S BD 1104798 Chapter5

BAB V
KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan
Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan Modél Examples non Examples
pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi (Studi Kuasi
Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-4 SMP Negeri 43 Bandung Taun Ajaran
2014/2015). Dicindekkeun saperti ieu di handap.

1) Kamampuh nulis pangalaman pribadi siswa kelas VII-4 SMP Negeri 43
Bandung saméméh ngagunakeun modél examples non examples can mampuh
kalayan rata-ratana 62, aspék eusina cukup paham, aspék organisasina kurang
terorganisir , aspék kosa kecapna kurang éféktif, aspék basana loba kasalahan

dina tata basa, jeung aspék mékanikna sering kajadian salah éjahan. Rataratana 2,9.
2) Kamampuh nulis pangalaman pribadi siswa kelas VII-4 SMP Negeri 43
Bandung sanggeus ngagunakeun modél examples non examples mampuh
kalayan rata-ratana 78. Aspék eusina maham pisan, aspék organisasina rapih,
runtuyanna logis jeung kohésif, aspék kosa kecapna cukup hadé, aspék basana
hadé, nyusun kalimah sarta kecapna sederhana, jeung aspék mékanikna
kadang-kadang aya kasalahan éjahan tapi teu ngarobah ma’nana. Rata-ratana

ngaronjat jadi 3,7.
3) Aya béda anu signifikan antara hasil pretest jeung postest nulis pangalaman
pribadi siswa dumasar kana hasil titung 11,11 > ttabél 2,46. Ku kituna
dicindekeun yén model examples non examples bisa ngaronjatkeun kamampuh
nulis pangalaman pribadi siswa kelas VII-4 SMP Negeri 43 Bandung taun
ajaran 2014/2015.

Gita Rosita, 2015
Model pengajaran examples non examples pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis
pangalaman pribadi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

72

5.2 Implikasi
Modél examples non examples dilarapkeun pikeun ngaronjatkeun
kamampuh nulis pangalaman pribadi. Larapan modél examples non examples
meunang sawangan anu positif ti siswa jeung guru. Ieu hal téh dilantarankeun
prak-prakan larapan modél examples non examples


anu ngirut jeung

pikaresepeun. Ayana gambar jadi salasahiji alesanana. Lantaran éta, modél
pangajaran ieu téh miboga poténsi pikeun siswa diajar mikir kritis, wani
ngébréhkeun naon-naon anu aya dina pikiranana, kréatif, jeung mantuan siswa
ngageuing imajinasi dina diajar, lantaran dina prosés diajarna ngaliwatan média
gambar anu bisa macu siswa sangkan leuwih gampang dina maham matéri
pangajaran nulis pangalaman pribadi kalayan suasana anu teu monoton.

5.3 Rékoméndasi
Tina hasil ieu panalungtikan, aya sababaraha rékoméndasi anu baris
ditepikeun ku panalungtik. Éta rékoméndasi saperti ieu di handap.
1) Ku sabab hasil panalungtikan yén modél examples non examples
ngaronjatkeun

kamampuh

nulis

pangalaman


pribadi,

ku

bisa
kituna

dirékoméndasikeun modél examples non examples ieu pikeun dijadikeun
alternatif modél dina ngaronjatkeun kamampuh nulis siswa.
2) Guru kudu bisa ngahudang karep siswa ku cara leuwih variatif dina
ngagunakeun modél pangajaran, salasahijina ku cara ngagunakeun modél
examples non examples.

3) Siswa kudu bisa nambahan pangaweruh kosa kecap jeung basa ku cara leuwih
sering maca karangan basa Sunda, sarta siswa kudu leuwih aktif dina prosés
lumangsungna pangajaran.

Gita Rosita, 2015
Model pengajaran examples non examples pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis

pangalaman pribadi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

73

Gita Rosita, 2015
Model pengajaran examples non examples pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis
pangalaman pribadi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu