ADEGAN DIATÉSIS KALIMAH RANGKEPAN DINA RUBRIK “LAWANG SAKÉTÉNG” MAJALAH MANGLÉ PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA SUNDA DI SMP.

(1)

LEMBAR PENGESAHAN PERNYATAAN

PANGJAJAP………. i

ABSTRAK……… iv

DAPTAR EUSI………. v

DAPTAR BAGAN……… viii

DAPTAR LAMPIRAN………... ix

DAPTAR SINGGETAN………... x

BAB I BUBUKA………. 1

1.1 Kasang Tukang……….. 1

1.2 Watesan Masalah………... 5

1.3 Rumusan Masalah………. 5

1.4 Tujuan Panalungtikan………. 6

1.5 Mangpaat Panalungtikan………. 6

1.6 Anggapan Dasar……….. 7

1.7 Raraga Téori……… 7

1.8 Métode Panalungtikan………. 8

1.9 Téhnik Panalungtikan……….. 8

1.10Sumber Data………. 8

BAB II KALIMAH KEDALING AMBEK PIKEUN BAHAN PANGAJARAN……….. 9

2.1 Kalimah ………. 9

2.1.1 Wangenan Kalimah………. 9

2.1.2 Unsur-unsur Kalimah……….. 11

2.1.2.1 Kecap……….. 11

2.1.2.2 Frasa………... 12

(2)

2.2.1 Wangenan Émosi………... 20

2.2.2.Wanda émosi……….. 21

2.2.3 Ambek……… 23

2.3 Kedaling Ambek……… 24

2.3.1 Wangenan Kedaling Ambek………... 24

2.3.2 Pilihan Kecap Kedaling Ambek………. 25

2.4 Bahan Pangajaran Guneman Kalimah Kedaling Ambek……….. 27

2.4.1 Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda………. 27

2.4.2 Bahan Ajar Basa Sunda………. 29

2.4.3 Silabus……… 30

2.4.4 Évaluasi……….. 31

2.4.5 Rarancang Pangajaran……… 31

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN……….. 32

3.1 Wangenan Oprasional……… 32

3.2 Padika Ngolah Data……… 33

3.3 Pakakas Panalungtikan……….. 34

3.4 Téhnik Ngumpulkeun Data………... 35

3.5 Téhnik Ngolah Data……….. 35

BAB IV ADEGAN KALIMAH KEDALING AMBEK DINA KUMPULAN NASKAH DRAMA SUNDA JEBLOG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN GUNEMAN DI SMA……… 37

4.1 Data Kalimah Kedaling Ambek dina Kumpulan Naskah Drama Sunda Jeblog………. 37

4.2 Pilihan Kecap Kedaling Ambek………... 38

4.2.1 Kedaling Ambek Basa Kasar……….. 38

4.2.2 Kedaling Ambek Basa Lemes……….…. 39

(3)

4.4.1 Kalimah Sampurna……… 41

4.4.1.1 Kalimah Sampurna Susunan Baku………... 42

4.4.1.2 Kalimah Sampurna Susunan Balik……… 42

4.4.2 Kalimah teu Sampurna………... 42

4.5 Adegan Kalimah Kedaling Ambek………. 43

4.5.1 Adegan Kalimah Sampurna………..……. 43

4.5.1.1 Adegan Kalimah Kedaling Ambek Susunan Baku.. 43

4.5.1.2Adegan Kalimah Kedaling Ambek Susunan Balik....56

4.5.2Adegan Kalimah teu Sampura……… 59

4.6 Ambahan Bahan Ajar Kalimah Kedaling Ambek di SMA…….. 66

4.6.1Silabus ……….…. 68

4.6.2 Rarancang Pangajaran……….… 70

4.6.3 Évaluasi Pangajaran kedaling Ambek……….… 79

BAB V Kacindekkan jeung Saran………... 80

5.1 Kacindekan………... 80

5.2 Saran………. 81

Daptar Pustaka………. 83

Lampiran-lampiran……….. 84

(4)

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang

Basa mangrupa salasahiji pakakas anu dipaké ku manusa dina hirup kumbuhna. Tanpa basa, manusa hésé ngalakukeun komunikasi. Éta sababna, basa jadi alat anu pohara pentingna dina pakumbuhan manusa, nyaéta pikeun ngajalin patali marga di antara anggota masarakatna. Basa bisa dipikawanoh tina kelompok jalma, sélér bangsa, atawa bangsa anu makéna. Tina jihat étnik, aya anu disebut basa daérah, basa nasional, jeung basa asing anu miboga fungsi jeung kalungguhan séwang-séwangan.

