S BD 1201939 Chapter3

(1)

Fitri Siti Nurjanah, 2016

AJÉN BUD AYA D INA KASENIAN GÉSRÉK D I D ÉSA GARUMUKTI KACAMATAN PAMULIHAN BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Gambaran Umum Lokasi Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Géografis

Lokasi nu dijadikeun tempat panalungtikan nya éta Désa Garumukti anu aya di wilayah Kacamatan Pamulihan, Kabupatén Garut. Désa Garumukti mangrupa désa pamekaran ti désa-désa nu aya di Pakénjéng dina taun 1976. Désa Garumukti dipikawanoh ku wisata alamna ogé poténsi sumber daya alam nu mangrupa bahan tambang. Désa Garumukti dikategorikeun salaku désa hutan sabab wilayahna ngawengku tanah kehutanan nu dipimilik ku Perum Perhutani BKPH Garut Asper Cikandang sarta wilayah perkebunan entéh nu dipimilik ku PTPN VIII Kebun Sedep.

Sacara géografis Désa Garumukti aya di wilayah Garut Selatan, ogé mangrupa ibu kota wilayah kacamatan, alatan aya dina puseur pamaréntahan Kacamatan Pamulihan. Wates Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan beulah kalér nyaéta Kacamatan Cisurupan jeung Kacamatan Kertasari Kabupatén Bandung, beulah kidul diwatesanan ku Désa Wangunjaya Kacamatan Pakénjéng, beulah kulon diwatesanan ku Désa Linggarjati Kacama tan Pamulihan, ogé beulah wétan diwatesanan ku Désa Pakénjéng Kacamatan Pamulihan.

3.1.2 Kondisi Sosial Budaya 3.1.2.1 Warga

Hubungan masarakat Désa Garumukti kawilang alus, bisa katitén dina kahirupan sapopoéna anu hadé tata hadé basa, utamana ka sémah. Upama aya hajat atawa aya warga séjénna anu butuh, masarakatna daék mantuan, silihtulungan tur silihrojong. Ieu hal nandakeun yén masarakat Désa Garumukti masih nyekel pageuh tradisi hirup nu sauyunan ogé silihajénan antara masarakat nu hiji jeung masarakat séjénna.

(2)

3.1.2.2 Atikan

Widang atikan di Désa Garumukti kawilang alus, katitén tina masarakatna anu sakola ti SD, SLTP, SLTA, D3 ogé aya sababaraha warga anu tamatan sarjana S1 jeung S2. Najan masih kénéh aya warga anu teu tamat sakola, lain hartina teu maliré kana pentingna atikan. Éta hal bisa disababkeun ku sababaraha faktor, di antarana faktor ékonomi masarakat nu masih kénéh kurang, faktor tradisi masarakat, faktor kaayaan désa nu can ngarojong kana kamekaran atikan, jsb.

Tabél 3.1

Jumlah Penduduk Dumasar Atikan

3.1.2.3 Agama jeung Kapercayaan

Masarakat Désa Garumukti ngagem agama Islam. Ieu hal kititén tina data monografi yén sakabéh masarakatna, nya éta 3.674 urang, ngagem agama Islam. Dina ngalaksanakeun ibadahna, masarakat Désa Garumukti dirojong ku sababaraha fasilitas tempat ibadah, nya éta ayana 11 masjid jami jeung 19 musola. Salian ti kitu, di Désa Garumukti ogé aya 24 madrasah jeung 4 pasantrén pikeun masarakatna diajar ngeunaan kaagamaan.

No Pendidikan Jumlah

Jajaka Wanoja Jumlah

1 Teu/acan sakola 287 224 531

2 Teu Tamat SD 231 254 485

3 Tamat SD 901 963 1.864

4 Tamat SLTP 303 297 600

5 Tamat SLTA 83 76 159

6 Tamat Akademi (D.1) - - 0

7 Tamat Akademi (D.2) - - 0

8 Tamat Akademi (D.3) 6 3 9

9 Tamat Sarjana (S.1) 11 13 24

10 Tamat Sarjana (S.2) 2 - 2

(3)

3.1.2.4 Basa

Basa nu digunakeun ku masarakat Désa Garumukti nya éta basa Sunda. Sanajan aya sababaraha urang nu lain urang Sunda, tapi dina komunikasi sapopoéna masih ngagunakeun basa Sunda saluyu jeung kaayaan masarakat Désa Garumukti.

