Kasang Tukang Masalah BUBUKA

Eksa Dwi Ratih, 2014 Analisis Unsur Inrinsik Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS Dina Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Karya sastra nya éta hasil karya jieunan para sastrawan dina wangun lisan atawa tulisan. Kecap sastra asalna tina basa Inggris, literature anu asalna tina basa Latin litteratura anu hartina hurup tulisan, letter. Dina basa Indonesia kecap sastra asalna tina basa Sansekerta, tina akar kecap sas, nu hartina méré pituduh, ngajar atawa instruksi. Ahiran -tra nuduhkeun alat, sarana. Ku sabab kitu, sastra téh hartina alat pikeun ngajar, buku pituduh, buku instruksi atawa pangajaran Koswara, 2010:2. Karya sastra miboga ciri nepikeun ajén éstetis. Carana rupa- rupa, bisa ngaliwatan purwakanti, gaya basa, jeung sajabana. Eusi karya sastra biasana mah mangrupa ébréhan tina ide atawa pamikiran manusa. Di antarana waé ayana kasusah, kabungah, pikaseurieun, kabéh éta téh dipidangkeun dina wangun karya sastra lisan atawa tulisan. Karya sastra miboga ajén kaéndahan éstetis. Kaéndahan bisa nimbulkeun rasa sukur, ni’mat, reueus jeung nu lianna nu patali jeung emosi sarta kasugemaan jiwa nu macana. Basa jeung sastra téh mangrupa hal anu dinamis, bisa robah sarta mekar luyu jeung jaman. Dina kamekaranna, sastra Sunda dimimitian ku sastra buhun nu ngawengku jangjawokan, pantun, wawacan, dongéng, jeung sajabana. Diteruskeun ku sastra moderen nu ngawengku wangun carita pondok, novél, sajak, drama, jeung sajabana. Kaayeunakeun mah aya sastra moderen anu wangunna fiksimini. Fiksimini anu biasa disebut fikmin mangrupa wangun karya sastra moderen nu wangunna carita fiksi nu pondok, leuwih pondok ti batan carita pondok. Diwatesanan ngan nepi ka 150 kecap dina unggal karyana. Masing ngan aya 150 kecap, eusi fiksimini kudu aya jejer dina unggal caritana, miboga tokoh carita, galurplot jeung setting fiksimini basa Sunda. Jadi biasana mah eusi dina wangun carita fiksimini téh leuwih munel. Asalna mah fiksimini téh ayana di basa Indonésia. Ayeuna mah fiksimini gé aya dina wangun basa Sunda. Sakumaha karya sastra liannna, fiksimini miboga ciri, nya éta ngagambarkeun kahirupan sapopoé. Fiksimini miboga ciri mandiri anu ngabédakeun jeung karya sastra moderen nu lianna. Fiksimini miboga pasipatan sorangan, ngabogaan dunya sorangan, jeung logika sorangan. Fiksimini miboga kecap “mini”, nu miboga ma’na yén fiksimini lain ngan némbongkeun sabagéan gambar kahirupan, tapi ukur némbongkeun hiji titik dina kahirupan. Fiksimini mangrupa wangun karya sastra Sunda moderen. Mimiti dijieun taun 2011, fikmin dijadikeun genre anyar di karya sastra Sunda. Wangun karya fiksimini téh mangrupa salah sahiji wangun carita fiksi carita rékaan. Mimiti gelarna fiksimini basa Sunda téh dina media sosial facebook. Fiksimini basa Sunda diwadahan dina grup Facebook Fiksimini Basa Sunda. Ieu grup ditaratas ku Nazarudin Azhar tanggal 16 September 2011, tur dikuncénan ku Nazarudin Azhar, Godi Suwarna, Dadan Sutisna, Hadi AKS, Ki Hasan, jeung Éndah Dinda Jénura www.fikminsunda.com. Kaayeunakeun fiksimini téh geus dimuat di sawatara majalah sarta media citak lokal. Contona, di koran Galamedia aya rubrik husus Fiksimini Basa Sunda. Dina éta rubrik aya 12 fikmin anu dipedalkeun Sabtu, 10 November 2012. Fiksimini gé geus medal dina wangun buku, di antarana buku kumpulan fiksimini Binalébat, Talutug jeung Tangtang Angin, Nu Keur Néangan, jeung aya nu panganyarna buku karangan Godi Suwarna anu judulna Lalakon Awon. Dina tulisan anu ditulis ku lip. D. Yahya ngeunaan fiksimini basa Sunda. Anjeunna nulis yén fiksimini basa Sunda bisa mekarkeun satra Sunda. Grup Fiksimini Basa Sunda dina fésbuk téh mangrupa salah sahiji alternatif pikeun ngamekarkeun sastra Sunda www.insideindonesia.org. Ari fiksimini dina basa Sunda, asalna can mekar, katitén ngan sababaraha sastrawan anu remen nulis fiksimini. Tapi kiwari, sanggeus media sosial internet, loba nu nulis fiksimini. Dina blog Fiksimini Basa Sunda waé aya leuwih ti sarébu fikminer sastrawan fiksimini jeung kurang leuwih aya 40 rébu leuwih naskah fikmin anu aya dina lapak fiksimini basa Sunda. Dina taun 2012 fiksimini geus ditalungtik ku Mamay Rahayu Tresna Adhi dina tesis anu judulna “Struktur Nara tif Fiksimini Basa Sunda.” Anu ditalungtikna ngawengku 1 unsur intrinsik fiksimini anu ngawengku tema, galur, tokoh, jeung kasang tukang dina fiksimini, 2 waktu naratif ngawengku modus kala jeung sudut pandang, 3 konsepsi nu mekar anu jadi identitas fiksimini. Dina ieu hal, bédana jeung panalungtikan saacanna, panulis leuwih fokus kana analisis unsur intrinsik fiksimini. Data anu dipaké nya éta karya Hadi AKS dina grup Fiksimini basa Sunda. Ngaliwatan ieu panalungtikan, dipiharep bisa méré pangaweruh ka masarakat yén fiksimini basa Sunda téh teu éléh jeung karya sastra séjén. Mangsa ayeuna, fikmin téh geus aya dina KI KD di kelas dalapan tingkatan SMP. Fikmin jadi salah sahiji mata pelajaran di tingkatan SMP dina KD nulis. Ku matak éta, fikmin téh kacida pentingna dina pangajaran. Di antara pangarang sunda, aya ngaran Godi Suwarna, Dadan Sutisna, jeung Hadi AKS. Éta nu tiluan téh produktif dina nulis fiksimini. Dina ieu panalungtikan karyadata nu dipaké nya éta naskah fiksimini karangan Hadi AKS. Kiwari Hadi AKS dipapancénan jadi adminkuncén dina grup Fiksimini Basa Sunda. Hadi AKS téh dipilih karyana jadi bahan panalungtikan lantaran geus medalkeun sababaraha karya satra, di antarana kumpulan carpon “Kalapati”, nulis buku “Peperenian”, ngadegkeun Saung Sastra Lembang, jeung admin dina grup Fiksimini Basa Sunda. Lian ti éta, loba karya nu séjénna nu geus dimuat dina majalah. Ku kituna, ieu panalungtikan dijudulan “Analisis Unsur Intrinsik Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS dina Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda.”

1.2 Identifikasi jeung Rumusan Masalah