AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

(1)

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN

BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN

DI SMA KELAS XII

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salah Sahiji Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan

ku

SITI NURANI HIKMAH 0907375

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

BANDUNG


(2)

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

2013

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN

BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN

DI SMA KELAS XII

Oleh

SITI NURANI HIIKMAH

Sebuah Skripsi Yang Diajukan Untuk Memenuhi Salah Satu Syarat Memperoleh Gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahas dan Seni

©Siti Nurani Hikmah 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

September 2013

Hak Cipta dilindungi oleh undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhnya atau sebagian, Dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(3)

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

LEMBAR PENGESAHAN SKRIPSI SITI NURANI HIKMAH

NIM 0907375

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Drs. Ruswendi Permana, M. Hum. NIP 195901011986011001

Pangaping II,

Retty Isnendes, S. Pd., M. Hum. NIP 197212021999032001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

Dr. H. Dingding Haérudin, M. Pd. NIP 196408221989031001


(4)

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII1)

SITI NURANI HIKMAH 2)

ABSTRAK

Skripsi ini berjudul Ajén Seni dina Lais di Kabupatén Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XII. Penelitian ini bertujuan untuk meneliti tentang nilai seni yang terdapat dalam kesenian Lais di Kampung Sayang Desa Cibunar Kecamatan Cibatu Kabupaten Garut. Penelitian ini mendeskripsikan (1) latar belakang sejarah kesenian Lais (2) tahapan-tahapan kesenian Lais (3) nilai seni yang terdapat dalam kesenian Lais dan (4) penerapan hasil penelitian untuk bahan pembelajaran membaca bahasan di SMA kelas XII. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif dengan tehnik observasi, wawancara, dokumentasi, dan telaah pustaka. Instrumen yang digunakan dalam pengumpulan data adalah video, kamera digital, dan pedoman wawancara. Lahirnya kesenian Lais bercermin pada kebiasaan orang waktu memetik buah kelapa. Lais berasal dari nama orang bernama Laisan. Adapun tahapan-tahapan kesenian Lais terdiri dari Sarimbian, Bodor, Lais, Tarajé Gobang dan Gésrék, serta Séséroan. Berdasarkan hasil penelitian, dalam kesenian Lais terdapat nilai seni instrinsik, ekstrinsik, musik, dan makna nilai seni yang ditemukan pada struktur seni, tujuan, properti yang digunakan, serta pihak-pihak yang terlibat dalam kesenian Lais Putra Pancawarna Medal Panglipur. Nilai seni yang terdapat di dalam kesenian Lais bisa menjadi salah satu alternatif bahan pembelajaran bahasa Sunda, khususnya materi mengenai “Membaca Bahasan Kesenian” di SMA kelas XII. Diharapkan skripsi ini bermanfaat untuk akademisi, masyarakat umum, serta Dinas Kebudayaan dan Pariwisata (DISBUDPAR) Kabupaten Garut.

Kata Kunci: Nilai seni, kesenian Lais, dan alternatif bahan pembelajaran membaca bahasan.


(5)

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

2)Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung angkatan 2009.

ABSTRACT

This paper is entitled “Ajén Seni dina Lais di Kabupatén Garut Pikeun Bahan

Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XII.” The study is aimed to investigate the value of art in Lais art in Sayang, Cibunar village, Cibatu in Garut regency. The study describes (1) the origin of history of Lais art (2) the stages of Lais art (3) the artistic value which is carried by Lais art and (4) the application of result of the research for reading learning material for 12th grade. The study uses descriptive methodology with technique of observation, interview, documentation, and literature review. Instruments which are used in collecting data are video, digital camera, and interview guidance. The emergence of Lais art is a reflection of custom when people harvest coconut. Lais is derived from a name of someone, Laisan. The stages of Lais art are Sarimbian, Bodor, Lais, Tarajé Gobang, Gésrékand and Séséroan. Based on the study, Lais art has intrinsic artistic value, extrinsic, music, and significance of artistic value which is found in art structure, purpose, properties, and all participator in art of Lais Putra Pancawarna Medal Panglipur. The artistic value of Lais art can be used as alternative learning material in Sundanese language, especially in subject of “Membaca Bahasan

Kesenian” for 12th grade. The study is expected to be useful for scholars, public

people, as well as culture and tourism department (DISBUDPAR) in Garut regency.

Key words: Artistic value, Lais art, and alternative topic of reading learning material.


(6)

Vi

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR TABÉL ... x

DAPTAR SKÉMA ... xi

DAPTAR GAMBAR ... xii

DAPTAR LAMPIRAN ... xiii

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Watesan Masalah ... 3

1.2.2 Rumusan Masalah ... 3

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.5 Raraga Tulisan ... 4

BAB II SENI LAIS JEUNG BAHAN PANGAJARAN 2.1 Seni Lais ... 6

2.1.1 Wangenan Seni ... 6

2.1.1.1 Ciri-ciri Sifat Dasar Seni ... 7

2.1.1.2 Unsur-unsur Seni ... 8

2.1.1.3 Warna Seni ... 8

2.1.1.4 Ajén Seni ... 12

2.1.1.5 Seni Pertunjukan ... 13

2.1.2 Lais ... 15


(7)

Vi

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

2.1.2.2 Properti Seni Lais ... 15

2.1.2.3 Pihak-pihak nu Kalibet dina Seni ... 15

2.1.2.4 Kamekaran Seni Lais di Masarakat ... 16

2.2 Bahan Pangajaran ... 17

2.2.1 Bahan Pangajaran ... 17

2.2.2 Kaparigelan Maca ... 18

2.2.3 Standar Kompetensi Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda ... 18

2.2.4 Kriteria Milih Bahan Pangajaran ... 20

2.2.5 Évaluasi Pangajaran ... 20

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi Panalungtikan jeung Sumber Data ... 22

3.1.1 Sumber Data ... 22

3.1.2 Kaayaan Sosial Budaya Masarakat Désa Cibunar ... 23

3.1.2.1 Démografi ... 23

3.1.2.2 Pakasaban ... 23

3.1.2.3 Pendidikan ... 23

3.1.2.4 Agama jeung Kapercayaan ... 23

3.1.2.5 Basa ... 23

3.1.2.6 Kamasarakatan ... 24

3.2 Desain Panalungtikan ... 24

3.3 Métode Panalungtikan ... 25

3.4 Wangenan Operasional ... 26

3.5 Instrumén Panalungtikan... 27

3.5.1 Hapé Rékorder ... 27

3.5.2 Kaméra Digital ... 27

3.5.3 Pedoman Wawancara ... 27

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 28

3.6.1 Observasi ... 28

3.6.2 Wawancara ... 28


(8)

