STRUKTUR CARITA DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARANGAN MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP.

(1)

STRUKTUR CARITA DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARANGAN MAMAT SASMITA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ujian Sarjana Pendidikan

ku Dea Apriani NIM. 0902424

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG

(2)

PERNYATAAN

Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi yang berjudul “STRUKTUR CARITA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARANGAN MAMAT

SASMITA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP” ini dan seluruh

isinya adalah benar-benar karya saya sendiri, dan saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara yang tidak sesuai dengan etika ilmu yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan tersebut, saya siap menanggung resiko/sanksi yang dijatuhkan kepada saya apabila dikemudian hari ditemukan adanya pelanggaran terhadap etika keilmuan dalam karya ini, atau ada klaim dari pihak lain terhadap karya saya.

Bandung, Agustus 2013 Yang membuat pernyataan,

(3)

(4)

STRUKTUR CARITA DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARANGAN MAMAT SASMITA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP1) oleh

Dea Apriani2) ABSTRAK

Skripsi ini berjudul “Struktur Carita dina Kumpulan Carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karangan Mamat Sasmita pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP”. Tujuan dari penelitian ini adalah untuk mendeskripsikan struktur cerita yang terdiri dari tema, fakta cerita dan sarana cerita dari 12 cerita pendek yang terdapat dalam buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karangan Mamat Sasmita. Adapun judul-judul cerita pendek tersebut adalah: 1) Nini Jumsih Moro

Langlayangan, 2) Silang Sigeu, 3) Basa Mamah Rék Ngajual Imah, 4) Ateul,

5) Kang Sabri Leungiteun Kalangkang, 6) Kang Sabri mati Suri, 7) Gagal, 8) Wastu di Wastu, 9) Ma Inung Néwak Cahaya, 10) Onyét, 11) Nguseup, 12) Basa Mamah jadi Caleg. Cerita pendek yang telah dianalisis kemudian dijadikan salah satu alternatif bahan ajar membaca cerita pendek di SMP kelas VII. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif, sedangkan teknik yang digunakan adalah studi pustaka dan analisis data. Dari hasil analisis 12 cerita pendek berdasarkan struktur ceritanya, dapat disimpulkan bahwa terdapat beberapa tema seperti tema sosial, politik, keluarga, keagamaan, moral, dan cinta. Alur yang digunakan dalam 12 cerita pendek yang dianalaisis kebanyakan menggunakan alur maju disamping menggunakan alur mundur dan campuran. Tokoh yang dianalisis adalah tokoh utama dan tokoh tambahan. Dalam melukiskan penokohan tiap tokohnya, pengarang menggunakan teknik dramatik dan teknik ekspositori. Latar dalam 12 cerita pendek yang telah dianalisis yakni: 1) latar tempat yang digunakan adalah tempat general dan tempat farsial, 2) latar waktu yang digunakan ada yang menunjukan waktu absolut dan ada juga yang menunjukan waktu yang tidak tentu, 3) latar sosial tiap cerita pendeknya ada yang menunjukkan latar sosial kalangan atas, kalangan menengah dan kalangan bawah. Sudut pandang yang digunakan dalam 12 cerita pendek yang dianalisis yakni: 8 cerita pendek menggunakan sudut pandang “dia” serba tahu, 2 cerita pendek

menggunakan sudut pandang “aku” tokoh utama, dan 2 cerita pendek menggunakan sudut pandang “aku” tokoh tambahan. Amanat yang disampaikan

pengarang dalam 12 cerita pendek yang telah dianalisis kebanyakan tentang nilai-nilai kehidupan yang bisa diterapkan dalam kehidupan sehari-hari. Dari hasil analisis struktur cerita tiap cerita pendeknya, berdasarkan kriteria bahan ajar, ada 8 cerita pendek yang bisa dijadikan alternatif bahan ajar membaca di SMP dan 4 cerita pendek yang tidak bisa dijadikan alternatif bahan ajar membaca di SMP.

1)

Skripsi ini dibawah bimbingan Dr. Dedi Koswara, M.Hum. dan Drs. Ruswendi Permana, M.Hum.

2)

(5)

DAPTAR EUSI

PANGJAJAP ... Error! Bookmark not defined. TAWIS NUHUN ... Error! Bookmark not defined. ABSTRAK ... Error! Bookmark not defined.

DAPTAR EUSI ... i

DAPTAR TABÉL ... v

DAPTAR BAGAN ... vi

DAPTAR GAMBAR ... vii

DAPTAR SINGGETAN ... viii BAB I BUBUKA ... Error! Bookmark not defined. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... Error! Bookmark not defined. 1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah .... Error! Bookmark not defined. 1.2.1 Watesan masalah ... Error! Bookmark not defined. 1.2.2 Rumusan Masalah ... Error! Bookmark not defined. 1.3 Tujuan Panalungtikan ... Error! Bookmark not defined. 1.3.1 Tujuan Umum ... Error! Bookmark not defined. 1.3.2 Tujuan Husus ... Error! Bookmark not defined. 1.4 Mangpaat Panalungtikan ... Error! Bookmark not defined. 1.4.1 Mangpaat Tioritis ... Error! Bookmark not defined. 1.4.2 Mangpaat Praktis ... Error! Bookmark not defined. 1.5 Raraga Tulisan ... Error! Bookmark not defined. BAB II CARPON, STRUKTURAL, BAHAN PANGAJARAN MACA ... Error!

Bookmark not defined.

2.1 Carpon ... Error! Bookmark not defined. 2.1.1 Wangenan Carpon ... Error! Bookmark not defined. 2.1.2 Ciri-ciri Carpon ... Error! Bookmark not defined. 2.1.3 Golongan Carpon ... Error! Bookmark not defined. 2.2 Strukturalisme ... Error! Bookmark not defined. 2.2.1 Struktur Carpon ... Error! Bookmark not defined. 2.2.1.1 Téma ... Error! Bookmark not defined. 2.2.1.2 Fakta Carita ... Error! Bookmark not defined. 2.2.1.3 Sarana Carita ... Error! Bookmark not defined. 2.3 Bahan Pangajaran Maca ... Error! Bookmark not defined. 2.3.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... Error! Bookmark not defined. 2.3.2 Tujuan Pangajaran ... Error! Bookmark not defined. 2.3.3 Kriteria Milih Bahan Pangajaran ... Error! Bookmark not defined. 2.3.4 Nyusun Bahan Pangajaran ... Error! Bookmark not defined. 2.3.5 Métode jeung Téhnik Pangajaran ... Error! Bookmark not defined. 2.3.6 Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar (SKKD) Pangajaran

Basa jeung Sastra Sunda di SMP/MTs ... Error! Bookmark not

(6)

2.3.7 Standar Kompeténsi Lulusan SMP/MTs ... Error! Bookmark not

defined.

