KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA : Tilikan Léksikologi jeung Psikolinguistik di SDN Galunggung Kecamatan Tawang Kota Tasikmalaya.
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI
MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
(Tilikan Léksikologi jeung Psikolinguistik di SDN Galunggung Kecamatan Tawang Kota Tasikmalaya)
TESIS
diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat
pikeun nyangking gelar Magister Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda
ku
Leli Salimatul Hapsah
NIM 1302488
PROGRAM STUDI
PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA SEKOLAH PASCASARJANA
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2015
(2)
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
(
Tilikan Léksikologi jeung Psikolinguistik di SDN Galunggung Kecamatan Tawang Kota Tasikmalaya)Oleh
Leli Salimatul Hapsah, S.Pd. Bandung, 2015
Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd.) pada Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya
Sunda
© Leli Salimatul Hapsah 2015 Universitas Pendidikan Indonesia
Juni 2015
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Tesis ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,
(3)
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
LEMBAR PENGESAHAN
LELI SALIMATUL HAPSAH NIM 1302488
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI
MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA (Tilikan Léksikologi jeung Psikolinguistik di SDN Galunggung
Kecamatan Tawang Kota Tasikmalaya)
Disaluyuan sarta disahkeun ku Pangaping,
Prof. Dr. H. Rahman, M. Pd. NIP 195704011984121001
Kauninga ku
Pupuhu Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI,
Dr. H. Yayat Sudaryat, M. Hum. NIP 196302101987031001
(4)
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI
MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA (Tilikan Léksikologi jeung Psikolinguistik di SDN Galunggung
Kecamatan Tawang Kota Tasikmalaya)
Leli Salimatul Hapsah
ABSTRAK
Prinsip pangajaran basa nya éta ngajarkeun murid parigel maké basa. Kuantitas jeung kualitas kaparigelan basa bisa témbong di antarana tina kandaga kecapna. Panalungtikan ngeunaan kandaga kecap dilaksanakeun kusabab kurangna panalungtikan ngeunaan kandaga kecap nu dilaksanakeun di sakola dasar. Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun tilu hal nya éta wanda kandaga kecap nu aya dina karangan narasi murid sakola dasar, kekecapan dina karangan narasi murid sakola dasar patalina jeung kamekaran umur murid, sarta karangan narasi anu bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca. Panalungtikan anu dilaksanakeun ngagunakeun pamarekan kualitatif. Métode anu digunakeun nya éta métode déskriptif.Téknik analisis data ngagunakeun téknik analisis unsur langsung. Tina 16 karangan kapanggih aya 650 kecap anu frékuénsi makéna 2520 kecap. Sabadana dilakukeun analisis ngeunaan wanda kandaga kecapna kapanggih aya 216 kecap dasar. Salian ti kecap dasar kapanggih wangun kecap anyar jeung kecap pancén. Wangun kecap anyar lobana aya 74 kecap. Sedengken kecap pancén lobana aya 126 kecap.Tina karangan narasi anu ditulis ku murid sakola dasar rélatif luyu jeung kamekaran umur murid. Hal ieu témbong tina 650 kecap ngan 10 kecap anu dianggap asup kana kekecapan pikeun panyatur déwasa. Tina 16 karangan anu ditulis ku murid sakola dasar aya 5 karangan anu dianggap cocog pikeun bahan pangajaran maca ditilik tina tingkat interferensina jeung alur karangan narasina.
Kecap galeuh: Kandaga Kecap, Murid Sakola Dasar, Bahan Pangajaran Maca.