Vi

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

3.6.4 Telaah Pustaka ... 29

3.7 Téhnik Analisis Data ... 29

3.8 Léngkah-léngkah Panalungtikan ... 30

3.8.1 Tatahar ... 30

3.8.2 Ngumpulkeun Data ... 30

3.8.3 Nganalisis Data ... 30

3.8.4 Nyusun Laporan ... 30

BAB IV AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII 4.1 Kasang Tukang Sajarah Kasenian Lais ... 33

4.2 Prak-prakan Kasenian Lais ... 37

4.2.1 Saméméh Kagiatan ... 37

4.2.1.1 Sasajén ... 37

4.2.1.2 Gombong ... 38

4.2.1.3 Caruluk ... 39

4.2.1.4 Masangkeun Gombong ... 40

4.2.1.5 Masangkeun Bedog kana Tarajé Gobang ... 40

4.2.2 Prakna Kagiatan ... 40

4.2.2.1 Sarimbian ... 41

4.2.2.2 Bodor ... 42

4.2.2.3 Lais ... 44

4.2.2.4 Tarajé Gobang jeung Gésrék... 47

4.2.2.5 Séséroan ... 50

4.2.3 Satutas Kagiatan ... 51

4.3 Ajén Seni dina Kasenian Lais ... 51

4.3.1 Ajén Intrinsik jeung Ékstrinsik ... 51

4.3.1.1 Ajén Intrinsik ... 51

4.3.1.2 Ajén Ékstrinsik ... 55

4.3.2 Ajén Musikal ... 60 4.4 Larapan Hasil Panalungtikan pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan


(9)

Vi

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

di SMA Kelas XII ... 61

4.4.1 Matéri Bahan Pangajaran ... 61

4.4.2 Évaluasi Bahan Pangajaran ... 63

4.4.3 Conto Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) ... 71

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 86

5.2 Saran ... 87

DAPTAR PABUKON ... 88

LAMPIRAN-LAMPIRAN Surat Ijin ... 91

Dokuméntasi Kagiatan Panalungtikan ... 94

Dokuméntasi Informan Panalungtikan ... 98 RIWAYAT HIRUP


(10)

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Kasenian kaasup salasahiji unsur tina kabudayaan, saperti nu diébréhkeun ku Koentjaraningrat (1985:2), yén unsur-unsur kabudayaan téh aya tujuh, nya éta: 1) sistem réligi jeung upacara kaagamaan, 2) sistem jeung organisasi kamasarakatan, 3) sistem pangaweruh, 4) basa, 5) kasenian, 6) sistem pakasaban, jeung 7) sistem téknologi.

Unggal unsur kabudayaan ngawujud jadi sistem budaya, sistem sosial, jeung unsur-unsur kabudayaan fisik. Salasahijina unsur kasenian bisa ngawujud dina ide, caritaan jeung syair nu éndah. Kasenian ogé ngawujud kréativitas tina seni, watek, jeung kahayang pribadi haténa, ogé mangrupa barang-barang nu éndah, saperti candi, kaén tinun, jeung barang karajinan séjénna.

Karya seni idéntik jeung kaéndahan, lantaran karya seni téh mangrupa hasil karya manusa dina nyiptakeun hal anu éndah sarta ngandung ajén-inajén dijerona. Rupa-rupa kasenian di Indonesia jadi ciri pikeun unggal daérahna. Loba pisan kasenian nu aya di Indonesia anu has, unik sarta béda-béda saluyu jeung karakter tur budaya masarakatna.

Seni tradisional di Jawa Barat mibanda poténsi seni budaya nu kudu diperhatikeun, boh ku pamaréntah boh ku lembaga-lembaga séjénna. Ku sabab sakabéh kasenian nu aya di Jawa Barat téh mangrupa hasil tina kréativitas urang Sunda, nu kudu dijaga tur diriksa sangkan ulah karebut atawa leungit. Salasahijina kasenian tradisional nu aya di Kabupatén Garut.

Garut mangrupa salasahiji kabupatén di Provinsi Jawa Barat nu euyeub ku kaseniannana, diantarana Lais, Badeng, Bangklung, Hadro, Cigawiran, Pantun Beton, Rengkong, Dodombaan, Pencak Ular, Surak Ibra, jeung Raja Dogar. Éta karya seni tradisional nu diciptakeun sarta geus ngalaman prosés turun-tinurun dina sababaraha periode ti para karuhunna.


(11)

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Lais mangrupa salasahiji kasenian tradisional nu aya di Kampung Sayang Désa Cibunar Kecamatan Cibatu Kabupatén Garut. Ieu kasenian tradisional téh has tur aya sacara turun-tinurun nu diwariskeun ti karuhun. Éta kasenian téh mangrupa wujud budaya nu aya di masarakat Kampung Sayang.

Kasenian Lais téh gunana salaku pintonan kamonésan dina upacara sunatan budak, upacara nikahan, dina sukuran sarta hiburan-hiburan séjénna. Jaman kiwari mah kasenian Lais téh geus ngalaman parobahan, tapi teu ngarobah sipat aslina. Dina harti aya sawatara atraksi-atraksi anu marengan dina kagiatan Lais. Runtuyan atraksi dina kasenian lais, diantarana nya éta Sarimbian, Bodor, Tarajé Gobang, jeung dipungkas ku Séséroan.

T.S. Eliot ngébréhkeun yén “panalungtikan téh penting pikeun mekarkeun kasenian” (Jaiman, 1993:64). Lantaran dina kasenian téh miboga ajén-inajén nu kudu ditalungtik sangkan éta ajén téh bisa kapanggih tur katepikeun ka nu séjén. Kitu ogé dina kasenian Lais tangtu miboga ajén-inajén saperti ajén seni dina kasenian éta sorangan, ti mimiti persiapan acara, prungna, nepi ka réngséna.

Ajén hartina nya éta pangaji (LBSS, 2007:18). Seni nya éta kaparigelan pikeun nyieun hiji karya anu berkualitas (Ratna, 2011:4). Ajén seni mangrupa kualitas anu kawengku dina karya seni. Ajén seni dina kasenian mangrupa wujud kabudayaan nu bisa dipatalikeun jeung bahan pangajaran. Seni jeung pendidikan seni salaku usaha pikeun mekarkeun poténsi dasar manusa dina ngaronjatkeun poténsi jasmani, akal jeung rohani manusa.

Ajén seni anu nyampak dina kasenian Lais téh dipiharep jadi informasi pikeun urang Sunda. Ieu informasi téh ditepikeunana bisa ngaliwatan pendidikan formal jeung informal, anapon pendidikan formal di sakola dina pangajaran maca bahasan di SMA kelas XII ngeunaan maca bahasan kasenian.

