S BD 1201939 Chapter1

BAB I
BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Indonésia anu beunghar ku sékésélér bangsa, tangtu miboga rinéka
kabudayaan anu unik tur has. Karinékaan budaya unggal masarakat mekar
gumantung kana kamekaran jaman, kaayaan lingkungan katut masarakatna.
Masarakat nu hiji jeung nu séjénna miboga kabudayaan nu béda-béda.
Kabudayaan nu béda-béda kapanggih lain ngan ukur tina basana wungkul, tapi
tina kapercayaan, pangaweruh, pakasaban, téhnologi, ogé dina kasenianna.
Koentjaraningrat (1985, kc. 9) nétélakeun yén kabudayaan nya éta sakabéh
gagasan jeung karya manusa nu kudu dibiasakeun ku cara diajar. Kabudayaan ogé
diwangun ku sababaraha unsur nu sipatna universal. Nurutkeun Koentjaraningrat
(2009, kc. 165), budaya diwangun ku tujuh unsur, nya éta: 1) sistem réligi, 2)
sistem organisasi kamasarakatan, 3) sistem pangaweruh, 4) basa, 5) kasenian, 6)
sistem pakasaban, sarta 7) sistem téknologi jeung pakakas. Éta sakabéh unsur
kabudayaan tangtu mibanda ajén- inajén pikeun dijadikeun cecekelan dina
kahirupan.
Nilik kana wujudna, kabudayaan kabagi jadi dua bagian, nya éta
kabudayaan matéril jeung kabudayaan nonmatéril. Kabudayaan matéril mangrupa
hasil karya cipta, rasa, jeung karsa manusa dina wangun barang. Hartina

kabudayaan matéril ngawengku hal anu sipatna nyampak bisa katempo ayana.
Sedengkeun kabudayaan nonmatéril mangrupa cipta, rasa, karsa manusa nu
mangrupa adat- istiadat, aturan-aturan, élmu pangaweruh, agama, seni, jsb. Hartina
kabudayaan nonmatéril ngawengku hal anu sipatna tanwujud ogé ngan ukur bisa
dirasakeun.
Kabudayaan Sunda buhun nu mangrupa adumanis antara pangaruhpangaruh kabudayaan asli, kabudayaan Hindu jeung Budha, ngalaman parobahan
alatan ayana pangaruh tina kabudayaan séjénna saperti Islam jeung pangaruh ti
Kulon. Dina parobahan jeung kamekaranna, robah ogé kalungguhan katut peran
kabudayaanna. Kaayaan kabudayaan nu kiwari geus mimiti kurang diaprésiasi ku
masarakat, utamana ku generasi ngora, bisa mangaruhan kana kalungguhan

Fitri Siti Nurjanah, 2016
AJÉN BUD AYA D INA KASENIAN GÉSRÉK D I D ÉSA GARUMUKTI KACAMATAN PAMULIHAN
KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1

2


kabudayaan Sunda nu karasa anéh ku masarakatna. Padahal kabudayaan Sunda
miboga ajén nu luhur nu sakuduna diriksa tur dijaga sangkan teu leungit tina
kahirupan masarakat Sunda. Salasahiji unsur kabudayaan nu mimiti geus kurang
diaprésiasi ku masarakat Sunda nya éta kasenian.
Kasenian mangrupa salasahiji unsur nu ngawangun kabudayaan bisa
kapanggih di lingkungan sabudeureun masarakat, utamana nu masih kénéh
ngariksa kana budaya karuhunna. Kasenian minangka cicirén tina hiji bangsa
tangtu baé di jerona ngandung siloka katut ajén- inajén nu jadi cecekelan bangsa
éta sorangan. Salasahiji kasenian nu mibanda ajén budaya nya éta kasenian gésrék
anu aya di Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan Kabupaten Garut. Kasenian
gésrék mangrupa salasahiji kasenian anu tumuwuh katut mekar di lingkungan
masarakat Sunda. Ieu kasenian jadi salasahiji asét anu dipimilik ku urang Sunda
salaku kabeungharan budayana.
Dina enas-enasna, kasenian gésrék téh teu jauh béda jeung kasenian debus,
alatan ieu kasenian asalna ti Banten sarta palakuna ti kelompok kasenian debus.
Tapi aya sawatara hal anu ngabédakeun kasenian gésrék jeung kasenian debus, di
antarana waditra dina kasenian gésrék leuwih loba batan kasenian debus, atraksi
nu dipintonkeun dina kasenian gésrék leuwih saeutik batan kasenian debus,
pakakas nu digunakeun dina kasenian gésrék ngan ukur bedog, a wi, jeung suluh,
sedengkeun dina kasenian debus mah aya tarajé bedog, beling, kalapa, gada, jara,

