S BD 1202958 Chapter1

1

BAB I
BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Basa Sunda téh raket patalina jeung prosés mikir anu jadi dadasar basa hiji
jalma. Ieu hal luyu jeung anu ditétélakeun ku Tarigan (2013, kc. 1) yén basa hiji
jalma téh ngagambarkeun pikiranana. Jalma anu parigel dina ngagunakeun
basana, beuki alus jeung hadé jalan pikiranna.
Ayana pangajaran di sakola téh salah sahiji cara enggoning ngalarapkeun
basa Sunda anu bener jeung merenah. Dina ngalarapkeun basa Sunda anu bener,
siswa kudu ngawasa opat kaparigelan basa anu ngawengku kaparigelan
ngaregepkeun (listening skill), kaparigelan nyarita (speaking skill), kaparigelan
maca (reading skill), jeung kaparigelan nulis (writing skill). Ku kituna, siswa kudu
bener-bener nyangking sakabéh aspék kaparigelan basa sangkan kamampuh siswa
ngaronjat dina ngagunakeun basa salaku alat komunikasi sapopoé.
Kaparigelan nulis mangrupa kagiatan dina nepikeun pikiran, perasaan, jeung
kahayang sacara tinulis anu bakal ngalatih nalar hiji jalma. Ieu kaparigelan kaasup
kana kagiatan produktif (ngahasilkeun tulisan) dina basa tinulis. Ngahasilkeun
tulisan atawa nyieun karangan téh lain hal nu gampang. Ieu hal luyu jeung

pamadegan Heaton (dina Slamet, 2008, kc. 141) yén nulis mangrupa kaparigelan
anu hésé jeung kompléks. Sabab gagasan anu diébréhkeun ku nu nulis téh bisa
nepi ka nu maca kalayan maham jeung ngarti kana naon anu dimaksud ku nu
nulis. Kaparigelan nulis ogé teu datang sacara otomatis, tapi kudu ngaliwatan
latihan jeung prakték anu rutin.
Pangajaran nulis bisa dina rupa-rupa widang, boh widang sastra boh widang
non-sastra. Salah sahiji tulisan dina widang sastra nyaéta guguritan. Nurutkeun
Iskandarwassid (2010, kc. 45), guguritan nyaéta karangan puisi nu mangrupa
dangding, anu teu kawilang panjang. Ku lantaran teu panjang téa, biasana mah
ukur dina hiji pupuh, tara gunta ganti cara dina wawacan, sarta ilaharna mah
eusina henteu ngawujud carita (naratip). Dibacana biasana mah dihariringkeun
maké lalaguan anu geus matok ku aturan pupuh.

Tanti Kusmiati, 2016
MODÉL QUANTUM WRITING PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS GUGURITAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

2

Pangajaran nulis guguritan kaasup kana salah sahiji pangajaran anu aya di

SMP kelas VIII. Ieu hal luyu jeung anu aya dina Standar Kompetensi dan
Kompetensi Dasar (SKKD) Bahasa dan Sastra Sunda SMP/MTS Kelas VIII
Tahun 2006. Asupna guguritan kana pangajaran di sakola téh mangrupa salah
sahiji tarékah dina ngawanohkeun sastra jeung budaya Sunda. Lantaran, kiwari
geus langka anu nulis jeung midangkeun guguritan.
Kiwari, jarang siswa anu bisa nulis guguritan, maca guguritan ogé can tangtu
pernah. Nulis atawa nyieun guguritan téh lain hal nu gampang, komo keur budak
sakola anu teu apal kana sastra jeung budaya Sunda mah. Ku kituna, siswa anu teu
wanoh kana guguritan bakal ngarasa hésé dina ngébréhkeun ide jeung kahayangna
kana wangun guguritan kalayan ngagunakeun unsur-unsur guguritan anu hadé.
Unsur-unsur guguritan anu lengkep tur alus ngarojong kana kualitas guguritan anu
dijieunna.
Sababaraha pasualan anu geus dipedar mangrupa bangbaluh dina pangajaran
nulis guguritan anu kudu dikokolakeun, sangkan kualitas pangajaran basa Sunda
hususna pangajaran nulis guguritan bisa leuwih dipikaresep, dipikawanoh jeung
siswa bisa nyieun guguritan kalayan kualitas anu alus. Lian ti éta, dipiharep guru
boga kaparigelan dina ngokolakeun kelas jeung nepikeun bahan ajar sangkan
siswa teu ngarasa bosen kana prosés diajar ngajar dina pangajaran basa Sunda.
Salah sahiji tarékah pikeun ngungkulan sawatara pasualan nu geus dipedar
nyaéta ku cara ngagunakeun modél pangajaran. Ku ayana modél pangajaran,

dipiharep ngaronjatkeun minat jeung motivasi siswa sangkan daék jeung resep
diajar nulis, utamana guguritan. Modél pangajaran kudu anu aktif, kréatif tur
inovatif pikeun prosés diajar ngajar. Sok sanajan euweuh modél pangajaran anu
bener-bener sampurna, tapi diusahakeun guru kudu bisa néangan modél
pangajaran anu cocog jeung éféktif tur bisa ngaronjatkeun kualitas prosés diajar
jeung hasil diajar siswa.
Kamampuh siswa dina maham matéri guguritan nepi ka bisa nulis atawa
nyieun guguritan téh gumantung kana prosés diajarna, sarta modél pangajaran anu
digunakeunna. Loba rupana modél pangajaran téh, salah sahijina modél Quantum
Writing. Modél Quantum Writing nyaéta interaksi dina prosés diajar anu mampuh
ngarobah poténsi nulis anu aya dina diri manusa jadi gairah/ledakan (dina

Tanti Kusmiati, 2016
MODÉL QUANTUM WRITING PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS GUGURITAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

3

nyangking hal-hal anu anyar) anu bisa ditépakeun ka jalma séjén (Hernowo, 2004,
kc. 10). Modél Quantum Writing salah sahiji bongbolongan dina mekarkeun

poténsi jeung kamampuh siswa dina pangajaran nulis. Ieu modél pangajaran téh
dipiharep jadi titik pamiangan pikeun ngungkulan pasualan kurangna kamampuh
nulis guguritan.
Panalungtikan modél Quantum Writing pikeun ngaronjatkeun kamampuh
nulis téh geus dilaksanakeun saméméhna. Panalungtikan ku Antonius Alam
Wicaksono mahasiswa Universitas Negeri Surabaya ngeunaan “Penerapan
Strategi Quantum Writing Untuk Meningkatkan Keterampilan Menulis Narasi
Siswa Sekolah Dasar” kalayan hasil nu ngaronjat. Panalungtikan skripsi ku Asri
Widiarti mahasiswa STKIP Bandung ngeunaan “Pembelajaran Menulis Artikel
Dengan Menggunakan Metode Quantum Writing” kalayan hasil nu ngaronjat.
Panalungtikan anu dilaksanakeun ku panalungtik bédana jeung sababaraha
panalungtikan saméméhna nyaéta udagan anu rék dironjatkeun ngaliwatan modél
Quantum Writing dina kamampuh nulis guguritan.
Miang tina pasualan-pasualan anu geus dipedar, panalungtikan anu judulna
“Modél Quantum Writing pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Guguritan
(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII-5 SMP Negeri 43 Bandung Taun
Ajaran 2015/2016)”, perlu dilaksanakeun.

1.2 Rumusan Masalah
Dumasar kasang tukang anu geus dipedar, hal anu ditalungtik ngawengku

kamampuh nulis guguritan siswa saméméh jeung sabada ngagunakeun modél
Quantum Writing jeung léngkah diajar ngagunakeun modél Quantum Writing.
Kamampuh nulis gururitan siswa diukur tina opat unsur, nyaéta unsur eusi
(poko tulisan, pamadegan pangarang kana tuisan, peristiwa satukangeun tulisan,
amanat, rasa nu timbul, hubungan antara pangarang ka nu maca), unsur basa (sora
basa, kecap jeung kalimah, babasan jeung paribasa, jeung purwakanti), unsur
pupuh (guru lagu, guru wilangan, pedotan, jeung keutuhan/gembleng), jeung
unsur wangun karangan (déskripsi, bahasan, arguméntasi, carita, jeung
paguneman). Hal dina ieu panalungtikan diwatesanan, nyaéta: unsur eusi (poko

Tanti Kusmiati, 2016
MODÉL QUANTUM WRITING PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS GUGURITAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

4

tulisan jeung amanat); unsur basa (pilihan kecap); unsur pupuh (guru lagu jeung
guru wilangan); jeung unsur wangun karangan (carita).
Léngkah (syntax) dina modél Quantum Writing nyaéta pengelompokan
(clustering), draft-kasar, berbagi (umpan balik), ngaropéa (memperbaiki),

penyuntingan, nuliskeun deui (penulisan kembali), jeung évaluasi.
Dumasar kana pasualan anu geus dipedar, masalah dina ieu panalungtikan
dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.
a. Kumaha kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII-5 SMP Negeri 43
Bandung taun ajaran 2015/2016 saméméh ngagunakeun modél Quantum
Wriring?
b. Kumaha kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII-5 SMP Negeri 43
Bandung taun ajaran 2015/2016

sabada ngagunakeun modél Quantum

Wriring?
c. Naha aya béda anu signifikan kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII-5
SMP Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016 antara saméméh jeung sabada
ngagunakeun modél Quantum Wriring?