(5)
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
KOSAKATA DALAM KARANGAN NARASI
MURID SEKOLAH DASAR UNTUK BAHAN PENGAJARAN MEMBACA (Kajian Léksikologi dan Psikolinguistik di SDN Galunggung
Kecamatan Tawang Kota Tasikmalaya)
Leli Salimatul Hapsah
ABSTRAK
Prinsip pengajaran bahasa yaitu mengajarkan murid terampil berbahasa. Kuantitas dan kualitas keterampilan berbahasa dapat dilihat dari kuantitas dan kualitas kosakata yang dikuasai. Kurangnya penelitian mengenai kosakata murid sekolah dasar menjadi landasan pelaksanaan penelitian ini. Tujuan pelaksanaan penelitian yaitu untuk mengetahui dan mendeskripsikan tiga hal yaitu jenis kosakata dalam karangan narasi murid sekolah dasar, kesesuaian kosakata dengan perkembangan umur murid sekolah dasar, dan karangan narasi yang dapat dijadikan bahan pengajaran membaca. Penelitian ini menggunakan pendekatan kualitatif. Metode penelitian yang digunakan yaitu metode deskriptif. Teknik analisis data menggunakan teknik analisis unsur langsung. Dari 16 karangan ditemukan 650 kata dengan frekuensi penggunaan sebanyak 2520 kata. Setelah dilakukan analisis terhadap jenis kosakata ditemukan data kata dasar sebanyak 216 kata, bentukan kata baru sebanyak 74 kata, dan kata tugas sebanyak 126 kata. Dari karangan narasi yang ditulis oleh murid sekolah dasar relatif sesuai dengan perkembangan umur murid. Hal ini dapat dilihat dari 650 kata hanya 10 kata yang dianggap termasuk kata–kata untuk penutur dewasa. Dari 16 karangan yang ditulis murid sekolah dasar terdapat 5 karangan yang dianggap sesuai untuk bahan pengajaran membaca dilihat dari tingkat interferensi dan alur karangan narasi.
(6)
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
THE VOCABULARY IN A NARRATIVE TEXT OF STUDENTS ELEMENTARY SCHOOL FOR TEACHING MATERIALS READ
(Lexicology and Phsycolinguistic Study in SDN Galunggung Kecamatan Tawang Kota Tasikmalaya)
Leli Salimatul Hapsah
ABSTRACT
The principle of language teaching that is to teach student skilled speaking. The quantity and quality of language skill can be seen from the quantity and quality of the vocabulary which is controlled. A lack of vocabulary research of student in elementary school have been base of this research.The purpose of the research is to know and described three things that is kind of vocabulary in a narrative text of students in elementary school, the vocabulary of conformity with the development of the age of elementary school students, and a narrative text that can be used as teaching materials read. This research used a qualitative approach. Research methodology used descriptive method. The analysis technique used immediate constituent analysis. From 16 texts have been found 650 words with 2520 words frequences in use. After analysis of the kind of vocabulary, researcher found 216 basic words, 74 new word forms, and 126 words of particles. Narrative texts written by sudents of elementary school the basis of relatively according to the age development. This is can be seen from 650 words only 10 words according to adult speaker. From 16 narrative texts have been found 5 texts that relatively conformity to be teaching materials read seen from interfeerence and plot of narrative text.
Keywords: Vocabulary, Students Elementary School, Teaching Materials Reading
(7)
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DAPTAR EUSI
Kaca
ABSTRAK ... i
PANGJAJAP ... iv
CATUR NUHUN ... v
DAPTAR EUSI ... vi
DAPTAR TABĖL ... viii
DAPTAR GAMBAR ... ix
DAPTAR LAMPIRAN ... x
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1
1.2 Rumusan Masalah Panalungtikan ... 3
1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 4
1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 4
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 4
1.5 Struktur Organisasi Panalungtikan... 5
BAB II TATAPAKAN TIORITIS 2.1 Tiori Kandaga Kecap ... 6
2.1.1 Kecap jeung Kandaga Kecap... 6
2.1.1.1 Wangenan Kecap ... 6
2.1.1.2 Kandaga Kecap ... 6
2.1.1.3 Wanda Kandaga Kecap ... 7
2.2 Tiori Psikolinguistik ... 25
2.3 Pangajaran Maca di Sakola Dasar... 26
2.3.1 Wangenan Maca ... 26
2.3.2 Maca Minangka Kaparigelan Basa ... 26
2.3.3 Bahan Ajar Maca ... 27
2.4 Karangan Narasi... 28
2.4.1Wangenan Karangan Narasi ... 28
2.4.2 Struktur Karangan Narasi ... 28
BAB III MĖTODEU PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan ... 29
3.2 Data jeung Sumber Data ... 30
3.3 Téknik Ngumpulkeun Data ... 30
3.4 Instrumén Pangumpul Data ... 31
3.5 Analisis Data ... 32
BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN 4.1 Hasil Panalungtikan ... 33
(8)
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4.1.2 Analisis Wanda Kandaga Kecap ... 35
4.1.3 Kasaluyuan Kandaga Kecap jeung Kamekaran Umur Murid SD ... 46
4.1.4 Karangan Narasi pikeun Bahan Pangajaran Maca ... 47
4.2 Pedaran ... 49
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 55
5.2 Saran ... 55
DAPTAR PABUKON ... 57 LAMPIRAN
(9)
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang Panalungtikan
Prinsip pangajaran basa nya éta ngajarkeun murid parigel maké basa. Kaparigelan basa ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Kuantitas jeung kualitas kaparigelan basa bisa témbong di antarana tina kandaga kecapna. Kaparigelan basa murid bakal ningkat lamun kuantitas jeung kualitas kandaga kecapna ogé ningkat. Kandaga kecap bisa mawa murid asup kana pangalaman– pangalaman anu leuwih jembar. Dina pangajaran kandaga kecap di sakola tangtuna waé murid diajar ngeunaan kecap jeung hartina. Mimiti murid manggih hiji kecap tuluy néangan ma’na kecapna. Saenggeus apal ma’na na satuluyna murid bakal diajar ngalarapkeun ma’na kecapna dina kahirupanana. Cindekna, kandaga kecap bisa ngarobah kahirupan murid.
