TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII.

(1)

Rini Andriani Sasmita, 2015

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN

MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat ngahontal gelar Sarjana Pendidikan

ku

Rini Andriani Sasmita NIM 1100523

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2015

(2)

Rini Andriani Sasmita, 2015

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu LEMBAR PENGESAHAN

RiniAndriani S NIM 1100523

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA PANTUN

DI SMA KELAS XII

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. Dedi Koswara, M. Hum NIP 195906141986011002

Pangaping II,

Dr. Ruswendi Permana, M. Hum NIP 19501011986011001

Kauninga ku

Pupuhu Departemen Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001

(3)

Rini Andriani Sasmita, 2015

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu PERNYATAAN

Saya menyatakan bahwa skripsi yang berjudul “Transliterasi jeung Analisis

Struktural dina Naskah Babad Galuh pikeun Bahan Pangajaran Maca Carita

Buhun di SMA kelas XII”. Tidak ada bagian didalamnya yang merupakan plagiat

dari karya orang lain dan saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara yang tidak sesuai dengna etika keilmuan yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan ini, saya siap menanggung resiko/sanksi yang dijatuhkan kepada saya apabila kemudian ditemukan adanya pelanggaran terhadap etika keilmuan dalam karya saya ini, atau ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya ini.

Bandung, Mei 2015

Yang membuat Pernyataan,

Rini Andriani S NIM 1100523

(4)

Rini Andriani Sasmita, 2015

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

i

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII1

RiniAndriani S2 ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh kurangnya pengetahuan dan kesadaran masyarakat akan adanya naskah yang masih banyak dan belum diteliti. Tujuan dari penelitian ini adalah menggambarkan struktur naskah Babad Galuh. Metode yang digunakan dalam penelitian ini yaitu metode deskriptif analisis. Hasil dari penelitian ini yang pertama adalah isi dari naskah Babad Galuh yang dianalisis menceritakan tentang kerajaan Galuh dan raja-raja yang memerintah pada saat itu. Bahan naskah tersebut dari kertas putih yang terdiri dari 53 lembar dan 106 halaman. Kedua, hasil transliterasi ditemukan beberapa kesalahan penulisan dan kurangnya jumlah ‘engang’ pada beberapa pupuh. Ketiga, analisis struktural yang terdiri dari tema, tokoh dan penokohan, latar, alur, gaya bahasa, dan amanat dari naskah Babad Galuh. Tema yang terdapat dalam naskah Babad Galuh ini yaitu mengenai sosial atau hubungan kemasyarakatannya. Tokoh yang terdapat pada Babad Galuh ini diantaranya Ratu Galuh, Ciung Wanara, Hariang Banga, Ajar, Aki dan Nini Balangantrang, serta Nyi Anjung Sekar. Latar dalam cerita ini terdapat latar tempat, waktu dan suasana. Alur yang digunakannya adalah alur maju. Hal ini dikarenakan terdapatnya bagian awal cerita, bagian munculnya masalah (konflik/klimaks) dan bagian akhir cerita. Gaya bahasa yang terdapat dalam naskah ini diantaranya gaya bahasa 1) ngupamakeun, 2) mijalma, 3) rarahulan dan 4) rautan. Sedangkan amanat yang tersirat mengajarkan bahwa hidup di dunia harus saling tolong menolong antar manusia serta jujur. Keempat, naskah Babad Galuh ini bisa dijadikan alternatif bahan pembelajaran membaca carita buhun di SMA kelas XII disesuaikan dengan Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD).

Kata Kunci: Transliterasi, struktur, naskah, babad, carita buhun

1Skripsi dibimbing oleh Dr. Dedi Koswara, M. Hum.dan Dr. Ruswendi Permana, M.Hum. 2Mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

(5)

Rini Andriani Sasmita, 2015

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

vi

DAPTAR EUSI

kaca

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR SINGGETAN ... x

DAPTAR LAMPIRAN ... xi

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Rumusan Masalah ... 3

1.3 Tujuan Panalungtikan... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 4

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 4

1.5 Raraga Tulisan ... 5

BAB II KAJIAN PUSTAKA 2.1 Filologi ... 7

2.1.1 Tujuan Filologi ... 8

2.1.1.1 Tujuan Umum Filologi ... 8

2.1.1.2 Tujuan Husus Filologi ... 9

2.2 Transliterasi ... 9

2.2.1 Aksara Pégon ... 10

(6)

