Wangenan Operasional Sumber Data Instrumén Panalungtikan

33 BAB III METODE PANALUNGTIKAN

3.1 Wangenan Operasional

Panalungtikan ngeunaan unsur panggentra vokatif kalimah basa Sunda dina novél Payung Butut diwangun ku sababaraha istilah. Sangkan leuwih jéntré jeung teu ngabalukarkeun ayana anggapan nu salah ngeunaan ieu judul panalungtikan, aya sababaraha istilah anu perlu diécéskeun. Istilah-istilah anu patali jeung ieu panalungtikan diantarana waé adegan, kalimah, unsur kalimah panggentra, novél jeung adegan unsur kalimah panggentra. a. Adegan basa mangrupa wangunan atawa susunan unsur-unsur basa anu dumuk polana tur ngéntép seureuh; b. Kalimah nya éta wangun basa miwujud kecap atawa runtuyan kecap anu puguh adeganana pikeun ngébréhkeun pikiran kalawan gembleng diwatesan ku randegan panjang nu binarung jeung wirahma ahir turun atawa naék; c. Unsur panggentra nya éta kecap anu dipaké pikeun kalimah panggero, kalimah pananya, jeung kalimah paréntah; d. Novél nya éta carita rékaan fiksi panjang dina wangun basa lancaran nu miwujud lalakon, sarta palaku, sarta palaku, latar, jeung leunjeuran caritana ngarancabang, tapi angger gumulung dina leunjeuran carita; jeung e. Ma’na nya éta peran semantis unsur basa nu muncul balukar patali jeung unsur basa séjénna dina kalimah.

3.2 Sumber Data

Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan téh nya éta novél Payung Butut karangan Ahmad Bakri, kandelna aya 97 kaca. Ukuran buku 17,5cm x 12cm, penerbit Rahmat Cijulang, taun terbit citakan I 1968, citakan II 1984, citakan III 1991. Dina novél Payung Butut eusi caritana aya genep épisode nya éta, 1 “Naib Anyar”, 2 “Pakait Pikir”, 3 “Cécéndét Mandé Kiara”, 4 “Jago Anyar”, 5 “Getih”, jeung 6 “Kapeupeuh Puhu Ceuli”. Tina éta sumber data dicokot sakabéh unsur panggentra kalimah minangka populasi. Sakabéh unsur panggentra kalimah dina populasi dijadikeun sampel Ku kituna, ieu panalungtikan ngagunakeun sampel total.

3.3 Instrumén Panalungtikan

Pikeun ngumpulkeun data unsur kalimah panggentra tina novél Payung Butut karangan Ahmad Bakri, digunakeun pakakas nu mangrupa kartu data. Conto: Kartu Data Unsur Kalimah Panggentra dina Novél Payung Butut PB13522 Wangun : “Har, ari Kang Haji, pan ti Banjar.” Wujud : Frasa barang Fungsi : Kecap barang Harti : Sesebutan pancakaki jeung gelar kagamaan.

3.4 Téhnik Ngumpulkeun Data