2.3.8 Wangenan Maca ... Error! Bookmark not defined. 2.3.9 Pangajaran Maca ... Error! Bookmark not defined. 2.3.10 Hakékat Keterbacaan ... Error! Bookmark not defined. 2.3.11 SKKD Pangajaran Maca SMP/MTs Mata Pelajaran Basa jeung

Sastra Sunda Kelas VII ... Error! Bookmark not defined. BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... Error! Bookmark not defined. 3.1 Sumber Data Panalungtikan ... Error! Bookmark not defined. 3.2 Desain Panalungtikan ... Error! Bookmark not defined. 3.3 Métode Panalungtikan ... Error! Bookmark not defined. 3.4 Wangenan Operasional ... Error! Bookmark not defined. 3.5 Instrumén Panalungtikan ... Error! Bookmark not defined. 3.6 Téhnik Panalungtikan ... Error! Bookmark not defined. 3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... Error! Bookmark not defined. 3.6.2 Téhnik Ngolah Data ... Error! Bookmark not defined. BAB IV STRUKTUR CARITA DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG

NÉWAK CAHAYA KARANGAN MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP ... Error! Bookmark not defined.

4.1 Idéntitas Buku ... Error! Bookmark not defined. 4.2 Struktur Carita Unggal Carpon dina Kumpulan Carpon Ma Inung

Néwak Cahaya Karangan Mamat Sasmita ... Error! Bookmark not defined.

4.2.1 Ringkesan Carpon “Nini Jumsih Moro Langlayangan” ... Error!

Bookmark not defined.

4.2.1.1 Analisis Téma ... Error! Bookmark not defined. 4.2.1.2 Analisis Galur/Plot ... Error! Bookmark not defined. 4.2.1.3 Analisis Tokoh jeung Penokohan . Error! Bookmark not defined. 4.2.1.4 Analisis Latar/Setting ... Error! Bookmark not defined. 4.2.1.5 Analisis Sudut Pandang/Point of View ... Error! Bookmark not

defined.

4.2.1.6 Amanat ... Error! Bookmark not defined. 4.2.1.7 Analisis Hubungan Antarunsur dina Carita Error! Bookmark not

defined.

4.2.2 Ringkesan Carpon “Silang Sigeu” .... Error! Bookmark not defined. 4.2.2.1 Analisis Téma ... Error! Bookmark not defined. 4.2.2.2 Analisis Galur/Plot ... Error! Bookmark not defined. 4.2.2.3 Analisis Tokoh jeung Panokohan . Error! Bookmark not defined. 4.2.2.4 Analisis Latar/Setting ... Error! Bookmark not defined. 4.2.2.5 Analisis Sudut Pandang/Point of View ... Error! Bookmark not

defined.

4.2.2.6 Amanat ... Error! Bookmark not defined. 4.2.2.7 Analisis Hubungan Antarunsur dina Carita Error! Bookmark not

(7)

4.2.3 Ringkesan Carpon “Basa Mamah Rék Ngajual Imah” ... Error!

Bookmark not defined.

4.2.3.1 Analisis Téma ... Error! Bookmark not defined. 4.2.3.2 Analisis Galur/Plot ... Error! Bookmark not defined. 4.2.3.3 Analisis Tokoh jeung Panokohan . Error! Bookmark not defined. 4.2.3.4 Analisis Latar/Setting ... Error! Bookmark not defined. 4.2.3.5 Analisis Sudut Pandang/Point of View ... Error! Bookmark not

defined.

4.2.3.6 Amanat ... Error! Bookmark not defined. 4.2.3.7 Analisis Hubungan Antarunsur dina Carita Error! Bookmark not

defined.

4.2.4 Ringkesan Carpon “Ateul” ... Error! Bookmark not defined. 4.2.4.1 Analisis Téma ... Error! Bookmark not defined. 4.2.4.2 Analisis Galur/Plot ... Error! Bookmark not defined. 4.2.4.3 Analisis Tokoh jeung Panokohan . Error! Bookmark not defined. 4.2.4.4 Analisis Latar/Setting ... Error! Bookmark not defined. 4.2.4.5 Analisis Sudut Pandang/Point of View ... Error! Bookmark not

defined.

4.2.4.6 Amanat ... Error! Bookmark not defined. 4.2.4.7 Analisis Hubungan Antarunsur dina Carita Error! Bookmark not

defined.

4.2.5 Ringkesan Carpon “Kang Sabri Leungiteun Kalangkang” ... Error!

Bookmark not defined.

4.2.5.1 Analisis Téma ... Error! Bookmark not defined. 4.2.5.2 Analisis Galur/Plot ... Error! Bookmark not defined. 4.2.5.3 Analisis Tokoh jeung Panokohan . Error! Bookmark not defined. 4.2.5.4 Analisis Latar/Setting ... Error! Bookmark not defined. 4.2.5.5 Analisis Sudut Pandang/Point of View ... Error! Bookmark not

defined.

4.2.5.6 Amanat ... Error! Bookmark not defined. 4.2.5.7 Analisis Hubungan Antarunsur dina Carita Error! Bookmark not

defined.

4.2.6 Ringkesan Carpon “Kang Sabri Mati Suri” .... Error! Bookmark not

defined.

4.2.6.1 Analisis Téma ... Error! Bookmark not defined. 4.2.6.2 Analisis Galur/Plot ... Error! Bookmark not defined. 4.2.6.3 Analisis Tokoh jeung Panokohan . Error! Bookmark not defined. 4.2.6.4 Analisis Latar/Setting ... Error! Bookmark not defined. 4.2.6.5 Analisis Sudut Pandang/Point of View ... Error! Bookmark not

defined.

4.2.6.6 Amanat ... Error! Bookmark not defined. 4.2.6.7 Analisis Hubungan Antarunsur dina Carita Error! Bookmark not

defined.

4.2.7 Ringkesan Carpon “Gagal” ... Error! Bookmark not defined. 4.2.7.1 Analisis Téma ... Error! Bookmark not defined. 4.2.7.2 Analisis Galur/Plot ... Error! Bookmark not defined.

(8)

4.2.7.3 Analisis Tokoh jeung Panokohan . Error! Bookmark not defined. 4.2.7.4 Latar/Setting ... Error! Bookmark not defined. 4.2.7.5 Analisis Sudut Pandang/Point of View ... Error! Bookmark not

defined.

4.2.7.6 Amanat ... Error! Bookmark not defined. 4.2.7.7 Analisis Hubungan Antarunsur dina Carita Error! Bookmark not

defined.

4.2.8 Ringkesan Carpon “Wastu di Wastu” ... Error! Bookmark not

defined.

4.2.8.1 Analisis Téma ... Error! Bookmark not defined. 4.2.8.2 Analisis Galur/Plot ... Error! Bookmark not defined. 4.2.8.3 Analisis Tokoh jeung Panokohan . Error! Bookmark not defined. 4.2.8.4 Analisis Latar/Setting ... Error! Bookmark not defined. 4.2.8.5 Analisis Sudut Pandang/Point of View ... Error! Bookmark not

defined.