vii

Rini Andriani Sasmita, 2015

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.2.2.1 Vokalisasi ... 11

2.2.2.2 Tanda konsonan ... 11

2.3Struktural ... 12

2.3.1 Wangenan Struktur ... 12

2.3.1.1 Téma ... 13

2.3.1.2 Palaku/ Tokoh jeung Watek ... 13

2.3.1.3 Galur/Plot ... 14

2.3.1.4 Latar/Setting……...16

2.3.1.5 Gaya Basa………...17

2.3.1.6 Amanat …...……...21

2.4 Naskah……...21

2.5 Pangajaran Basa Sunda ... 22

2.5.1 Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar ... 22

2.5.2 Fungsi Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar……...22

2.5.3 Tujuan Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar……...23

2.5.4 Bahan Pangajaran Maca ………...……......23

2.5.4.1 Wangenan Pangajaran ………...……......23

2.5.4.2 Wangenan Maca……….……......24

2.5.4.3 Bahan Pangajaran ………..……......24

2.5.4.4 Pangajaran Maca ...………..……..……......25

2.5.5 Kritéria Milih Bahan Pangajaran………..……......26

2.5.6 Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar Aspék Maca...26

2.6 Panalungtikan Saméméhna………..……......27

2.7 Kalungguhan Tiori..………..……......28

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan ... 29

3.2 Sumber Data Panalungtikan ... 30

3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 30

3.4 Instrumén Panalungtikan ... 30

(7)

viii

Rini Andriani Sasmita, 2015

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.6 Analisis Data ... 32

BAB IV HASIL ANALISIS STRUKTUKR NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII 4.1 Déskripsi Naskah Babad Galuh ... 34

4.2 Identitas Naskah ... 34

4.3 Tingkesan Carita Babad Galuh ... 35

4.4 Transliterasi Naskah ... 42

4.5 Analisis Struktural babad Galuh ... 80

4.5.1 Tema ... 80

4.5.2 Palaku jeung Watekna …………...………...81

4.5.3 Latar ... 86

4.5.3.1 Latar Waktu ... 86

4.5.3.2 Latar Tempat ... 94

4.5.3.3 Latar Suasana ... 99

4.5.4 Galur atawa Plot ... 102

4.5.5 Gaya Basa ... 106

4.5.6 Amanat ... 107

4.6 Pupuh anu Digunakeun ... 109

4.7 Bahan Pangajaran Maca Carita Buhun SMA Kelas XII ... 110

4.7.1 Bahan nu nyampak dina SKKD ... 110

4.7.2 Patalina Analisis Struktur Babad Galuh jeung Bahan Ajar Maca Carita Buhun pikeun SMA Kelas XII ... 110

4.7.3 Matéri Bahan Ajar ... 112

4.7.4 Paraméter... 114

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 115

(8)

vii

Rini Andriani Sasmita, 2015

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA ... 118

LAMPIRAN…..………...120

(9)

Rini Andriani Sasmita, 2015

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Dina hirup kumbuh masarakat Indonesia utamana masarakat Sunda, kabudayaan geus mangrupa hiji hal anu teu bireuk deui. Di unggal nagara, di unggal daérah tangtu miboga titinggal kabudayaan buhun anu lolobana masih kénéh aya. Dina skripsi Nurdiansyah (2009, kc. 1) yén naskah buhun salaku warisan budaya anu neundeun sababaraha ragam aspék kahirupan anu diungkarakeun ku cara anu rupa-rupa ogé. Éta titinggal kabudayaan kuno téh di antarana mangrupa-rupa candi-candi, wangunan-wangunan heubeul, tempat suci, jeung karya-karya anu sipatna tinulis (naskah).

Baried, dkk. (1985, kc. 4) nétélakeun yén karya-karya anu sipatna tinulis atawa anu sok disebut naskah téh mangrupa hiji hal anu sipatna konkret (dibaca kongkrit). Naskah-naskah anu aya di masarakat Sunda tangtuna bisa méré informasi ngeunaan kumaha masarakat Sunda dina nalika éta naskah ditulis, bisa ogé ngeunaan kabudayaan di hiji daérah atawa wilayah, ngeunaan kaagamaan, ngeunaan kasajarahan, jeung sajabana. Dumasar kana fakta di lapangan yén saenyana masih loba naskah-naskah Sunda anu can dipesék sarta diguar kalawan teleb. Tangtuna, ku sabab kiwari teu sagawayah jalma bisa maca, kurang pisan minat masarakat kana ngaguar naskah. Ku kituna perlu aya panalungtikan ngeunaan éta naskah, sangkan naskah anu mangrupa salah sahiji budaya urang sunda téh henteu leungit kitu waé.

