MANAQIB SYÉH ABDUL QODIR JAILANI DI KACAMATAN SUKABUMI,KABUPATÉN SUKABUMI : Ulikan Semiotik Téks jeung Kontéks.

(1)

DAFTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... iv

TAWIS NUHUN ... vi

DAFTAR EUSI ... viii

DAFTAR BAGAN ... xi

DAFTAR GAMBAR ... xii

DAFTAR LAMPIRAN ... xiii

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 WatesanjeungRumusan Masalah Panalungtikan ... 4

1.2.1WatesanMasalah Panalungtikan ... 4

1.2.2Rumusan Masalah Panalungtikan ... 4

1.3Tujuan Panalungtikan ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5WangenanIstilah ... 6

1.6StrukturOrganisasiTésis ... 8

BAB II ULIKAN TIORI, ANGGAPAN DASAR JEUNG RARAGA MIKIR 2.1 UlikanTiori ... 10

2.1.1 Ajén-inajéndinaTradisiKaagamaan ... 10

2.1.2 Ritual Manakiban Syéh Abdul Qodir Jailani ... 16

2.1.3 Téks jeung Kontéks ... 19

2.1.4 Semiotik ... 22

2.1.4.1 Wangenan Semiotik ... 22

2.1.4.2 UnsurSemiotik ... 24

2.2 AnggapanDasar ... 28

2.2 RaragaMikir ... 28

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode Panalungtikan ... 30


(2)

3.3 LokasiPanalungtikan ... 32

3.4 Sumber Data ... 33

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 33

3.6 Nara Sumber... 34

3.7ProsédurAnalisis Data ... 35

BAB IV MANAKIBAN SYÉH ABDUL QODIR JAILANI DI KACAMATAN SUKABUMI, KABUPATÉN SUKABUMI 4.1 TarékatQodiriyahwaNaqsabandiyah (TQN) ... 37

4.2 EusiTéksManaqibSyéh Abdul QodirJailani ... 40

4.3 KontéksManaqib Syéh Abdul Qodir Jailani ... 53

4.3.1 Dzikir nu DiamalkeunSapopoé ... 53

4.3.2 Khotaman ... 57

4.3.3 Tawassul ... 63

4.3.4 CaiHérangjeungBuburTipung ... 68

4.4 Inteprétasi Semiotik Téks jeung Kontéks Manaqib Syéh Abdul Qodir Jailani ... 69

4.4.1 IndéksNgaran SAQ ... 70

4.4.2 IndéksNgimpina SAQ ... 71

4.4.3 IndéksTawassul ... 72

4.4.4 IndéksItunganDzikir 165 ... 73

4.4.4 IndéksCaiHérang ... 75

4.4.5 IndéksBuburTipung ... 77

4.5PedaranhasilPanalungtikan ... 78

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 89

5.2 Saran ... 95

DAFTAR PUSTAKA ... 97


(3)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Masarakat di wewengkon Kacamatan Sukabumi, Kabupaten Sukabumi, tepi ka kiwari masih ngalaksanakeun manakiban Syéh Abdul Qodir Jailani. Manakiban téh mangrupa kagiatan atawa ritual maca téks manaqib Syéh Abdul Qodir Jailani nu dipikawanohogésalakuLayangSéhatawaWawacanSéh, nu ngamuatcarita-caritatuladeunjeunghal-hal nu dianggapajaibtinaparipolahSyéh Abdul Qodir Jailani. Salian ti dipuseurkeun di lingkungan pasantrén, manakiban dilaksanakeun ogé di lingkungan masarakat umum. Husus di lingkungan pasantrén, nu ngalaksanakeun manakiban biasana mangrupa réréhan Tarékat Qadiriyah Wa Naqsyabandiyah (TQN).

Manakiban dilaksanakeun dumasar kana sawatara udagan, kayaning ngenalkeun manakiban jeung muji Syéh Abdul Qodir Jailani. Salian ti éta, béh dieuna dipercaya salaku kagiatan numiboga pangaruh kuat dina kahirupan pribadi jeung sosial, salaku sarana pikeun tolak bala, ménta panyalindungan, jeung ngusir sabangsaning dedemit. Ku éta hal, manakibanSyéh Abdul Qodir JailaniteuukurdilaksanakeundinamiélingpoéanwafatnaSyéh Abdul Qodir Jailani(tanggal 11 Rabi‟ul-Ahir), tapidilaksanakeunogédinawaktu-waktu nu tangtukayaningsaméméhpestapertikahanatawahitanan, nyieunimah, jeungmitembeyanusahaanyar.


(4)

Panalungtikan perkara manaqib Syéh Abdul Qodir Jailani geus réa dilaksanakeun,umumna dipuseurkeun kana ulikan téks. Pamarekan nu digunakeunana karéréanana mangrupa pamarekanfilologis jeung kritik téks. Ngaliwatan éta pamarekan, manaqib Syéh Abdul Qodir Jailani ditalungtik museur kana pasualan asal-usul téks, basa nu digunakeunana, téma, strukturna, jeung ide-ide nu nyampak di jerona.

Aya deuih nu nalungtik manaqib Syéh Abdul Qodir Jailani kalawan didadasaran ku paélmuan antropologi, salasahijina nyaéta Julian Patrick Millie(2006). Ngaliwatan pamarekan étnografi, Millie ngayakeun panalungtikan perkara manakiban kalawan museur kana prakték jeung wangun-wangun kabudayaan has nu jadi ciri hiji masarakat lokal, kayaning mitos, ritual, jeung idé-idé nu ngabédakeun jeung masarakat muslim lianna.

Dumasar kana pamarekan-pamarekan filologis, kritik téks, jeung étnografi, panalungtikan nu geus dilaksanakeun leuwih némbongkeun sisi budaya nu unik tina kagiatan maca manaqib Syéh Abdul Qodir Jailani. Nalika aya ritual nu marengan, éta téks ukur ditalungtik ma‟nana pikeun palaku nu ngalaksanakeun éta ritual.Gambaran perkara ajaran-ajaran normatif Islam jeung ma‟na nu nyampak dina téks resmi manaqib Syéh Abdul Qodir Jailani mah kurang panitén.Dina ieu panalungtikan, manaqib Syéh Abdul Qodir Jailani ditalungtik téks jeung kontéksna. Gambaran perkara eusi téks nu ngawengku ajaran-ajaran normatif Islam jeung ma‟na nu nyampakna ditalungtik dumasar pamarekan semiotik. Pon kitu deui gambaran kontéks nu marengan prak-prakanana kagiatan manakiban, ditalungtik ma‟nana sacara semiotikdeuih.


(5)

Leupas tina pasualan bid‟ah atawa perlu henteuna ngalaksanakeun manakiban, manaqib Syéh Abdul Qodir Jailani euyeub ku perkara-perkara nu bisa ditalungtik, boh sabudeureun téksna boh kagiatan ritualna.Ngungkab ajaran-ajaran normatif Islam jeung ma‟na nu nyampak dina manaqib Syéh Abdul Qodir Jailani mangrupa salasahiji tarékah nu bisa dilakonan enggoning nyanghareupan kondisi sosial kahirupan masarakat kiwari.