4.2.8.6 Amanat ... Error! Bookmark not defined. 4.2.8.7 Analisis Hubungan Antarunsur dina Carita Error! Bookmark not

defined.

4.2.9 Ringkesan Carpon “Ma Inung Néwak Cahaya” .... Error! Bookmark

not defined.

4.2.9.1 Analisis Téma ... Error! Bookmark not defined. 4.2.9.2 Analisis Galur/Plot ... Error! Bookmark not defined. 4.2.9.3 Analisis Tokoh jeung Panokohan . Error! Bookmark not defined. 4.2.9.4 Analisis Latar/Setting ... Error! Bookmark not defined. 4.2.9.5 Analisis Sudut Pandang/Point of View ... Error! Bookmark not

defined.

4.2.9.6 Amanat ... Error! Bookmark not defined. 4.2.9.7 Analisis Hubungan Antarunsur dina Carita Error! Bookmark not

defined.

4.2.10 Ringkesan Carpon “Onyét” ... Error! Bookmark not defined. 4.2.10.1 Analisis Téma ... Error! Bookmark not defined. 4.2.10.2 Analisis Galur/Plot ... Error! Bookmark not defined. 4.2.10.3 Analisis Tokoh jeung Panokohan ... Error! Bookmark not

defined.

4.2.10.4 Analisis Latar/Setting ... Error! Bookmark not defined. 4.2.10.5 Analisis Sudut Pandang/Point of View ... Error! Bookmark not

defined.

4.2.10.6 Amanat ... Error! Bookmark not defined. 4.2.10.7 Analisis Hubungan Antarunsur dina Carita ... Error! Bookmark

not defined.

4.2.11 Ringkesan Carpon “Nguseup” ... Error! Bookmark not defined. 4.2.11.1 Analisis Téma ... Error! Bookmark not defined. 4.2.11.2 Analisis Galur/Plot ... Error! Bookmark not defined. 4.2.11.3 Analisis Tokoh jeung Panokohan ... Error! Bookmark not

defined.

(9)

4.2.11.5 Analisis Sudut Pandang/Point of View ... Error! Bookmark not

defined.

4.2.11.6 Amanat ... Error! Bookmark not defined. 4.2.11.7 Analisis Hubungan Antarunsur dina Carita ... Error! Bookmark

not defined.

4.2.12 Ringkesan Carpon “Basa Mamah Jadi Caleg” Error! Bookmark not

defined.

4.2.12.1 Analisis Téma ... Error! Bookmark not defined. 4.2.12.2 Analisis Galur/Plot ... Error! Bookmark not defined. 4.2.12.3 Analisis Tokoh jeung Panokohan ... Error! Bookmark not

defined.

4.2.12.4 Analisis Latar/Setting ... Error! Bookmark not defined. 4.2.12.5 Analisis Sudut Pandang/Point of View ... Error! Bookmark not

defined.

4.2.12.6 Amanat ... Error! Bookmark not defined. 4.2.12.7 Analisis Hubungan Antarunsur dina Carita ... Error! Bookmark

not defined.

4.3 Kumpulan Carpon Ma Inung Néwak Cahaya pikeun Bahan

Pangajaran Maca di SMP Kelas VII . Error! Bookmark not defined. 4.4 Bahan Pangajaran Maca Carpon di SMP Kelas VII ... Error!

Bookmark not defined.

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... Error! Bookmark not defined. 5.1 Kacindekan ... Error! Bookmark not defined. 5.2 Saran ... Error! Bookmark not defined. DAPTAR PUSTAKA ... Error! Bookmark not defined. LAMPIRAN

(10)

DAPTAR TABÉL

Tabél 2.1 SKKD Mata Pelajaran Basa Sunda Kelas VII ………

Tabél 3.1 Kartu Data Téma ………. Tabél 3.2 Kartu Data Latar ………..

Tabél 4.1 Carpon-Carpon Dina Kumpulan Carpon Ma Inung Néwak Cahaya Bisa Atawa Henteuna Dipaké Pikeun Bahan Pangajaran …………...

26 29 29 161

(11)

DAPTAR BAGAN

(12)

DAPTAR GAMBAR

(13)

DAPTAR SINGGETAN

Carpon: Carita pondok

FPBS: Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni jsb.: jeung sajabana

KKN: Kuliah Kerja Nyata

PPL: Program Pengalaman Lapangan

SD: Sekolah Dasar

SKKD: Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar SMA: Sekolah Menengah Atas

SMP: Sekolah Menengah Pertama UPI: Universitas Pendidikan Indonesia

(14)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Manusa dina hirup kumbuhna di masarakat moal bisa leupas tina basa pikeun sarana komunikasi, boh maké lisan boh tulisan. Ngaliwatan média basa manusa bisa nepikeun maksud, tujuan jeung emosina. Lian ti éta, ngaliwatan média basa manusa ogé bisa mekarkeun éksprési jiwa jeung kréativitas éstétisna. Salasahiji cara pikeun bisa mékarkeun éta hal nya éta ku cara nyipta karya sastra. Karya sastra mangrupa hasil karya, cipta, rasa, jeung karsa manusa (pangarang) anu gelarna dina medium basa. Wangun basa nu digunakeun dina karya sastra éstu basa nu éndah, miboga ajén éstétis.

Hal-hal anu diébréhkeun dina karya sastra biasana mangrupa rékaan. Aya ogé anu mangrupa tironan atawa gambaran tina kahirupan nyata nu biasana diropéa deui saluyu jeung imajinasi pangarangna anu sumberna tina kanyataan-kanyataan kahirupan masarakat.

Carita pondok atawa nu sok disingget carpon mangrupa salah sahiji wangun tina karya sastra (tinulis) nu caritana rélatif pondok. Kiwari, kagiatan maca carpon hususna carpon Sunda geus jarang dilakukeun tur kaperhatikeun, ku sabab geus katungkulan ku média anyar saperti télévisi, internét, jeung gadget. Ku kituna, salah sahiji cara pikeun ngawanohkeun tur miara sastra Sunda wangun carpon téh nya éta diajarkeun di sakola minangka bahan pangajaran.

Dina hasanah atikan, carpon diajarkeun jeung puguh réngkolna. Ieu hal téh katembong dina (Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar) SKKD mata pelajaran Basa jeung Sastra Sunda, aya pangajaran ngeunaan carpon nu ditepikeun di jenjang sakola SD, SMP jeung SMA. Di SMP, pangajaran maca carpon diajarkeun di kelas VII.