Panalungtikan ngeunaan kasenian téh geus loba, ieu di handap baris disebutan panalungtikan nu ngaguar perkara ajén-inajén, nya éta;

1. “Ajén dina Simbol-simbol Kasenian Bangklung di désa Ciséro Kecamatan Cisurupan Kabupatén Garut”, ku Zaenal Anwar taun 2004;


(12)

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

2. “Ajén-ajén Éstétika dina Kasenian Sisingaan di Kabupatén Subang”, ku Eka Purwati taun 2011;

3. “Ajén Falsafah Kasenian Tarawangsa Désa Rancakalong Kecamatan Rancakalong Kabupatén Sumedang: Hiji Ulikan Sémiotik”, ku Rekha Rosdiana Dewi taun 2012;

4. “Ajén Atikan Kasenian Singa Dépok di Désa Cupunagara Kacamatan Cisalak Kabupatén Subang”, ku Dian Handianti taun 2008;

5. “Ajén Falsafah dina Kasenian Kuda Rénggong (Lingkung Seni Citra Kencana) Désa Parungsérab Kecamatan Katapang Kabupatén Bandung”, ku Cepi Kurdiansyah taun 2008.

Niténan hasil panalungtikan nu geus aya, geuning can aya nu nalungtik ngeunaan seni Lais di Jurusan Pendidikan Bahasa jeung Sastra Sunda, ieu panalungtikan nu dijudulan “Ajén Seni dina Lais di Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XII” téh perlu dilaksanakeun. 1.2Watesan jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang nu geus dipedar saméméhna. Sangkan teu lega teuing ambahanana, ieu panalungtikan baris dijieun dina wangun pertanyaan “kumaha kasang tukang sajarah kasenian Lais, prak-prakan kasenian Lais, ajén seni nu nyampak dina kasenian Lais jeung patalina hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca bahasan di SMA kelas XII?

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah tadi ieu panalungtikan baris dirumuskeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap.

1) Kumaha kasang tukang sajarah kasenian Lais? 2) Kumaha prak-prakan kasenian Lais?


(13)

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

4) Kumaha larapan hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca bahasan di SMA kelas XII?

1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Unggal kagiatan tangtuna miboga tujuan anu pasti. Tujuan diayakeun ieu panalungtikan téh nya éta pikeun ngariksa budaya katut kasenian nu hirup di masarakat, hususna dina ngamumulé kasenian Lais.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus dina ieu panalungtikan, nya éta ngadéskripsikeun: 1) kasang tukang sajarah kasenian Lais;

2) prak-prakan kasenian Lais;

3) ajén seni anu nyampak dina Kasenian Lais;

4) larapan hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca bahasan di SMA kelas XII;

1.4Mangpaat Panalungtikan

Unggal panalungtikan dina hakékatna mah ngabogaan tujuan, di sagédéngeun ti éta ieu panalungtikan téh miboga mangpaat, nya éta:

1. sacara téoritis, panalungtikan ieu dipiharep bisa ngeuyeuban kamekaran paélmuan budaya Sunda dina widang kasenian, utamana kasenian Lais. 2. sacara praktis, panalungtikan ieu bisa ngeuyeuban bahan pangajaran basa

Sunda di SMA hususna dina kaparigelan maca bahasan pikeun siswa, muka wawasan masarakat, bisa nambahan pangaweruh yén aya pintonan anu unik, sarta masarakat modéren bisa mikanyaho ayana kasenian Lais boh tina bacaan boh tina niténan sacara langsung.


(14)

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Sistematika panulisan dina nyusun skripsi, diantarana:

BAB I. Medar ngeunaan kasang tukang masalah, watesan masalah jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan. BAB II. Medar ngeunaan tatapakan tiori ngeunaan ajén seni, jeung bahan pangajaran maca.

BAB III. Métode panalungtikan medar ngeunaan métode panalungtikan, téknik panalungtikan, instrumén panalungtikan, désain panalungtikan, sumber data, wangenan operasional, jeung léngkah-léngkah panalungtikan.

BAB IV. Ngadéskripsikeun data jeung medar hasil panalungtikan ngeunaan kasang tukang sajarah kasenian Lais, prak-prakan kasenian Lais, ajén seni dina kasenian Lais, jeung larapan hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca bahasan di SMA kelas XII.

BAB V. Medar kacindekan jeung saran. DAFTAR PUSTAKA


(15)

22

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi Panalungtikan jeung Sumber Data

Lokasi anu béré warna kayas dina peta kaca 31 nya éta lokasi anu dipaké panalungtikan perenahna di Kampung Sayang Desa Cibunar Kecamatan Cibatu Kabupatén Garut, anu letak géografisna aya dina 07004.860 Lintang Selatan sarta 107058.854 Bujur Timur. Desa Cibunar téh aya dina ketinggian 601m di atas permukaan laut sarta miboga lahan anu legana 367.000 Ha.

Kaayaan topografi kaasup kana wilayah daérah luhur, nu nyababkeun udara di ieu wewengkon mah teu pati panas. Suhu udara di Desa Cibunar téh 270C. Curah hujanna kaasup normal, rata-rata 92 mm/th jadi kabutuhan cai pikeun

masarakat kawilang cukup. Di Desa Cibunar mah legaan wilayah sawah tibatan darat, écésna 200 Ha sawah, 105,5 Ha kebon, 51 Ha pamukiman warga, jeung 8,5 Ha pikeun nu séjénna saperti sarana umum jeung tanah kuburan.

Desa Cibunar ngawengku 4 dusun, 14 RW jeung 50 RT. Sacara géografis wates wilayah Desa Cibunar nya éta: beulah kalér ngawates jeung Desa Sindangsuka sarta Desa Mekarsari; beulah wétan ngawates jeung Desa Karyamukti sarta Desa Padasuka; beulah kidul ngawates jeung Desa Karesek; beulah kulon ngawates jeung Kecamatan Leuwigoong.

3.1.1 Sumber Data

Sumber data nya éta subyék panalungtikan, tempat ayana data. Sumber data bisa mangrupa barang, gerak, manusa, tempat, jeung sajabana (Sopiah, 2010:43). Sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh kagiatan dina Kasenian Lais, informasi ti para narasumber, sarta tina buku-buku sumber anu pakuat-pakait jeung judul panalungtikan.