Kahirupan modern nu leuwih némbongkeun sipat-sipat matérialis-hédonistik jeung leuwih nekenkeun kana aspék lahir kiwari ngabalukarkeun gelarna konsép spiritual nu héngkér jeung nyirorotna aspék moral kamanusaan. Salian ti éta, manusa dina jaman kiwari nyanghareupan kanyataan séjén di sabudeureun agamana. Agama nu salila ieu dipiharep jadi solusi panghadéna enggoning ngungkulan pasualan-pasualan modérnitas, tétéla kiwari ngalaman pasualan internal nu kawilang samakta. Nurutkeun Maksum (1994:1), conto tina éta hal téh di antarana perkara mampuh-henteuna agama sacara réalitas ngasongkeun alternatif pikeun ngungkulan pasualan nu nyampak dina idiologi kapitalisme jeung sosialisme.

Dikasangtukangankuhal-halsakumahadipedar di luhur, ieupanalungtikandilaksanakeun.Panalungtikanpangpangnadipuseurkeun kana maluruhjeungnyusudkumahaeusitéksjeungkontéksdinamanakibanSyéh Abdul Qodir Jailani, pangpangnasakumaha nu nyampak di wewengkonKacamatanSukabumi, KabupatenSukabumi. Ku étahal, ieupanalungtikandijudulan “ManaqibSyéh Abdul Qodir Jailanidi Kacamatan Sukabumi, Kabupaten Sukabumi: Ulikan Semiotik Téks jeung Kontéks”.


(6)

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Dina ieu panalungtikan, manaqibSyéh Abdul Qodir Jailaniditalungtikkalawandipuseurkeun kana téksjeungkontéksna.Ulikantéksmuseur kana déskripsieusijeungidé-idé nu nyangkaruk di jerona.Sedengkeunulikankontéksmuseur kana pasualanfungsi, alat nu marengan ritual, jeungsaratngalaksanakeunmanakiban.Pikeunngungkabma‟na nu nyangkarukdinatéksjeungkontéks, ditalaahngagunakeunulikan sémiotik Pierce perkara tanda indéks.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan di luhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun sakumaha ieu di handap.

(1) Kumaha eusi manaqibSyéh Abdul Qodir Jailani di KacamatanSukabumi, KabupatenSukabumi?

(2) Kontéks naon waé nu patali jeung manakibanSyéh Abdul Qodir Jailani di KacamatanSukabumi,KabupatenSukabumi?

(3) Tanda indéks naon waé nu nyampak dina téks jeung kontéks manaqibSyéh Abdul Qodir Jailani di KacamatanSukabumi, KabupatenSukabumi?

1.3 Tujuan Panalungtikan


(7)

(1) eusi téks manaqibSyéh Abdul Qodir Jailani di KacamatanSukabumi,KabupatenSukabumi, patalijeunggambaranajaran-ajarannormatif Islam;

(2) kontéks nu patali jeungmanakibanSyéh Abdul Qodir Jailani di KacamatanSukabumi,KabupatenSukabumi; jeung

(3) tandaindéks nu nyampak dina téks jeung kontéks manaqibSyéh Abdul Qodir Jailani di KacamatanSukabumi,KabupatenSukabumi.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Pikeun kapentingan tioritis, ieu panalungtikan dipiharep mangpaat pikeun:

1) ngabeungharan ulikan budaya Sunda, utamana anu patali jeung wangun budaya tradisi dumasar kana kahirupan kaagamaan;

2) nyadiakeun pedaran anu kompréhénsif patali jeung prakték tradisi manakiban masarakat Sunda.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan dipiharep mangpaat pikeun:

1) ngajembaran pangaweruh jeung sawangan hirup, utamana dina mekarkeun sikep leuwih taliti jeung résponsif kana parobahan sosial dina kahirupan masarakat.


(8)

2) bahan anu penting pikeun nyuprih ajén-inajén kamekaran kahirupan masarakat Sunda dina widang kaagamaan.

3) dijadikeun bahan pikeunngahontal perspektif anyar dina ulikan perkara kabudayaan Islam.

4) dijadikeun salaku alternatif bahan pangajaran sastra jeung agama Islam di sakola.

1.5 Wangenan Istilah

Sangkan écés, istilah anu aya patalina jeung judul ieu panalungtikan didéfinisikeun dumasar kana watesan-watesan sakumaha ieu di handap.

1) Manaqib Syéh Abdul Qodir Jailani

Kecap manaqib mangrupa jama‟ tina manqob atawa manqobah, jeung isim makan tina naqbun. Sacara harfiah, manaqib téh hartina riwayat hirup. Sedengkeun manakiban hartina macakeun manaqib atawa riwayat hirup, biasana kalawan tujuan-tujuan nu tangtu. Téks manaqib nu biasana dibaca mangrupa riwayat hirup Syéh Abdul Qodir Jailani, nu sok disebut ogé Layang Séh atawa Wawacan Séh.Nurutkeun Badhawy (2007:17), carita ngeunaan riwayat hirup, kapunjulan, kasoléhan, kamulyaan, jeung kaajaiban Syéh Abdul Qodir Jailani, karékam dina rupa-rupa téks kayaning:Bahjah al-Asrar karya Ali bin Yusuf al-Syattanaufi (w. 713/1314);Ta’rikh al-Islam karya al-Dhahabi (w. 1348);Khulasah al-Mafakhir fi Ikhtisar Manaqib al-Syaikh Abd al-Qadir karya „Afifuddin al-Yafi‟i (w. 1367);Lujjayn al-Dani karya Ja‟far bin Hasan al-Barzinji (w. 1766);Tafrikh al-Khatir karya Muhammad Shadiq


(9)

al-Syihabi dan Abd al-Qadir bin Muhyiddin al-Arbili; jeung‘Uqud al-La’ali fi Manaqib al-Jayli.Téks manaqibsok disebut ogé Wawacan Séh atawa Layang Séh.

2) Ulikan Semiotik

Pierce (Isnéndés, 2010: 95-96) ngawincik tanda dumasar kana sipat dasarna, nya éta 1) qualisign, hartina tanda dumasar kana sipatna, 2) sinsign, hartina tanda dumasar kana wujudna dina kanyataan, jeung 3) legisign, hartina tanda anu diheueuhan. Salian ti éta, tanda dibédakeun ogé dumasar kana dénotatumna, ngawengku 1) ikon, mangrupa tanda anu teu gumantung kana dénotatum, tapi bisa dipatalikeun jeung objék anu sarua, 2) indéks, mangrupa tanda anu gumantung kana dénotatum, ngébréhkeun ayana hubungan kausal, jeung 3) simbol, mangrupa tanda anu patalina antara tanda jeung dénotatumna téh ditangtukeun, disapukan, jeung konvénsi balaréa.