Kagiatan maca, hususna maca carpon teu bisa disapirakeun. Sabab, salian ti méré hiburan nalika macana, carpon ogé eusina ngandung ajén-ajén anu mangpaat pikeun kahirupan, sabab karya sastra (kaasup carpon) mangrupa tironan

(15)

2

tina kahirupan nyata. Siswa tangtu bakal leuwih nyaho kana naon mangpaat jeung ajén-ajén nu aya dina carpon téh lamun geus maluruh struktur carita nu ngawengku: téma, tokoh, latar, galur, jeung amanatna. Tina éta struktur téh baris kanyahoan naon anu jadi tema caritana, kumaha jalan caritana, di mana tempat kajadianana, saha tokohna, tur naon anu jadi amanat tina éta carpon. Saperti anu di ébréhkeun ku Damono (dina Koswara, 2007: 10) yén karya sastra téh diciptakeun ku sastrawan pikeun dirarasakeun, dipikapaham jeung dimangpaatkeun ku masarakat. Ku kituna, pikeun maham eusi jeung maksudna, karya sastra kudu dianalisis.

Pikeun mikanyaho eusi carita tur maham ajén jeung mangpaat nu nyangkaruk dina carpon, kudu dipaluruh/dianalisis struktur caritana. Sabab dina enas-enasna karya sastra (kaasup carpon) miboga sababaraha fungsi, di antarana: fungsi hiburan nu diciptakeun ku pangarang ngaliwatan eusi caritana, fungsi etika atawa moral nu ditepikeun ngaliwatan amanat anu aya dina struktur caritana, fungsi atikan atawa pangajaran anu bisa dicangking sanggeus maca eusi caritana, tur fungsi gambaran kahirupan dina eusi caritana anu ngagambarkeun realitas sosial-budaya iraha jeung di mana éta karya diciptakeun.Ku kituna, pamarekan nu dipaké dina ieu panalungtikan pikeun nganalisis carpon téh nya éta pamarekan struktural. Tiori strukturalisme napak kana hiji prinsip yén téks sastra mangrupa hiji-hijina jalan pikeun néangan ma’na.

Anapon anu dijadikeun objék dina ieu panalungtikan nya éta kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karangan Mamat Sasmita. Ieu buku kumpulan carpon dipedalkeun ku PT Kiblat Buku Utama di taun 2012. Eusi tina ieu buku nya éta 12 carpon, anu judulna: 1) Nini Jumsih Moro Langlayangan; 2) Silang Sigeu; 3) Basa Mamah Rék Ngajual Imah; 4) Ateul; 5) Kang Sabri Leungiteun Kalangkang; 6) Kang Sabri Mati Suri; 7) Gagal; 8) Wastu di Wastu; 9) Ma Inung Néwak Cahaya; 10) Onyét; 11) Nguseup; 12) Basa Mamah Jadi Caleg. Pamilihan ieu kumpulan carpon dumasar kana sababaraha alesan. Salian ti mangrupa carpon anu anyar medal, ieu kumpulan carpon ditalungtik pikeun mikanyaho

(16)

3

sastra, ieu kumpulan carpon ogé bisa dijadikeun salah sahiji alternatif pikeun bahan pangajaran maca carpon di SMP.

Panalungtikan sawanda nu ngagarap ngeunaan analisis struktural karya sastra anu kacatet di ruang baca Jurusan Pendidikan Bahasa daerah, di antarana: 1) Azhar Zakiah, 2007. “Analisis Unsur Intrinsik Carita Pondok Tarjamahan

dina Majalah Cupumanik”; 2) Ika Sukmawati, 2005. “Unsur Intrinsik dina Novél

Rusiah Geulang Rantay Karya Nanie Sudarma”; 3) Randi Herawan, 2011.

Struktur Dongéng di Kacamatan Cikalong Wétan Kab. Bandung Barat pikeun

Bahan Pangajaran Maca di SMP”; 4) Aef Saeful Islam, 2011. “Unsur Intrinsik

Carita Rayat Kacamatan Cigasang Kabupatén Majalengka Pikeun Bahan

Pangajaran Sastra di SMA”; jeung Triane Swara Tarasaty, 2012. “Analisis

Struktural dina Novél Perang Bubat Karangan Yoseph Iskandar”.

Dumasar kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan dibéré judul

“STRUKTUR CARITA DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARANGAN MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP”.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan masalah

Dumasar kana kasang tukang anu geus ditétélakeun saméméhna, masalah dina ieu panalungtikan diwatesanan sangkan tujuan panalungtikan bisa kahontal. Ku kituna, masalah nu dianalisis tur dipedar dina ieu panalungtikan diwatesanan kana struktur carita nu ngawengku: 1) téma carita, 2) fakta carita (plot, tokoh jeung penokohan, latar), 3) sarana carita (puseur panitén, jeung amanat) anu satuluyna diaplikasikeun pikeun bahan pangajaran maca di SMP.

1.2.2 Rumusan Masalah

Masalah dina ieu panalungtikan, baris dirumuskeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap.

1) Kumaha struktur carita (téma, fakta carita jeung sarana carita) unggal carpon dina buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karangan Mamat Sasmita?

(17)

4

2) Kumaha ngalarapkeun ieu hasil panalungtikan sangkan bisa dijadikeun bahan pangajaran maca di SMP?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum nu baris dihontal nya éta pikeun nambahan pangdeudeul bahan pangajaran pikeun pangajaran sastra, hususna pangajaran maca carpon di SMP.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus dina ieu panalungtikan nya éta:

1. pikeun nganalisis, medar jeung ngadéskripsikeun struktur carita unggal carpon dina buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karangan Mamat Sasmita kalawan ngagunakeun pamarekan strukturalisme;

2. pikeun nyusun bahan pangajaran maca carpon di SMP.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan jeung ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan analisis struktural tur bisa méré pangdeudeul dina maham jeung ngaprésiasi karya sastra hususna carpon. Salian ti éta, miharep sangkan bisa dijadikeun hiji référénsi tur acuan pikeun panalungtikan anu leuwih jembar deui.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, hasil tina ieu panalungtikan dipiharep bisa numuwuhkeun karep jeung karesep maca karya sastra Sunda hususna carpon di kalangan siswa SMP.

1.5 Raraga Tulisan

Ieu tulisan wangun skripsi téh dipidangkeun dina lima bab. Bab I nu mangrupa bubuka eusina ngawengku kasang tukang, watesan jeung rumusan

(18)

5

masalah, tujuan, mangpaat jeung raraga tulisan anu patali jeung jejer panalungtikan.

Tuluy Bab II anu eusina medar ngeunaan tiori anu dipaké pikeun ngarojong ieu panalungtikan. Dina ieu panalungtikan tiori nu dipedar nya éta ngeunaan carpon, strukturalisme jeung struktur carpon, tur bahan pangajaran maca di SMP.

Sanggeus Bab II tuluy ka Bab III anu eusina ngawengku sumber data, desain, métode, wangenan operasional, instrumén, jeung téhnik nu dipaké patali jeung jejer panalungtikan.

Dina Bab IV eusina medar ngeunaan hasil analisis struktur carita unggal carpon dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karangan Mamat Sasmita anu satuluyna dilarapkeun pikeun bahan pangajaran maca carpon SMP kelas VII ku cara nyieun RPP.

Anu pamungkas, nya éta Bab V anu medar kacindekan hasil analisis panalungtikan jeung méré saran.

(19)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data Panalungtikan

Numutkeun Moleong (1991: 113 dina ) sumber data dina panalungtikan téh bisa mangrupa sumber pustaka, saperti dokumén buku atawa sumber tinulis séjénna. Anapon anu dijadikeun sumber data dina ieu panalungtikan nya éta buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karangan Mamat Sasmita.

3.2 Desain Panalungtikan

Anu dimaksud desain panalungtikan nya éta sakabéh prosés anu diperlukeun dina rarancang jeung prak-prakanna panalungtikan nepi ka patalekan anu aya bisa dijawab.

Desain anu dipaké dina ieu panalungtikan kagambar saperti dina bagan ieu di handap.

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Nyusun Laporan (SKRIPSI) Nyieun Kacindekan

Ngolah Data Ngumpulkeun Data

Nangtukeun jeung Nyusun Instrumén Nangtukeun Sumber Data

Ngawatesan jeung Ngarumuskeun Masalah Nangtukeun Masalah

(20)

28

3.3 Métode Panalungtikan

Numutkeun Arikunto (2006: 160) anu dimaksud métode panalungtikan nya éta cara anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikanana. Hartina, métode panalungtikan mangrupa hiji patokan pikeun ngahontal tujuan dina prakna ngalaksanakeun panalungtikan.

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Métode déskriptif nya éta métode anu digunakeun pikeun ngungkulan hiji masalah anu aktual ku cara ngumpulkeun, nyusun papasingan, ngajéntrékeun jeung nganalisis (Surakhmad, 1994 dina skripsi Zakiah 2007). Tujuan tina métode déskriptif nya éta pikeun ngadéskripsikeun atawa ngajelaskeun gambaran sistematis ngeunaan sumber data anu ditalungtik.

Ieu métode dipake pikeun ngadéskripsikeun struktur carita unggal carpon dina buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karangan Mamat Sasmita anu satuluyna baris dilarapkeun pikeun bahan pangajaran alternatif maca carpon di SMP kelas VII.

3.4 Wangenan Operasional

Wangenan istilah anu aya patalina jeung judul panalungtikan, ditétélakeun saperti ieu di handap.

1) Struktur carita nya éta corak rakitan (susunan) komponén-komponén karangan anu ngawengku téma, fakta carita, jeung sarana carita nepi ka

ngahasilkeun wujud karya sastra anu gembleng boga ma’na.

2) Carpon nya éta karangan (tinulis) rékaan atawa fiksi dina wangun lancaran, prosa naratif. Plot dina carpon relatif basajan lantaran jumlah kajadian caritana henteu réa, museur kana kajadian utama, mangrupa hiji episodeu (Koswara, 2007: 8).

3) Ma Inung Néwak Cahaya mangrupa salah sahiji buku kumpulan carpon

pedalan PT Kiblat Buku Utama di bulan Januari taun 2012 karangan Mamat Sasmita. Eusi tina ieu buku téh nya éta 12 carpon, nu judulna: 1) Nini Jumsih Moro Langlayangan, 2) Silang Sigeu, 3) Basa Mamah Rék Ngajual Imah, 4) Ateul 5) Kang Sabri Leungiteun Kalangkang, 6) Kang

(21)

29

Téma:

Kode Carpon: Kaca:

Cutatan: ………. ………

Latar

Latar Tempat: Latar Waktu: Latar Sosial: Kode Carpon: Kaca:

Cutatan: …...……… ……….

Sabri mati Suri, 7) Gagal, 8) Wastu di Wastu, 9) Ma Inung Néwak Cahaya, 10) Onyét, 11) Nguseup, 12) Basa Mamah jadi Caleg.

4) Bahan Pangajaran nya éta matéri anu baris ditepikeun ku guru ka siswa dina prosés diajar-ngajar.

5) Maca nya éta kagiatan maham jeung mairan wacana tulis. Maca ogé mangrupa salah sahiji standar kompeténsi anu aya dina kurikulum pikeun pangajaran basa jeung sastra Sunda.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta alat anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data dina hiji panalungtikan (Arikunto, 2006: 150). Dina ieu panalungtikan, instrumén anu digunakeun nya éta kartu data. Tapi henteu sakabéh data anu ditalungtik ngagunakeun instrumén kartu data, anu maké kartu data ngan saukur pikeun nganalisis téma jeung latar.

Tabél 3.1 Kartu Data Téma

(22)

30

Katerangan T: Téma

Lt: Latar

LtT: Latar Tempat LtW: Latar Waktu LtS: Latar Sosial

Kode Carpon

I: Nini Jumsih Moro Langlayangan II: Silang Sigeu

III: Basa Mamah Rék Ngajual Imah IV: Ateul

V: Kang Sabri Leungiteun Kalangkang VI: Kang Sabri Mati Suri

VII: Gagal

VIII: Wastu di Wastu

IX: Ma Inung Néwak Cahaya X: Onyét

XI: Nguseup

XII: Basa Mamah Jadi Caleg

3.6 Téhnik Panalungtikan

Téhnik panalungtikan mangrupa salah sahiji tarékah atawa cara (prosédur) anu kudu dilakonan kalawan ngagunakeun métode anu tangtu. Téhnik anu dipaké dina ieu panalungtikan ngawengku téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkan data dina ieu panalungtikan nya éta studi pustaka jeung téhnik dokuméntasi. Téhnik studi pustaka dina ieu panalungtikan dipaké pikeun néangan sumber tur tiori anu nohonan kana pamarekan anu digunakeun dina ieu panalungtikan. Sedengkeun téknik

(23)

31

dokuméntasi digunakeun pikeun nganalisis sakabéh data anu sumberna tina téks carpon nu aya dina buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karangan Mamat Sasmita.

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Data nu geus kakumpul saméméhna tuluy diolah kalawan ngagunakeun léngkah-léngkah atawa tahapan téhnik ngolah data sakumaha anu ditétélakeun ieu di handap.

1. Tahap Déskriptif

Tahap déskriptif dina ngolah data nya éta sakabéh data anu geus kakumpul dina ieu panalungtikan mimiti dideskripsikeun. Anu didéskripsikeunana nya éta eusi tina buku kumpulan carpon anu judulna Ma Inung Néwak Cahaya dina wangun sinopsis.

2. Tahap Klasifikasi

Dina ieu tahap, sakabéh data nu geus kakumpul saméméhna tuluy dipatalikeun jeung masalah nu rék ditalungtik ku cara ngaklasifikasikeun data anu geus didéskripsikeun luyu jeung permasalahan séwang-séwangan, nya éta ngaklasifikasikeun dumasar kana struktur caritana (dumasar kana téma, fakta carita anu ngawengku galur, tokoh jeung panokohan, latar tur sarana carita anu ngawengku sudut pandang jeung amanat). Sanggeus data diklasifikasikeun tuluy éta data téh dianalisis.