Kamekaran kandaga kecap raket patalina jeung kamekaran méntal konséptual murid. Kandaga kecap patalina jeung kamampuh méntal nuduhkeun hubungan kausalitas. Kualitas jeung kuantitas kandaga kecap nangtukeun kualitas kamampuh méntalna. Salasahiji cara pikeun nangtukeun kualitas kamampuh méntal hiji jalma ku cara ngalakukeun ujian kandaga kecap. Ujian kandaga kecap ogé bisa jadi salasahiji cara pikeun ngukur IQ. Kandaga kecap bisa jadi ukuran pikeun hakékat jeung kualitas kahirupan. Akal pikiran nu hadé hartina kandaga kecapna ogé hadé, jeung kandaga kecap anu hadé hartina akal pikiranna ogé hadé. Duanana silihmangaruhan, akal pikiran jeung kandaga kecap mangrupa bagian anu teu bisa dileungitkeun tina kasang tukang jeung kamampuh murid.
Patalina jeung kamekaran konséptual, kamekaran kandaga kecap téh mangrupa kamekaran konséptual. Kamekaran kandaga kecap miboga harti leuwih jembar tibatan ngan saukur nempatkeun kecap–kecap anyar kana kandaga pangalaman. Kamekaran kandaga kecap hartina nempatkeun konsép–konsép anyar kana susunan–susunan tambahan.Kamekaran kandaga kecap mangrupa tujuan pangatikan dasar pikeun unggal sakola atawa paguron. Dina prinsipna, sakabéh pangatikan mangrupa tarékah ngamekarkeun kandaga kecap anu ogé mangrupa kamekaran konséptual. Jadi,dina mekarkeun kandaga kecap murid, guru miboga pancén pikeun ngabingbing murid sangkan bisa maham kana
(10)
2
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
sasaruaan jeung bébédaan. Sasaruaan jeung bébédaan kecap salasahijina témbong dina kecap ubar jeung ngubaran. Sok sanajan tina bakal kecap anu sarua tapi miboga warna jeung ma’na nu béda. Kecap ubar kaasup warna kecap nomina, sedengkeun ngubaran kaasup warna kecap vérba. Ma’na na ogé béda. Ubar
ngandung harti obat atawa barang anu bisa nyageurkeun awak tina panyakit,
ngubaran hartina ngalakukeun pagawéan nyageurkeun awak tina panyakit. Di dieu témbong salah sahiji mangpaat tina kamekaran kandaga kecap nya éta diajar ngeunaan kaidah–kaidah robahna kekecapan. Jadi tugas guru lain ngan saukur ngenalkeun kekecapan anyar atawa kekecapan anu umum dipaké tapi ogé ngajarkeun kumaha maké kandaga kecap anu bener larapanana.
Panalungtikan anu dilakukeun ku Edgar Dale ngeunaan kandaga kecap barudak, tilu parapatna geus miboga kurang leuwih 1500 kecap dina bulan Januari jeung Pébruari dina taun awal asup sakola. Kecap–kecap anu dicangkem mangrupa kecap anu bisa dirasa, kandaga kecap sapopoé, pernah karandapan jeung mangrupa hal anu moal bisa dipohokeun (Tarigan. 2011, hal. 4).
