Sumber Data Wangenan Oprasional

Sarah Siddiqa Begum, 2013 Kecap Pagawéan Intransitif Dina Novel Mercedes 190 Karangan Muh. Rustandi Kartakusuma Pikeun Bahan Pangajaran Di Sma Tilikan Struktur jeung Semantis Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

3.5 Sumber Data

Sumber data dina panalungtikan téh nya éta timana asalna subjek data anu ditalungtik Arikunto, 2010:172. Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh kecap pagawéan intransitif anu aya dina novél Mercedes 190 karangan Muh. Rustandi Kartakusuma anu kandelna 21cm x 13,5cm x 0,5cm. Novél Mercedes 190 mibanda 7 episode, pamedal Girimukti Pusaka: Jakarta, citakan ka hiji taun 1993. Sakabéh kecap pagawéan intransitif tina eta novél dijadikeun populasi, sakabeh populasi dijadikeun sempel. Jadi, ieu panalungtikan ngagunakeun sampel total.

3.6 Wangenan Oprasional

Dina ieu panalungtikan ngawincik sawatara istilah-istilah anu aya patalina jeung judul ieu panalungtikan, di antrana nya éta: 1 Kecap pagawéan intransitif Kecap pagawéan anu henteu mibutuh objék. 2 Novél Analisis data Nyieun kacindekan Nyieun laporan Sarah Siddiqa Begum, 2013 Kecap Pagawéan Intransitif Dina Novel Mercedes 190 Karangan Muh. Rustandi Kartakusuma Pikeun Bahan Pangajaran Di Sma Tilikan Struktur jeung Semantis Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu mangrupa karya fiksi anu ngébréhkeun aspék-aspék kamanusaan ku cara nonjolkeun watek jeung sifat unggal palakon sarta galur caraitana relatif panjang. 3 Bahan Pangajaran Bahan pangajaran atawa materi pangajaran sacara garis badag ngawengku élmu pangaweruh, kaparigelan, sarta sikep jeung paripolah sisiwa dina prosés pangajaran sangkan luyu jeung kompetensi anu geus ditangtukeun. 4 Tilikan Struktur Tilikan struktur dina ieu panalungtikan muserkeun kana wangun kecap pagawéan intransitif anu mangrupa kecap pagawéan intransitif salancar, rundayan, jeung rajékan. 5 Tilikan Semantis Tilikan semantis dina ieu panalungtikan nya éta tatali harti kecap pagawéan intransitif salancar, rundayan, jeung rajékan. Dumasar kana wangenan oprasional di luhur, anu dimaksud kecap pagawéan intransitif dina novél Mercedes 190 karangan Muh. Rustandi Kartakusuma pikeun bahan ajar basa Sunda di SMA tilikan stuktur jeung semantis nya éta déskipsi ngeunaan jumlah, wangun, fungsi, jeung harti kecap pagawéan intransitif anu aya dina novél Mercedes 190 sarta rarancang panagajaran pikeun murid SMA. Sarah Siddiqa Begum, 2013 Kecap Pagawéan Intransitif Dina Novel Mercedes 190 Karangan Muh. Rustandi Kartakusuma Pikeun Bahan Pangajaran Di Sma Tilikan Struktur jeung Semantis Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis jeung déskripsi data dina bab IV, hasil panalungtikan ngeunaan kecap pagawéan intransitif dina novél Mercedes 190 karya Muh. Rustandi kartakusuma, bisa dirangkum saperti ieu di handap. Aya 133 kecap pagawéan intransitif nu dianalisis dumasar wangun, fungsi, jeung harti, kalawan frékuénsi makéna nya éta 239 kali. Kecap pagawéan intransitif nu kapanggih aya 3 rupa, nya éta kecap pagawéan intransitif salancar, kecap pagawéan intransitif rundayan, jeung kecap pagawéan intransitif rajékan, saperti nu dijéntrékeun ieu di handap. 1 Kecap pagawéan intrasnitif salancar nu kapanggih tina analisis aya 53 kecap, nu frékuénsina 100 kali 100. Kecap pagawéan intransitif salancar téh di wangun ku sababaraha engang, nya éta di antarana wangun kecap salancar dwiengang 44 kecap frékuénsi makéna 90 kali 100, wangun kecap salancar triengang 6 kecap frékuénsi makéna 6 kali 100, wangun kecap salancar caturengang 2 kecap frékuénsi makéna 2 kali 100, jeung kecap salanacar pancaengang sakecap frékuénsi makéna 2 kali 100, 2 Kecap pagawéan intransitif rundayan nu kapangh aya 55 kecap, nu frékuénsi makéna 104 kali 100. Kecap pagawén intransitif rundayan téh aya 6 rupa rarangkén kecapna, nu ngawengku 3 rupa rarangkén hareup nya éta 43 kecap rarangkén hareup n- nasal nu frékuénsi makéna 92 kali 100, sakecap rarangkén hareup barang- nu frékuensina makéna sakali 100, sakecap rarangkén hareupa ka- nu frékuénsi makéna sakali 100. Lian ti eta aya ogé 2 rupa rarangkén tengah, nya éta 6 kecap