jeung gegendir. Di Garut, utamana masarakat Désa Garumukti, ieu kasenian
katelah gésrék alatan cara maénkeun bedogna anu digésrék-gésrék kana awak
palaku senina.
Dumasar data nu aya, seni gésrék téh baheulana dijadikeun métode dina
nyebarkeun agama Islam di Désa Garumukti. Ieu hal bisa katitén tina prak-prakan
ieu kasenian, saperti ayana puasa, tawasulan, maca Qur’an, ogé macakeun kitab
Barzanji. Salian ti kitu, sajarah asal- muasalna ieu kasenian téh alatan ningal kana
mu’zijat Para Rosul Alloh nu teu teurak ku bedog, bisa meulah awi ku sirah, nepi
ka mu’zijat Nabi Ibrohim nu teu bisa diduruk ku seuneu. Nilik kana sajarahna
ogé, ieu kasenian tangtu mibanda ajén anu luhur nu bisa dijadikeun conto katut
cecekelan pikeun kahirupan sapopoé (wawancara jeung Abah Usup, tanggal 31
Januari 2016).
Fitri Siti Nurjanah, 2016
AJÉN BUD AYA D INA KASENIAN GÉSRÉK D I D ÉSA GARUMUKTI KACAMATAN PAMULIHAN
KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3

Aprésiasi masarakat kana seni gésrék téh masih kénéh kawilang luhur. Ieu

hal kititén lamun aya pintonan seni gésrék loba masarakat anu paheula-heula
nongton. Kiwari, masarakat nu panglobana lalajo téh generasi ngora, ti barudak
SD nepi ka SMA. Lantaran nu resep kana gésrék lolobana barudak, kudu
dibarengan ku kolotna sarta dibéjaan yén atraksi dina ieu kasenian tong diconto
atawa diturutan alatan bisa nyilakakeun. Salian ti kitu, pangaweruh ngeunaan ajén
seni gésrék ogé kudu ditepikeun ka generasi ngora sangkan bisa dibawa
mangpaatna (wawancara jeung Pa Nano, tanggal 14 Fébruari 2016).
Sanajan loba masarakat anu wanoh kana seni gésrék, tapi ngan saeutik
masarakat anu paham kana ajén anu nyangkaruk dina ieu kasenian. Padahal,
kautamaan tina pintonan kasenian gésrék téh ilaharna lain ngan ukur mintonkeun
kamonésan pamaénna, tapi ogé pangaweruh jeung ajén-inajén anu aya di jerona.
Pangajaran basa Sunda di sakola nu ngawengku opat kaparigelan basa bisa
dijadikeun tarékah pikeun ngawanohkeun kasenian gésrék hususna keur siswa
SMA kelas XII, di antarana ngaliwatan pangajaran maca. Dumasar kana Standar
Kompetensi jeung Kompeténsi Dasar (SKKD) Basa Sunda, di SMA kelas XII aya
pangajaran maca artikel. Dina ieu pangajaran, kasenian gésrék katut ajén- inajénna
bisa diwanohkeun ngaliwatan artikel nu dibaca ku siswa. Ti dieu, siswa bisa
mikaweruh ngeunaan hal-hal anu aya patalina jeung kasenian gésrék.
Nurutkeun para palaku kasenian gésrék, ieu kasenian can aya nu nalungtik.
Panalungtik ngotéktak sababaraha pabukon can kungsi manggihan hasil kajian

