Rumusan Masalah Raraga Tulisan

Nur Aisyah Suwanda, 2015 PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Pakeman basa penting dilarapkeun dina pangajaran alatan nyampak dina rupa- rupa kagiatan komunikasi, boh lisan boh tinulis. Sacara gembleng wanda pakeman basa anu dipatalikeun jeung pangajaran can kungsi dilaksanakeun. Ku kituna, panalungtikan nu judulna “Pakeman Basa dina Novel Pangéran Kornél Karangan R. Méméd Sastrahadiprawira pikeun Alternatif Bahan Pangajaran di SMA” dilaksanakeun.

1.2 Rumusan Masalah

Sangkan ieu panalungtikan leuwih museur jeung teu lega teuing ambahanna, dina ieu panalungtikan dianalisis wanda pakeman basa nu ngawengku paribasa, babasan, gaya basa, caturangga, uga, kecap injeuman, rakitan lantip, jeung cacandran katut larapna dina pangajaran basa Sunda. Ku kituna, hal-hal nu jadi pasualan dina ieu panalungtikan baris didadarkeun ngaliwat kalimah pananya saperti di handap. a. Naon waé pakeman basa nu aya dina novel Pangéran Kornél Karangan R. Méméd Sastrahadiprawira? b. Kumaha wanda pakeman basa nu aya dina novel Pangéran Kornél Karangan R. Méméd Sastrahadiprawira? c. Kumaha larapna pakeman basa dina novel Pangéran Kornél Karangan R. Méméd Sastrahadiprawira pikeun alternatif bahan pangajaran di SMA?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Unggal panalungtikan hakékatna miboga tujuan minangka hal anu hayang kahontal nalika ngayakeun panalungtikan. Luyu jeung rumusan masalah nu didadarkeun, ieu panalungtikan miboga tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Nur Aisyah Suwanda, 2015 PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Sacara umum, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun maluruh jeung medar semantik ngeunaan pakeman basa dina novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung ngadeskripsikeun opat hal, nya éta: a. pakeman basa anu aya dina novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira; b. wanda pakeman basa dina novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira; jeung c. larapna pakeman basa dina novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira pikeun bahan pangajaran di SMA.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat, boh mangpaat tioritis boh mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun ngajembaran pangaweruh jeung ngeuyeuban kandaga kecap ngeunaan pakeman basa nu gumulung dina hirup kumbuh masarakat anu dipasing-pasing dumasar wanda pakeman basa. Jaba ti éta hasil tina ieu panalungtikan bisa ngeuyeuban élmu semantik.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun sababaraha pihak, saperti guru, siswa, jeung panalungtik anu dideskripsikeun saperti ieu di handap. a. Pikeun guru, hasil panalungtikan bisa dijadikeun bahan pangajaran di SMA. Nur Aisyah Suwanda, 2015 PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu b. Pikeun siswa, hasil panalungtikan ngawanohkeun jeung ngajembaran pangaweruh ngeunaan pakeman basa pikeun dilarapkeun dina hirup kumbuh sapopoé. c. Pikeun panalungtik, hasil panalungtikan bisa ngeuyeuban kandaga kecap hususna ngeunaan pakeman basa nu kapaluruh dina Novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira.

1.5 Raraga Tulisan

Hasil panalungtikan dipidangkeun dina lima bab saperti ieu di handap. Bab I Bubuka, ngawengku kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung raraga tulisan. Bab II Ulikan Pustaka, ngawengku ulikan tiori, panalungtikan saméméhna, kalungguhan tioritis panalungtik, raraga mikir, jeung anggapan dasar. Bab III Métode Panalungtikan, ngawengku desain panalungtikan, sumber data, jeung ngumpulkeun data anu eusina instrumén pangumpul data, jeung téhnik ngumpulkeun data, sarta analisis data. Bab IV Hasil Panalungtikan jeung Pedaran, didéskripsikeun hasil panalungtikan jeung pedaran ngeunaan pakeman basa anu kapaluruh dina novel Pangéran Kornél, karangan R. Méméd Sastrahadiprawira dumasar hasil ngolah jeung nganalisis luyu jeung rumusan masalah panalungtikan. Bab V Kacindekan, Implikasi, jeung Rékoméndasi, nu eusina mangrupa kacindekan tina panalungtikan anu geus dilaksanakeun, tur ditétélakeun implikasi jeung rékoméndasina. Nur Aisyah Suwanda, 2015 PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan digunakeun pamarekan kualitatif kalawan métode deskriptif. Data anu dicangking mangrupa kekecapan anu eusina gambaran deskriptif ngeunaan wanda jeung harti pakeman basa dina novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira. Éta hal dirojong ku pamanggih Basrowi jeung Suwandi 2008, kc. 22 penelitian kualitatif adalah penelitian yang berangkat dari inkuiri naturalistik yang temuan-temuannya tidak diperoleh dari prosedur penghitungan secara statistik. Sajalan jeung éta pedaran, Moleong 2007, kc. 6 nétélakeun penelitian kualitatif adalah penelitian yang bermaksud untuk memahami fenomena tentang apa yang dialami oleh subjek penelitian misalnya perilaku, persepsi, motivasi, tindakan, dll., secara holistik, dan dengan cara deskripsi dalam bentuk kata-kata dan bahasa, pada suatu konteks khusus yang alamiah dan dengan memanfaatkan berbagai metode alamiah. Métode deskriptif nurutkeun Arikunto 2013, kc. 3 nya éta penelitian yang dimaksudkan untuk menyelidiki keadaan, kondisi atau hal-hal lain yang sudah disebutkan, yang hasilnya dipaparkan dalam bentuk laporan penelitian . Lian ti éta, tujuan utama dina métode deskriptif nya éta ngagambarkeun sacara sistematis fakta jeung karakteristik objék atawa subjek anu ditalungtik. Sukardi 2007, kc. 157. Dumasar éta pedaran, metode déskriptif miboga udagan pikeun ngadeskripsikeun, nyieun gambaran sacara sistematis, faktual jeung akurat ngeunaan fakta-fakta nu aya di lapangan. Hal-hal anu didéskripsikeun dina ieu panalungtikan nya éta ngeunaan pakeman basa nu dipasing-pasing dumasar wandana anu kapaluruh dina novel Pangéran Kornél Karangan R. Méméd Sastrahadiprawira. Dumasar kana pamarekan kualitatif kalawan métode deskriptif, desain panalungtikan nu digunakeun nyoko kana galur saperti ieu di handap.