(16)

23

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

3.1.2 Kaayaan Sosial Budaya Masarakat Désa Cibunar 3.1.2.1Démografi

Numutkeun data nu aya di Désa Cibunar taun 2010, jumlah penduduk Désa Cibunar tuluy-tuluyan naék nepi ka 2.5 %, jumlah pendudukna 8.285 urang, nu lalaki 4.322 urang jeung nu awéwé aya 3.963 urang.

3.1.2.2Pakasaban

Pakasaban masarakat Désa Cibunar lolobana patani, tapi aya oge nu jadi PNS, ABRI, wiraswasta, karyawan, dagang, buruh, pagawé pabrik, jeung sajabana.

3.1.2.3Pendidikan

Pendidikan mangrupa salasahiji modal nu jadi dadasar dina pangwangunan. Dumasar kana widang pendidikan, masarakat Désa Cibunar kaasup kana tingkatan sedeng, lantaran lolobana masarakat Désa Cibunar ngan nepi ka SMP, tapi kadieunakeun mah rata-rata masarakat sakola nepi ka SMA, malih aya sasabaraha hiji anu neruskeun ka paguron luhur.

Sarana pendidikan anu aya di Désa Cibunar, nya éta ti mimiti PAUD, TK, SD, jeung SMP. Umpama rék neruskeun ka SMA, masarakat datang ka daérah séjén. Jaman kiwari mah, masarakat geus sadar kana pentingna widang pendidikan nu mangpaat pikeun nyorang hirup kahareupna.

3.1.2.4Agama jeung Kapercayaan

Masarakat Désa Cibunar sakabéhna ngagem agama Islam. Hal ieu kagambar tina kagiatan-kagiatan kaagamaan nu sipatna babarengan masih kénéh dilaksanakeun, saperti pangajian unggal minggu, sakola agama pikeun barudak di madrasah jeung TPA (Taman Pendidikan Al-Quran).

3.1.2.5Basa

Masarakat Désa Cibunar kawengku tina étnis Sunda tur maké basa Sunda dina hirup kumbuh sapopoéna. Basa nu dipaké ku masarakat di Désa Cibunar téh lolobana nya éta basa loma jeung basa wewengkon. Salian ti éta ogé aya nu maké basa lemes, saperti; nalika ngobrol jeung Pa Lurah atawa jalma-jalma nu dianggap leuwih kolot. Éta jadi totondén yén masarakat Désa Cibunar miboga rasa hormat


(17)

24

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

antar anggota masarakat séjénna, utamana pamingpin masarakat. Béda deui jeung barudak, lolobana maké basa kasar dina pangulinanna.

Dina kagiatan-kagiatan nu sok diayakeun di Désa Cibunar, lolobana maké basa Sunda. Sangkan informasi nu ditepikeun bisa kacangkem, tur bisa maham salian ti éta sangkan leuwih akrab tur raket. Dina pangajian ogé maké basa Sunda. Tapi kiwari mah ku kamekaran téhnologi saperti dina tv, jeung dina widang pendidikan, nya éta sakola antukna basa Indonesia asup ka masarakat Désa Cibunar. Tapi angger, dina kahirupan sapopoé mah basa Sunda leuwih loba nu makéna.

3.1.2.6Kamasarakatan

Sikep gawé bareng masarakat dina kahirupan sapopoé masih kénéh dicekel pageuh. Katitén dina kerja bakti nu sok diayakeun di unggal RT, teu kolot teu budak, kabéh masarakat ilubiung dina éta kerja bakti nu diayakeun dua

minggu sakali dina poé jum’at. Saupama aya masarakat anu keuna musibah,

kapapaténan, rék hajat atawa kariaan, teu kudu ménta tulung ka masarakat, da bakal datang sorangan. Masarakat teu paaing-aing, masih rempeg sauyunan, sok sanajan pakampungan sumebar.

Data nu dicangking dina ieu panalungtikan, nya éta ti pimpinan jeung sawatara anggota lingkung seni Putra Pancawarna Medal Panglipur. Salian ti éta, ogé ti masarakat Kampung Sayang tur aparat Désa Cibunar. Anapon wincikan data informan bisa katitén dina tabél 3.3 kaca 32.

3.2 Desain Panalungtikan

Panalungtikan mangrupa kagiatan ilmiah pikeun meunangkeun pangaweruh nu bener ngeunaan hiji pasualan. Hasil pangaweruh téh bisa mangrupa fakta-fakta, konsép, generalisasi, jeung téori sangkan manusa bisa maham jeung bisa ngaréngsékeun éta pasualan (Sopiah, 2010:2). Desain nya éta rarancang. Desain panalungtikan nya éta sakabéh prosés nu diperlukeun dina rarancang tur pelaksanaan panalungtikan. Desain dina rarancang panalungtikan


(18)

25

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

miboga tujuan pikeun ngalaksanakeun panalungtikan, antukna bisa meunangkeun hiji logika (www.yakim-ypk.blogspot.com, tanggal 26 Januari 2013).

Desain panalungtikan dina ieu panalungtikan baris digambarkeun dina bagan di handap:

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan nya éta cara nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data nu valid kalawan tujuanna bisa ditéangan, dimekarkeun, jeung dibuktikeun (Sugiyono, 2009:6). Babbie. E, nétélakeun yén métode panalungtikan téh mangrupa cara ilmiah pikeun meunangkeun data sangkan kahontal tujuan nu tangtu (Sopiah, 2010:4).

NGARUMUSKEUN TUR NGAWATESAN MASALAH

OBSERVASI LAPANGAN

NGOLAH DATA HASIL PANALUNGTIKAN

NYIEUN KACINDEKAN NGUMPULKEUN DATA IDÉNTIFIKASI MASALAH


(19)

26

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan kualitatif. Métode panalungtikan kualitatif nya éta metode panalungtikan nu dipaké pikeun nalungtik kaayaan obyék anu alami, dimana panalungtik salaku konci instrumén, néangan sumber data ku cara purpose jeung snowbal, téhnik ngumpulkeun data ku cara triangulasi, analisis data sipatna kualitatif, sarta hasil panalungtikan kualitatif

leuwih museur kana ma’na tibatan generalisasi (Sugiyono, 2009:15).

Sangkan tujuan dina ieu panalungtikan bisa kahontal, ku kituna ieu panalungtikan maké métode panalungtikan déskriptif. Luyu jeung pamadegan J.W. Creswell, yén panalungtikan déskriptif mangrupa métode panalungtikan anu ngagambarkeun jeung ngainterprétasikeun obyek saayana (Sopiah, 2010:24).

Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun ajén seni dina Lais di Kabupatén Garut pikeun bahan pangajaran maca bahasan di SMA kelas XII.

