S BD 1105047 Chapter3

(1)

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan kuantitatif. Métode panalungtikanna métode kuasi ékspérimen. Hal ieu luyu jeung pamanggih Arikunto (2010, kc. 123) nétélakeun yén aya tilu desain panalungtikan, nya éta (1) one shot study, (2) pretest-postes, jeung (3) static group comparison. Desainna one group pretest-posttest design. Observasi anu dilakukeun dina ieu desain dilakukeun dua kali, nya éta saméméh panalungtikan jeung sabada panalungtikan. Observasi anu dilakukeun saméméh panalungtikan (O1) disebut pre-test, sedengkeun sabada panalungtikan (O2) disebut post-test. Sangkan leuwih jénté desain panalungtikan bisa katitén dina bagan ieu di handap.

Bagan 3.1 Katerangan:

O1 = Pretest (hasil panalungtikan saméméh perlakuan)

X = treatment (diajar maca carita pondok ngagukeun modél pangajaran Timbal-balik)

O2 = posttest (hasil panalungtikan sabada ngagunakeun modél pangajaran Timbal-balik)

Arikunto (2010, kc. 123)

3.2 Sumber Data

Arikunto (2010, kc. 172) nétélakeun yén sumber data mangrupa subjék timana data dimeunangkeun. Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah taun ajaran 2014/2015 anu jumlahna 28 ngawengku 13 lalaki jeung 15 awéwé. Anu jadi data ieu panalungtikan nya éta kamampuh maca carita pondok siswa.

3.3 Instrumén Panalungtikan

Arikunto (2010, kc. 203) nétélakeun yén Instrumén panalungtikan téh nya éta alat atawa fasilitas nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data sangkan pagawéan

(2)

27

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

leuwih babari jeung hasilna leuwih alus, dina harti taliti, lengkep, jeung sistematis nepi ka bakal leuwih babari dina ngolah data. Dina ieu panalungtikan instrumén nu digunakeun nya éta lembar tés wangun objéktif pilihan ganda.

Tes mangrupa réntétan patalékan atawa latihan sarta hiji alat anu digunakeun pikeun ngukur kaparigelan , pangaweruh inteligensi, kamampuan atawa bakat nu dipiboga ku individu atawa kelompok (Arikunto 2010, kc. 193). Tes dilakukeun pikeun ngumpulkeun data, nya éta pikeun ngukur kamampuh siswa dina maham eusi teks. Tes anu dilaksanakeun nya éta pretes jeung posttest. Tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta dina wangun soal-soal objektif tinulis anu ngawengku tés pilihan ganda. Soal-soal tés jumlahna 20 soal. Sangkan leuwih jéntré, ieu di handap dipedar kisi-kisi soal pretest jeung posttest.

3.3.1 Kisi-kisi Instrumen Tés

Kisi soal dina ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun méré watesan ngeunaan instrumén anu bakal dibikeun ka siswa. Kisi-kisina saperti ieu di handap.

Tabél 3.1

Kisi-kisi Instrumen Tés Kamampuh Maca Carita Pondok Pretest jeung Posttes

No. Unsur Intrinsik Carpon

Jenjang Kognitif Jumlah Soal

C1 C2 C3

Tema 6 1

Palaku 1, 2 11,12,13 15 6

Latar 3, 4, 5 10,14 5

Amanat 9 1

Galur 7 1

Gaya basa 16,17,18,19,20 5

Puseur panitén 8 1

Jumlah 5 9 6 20

Katerangan: C1 = Nginget C2 = Maham C3 = Nganalisis

(3)

28

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Validitas nya éta hiji ukuran anu nunjukrun tingkatan valid henteuna hiji instrumen. Instrumén anu valid miboga validitas nu luhur, sedengkeun instrumén nu kurang valid miboga validitas nu handap. Hiji instrumén bisa disebut valid saupama mampu ngukur naon nu dibutuhkeun, bisa ngungkeb data tina variabel nu ditaliti sacara tepat. Rumusna nya éta:

(Arikunto 2010, kc. 213) Katerangan:

= koéfisién korélasi antaravariabel x jeung variabel y n = jumlah subyék

x = X- ̅, simpangan rata-ratatina data kelompok variabel X y = Y- ̅, simpangan rata-rata tina data kelompok variabel Y

Nurutkeun Arikunto (2013, kc. 75) klasifikasi validitas dijelaskeun dina tabél di handap.

Tabél 3.2

Klasifikasi Validitas Butir Soal

Interfal Katégori

0,00 – 0,20 Handap pisan

0,20 – 0,40 Handap

0,40 – 0,60 Sedeng

0,60 – 0,80 Luhur

0,80 – 1,00 Luhur pisan

Dina uji validitas data digunakeun oge bantuan Microsoft Excel. Hasil perhitungan koéfisién korélasi tina 20 soal ditétélakeun dina ieu tabél.

Tabél 3.3

Hasil Perhitungan Uji Validitas No Koéfisién Korélasi Kritéria

(1) (2) (3)

1 0,34 Handap

2 0,39 handap

3 0,42 Sedeng

4 0,32 Handap

5 0,35 Handap

6 0,46 Sedeng

7 0,65 Luhur

∑ ∑ ∑

(4)

29

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

8 0,62 Luhur

9 0,47 Sedeng

10 0,44 Sedeng

11 0,36 Handap

12 0,41 Sedeng

13 0,45 Sedeng

(1) (2) (3)

14 0,37 Handap

15 0,50 Sedeng

16 0,68 Luhur

17 0,49 Sedeng

18 0,66 Luhur

19 0,52 Sedeng

20 0,55 Sedeng

Nurutkeun Masrun (dina Sugiyono, 2012, kc. 188) yén ayana sarat minimum pikeun dianggap nyumponan sarat validitas nya éta r = 0,3. Katitén tina tabél diluhur, instrumén dina butir soal > 0,3 sahingga butir soal dina ieu instrumén valid.

3.3.3 Uji Réabilitas

Réabilitas nya éta tolak ukur hiji instrumén anu digunakeun salaku alat ngumpulkeun data naha éta instrumén geus ajeg atawa bisa dipercaya. Téhnik anu digunakeun dina ieu uji réabilitas nya éta téhnik beulah dua ganjil genap ( split-halp method). Mimitina hasil tés dibagi 2 jadi skor nomor ganjil jeung skor nomor genap. Koéfisién belahan di notasikeun ku

sarta bisa diitung ngagunakeun rumus korélasi angka kasar pearson. Tuluy koéfisién réabilitas sagemblengna diitung maké rumus Spearman Brown.

Katerangan:

= réabilitas instrumén

= skor-skor dina beulahan tés

(Arikunto, 2010, kc. 223)

(5)

30

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Klasifikasi réabilitas digambarkeun dina tabél di handap. Tabél 3.4

Klasifikasi Réabilitas Butir Soal

Interval Katégori

(1) (2)

0,90 ≤ Luhur pisan

0,70 ≤ Luhur

(1) (2)

0,40 ≤ Sedeng

0,20 ≤ Handap

Handap pisan

Uji réabilitas instrumén dilakukeun ngagunakeun microsoft excel. Hasil koéfisién belahan

= 0,84 , sedengkeun koéfisién sagemblengna . Sakumaha kritéria koéfisién réabilitas di luhur ieu soal kaasup kana drajat réabilitas luhur. Ku kituna, dumasar kana uji validitas jeung réabilitas di luhur, instrumén soal anu digunakeun geus nyumponan kritéria valid jeung réliabel sahingga ieu instrumén bisa digunakeun pikeun alat ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan.

3.4 Prosedur Panalungtikan

Prosedur panalungtikan mangrupa léngkah-léngkah anu bakal dilaksanakeun dina panalungtikan. Pamarekan ieu panalungtikan nya éta desain kuantitatif kalawan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén. Desain anu anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta pretest-posttest. Prosédur panalungtikan baris ditétélakeun ieu di handap.

1) Tatahar

Dina tahap tatahar ieu panalungtik ngayakeun survey ka sakola anu baris dilaksanakeun panalungtikan nya éta MTs Khoerul Falah ngeunaan masalah naon anu karandapan ku siswa dina pangajaran Basa Sunda. panalungtik ngarancang léngkah-léngkah nu baris dilaksanakeun dina panalungtikan pikeun ngungkulan masalah anu aya nya éta ngagunakeun Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) pikeun ngaréngsékeun masalah dina maca carita pondok.

(6)

31

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Anu jadi variabél dina ieu panalungtikan aya dua, nya éta variabel bébas mangrupa variabél anu dipangaruhan ku variabel lianna, dina ieu panalungtikan nya éta Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) anu mangaruhan. Sedengkeun variabel kauger mangrupa variabel anu dipangaruhan ku variabel bébas, dina ieu panalungtikan nya éta kamampuh siswa kelas VIII-A MtsKhoerul Falah dina maca carita pondok.