3.1.2.5 Pakasaban

Pakasaban masarakat Désa Garumukti ngawengku sababaraha widang pagawéan, tapi umumna jadi buruh tani. Ieu hal alatan kaayaan wilayah Désa Garumukti nu mangrupa kebon jeung sawah. Sumber daya alam nu aya di ieu wilayah dimangpaatkeun tur dijad ikeun lahan pikeun melak tutuwuhan di antarana paré, jagong, kentang, tomat, engkol, jsb. Lian ti éta, aya ogé masarakatna nu miboga pagawéan salaku buruh kebon, buruh ternak, patani, tukang ngangon, tukang dagang, usaha dina widang jasa, PNS, TNI jeung POLRI.

Tabél 3.2

Jumlah Penduduk Dumasar Pakasaban

No Pakasaban Jumlah

1 Buruh Tani 1.449

2 Buruh Kebon 450

3 Buruh Ternak 13

4 Patani 527

5 Tukang Ngangon 105

6 Tukang Dagang 125

7 Usaha dina widang jasa 18

8 PNS/TNI/POLRI 18

3.1.3 Sistem Kekerabatan

Masarakat Désa Garumukti dina kahirupan sapopoéna masih nyekel pageuh kana tradisi gotong royong. Éta hal bisa katitén nalika aya masarakat anu keur hajat atawa aya nu gering sok silihbantuan. Salian ti kitu, upama aya

(4)

masarakat nu kurang mampuh sok dibantuan, mangrupa waragad atawa sandang pangan.

Kagiatan gotong royong séjénna nu aya di Désa Garumukti nya éta dina tatanén. Upama aya masarakat anu keur ngagarap sawah, sok silihbantuan atawa nu nganteuran keur buruh tani. Dina ngajaga kaamanan désa, masarakat sok ngayakeun ronda, unggal peutingna sok giliran jeung warga séjénna. Upama désa baris ngawangun sarana prasarana saperti jalan, sasak, atawa masjid, masarakatna ogé sok gotong royong ngilu mantuan saihlasna. Sarta masih kénéh aya kagiatan-kagiatan gotong royong séjénna anu sok dilaksanakeun ku masarakat Désa Garumukti.

3.1.4 Sistem Organisasi Sosial

Dumasar data monografi nu aya di Désa Garumukti, bisa katitén yén di ieu désa aya sistem organisasi sosial pikeun ngarojong kahirupan masarakatna. Sistem organisasi sosial nu masih kénéh aktif, di antarana pamaréntahan désa, dusun, RT, RW, BPD, LPM, MUI désa, Karang Taruna, organisasi PKK, Gapoktan, kelompok tani, kelompok ternak, kelompok P3A Mitra Cai, LSM, sarta organisasi partai pulitik.

3.2 Sumber Data

Dina ngumpulkeun jeung nganalisis data hasil panalungtikan, tangtu kudu nangtukeun sumber data nu rék dipaluruh luyu jeung tujuan panalungtikanana. Sumber data nya éta tempat, jalma, atawa barang nu aya patalina jeung objék panalungtikan. Sumber data nu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta jalma, tempat panalungtikan, jeung dokumén. Sumber data jalma mangrupa narasumber atawa jalma nu mikanyaho ngeunaan kasenian gésrék ngaliwatan téhnik wawancara. Sedengkeun sumber data tempat mangrupa lokasi panalungtikan ngaliwatan téhnik obsérvasi. Anapon sumber data dokumén mangrupa gambar sarta vidéo pintonan kasenian gésrék ngaliwatan téhnik obsérvasi sarta dokuméntasi.

(5)

3.3 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta rencana anu nuduhkeun gambaran utama ngeunaan hiji hal anu rék dilakukeun (Arikunto, 2010, kc. 175). Bagbagan prosés panalungtikan nu digunakeun dina ieu panalungtikan ngawengku ngumpulkeun data, idéntifikasi data, ngolah data, jeung nyieun kacindekan. Satuluyna dijieun jadi laporan hasil panalungtikan. Desain panalungtikan bisa katitén dina bagan ieu di handap.

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Ngumpulkeun Data: a. Téhnik obsérvasi b. Téhnik wawancara c. Téhnik dokumentasi

Ngolah Data (Analisis) Nangtukeun Masalah

Ngawatesanan jeung Ngarumuskeun Masalah

Nangtukeun Sumber Data

Nangtukeun jeung Nyusun Instrumén

(6)

3.4 Métode Panalungtikan

Nurutkeun Surakhmad (2004, kc. 131), métode nya éta cara utama nu digunakeun pikeun ngahontal hiji tujuan, misalna pikeun nguji hopitésa, ngagunakeun téhnik, sarta alat-alat nu tangtu. Arikunto (2010, kc. 203) nétélakeun yén métode panalungtikan nya éta cara nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikanana.

Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Métode déskriptif nya éta panalungtikan nu digunakeun pikeun nalungtik kaayaan, kondisi atawa hal-hal nu geus disebutkeun, nu hasilna didadarkeun dina wangun laporan panalungtikan (Arikunto, 2013, kc. 3). Metode déskriptif digunakeun dina ieu panalungtikan pikeun ngadeskripsikeun sajarah, prak-prakan, ajén budaya dina kasenian Gésrék, sarta bahan pangajaran maca ngeunaan ajén budaya nu aya dina kasenian Gésrék pikeun siswa kelas XII SMA.

3.5 Wangenan Operasional

Dumasar kana ieu judul panalungtikan nya éta “Ajén Budaya dina Kasenian Gésrék di Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII, sangkan aya gambaran perlu dijéntrékeun wangenan-wangenan istilah dina ieu panalungtikan, sakumaha ditétélakeun ieu di handap.

Ngadéskripsikeun Data a. Acara tatahar b. Acara inti

Nyieun Kacindekan

(7)

1) Ajén Budaya

Ajén budaya nya éta hal- hal nu dianggap penting pikeun kahirupan tur miboga ajén atawa pangaji anu aya di jero hiji budaya.

2) Kasenian Gésrék

Kasenian gésrék mangrupa salasahiji kasenian tradisional nu sumebar di Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan Kabupatén Garut. Kasenian gésrék nya éta kasenian nu mintonkeun kamonésan palaku seni dina maénkeun hiji pakarang nu digésrék-gésrékkeun kana awakna, bari dipirig ku waditra terebang jeung maca kitab Barzanji.

3) Bahan Pangajaran

Bahan pangajaran mangrupa salasahiji komponén nu bisa ngarojong kana kahontalna tujuan pangajaran. Bahan pangajaran mangrupa salasahiji komponén dina prosés diajar-ngajar.

3.6 Instrumén Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 203) instrumén panalungtikan nya éta pakakas atawa fasilitas nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanana leuwih gampang sarta hasilna leuwih hadé, dina harti leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis nepi ka babari diolah. Instrumén panalungtikan nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta kaméra digital, handphone, buku catetan, jeung pedoman wawancara.

1) Kaméra Digital

Kaméra digital digunakeun pikeun moto sarta ngadokuméntasikeun kagiatan panalungtikan, ngarékam pintonan kasenian Gésrék, sarta hal-hal nu aya patalina jeung kasenian Gésrék.

2) Handphone

Handphone digunakeun pikeun alat komunikasi, moto kagiatan panalungtikan, sarta ngarékam dina prosés ngumpulkeun data nalika wawancara jeung narasumber.

3) Buku Catetan

Buku catetan digunakeun pikeun nyatetkeun sagala hal nu aya patalina jeung kagiatan panalungtikan, utamana nalika ngalaksanakeun wawancara jeung narasumber.

(8)

4) Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara nya éta runtuyan patalékan-patalékan wawancara ngeunaan kasenian Gésrék, digambarkeun dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.3

Daptar Patalékan dina Pedoman Wawancara

Rumusan Patalékan-patalékan Wawancara

Sajarah Kasenian Gésrék

Naon ari kasenian gésrék téh?

Kumaha sajarah ayana kasenian gésrék? Naha bet dingaranan gésrék?

Naon waé fungsi kasenian gésrék?

Kumaha kamekaran sarta parobahan kasenian gésrék ti mangsa ka mangsa?

Sabaraha jumlah pamaén dina kasenian gésrék? Naha aya syarat nu kudu dilakonan upama hayang jadi pamaén gésrék?

Unggal dina acara naon waé kasenian gésrék dipintonkeun? Naha aya pantrangan dina pintonan kasenian gésrék? Hal-hal anu Kudu

Ditataharkeun

Bahan-bahan naon waé nu dibutuhkeun dina kasenian gésrék?

Pakakas naon waé nu aya dina kasenian gésrék?

Prak-prakan Kasenian Gésrék

Saacan minton, aya ritual khusus nu dilaksanakeun? Kumaha prak-prakan pintonan kasenian gésrék? Sanggeus pintonan kasenian gésrék, aya hal séjénna nu dilakukeun?

Wujud Budaya jeung Fungsi Kasenian Gésrék

Kumaha wujud kabudayaan nu aya dina kasenian gésrék? Naon waé fungsi kasenian gésrék?

Ajén dina Kasenian Gésrék

Wujud kabudayaan naon waé nu aya dina kasenian gésrék? Ajén (niléy) naon waé nu aya dina kasenian gésrék?

(9)

3.7 Téhnik Panalungtikan

Nurutkeun Maryaeni (2005, kc. 16), téhnik panalungtikan mangrupa cara nu digunakeun panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan. Cara nu digunakeun bisa dina wangun obsérvasi, partisipasi, wawancara, jsb, Téhnik nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Sanggeus data dikumpulkeun, dianalisis, sarta didéskripsikeun, diolah pikeun dijieun kacindekan.

1) Téhnik Obsérvasi

Téhnik obsérvasi nya éta téhnik nu digunakeun dina néangan data sacara langsung kana objék panalungtikan di lapangan. Dina ieu panalungtikan, nu jadi objék nya éta kasenian Gésrék nu aya di Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan Kabupatén Garut.

2) Téhnik Wawancara

Téhnik wawancara nya éta téhnik nu digunakeun dina ngumpulkeun data ngaliwatan kagiatan tanya jawab jeung narasumber. Anu jadi narasumber dina ieu panalungtikan nya éta sesepuh, pupuhu, katut pamaén kasenian Gésrék, sarta inohong nu mikanyaho ngeunaan kasenian Gésrék.

3) Téhnik Dokuméntasi

Téhnik dokuméntasi nya éta téhnik nu digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun sagala hal anu aya patalina jeung kasenian Gésrék. 3.8 Analisis Data jeung Léngkah-léngkah Panalungtikan

Analisis mangrupa kagiatan: (1) nyusun data luyu jeung runtuyan masalah nu dibutuhkeun; (2) ngaorganisasikeun data dina formasi, kategori, atawa unit nu tangtu; (3) interprétasi panalungtik kana data, luyu jeung pamahaman nu dibutuhkeun; (4) ngajén data-data nu geus dikumpulkeun pikeun ngahasilkeun kacindekan: hadé atawa goréng, luyu atawa henteu, signifikan atawa henteu (Maryaeni, 2005, kc. 75). Kacindekan nu dihasilkeun dina ieu panalungtikan nya éta hadé atawa goréngna ajén nu nyangkaruk dina ieu kasenian pikeun diwanohkeun ka siswa SMA kelas XII, sarta luyu atawa henteuna ieu kasenian pikeun dijadikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII.

Anapon léngkah- léngkah dina ngalaksanakeun panalungtikan, nya éta: (1) mariksa deui data nu geus dikumpulkeun, (2) nyieun papasingan data, (3)

(10)

nganalisis katut ngolah data, (4) ngadéskripsikeun data luyu jeung tujuan panalungtikan, jeung (5) nyieun kacindekan. Dina ngalaksanakeun panalungtikan, sanggeus ngawatesan jeung ngarumuskeun masalah, tuluy ngumpulkeun data ngaliwatan téhnik obsérvasi, téhnik wawancara, jeung téhnik dokuméntasi. Data nu geus kakumpulkeun, tuluy diolah sarta dianalisis. Prosés nganalisis data hasil panalungtikan ku cara maluruh deui catetan sarta sumber data séjénna nalika obsérvasi di lapangan. Hasil data panalungtikan didéskripsikeun sarta disusun sacara sistematis saluyu jeung rumusan masalah pikeun dijad ikeun kacindekan. Sanggeus hasil panalungtikan diolah, tuluy disusun jadi hiji laporan.

Métode dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Ieu métode digunakeun pikeun ngajelaskeun katut ngagambarkeun hasil panalungtikan luyu jeung tujuan. Anu didéskripsikeun dina ieu panalungtikan nya éta sajarah kasenian Gésrék, hal- hal nu kudu ditataharkeun pikeun pintonan kasenian gésrék, prak-prakan kasenian gésrék, ajén budaya nu aya dina kasenian gésrék, sarta déskripsi ngeunaan kasenian gésrék nu dilarapkeun dina bahan pangajaran maca di SMA kelas XII.

Handphone digunakeun pikeun alat komunikasi, moto kagiatan

panalungtikan, sarta ngarékam dina prosés ngumpulkeun data nalika wawancara jeung narasumber.

3) Buku Catetan

Buku catetan digunakeun pikeun nyatetkeun sagala hal nu aya patalina jeung kagiatan panalungtikan, utamana nalika ngalaksanakeun wawancara jeung narasumber.

(4)

4) Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara nya éta runtuyan patalékan-patalékan wawancara ngeunaan kasenian Gésrék, digambarkeun dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.3

Daptar Patalékan dina Pedoman Wawancara Rumusan Patalékan-patalékan Wawancara