAPTAR PUSTAKA

Danadibrata, R. A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama jeung UNPAD.

DISPARBUD. 2012. Jangjawokan Inventarisasi Puisi mantra Sunda. Bandung: Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat

Endraswara, Suwardi. 2009. Metodologi Penelitian Folklor, Konsep, Teori, dan

Aplikasi. Yogyakarta: PT Buku Kita

Iskandarwassid. 1996. Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran

Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, Retty. 2010. Teori Sastra : Handout Mata Kuliah Teori Sastra. Bandung : Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung Kamilawati, Isma. Effendi, Rustam. Jurnal. Struktur dan Fungsi Mantra

Masyarakat Deah Dayak Desa Pangelak Kecamatan Upau Kabupaten Tabalong. Pendidikan bahasa dan Sastra Indonesia FKIP : Universitas

Lambung Mangkurat