2) Ngalaksanakeun Panalungtikan jeung Ngumpulkeun Data

Sakumaha masalah anu kapanggih dina pangajaran maca, pikeun ngumpulkeun data panalungtik ngalaksanakeun panalungtikan ka kelas. Téhnik anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés anu dilaksanakeun dua kali nya éta pretest anu dilaksanakeun saméméh ngagunakeun modél nya éta pikeun mikanyaho kamampuh maca carita pondok siswa saméméh ngagunakeun Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching). Tés kadua nya éta posttest anu dilaksanakeun sabada ngagunakeun modél, anu tujuanna pikeun mikanyaho kamampuh maca carita pondok siswa sabada ngagunakeun Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching).

Léngkah-léngkah nu dilaksanakeun dina téhnik ngumpulkeun data nya éta ieu di handap.

a. Siswa maca hiji carpon ”Duh Indung” kalawan taliti b. Siswa ngerjakeun pretest.

c. Siswa ngaregepkeun matéri ngeunaan carpon anu ditepikeu ku guru.

d. Siswa dijelaskeun ku guru ngeunaan tahap-tahap pangajaran maca carita pondok ku ngagunakeun Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) nu ngawengku: ngaramalkeun, nyieun patalékan/jawaban, ngajelaskeun, jeung ngarangkum, siswa ngaregepkeun sangkan bisa nyangkem pangajaran ieu.

e. Siswa maca hiji carpon kalawan taliti nu eusina kudu diramalkeun ku siswa. f. Siswa ngalaksankeun prosés diajar-ngajar ngagunakeun Modél Pangajaran

Timbal-balik (Reciprocal Teaching).

g. Siswa jeung guru nyimpulkeun hasil pangajaran.

(7)

32

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ku ayana ieu panalungtikan bisa katitén bédana kamampuh maca siswa tina data pretest jeung posttest.

3) Nganalisis Data

Sanggeus dilaksanakeun panalungtikan geus tangtu aya data pretest jeung posttest, sahingga panalungtik miboga pancén pikeun nganalisis data ku cara naggunakeun rumus-rumus statistik.

4) Kacindekan

Sanggeus dilaksanakeun sakabéh prosedur panalungtikan anu ngawengku tatahar, ngalaksanakeun panalungtikan, jeung nganalisis data, panalungtik nyieun kacindekan tina sakabéh prosés anu geus dilaksanakeun salila panalungtikan.

3.5 Analisis Data

3.5.1 Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data digunakeun pikeun maluruh jawaban tina pasualan anu kapanggih dina panalungtikan. Ngolah data miboga tujuan pikeun mikanyaho hasil pretest jeung posttest sahingga kapaluruh bédana antara hasil pretest jeung hasil posttest sarta pikeun ngajawab masalah-masalah anu karandapan salila panalungtikan.

Ngolah data tés dilaksanakeun ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap. 1) Mariksa hasil pretest jeung posttest

2) Méré peunteun hasil pretest jeung posttest, ngagunakeun rumus:

Katerangan: P = peunteun

Skor siswa = peunteun siswa

Skor maksimal = peunteun maksimal

3) Skor ahir siswa diasupkeun kana tabél di handap. Tabél 3.5

Skor Hasil Peunteun Siswa

No Nama C1 C2 C3 P % Katégori

P =

(8)

33

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

∑ ̅

Katerangan: C1 = Nginget C2 = Maham C3 = Nganalisis

∑ = Jumlah Skor ̅ = Rata-rata P = Peunteun Kategori peunteun:

Peunteun ≥ 75 dianggap mampuh Peunteun ≤ 75 dianggap can mampuh 3.5.2 Uji Sipat Data

Data hasil ngolah diuji sipat datana ku cara uji normalitas jeung uji homogénitas.

3.5.2.1 Uji Normalitas

Uji normalitas ditujukeun pikeun ngayakinkeun yén kamampuh siswa téh mibanda distribusi anu normal. Salaku sarat anu kudu dicumponan pikeun nguji kamampuh dua rata-rata, pikeun nangtukeun yén data téh mibanda sipat anu normal atawa henteu, bisa ngagunakeun rumus chi kuadrat ( .

Saméméh ngagunakeun chi kuadrat, dilakukeun heula léngkah-léngkah saperti ieu di handap.

1) Nangtukeun nilai panggedéna jeung pangleutikna 2) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus di handap.

3) Nangtukeun jumlah kelas interval, kalawan rumus:

4) Nangtukeun panjang kelas interval

r = Peunteun pangluhurna – Peunteun panghandapna

k = 1 + 3,3 log n

(9)

34

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5) Nyieun tabél frékuénsi peunteun tés awal (pretest) jeung tés ahir (posttest) kalawan ngagunakeun tabél ieu di handap.

Tabél 3.6

Format Frékuénsi Peunteun pretest jeung posttest

No Kelas Interval

6) Ngitung rata-rata tés awal (pretest) jeung tés ahir (posttest) kalawan rumus:

Katerangan: ̅: rata-rata ∑ : jumlah fi : jumlah data xi : nilai tengah

(Sudjana, 2005, kc. 70) 7) Néangan standar deviasi, ngagunakeun rumus:

8) Ngitung frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspétasi. Carana nya éta: a) Nyieun tabél frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspétasi (perkiraan)

Tabél 3.7

Format Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspétasi Interval Oi BK L

b) Nangtukeun Oi (frékuénsi observasi) c) Nangtukeun batas kelas interval (bk)

̅ = ∑ ∑

Sd = √ ∑

(10)

35

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

d) Ngitung (transformasi normal standar bébas kelas)

e) Nangtukeun

f) Nangtukeun lega kelas interval (L)

g) Ngitung frékuénsi ékspétasi, ku cara:

h) Nangtukeun chi kuadrat anu rumusna

(Sudjana 2005, kc. 273) i) Nangtukeun derajat kabébasan (dk)

(Sudjana 2005, kc. 293) j) Nangtukeun harga

k) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria ieu di handap.

Lamun hartina distribusi data normal, tapi upama Lamun hartina distribusi data teu normal

Sabada dilaksanakeun uji normalitas, sarta data anu dihasilkeunana normal, hal anu kudu dilaksanakeun satuluyna nya éta uji homogénitas varian anu fungsina pikeun nangtukeun uji paramétrik nu luyu.

3.5.2.2 Uji Homogénitas

Uji homogénitas dilaksanakeun pikeun mikanyaho homogén atawa henteuna variasi sampel dina populasi anu sarua, pikeun nangtukeun homogén henteuna nya éta ngaliwatan léngkah-léngka saperti di handap.

1) Nangtukeun variasi masing-masing kelompok kalawan ngagunakeun rumus: Variasi tés awal (pretest)

Z = ̅

L =

Ei = n x L

(11)

36

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Variasa tés ahir (posttest)

(Sudjana 2005, kc. 95) 2) Ngitung harga variasi (F)

3) Ngitung derajat kabébasan

4) Nangtukeun harga

5) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria hartina variasi sampel homogén hartina distribusi data teu homogén

(Sudjana, 2005, kc. 250)

3.5.3 Uji Gain

Uji gain miboga tujuan pikeun nangtukeun béda antara hasil pretest jeung posttest. Hasil tina uji gain bisa méré gambaran ngeunaan pangaruh dilarapkeunna modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok ka siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah Taun Ajaran 2014/2015.

Tabél 3.8

Uji Gain. Tingkat Kamampuh Maca Carita Pondok No. Nama Siswa Pretest Posttest D

̅

= ∑ ∑

∑ ∑

F =

(12)

37

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.5.4 Uji Hipotésis

Dina nguji hipotésis aya dua cara. Kahiji, saupama data hasil uji normalitas nuduhkeun yén data miboga distribusi anu normal, dina nguji éta data téh hipotésisna ngagunakeun statistik paramétris kalawan ngagunakeun uji t- tés. Kadua, saupama data hasil uji normalitas téh nuduhkeun yén data miboga distribusi anu teu normal, dina nguji éta data hipotésisna ngagunakeun statistik non-paramétris kalawan ngagunakeun uji Wilconon.

1) Statistik Paramétris

Statistik paramétris digunakeun saupama data miboga distribusi normal. Léngkah-léngkah dina statistik paramétris nya éta ieu di handap.

a) Ngitung rata-rata tina béda antara peunteun tés awal jeung tés ahir, rumusna:

b) Ngitung derajat kabébasan

c) Ngitung jumlah kuadrat deviasi

d) Ngitung I

Katerangan:

t : tés signifikansi

Md : rata-rata tina béda hasil awal jeung ahir siswa ∑ : jumlah kuadrat deviasi

n : jumlah subjék dina sampel

e) Ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria ieu di handap.

 Saupama > hartina hipotésis ditarima, yén aya béda anu signifikan antara kamampuh siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah Md = ∑

dk = n - 1

∑ ∑ ∑

t = √

(13)

38

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Taun Ajaran 2014/2015 saméméh jeung sabada dilarapkeuna modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok.

 Saupama < hartina hipotésis ditolak, yén aya béda anu signifikan antara kamampuh siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah Taun Ajaran 2014/2015 saméméh jeung sabada dilarapkeuna modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok.

2) Statistik Non-Parametris

Statistik non-parametris digunakeun saupama data hasil uji normalitas nuduhkeun yén data miboga distribusi data nu teu normal, dina nguji éta data kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon. Sudjana (2005, kc. 450) léngkah-léngkah uji Wilcoxon nya éta:

a) asupkeun peunteun pretest kana kolom ka-2 (VIIIA1); b) asupkeun peunteun posttest siswa kana kolom ka-3 (VIIIB1);

c) itung bédana pretest jeung posttest ku cara VIIIB1-VIIIA1 tuluy asupkeun hasilna kana kolom ka-4;

d) nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil béda tina kolom ka-4 ti mimiti nilai béda anupangleutikna nepi ka panggedéna;

e) sanggeus ditataan (misalna aya nilai nu sarua) pikeun nangtukeun jenjangna éta nilai dijumlahkeun tuluy dibagi dua. Nilai tina hasil ngabagi mangrupa hasil jenjang;

f) sanggeus ditataan, asupkeun nilai jenjang JB kana kolom ka-5;

g) ngasupkeun nilai jenjang anu positif kana kolom ka-6, misalna aya nilai anu béda anu négatif kana kolom ka-7;

h) tingali kana tabél harga-harga kritis uji Wilcoxon, misal jumlah n = 23 kalawan ngagunakeun taraf kasalahan 5% = 73;

i) data nu geus diitung tuluy diasupkeun kana tabél uji Wilcoxon di handap. Tabél 3.9

Uji Wilcoxon

No XA1 XB1 Béda

XA1-XB1

Tanda Jenjang

(14)

39

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Katerangan:

XA1 = peunteun tés awal (pretest) XB1 = peunteun tés ahir (posttest)

j) ditarima henteuna hipotésis dina uji Wilcoxon ngagunakeun kritéria ieu di handap.

a. Saupama dumasar taraf nyata anu ditangtukeun, hartina Ha ditarima, yén aya béda anu signifikan antara kamampuh siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah taun ajaran 2014/2015 saméméh ngagunakeun Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching). b. Saupama dumasar taraf nyata anu ditangtukeun,

hartina Ha ditolak, yén aya béda anu signifikan antara kamampuh siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah taun ajaran 2014/2015 saméméh ngagunakeun Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching).

(1)

34

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5) Nyieun tabél frékuénsi peunteun tés awal (pretest) jeung tés ahir (posttest) kalawan ngagunakeun tabél ieu di handap.

Tabél 3.6

Format Frékuénsi Peunteun pretest jeung posttest No Kelas Interval

6) Ngitung rata-rata tés awal (pretest) jeung tés ahir (posttest) kalawan rumus:

Katerangan: ̅ : rata-rata

∑ : jumlah

fi : jumlah data xi : nilai tengah

(Sudjana, 2005, kc. 70) 7) Néangan standar deviasi, ngagunakeun rumus:

8) Ngitung frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspétasi. Carana nya éta: a) Nyieun tabél frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspétasi (perkiraan)

Tabél 3.7

Format Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspétasi Interval Oi BK L

b) Nangtukeun Oi (frékuénsi observasi) c) Nangtukeun batas kelas interval (bk)

̅ = ∑ ∑

Sd = √ ∑

(2)

35

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

d) Ngitung (transformasi normal standar bébas kelas)

e) Nangtukeun

f) Nangtukeun lega kelas interval (L)

g) Ngitung frékuénsi ékspétasi, ku cara:

h) Nangtukeun chi kuadrat anu rumusna

(Sudjana 2005, kc. 273) i) Nangtukeun derajat kabébasan (dk)

(Sudjana 2005, kc. 293) j) Nangtukeun harga

k) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria ieu di handap.

Lamun hartina distribusi data normal, tapi upama Lamun hartina distribusi data teu normal

Sabada dilaksanakeun uji normalitas, sarta data anu dihasilkeunana normal, hal anu kudu dilaksanakeun satuluyna nya éta uji homogénitas varian anu fungsina pikeun nangtukeun uji paramétrik nu luyu.

3.5.2.2 Uji Homogénitas

Uji homogénitas dilaksanakeun pikeun mikanyaho homogén atawa henteuna variasi sampel dina populasi anu sarua, pikeun nangtukeun homogén henteuna nya éta ngaliwatan léngkah-léngka saperti di handap.

1) Nangtukeun variasi masing-masing kelompok kalawan ngagunakeun rumus: Variasi tés awal (pretest)

Z = ̅

L =

Ei = n x L

(3)

36

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Variasa tés ahir (posttest)

(Sudjana 2005, kc. 95) 2) Ngitung harga variasi (F)

3) Ngitung derajat kabébasan

4) Nangtukeun harga

5) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria

hartina variasi sampel homogén

hartina distribusi data teu homogén