3. Tahap Analisis

Dina ieu tahap, sanggeus data diklasifikasikeun numutkeun kelompokna séwang-séwangan dumasar kana tiori anu luyu jeung panalungtikan, tuluy dianalisis ku cara ngadéskripsikeun hasil klasifikasi data nu mangrupa sempalan carpon dina buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya anu némbongkeun indikator-indikator anu baris ditapsirkeunana, nya éta ngeunaan struktur carita (téma, fakta carita, tur sarana carita) dina unggal carponna dumasar tiori Robert Stanton.

(24)

32

4. Tahap Interprétasi

Dina ieu tahap, hasil analisis data tuluy ditapsirkeun pikeun ngahontal papahaman anu luyu jeung tujuan panalungtikan. Sanggeus ditapsirkeun hasil analisisna, tuluy dilarapkeun pikeun bahan pangajaran maca carpon di SMP kelas VII ku cara nyieun bahan pangajaranana sarta dilarapkeun dina RPP.

(25)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Hasil analisis struktur carita tina 12 carpon dina buku kumpulan carpon

Ma Inung Néwak Cahaya karangan Mamat Sasmita bisa dicindekkeun saperti ieu

di handap.

1. Kacindekan Struktur Carita Unggal Carpon dina buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karangan Mamat Sasmita

1) Téma

Sanggeus niténan kana 12 carpon anu geus dianalisis, sakabéhna téh miboga téma anu rupa-rupa sok sanajan aya sababaraha carpon anu miboga

genre anu sarua.

Tina 12 carpon anu aya dina buku Ma Inung Néwak Cahaya lolobana mangrupa téma ngeunaan hal sosial jeung politik saperti ngeunaan korupsi, pamaréntahan, pamingpin, jsb. Téma samodél kitu kapanggih dina carpon:

“Ateul”, “Gagal”, “Wastu di Wastu”, “Ma Inung Néwak Cahaya”, ”Onyét”,

“Nguseup”, jeung “Basa Mamah Jadi Caleg”. Aya ogé carpon anu témana ngeunaan hal agama, nya éta dina carpon “Kang Sabri Leungiteun Kalangkang” jeung carpon “Kang Sabri Mati Suri”. Tuluy carpon anu témana ngeunaan kulawarga nya éta carpon “Nini Jumsih Moro Langlayangan” jeung carpon “Basa Mamah Rék Ngajual Imah”. Sedengkeun téma ngeunaan cinta/kasono kapanggih dina carpon “Silang Sigeu”.

2) Galur/Plot

Galur/plot tina 12 carpon anu geus dianalisis téh bisa katitén yén aya 7 carpon anu maké galur mérélé, nya éta carpon: “Ateul”, “Kang Sabri Leungiteun Kalangkang”, “Gagal”, “Wastu di Wastu”, “Ma Inung Néwak Cahaya”, “Nguseup” jeung “Basa Mamah Jadi Caleg”. Tuluy aya 3 carpon anu maké galur mobok tengah, nya éta carpon: “Nini Jumsih Moro Langlayangan”, “Kang Sabri Mati Suri”, jeung “Onyét”. Sedengkeun anu

(26)

171

maké galur mundur/flashback ukur aya 2 carpon, nya éta carpon: “Silang Sigeu”, jeung “Basa Mamah Rék Ngajual Imah”.

Ku kituna, bisa dicindekkeun yén galur anu loba digunakeun dina 12 carpon anu geus dianalisis téh nya éta galur mérélé.

3) Tokoh jeung Panokohan

Tokoh-tokoh dina 12 carpon anu geus dianalisis téh aya anu mangrupa tokoh utama aya ogé nu mangrupa tokoh tambahan. Sakabéh tokoh tina 12 carpon anu geus dianalisis téh kapanggih aya 51 tokoh anu hampir sakabéhna miboga ngaran sewang-séwangan, sok sanajan aya ogé tokoh-tokoh anu henteu disebutkeun ngaranna tapi ngan saukur maké ngaran landihan.

Ngaran-ngaran tokoh jeung ngaran landihan tokoh anu aya dina 12 carpon anu geus dianalisis téh di antarana: Kang Sabri, Nini Jumsih, Sujang, Silang, Sigeu, Réré, Mamah, Apa, Ua Uyuh, Héri, Adé Ira, Bi Saroh, Si Légé, Mang Jamal, Si Kuya, Doktér, Pa Mantri, Mama Jarkasih, Drs. Wawan, Ir. Hérman, Dra. Luna, Drs. Rahmat, Jang Ulé, Jajaka Sang Yuwaraja, Ma Inung, Eulis, Bi Amah, Mang Kanta, Ceu Enyi, Bi Iyang, Bi Siti, jeung para tokoh séjén anu henteu disebutkeun ngaranna dina carita.

Niténan tina sakabéh carponna, ngaran tokoh anu sering muncul jeung sering dipaké dina unggal carponna nya éta ngaran Kang Sabri.

Pakasaban anu dipiboga ku unggal tokoh dina unggal carponna ogé béda-béda diluyukeun jeung latar sosial tur tempat dina caritana.

Pikeun ngalukiskeun watek unggal tokoh dina unggal carponna, lolobana pangarang ngagunakeun téknik dramatik anu ngawengku: 1) pelukisan pikiran jeung perasaan tokoh 2) réaksi tokoh kana lingkungan, 3) gunéman, jeung 4) reaksi tokoh séjén. Sok sanajan aya ogé anu ngagunakeun téhnik ékspositori pikeun ngadéskripsikeun laku lampah jeung ciri fisik tokoh dina unggal carponna sangkan bisa ngagambarkeun watek tokoh-tokohna.

4) Latar/Setting

Latar anu kapanggih dina unggal carpon anu geus dianalisis boh latar tempat, latar waktu, boh latar sosialna tangtu disaluyukeun jeung téma tur galur/plot dina unggal caritana. Misalna waé tina 12 carpon, latar tempat anu

(27)

172

mindeng digunakeun nya éta di daerah pilemburan, tapi aya ogé anu disebutkeun kalawan jelas tur écés tempat-tempat lumangsungna peristiwa dina unggal carponna. Latar waktu dina unggal carponna ogé aya nu nuduhkeun waktu nu tangtu (absolut), aya anu nuduhkeun waktu anu henteu tangtu. Sedengkeun latar sosial unggal carponna, lolobana nuduhkeun bébédaan antara kalangan handap jeung kalangan luhur tur nuduhkeun kumaha kaayaan pamaréntah di jaman ayeuna.

5) Sudut Pandang

Tina 12 carpon anu geus dianalisis, bisa katitén yén aya 8 carpon anu ngagunakeun sudut pandang/titik caturan jalma katilu sarwa nyaho, nya éta carpon: “Nini Jumsih Moro Langlayangan”, “Kang Sabri Leungiteun Kalangkang”, “ Kang Sabri Mati Suri”, “Gagal”, “Wastu di Wastu”, “Ma Inung Néwak Cahaya”, “Onyét” jeung Nguseup”. Tuluy aya 2 carpon anu ngagunakeun sudut pandang/titik caturan jalma kahiji minangka tokoh utama, nya éta carpon “Basa Mamah Rék Ngajual Imah” jeung carpon “Ateul”. Sedengkeun anu maké sudut pandang/titik caturan jalma kahiji minangka tokoh tambahan/kasengker nya éta carpon “Silang Sigeu” jeung carpon “Basa Mamah jadi Caleg”.

Ku kituna, bisa dicindekkeun yén sudut pandang/titik caturan anu loba digunakeun dina unggal carponna nya éta sudut pandang/titik caturan jalma katilu sarwa nyaho, nya éta pangarang hadir dina carita salaku jalma di luar carita anu sarwa nyaho ngeunaan sakabéh peristiwa, pikiran, perasaan, jeung laku lampah tokoh-tokoh anu aya dina unggal carponna.

6) Amanat

Amanat anu ditepikeun ku pangarang dina 12 carpon anu geus dianalisis téh lolobana ngeunaan ajén-ajén kahirupan anu bisa dilarapkeun dina kahirupan sapopoé. Saperti amanat ngeunaan hal kaagamaan, amanat ngaunaan kahirupan di kulawarga, amanat ngaunaan kaayaan pamaréntahan, amanat ngeunaan kahirupan sosial jeung amanat dina hal politik.

(28)

173

Sakabéh amanat anu ditepikeun ku pangarang dina unggal carponna téh nyamuni dina galur/plot caritana, sok sanajan aya ogé amanat anu ditembrakkeun sacara langsung dina eusi carponna.

7) Hubungan Antarunsur dina Carita

Hubungan antarunsur dina carita unggal carponna téh nu dipedar nya éta hubungan : 1) téma jeung galur/plot, 2) téma jeung tokoh tur panokohan, 3) téma jeung latar, 4) galur/plot jeung tokoh tur panokohan, 5) galur/plot jeung latar, 6) tokoh tur panokohan jeung latar.

Ngaliwatan runtuyan anu panjang tur analitis, bisa dicindekkeun yén hubungan antarunsur dina carita unggal carponna téh raket patalina tur

“berkausalitas” (miboga hubungan sabab-akibat). Sakabéh carpon dina buku

kumpulan Ma Inung Néwak Cahaya mangrupa carpon anu medar sakabéh aspek kahirupan anu universal, medar carita anu luyu jeung kahirupan di jaman ayeuna.

2. Larapna Kumpulan Carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karangan Mamat Sasmita pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP Kelas VII

Tina 12 carpon anu geus dianalisis struktur caritana, dumasar kana kritéria pamilihan bahan ajar pikeun siswa, bisa dicindekkeun yén aya 8 carpon anu luyu pikeun dijadikeun bahan pangajaran maca carpon di SMP kelas VII, sedengkeun 4 carpon deui henteu luyu pikeun dijadikeun bahan pangajaran sabab henteu luyu jeung kritéria bahan ajar tapi ngan ukur bisa dipaké pikeun nambahan pangaweruh hungkul.

5.2 Saran

Tina ieu hasil panalungtikan, aya sababaraha saran pikeun ngahudang aprésiasi kana hasil karya sastra,di antarana:

1. pikeun masarakat pamaca dipiharep bisa terus ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan hal dina pamahaman kana karya sastra saperti loba maca karya kritik sastra atawa kajian sastra, tur eusi struktur carita tina ieu

(29)

174

panalungtikan dipiharep bisa dijadikeun eunteung pikeun kahirupan sapopoé;

2. carpon anu aya dina buku kumpulan Ma Inung Néwak Cahaya bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran aprésiasi sastra di sakola sangkan ngeuyeuban kana carpon Sunda anu geus aya, hususna pikeun siswa SMP kelas VII;

3. pikeun pangarang dipiharep bisa terus ngaronjatkeun deui kamampuh dina ngahasilkeun karya-karya sastrana;

pikeun panalungtik séjénna dipiharep ieu hasil panalungtikan téh bisa jadi hiji tatapakan pikeun panalungtikan anu leuwih jembar deui.

(30)

DAPTAR PUSTAKA

Aminudin. (2004). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algesindo

Arikunto, Suharsimi. (2006). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta.

Avief. (2013). Analisis Keterbacaan. [Online]. Tersedia: http://avief-analisisketerbacaanblogspotcom.blogspot.com [05 September 2013] Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2006). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Faruk. (2012). Metode Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Iskandarwassid. (1992). Kamus Istilah Sastra. Bandung: CV. Geger Sunten. Isnendes, Retty. (2009). Panyawangan Sastra Hand Out Tiori Sastra. Bandung:

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Universitas Pendidikan Indonesia. ---.(2010). Kajian Sastra. Bandung: Daluang Publishing.

---. (2012). Panyawangan Sastra Hand Out Kritik Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Universitas Pendidikan Indonesia. Prodopo, Rachmat Djoko dkk. (2001). Metodologi Penelitian Satra. Yogyakarta:

PT. Hanindita Graha Widya

Koswara, Dedi. (2007). Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Novensa, Diga (2013). Unsur Keterbacaan dan Unsur Kesesuaian (Tugas). [Online]. Tersedia: http://diganovensa.wordpress.com/2012/10/15/204/ [05 September 2013]

Nurgiantoro, Burhan. (2009). Teori Pengkajian Fiksi, Yogyakarta: Gadjah Mada University Press

Herawan, Randi. (2011). Struktur Dongéng di Kacamatan Cikalong Wétan Kab. Bandung Barat pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP, Skripsi Mahasiswa UPI: henteu dipedalkeun.

(31)

176

Ruhaliah. (2010). (Diktat Kuliah) Sajarah Sastra Sunda Modern. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Universitas Pendidikan Indonesia. Sasmita, Mamat. (2012). Ma Inung Néwak Cahaya (Kumpulan Carpon).

Bandung: PT. Kiblat Buku Utama.

Sopandi, Andi. (2012). Analisis Struktur-Sémiotik Dongéng di Désa Panjalu Kecamatan Panjalu Kabupatén Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP. Skripsi Mahasiswa UPI: Henteu dipedalkeun

Sumardjo, Jakob & Saini KM. (1988). Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia. Tarasaty, Triane Swara. (2012). Analisis Struktural dina Novél Perang Bubat Karangan Yoséph Iskandar. Skripsi Mahasiswa UPI: henteu dipedalkeun. Tarigan, Henri Guntur. (1984). Prinsip-rinsip Dasar Sastra. Bandung: Angkasa. Tarigan, Henri Guntur. (2008). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa.

Bandung: Angkasa.

Teeuw, A. (1984). Sastra dan Ilmu Sastra. Jakarta: PT Dunia Pustaka Jaya.