3.4Wangenan Operasional

Judul ieu panalungtikan nya éta “Ajén Seni dina Lais pikeun Bahan

Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XII”. Sangkan aya gambaran, perlu

dijéntrékeun wangenan operasional dina ieu panalungtikan, diantarana: 1) Ajén Seni

Ajén nya éta pangaji (LBSS, 2007:18). Ajén nya eta sagala nu patali jeung karya cipta nu dihasilkeun ku unsur rasa. Ajén seni anu dipaluruh dina ieu panalungtikan nya éta ajén anu aya patalina jeung kasenian lais (Agustina, 2005:484).

2) Kasenian

Kasenian nya éta kabinangkitan nu ngahasilkeun barang, saperti perkara nu éndah-éndah (LBSS, 2007:435). Kasenian bisa dicindekkeun nya éta adu manis antara gagasan, kagiatan sosial atawa laku lampah manusa dina kasenian jeung benda-benda kasenian (artefak), salaku hasil jeung ngarojong kana kasenian.


(20)

27

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Lais nya éta kasenian anu mintonkeun kamonésan, ari kamonésanna téh deukeut-deukeut kana akrobat.

4) Bahan Pangajaran

Bahan pangajaran nya éta salaku perangkat bahan ajar anu dijerona ngabogaan matéri jeung eusi pangajaran pikeun ngahontal tujuan pangajaran.

5) Maca

Maca nya éta ngalisankeun (ngahartikeun) basa nu ditulis (LBSS, 2007:40). Maca mangrupa salasahiji aspék dina kaparigelan basa anu kawengku dina catur tunggal.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan mangrupa alat-alat nu dipaké pikeun meunangkeun atawa ngumpulkeun data pikeun ngabéréskeun pasualan panalungtikan atawa ngahontal tujuan panalungtikan.

3.5.1 Video

Video digunakeun pikeun ngarékam prosés ngumpulkeun data dina téhnik wawancara ka pimpinan Lais, anggota Putra Pancawarna Medal Panglipur, tokoh masarakat, masarakat, jeung ka aparat désa ngeunaan kasenian Lais.

3.5.2 Kaméra Digital

Kaméra foto digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun kagiatan dina prak-prakan kasenian Lais.

3.5.3 Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara masarakat Désa Cibunar nu aya patalina jeung kasenian Lais. Dina ieu panalungtikan maké sistem wawancara terstruktur.

Tabél 3.1 Daftar Informan

No :


(21)

28

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Umur :

Atikan :

Alamat :

Kalungguhan :

Tabél 3.2 Pedoman Wawancara

No Pedoman Patalékan Wawancara

1. Dumasar sajarahna, kumaha mimiti ayana seni Lais? 2. Kumaha prak-prakan kasenian Lais téh?

3. Naha aya ritual husus saacan prakna ieu kasenian?

4. Naon waé pakakas atawa properti anu digunakeun dina kasenian Lais? 5. Aya sabaraha gerakan dina prungna kasenian Lais téh?

6. Ari kasenian Lais ieu aya patalina jeung kasenian séjén, saperti dodombaan, jeung sajabana?

7. Iraha ngadegna lingkung seni Putra Pancawarna Medal Panglipur?

8. Naha ieu lingkung seni téh diarananan Putra Pancawarna Medal Panglipur? 9. Saha waé anggota anu aya dina lingkung seni Putra Pancawarna Medal

Panglipur?

10. Ajén seni naon waé anu nyampak dina Lais?

11 Ngalaman parobahan atawa henteu ieu kasenian Lais téh? 12. Kumaha prosés pewarisan ieu kasenian kanggo ka payunna?

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data mangrupa léngkah nu kawilang penting dina panalungtikan sabab gunana pikeun meunangkeun data. Dina panalungtikan kualitatif, maké sababaraha cara nya éta observasi, wawancara, dokuméntasi jeung telaah pustaka.


(22)

29

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Téhnik observasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data-data ngeunaan ajén seni dina kasenian Lais ti sumber data, ti sesepuh atawa pimpinan Lais, aparatur désa, jeung masarakat.

3.6.2 Wawancara

Téhnik wawancara digunakeun pikeun ngawawancara pamaén Lais, sesepuh, aparatur jeung masarakat Désa Cibunar Kecamatan Cibatu Kabupatén Garut nu gunana pikeun néangan data nu diperlukeun jeung nambahan référénsi kasenian Lais.

3.6.3 Dokuméntasi

Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngarojong panalungtikan meunangkeun informasi data mangrupa gambar.

3.6.4 Telaah Pustaka

Téhnik telaah pustaka digunakeun pikeun nalungtik atawa ngumpulkeun data-data anu aya dina sumber tinulis, sakaligus dijadikeun bahan babandingan kana data nu aya di lapangan.

3.7 Téhnik Analisis Data

Téhnik analisis data nya éta prosés salila néangan jeung nyusun data hasil tina wawancara, catetan lapangan, jeung dokuméntasi, ku cara ngelompokkeun data dumasar jenisna, ngalaksanakeun sintésa, nyusun jeung milih data nu rék ditalungtik, sarta nyieun kacindekan sangkan babari pikeun dilenyepan/maham boh ku sorangan boh ku batur (Sugiyono, 2005:385). Brannen, Julia 2008 nétélakeun yén téhnik analisis data nya éta runtuyan kagiatan panalungtikan, dikelompokkeun, sistematisasi, ditalaah jeung verifikasi data sangkan hasil panalungtikan téh miboga sipat sosial, akademis, jeung ilmiah (Sopiah, 2010:198).

Data nu geus dikumpulkeun satuluyna dianalisis maké téknik déskriptif. Anu didéskripsikeun nya éta déskripsi umum wewengkon Désa Cibunar, kasang tukang sajarah kasenian Lais, prak-prakan kasenian Lais, ajén seni anu nyampak dina kasenian Lais, jeung hasil panalungtikan kasenian Lais pikeun dipatalikeun jeung bahan pangajaran maca bahasan di SMA kelas XII.


(23)

30

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Léngkah-léngkah pikeun ngaanalisis data dina ieu panalungtikan nya éta: 1) Nganalisis ajén seni dina seni Lais, sakabéh nu aya patalina jeung seni Lais matalikeun jeung bahan pangajaran, jeung 2) Ngadéskripsikeun data hasil analisis ajén seni tur dipatalikeun jeung bahan pangajaran maca.