Salaku basa daérah, basa Sunda lahir bareng jeung lahirna masarakat Sunda katut budayana. Ku kituna, dina pakumbuhanana masarakat Sunda, ngajalin patali marga ngagunakeun basa Sunda salaku pakakas komunikasina. Basa Sunda henteu ngan dipaké keur ngajalin patali marga hungkul, tapi ogé dipaké keur sadirieun. Keur sadirieun nyaéta waktu urang ngimpi, ngadunga, kukulutus, ngitung, jeung nyieun catetan poéan dina agénda pribadi. Ari basa Sunda nu dipaké pakakas komunikasi mah nyaéta basa Sunda anu dipaké pikeun ngirim jeung narima pesan (rasa, pikiran, jeung kahayang) ti pangirim ka panampa (pamiarsa atawa pamaca) ngaliwatan médium basa, nyaéta basa Sunda anu dipaké waktu urang palémék atawa komunikasi; nyatana pikeun alat campur gaul jeung papada urang Sunda atawa anu lain urang Sunda tapi bisa basa Sunda.

Dina prosés komunikasi, pangirim atawa panampa bisa ngedalkeun naon waé anu dirasa, boh rasa gumbira, nalangsa, atawa ambek ka jalma anu diajak

(5)

nyarita atawa nu dicaritakeun. Kedalna rasa, pikiran, jeung kahayang dina sistem sora waktu campur gaul disebut adegan eusi basa (deep structure). Ari sistem sora manusa anu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa disebutna adegan cangkang (surface structur).

Hal anu dikomunikasikeun ku pangirim ka panampa kedal dina wangun kalimah. Prawirasumantri (2000: 12), nétélakeun yén kalimah téh nyaéta kontruksi gramatik maksimal, mangrupa bagian pangleutikna, ngandung pikiran anu lengkep tina hiji wacana, diwatesan ku randegan panjang tur miboga lentong pamungkas turun atawa naék, anu rélatif éta kontruksi téh bisa madeg mandiri. Ku kituna, kalimah téh mangrupa wangun atawa kontruksi anu dipaké pikeun ngedalkeun eusi komuniksi; rasa, pikiran, jeung kahayang. Salasahiji rasa anu bisa kedal nyaéta ambek.

Ambek mangrupa rasa anu kedal nalika hiji jalma meunang kakeuheul atawa teu panuju kana hiji hal. Ambek bisa kedal dina wacana lisan jeung tulisan. Dina wacana lisan, ambek bakal kapanggih nalika hiji jalma ngalakukeun paguneman/dialog jeung jalma séjén atawa ka dirina sorangan waktu nimu kakeuheul atawa nimu ka teu panujuan. Ari dina wacana tulisan mah biasana urang mindeng manggih dina wangun wacana fiksi.

Wacana fiksi dibagi jadi tilu wangun nyaéta wacana lancaran, wacana ugeran jeung wacana drama. Ambek anu kedal dina kalimah atawa runtuyan kalimah bisa leuwih écés katingalina dina wangun drama. Wacana drama nyaéta wacana anu midangkeun carita atawa lalakon ku paguneman (dialog), diajangkeun pikeun diragakeun ku pamaén (aktor) dina pagelaran. Paguneman di antara para

(6)

palakuna mangrupa kalimah atawa omongan langsung ti para palaku anu diucapkeun silihtempas. Lian ti éta, tina drama, kedaling ambek bisa leuwih babari kapanggihna sabab dina awal drama aya nu disebut candraan (déskripsi) anu eusina nerangkeun kaayaan latar (tempat, waktu), suasana, kajadian carita, jeung palaku. Pertélaan palaku nataan ngaran jeung katerangan ngeunaan palaku saperti dedeg-pangadegna, watek, jeung paripolahna. Pertélaan palaku bisa ogé diseselkeun dina paguneman atawa omongan para palaku.