3) TéksjeungKontéks

Téks mangrupa ungkara basa nu gembleng sacara eusi, sintaksis, jeung pragmatik. Eusina nétélakeun sawangan atawa gambaran nu nyampak dina kahirupan. Éta sawangan atawa gambaran ditétélakeun dina wangun basa ngaliwatan caritaan atawa runtuyan kekecapan. Sacara sintaksis, téks mangrupa hiji gemblengan nu némbongkeun silipakaitna unsur-unsur tatabasa kalawan konsistén. Sedengkeun sacara pragmatik, téks patali jeung kumaha basa digunakeun dina kontéks nu tangtu. Téks dina wacana dipatalikeun jeung kontéks budaya (context of cultur), kontéks situasi (context of


(10)

situation), sarta kontéks référénsi (context of reference). Nurutkeun Sudaryat (2006:157-158), kontéks budaya ngagelarkeun rupaning téks (genres of text) nu digunakeun ku masarakat pikeun tujuan komunikasi, ngawengku sagemblengna kasang tukang kahirupan sosial budaya salaku jaringan sosial ékonomi. Kontéks situasi mangrupa kontéks nu mangaruhan rupaning pilihan panyatur basa, nu ngawengku puseur bahan (field), hubungan panyatur jeung pamiarsa (tenor), jeung saluran komunikasi nu digunakeun (mode). Sedengkeun kontéks référénsi patali jeung topik atawa puseur omongan. Dina ieu panalungtikan, téks téh nyaéta ungkara basa nu eusina nétélakeun sawangan atawa gambaran nu nyampak dina kahirupan tur ngagambarkeun fakta, sawangan, sikep, harepan, harti, jeung rupa-rupa informasi lianna. Sedengkeun kontéks nyaéta ciri-ciri alam luareun basa atawa lingkungan non-linguistik anu numuwuhkeun ma‟na omongan atawa wacana, ngawengku kontéks budaya, situasi, jeung référénsi.

1.6 Struktur Organisasi Tésis

Hasil-hasil dina ieu panalungtikan disusun ngawengku lima bab kalawan strukturorganisasisakumaha ieudi handap.

BAB I BUBUKA

Mertélakeun perkara kasang tukang, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, wangenan istilah, jeungstrukturorganisasitésis.


(11)

Dina ieubabdidadarkeun:

1) sajumlahing konsép poko anu dijadikeun tatapakan pikeun analisis masalah anu ditalungtik dumasar kana sajumlahing buku jeung bahan bacaan lianna salaku rujukan konsép jeung tiori:

-ajén-inajéndinatradisikaagamaan

-ritual manakiban Syéh Abdul Qodir Jailani -téksjeungkontéks

-semiotik

2) anggapandasarnu digunakeundinapanalungtikan. 3) raragamikir nu digunakeundinapanalungtikan. BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Ieubabmertélakeun perkara métodepanalungtikan, téhnikngumpulkeun data, lokasipanalungtikan, sumber data, instruménpanalungtikan, narasumber, jeungproséduranalisis data.

BAB IV MANAKIBAN SYÉH ABDUL QODIR JAILANI DI KACAMATAN SUKABUMI, KABUPATÉN SUKABUMI

Dina ieubab, didadarkeun hasil analisis data panalungtikan jeung pedaranana. BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

Dina ieubabdidadarkeunkacindekan tina hasil analisis anu dipedar dina bab saméméhna, jeung sawatara saran anu dianggap penting pikeun panalungtikan lianna.


(12)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan

Sacara umum, ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan kualitatif. Puseur panitén ieu panalungtikan nya éta téks jeung kontéks manaqibSyéh Abdul Qodir Jailani. Ulikan téks museur kana déskripsi eusi jeung idé-idé nu nyangkaruk di jerona. Sedengkeun ulikan kontéks museur kana pasualan fungsi, alat nu marengan ritual, jeung sarat ngalaksanakeun manakiban. Pikeun ngungkab ma’na nu nyangkaruk dina téks jeung kontéks, ditalaah ngagunakeun ulikan sémiotik.

Metode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta metode étnografi-déskriptif. Heigham (2009:93) nétélakeun yén panalungtikan étnografi mangrupa panalungtikan perkara paripolah manusa dina kahirupan sapopoé nu latarna (setting) lumangsung tuluy-tumuluy, kalawan museurkeun paniténna kana interprétasi budaya tina saban paripolah manusana. Panalungtikan étnografi ngamungkinkeun panalungtik maluruh kumaha manusa nyieun, ngajalankeun, ngarobah, jeung ngajaga kalumangsunana saban ajén-inajén, kapercayaan, jeung paripolah nu ngawujud dina wangun budaya. Sedengkeun metode déskriptif mangrupa metode pikeun ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun rupa-rupa fénoména, boh anu sifatna alamiah boh jijieunan atawa rékayasa, kalawan museurkeun ulikanana kana wangun, kagiatan, karakteristik, parobahan, patalina, sasaruaan, sarta bédana jeung fénoména lianna(Sukmadinata,


(13)

2009:72). Data anu aya patalina jeung téks katut kontéks manaqibSyéh Abdul Qodir Jailani téh dideskripsikeun, dilaksanakeunana ku cara ngagundukkeun, ngolah data, sarta nyieun kacindekan jeung laporan (Ali, 1987:130).

3.2Téhnik Ngumpulkeun Data

Data dina ieu panalungtikan dikumpulkeun ngaliwatan téhnik-téhnik dokumentasi, observasi, jeung wawancara.

1) Dokuméntasi

Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun maluruh bahan pustaka jeung data anu aya patalina jeung manakibanSyéh Abdul Qodir Jailani di Kacamatan Sukabumi Kabupatén Sukabumi. Hasilna ngawujud data tékstual, intertékstual, jeung sosio-kultural.

2) Observasi

Téhnik observasi digunakeun pikeun niténan fénoména-fénoména sosial nu lumangsung dina kahirupan sapopoé masarakat Kacamatan Sukabumi, Kabupatén Sukabumi, utamana perkara manakiban Syéh Abdul Qodir Jailani jeung hal-hal lianna nu pakait jeung prakték manakiban.

3) Wawancara

Dina ieu panalungtikan, wawancara dilakukeun kalawan teu terstruktur ku jalan niténan situasi jeung kondisi katut téma nu mekar dina prakna wawancara. Ieu hal napak dina tujuan sangkan informasi nu dihasilkeun bisa leuwih jero kalawan topik wawancara teu dipaksakeun. Ku éta hal, informan dipiharep bisa méré katerangan-katerangan kalawan bébas, euyeub, jeung teu


(14)

kaku. Topik-topik wawancara dipuseurkeun kana perkara prakték manakiban Syéh Abdul Qodir Jailani jeung hal-hal lianna nu pakait jeung prakték manakiban di Kacamatan Sukabumi, Kabupatén Sukabumi. Sedengkeun nu dijadikeun informan ngawengku para guru tarékat, kiai, ajengan, jeung masarakat umum.

3.3Lokasi Panalungtikan

Panalungtikan perkara manakiban Syéh Abdul Qodir Jailani disawang tina jihat semiotik téks jeung kontéksna dilaksanakeun di wewengkon Kacamatan Sukabumi, Kabupatén Sukabumi. Dipilihna éta lokasi pangpangna didadasaran ku aksés panalungtik nu kaitung babari, utamana ka para palaku manakiban.

Gambar 3.1: Peta Kabupatén Sukabumi


(15)

3.4Sumber Data

Sumber data nu digunakeun dina ieu panalungtikan mangrupa data tékstual jeung intertékstual.Data tékstual nu digunakeun mangrupa téks manaqibSyéh Abdul Qodir Jailani, nu ngawengku:

1) naskahmanaqibSyéh Abdul Qodir Jailani nu ngagunakeun basa Arab; 2) naskahmanaqibSyéh Abdul Qodir Jailani nu ngagunakeun basa Sunda.

Data intertékstualnu digunakeun mangrupa data-data dokuméntasi nu ngawengku tulisan-tulisan para sarjana kontémporér jeung ulama patali jeung pasualan panalungtikan, kayaning buku, artikel, laporan panalungtikan, jeung kitab konéng. Data intertékstual nu digunakeun di antarana:

1) téks Sirrul Asrar (tarjamahan K.H. Zézén Zaénal Abidin Zayadi Bazul Asyhab, taya katerangan penerbitna, 1996):

2) buku Intisari Ajaran Syekh Abdul Qadir Jailani (Syékh Abdul Mughni, Pustaka Média Surabaya, taya katerangan taun terbitna); jeung

3) sajarah tarékat,prakték manakiban, jeung tradisi manakiban di Kacamatan Sukabumi, Kabupatén Sukabumi.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumen panalungtikan anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data anu dina ieu panalungtikan nya étaalat pangrékam jeungpadoman wawancara. Alat pangrékam nu digunakeun nya éta kaméra foto jeung kaméra vidéo. Kaméra foto digunakeun pikeun ngarékam gambar statis prak-prakan manakiban Syéh Abdul Qodir Jailani. Kaméra vidéo digunakeun pikeun ngarékam gambar dinamis


(16)

(hirup) prak-prakan manakiban Syéh Abdul Qodir Jailani jeung ngarékam kagiatan wawancara panalungtik jeung sawatara nara sumber. Ari padoman wawancara digunakeun pikeun nuyun panalungtik dina prakna ngumpulkeun data ti sawatara nara sumber.

3.6 Nara Sumber

Narasumber atawa informan nya éta pihak-pihak anu ngarojong lancarna panalungtikan ku cara maparin informasi atawa katerangan ngeunaan hal-hal anu diperlukeun dina panalungtikan. Panalungtik kudu bisa ngungkab sawatara pertanyaan kalawan sistematis, sangkan narasumber nu diwawancara bisa ngajawab sarta ngajelaskeun kalawan jéntré tur daria. Katerangan ti sawatara nara sumber kaitung diperlukeun pisan pikeun ngungkab sacara gembleng ma’na jeung ajén-inajén nu nyangkaruk dina ritual manakiban Syéh Abdul Qodir Jailani.

Pikeun kaperluan ieu panalungtikan, pihak-pihak nu dijadikeun nara sumber téh di antarana:

1) sawatara kiai atawa pingpinan pasantrén réréhan TQN di Kacamatan Sukabumi, Kabupatén Sukabumi, utamana nu sok mingpin ritual manakiban Syéh Abdul Qodir Jailani;

2) sawatara santri pasantrén réréhan TQN di Kacamatan Sukabumi, Kabupatén Sukabumi; jeung

3) sawatara masarakat Kacamatan Sukabumi, Kabupatén Sukabumi, utamana nu ngalaksanakeun ritual manakiban Syéh Abdul Qodir Jailani.


(17)

3.7 Prosédur Analisis Data

Prosédur analisis data nu dilakukeun mangrupa téhnik analisis interaktif(Miles jeung Huberman, 1992:16), nyaéta analisis data kualitatif nu ngawengku tilu galur kagiatan: réduksi data, midangkeun data, katut nyindekkeun jeung vérifikasi, nu dilaksanakeun sacara babarengan, sakumaha bagan ieu di handap.

Bagan 3.1: Tehnik Analisis Interaktif (Miles jeung Huberman, 1992:16)

Saméméh dianalisis, data nu geus dikumpulkeun téh diklasifikasikeun maké téhnik-téhnik sakumaha anu geus disebutkeun di luhur. Sabada dikla-sifikasikeun, data diréduksi ngaliwatan prosés séléksi, museurkeun, ngabasajan-keun, jeung abstraksi data kasar. Data téh diséléksi ku jalan milah-milah kalawan tujuan meunangkeun ma’na jeung fungsi nu tangtu ditilik tina puseur pasualan panalungtikan. Sedengkeun midangkeun data mangrupa hiji prosés nyusun


(18)

(nga-rakit) atawa ngaorganisasikeun informasi nu kapaluruh patali jeung kagiatan nyin-dekkeun jeung vérifikasi.

Kagiatan nyindekkeun jeung vérifikasi mangrupa léngkah penting dina prosés panalungtikan. Nyindekkeun hasil panalungtikan téh didadasaran ku kagi-atan ngaorganisasikeun informasi nu dicangking dina kagikagi-atan analisis data. Saba-da éta, dilaksanakeun tafsiran intéléktual kana kacindekan-kacindekan nu dicang-king.

Dumasar kana masalah dina ieu panalungtikan, prosédur analisis data téh ngawengku léngkah-léngkah sakumaha ieu di handap.

1) Maca sakabéh data;

2) Ngaidéntifikasi eusi téks manaqibSyéh Abdul Qodir Jailani;

3) Ngaidéntifikasi jeung nalaah kontéks manaqib Syéh Abdul Qodir Jailani; 4) Ngaidéntifikasi tanda ikon, indéks, katut simbol dina téks jeung kontéks

manaqibSyéh Abdul Qodir Jailani;jeung

5) Sangkan kacindekan panalungtikan leuwih lengkep jeung bisa dipertanggungjawabkeun leuwih jero luyu jeung udagan panalungtikan, digunakeun triangulasi. Ieu tahap dilaksanakeun ngaliwatan koréspondénsi jeung wawancara ka sababaraha narasumber.