3.8 Léngkah-léngkah Panalungtikan

Gurat badag panalungtikan nu dilakonan kabagi kana sababraha léngkah panalungtikan, diantarana: tatahar, ngumpulkeun data, jeung nyusun laporan. 3.8.1 Tatahar

Kagiatan anu dilaksanakeun dina tatahar nya éta:

1. néangan kateranagan ngeunaan masalah anu rék ditalungtik; 2. ngajengkeun judul panalungtikan;

3. nyusun proposal panalungtikan; jeung 4. konsultasi ka dosén pangaping. 3.8.2 Ngumpulkeun Data

Léngkah-léngkah ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan, nya éta: 1. macaan buku-buku sumber ngeunaan ajén seni, lais, jeung buku-buku

pangdeudeul séjénna pikeun bahan acuan; 2. observasi ka lapangan;

3. wawancara ka narasumber; 4. ngumpulkeun data; jeung

5. konsultasi jeung dosén pangaping. 3.8.3 Nganalisis Data

Kagiatan nu dilaksanakeun ngawengku:

1. mariksa jeung ngaidéntifikasi data nu geus kakumpul; 2. ngadéskripsikeun data; jeung

3. nyieun kacindekan analisis; 3.8.4 Nyusun Laporan


(24)

31

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Nyusun laporan mangrupa tahap anu pamungkas tina tahapan panalungtikan. Dina ieu laporan sagala hasil panalungtikan dipidangkeun. Laporanna mangrupa wangun skripsi.

Anapon sistematika dina nyusun laporan, nya éta: 1. BAB I Bubuka;

2. BAB II Seni Lais jeung Bahan Pangajaran;

3. BAB III Métode Panalungtikan

4. BAB IV Ajén Seni dina Lais Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XII;


(25)

80

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1Kacindekan

Dumasar hasil panalungtikan kapanggih sababaraha hal, nya éta nu jadi kasang tukang kasenian Lais téh dimimitian tina ngeunteung pagawéan jalma waktu ngala kalapa. Disebut Lais téh pédah jalma anu sok naék tangkal kalapa ngaranna Laisan anu katelah ku sebutan Bapa Lais. Ieu kasenian miboga ciri has minangka warisan ti baheula, nya éta pintonan kasenian akrobatik dina dua tihang gombong anu jangkungna kira-kira 12 meter.

Anapon prak-prakan kasenian Lais dimimitian ku Sarimbian, Bodor, Lais, Tarajé Gobang jeung Gésrék, tur dipungkas ku Séséroan. Dina mintonkeun kasenian Lais aya sarat nu kudu dicumponan nya éta nyadiakeun sasajén salaku pamuka lawang dunya mikrokosmos, metakosmos, jeung makrokosmos. Ilaharna ieu kasenian dipintonkeun di tempat-tempat kariaan, saperti hajatan nu nikah, nyepitan, hari jadi Garut, jeung acara kariaan séjénna.

Ajén seni nu nyangkaruk dina kasenian Lais nya éta ajén instrinsik, ékstrinsik, ajén music, jeung ajén ma’na. Ajén intrinsik katitén dina struktur kasenian Lais ti mimiti Sarimbian nepi ka Séséroan. Ajén ékstrinsik katitén dina tujuan seni Lais, properti nu di paké sarta pihak-pihak nu kalibet dina seni. Ajén musik katitén dina jenis musik nu dipintonkeun dina Sarimbian. Ajén ma’na katitén dina sajeroning ajén intrinsik jeung ajén ékstrinsik. Kasenian Lais miboga sababaraha fungsi, nya éta fungsi rékréasi, fungsi artistik, fungsi komunikasi, jeung fungsi pendidikan.

Ajén seni dina Lais di Kampung Sayang Désa Cibunar Kecamatan Cibatu Kabupatén Garut bisa jadi salasahiji alternatif bahan pangajaran basa Sunda,

hususna matéri ngeunaan kasenian dina pangajaran “Maca Bahasan Kasenian” di


(26)

80

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

5.2Saran

Dina panalungtikan kasenian Lais réa mangpaatna pikeun nu nalungtik, dina ieu panalungtikan katitén ngeunaan kasenian anu aya di Kabupatén Garut. Dumasar kana hasil panalungtikan, aya sawatara saran anu ditujukeun pikeun: 1) Dinas Kebudayaan dan Pariwisata (DISBUDPAR) Kabupatén Garut, 2) Guru, Mahasiswa, jeung Murid (Akademisi), jeung 3) Masarakat Umum.

1. Dinas Kebudayaan dan Pariwisata (DISBUDPAR) Kabupatén Garut

Dinas Kebudayaan dan Pariwisata (DISBUDPAR) Kabupatén Garut dipiharep leuwih ngainventarisir budaya jeung seni hususna kasenian tradisional Lais, salin ti éta dipiharep ngayakeun pembinaan pikeun para seniman budaya jeung kasenian. Lantaran éta téh mangrupa salasahiji tarékah pikeun ngamumulé warisan budaya nu kudu diwariskeun ka generasi saterusna.

2. Guru, Mahasiswa, jeung Murid (Akademisi)

Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi bahan pangajaran kasenian, dipiharep méré motivasi pikeun para panalungtik saterusna pikeun nalungtik unsur-unsur atawa garapan anu leuwih husus sangkan hal-hal nu can kaguar bisa kapanggih.

3. Masarakat Umum

Ieu panalungtikan dipiharep jadi sarana pikeun masarakat mikawanoh kana kasenian Lais, minangka kasenian tradisonal Sunda. Dipiharep masarakat leuwih reueus, tur bisa ilubiung pikeun ngamumulé kasenian Lais di Kampung Sayang Désa Cibunar Kecamatan Cibatu Kabupatén Garut.


(27)

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PABUKON

1. Buku

Achmadi, Asmoro. (1994). Filsafat Umum. Jakarta: PT. Raja Grafindo. Agustina, Risa. (2005). Kamus Ilmiah Populer. Surabaya: Serba Jaya.

Arifin, Zaenal. (2012). Evaluasi Pembelajaran. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya.

Bahari, Nooryan. (2008). Kritik Seni Wacana Apresiasi dan Apresiasi. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Bugin, Burhan. (2009). Penelitian Kualitatif. Jakarta: Kencana Prenada Media Group.

Hidayat, M.R. (2001). Semiotik Tanda Dalam Artifak. Jakarta: Balai Pustaka. Jaiman, Darmanto. (1993). Sekitar Masalah Budaya. Jakarta: IKAPI.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia. (2008). Palanggeran Éjahan Basa Sunda Edisi Revisi. Bandung: Sonagar Press.

Kartika, Dharsono Sony. (2007). Estetika. Bandung: Rakayasa Sains.

Koentjaraningrat. (1985). Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: P.T Gramedia.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Putra, S.I. (2007). Katalog Kesenian Tradisional Kab. Garut Jawa Barat. Garut: Dinas Pariwisata dan Kebudayaan.