Sabenerna loba tarékah anu bisa dilakukeun ku masarakat pikeun miara titinggal kabudayaan utamana naskah Sunda sangkan nepi ka teu leungit kasilih ku kamajuan jaman. Éta tarékah téh salah sahijina ku ngayakeun panalungtikan kana naskah Sunda. Ngaliwatan panalungtikan, tangtuna bisa maham ngeunaan kabudayaan di tatar Sunda tina hasil sastrana boh lisan boh tinulis, maham makna

(10)

2

Rini Andriani Sasmita, 2015

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

jeung fungsi téks keur masarakat nu nyiptakeunanana, ngaguar sajarah kajadian téks jeung sajarah kamekaranana.

Naskah téh mangrupa bagian tina titinggal kabudayaan, hal anu penting lianna nya éta naskah perlu dijaga salaku pakaya kabudayaan masarakat hususna masarakat Sunda. Lian ti éta aya kasadaran pikeun silih ajarkeun ngeunaan aksara-aksara Sunda (aksara Sunda Kuno, Cacarakan, Arab atawa Pégon, aksara buda atawa gunung) anu mémang dipaké dina mangsa harita. Ku sabab kitu, tina kaawaman masarakat Sunda kana aksara anu dipaké dina naskah-naskah Sunda nepi ka ayeuna naskah Sunda masih kénéh aya anu can diguar. Ieu hal katitén ayana naskah anu aya di masarakat tur nu aya di museum-musium anu masih kénéh aya naskah anu can diguar. Padahal naskah Sunda anu aya di masarakat sakitu lobana, katitén unggal daérah gé miboga sababaraha naskah boh anu geus diguar boh anu acan. Saupama dihijikeun, naskah-naskah anu aya di tatar Sunda téh geus teu kaitung, komo mun ditataan hiji-hiji.

Di wewengkon Ciamis, aya sawatara naskah anu sumebar di masarakat di antarana aya Babad Cirebon, Wawacan Babad Gandasari, Babad Galuh, Raden Kian Santang, jeung Babad Panjalu. Naskah wawacan Babad Galuh mangrupa salah sahiji naskah anu eusina ngeunaan kaayaan Galuh (Ciamis ayeuna mah). Dina ieu naskah digunakeun pégon. Ieu naskah eusina nyaritakeun ngeunaan kumaha sajarah Galuh dina mangsa harita.

Ieu naskah ngeunaan Babad Galuh téh maké aksara pégon (huruf Arab). Ruhaliah (2012, kc.19) nétélakeun yén aksara pégon téh mangrupa aksara Arab anu digunakeun keur nulis basa Sunda jeung basa Jawa anu dina prak-prakanana geus dimodifikasi, disaluyukeun jeung tata foném basa Sunda. Nyalin/nulis naskah Sunda ngagunakeun aksara pégon nempatan tataran paling loba diantara nu séjénna (Ruhaliah, 2012, kc. 1).

(11)

3

Rini Andriani Sasmita, 2015

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Saenyana mah nu ngalaksanakeun panalungtikan ngeunaan naskah Babad Galuh téh lain anu munggaran, tapi saméméhna aya anu kungsi nalungtik ngeunaan Babad Galuh diantarana ti UNPAD (Univérsitas Padjajaran) ku Tetet Widiyanti

(1991) anu judulna “Babad Galuh Satu Kajian Filologis”. Anapon bahasanna sarua ngeunaan naskah Babad Galuh, tapi naon-naon anu ditalungtik tina éta naskah téh béda. Ari dina panalungtikan saméméhna mah nalungtik ngeunaan kajian atawa ulikan ngaliwatan tilikan filologis, ngulik kumaha basa jeung hurup-hurup anu dipaké dina éta naskah. Naskah anu ditalungtikna gé nya éta naskah Babad Galuh varian Tasikmalaya. Sedengkeun dina ieu panalungtikan ngatranslitrasikeun jeung nganalisis unsur struktural dina naskah Babad Galuh katut dipatalikeun kana bahan pangajaran maca Carita Buhun di SMA kelas XII. Salian ti éta, aya sababaraha panalungtikan ngeunaan analisis struktural tapi objékna béda, diantarana Analisis

Struktural jeung Ajén Budaya Wawacan Babad Cirebon (Darnia, 2004), Ajén Struktural Wawacan Rara Mendut (Rosmayanti, 2008), Wawacan Abu Nawas: Transliterasi jeung Analisis Struktural Semiotika (Déwi, 2012), sarta Transliterasi jeung Analisis Struktural naskah Wawacan Gandamanah (Euis, 2014).

Panalungtikan naskah Babad Galuh téh dipatalikeun jeung bahan pangajaran maca di SMA kelas XII, ngeunaan materi ajar maca Carita Buhun anu dumasar kana SKKD.

Tina sababaraha tinimbangan, ku kituna diayakeun panalungtikan ngeunaan

ieu naskah. Ieu panalungtikan dibéré judul “Transliterasi jeung Analisis Struktural dina Naskah Babad Galuh pikeun Bahan Pangajaran Maca Carita Buhun SMA Kelas

XII”. Ieu bahan panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat pikeun masarakat sacara umum, ogé pikeun ngaronjatkeun kualitas pangajaran di sakola boh di luar sakola.

(12)

4

Rini Andriani Sasmita, 2015

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dumasar kana masalah di kasang tukang saméméhna, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap.

a. Kumaha déskripsi naskah Babad Galuh? b. Kumaha transliterasi naskah Babad Galuh? c. Kumaha struktur carita naskah Babad Galuh?

d. Luyu atawa henteuna dijadikeun alternatif bahan pangajaran di SMA ?

1.3Tujuan Panalungtikan

Dina unggal panalungtikan geus tangtu miboga tujuan anu rék dihontal. Kitu deui dina ieu panalungtikan. Ieu panalngtikan miboga tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho déskripsi Babad Galuh ku transliterasi jeung analisis struktural dina naskah Babad Galuh tur ngajukeun alternatif bahan pangajaran maca carita Buhun SMA kelas XII anu dipiharep bisa ngaéféktifkeun kagiatan pangajaran.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus dina ieu panalungtikan nya éta: a. Ngadéskripsikeun naskah Babad Galuh. b. Ngatranslitrasi naskah Babad Galuh.

(13)

5

Rini Andriani Sasmita, 2015

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

d. Luyu henteuna diayakeun alternatif bahan pangajaran carita buhun di SMA kelas XII.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat dina ieu panalungtikan kabagi kana mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngeuyeuban élmu pangaweruh nu patalina jeung karya sastra, eusina naskah ngeunaan kumaha eusi carita Babad dumasar kana naskah-naskah anu aya sumebar di masarakat tur bisa ngajaga kana éksisténsi tina warisan karuhun anu aya dina naskah-naskah buhun.

1.4.2 Mangpaat Praktis

a. Pikeun masarakat, bisa mikanyaho yén sabenerna di lingkungan urang masih kénéh aya warisan anu mémang kudu dijaga éksisténsina salah sahijina nya éta naskah-naskah klasik.

b. Pikeun panalungtik, ieu panalungtikan bisa dijadikeun acuan leuwih mikawanoh jeung leuwih ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan naskah klasik anu aya di tatar Sunda ogé anu sumebar di masarakat.

c. Pikeun guru, bisa dijadikeun salah sahiji alternatif bahan pangajaran nalika nepikeun eung medar ngeunaan carita buhun ka peserta didik di sakola.

d. Pikeun murid, bisa méré panggaweruh ngeunaan matéri carita buhun anu ditepikeun ku guru.

(14)

6

Rini Andriani Sasmita, 2015

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I Bubuka, mangrupa bab anu ngawanohkeun naon waé hal-hal anu jadi kasang

tukang, tujuan, jeung mangpaat dina ieu skripsi. Dimana dina kasang tukang panulis gabahas ngeunaan alesan dilaksanakeunana panalungtikan naskah Babad Galuh, sarta tujuan jeung mangpaat transliterasi katut nganalisis struktural tur jadi bahan alternatif pikeun bahan pangajaran maca carita buhun.

BAB II Kajian Pustaka nunjukeun ‘’the state of the art’’ tina tiori anu dikaji sarta kalungguhan masalah panalungtikan dina widang anu ditalungtik. Anu eusina ngawangun ulikan tiori, hakékat transliterasi, naskah, babad, jeung struktur. Dina bab II ogé dibahas ngeunaan panalungtikan saméméhna anu rélevan jeung widang anu ditalungtik, kaasup prosedur, subyék jeung hal-hal anu kapanggih dina ngalaksanakeun panalungtikan.

BAB III Métode Panalungtikan medar ngeunaan desain panalungtikan pikeun

mikawanoh kumaha panalungtik ngararancang galur panalungtikan ti mimiti pamarekan panalungtikan nu dilarapkeun, instrumen anu dipaké, téhnik ngumpulkeun data, sarta nepi ka téhnik ngolah data.

BAB IV Hasil Panalungtikan jeung Pedaran ngabahas hasil panalungtikan dumasar

kana hasil pengalohan jeung analisis data, sarta ngabahas pedaran panalungtikan pikeun ngajawab panalungtikan anu geus dirumuskeun saacanna. Dimana dina ieu panalungtikan bisa kapanggih hasil transliterasi jeung analisis struktural dina naskah Babad Galuh tur alternatif bahan pangajaran maca carita buhun tina ieu naskah.

BAB V Kacindekan jeung Saran midangkeun kacindekan jeung saran hasil

panalungtikan kana hasil analisis hal-hal anu kapanggih dina panalungtikan sakaligus ngajukeun hal-ha anu dianggap bisa méré pangaweruh jeung informasi keur pamaca.

(15)

Rini Andriani Sasmita, 2015

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

29

BAB III

METODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Métode panalungtikan téh dina enas-enasna mah mangrupa cara ilmiah pikeun nyangking data kalawan miboga tujuan jeung mangpaat nu tangtu (Sugiono, 2012, kc.2). Métode anu digunakeun téh nya éta métode déskriptif atawa métode déskriptif analisis. Ieu métode anu digunakeun téh didéskripsikeun, ditranslitarasi, dianalisis, dikumpulkeun data atawa informasi anu geus ditangtukeun, tuluy diterangkeun sacara déskriptif.

Desain panalungtikan mangrupa gambaran tahapan anu baris dilaksanakeun ku panalungtik, nya éta:

Gambar 3.1 Desain Panalungtikan

Ngumpulkeun data :

 Néangan naskah

 Ngaidéntifikasi naskah

 Maca naskah

 Ngayakeun translitrasi Ngolah data:

 Nganalisis data

 Ngadéskripsikeun data

 Napsirkeun data

 Ngajieun kacindekan

Nyusun laporan Ngarumuskeun Masalah

Nyieun Kacindekan jeung Saran

(16)

30

Rini Andriani Sasmita, 2015

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XIIUniversitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Sumber Data Panalungtikan

Dina unggal ngalaksanakeun panalungtikan diperlukeun sumber data anu bisa dijadikeun cecekelan keur kalancaran lumangsungna panlungtikan. Dina ieu panlungtikan ngagunakeun sumber data nya éta naskah carita Babad Galuh. Sumberna ieu naskah téh nya éta ti Ibu Tétét Widiyanti, perenahna di Kecamatan Cikoneng, Ciamis. Aksara anu digunakeun dina ieu naskah téh nya éta aksara arab

‘pégon’ jeung ngagunakeun basa Sunda, kandelna naskah téh nya éta aya 53 lembar

106 kaca, sarta ngagunakeun dalapan pupuh.

3.3Téhnik Ngumpulkeun Data

a. Studi dokuméntasi nya éta téhnik anu dilakukeun ku cara ngumpulkeun jeung neuleuman naskah (data atawa dokumén) atawa bahan-bahan anu aya patalina jeung panalungtikan, contona macaan ngeunaan naskah Babad Galuh jeung transliterasina, struktur carita karya sastra, jeung dasar-dasar tiori nu aya hubungan jeung panalungtikan.

b. Studi lapangan nya éta téhnik anu dilakukeun ku cara néangan informasi ngeunaan hal-hal anu can kapaluruh dina hasil talaah pustaka.