dina wangun skripsi jeung kajian ilmiah séjénna. Sedengkeun panalungtikan
ngeunaan ajén- inajén budaya anu dijadikeun tatapakan panalungtikan, anu medar
ngeunaan masalah kasenian geus réa, di antarana:
1.

“Ajén Budaya dina Kasenian Dur Ong di Désa Cikalong Kacamatan Cikalong
Wétan Kabupatén Bandung Barat pikeun Bahan Pangajaran di SMA Kelas
XII”, ku Novianty Desita taun 2015;

2.

“Ajén Budaya dina Kasenian Badogar di Désa Margalaksana Kacamatan
Cilawu Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII ”,
ku Ginanjar Muhamad Sukamdani taun 2014;

3.

“Ajén Budaya Sunda dina Kasenian Gaok di Désa Kulur Kab upatén
Majalengka pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII”, ku Ida Aridah taun


Fitri Siti Nurjanah, 2016
AJÉN BUD AYA D INA KASENIAN GÉSRÉK D I D ÉSA GARUMUKTI KACAMATAN PAMULIHAN
KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4

2013;
4.

“Ajén Budaya dina Kasenian Réog Dongkol di Désa Karyamukti Kacamatan
Pataruman Kota Banjar pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMP Kelas
IX”, ku Novi Rosdiani taun 2013.
Sangkan mikanyaho kasenian gésrék katut ajén- inajén anu nyangkaruk di

jerona, perlu diayakeun panalungtikan nu tujuanna maluruh ngeunaan ajén budaya
dina kasenian gésrék anu aya di Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan
Kabupatén Garut. Umumna keur kabéh masarakat, hususna siswa SMA nu can
mikawanoh jeung mikaweruh ngeunaan kasenian gésrék. Dumasar kana kasang
tukang anu geus dipedar di luhur, ieu panalungtikan dijudulan “Ajén Budaya dina

Kasenian Gésrék di Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan Kabupatén Garut
pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII”.
1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah
Sangkan bisa mikaweruh sarta ngajawab masalah anu geus dipedar, dina
ieu panalungtikan téh diidéntifikasi katut dirumuskeun masalah luyu jeung kasang
tukang, sakumaha ditétélakeun ieu di handap.
1.2.1 Idéntifikasi Masalah
Luyu jeung kasang tukang panalungtikan nu geus dipedar di luhur, ieu
panalungtikan téh diwatesan. Pasualan nu dipedar dina ieu panalungtikan téh
museur kana déskripsi ajén budaya Sunda nu aya dina kasenian gésrék pikeun
pangajaran basa Sunda, tuluy hasilna disusun pikeun nyieun materi pangajaran
basa Sunda di SMA kelas XII.
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah di luhur, panalungtik ngarumuskeun
masalah ieu di handap.
1.

Kumaha sajarah katut kamekaran kasenian gésrék nu aya di Désa Garumukti
Kacamatan Pamulihan Kabupatén Garut?


2.

Naon waé nu kudu ditataharkeun pikeun pintonan kasenian gésrék?

3.

Kumaha prak-prakan pintonan kasenian gésrék?

4.

Kumaha wujud budaya jeung fungsi kasenian gésrék?

5.

Ajén budaya naon waé nu aya dina kasenian gésrék? jeung

Fitri Siti Nurjanah, 2016
AJÉN BUD AYA D INA KASENIAN GÉSRÉK D I D ÉSA GARUMUKTI KACAMATAN PAMULIHAN
KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu


5

6.

