Kasang Tukang Panalungtikan BUBUKA

Nur Aisyah Suwanda, 2015 PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Dina hirup kumbuh masarakat, komunikasi kacida diperlukeun pikeun patali marga jeung papadana. Komunikasi bakal mulus banglus tur taya pasalia antarpanyatur saupama ngagunakeun basa nu merenah. Dina prakna, mindeng kajadian nalika ngedalkeun hiji gagasan, pesen nu diungkarakeun ku panyatur teu nepi atawa teu luyu jeung tujuan. Bisa waé pamiarsa ngarasa kasigeung atawa teu ngarti kana obrolan nu ditepikeun. Éta hal bisa disingkahan saupama pamaké basa ngarti kana situasi, boh kaayaan nu diajak nyarita boh kaayaan lumangsungna komunikasi. Pikeun ngungkulan pasualan di luhur, masarakat hususna urang Sunda tara togmol ceplak pahang dina ngungkarakeun katugenahna, tapi sok dibalibirkeun, sabab masarakat kacida merhatikeun tata titi, tindak tanduk, paripolah dina kahirupan sapopoé kaasup dina komunikasi. Kabiasaan saperti kitu téh geus diwariskeun turun tumurun ti karuhun urang, malah réa ungkara dina komunikasi nu geus matok adeganana. Ungkara saperti kitu téh disebutna pakeman basa. Sacara umum pakeman basa atawa idiom ngabogaan harti nu teu luyu jeung kaédah gramatikal, sarta mun dihartikeun saayana bisa jadi salah harti. Nu dikedalkeun ngaliwatan pakeman basa nya éta rupa-rupa pituduh, pituah, panggeuing, panyaram, atawa panyarék laku lampah anu dianggap teu bener. Anapon kecap-kecap anu digunakeun taya lian ti sesebutan anu kanyahoan ku urang: katénjo, kadéngé, kaambeu, karasa, jeung kapikir Sudaryat, 2003, kc. 92. Éta hal dirojong ku pamadegan Hidayat spk. 2007, kc. 195 anu nétélakeun yén omongan anu aya dina pakeman basa dilarapkeun ka jelema, ngan kecap-kecapna henteu dicokot tina ngaran babagian awak atawa paripolahpasipatan jelema baé, tapi aya tina ngaran barang salian ti jelema, saperti ngaran sasatoan atawa tatangkalan anu diwangun ku omongan geusan ngedalkeun kereteg haté atawa pikiran ka nu lian. Nur Aisyah Suwanda, 2015 PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Ungkara nu dikedalkeun bakal méré pangaruh anu leleb karasana saupama puguh gékgékanana sarta merenah larapna luyu jeung situasi komunikasi. Anapon dina komunikasi sapopoé, pakeman basa idiom dilarapkeun sacara lisan atawa tinulis. Sawatara pangarang ngagunakeun pakeman basa jadi gaya basa anu has dina karyana. Katapisan ngagunakeun pakeman basa dina komunikasi ngébréhkeun sakumaha kandaga kecap anu dikawasa. Dina kaayaan masarakat Sunda kiwari, teu sakumna masarakat tapis kana ngedalkeun katugenahna ngaliwatan pakeman basa. Lian ti éta, sawatara kandaga kecap dianggap ahéng alatan teu ngarti kana maksud tina ungkara nu ngandung pakeman basa. Éta hal balukar tina mingkin saeutikna masarakat anu ngagunakeun basa Sunda di lingkungan sapopoé, saperti di lingkungan kulawarga, masarakat, atawa sakola. Pangajaran basa Sunda nu dilarapkeun dina kahirupan sapopoé mangrupa salah sahiji tarékah pikeun ngungkulan heureutna kandaga kecap hususna anu patali jeung pakeman basa. Éta hal luyu jeung pedaran Haérudin jeung Kardana 2013, kc. 111 anu nétélakeun yén pangajaran kandaga kecap aya dina papayung pangajaran kamahéran basa, dina topik pangajaran maca, nyarita, nulis, jeung ngaregepkeun nu fungsina pikeun ngahontal tujuan pangajaran. Ku kituna, pangajaran anu dilarapkeun