3.4 Instrumén Panalungtikan

Instrumen anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta naskah Babad Galuh anu mangrupa alat anu bisa digunakeun pikeun nganalisis struktur caritana tur dipatalikeun jeung bahan pangajaran. Salian ti éta ngagunakeun instrumen anu mangrupa pedoman wawancara pikeun mikanyaho identitas naskah. Pedoman wawancara digunakeun pikeun informasi ti sumber ngeunaan naskah. Wawancara dilaksanakeun kalayan nagunakeun patokan anu geus disusun ti anggalna (wawancara terstruktur), mangrupa pertanyaan anu geus disaluyukeun jeung tujuan panalungtikan. Dina ngalaksanakeun wawancara ditepikeun ngaliwatan patalékan-patalékan anu disanggakeun ka narasumber ngeunaan hal-hal anu aya hubunganana

(17)

31

Rini Andriani Sasmita, 2015

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XIIUniversitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

jeung éta naskah. Nanging dina pedoman wawancarana mah ngan aya saukur kode patalékan anu kudu dieusian ku panalungtik. Ku kituna pedoman wawancara anu digunakeun téh saperti dihandap:

a. Judul Naskah

- Dina naskah :

- Ceuk pemilik naskah :

- Ngaran :

- Umur :

- Pakasaban :

- Padumukan :

b. Asal-usul naskah :

c. Fungsi naskah :

d. Ukuran naskah :

e. Ruang tulis :

f. Kaayaan naskah :

g. Jumlah kaca :

h. Jumlah baris per halaman :

i. Basa :

j. Aksara :

k. Ukuran aksara :

l. Wangun aksara :

m. Alat tulis :

n. Tapak alat tulis :

o. Paginas: Rubrik (tanda baca) :

p. Warna mangsi :

q. Warna kertas :

r. Jenis kertas :

s. Kaayaan tulisan :

t. Cap kertas (watermark) :

u. Wangun karangan :

Saterusna panalungtik ogé ngajieun instrumen anu mangrupa tabél pikeun nganalisis jumlah pupuh anu digunakeun dina naskah Babad Galuh.

Tabél 3.1

Instrumén pikeun nganalisis jumlah pupuh

No

Ngaran Pupuh Jumlah Pada

Guru Wilangan Guru Lagu

1 Dangdanggula 28 10-10-8-7--7-6-8-12-7 i-a-é/o-u-i-a-u-a-i-a

(18)

32

Rini Andriani Sasmita, 2015

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XIIUniversitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3 Kinanti 76 8-8-8-8-8-8 u-i-a-i-a-i

4 Pangkur 64 8-12-8-8-12-8-8 a-i-u-a-u-a-i

5 Mijil 19 10-6-10-10-6-6 i-é/o-é/o-i-u

6 Pucung 33 12-6-8-12 u-a-é-a

7 Durma 39 12-7-6-7-8-5-7 a-i-a-a-i-a-i

8 Sinom 68 8-8-8-8-8-8-8-8-12 a-i-a-i-i-u-a-i-a

Salian ti pedoman wawancara, bisa ogé dijadikeun instrumen panalungtikan nya éta kamera digital anu mangrupa alat anu digunakeun pikeun ngartikeun sora dina prosés ngumpulkeun data. Dina instrumen ieu panalungtikan bisa dipaké pedoman ngumpulkeun datana dina wangun idéntifikasi idéntitas naskah.

3.5 Téhnik Panalungtikan

Dumasar kana métode anu digunakeun nya éta métode déskriptif analisis. Ieu métode digunakeun pikeun ngahontal tujuan, téhnik panalungtikan anu dipaké téh nya éta téhnik ulikan pustaka jeung téhnik analisis data.

Téhnik ulikan pustaka téh nya éta téhnik anu digunakeun pikeun ngalengkepan bahan-bahan anu masih kénéh kurang. Ku cara macaan jeung nalaah buku-buku nu aya patalina jeung ieu panalungtikan, sedengkeun téhnik analisis data digunakeun pikeun nganalisis jeung ngajéntrékeun data atawa bahan anu nyampak nepi ka ngahasilkeun hiji kacindekan anu kongkrit.

Dina ieu panalungtikan, téhnik ulikan pustaka jeung téhnik nganalisis data digunakeun pikeun néangan data atawa informasi anu aya patalina jeung téori ngeunaan struktur Babad Galuh katut dipatalikeun jeung bahan pangajaranana.

3.6Analisis Data

Sabada hasil data dikumpulkeun, léngkah anu satuluyna nya éta nganalisis data. Dina ieu analisis data tangtu aya léngkah-léngkah pikeun meunangkeun hasil data anu baris dianalisis, nya éta :

a. nganalisis data anu geus kapanggih; b. ngadéskripsikeun naskah Babad Galuh; c. transliterasi naskah Babad Galuh;

(19)

33

Rini Andriani Sasmita, 2015

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XIIUniversitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

d. nganalisis struktur naskah Babad Galuh;

e. nyieun rujukan alternatief bahan ajar maca carita buhun pikeun SMA kelas XII luyu jeung SKKD pangajaran basa jeung sastra Sunda;

f. napsirkeun data; jeung g. ngajieun kacindekan.