Ratna, Nyoman Kutha. (2011). Estetika Sastra dan Budaya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rohani, Ahmad. (2004). Pengelolaan Pengajaran. Jakarta: PT. Rineka Cipta. Rustiyanti, Sri. (2010). Menyingkap Seni Pertunjukan Etnik di Indonesia.

Bandung: STSI Press Bandung.

Sachari, Agus. (2002). Estetika Makna, Simbol, dan Daya. Bandung: ITB. Saini. (2001). Taksonomi Seni. Bandung: STSI Press Bandung.


(28)

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Soedarsono, R.M. (1998). Seni Pertunjukan Indonesia di Era Globalisasi. Jakarta: Direktorat Jenderal Pendidikan Tinggi Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Sopiah, E.M. (2010). Metodologi Penelitian. Yogyakarta: Andi.

Sugiyono. (2009). Metode Penelitian Pendidikan Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Sugiyono. (2012). Memahami Penelitian Kualitatif. Bandung: CV. Alfabeta. Sumardjo, Jakob. (2001). Seni Pertunjukan Indonesia. Bandung: STSI Press

Bandung.

Sumardjo, Jakob. (2002). Seni Pertunjukan. Jakarta: PT. Widyadara. Sumardjo, Jakob. (2006). Estetika Paradoks. Bandung: Sunan Ambu Press. Suwadji, Bastomi. (1992). Wawasan Seni. Semarang: IKIP Semarang Press. Syaodih, R. I. (2003). Perencanaan Pengajaran. Jakarta: PT. Rineka Cipta. Tarigan, H. Guntur. (1980). Metodologi Pengajaran Bahasa. Jakarta: Depdikbud. Tamsyah, Budi Rahayu. (2008). Kamus Lengkap Sunda-Indonesia

Indonesia-Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

Tim Kamus Besar Bahasa Indonesia Pusat Bahasa. (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Gramedia.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.

Zain, S. B. (2006). Strategi Belajar Mengajar. Jakarta: PT. Rineka Cipta. Ziaulhaq. (2007). Ensiklopedi Garut. Garut: Dinas Pariwisata dan Kebudayaan.

2. Skripsi

Harsono, D.H. (2012). Ajén Falsafah dina Simbol-simbol Tradisi Hajat Makam di Kampung Kawunganten Babakan Désa Kawunganten Kecamatan Cikawung Kabupatén Subang. Skripsi Sarjana di FPBS UPI Bandung: Tidak diterbitkan. Kurnia, Bangkit.B. (2006). Penyajian Tari “Srimpian” pada Pertunjukan Lais di Désa Cibunar Kecamatan Cibatu Kabupatén Garut. Skripsi Sarjana di FPBS UPI Bandung: Tidak diterbitkan.


(29)

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

3. Sumber tina Internet

Adiwijaya. (2013). Unsur Nilai Seni. [Online]. Tersedia: wildanadiwijaya.blogspot.com/2013/02/unsur-nilai-seni.html [25 Pebruari 2013]

Rakim. (2008). Desain Penelitian. [Online]. Tersedia: http://www.rakim-ypk.blogspot.com/2008/desainpenelitian [26Januari 2013]

Tanpa Nama. (2006). Teori Musik. [Online]. Tersedia: http://id.wikipedia.org/wiki/2006/teorimusik [20 Maret 2013]


(1)

31

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Nyusun laporan mangrupa tahap anu pamungkas tina tahapan panalungtikan. Dina ieu laporan sagala hasil panalungtikan dipidangkeun. Laporanna mangrupa wangun skripsi.

Anapon sistematika dina nyusun laporan, nya éta: 1. BAB I Bubuka;

2. BAB II Seni Lais jeung Bahan Pangajaran;

3. BAB III Métode Panalungtikan

4. BAB IV Ajén Seni dina Lais Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XII;


(2)

80

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1Kacindekan

Dumasar hasil panalungtikan kapanggih sababaraha hal, nya éta nu jadi kasang tukang kasenian Lais téh dimimitian tina ngeunteung pagawéan jalma waktu ngala kalapa. Disebut Lais téh pédah jalma anu sok naék tangkal kalapa ngaranna Laisan anu katelah ku sebutan Bapa Lais. Ieu kasenian miboga ciri has minangka warisan ti baheula, nya éta pintonan kasenian akrobatik dina dua tihang gombong anu jangkungna kira-kira 12 meter.

Anapon prak-prakan kasenian Lais dimimitian ku Sarimbian, Bodor, Lais, Tarajé Gobang jeung Gésrék, tur dipungkas ku Séséroan. Dina mintonkeun kasenian Lais aya sarat nu kudu dicumponan nya éta nyadiakeun sasajén salaku pamuka lawang dunya mikrokosmos, metakosmos, jeung makrokosmos. Ilaharna ieu kasenian dipintonkeun di tempat-tempat kariaan, saperti hajatan nu nikah, nyepitan, hari jadi Garut, jeung acara kariaan séjénna.

Ajén seni nu nyangkaruk dina kasenian Lais nya éta ajén instrinsik, ékstrinsik, ajén music, jeung ajén ma’na. Ajén intrinsik katitén dina struktur kasenian Lais ti mimiti Sarimbian nepi ka Séséroan. Ajén ékstrinsik katitén dina tujuan seni Lais, properti nu di paké sarta pihak-pihak nu kalibet dina seni. Ajén musik katitén dina jenis musik nu dipintonkeun dina Sarimbian. Ajén ma’na katitén dina sajeroning ajén intrinsik jeung ajén ékstrinsik. Kasenian Lais miboga sababaraha fungsi, nya éta fungsi rékréasi, fungsi artistik, fungsi komunikasi, jeung fungsi pendidikan.

Ajén seni dina Lais di Kampung Sayang Désa Cibunar Kecamatan Cibatu Kabupatén Garut bisa jadi salasahiji alternatif bahan pangajaran basa Sunda, hususna matéri ngeunaan kasenian dina pangajaran “Maca Bahasan Kasenian” di SMA kelas XII.


(3)

80

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

5.2Saran

Dina panalungtikan kasenian Lais réa mangpaatna pikeun nu nalungtik, dina ieu panalungtikan katitén ngeunaan kasenian anu aya di Kabupatén Garut. Dumasar kana hasil panalungtikan, aya sawatara saran anu ditujukeun pikeun: 1) Dinas Kebudayaan dan Pariwisata (DISBUDPAR) Kabupatén Garut, 2) Guru, Mahasiswa, jeung Murid (Akademisi), jeung 3) Masarakat Umum.