Tim Pengembang MKDP kurikulum dan pembelajaran. (2009). Kurikulum dan Pembelajaran. Bandung: Jurusan Kurikulum dan Teknologi Pendidikan Universitas Pendidikan Indonesia.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Wellek, Rene dan Austin Werren. (1989). Teori Kesusastraan. Jakarta: Gramedia. Zakiah, Azhar. (2007). Analisis Unsur Intrinsik Carita Pondok Tarjamahan dina

(1)

maké galur mundur/flashback ukur aya 2 carpon, nya éta carpon: “Silang Sigeu”, jeung “Basa Mamah Rék Ngajual Imah”.

Ku kituna, bisa dicindekkeun yén galur anu loba digunakeun dina 12 carpon anu geus dianalisis téh nya éta galur mérélé.

3) Tokoh jeung Panokohan

Tokoh-tokoh dina 12 carpon anu geus dianalisis téh aya anu mangrupa tokoh utama aya ogé nu mangrupa tokoh tambahan. Sakabéh tokoh tina 12 carpon anu geus dianalisis téh kapanggih aya 51 tokoh anu hampir sakabéhna miboga ngaran sewang-séwangan, sok sanajan aya ogé tokoh-tokoh anu henteu disebutkeun ngaranna tapi ngan saukur maké ngaran landihan.

Ngaran-ngaran tokoh jeung ngaran landihan tokoh anu aya dina 12 carpon anu geus dianalisis téh di antarana: Kang Sabri, Nini Jumsih, Sujang, Silang, Sigeu, Réré, Mamah, Apa, Ua Uyuh, Héri, Adé Ira, Bi Saroh, Si Légé, Mang Jamal, Si Kuya, Doktér, Pa Mantri, Mama Jarkasih, Drs. Wawan, Ir. Hérman, Dra. Luna, Drs. Rahmat, Jang Ulé, Jajaka Sang Yuwaraja, Ma Inung, Eulis, Bi Amah, Mang Kanta, Ceu Enyi, Bi Iyang, Bi Siti, jeung para tokoh séjén anu henteu disebutkeun ngaranna dina carita.

Niténan tina sakabéh carponna, ngaran tokoh anu sering muncul jeung sering dipaké dina unggal carponna nya éta ngaran Kang Sabri.

Pakasaban anu dipiboga ku unggal tokoh dina unggal carponna ogé béda-béda diluyukeun jeung latar sosial tur tempat dina caritana.

Pikeun ngalukiskeun watek unggal tokoh dina unggal carponna, lolobana pangarang ngagunakeun téknik dramatik anu ngawengku: 1) pelukisan pikiran jeung perasaan tokoh 2) réaksi tokoh kana lingkungan, 3) gunéman, jeung 4) reaksi tokoh séjén. Sok sanajan aya ogé anu ngagunakeun téhnik ékspositori pikeun ngadéskripsikeun laku lampah jeung ciri fisik tokoh dina unggal carponna sangkan bisa ngagambarkeun watek tokoh-tokohna.

4) Latar/Setting

(2)

172

mindeng digunakeun nya éta di daerah pilemburan, tapi aya ogé anu disebutkeun kalawan jelas tur écés tempat-tempat lumangsungna peristiwa dina unggal carponna. Latar waktu dina unggal carponna ogé aya nu nuduhkeun waktu nu tangtu (absolut), aya anu nuduhkeun waktu anu henteu tangtu. Sedengkeun latar sosial unggal carponna, lolobana nuduhkeun bébédaan antara kalangan handap jeung kalangan luhur tur nuduhkeun kumaha kaayaan pamaréntah di jaman ayeuna.

5) Sudut Pandang

Tina 12 carpon anu geus dianalisis, bisa katitén yén aya 8 carpon anu ngagunakeun sudut pandang/titik caturan jalma katilu sarwa nyaho, nya éta carpon: “Nini Jumsih Moro Langlayangan”, “Kang Sabri Leungiteun Kalangkang”, “ Kang Sabri Mati Suri”, “Gagal”, “Wastu di Wastu”, “Ma Inung Néwak Cahaya”, “Onyét” jeung Nguseup”. Tuluy aya 2 carpon anu ngagunakeun sudut pandang/titik caturan jalma kahiji minangka tokoh utama, nya éta carpon “Basa Mamah Rék Ngajual Imah” jeung carpon “Ateul”. Sedengkeun anu maké sudut pandang/titik caturan jalma kahiji minangka tokoh tambahan/kasengker nya éta carpon “Silang Sigeu” jeung carpon “Basa Mamah jadi Caleg”.

Ku kituna, bisa dicindekkeun yén sudut pandang/titik caturan anu loba digunakeun dina unggal carponna nya éta sudut pandang/titik caturan jalma katilu sarwa nyaho, nya éta pangarang hadir dina carita salaku jalma di luar carita anu sarwa nyaho ngeunaan sakabéh peristiwa, pikiran, perasaan, jeung laku lampah tokoh-tokoh anu aya dina unggal carponna.

6) Amanat

Amanat anu ditepikeun ku pangarang dina 12 carpon anu geus dianalisis téh lolobana ngeunaan ajén-ajén kahirupan anu bisa dilarapkeun dina kahirupan sapopoé. Saperti amanat ngeunaan hal kaagamaan, amanat ngaunaan kahirupan di kulawarga, amanat ngaunaan kaayaan pamaréntahan, amanat ngeunaan kahirupan sosial jeung amanat dina hal politik.

(3)

Sakabéh amanat anu ditepikeun ku pangarang dina unggal carponna téh nyamuni dina galur/plot caritana, sok sanajan aya ogé amanat anu ditembrakkeun sacara langsung dina eusi carponna.

7) Hubungan Antarunsur dina Carita

Hubungan antarunsur dina carita unggal carponna téh nu dipedar nya éta hubungan : 1) téma jeung galur/plot, 2) téma jeung tokoh tur panokohan, 3) téma jeung latar, 4) galur/plot jeung tokoh tur panokohan, 5) galur/plot jeung latar, 6) tokoh tur panokohan jeung latar.

Ngaliwatan runtuyan anu panjang tur analitis, bisa dicindekkeun yén hubungan antarunsur dina carita unggal carponna téh raket patalina tur “berkausalitas” (miboga hubungan sabab-akibat). Sakabéh carpon dina buku kumpulan Ma Inung Néwak Cahaya mangrupa carpon anu medar sakabéh aspek kahirupan anu universal, medar carita anu luyu jeung kahirupan di jaman ayeuna.

2. Larapna Kumpulan Carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karangan

Mamat Sasmita pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP Kelas VII Tina 12 carpon anu geus dianalisis struktur caritana, dumasar kana kritéria pamilihan bahan ajar pikeun siswa, bisa dicindekkeun yén aya 8 carpon anu luyu pikeun dijadikeun bahan pangajaran maca carpon di SMP kelas VII, sedengkeun 4 carpon deui henteu luyu pikeun dijadikeun bahan pangajaran sabab henteu luyu jeung kritéria bahan ajar tapi ngan ukur bisa dipaké pikeun nambahan pangaweruh hungkul.