Ékman (2008: 15), salah saurang psikolog nu maluruh perkara émosi nétélakeun yén ”Tiap-tiap émosi boga sinyal-sinyal anu has, wangun anu paling babari diidéntifikasi tina émosi nyaéta tina pameunteu jeung sora.” Ambek anu mangrupa salasahiji bagian tina émosi sacara langsung bisa diidentifikasi tina dua hal anu ditétélakeun tadi nyaéta tina pameunteu jeung sora. Panalungtikan anu didasarkeun kana kamampuh nyarita dina ngaragakeun (bermain peran) tangtuna patali jeung éksprési pameunteu sarta sora, tapi nilik kana kamampuh nyarita panalungtik leuwih museurkeun panalungtikan kana kalimah atawa runtuyan kalimah anu kedal dina wangun omongan.

Kumpulan naskah drama Sunda Jeblog mangrupa bahan panalungtikan anu dipilih ku panalungtik sabab ditilik tina eusina, dina ieu kumpulan naskah drama loba omongan para tokohna anu mangrupa kedaling ambek, boh ka dirina sorangan boh ka nu diajak nyarita. Ku kituna, tangtu waé dina ieu kumpulan naskah drama réa kalimah-kalimah anu bisa ditalungtik tina segi kabasaanna. Contona tina segi wujudiah, pilihan kecap, papasingan, jeung adegan kalimah kedaling ambek basa Sunda anu dipakéna. Ditilik tina jihat psikologis, naskah

(7)

drama nu nyaritakeun héséna kahirupan, dirasa cocog dijadikeun bahan ajar pikeun siswa SMA sabab ditataran SMA, siswa geus mimiti nyaho, maham jeung nataharkeun diri pikeun nyanghareupan kahirupan anu leuwih nyata atawa real.

Dina Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP) mata pelajaran basa jeung sastra Sunda, matéri drama kaasup kana bahan ajar kasusastraan, najan kitu angger baé éta hal moal leupas tina masalah kabasaan sabab saperti anu ditétélakeun di luhur basa téh mangrupa alat komunikasi anu bisa dipaké dina rupa-rupa média boh lisan boh tulisan. Lian ti bisa dipedar tina segi kasusastraan, urang ogé bisa manggihan ragam kabasaan dina bahan ajar drama. Di antarana waé, anu geus dituliskeun di luhur nyaéta urang bisa mikanyaho wujudiah, pilihan kecap, papasingan kalimah, jeung adegan kalimah kedaling ambek basa Sunda anu aya dina drama. Ditilik tina éta hal, urang bisa nyindekkeun yén matéri kasusastraan moal leupas tina matéri kabasaan.

Panalungtikan ngeunaan adegan kalimah geus réa pisan dilakukeun di antarana waé “Adegan Kalimah Ngantet dina Karangan Siswa SLTP 2 Méi Banjaran” (Rina Hasanah, 2001), “Adegan Kalimah Pananya dina Novel Lain Éta Moh. Ambri” (Téjaningrum, 2002), “Adegan Kalimah Pasif dina Kumpulan Carita Pondok Halimun Peuting Karangan Iskandarwassid” (Ihat Solihat, 2004) jeung “Adegan Kalimah Panggero dina Kumpulan Carpon Jurig Paséa jeung Nyi Karsih karangan Tini Kartini” (Tidah Fitriah, 2002). Panalungtikan-panalungtikan di luhur umumna maluruh kalimah tina struktur jeung fungsi sacara umum, hiji ogé can aya anu nalungtik kalimah anu dipatalikeun kana kedaling ambek komo deui kana panalungtikan adegan kalimah kedaling ambek dina drama pikeun

(8)

bahan ajar. Ku kituna, ieu panalungtikan téh dibéré judul ”Adegan Kalimah Kedaling Ambek dina Kumpulan Naskah Drama Sunda Jeblog pikeun Bahan Pangajaran Guneman Di SMA”

1.2Watesan Masalah

Sangkan ambahan dina ieu panalungtikan teu lega teuing, mangka panalungtik ngawatesan panalungtikan adegan kalimah kedaling ambek dina kumpulan naskah drama Sunda Jeblog pikeun bahan pangajaran guneman di SMA ditilik tina pilihan kecap, wujudiah, papasingan, adegan jeung bahan ajar kalimah kedaling ambek basa Sunda.