1. Dinas Kebudayaan dan Pariwisata (DISBUDPAR) Kabupatén Garut

Dinas Kebudayaan dan Pariwisata (DISBUDPAR) Kabupatén Garut dipiharep leuwih ngainventarisir budaya jeung seni hususna kasenian tradisional Lais, salin ti éta dipiharep ngayakeun pembinaan pikeun para seniman budaya jeung kasenian. Lantaran éta téh mangrupa salasahiji tarékah pikeun ngamumulé warisan budaya nu kudu diwariskeun ka generasi saterusna.

2. Guru, Mahasiswa, jeung Murid (Akademisi)

Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi bahan pangajaran kasenian, dipiharep méré motivasi pikeun para panalungtik saterusna pikeun nalungtik unsur-unsur atawa garapan anu leuwih husus sangkan hal-hal nu can kaguar bisa kapanggih.

3. Masarakat Umum

Ieu panalungtikan dipiharep jadi sarana pikeun masarakat mikawanoh kana kasenian Lais, minangka kasenian tradisonal Sunda. Dipiharep masarakat leuwih reueus, tur bisa ilubiung pikeun ngamumulé kasenian Lais di Kampung Sayang Désa Cibunar Kecamatan Cibatu Kabupatén Garut.


(4)

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PABUKON

1. Buku

Achmadi, Asmoro. (1994). Filsafat Umum. Jakarta: PT. Raja Grafindo. Agustina, Risa. (2005). Kamus Ilmiah Populer. Surabaya: Serba Jaya.

Arifin, Zaenal. (2012). Evaluasi Pembelajaran. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya.

Bahari, Nooryan. (2008). Kritik Seni Wacana Apresiasi dan Apresiasi. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Bugin, Burhan. (2009). Penelitian Kualitatif. Jakarta: Kencana Prenada Media Group.

Hidayat, M.R. (2001). Semiotik Tanda Dalam Artifak. Jakarta: Balai Pustaka. Jaiman, Darmanto. (1993). Sekitar Masalah Budaya. Jakarta: IKAPI.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia. (2008). Palanggeran Éjahan Basa Sunda Edisi Revisi. Bandung: Sonagar Press.

Kartika, Dharsono Sony. (2007). Estetika. Bandung: Rakayasa Sains.

Koentjaraningrat. (1985). Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: P.T Gramedia.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Putra, S.I. (2007). Katalog Kesenian Tradisional Kab. Garut Jawa Barat. Garut: Dinas Pariwisata dan Kebudayaan.

Ratna, Nyoman Kutha. (2011). Estetika Sastra dan Budaya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rohani, Ahmad. (2004). Pengelolaan Pengajaran. Jakarta: PT. Rineka Cipta. Rustiyanti, Sri. (2010). Menyingkap Seni Pertunjukan Etnik di Indonesia.

Bandung: STSI Press Bandung.

Sachari, Agus. (2002). Estetika Makna, Simbol, dan Daya. Bandung: ITB. Saini. (2001). Taksonomi Seni. Bandung: STSI Press Bandung.


(5)

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Soedarsono, R.M. (1998). Seni Pertunjukan Indonesia di Era Globalisasi. Jakarta: Direktorat Jenderal Pendidikan Tinggi Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Sopiah, E.M. (2010). Metodologi Penelitian. Yogyakarta: Andi.

Sugiyono. (2009). Metode Penelitian Pendidikan Pendekatan Kuantitatif,

Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Sugiyono. (2012). Memahami Penelitian Kualitatif. Bandung: CV. Alfabeta. Sumardjo, Jakob. (2001). Seni Pertunjukan Indonesia. Bandung: STSI Press

Bandung.

Sumardjo, Jakob. (2002). Seni Pertunjukan. Jakarta: PT. Widyadara. Sumardjo, Jakob. (2006). Estetika Paradoks. Bandung: Sunan Ambu Press. Suwadji, Bastomi. (1992). Wawasan Seni. Semarang: IKIP Semarang Press. Syaodih, R. I. (2003). Perencanaan Pengajaran. Jakarta: PT. Rineka Cipta. Tarigan, H. Guntur. (1980). Metodologi Pengajaran Bahasa. Jakarta: Depdikbud. Tamsyah, Budi Rahayu. (2008). Kamus Lengkap Sunda-Indonesia

Indonesia-Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

Tim Kamus Besar Bahasa Indonesia Pusat Bahasa. (2008). Kamus Besar Bahasa

Indonesia. Jakarta: Gramedia.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.

Zain, S. B. (2006). Strategi Belajar Mengajar. Jakarta: PT. Rineka Cipta. Ziaulhaq. (2007). Ensiklopedi Garut. Garut: Dinas Pariwisata dan Kebudayaan.

2. Skripsi

Harsono, D.H. (2012). Ajén Falsafah dina Simbol-simbol Tradisi Hajat Makam di

Kampung Kawunganten Babakan Désa Kawunganten Kecamatan Cikawung Kabupatén Subang. Skripsi Sarjana di FPBS UPI Bandung: Tidak diterbitkan.

Kurnia, Bangkit.B. (2006). Penyajian Tari “Srimpian” pada Pertunjukan Lais di

Désa Cibunar Kecamatan Cibatu Kabupatén Garut. Skripsi Sarjana di FPBS


(6)

Siti Nurani Hikmah, 2013

Anjen Seni Dina Lais Di Kabupaten Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

3. Sumber tina Internet

Adiwijaya. (2013). Unsur Nilai Seni. [Online]. Tersedia: wildanadiwijaya.blogspot.com/2013/02/unsur-nilai-seni.html [25 Pebruari 2013]

Rakim. (2008). Desain Penelitian. [Online]. Tersedia: http://www.rakim-ypk.blogspot.com/2008/desainpenelitian [26Januari 2013]

Tanpa Nama. (2006). Teori Musik. [Online]. Tersedia: http://id.wikipedia.org/wiki/2006/teorimusik [20 Maret 2013]


Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN WAYANG LANDUNG DI DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

0 1 7

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 16 30

FOLKLOR DINA TRADISI NUJUH BULANAN DI KECAMATAN CILAWU KABUPATEN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

2 21 26

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI.

1 11 23

AJÉN PALSAPAH DINA UPACARA JAROH DI KAMPUNG DUKUH DÉSA CIROYOM KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XI.

0 32 32

AJEN ESTETIKA DINA SENI RAJA DOGAR DI KACAMATAN CIBATU KABUPATEN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA KELAS XII.

0 26 28

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 30 33

AJÉN ÉSTÉTIS KASENIAN GEMBYUNG DI KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 24 38

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1102478 Title

0 0 3

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN GÉSRÉK DI DÉSA GARUMUKTI KACAMATAN PAMULIHAN KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1201939 Title

0 0 4