1.3 Tujuan Panalungtikan
Anu jadi tujuan ieu panalungtikan ngawengku tujuan umum jeung tujuan
husus anu kaunggel ieu di handap.
1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungtikan nyaéta pikeun mikanyaho jeung nguji
signifikansi modél Quantum Writing dina kamampuh nulis guguritan siswa kelas
VIII-5 SMP Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016.
1.3.2 Tujuan Husus
Tujuan husus ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun:
a. kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII-5 SMP Negeri 43 Bandung taun
ajaran 2015/2016 saméméh ngagunakeun modél Quantum Writing;
b. kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII-5 SMP Negeri 43 Bandung taun
ajaran 2015/2016 sabada ngagunakeun modél Quantum Writing, jeung

Tanti Kusmiati, 2016
MODÉL QUANTUM WRITING PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS GUGURITAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

5

c. béda signifikan kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII-5 SMP Negeri 43
Bandung taun ajaran 2015/2016 antara saméméh jeung sabada ngagunakeun
modél Quantum Wriring.


1.4 Mangpaat Panalungtikan
Unggal panalungtikan anu dilaksanakeun tangtu kudu miboga mangpaat.
Mangpaat ieu panalungtikan ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis
anu kaunggel ieu di handap.
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngeuyeuban élmu
pangaweruh ngeunaan modél pangajaran, hususna modél Quantum Writing dina
pangajaran nulis guguritan. Hasil ieu panalungtikan dipiharep méré gambaran yén
modél Quantum Writing bisa ngadeudeulan jeung ngajembaran cara ngajar
pangajaran basa Sunda.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis ieu panalungtikan nyaéta ieu di handap.
a. Pikeun Siswa, dipiharep bisa numuwuhkeun motivasi siswa dina nulis
guguritan, ngaronjatkeun tingkat maham matéri guguritan, sarta leuwih aktif
dina prosés diajar di kelas.
b. Pikeun Guru, bisa jadi bahan tinimbangan dina milih jeung ngagunakeun
modél pangajaran basa Sunda hususna pangajaran nulis, sangkan bisa nyieun
kréasi jeung inovasi modél pangajaran anu ngirut siswa sarta ngawangun kelas
anu interaktif tur komunikatif.
c. Pikeun Panalungtik, sangkan bisa ngaronjatkeun kualitas paélmuan jeung

ngalarapkeun modél pangajaran anu luyu jeung pangajaran nulis guguritan.
d. Pikeun nu Maca, dipiharep bisa ngabeungharan wawasan jeung pangaweruh,
hususna ngeunaan modél Quantum Writing dina nulis guguritan.
e. Pikeun Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda, jadi leuwih euyeub ku rupa-rupa
modél pangajaran anu hadé.

Tanti Kusmiati, 2016
MODÉL QUANTUM WRITING PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS GUGURITAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

6

1.5 Raraga Tulisan
Dina ieu skripsi, raraga tulisan diwangun ku lima bab, anu diwincik ieu di
handap.
Bab I Bubuka, anu ngawengku kasang tukang, rumusan masalah, tujuan
panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan.
Bab II Ulikan Tiori, anu ngawengku wangenan modél pangajaran, ciri-ciri
modél pangajaran, rungkun modél pangajaran, komponén modél pangajaran,
modél Quantum Writing, oriéntasi modél Quantum Writing, tujuan modél

Quantum Writing, prinsip modél Quantum Writing, léngkah-léngkah (syntax)
modél Quantum Writing, sistem sosial, peran/pancén guru, sistem pangrojong,
dampak instruksional, kaonjoyan jeung kahéngkéran modél Quantum Writing,
wangenan nulis, fungsi nulis, tujuan nulis, mangpaat nulis, wangenan guguritan,
unsur-unsur guguritan, pangajaran nulis guguritan dina Standar Kompetensi jeung
Kompetensi Dasar (SKKD) mata pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda SMP/MTS
tahun 2006, kamampuh nulis guguritan, panalungtikan saméméhna, kalungguhan
tioritis panalungtikan, jeung hipotésis.
Bab III Métode Panalungtikan, anu ngawengku desain panalungtikan, sumber
data panalungtikan, instrumén panalungtikan, prosedur panalungtikan, jeung
téhnik analisis data.
Bab IV Hasil Panalungtikan jeung Pedaran, anu ngawengku kamampuh nulis
guguritan siswa kelas VIII-5 SMP Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016
saméméh ngagunakeun modél Quantum Writing, kamampuh nulis guguritan siswa
kelas VIII-5 SMP Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016 sabada ngagunakeun
modél Quantum Writing, analisis béda signifikan kamampuh nulis guguritan
siswa kelas VIII-5 SMP Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016 antara
saméméh jeung sabada ngagunakeun modél Quantum Writing, jeung pedaran
hasil panalungtikan.
Bab V Kacindekan, Implikasi, jeung Saran pikeun panalungtikan anu

dilaksanakeun sabada ieu panalungtikan.

Tanti Kusmiati, 2016
MODÉL QUANTUM WRITING PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS GUGURITAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu