Analisis Data MÉTODE PANALUNGTIKAN

Nur Aisyah Suwanda, 2015 PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu nalaah, jeung ngaidéntifikasi pangaweruh. Téhnik ulikan pustaka dilaksanakeun ku cara neuleuman buku-buku sumber anu aya pakuat-pakait jeung konsép tioritis katut bahasan pasualan panalungtikan Arikunto, 2013, kc. 75. Dumasar téhnik nu digunakeun, kawangun runtuyan léngkah-léngkah nu dilakukeun nalika ngumpulkeun data, nya éta: a. nangtukeun sumber data; b. maca novel Pangéran Kornél minangka sumber data nu dianalisis wangun pakeman basana; c. nyirian pakeman basa dina novel dumasar papasinganana; jeung d. nyalin data pakeman basa kana kartu data nu geus disadiakeun.

3.4 Analisis Data

Bodgan dina Sugiyono, 2013, kc. 244 nétélakeun analisis data adalah proses mencari dan menyusun secara sistematis data yang diperoleh dari hasil wawancara, catatan lapangan, dan bahan-bahan lain, sehingga dapat mudah dipahami, dan temuannya dapat diinformasikan kepada orang lain. Dina ieu panalungtikan, data nu geus dikumpulkeun téh tuluy diolah. Ari ngolah datana ngagunakeun téhnik analisis unsur langsung Immediate constituent IC analysis . Analisis unsur langsung dipaké pikeun nganalisis unsur-unsur anu ngawangun hiji basa kecap, frasa, klausa, atawa kalimah Wijayanto, 2008. Unsur-unsur anu dianalisisna nya éta wangun, wanda, jeung harti pakeman basa. Anapon léngkah-léngkah dina nganalisis ieu data nya éta: a. mariksa jeung narjamahkeun data pakeman basa anu geus dikumpulkeun; b. nyieun papasingan dumasar wanda pakeman basa; c ngadeskripsikeun wanda pakeman basa; d. nyieun kacindekan tina pakeman basa anu kapaluruh dina novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira; sarta e. nyusun bahan pangajaran pakeman basa tina novel Pangéran Kornél karangan

R. Méméd Sastrahadiprawira pikeun siswa SMA kelas XI.

Nur Aisyah Suwanda, 2015 PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG REKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar hasil analisis jeung deskripsi data anu geus ditepikeun dina pedaran saméméhna ngeunaan pakeman basa katut larapna dina pangajaran di SMA, bisa dicindekeun saperti ieu di handap. Kahiji, pakeman basa anu kapanggih dina novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira kapanggih 280 ungkara anu ngawengku paribasa, babasan, gaya basa, uga, kecap injeuman kiasan, rakitan lantip, jeung cacandran. Éta ungkara pakeman basa anu kapanggih téh aya dina wangun kecap, frasa, klausa, jeung kalimah anu teu bisa dihartikeun sacéréwélna atawa sacara gramatikal wungkul. Kadua, Tina 280 ungkara, wanda pakeman basa anu kapanggih dina novel téh ngawengku paribasa, babasan, gaya basa winangun pakeman basa, uga, kecap injeuman kiasan, rakitan lantip, jeung cacandran. Jumlah data wanda pakeman basa anu kapanggih téh aya 44 15,7 paribasa, 92 32,9 babasan, 38 13,57 gaya basa, 6 2,14 uga, 69 24,6 kecap injeuman kiasan, 28 10 rakitan lantip, jeung 3 1,1 cacandran. Tina wanda pakeman basa, paribasa, babasan, jeung gaya basa diwincik deui jadi sababaraha bagian. Paribasa dipasing-pasing dumasar jumlah jeung warna unsurna nya éta paribasa salancar aya 25 56,8 jeung paribasa jembar aya 19 43,2; disawang tina maksudna nya éta paribasa piluangeun aya 25 56,8, paribasa paréntah aya 3 6,8, jeung paribasa pituah aya 16 36,4; disawang tina cara gelarna nya éta paribasa tina asal kajadian aya 19 43,2, paribasa tina basa kabujanggaan aya 20 45,5, jeung paribasa tarjamahan tina basa asing aya 5 11,36; sarta disawang tina sumber babandinganana nya éta paribasa ngaran awak sakujur aya 6 13,6, paribasa ngaran sasatoan aya 9 20,5, paribasa ngaran tutuwuhan aya 4 9,1, paribasa ngaran kaayaan alam 5 11,4,