(19)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma’na semiotik manakiban Syéh Abdul Qodir Jailani sakumaha dipedar dina bab IV, bisa dicindekkeun sawatara hal sakumaha ieu di handap.

a. Di lingkunganumatTarékatQodiriyahwaNaqsabandiyah (TQN), manakibanSyéh Abdul QodirJailanimangrupasalah sahijiamalantinatiluamalan nu silipakait. Saliantimanakiban, amalanliannatéhnyaétadzikirpoéanjeungkhotaman.Perkaraétahalditétélakeund inakitabUquudulJumaan, nu mangrupapadoman di PasantrénSuryalaya, Tasikmalaya. ÉtakitabdisusunkuSyéhMursyidShohibulWafaTajul Arifin.Enas-enasna naskah manaqib Syéh Abdul Qodir Jailani ngawengku 53 (lima puluh tilu) manqobah (riwayat) Syéh Abdul Qodir Jailani (SAQ). Éta riwayat téh sacara umum patali jeung nasabna SAQ, kahirupan dina mangsa SAQ keur budak, kagiatan nyuprih élmuna SAQ, kapunjulan jeung kaahéngan nu dicangking ku SAQ, nepi ka pupusna SAQ.

b. Riwayat-riwayatdinanaskahmanaqibSyéh Abdul QodirJailanitéhdibacakujamaah TQN jeungsawataramasarakat di Sukabumikalawanpakaitjeungamalan-amalanlianna,

kayaningdzikirpoéan(unggal poé)jeungkhotaman. Ari barang nu biasana marengan dina prak-prakan manakiban téh umumna cai herang jeung bubur


(20)

tipung. Amalan poéan, khotaman, manakiban, jeung cai hérang téh aya patalina ogé jeung ngalap barokah. Dzikir poéan mangrupa amalan nu dilaksanakeun sabadana sholat fardhu. Wujudna mangrupa dzikir kalimah thoyibah. Éta amalan dilaksanakeunana teu sagawayah, tapi aya padoman atawa aturan-aturan nu kudu dicumponan, di antarana nya éta:

1) wilangan dzikir ngawengku saeutikna 165, atawa bisa leuwih tapi tetep kudu ditungtungan ku wilangan ganjil;

2) dina waktu kaayaan teu rinéh atawa keur safar, wilangan dzikirna diwenangkeun ukur 3 kali, kalawan diganti (qodho) dina waktu nu lian. Prak-prakanana leuwih hadé dina waktu peuting atawa sabadana sholat peuting; jeung

3) dzikir dipiharep dilaksanakeun sacara jamaah kalawan sora nu tarik, tujuanana pikeun ngancurkeun teuasna haté nu dibungkus ku sifat-sifat madzmumah (goréng).

Ari amalan khotaman dilakukeun napak dina dua fungsi: 1) salaku faktor

pangpokona dina ngahontal ma’rifat, jeung 2) du’a nu dianggap mujarab nu

bisa digunakeun pikeun ménta ka Alloh dina urusan dunya jeung ahérat. Khotamanbiasana dilakukeun sabadana sholat fardhu jeung dzikir kalimah thoyyibah. Dilaksanakeunana bisa sorangan (munfarid), tapi leuwih utama nalika dilaksanakeun sacara babarengan (jamaah). Di sawatara pasantrén TQN, khotamanbiasana dilakukeun unggal poé ba’da magrib jeung ba’da isya, nyaéta sabada ngalaksanakeun sholat sunat Lidaf’il Bala. Salian ti éta,


(21)

Kemis.Boh dzikir poéan boh khotaman, dina pungkasanana dituturkeun ku

du’a luyu jeung kahayang atawa kamampuh séwang-séwangan. Du’a nu bisa

diucapkeun di antarana du’a kasalametan, tolak bala, ménta rizki nu barokah, jsté.Salian ti kontéks nu mangrupa amaliyah dzikir poéan(unggal poé) jeung khotaman, aya deui kontéks lianna nu marengan, di antarana cai hérang jeung bubur tipung. Saéstuna, cai hérang lain mangrupa barang nu kudu aya. Anapon kitu, dina unggal prak-prakan dilaksanakeunana manakiban, jamaah sok mawa cai hérang, biasana diwadahan kana botol. Éta cai hérang ku jamaah dijadikeun média ngalap barokah jeung jadi média tina dikabulna

du’a luyu jeung paménta atawa kahayangna séwang-séwangan. Sabada bérés acara manakiban, cai hérang dina botol téh dibawa balik ka imah jamaah séwang-séwangan. Ku jamaah, éta cai hérang aya nu diinum, aya ogé nu dipaké sibeungeut jeung mandi. Ku ngalakukeun éta hal, pangjiad nu geus nyampak dina cai hérang téh dipiharep jadi marga lantaran dikabulna sapanejana séwang-séwang.Teu jauh béda jeung cai hérang, bubur tipung ogé miboga fungsi anu sarua. Bubur tipung téh sabangsaning kadaharan dijieunna tina tipung, siga dawet atawa céndol. Bédana jeung cai hérang, bubur tipung mah teu dibawa ka imah jamaah séwang-séwangan, tapi didalahar di imah atawa lokasi shohibul manqib sabadana bérés acara manakiban.

c. Masarakat mistis-spiritual teu leupas tina unsur ma’na nu bisa disungsi tina sawatara hal. Ngaliwatan interprétasi semiotik, ma’na-ma’na dina manakiban

Syéh Abdul Qodir Jailani ogé bisa disungsi. Dina téks jeung kontéks manakiban Syéh Abdul Qodir Jailani di antarana bisa dima’naan tanda indéks


(22)

ngaran SAQ, tawassul, ngimpi, cai hérang, jeung bubur tipung, sakumaha ieu di handap.

1) Ngaran Syéh Abdul Qodir jailani téh bisa dima’naan salaku hiji jalma nu ahli dina agama Islam jeung jadi pamingpin tarékat nu diciptakeunana. Éta jalma téh sok sanajan luhung élmu jeung jadi pamingpin, tetep mangrupa hamba atawa mahluk ciptaan Alloh nu taat jeung ngajalankeun saréat Alloh salaku nu ngawasana.

2) Istilah tawassul téh ngarujuk kana ma’na, wawakil, atawa média. Hal anu patali jeung éta hal téh nya éta ayana wasilahnu bisa dima’naan salaku nu ngalantarankeun atawa média nu jadi marga lantaran.

3) Ma’na nu bisa ditétélakeun tina itungan 165 téh di antarana nyaéta angka

1 nandakeun Alloh, angka 6 nandakeun Rukun Iman, jeung angka 5 nandakeun Rukun Islam. Rosululloh SAW ogé maréntahkeun sakumna umat Islam pikeun ngalakukeun dzikir sabada sholat fardu, réana 99 kali nu diwangun ku ngedalkeun subhanalloh 33 kali, alhamdulillah 33 kali, jeung Allahu Akbar 33 kali. Upama dikalikeun jeung réana sholat fardu nu lima waktu, unggal kalimah dzikir nu 33 kali téh réana jadi 165. Urangogébisa nengetansurat ka-1 dina Al Qur’an (surat Al-fatihah), ayat

5 jeung 6. Ayat 5 nétélakeun:

“MungkaAnjeunkuringsumembahjeungmungkaAnjeunkuringméntapitulun g.”Ayat 6 nétélakeun: “Témbongkeunka kami jalan nu lempeng.” NyembahjeungméntapitulungkaAllohtéhayadinaRukun Islam, aribekelpikeunnyungsijalan nu lempengtéhnyatanaRukunIman.Tina éta