Ku kituna lamun dina taun awal murid geus miboga 1500 kecap, asumsina yén dina taun–taun satuluyna kandaga kecapna kudu nambahan. Boh kuantitas boh kualitasna. Kiwari pangajarankandaga kecap basa Sunda hususna di sakola dasar gumulung dina pangajaran opat kaparigelan basa. Dumasar kana data émpiris pangajaran di sakola dasar, loba masalah dina pangajaran basa Sunda patalina jeung kandaga kecap. Sawaréh murid di kelas teu wanoh kana sababaraha kekecapan anu aya dina téks anu jadi bahan pangajaran. Akibatna murid ngarasa hésé dina ngajawab pertanyaan–pertanyaan dina pancén sakolana. Lian ti éta, nalika maca téks, murid teu lancar macana ogé teu paham kana maksud tina téks nu dibaca. Sabenerna kamampuh kandaga kecap raket patalina jeung kaparigelan maca. Salasahiji hal anu ngabalukarkeun maca téh hésé nya éta kandaga kecap anu kawatesanan. Pangajaran maca di sakola dasar raket patalina jeung pangajaran kandaga kecap. Luyu jeung prinsip pangajaran maca di sakola dasar yén dina kagiatan pangajaran maca guru kudu ngajarkeun kekecapan anu bakal méré pamahaman keur murid pikeun maham kana lafal jeung ma’na kekecapan anu dianggap hésé.
(11)
3
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Panalungtikan ngeunaan kandaga kecap anu kungsi dilaksanakeun di sakola dasar nya éta di kelas dua mangrupa panalungtikan kandaga kecap basa Indonésia. Hasilna nuduhkeun yén tina 30 téks tinulis aya 339 kalimah, 2132 kecap, 376 nomina, 235 verba, 160 kecap pancén, 119 ajektiva, 98 adverbia, jeung 26 numeralia. Panalungtikan ngeunaan kandaga kecap dinabasa Sunda di sakola dasar jarang dilakukeun. Ku kituna ngarasa perlu ngayakeun panalungtikan ngeunaan kandaga kecap murid dina tingkat kelas anu leuwih luhur. Panalungtikan ngeunaan kandaga kecap bakal dilaksanakeun ku jalan nganalisis karangan narasi anu ditulis ku murid sakola dasar. Dina karangan narasi murid bakal nuliskeun sagala pangalaman jeung pangaweruhna ngeunaan hiji hal. Tina karangan narasi sakabéh pangalaman jeung pangaweruh anu ditulis bisa némbongkeun kuantitas jeung kualitas kandaga kecapna. Lian ti éta karangan narasi mangrupa data tinulis anu babari didokuméntasikeun pikeun bahan analisis. Dumasar kana anu geus dipedar di luhur yén kamampuh kandaga kecap raket patalina jeung kaparigelan maca.Karangan narasi anu ditulis ku murid sakola dasar bisa jadi salasahiji alternatif bahan pangajaran maca di sakola dasar. Karangan narasi anu ditulis bakal dipilih anu cocog jeung kritéria bahan pangajaran maca. Dipiharep tina karangan narasi anu ditulis ku murid bisa ningkatkeun kuantitas jeung kualitas kandaga kecap murid sakola dasar. Lian ti éta dipiharep jadi pangalaman jeung pangaweruh anyar pikeun murid dina diajar maca pamahaman. Satuluyna, ieu panalungtikan disusun kalawan judul “Kandaga Kecap dina Karangan Narasi Murid Sakola Dasar pikeun Bahan Pangajaran Maca (Tilikan Léksikologi jeung Psikolinguistik di SDN Galunggung Kecamatan Tawang Kota Tasikmalaya)”.
1.2Rumusan Masalah Panalungtikan
Rumusan masalah anu jadi poko panalungtikan disusun dina wangun pertanyaan saperti ieu di handap.
a. Kumaha wanda kandaga kecap dina karangan narasi murid sakola dasar? b. Naha kecap dina karangan narasi murid sakola dasar luyu jeung
(12)
4
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
c. Dumasar kana kandaga kecapna, karangan narasi nu mana waé anu bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca?
1.3Tujuan Panalungtikan
Sacara umum ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngeuyeuban jeung mekarkeun pangaweruh dina widang pangajaran basa Sunda di sakola dasar. Lian ti éta, sabada diayakeun ieu panalungtikan bisa dijadikeun salasahiji sumber rujukan atawa bacaan pikeun masarakat Sunda umumna jeung palaku pangatikan dina khususna.