1.3Rumusan Masalah

Ieu panalungtikan medar perkara adegan kalimah kedaling ambek dina kumpulan naskah drama Sunda Jeblog, ari masalah panalungtikanna dirumuskeun dina wangun pertanyaan ieu di handap.

a. Kedaling ambek basa Sunda naon waé anu kapanggih dina éta kumpulan naskah drama?

b. Kumaha pilihan kecap kedaling ambek dina éta kumpulan naskah drama?

c. Kumaha wujud kedaling ambek dina éta kumpulan naskah drama?

d. Kumaha papasingan kalimahna ditilik tina lengkep-henteuna klausa

pangwanguna?

e. Kumaha adegan kalimah kedaling ambek ditilik tina lengkep-henteuna klausa

(9)

f. Kumaha bahan pangajaran guneman kedaling ambek dina éta kumpulan naskah drama?

1.4Tujuan Panalungtikan

Tujuan ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun adegan kalimah kedaling ambek anu kapanggih dina kumpulan naskah drama Sunda Jeblog pikeun bahan pangajaran basa Sunda di SMA. Ari deskripsina ngawengku:

a. kedaling ambek basa Sunda nu kapanggih dina éta kumpulan naskah drama;

b. pilihan kecap kedaling ambek dina éta kumpulan naskah drama;

c. wujud kedaling ambek dina éta kumpulan naskah drama;

d. papasingan kalimahna ditilik tina lengkep- henteuna klausa pangwanguna; e. adegan kalimah kedaling ambek ditilik tina lengkep-henteuna klausa

pangwanguna;

f. bahan pangajaran guneman kedaling ambek dina éta kumpulan naskah drama.

1.5Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré manfaat boh sacara téoritis boh sacara praktis. Ari mangpaatna nyaéta:

a. pikeun ngeuyeuban paélmuan tata basa tur kamekaran élmu pangaweruh dina

widang tata basa Sunda, utamana dina tataran sintaksis nyaéta pikeun ngeuyeuban pangawéruh ngeunaan kalimah;

(10)

c. pikeun siswa, bisa ngajembaran pangaweruh ngeunaan élmu kabahasaan jeung sastra Sunda, ogé pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina kaparigelan maké basa, hususna dina aspék nyarita;

d. pikeun nu maca, bisa ngeuyeuban pangaweruh kabasaanna leuwih jembar deui, utamana dina masalah kabasaan jeung pangajaran.

1.6Anggapan Dasar

Ieu panalungtikan dumasar kana anggapan dasar ieu di handap.

a. Kedaling ambek mangrupa salasahiji ébréhan tina rasa, pikiran, jeung kahayang anu kedal dina wangun kalimah, anu bisa dianalisis tina pilihan kecap, wujudiah, papasingan, jeung adegan kalimah kedaling ambek basa Sunda;

b. Kedaling ambek bisa kapanggih dina rupa-rupa wacana, boh lisan boh tulisan;

c. Dina kumpulan naskah drama Sunda Jeblog, aya kalimah kedaling ambek anu

bisa dijadikeun bahan ajar di SMA.

1.7 Raraga Téori

Téori anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta téori-téori ngeunaan kalimah (sintaksis) jeung bahan pangajaran. Buku-buku anu dipaké di antarana waé buku Tata Basa Sunda Kiwari (Sudaryat, Spk, 2007), Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaraaan Bahasa dan Sastra Sunda (Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2006), Linguistik Umum (Chaér, 2003), jeung Prosedur Penelitian: Satuan Pendekatan Praktik (Arikunto, 2006).

(11)

1.8 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan anu digunakeun nyaéta metode déskriptif. Métode déskriptif mangrupa métode pikeun ngungkulan pasualan aktual ku cara ngumpulkeun, nganalisis jeung napsirkeun data.

1.9 Téhnik Panalungtikan

Téhnik studi dokuméntasi (ulikan pustaka) jeung obsérvasi mangrupa téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data anu dibutuhkeun dina ieu panalungtikan. Téhnik studi dokumentasi nyaéta téhnik anu digunakeun pikeun meunangkeun data atawa informasi anu aya patalina jeung masalah anu ditalungtik. Ieu téhnik, dirojong ku téhnik observasi pikeun ngumpulkeun data langsung tina objék anu ditalungtik.

1.10 Sumber Data

Anu jadi populasi dina ieu panalungtikan nyaéta kalimah kedaling ambek basa Sunda, anu sumberna tina wacana tulisan nyaéta tina kumpulan naskah drama Sunda Jeblog. Ku sabab ieu panalungtikan ngagunakeun sempel total, mangka anu jadi sampel sarua jeung populasi nyaéta sakabéh kalimah kedaling ambek anu aya dina kumpulan naskah drama Sunda Jeblog.

(12)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab panalungtik bakal medar perkara métode panalungtikan anu ngawengku (1) wangenan oprasional, (2) padika nangtukeun data, (3) pakakas panalungtikan, (4) téhnik ngumpulkeun data, jeung (5) téhnik ngolah data.

3.1Wangenan Oprasional

Istilah-istilah anu digunakeun dina ieu panalungtikan di antarana ditétélakeun ieu di handap.

1) Adegan nyaéta wangun.

2) Kalimah téh nyaéta kontruksi gramatik maksimal, nu mangrupa bagian pangleutikna anu ngandung pikiran anu lengkep tina hiji wacana, anu diwatesan ku randegan panjang tur miboga lentong pamungkas turun atawa naék, anu rélatif éta kontruksi téh bisa madeg mandiri.

3) Adegan kalimah nyaéta tata susunan kalimah katut babagianna.

4) kedaling ambek nyaéta éksprési verbal dina wangun omongan atawa caritaan anu kedal sacara lisan, timbul lantaran rasa keuheul, kuciwa, teu panuju, teu dihargaan, jeung sajabana.

5) Drama nyaéta wacana anu midangkeun carita atawa lalakon ku paguneman

(dialog), diajangkeun pikeun diragakeun ku pamaén (aktor) dina pagelaran.

6) Bahan ajar nyaéta sajumlah matéri anu baris ditepikeun ka siswa dina kagiatan diajar-ngajar.

(13)

Jadi anu dimaksud ku judul ”Adegan Kalimah Kedaling Ambek dina Kumpulan Naskah Drama Sunda Jeblog pikeun Bahan pangajaran Guneman Di SMA” nyaéta tata susunan kalimah-kalimah kedaling ambek anu aya dina wacana drama nu dijadikeun sajumlah matéri pikeun ditepikeun dina kagiatan diajar-ngajar, anu diarahkeun pikeun ngaronjatkeun kaparigelan maké basa jeung sastra Sunda, kamampuh mikir jeung maké nalar, kamampuh ngajembaran pangaweruh budaya Sunda, ngasah rasa jeung parigel dina ngajalin tali mimitran jeung jalma séjén.

3.2Padika Nangtukeun Data

Dina hiji panalungtikan, populasi jeung sampel mangrupa hal anu penting dina nangtukeun objék panalungtikan. Numutkeun Arikunto (1996: 115) “Populasi adalah keseluruhan objék penelitian.” Mangka anu jadi populasi dina ieu panalungtikan nyaéta kalimah kedaling ambek basa Sunda anu sumberna tina wacana tinulis, nyaéta tina kumpulan naskah drama Sunda Jeblog.

Sampel mangrupa sabagian atawa sakabéh populasi anu baris ditalungtik sarta dianggap réprésentatif tina populasina. Sampel anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta sampel total. Ku kituna, anu jadi sampel dina ieu panalungtikan nyaéta sakabeh kalimah kedaling ambek anu aya dina kumpulan naskah drama Sunda Jeblog.

(14)

3.3 Pakakas Panalungtikan

Ieu panalungtikan ngagunakeun kartu data salaku pakakas atawa instrumén panalungtikan. Kartu data nyaéta cara anu digunakeun pikeun ngumpukleun data ku cara nyalin jeung mindahkeun sakabéh data anu diperlukeun, dina ieu hal nyaéta sakabéh kalimah kedaling ambek dina kumpulan naskah drama Sunda Jeblog pikeun dijadikeun bahan ajar di SMA.

Eusi dina kartu data nyaéta cutatan data kalimah kedaling ambek dina kumpulan naskah drama Sunda Jeblog anu disusun sacara alfhabet. Anu saterusna dibéré nomer jeung kodé. Éta kartu data téh, ditambah ku ayana catetan kalimah anu aya disajeroeun tanda kurung (…). Jeroeun tanda kurung ditulis sumber data kalimah kedaling ambek. Eusina nyaéta nomer urut data nu ngawengku kaca jeung jajaran.

Tabel 2.1 Kartu Data

A

Aing rék mandi! (A/13/9)

Adegan : J + C

Wujudiah : kalimah

Papasingan kalimah : kalimah sampurna

(15)

3.4 Téhnik Ngumpulkeun Data

Pikeun ngumpulkeun data, ieu panalungtikan ngagunakeun dua téhnik nyaéta téhnik studi dokumentasi jeung téhnik obsérvasi. Léngkah-léngkah pikeun ngumpulkeun data nu dibutuhkeun, dilakukeun ngaliwatan sababaraha tahapan di antarana di handap ieu.

1. Nyaluyukeun panalungtikan jeung standar kompeténsi jeung kompeténsi dasar

anu aya dina Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan.

2. Neangan buku nu rék dijadikeun bahan panalungtikan.

3. Nangtukeun judul buku nu rék ditalungtik.

4. Maca buku nu rék ditaluktik, nyaéta kumpulan naskah drama Sunda Jeblog.

5. Nyirian kalimah kedaling ambek anu kapanggih.

6. Nyalin kalimah kedaling ambek kana kartu data.

7. Nganomeran atawa ngodean kartu data.

3.5 Téhnik Ngolah Data

Léngkah-léngkah anu kudu dilakukeun dina ngolah data di antarana ngaliwatan sababaraha tahapan anu ditétélakeun ieu di handap.

1) Nganalisis data tina pilihan kecap, wujudiah, papasingan, jeung adegan kalimah kedaling ambek basa Sunda.

2) Nyieun papasingan kalimah kedaling ambek tina pilihan kecap, wujudiah,

(16)

3) Ngitung perséntase papasingan kalimah kedaling ambek tina pilihan kecap, wujudiah, papasingan, jeung adegan kalimah kedaling ambek basa Sunda.

4) Ngadeskripsikeun kalimah kedaling ambek tina pilihan kecap, wujudiah, papasingan, jeung adegan kalimah kedaling ambek basa Sunda.

5) Nyieun bahan ajar guneman kalimah kedaling ambek di SMA .

6) Napsirkeun jeung nyindekkeun perkara adegan kalimah kedaling ambek tina kumpulan naskah drama Sunda Jeblog pikeun bahan pangajaran gunéman di SMA.

(17)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan téh mangrupa gambaran ngeunaan kalimah kedaling ambek tina kumpulan naskah drama Sunda Jeblog. Hususna ngeunaan pilihan kecap, wujudiah, papasingan, jeung adegan kalimah kedaling ambek ditilik tina lengkep-henteuna klausa pangwangunna.

Kalimah kedaling ambek anu kapanggih tina analisis data jumlahna aya 365 kalimah kedaling ambek. Ditilik tina pilihan kecapna kedaling ambek aya tilu rupa, tapi anu kapanggih tina analisis data ngan aya dua pilihan kecap, nyaéta (1) kalimah kedaling ambek basa kasar, jeung (2) kalimah kedaling ambek basa lemes. Data kedaling ambek basa kasar anu kapanggih tina analisis data jumlahna aya 361 kalimah (98,90%). Kalimah kedaling ambek basa lemes, anu kapanggih tina analisis jumlahna ngan ukur 4 kalimah (1,10%).

Ditilik tina wujudiah kalimahna, kedaling ambek dibagi jadi tilu nyaéta (1) kedaling ambek wangun kecap, (2) kedaling ambek wangun frasa, jeung (3) kedaling ambek wangun kalimah. Kedaling ambek wangun kecap anu kapanggih tina analisis data, jumlahna aya 34 kalimah (9,32%). Kedaling ambek wangun frasa anu kapanggih tina analisis jumlahna aya 30 kalimah (8,22%). Kedaling ambek wangun kalimah anu kapanggih jumlahna aya 301 kalimah (82,47%).