(23)

ma’na itungan, bisa ditétélakeun yén dzikir ba’da sholat fardu mangrupa

hal nu mancegkeun Islam, Iman, jeung Ihsan urang salaku manusa. Kalawan konsistén, ngucapkeun dzikir téh kudu husyu jeung ihlas, nepi ka panceg dina diri urang ka-Islam-an, ka-Iman-an, jeung sikep Ihsan. 4) Ngimpi dina budaya mitis-spiritual masarakat Indonésia, mangrupa

tanda. Patalina jeung kosmologi, ngimpi téh bagian tina réalitas buana luhur (buana nyungcung) nu mangrupa beungkeutan jeung buana tengah sarta buana handap. Ku kituna, ngimpi téh dianggap asalna ti buana luhur nu mangrupa réalitas buana tengah manusa. Kajadian ngimpi dina naskah manakibanSyéh Abdul QodirJailani bisa dima’naan salaku prosés

manusa ngahontal kasampurnaan pikeun ngagabungkeun tilu buana dina kosmologi Sunda.Sanajanukurimpian, naon-naonhal nu ditétélakeunkuSyéh Abdul QodirJailanidisapukankusakumnaulama. Étahalpatalijeungkanyataanyéndina ajaran agama Islam,

dawuhanRosululloh nu

nétélakeunyénsanggeusjamanahirkanabianRosulullohtéhmoalayadeuikan abian. Soksanajankitu, panghubung-panghubungmahtetepaya, di antaranangaliwatanimpianjalma-jalmamu’min.

5) Kabudayaan Sunda akarna tina tradisi agraris. Pikeun masarakat agraris, cai mangrupa hiji hal nu mutlak kudu nyampak. Pentingna cai téh geus ngalahirkeun mitos-mitos jeung rupa-rupa carita rakyat nu sakral. Salian tina jihat kabudayaan, cai ogé nyangking tempat nu utama dina sawatara agama. Dina kahirupan agama Islam, umat Islam kenal kana cai


(24)

Zam-Zam diMasjidil Haram, nu mibandahasiatsalakuobatjeungteukungsingalamansaat. Dina ajaran agama Budhajeung Hindu ogécaidianggappentingpatalijeungkanyataanyén 2/3 jasmanimanusatéhdiwangunkuunsurcai.Caibisadima’naanrupa-rupahal, di antarananyaéta:

- Hérangnangalambangkeunsucinahaté, kajujuran, jeungkaadilan; - Caitinasumbernabisangamalirngawangunwalungan, bisa dima’naan

salaku galur kahirupan sakumna mahluk nu geus pasti aya ti nu nyiptakeunana;

- Ngamalirnacaititempat nu

luhurkahandapnémbongkeunperkaraétikasopansantun, kaarifan, kawijaksanaan, jeungbudiparangi nu hadé. Saupamacaidikiruhanatawadikiruhkeun,

nandakeunyénbebenerantéhdicidraan,

prinsipjeunghargadiridigangguatawadijejewét;

- Caingajarkeunumatmanusasangkansalawasnangajagakomunikasi, bohjeungsasamanabohjeungPangéran;

- Cainémbongkeunyénmanusamibogahakjeungkawajiban, nepika kudu bisasilihormatjeunghandapasor;

- Patalijeungmusibah nu dibalukarkeunkucai, ngajarkeunkamanusayénkahirupan kudu balikdeui kana jalannaanubener; jeung


(25)

- Caihérangdinabotol nu disimpen di satengahingriunganmanakiban (jeungumumnapangaosan) jadiindéksprosés manusa ngahijikeun tilu buana dina kosmologi nu kudu dibarengankukasucian.

6) Buburtipungmangrupakadaharan nu dijieunnatinatipung nu digodog, didaharnaditambahanatawadibarengankukincanepikarasanajadiamis. Nurutkeunsipatdasarna, tipungteumiboga rasa nu tangtu. Ari gulageuspastirasanaamis. Kecap“amis” mangrupasalasahijisipat rasa dasar

nu sacara universal dianggapsalakupangalaman nu

pikaresepeunatawapikabungaheun. Ku étahal, bubur tipung bisa dima’naan

gambaran kahirupan nu gahar kudu dipapaéskuhal-hal nu pikabungaheunatawapikaresepeunluyujeungsaréat, di antarananyaétaibadah, nepikatujuanhirupngahontalkabagjaandunyajeungahérattehbisadihontal.

5.2 Saran

Sacaramétodologis, ieupanalungtikandidadasarkeun kana sumber data jeungnarasumberanukawatesanan.Tradisimanakibantéhpatalijeung ritual katutnaskahmanaqib nuréasumberna, bohtihijidaérahbohtidaérahlianna. Kuétahal, hadesaupamapanalungtikanlianaleuwihmekarkeunsumber data

jeungnarasumberna.Hadédeuihsaupamaprak-prakanmanakibantéhdibandingkeunsawatarawewengkon, boh di Tatar Sundabohsa-Nusantara.


(26)

Kontéks nu marengantéksmanakibanSyéh Abdul QodirJailanitéhteusaukuramalanjeungpakakasna.Hadésaupamapanalungtikanliana

leuwihgemetturleganalungtikperkarakontéks-kontékslianna.Ponkitudeuidinajihatma’nana,

saliantingaliwatansemiotiktéhbisadilegaanngaliwatanjihathermeneutik, antropologi, jeungsosiologi.

Pikeunnalungtikperkararitus, tradisi, téks, kontéks, jeungma’nadinakabudayaantéhmerlukeundisiplinpaélmuan nu intertekstual. Ku kituna, hadesaupamapanalungtiklianna nu ayaminat kana étahalmekelandirinakupaélmuan-paélmuanbasa, sastra, budaya, sosiologi, antropologi, sains, jeung agama.

Ieu panalungtikan henteu dipatalikeun jeung pangajaran di sakola. Kuéta hal, hadé saupama nu minat nalungtik perkara manakiban dipakaitkeun salaku bahan pangajaran di sakola. Salian ti éta, hasil dina ieu panalungtikan ogé bisa dimangpaatkeun pikeun bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda, katut pangajaran agama Islam, boh di sakola boh di lingkungan atikan nu leuwih lega.


(27)

DAFTAR PUSTAKA

Ali, Mohamad. 1985. Penelitian Kependidikan Prosedur dan Strategi. Bandung: Angkasa.

Alwasilah, A. Chaédar. 2009. Pokoknya Kualitatif: Dasar-dasar Merancang dan Melakukan Penelitian Kualitatif. Jakarta: Pustaka Jaya.

Anwar, Rosihon jeung Abdul Rozak. 2001. Ilmu Kalam: Untuk IAIN, STAIN, PTAIS. Bandung: Pustaka Setia.

Asyhbab, Zézén Zaénal Abidin Zayadi Bazul (Panarjamah). 1996. Sirrur Asrar. Citakan Mandiri.

Baedhawy, Ruby Ach. 2007. Wawacan Seh (Manaqib Abd al-Qadir al-Jilani): Praktek dan Fungsi dalam Kehidupan Sosial di Banten. LaporanPenelitian. Jakarta: BalaiPenelitiandanPengembangan Agama.