Dumasar hal éta, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun tilu hal nya éta,
a. wanda kandaga kecap nu aya dina karangan narasi murid sakola dasar. b. kekecapan dina karangan narasi murid sakola dasar patalina jeung
kamekaran umur murid.
c. karangan narasi anu bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca.
1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis
Ku ayana ieu panalungtikan, dipiharep bisa méré mangpaat kalawan tioritis nya éta bisa jadi informasi pikeun panalungtik ngeunaan kamampuh kandaga kecap dina karangan narasi murid sakola dasar. Lian ti éta bisa dijadikeun bahan pikeun mekarkeun bahan pangajaran maca di sakola dasar. Ogé dipiharep bisa ngeuyeuban tiori ngeunaan pangajaran kandaga kecap di sakola dasar.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Sacara praktis, panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat sakumaha ieu di handap.
a. Nambahan jeung ningkatkeun pangaweruh jeung pangalaman ngeunaan wanda kandaga kecap anu bisa dicangkem ku murid sakola dasar salaku palaku basa dina tingkat awal.
(13)
5
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
b. Nambahan jeung ningkatkeun pangaweruh dina nyiptakeun modél pangajaran kandaga kecap anu éféktif jeung éfisién.
c. Nambahan jeung ningkatkeun pangaweruh ngeunaan téks narasi anu cocog pikeun bahan pangajaran maca di sakola dasar.
d. Ngeuyeuban hasil panalungtikan dina widang pangajaran basa Sunda di sakola dasar.
e. Ieu panalungtikan bisa dijadikeun sumber bacaan umum, ogé bisa jadi nambahan pangaweruh jeung motivasi pikeun ngayakeun panalungtikan sarupa anu leuwih lega tur leuwih jero.
1.5Struktur Organisasi Panalungtikan
Ieu panalungtikan kawangun ku lima bab. Di handap pedaran eusi unggal babna.
Dina bab I eusina nya éta kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung struktur organisasi tésis.
Satuluyna dina bab II eusina ngeunaan konsép-konsép, tiori - tiori, jeung data – data panalungtikan anu geus aya anu medal dina jurnal boh lokal boh internasional. Konsép, tiori, jeung panalungtikan anu geus aya anu bakal dipedar dina ieu tésis nya éta tiori ngeunaan kandaga kecap, tiori ngeunaan téks narasi, psikolinguistik perkembangan, jeung konsép pangajaran maca.
Dina bab III bakal dipedar ngeunaan métodeu panalungtikan. Leuwih rinci eusi tina bab III nya éta ngeunaan lokasi jeung sample panalungtikan, desain panalungtikan, métodeu panalungtikan, instrumén panalungtikan, téknik ngumpulkeun jeung nganalisis data.
Panalungtik medar hasil panalungtikan dina bab IV. Dina bab IV panalungtik ngadéskripsikeun ngeunaan prosés ngolah data panalungtikan pikeun ngahasilkeun data anu bisa ngajawab rumusan masalah panalungtikan. Satuluyna, panalungtik medar analisis data panalungtikan. Sabadana ngolah data jeung nganalisis data panalungtikan, panalungtik bakal nyieun kacindekan anu dipidangkeun dina bab V. Dina ieu bab, panalungtik midangkeun hasil tapsiran jeung ngamaknaan tina hasil analisis panalungtikan.
(14)
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan
Kandaga kecap dina karangan narasi murid sakola dasar nuduhkeun kamampuh murid dina ngedalkeun pangalamanana jeung pamadeganana dina wangun tinulis maké basa Sunda. Tina 16 karangan kapanggih aya 650 kecap anu frékuénsi makéna 2520 kecap. Sabadana dilakukeun analisis ngeunaan wanda kecapna kapanggih data yén kecap dasar kapanggih aya 216 kecap. Tina 216 kecap di wincik yén istilah pancakaki aya 17 kecap, istilah anggota badan sakecap, kecap gaganti 5 kecap, kecap bilangan 22 kecap, kecap pagawéan 113 kecap, kecap sipat 60 kecap, kecap barang 293 kecap. Wangun kecap anyar aya 74 kecap. Kecap pancén aya 126 kecap. Nurutkeun ahli yén murid bakal nyangkem leuwih loba nomina tibatan verba. Tina hasil panalungtikan témbong yén nomina leuwih loba dicangkem tibatan vérba.
Tina karangan narasi anu ditulis ku murid ogé kapanggih kecap – kecap anu kapangaruhan ku basa séjén /interférénsi. Interférénsi anu kapanggih nya éta aya basa Indonésia, basa Inggris, jeung basa Arab.
Tina karangan narasi anu ditulis ku murid rélatif luyu jeung kamekaran umur murid. Sabada dianalisis kapanggih 640 kecap anu luyu jeung kamekaran umur murid. Lian ti éta ogé kapanggih kekecapan anu cocog keur panyatur déwasa. Kecap – kecap anu teu luyu jeung kamekaran umur murid aya 10 kecap.
Karangan narasi anu ditulis ku murid bisa jadi salasahiji alternatif pikeun bahan pangajaran maca. Kamampuh kandaga kecap raket patalina jeung kaparigelan maca. Tina 16 karangan anu ditulis ku murid aya 5 karangan anu dianggap cocog pikeun bahan pangajaran maca ditilik tina tingkat interférénsina jeung alur karangan narasi anu ditulis ku murid sakola dasar.
5.2 Saran
Saréngséna panalungtikan ngeunaan kandaga kecap murid sakola dasar, panalungtik nuliskeun sababaraha saran, diantarana :
a. Guruperlu ningkatkeun pangajaran kandaga kecap kalawan ngaoptimalkeun média pangajaran nu aya.
(15)
56
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
b. Perluna ningkatkeun layanan ti sakabéh warga sakola saperti kepala sekolah jeung guru dina raraga ngamumulé basa jeung budaya Sunda. Salasahiji tarékahna ku cara ngeuyeuban buku bacaan basa Sunda pikeun ningkatkeun kandaga kecap murid sakola dasar.
c. Tina kandaga kecap dina karangan narasi anu ditulis ku murid sakola dasar, lingkungan sakola jeung kulawarga milu mangaruhan kana kekecapan dina kandaga kecap murid. Kukituna, perluna gawé bareng antara sakola jeung kulawarga pikeun ngabantu kana pancén pangajaran basa Sunda.
(16)
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DAPTAR PABUKON
Alwasilah, A. Chaedar. (2002). Pokoknya Kualitatif. Bandung: PT. Kiblat Utama. Chaer, Abdul. (2007). Leksikologi dan Leksikografi Indonesia. Jakarta: PT. Rineka Cipta.
Dale, Edgar dkk.(1971). Techniques of Teaching Vocabulary. United States of America: Field Educational Publications Incorporated.
Djajasudarma, T. Fatimah. (2013). Fonologi dan Gramatika Sunda. Bandung: PT. Refika Aditama
Hasan. (2011). Catatankang Hasan (JenisKosakata). Diaksesti: http://www.google.com/gwt/x?hl=id&u=http://hasan2u.blogspot.com/2011
/03/jenis-jenis- kosakota.html&source=s&q=Jenis+kosakata+tarigan&sa=X&ei=x2_-VIaBJpGSuATIsYHgDQ&ved=0CAwQFjABOAI.
Husen, H. Akhlan &Rahman. (1996/1997). Perencanaan Pengajaran Bahasa.
Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan Dirjen Dikdasmen Bagian Proyek Penataran Guru SLTP setara D-III.
Keraf, Gorys. (2007). Argumentasi dan Narasi. Jakarta: PT. Gramedia Pustaka Utama.
Kusmayati, Nurita Bayu. (2009). Penguasaan Kosakata Siswa dalam Pembelajaran Keterampilan Berbahasa dalam Jurnal Bahasa dan sastra dalam Perspektif pendidikan. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonesia FPBS UPI.
Prawirasumantri, Abud dkk. (2007). Kamekaran, Adegan jeung Kandaga Kecap Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.
Resmini, Novi, Tatat Hartati. (2006). Kapita Selekta Bahasa Indonesia. Bandung: UPI Press.
Sudaryat, Yayat, spk. (2007). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: YramaWidya. Sugiyono. (2010). Metode Penelitian Pendidikan : Pendekatan Kuantitatif,
Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.
(17)
58
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tarigan, Henry Guntur. (2008). Membaca (sebagai suatu keterampilan berbahasa). Bandung: Angkasa.
(1)
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
c. Dumasar kana kandaga kecapna, karangan narasi nu mana waé anu bisa
dipaké pikeun bahan pangajaran maca?
1.3Tujuan Panalungtikan
Sacara umum ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngeuyeuban jeung mekarkeun pangaweruh dina widang pangajaran basa Sunda di sakola dasar. Lian ti éta, sabada diayakeun ieu panalungtikan bisa dijadikeun salasahiji sumber rujukan atawa bacaan pikeun masarakat Sunda umumna jeung palaku pangatikan dina khususna.
Dumasar hal éta, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun tilu hal nya éta,
a. wanda kandaga kecap nu aya dina karangan narasi murid sakola dasar. b. kekecapan dina karangan narasi murid sakola dasar patalina jeung
kamekaran umur murid.
c. karangan narasi anu bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca.
1.4Mangpaat Panalungtikan
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Ku ayana ieu panalungtikan, dipiharep bisa méré mangpaat kalawan tioritis nya éta bisa jadi informasi pikeun panalungtik ngeunaan kamampuh kandaga kecap dina karangan narasi murid sakola dasar. Lian ti éta bisa dijadikeun bahan pikeun mekarkeun bahan pangajaran maca di sakola dasar. Ogé dipiharep bisa ngeuyeuban tiori ngeunaan pangajaran kandaga kecap di sakola dasar.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Sacara praktis, panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat sakumaha ieu di handap.
a. Nambahan jeung ningkatkeun pangaweruh jeung pangalaman ngeunaan
wanda kandaga kecap anu bisa dicangkem ku murid sakola dasar salaku palaku basa dina tingkat awal.
(2)
5
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
b. Nambahan jeung ningkatkeun pangaweruh dina nyiptakeun modél
pangajaran kandaga kecap anu éféktif jeung éfisién.
c. Nambahan jeung ningkatkeun pangaweruh ngeunaan téks narasi anu cocog
pikeun bahan pangajaran maca di sakola dasar.
d. Ngeuyeuban hasil panalungtikan dina widang pangajaran basa Sunda di sakola dasar.
e. Ieu panalungtikan bisa dijadikeun sumber bacaan umum, ogé bisa jadi nambahan pangaweruh jeung motivasi pikeun ngayakeun panalungtikan sarupa anu leuwih lega tur leuwih jero.
1.5Struktur Organisasi Panalungtikan
Ieu panalungtikan kawangun ku lima bab. Di handap pedaran eusi unggal babna.
Dina bab I eusina nya éta kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung struktur organisasi tésis.
Satuluyna dina bab II eusina ngeunaan konsép-konsép, tiori - tiori, jeung data
– data panalungtikan anu geus aya anu medal dina jurnal boh lokal boh internasional. Konsép, tiori, jeung panalungtikan anu geus aya anu bakal dipedar dina ieu tésis nya éta tiori ngeunaan kandaga kecap, tiori ngeunaan téks narasi, psikolinguistik perkembangan, jeung konsép pangajaran maca.
Dina bab III bakal dipedar ngeunaan métodeu panalungtikan. Leuwih rinci eusi tina bab III nya éta ngeunaan lokasi jeung sample panalungtikan, desain panalungtikan, métodeu panalungtikan, instrumén panalungtikan, téknik ngumpulkeun jeung nganalisis data.
Panalungtik medar hasil panalungtikan dina bab IV. Dina bab IV panalungtik
ngadéskripsikeun ngeunaan prosés ngolah data panalungtikan pikeun
ngahasilkeun data anu bisa ngajawab rumusan masalah panalungtikan. Satuluyna, panalungtik medar analisis data panalungtikan. Sabadana ngolah data jeung nganalisis data panalungtikan, panalungtik bakal nyieun kacindekan anu dipidangkeun dina bab V. Dina ieu bab, panalungtik midangkeun hasil tapsiran jeung ngamaknaan tina hasil analisis panalungtikan.
(3)
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
5.1 Kacindekan
Kandaga kecap dina karangan narasi murid sakola dasar nuduhkeun kamampuh murid dina ngedalkeun pangalamanana jeung pamadeganana dina wangun tinulis maké basa Sunda. Tina 16 karangan kapanggih aya 650 kecap anu frékuénsi makéna 2520 kecap. Sabadana dilakukeun analisis ngeunaan wanda kecapna kapanggih data yén kecap dasar kapanggih aya 216 kecap. Tina 216 kecap di wincik yén istilah pancakaki aya 17 kecap, istilah anggota badan sakecap, kecap gaganti 5 kecap, kecap bilangan 22 kecap, kecap pagawéan 113 kecap, kecap sipat 60 kecap, kecap barang 293 kecap. Wangun kecap anyar aya 74 kecap. Kecap pancén aya 126 kecap. Nurutkeun ahli yén murid bakal nyangkem leuwih loba nomina tibatan verba. Tina hasil panalungtikan témbong yén nomina leuwih loba dicangkem tibatan vérba.
Tina karangan narasi anu ditulis ku murid ogé kapanggih kecap – kecap anu kapangaruhan ku basa séjén /interférénsi. Interférénsi anu kapanggih nya éta aya basa Indonésia, basa Inggris, jeung basa Arab.
Tina karangan narasi anu ditulis ku murid rélatif luyu jeung kamekaran umur murid. Sabada dianalisis kapanggih 640 kecap anu luyu jeung kamekaran umur murid. Lian ti éta ogé kapanggih kekecapan anu cocog keur panyatur déwasa. Kecap – kecap anu teu luyu jeung kamekaran umur murid aya 10 kecap.
Karangan narasi anu ditulis ku murid bisa jadi salasahiji alternatif pikeun bahan pangajaran maca. Kamampuh kandaga kecap raket patalina jeung kaparigelan maca. Tina 16 karangan anu ditulis ku murid aya 5 karangan anu dianggap cocog pikeun bahan pangajaran maca ditilik tina tingkat interférénsina jeung alur karangan narasi anu ditulis ku murid sakola dasar.
5.2 Saran
Saréngséna panalungtikan ngeunaan kandaga kecap murid sakola dasar, panalungtik nuliskeun sababaraha saran, diantarana :
a. Guruperlu ningkatkeun pangajaran kandaga kecap kalawan
(4)
56
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
b. Perluna ningkatkeun layanan ti sakabéh warga sakola saperti kepala sekolah jeung guru dina raraga ngamumulé basa jeung budaya Sunda. Salasahiji tarékahna ku cara ngeuyeuban buku bacaan basa Sunda pikeun ningkatkeun kandaga kecap murid sakola dasar.
c. Tina kandaga kecap dina karangan narasi anu ditulis ku murid sakola dasar, lingkungan sakola jeung kulawarga milu mangaruhan kana kekecapan dina kandaga kecap murid. Kukituna, perluna gawé bareng antara sakola jeung kulawarga pikeun ngabantu kana pancén pangajaran basa Sunda.
(5)
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Alwasilah, A. Chaedar. (2002). Pokoknya Kualitatif. Bandung: PT. Kiblat Utama. Chaer, Abdul. (2007). Leksikologi dan Leksikografi Indonesia. Jakarta: PT. Rineka Cipta.
Dale, Edgar dkk.(1971). Techniques of Teaching Vocabulary. United States of America: Field Educational Publications Incorporated.
Djajasudarma, T. Fatimah. (2013). Fonologi dan Gramatika Sunda. Bandung: PT. Refika Aditama
Hasan. (2011). Catatankang Hasan (JenisKosakata). Diaksesti:
http://www.google.com/gwt/x?hl=id&u=http://hasan2u.blogspot.com/2011
/03/jenis-jenis- kosakota.html&source=s&q=Jenis+kosakata+tarigan&sa=X&ei=x2_-VIaBJpGSuATIsYHgDQ&ved=0CAwQFjABOAI.
Husen, H. Akhlan &Rahman. (1996/1997). Perencanaan Pengajaran Bahasa. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan Dirjen Dikdasmen Bagian Proyek Penataran Guru SLTP setara D-III.
Keraf, Gorys. (2007). Argumentasi dan Narasi. Jakarta: PT. Gramedia Pustaka Utama.
Kusmayati, Nurita Bayu. (2009). Penguasaan Kosakata Siswa dalam Pembelajaran Keterampilan Berbahasa dalam Jurnal Bahasa dan sastra dalam Perspektif pendidikan. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonesia FPBS UPI.
Prawirasumantri, Abud dkk. (2007). Kamekaran, Adegan jeung Kandaga Kecap Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.
Resmini, Novi, Tatat Hartati. (2006). Kapita Selekta Bahasa Indonesia. Bandung: UPI Press.
Sudaryat, Yayat, spk. (2007). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: YramaWidya. Sugiyono. (2010). Metode Penelitian Pendidikan : Pendekatan Kuantitatif,
Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.
(6)
58
Leli Salimatul Hapsah, 2015
KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tarigan, Henry Guntur. (2008). Membaca (sebagai suatu keterampilan