(18)

Ditilik tina lengkep henteuna klausa pangwangunna, kalimah kedaling ambek dibagi jadi dua bagian, nyaéta (1) kalimah sampurna jeung (2) kalimah teu sampurna. Kalimah sampurna anu kapanggih tina analisis data, aya kana 127 kalimah (34,79%). Kalimah sampurna dibagi deui jadi dua nyaéta kalimah sampurna susunan baku jeung susunan balik. Kalimah sampurna susunan baku jumlahna aya 114 kalimah (31,22%). Kalimah susunan balik, anu kapanggih tina analisis data jumlahna aya 13 kalimah (3,56%). Sedengkeun kalimah teu sampurna anu kapanggih tina analisis data aya 238 kalimah (65,21%).

Tina ieu panalungtikan, bisa dicindekkeun yén kedaling ambek bisa diulik sacara kabasaan, nyaéta bisa diulik tina pilihan kecap, wujudiahna, papasingan jeung adegan kalimahna. Ku kituna, teu salah upama kedaling ambek bisa dijadikeun bahan ajar guneman di SMA.

5.2 Saran

Ieu panalungtikan téh ngan medar ngeunaan pilihan kecap, wujudiah, papasingan, jeung adegan kalimah kedaling ambek ditilik tina lengkep henteuna klausa pangwangunna, nu dipatalikeun jeung bahan pangajaran. Ku kituna, panalungtik miharep:

1) aya panalungtik séjén anu bisa nambahan bahan garapan kana ieu panalungtikan, sangkan aya karageman atawa aya hal nu anyar dina pangajaran basa Sunda;

(19)

2) pikeun guru, ieu bahan pangajaran bisa diujikeun ka siswa, nyaéta pikeun mikanyaho éféktif henteuna ieu bahan pangajaran dina ngaronjatkeun kamampuh siswa, utamana dina widang kabasaan.

(20)

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, Suharsimi. 1998. Prosedur Penelitian. Jakarta: PT Rineka Cipta. Chaér, Abdul. 1994. Linguistik Umum. Jakarta: Rineka cipta

Dinas Pendidikan. 2007. Standar Kompetensi Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Pemerintah Provinsi Jawa Barat. Ékman, Paul. 2007. Membaca Émosi Orang. Yogyakarta: Think.

Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda FPBS UPI. 2008. Palengeran Éjahan Basa Sunda. Bandung: Sonagar.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. 1995. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Taraté.

Prawirasumantri, Abud. 2000. Sintaksis Basa Sunda(Analisis Tagmemik Tingkat Kalimah, Klausa, Frasa). Bandung: FPBS UPI.

Ramlan. 1982. Sintaksis. Yogyakarta: CV Karyono.

Sudaryat, Yayat. 1987. Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten. ---. 2007. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.

---.2004. Modél Pangajaran Kompetensi Basa Sunda. Bandung: Pamulang.

---.2001. Élmuning Basa. Bandung: Wilatra.

Tamsyah, Budi Rahayu. 1993. Kamus Undak Usuk Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

(1)

3.4 Téhnik Ngumpulkeun Data

Pikeun ngumpulkeun data, ieu panalungtikan ngagunakeun dua téhnik nyaéta téhnik studi dokumentasi jeung téhnik obsérvasi. Léngkah-léngkah pikeun ngumpulkeun data nu dibutuhkeun, dilakukeun ngaliwatan sababaraha tahapan di antarana di handap ieu.

1. Nyaluyukeun panalungtikan jeung standar kompeténsi jeung kompeténsi dasar anu aya dina Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan.

2. Neangan buku nu rék dijadikeun bahan panalungtikan. 3. Nangtukeun judul buku nu rék ditalungtik.

4. Maca buku nu rék ditaluktik, nyaéta kumpulan naskah drama Sunda Jeblog. 5. Nyirian kalimah kedaling ambek anu kapanggih.

6. Nyalin kalimah kedaling ambek kana kartu data. 7. Nganomeran atawa ngodean kartu data.

3.5 Téhnik Ngolah Data

Léngkah-léngkah anu kudu dilakukeun dina ngolah data di antarana ngaliwatan sababaraha tahapan anu ditétélakeun ieu di handap.

1) Nganalisis data tina pilihan kecap, wujudiah, papasingan, jeung adegan kalimah kedaling ambek basa Sunda.

2) Nyieun papasingan kalimah kedaling ambek tina pilihan kecap, wujudiah, papasingan, jeung adegan kalimah kedaling ambek basa Sunda.