Kumaha déskripsi ngeunaan kasenian gésrék nu dilarapkeun dina bahan
pangajaran maca di SMA kelas XII?

1.3 Tujuan Panalungtikan
Dina ieu panalungtikan miboga tujuan umum jeung husus, sakumaha nu
ditétélakeun ieu di handap.
1.3.1 Tujuan Umum
Sacara umum, tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun mikaweruh
ngeunaan kasenian gésrék di Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan Kabupatén
Garut, mikaweruh kumaha prak-prakan seni gésrék sarta mikanyaho ngeunaan
ajén-inajén nu ayaa dina kasenian gésrék.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus, ieu panalungtikan ngeunaan kasenian gésrék di Désa
Garumukti Kacamatan Pamulihan Kabupatén Garut pikeun ngadéskripsikeun:
1.


sajarah katut kamekaran kasenian gésrék nu aya di Désa Garumukti
Kacamatan Pamulihan Kabupatén Garut;

2.

hal-hal nu kudu ditataharkeun pikeun pintonan kasenian gésrék;

3.

prak-prakan pintonan kasenian gésrék;

4.

wujud budaya jeung fungsi kasenian gésrék;

5.

ajén budaya nu aya dina kasenian gésrék; jeung


6.

déskripsi ngeunaan kasenian gésrék nu dilarapkeun dina bahan pangajaran
maca di SMA kelas XII.

1.4 Mangpaat Panalungtikan
Mangpaat anu dipiharep tina ieu panalungtikan téh nya éta mangpaat anu
sipatna tioritis sarta mangpaat anu sipatna praktis.
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngeuyeuban
pangaweruh ngeunaan ajén budaya Sunda dina kasenian gésrék, hususna dina
pangajaran basa Sunda pikeun bahan ajar. Salian ti éta, pikeun kaperluan
panalungtikan anu leuwih jero keur ka hareupna ngeunaan kasenian gésrék di
Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan Kabupatén Garut.
Fitri Siti Nurjanah, 2016
AJÉN BUD AYA D INA KASENIAN GÉSRÉK D I D ÉSA GARUMUKTI KACAMATAN PAMULIHAN
KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

6

1.4.2 Mangpaat Praktis
Salian ti mangpaat tioritis nu dipedar saméméhna. Ieu panalungtikan ogé
miboga mangpaat praktis nu dipertélakeun ieu di handap, di antarana nya éta:
1.

ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan sajarah katut kamekaran kasenian gésrék
nu aya di Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan Kabupatén Garut;

2.

pikeun numuwuhkeun kasadaran masarakat kana pentingna ngamumulé ogé
ngariksa kasenian tradisional;

3.

pikeun numuwuhkeun ajén-inajén budaya nu aya dina kasenian gésrék di
Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan Kabupatén Garut; jeung

4.

pikeun nyusun bahan materi pangajaran maca di SMA kelas XII.

1.5 Sistematika Nyusun Skripsi
Sistematika nyusun ieu skripsi kabagi kana lima BAB jeung sababaraha
sub bagian, susunanna sakumaha ditétélakeun ieu di handap.
Bab I Bubuka eusina ngawengku: kasang tukang masalah, identifikasi
jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung
sistematika nyusun skripsi.
Bab II Ulikan Tiori anu eusina medar perkara anu aya hubunganna jeung
kasenian gésrék di Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan Kabupatén Garut,
saperti konsép kabudayaan, konsép ajén budaya, kasenian, pangajaran maca,
jeung konsép bahan ajar.
Bab III Métode Panalungtikan ngawengku: gambaran umum lokasi
panalungtikan, sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan,
wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik panalungtikan, jeung
analisis data.
Bab IV Hasil Panalungtikan jeung Pedaran.
Bab V Kacindekan jeung saran.

Fitri Siti Nurjanah, 2016
AJÉN BUD AYA D INA KASENIAN GÉSRÉK D I D ÉSA GARUMUKTI KACAMATAN PAMULIHAN
KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu