Téhnik Ngolah Data

3.6 Téknik Ngumpulkeun Data

Téhnik nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik analisis data. Téhnik analisis data digunakeun pikeun nganalisis unsur intrinsik fiksimini basa Sunda karangan Hadi AKS dina grup facebook Fiksimini Basa Sunda dina taun 2013. Unsur intrinsik nu ditalungtik ngawengku téma, palakupenokohan, galur, jeung latar anu aya dianalisis hiji-hiji ku cara dikumpulkeun, diteuleuman, dipesék, nepikeun ka kapanggih unsur-unsur caritana. Dina ngumpulkeun data, léngkah-léngkahna nya éta: 1 maca sagemblengna téks fiksimini; jeung 2 nyirian data nu aya patalina jeung unsur-unsur nu patali jeung hal nu dianalisis.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Dina ngolah data digunakeun téhnik analisis data. Data nu geus dikumpulkeun langsung diolah sangkan meunang hasil luyu jeung udagan panalungtikan. Data nu dipaké téh nya éta naskah fiksimini karangan Hadi AKS dina taun 2013. Dina ngolah data diperlukeun léngkah-léngkah, di antarana: 1 nangtukeun objék panalungtikan, anu jadi objék dina ieu panalungtikan nya éta naskah fiksimini karangan Hadi AKS dina taun 2013; 2 analisis unsur intrinsik nu ngawengku téma, tokohpenokohan, latar, jeung galur; jeung 3 nyindekkeun hasil analisis data. Cutatan : Keterangan : Eksa Dwi Ratih, 2014 Analisis Unsur Inrinsik Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS Dina Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Kiwari, genre sastra Sunda leuwih euyeub ku gelarna fiksimini. Fiksimini nu disingget fikmin, mangrupa wangun karya sastra moderen nu miboga dadasar dina wangun prosa. Mimiti gelarna fiksimini di Indonesia mah asalna tina media sosial twitter. Fiksimini basa Indonesia mah diwatesan ngan nepi 140 karakter. Lamun dina basa Sunda mah fiksimini téh gelarna dina media sosial facebook dina grup facebook Fiksimini Basa Sunda. Fiksimini dina basa Sunda diwatesan nepi ka 150 kecap. Fiksimini téh aya lima rupa nya éta: 1 fikmin cakakak, 2 fikmin warta, 3 fikmin curhat, 4 fikmin dapon, jeung 5 fikmin petingan. Rupa-rupa anu bisa kapanggih sanggeus nganalisis éta fikmin, dina témana, palaku jeung watekna, galurna, jeung latarna. Jumlah naskah fikmin nu ditalungtik aya 15 fikmin: “Surat Ka Éyang Subur”, “Batu Combong”, “Balada Dangdut”, “Mapay Jalan Panonpoé”, “Kandang Uing”, “Jago Lohong”, “Manéhna jeung Kukupu”, “Kang Aép Panganténan”, “Kadaharan ti Sawarga”, “Kakangen nu Langgeng”,”Saija jeung Dainah”, “Waktu nu Kalarung”, “Bulan di Pasir jarian”, “Kalongking”, jeung “Kotak”. Ieu panalungtikan téh ditalungtik dumasar kana unsur intrinsik. Ku kituna bisa dicindekkeun. Saperti ieu di handap. a Téma Sanggeus dianalisis, fikmin nu jumlahna aya 15 téh aya sababaraha téma, di antrana: téma cinta, kahirupan sosial, agama, atikan, kahirupan politik, jeung kasangsaraan. Nu kaasup téma pasualan sosial aya opat fikmin. Téma kasangsaraan ngawengku hiji fikmin. Nu kaasup kana téma agama aya hiji fikmin. Nu kaasup téma atikan aya hiji fikmin. Téma nu kaasup téma kahirupan politik aya dua fikmin. Sedengkeun nu kaasup téma cinta aya genep fikmin. Eksa Dwi Ratih, 2014 Analisis Unsur Inrinsik Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS Dina Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu b Palaku jeung Watekna Tina 15 fikmin, 8 fikmin ngagunakeun palaku utama Kuring. Sésana mah aya nu dingaranan manéhna, ngaran jalma, jsb. Watek palaku nu positif jumlahna aya dalapan watek. Watek palaku nu negatif jumlahna aya dalapan watek. Jumlah watek positif jeung watek negatif téh sarua. c Galur Tina 15 fiksimini nu dianalisis, nu kaasup kana galur mérélé aya tilu fikmin. Anu kaasup galur bobok tengah aya salapan fikmin. Anu kaasup galur flashbasck mundur aya tilu fikmin. Ku kituna bisa dicindekkeun galur nu loba digunakeun téh nya éta galur bobok tengah. d Latar Fikmin nu ngagunakeun latar di imah aya lima fikmin. Tina 15 fikmin, dua fikmin ngagunakeun latar nu patali jeung jalan. Dua fikmin, miboga latar nu teu tangtu. Sésana aya hiji fikmin nu aya dina jero karéta, balé désa, jeung di hiji kampung.

5.2 Saran

Tina hasil panalungtikan, aya sababaraha saran pikeun ngahudang aprésiasi kana hasil karya sastra, hususna fiksimini, di antarana: 1 Upama ditilik tina kamekaranna nu kawilang subur utamana dina média intrernet, fikmin téh geus diaku bagéan dina sastra Sunda. Tina wangun anu pondok, fiksimini ngandung pasualan nu pepel, lantaran dina napsirkeunna eusi caritana tangtu waé aya multitafsir. Nu maca, dina nafsikeun fikmin kudu jembar pangaweruh.