Baroroh, Baried. 1985. Pengantar Teori Filologi. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa.

Chandler, Daniel. 2002. Semiotics: The Basic. New York, USA: Routhledge. Gazali, Spk. (Panarjamah). 2009. Metode Analisis Teks dan Wacana: Stefan

Titscher, Michael Mayer, Ruth Wodak, Eva Vetter. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Heigham, Juanita jeung Robert A. Croker (éditor). 2009. Qualitative Research in Applied Linguistic: A Practical Introduction. Hampshire: Palgrave Macmillan. Isnéndés, Rétty. 2010. Téori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Koentjaraningrat. 2000. Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia.

Masinambow, E.K.M. jeung Rahayu S. Hidayat (éditor). 2001. Semiotik: Mengkaji Tanda dalam Artifak. Jakarta: Balai Pustaka.

Miles, M. B. jeung A. M. Huberman. 1992. Qualitative Data Analysis: A Source Book of New Methods. Beverly Hills: SAGE Publication.

Millie, Julian Patrick. 2006. “Splashed by The Saint: Ritual Reading and Islamic

Sanctity in West Java”.Disertasi Doktoral di Universitas Leiden.

Mughni, Syékh Abdul. Taya katerangan taun. Intisari Ajaran Syekh Abdul Qadir Jailani. Surabaya: Pustaka Media.


(28)

Purwo, Bambang Kaswanti (Éditor). 2000. Kajian Serba Linguistik: Untuk Anton Moeliono Pereksa Bahasa. Jakarta: UKI Atma Jaya jeung BPK Gunung Mulia. Rusyana, Yus, Iskandarwassid jeung Wahyu Wibisana. 1997. Ensiklopedi Sastra

Sunda. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa.

Satori, Djam‟anjeung Aan Komariah. 2009. Metodologi Penelitian Kualitatif.

Bandung: Alfabeta.

Soekanto, Soerjono. 1990. Sosiologi Suatu Pengantar. Jakarta: Raja Grafindo Persada.

Sudaryat, Yayat. 2003. Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten. Sudjiman, Panuti jeung Aart Van Zoest. 1996. Serba-serbi Semiotika. Jakarta:

Gramedia Pustaka Utama.

Sukmadinata, Nana Syaodih. 2009. Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Sugiyono. 2009. Metode Penelitian Pendidikan: Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Suryatna, Ayat. 1996. Penuntun Belajar Antropologi Bandung: Ganeca Exact. Sutopo. 2002. Metodologi Penelitian Kualitatif. Surakarta: Sebelas Maret

University Press.

Syamsuri, Maulana. Taya katerangan taun. Kisah-kisah Syaikh Abdul Qodir al Jailani Ra. Surabaya: Karya Agung.

Tajul „Arifin, H.A. Shohibulwafa. 1956. Alaa Inna Auliyaa Allohi Laa Khaofun

Alaihim wa lahum Yahzanun: Tanbih, Tawasul, Manaqib Basa Sunda. Tasikmalaya: Yayasan Serba Bakti Pondok Pesantrén Suryalaya.

Tajul „Arifin, H.A. Shohibulwafa. 1975. Uquudul Jumaan. Tasikmalaya: Yayasan

Serba Bakti Pondok Pesantrén Suryalaya.

Tim Universitas Pendidikan Indonesia. 2011. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia 2011. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Zoest, Aart van. 1991. Fiksi dan Nonfiksi dalam Kajian Semiotik (tarjamahan Manoekmi Sardjoe). Jakarta: Intermasa.


(1)

ma’na itungan, bisa ditétélakeun yén dzikir ba’da sholat fardu mangrupa hal nu mancegkeun Islam, Iman, jeung Ihsan urang salaku manusa. Kalawan konsistén, ngucapkeun dzikir téh kudu husyu jeung ihlas, nepi ka panceg dina diri urang ka-Islam-an, ka-Iman-an, jeung sikep Ihsan. 4) Ngimpi dina budaya mitis-spiritual masarakat Indonésia, mangrupa

tanda. Patalina jeung kosmologi, ngimpi téh bagian tina réalitas buana luhur (buana nyungcung) nu mangrupa beungkeutan jeung buana tengah sarta buana handap. Ku kituna, ngimpi téh dianggap asalna ti buana luhur nu mangrupa réalitas buana tengah manusa. Kajadian ngimpi dina naskah manakibanSyéh Abdul QodirJailani bisa dima’naan salaku prosés manusa ngahontal kasampurnaan pikeun ngagabungkeun tilu buana dina kosmologi Sunda.Sanajanukurimpian, naon-naonhal nu ditétélakeunkuSyéh Abdul QodirJailanidisapukankusakumnaulama. Étahalpatalijeungkanyataanyéndina ajaran agama Islam,

dawuhanRosululloh nu

nétélakeunyénsanggeusjamanahirkanabianRosulullohtéhmoalayadeuikan abian. Soksanajankitu, panghubung-panghubungmahtetepaya, di antaranangaliwatanimpianjalma-jalmamu’min.

5) Kabudayaan Sunda akarna tina tradisi agraris. Pikeun masarakat agraris, cai mangrupa hiji hal nu mutlak kudu nyampak. Pentingna cai téh geus ngalahirkeun mitos-mitos jeung rupa-rupa carita rakyat nu sakral. Salian tina jihat kabudayaan, cai ogé nyangking tempat nu utama dina sawatara


(2)

Zam diMasjidil Haram, nu mibandahasiatsalakuobatjeungteukungsingalamansaat. Dina ajaran agama Budhajeung Hindu ogécaidianggappentingpatalijeungkanyataanyén 2/3 jasmanimanusatéhdiwangunkuunsurcai.Caibisadima’naanrupa-rupahal, di antarananyaéta:

- Hérangnangalambangkeunsucinahaté, kajujuran, jeungkaadilan; - Caitinasumbernabisangamalirngawangunwalungan, bisa dima’naan

salaku galur kahirupan sakumna mahluk nu geus pasti aya ti nu nyiptakeunana;

- Ngamalirnacaititempat nu

luhurkahandapnémbongkeunperkaraétikasopansantun, kaarifan, kawijaksanaan, jeungbudiparangi nu hadé. Saupamacaidikiruhanatawadikiruhkeun,

nandakeunyénbebenerantéhdicidraan,

prinsipjeunghargadiridigangguatawadijejewét;

- Caingajarkeunumatmanusasangkansalawasnangajagakomunikasi, bohjeungsasamanabohjeungPangéran;

- Cainémbongkeunyénmanusamibogahakjeungkawajiban, nepika kudu bisasilihormatjeunghandapasor;

- Patalijeungmusibah nu dibalukarkeunkucai,

ngajarkeunkamanusayénkahirupan kudu balikdeui kana jalannaanubener; jeung


(3)

- Caihérangdinabotol nu disimpen di satengahingriunganmanakiban (jeungumumnapangaosan) jadiindéksprosés manusa ngahijikeun tilu buana dina kosmologi nu kudu dibarengankukasucian.

6) Buburtipungmangrupakadaharan nu dijieunnatinatipung nu digodog, didaharnaditambahanatawadibarengankukincanepikarasanajadiamis. Nurutkeunsipatdasarna, tipungteumiboga rasa nu tangtu. Ari gulageuspastirasanaamis. Kecap“amis” mangrupasalasahijisipat rasa dasar

nu sacara universal dianggapsalakupangalaman nu

pikaresepeunatawapikabungaheun. Ku étahal, bubur tipung bisa dima’naan

gambaran kahirupan nu gahar kudu dipapaéskuhal-hal nu pikabungaheunatawapikaresepeunluyujeungsaréat, di antarananyaétaibadah, nepikatujuanhirupngahontalkabagjaandunyajeungahérattehbisadihontal.

5.2 Saran

Sacaramétodologis, ieupanalungtikandidadasarkeun kana sumber data jeungnarasumberanukawatesanan.Tradisimanakibantéhpatalijeung ritual katutnaskahmanaqib nuréasumberna, bohtihijidaérahbohtidaérahlianna. Kuétahal, hadesaupamapanalungtikanlianaleuwihmekarkeunsumber data

jeungnarasumberna.Hadédeuihsaupamaprak-prakanmanakibantéhdibandingkeunsawatarawewengkon, boh di Tatar Sundabohsa-Nusantara.


(4)

Kontéks nu marengantéksmanakibanSyéh Abdul QodirJailanitéhteusaukuramalanjeungpakakasna.Hadésaupamapanalungtikanliana

leuwihgemetturleganalungtikperkarakontéks-kontékslianna.Ponkitudeuidinajihatma’nana,

saliantingaliwatansemiotiktéhbisadilegaanngaliwatanjihathermeneutik, antropologi, jeungsosiologi.

Pikeunnalungtikperkararitus, tradisi, téks, kontéks, jeungma’nadinakabudayaantéhmerlukeundisiplinpaélmuan nu intertekstual. Ku kituna, hadesaupamapanalungtiklianna nu ayaminat kana étahalmekelandirinakupaélmuan-paélmuanbasa, sastra, budaya, sosiologi, antropologi, sains, jeung agama.

Ieu panalungtikan henteu dipatalikeun jeung pangajaran di sakola. Kuéta hal, hadé saupama nu minat nalungtik perkara manakiban dipakaitkeun salaku bahan pangajaran di sakola. Salian ti éta, hasil dina ieu panalungtikan ogé bisa dimangpaatkeun pikeun bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda, katut pangajaran agama Islam, boh di sakola boh di lingkungan atikan nu leuwih lega.


(5)

DAFTAR PUSTAKA

Ali, Mohamad. 1985. Penelitian Kependidikan Prosedur dan Strategi. Bandung: Angkasa.

Alwasilah, A. Chaédar. 2009. Pokoknya Kualitatif: Dasar-dasar Merancang dan Melakukan Penelitian Kualitatif. Jakarta: Pustaka Jaya.

Anwar, Rosihon jeung Abdul Rozak. 2001. Ilmu Kalam: Untuk IAIN, STAIN, PTAIS. Bandung: Pustaka Setia.

Asyhbab, Zézén Zaénal Abidin Zayadi Bazul (Panarjamah). 1996. Sirrur Asrar. Citakan Mandiri.

Baedhawy, Ruby Ach. 2007. Wawacan Seh (Manaqib Abd al-Qadir al-Jilani): Praktek dan Fungsi dalam Kehidupan Sosial di Banten. LaporanPenelitian. Jakarta: BalaiPenelitiandanPengembangan Agama.

Baroroh, Baried. 1985. Pengantar Teori Filologi. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa.

Chandler, Daniel. 2002. Semiotics: The Basic. New York, USA: Routhledge. Gazali, Spk. (Panarjamah). 2009. Metode Analisis Teks dan Wacana: Stefan

Titscher, Michael Mayer, Ruth Wodak, Eva Vetter. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Heigham, Juanita jeung Robert A. Croker (éditor). 2009. Qualitative Research in Applied Linguistic: A Practical Introduction. Hampshire: Palgrave Macmillan. Isnéndés, Rétty. 2010. Téori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Koentjaraningrat. 2000. Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia.

Masinambow, E.K.M. jeung Rahayu S. Hidayat (éditor). 2001. Semiotik: Mengkaji Tanda dalam Artifak. Jakarta: Balai Pustaka.

Miles, M. B. jeung A. M. Huberman. 1992. Qualitative Data Analysis: A Source Book of New Methods. Beverly Hills: SAGE Publication.

Millie, Julian Patrick. 2006. “Splashed by The Saint: Ritual Reading and Islamic Sanctity in West Java”.Disertasi Doktoral di Universitas Leiden.

Mughni, Syékh Abdul. Taya katerangan taun. Intisari Ajaran Syekh Abdul Qadir Jailani. Surabaya: Pustaka Media.


(6)

Purwo, Bambang Kaswanti (Éditor). 2000. Kajian Serba Linguistik: Untuk Anton Moeliono Pereksa Bahasa. Jakarta: UKI Atma Jaya jeung BPK Gunung Mulia. Rusyana, Yus, Iskandarwassid jeung Wahyu Wibisana. 1997. Ensiklopedi Sastra

Sunda. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa.

Satori, Djam‟anjeung Aan Komariah. 2009. Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Alfabeta.

Soekanto, Soerjono. 1990. Sosiologi Suatu Pengantar. Jakarta: Raja Grafindo Persada.

Sudaryat, Yayat. 2003. Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten. Sudjiman, Panuti jeung Aart Van Zoest. 1996. Serba-serbi Semiotika. Jakarta:

Gramedia Pustaka Utama.

Sukmadinata, Nana Syaodih. 2009. Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Sugiyono. 2009. Metode Penelitian Pendidikan: Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Suryatna, Ayat. 1996. Penuntun Belajar Antropologi Bandung: Ganeca Exact. Sutopo. 2002. Metodologi Penelitian Kualitatif. Surakarta: Sebelas Maret

University Press.

Syamsuri, Maulana. Taya katerangan taun. Kisah-kisah Syaikh Abdul Qodir al Jailani Ra. Surabaya: Karya Agung.

Tajul „Arifin, H.A. Shohibulwafa. 1956. Alaa Inna Auliyaa Allohi Laa Khaofun Alaihim wa lahum Yahzanun: Tanbih, Tawasul, Manaqib Basa Sunda. Tasikmalaya: Yayasan Serba Bakti Pondok Pesantrén Suryalaya.

Tajul „Arifin, H.A. Shohibulwafa. 1975. Uquudul Jumaan. Tasikmalaya: Yayasan Serba Bakti Pondok Pesantrén Suryalaya.

Tim Universitas Pendidikan Indonesia. 2011. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia 2011. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Zoest, Aart van. 1991. Fiksi dan Nonfiksi dalam Kajian Semiotik (tarjamahan Manoekmi Sardjoe). Jakarta: Intermasa.