ka siswa kudu kontékstual tématis jeung eusi wacana sarta kudu miboga hubungan anu fungsional jeung lingkungan sangkan mibanda ma’na. Alatan euyeubna kandaga kecap anu dikawasa, mangaruhan kana lumangsungna komunikasi dina ngébréhkeun katugenah ngaliwatan hal anu katitén ku siswa dina kontéks makéna basa. Larapna pakeman basa nyampak dina komunikasi boh lisan atawa tinulis. Sacara tinulis pakeman basa kapaluruh dina wangun fiksi atawa nonfiksi. Novel mangrupa wangun karya sastra anu sipatna fiksi sarta euyeub ku kandaga kecap hususna istilah-istilah pakeman basa nu masih ahéng keur siswa. Analisis ngeunaan pakeman basa anu kapaluruh dina novel dijadikeun bahan pangajaran pikeun ngawanohkeun tur ngeuyeuban kandaga kecap ku cara dipatalikeun jeung aspék-aspék kaparigelan basa nya éta maca, nulis, ngaregepkeun, jeung nyarita. Nur Aisyah Suwanda, 2015 PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Ngawanohkeun kandaga kecap ka siswa magrupa tarékah pikeun ngaronjatkeun kamahéran basa. Sacara umum wanda pakeman basa anu dipikawanoh ku siswa ngan sakur babasan, paribasa, jeung gaya basa wungkul, sedengkeun wanda pakeman basa lianna saperti uga, caturangga, rakitan lantip, jeung cacandran henteu dipikawanoh ku siswa. Ku kituna, perlu diwanohkeun deui wanda-wanda pakeman basa lianna anu dilarapkeun dina kalimah. Dina Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda Berbasis Kurikulum 2013 Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2013, kc. 56 novel mangrupa bahan pangajaran anu dilarapkeun di SMA kelas XI. Novel anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira. Dina ieu novel euyeub ku istilah-istilah buhun utamana patali jeung wanda pakeman basa anu kiwari langka dilarapkeun dina wangun-wangun kalimah sapopoé saperti uga, rakitan lantip, jeung cacandran. Lian ti kandaga kecap, eusi dina ieu novel patali jeung sajarah Sunda pikeun ngajembaran pangaweruh anu patali jeung sajarah nu aya di tatar Sunda. Éta hal jadi dadasar nu nguatkeun dijadikeunana ieu novel salaku objék analisis ngeunaan pakeman basa ditilik tina segi semantik. Panalungtikan nu patali jeung pakeman basa téh lain hal anu anyar. Saméméhna kungsi aya panalungtikan anu judulna: “Babasan jeung Paribasa dina Kumpulan Carpon Kanyaa h Kolot Karangan Karna Yudibrata” Siswandi, 2005, “Babasan jeung Paribasa Tilikan Linguistik Antropologis” Novianti, 2012, “Gaya Basa Métafora dina Babasan jeung Paribasa Basa Sunda Tilikan Stilistika jeung Semantik” Anita Nurul Fauziah, 2014, jeung “Babasan jeung Paribasa nu Ngandung Ngaran Babagian Awak Tilikan Semantik” Femy Firmansyah, 2014. Panalungtikan di luhur ngan ngulik babasan jeung paribasa wungkul, henteu dipedar nepi ka wanda pakeman basa séjénna. Jaba ti éta, hasil tina panalungtikanana can dipatalikeun kana pangajaran basa jeung sastra Sunda. Nur Aisyah Suwanda, 2015 PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Pakeman basa penting dilarapkeun dina pangajaran alatan nyampak dina rupa- rupa kagiatan komunikasi, boh lisan boh tinulis. Sacara gembleng wanda pakeman basa anu dipatalikeun jeung pangajaran can kungsi dilaksanakeun. Ku kituna, panalungtikan nu judulna “Pakeman Basa dina Novel Pangéran Kornél Karangan R. Méméd Sastrahadiprawira pikeun Alternatif Bahan Pangajaran di SMA” dilaksanakeun.

1.2 Rumusan Masalah