(20)

Rini Andriani Sasmita, 2015

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

115

BAB V KACINDEKAN

5.1 Kacindekan

Naskah téh mangrupa bagian tina titinggal kabudayaan anu perlu dijaga salaku pakaya kabudayaan masarakat hususna masarakat Sunda. Keur ngajaga tur ngariksa kabudayaan nya éta salah sahijina ku ngulik tur medar karya sastrana, kaasup karya buhun anu mangrupa carita babad. Dina ieu panalungtikan nya éta nalungtik ngeunaan transliterasi, struktur carita anu aya dina naskah Babad Galuh katut dipatalikeun jeung bahan pangajaran di sakola.

Dina ieu panalungtikan ngagunakeun metode déskriptif analitik. Ieu métode téh dilaksanakeun pikeun ngadéskripsikeun carita Babad Galuh ti mimiti transliterasi nepi ka struktur caritana. Ieu naskah téh eusina nyaritakeun ngeunaan carita anu aya di sabudeureun Galuh dina mangsa harita. Sababaraha raja-raja anu kungsi ngawasa boh di karajaan Galuh atawa Pajajaran jeung di karajaan Mataram.

Naskah Babad Galuh ditransliterasi kana wangun tulisan latén. Naskah Babad Galuh miboga wangun ugeran atawa puisi nya éta ku sababaraha pupuh. Pupuh-pupuh anu ngawangunna ngajadikeun hiji carita ngeunaan Galuh mangsa harita. Pupuh anu digunakeun dina ieu naskah Babad Galuh téh nya éta aya 8 rupa, diantarana (1) Dangdanggula; (2) Asmarandana; (3) Kinanti; (4) Pangkur; (5) Mijil; (6) Pucung; (7) Durma; jeung (8) Sinom.

Téma anu aya tina ieu carita Babad téh nya éta ngeunaan sosial atawa kamasarakatan. Kumaha hubungan anatara hiji masarakat jeung masarakat séjénna, antara hiji jalma jeung jalma séjénna. Silih tulungan papada jalma contona diantarana nalika Aki Balangantrang nulungan budak kasép anu aya dina kandagan, nalika Ratu ngangkat Ciung Wanara jadi budakna.

Watek palaku anu dianalisis nya éta Ratu Galuh anu miboga watek anu gedé ambek tur bageur, Ciung Wanara anu miboga watek kasép, Ajar anu miboga Watek

(21)

116

gedé wadul, Aki balangantrang anu bageur, nu welas asih, jeung hariang Banga Maraja Sakti anu bageur.

Galur atawa plot dina ieu carita Babad Galuh nya éta maké galur mérélé. Ieu Galur ditunjukeun dina carita nalika dipakéna kecap tuluy dina unggal bagian carita. Galur mérélé biasana diwangun ku tilu galur, nya éta bagian bubuka, bagian muncul masalah (klimaks), jeung mungkas carita.

Latar atawa setting dina ieu carita kabagi kana tilu golongan, nya éta latar tempat, latar waktu jeung latar suasana. Sedengkeun Gaya basa anu kapanggih dina ieu carita diantarana gaya basa 1)Ngupamakeun, 2) Mijalma, 3) Rarahulan jeung 4) Rautan. Sangkan leuwih jelas baris diberendelkeun ieu dihandap.

Amanat anu bisa dicangking tina ieu carita téh nya éta hirup di dunya téh kudu silih tulungan, sabab di dunya lain ngan saukur hirup sorangan, teu hirup kumbuh jeung nu séjénna. Amanat séjénna nya éta kudu jujur. Sakalina ngabohong pasti moal bisa dipercaya deui.

Ieu hasil panalungtikan téh bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran dina kaparigelan maca nya éta maca carita buhun di SMA kelas XII. Ieu hal disaluyukeun jeung Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD).

5.2 Rekomendasi/Saran

Tina hasil panalungtikan aya sababaraha saran atawa rékoméndasi anu ditepikeun jeung bakal ngaronjatkeun hasil kana aprésiasi karya sastra hususna karya sastra buhun, nya éta diantarana saperti anu aya di handap :

1) Pikeun Panalungtik Sastra Buhun

Sangkan karya sastra buhun teu leungit kitu waé ku kamajuan jaman, tangtuna kudu dijaga tur diguar pikeun ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan naskah. Dina kanyataanana, sabada ngalaksanakeun panalungtikan ngeunaan ieu naskah Babad Galuh anu kaasup carita buhun nyatana ngandung ajén-ajén anu mangpaat keur nu maca.

(22)

117

Sangkan anu jadi guru basa Sunda bisa miboga pangaweruh ngeunaan karya sastra sunda kaasup karya sastra buhun, diantarana wawacan, carita pantun jeung carita babad. Saupama guru basa Sunda geus miboga pangaweruh ngeunaan éta hal, tangtu bisa méré pangaweruh ka siswa jeung lingkunganna.

3) Pikeun Masarakat

Sangkan bisa ngawangun rasa reueus tur hayang nyaho keur ngamumulé karya sastra buhun. Salian ti éta, masarakat bisa mikanyaho yén sabenerna di lingkungan urang masih kénéh aya warisan anu mémang kudu dijaga éksisténsina salah sahijina nya éta naskah-naskah klasik.

4) Pikeun Lembaga Atikan

Sangkan ieu hasil panalungtikan bisa jadi alternatif tur pangdeudeul pikeun bahan pangajaran maca di SMA/SMK/MAN. Hususna keur alternatif bahan ajar dina maca carita buhun.

(23)

118

DAPTAR PUSTAKA

Aminuddin. (2014). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algensindo Bandung.

Arikunto, S. (2006). Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Baried, S. B., Siti C.S., Sawoe., Sutrisno. S., jeung Syakir. M. (1985). Pengantar

Teori Filologi. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Danadibrata, R. A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama jeung UNPAD.

Dinas Pendidikan. (2006). Standar Kompetensi Dan Kompetensi Dasar Mata

Pelajaran Basa Dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan.

Effendi, R jeung Elly Malihah. (2007). Pendidikan Lingkungan Sosial, Budaya

dan Teknologi. Bandung: Maulana Media Grafika.

Fathurrohman, T. (2007). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. Haerudim, D dan Kardana, K. (2013). Panganteur Talaah Buku Ajar.

Bandung: JPBD FPBS UPI.

Isnéndés, R. (2010). Kajian Sastra Aplikasi Teori Dan Kritim Pada Karya Sastra

Sunda Dan Indonesia. Bandung: Daluang Publishing.

Koswara, D. (2012). Racikan Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI. LBSS. (1995). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Munawar, C. T. (2013). Kamus Lengkap Bahasa Sunda (Sunda~Indonesia,

Indonesia~Sunda). Bandung: Nuansa Aulia

Nurdiansyah.(2009). Analisis Pupuh Dina Naskah Babad Istambul. Skripsi Sarjana JPBD UPI Bandung: tidak diterbitkan.

(24)

119

Rini Andriani Sasmita, 2015

TRANSLITERASI JEUNG ANALISIS STRUKTURAL

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Nurlaélasari. (2014). Analisis Struktural Dina Naskah Wawacan Surya Ningrum

Pikeun Bahan Pangajaran Maca Carita Buhun SMA Kelas XII.

Bandung: tidak diterbitkan.

Ruhaliah.(2012). Pedoman Ringkas: Translitrasi, Edisi, Dan Terjemahan: Aksara

Sunda Kuna, Buda, Cacarakan, dan Pegon. Bandung: JPBD FPBS

UPI.

Stanton, R.(2012). Téori Fiksi. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Sudaryat, Y.(2012). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Sugiono. (2004). Metode Penelitian Pendidikan Pendekatan Kualitataif,

Kuantitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Suminar, E. R. (2014). Transliterasi jeung Analisis Struktural Naskah Wawacan

Gandamanah. Bandung: tidak diterbitkan.

Suryani, E. (2012). Filologi. Bogor: Ghalia Indonesia.

Tarigan, H.G. (2013). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: CV. Angkasa.

Widiyanti, T. (1991). Babad Galuh Satu Kajian Filologis. Bandung: tidak diterbitkan.

Fathurrohman, T. (2007). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Haerudim, D dan Kardana, K. (2013). Panganteur Talaah Buku Ajar. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Isnéndés, R. (2010). Kajian Sastra Aplikasi Teori Dan Kritim Pada Karya Sastra

Sunda Dan Indonesia. Bandung: Daluang Publishing.

Koswara, D. (2012). Racikan Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.

LBSS. (1995). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.