FUNGSI JEUNG WANDA PRAGMATIS KALIMAH ÉBRÉHAN DINA NOVÉL RAJAPATI DI PANANJUNG KARANGAN AHMAD BAKRI.

(1)

No. 637/0251/FPBS/2013 FUNGSI JEUNG WANDA PRAGMATIS KALIMAH ÉBRÉHAN DINA NOVÉL RAJAPATI DI PANANJUNG KARANGAN AHMAD BAKRI

SKRIPSI

Diajukeun pikeun Nyumponan Salah Sahiji Sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikan

ku

Erwita Novia Purwanti NIM 0906196

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG


(2)

LEMBAR PENGESAHAN

ERWITA NOVIA PURWANTI NIM. 0906196

FUNGSI JEUNG WANDA PRAGMATIS KALIMAH ÉBRÉHAN DINA NOVÉL RAJAPATI DI PANANJUNG KARANGAN AHMAD BAKRI

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 196302101987031001

Pangaping II,

Hernawan, S.Pd., M.Pd. NIP 197820102003121001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001


(3)

FUNGSI JEUNG WANDA PRAGMATIS KALIMAH

ÉBRÉHAN

DINA NOVÉL RAJAPATI DI PANANJUNG

KARANGAN AHMAD BAKRI

Oleh

Erwita Novia Purwanti

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Ekonomi dan Bisnis

© Erwita Novia Purwanti 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Juni 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(4)

FUNGSI JEUNG WANDA PRAGMATIS KALIMAH ÉBRÉHAN DINA NOVÉL RAJAPATI DI PANANJUNG

KARANGAN AHMAD BAKRI1)

Erwita Novia Purwanti 2) ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi dengan belum adanya penelitian mengenai kalimat pragmatis ekslamatif. Tujuan penelitian ini untuk mendeskripsikan kalimat pragmatis ekslamatif yang ada dalam novel Rajapati di Pananjung

karangan Ahmad Bakri. Deskripsinya mencakup 1) data kalimat pragmatis ekslamatif; 2) analisis fungsi pragmatis kalimat ekslamatif; 3) analisis arti dan ciri pragmatis kalimat ekslamatif; dan 4) analisis bentuk pragmatis kalimat ekslamatif. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif, sedangkan teknik yang digunakan yaitu teknik tinjauan pustaka. Hasil penelitian ini memperlihatkan bahwa 1) ada 175 kalimat pragmatis ekslamatif; 2) ada dua fungsi pragmatis kalimat ekslamatif, yakni fungsi kalimat vokatif sebanyak 13 kalimat dan fungsi kalimat pengantarsebanyak 162 kalimat; 3) ada 8 arti beserta ciri pragmatis kalimat ekslamatif, yakni arti kaget sebanyak 42 kalimat, arti kesal sebanyak 40 kalimat, arti ajakan sebanyak 28 kalimat, arti menghela sebanyak 42 kalimat, arti penegasan sebanyak 9 kalimat, arti puas sebanyak 1 kalimat, arti rasa terimakasih sebanyak 1 kalimat, dan rasa syukur sebanyak 1 kalimat; dengan mempunyai ciri-ciri seperti wah, na, yu, emh, tah, hoyah, nuhun, alhamdulillah,

dan sebagainya; 4) ada 4 bentuk pragmatis kalimat ekslamatif yakni kalimat ekslamatif komisif sebanyak 6 kalimat; kalimat ekslamatif impositif sebanyak 22 kalimat; kalimat ekslamatif ekspresif sebanyak 131 kalimat; serta kalimat ekslamatif asertif sebanyak 4 kalimat.

Kata kunci: kalimat ekslamatif, pragmatik

1) Skripsi dibimbing oleh Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. dan Hernawan, S.Pd., M.Pd.


(5)

ABSTRACT

This research is motivated by the lack of research on the pragmatic interjection sentence. The purpose of this study to describe the pragmatic interjection existing sentence in the novel Rajapati di Pananjung created by Ahmad Bakri. The descriptions include 1) the data interjection pragmatic sentence; 2) analysis of interjection pragmatic sentence function; 3) analysis of the meaning and characteristics of pragmatic interjection sentence, and 4) analysis of the pragmatic form of interjection sentence. The method used in this research is descriptive, while the technique used is review of the literature. The results of this study showed that 1) there are 175 pragmatic interjection sentence; 2) there are two functions of interjection pragmatic sentences, those are vocative sentences function as many as 13 sentences and introductory sentences function as many as 162 sentences, 3) there are 8 meanings and their characters of pragmatic interjection sentence, the meaning of shocked as many as 42 sentences, the meaning of dejected as many as 40 sentences, the meaning of invitation as many as 28 sentences, the meaning of pull as many as 42 sentences, the meaning of affirmation as many as 9 sentences, the meaning of satisfied as many as 1 sentence, the meaning of gratitude as many as 1 sentence, and the meaning of fortunately as many as 1 sentence; with have characteristics such as wah, na, yu, emh, tah, hoyah, nuhun, alhamdulillah, and so on; 4) there are 4 forms of the pragmatic sentence those are interjection commissive sentences as many as 6 sentences; impositif interjection sentence as many as 22 sentences; interjection expressive as many as 131 sentences, and interjection assertive sentences as many as 4 sentences.


(6)

DAPTAR EUSI

PANGJAJAP ... i

CATUR NUHUN ... ii

ABSTRAK ... iv

DAPTAR EUSI ... v

DAPTAR TABÉL ... viii

DAPTAR BAGAN ... ix

DAPTAR LAMPIRAN ... x

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 5

1.2.1 Watesan Masalah ... 5

1.2.2 Rumusan Masalah ... 6

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 6

1.3.1 Tujuan Umum ... 6

1.3.2 Tujuan Husus ... 7

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 7

1.4.1 Mangpaat Teoritis ... 7

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 7

1.5 Raraga Tulisan ... 8

BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, JEUNG ANGGAPAN DASAR 10

2.1 Ulikan Tiori ... 10

2.1.1 Kapragmatisan ... 10

2.1.1.1Kasang Tukang Historis Pragmatik ... 10

2.1.1.2Kalungguhan Pragmatik ... 11

2.1.1.3Wangenan jeung Ciri Pragmatik ... 12

2.1.2 Kalimah ... 14

2.1.2.1Watesan jeung Ciri Kalimah ... 14

2.1.2.2Fungsi Kalimah ... 16

2.1.3 Kalimah ébréhan ... 19

2.1.3.1Watesan Ébréhan ... 19

2.1.3.2Fungsi Kalimah Ébréhan ... 19

2.1.3.3Harti jeung Ciri-ciri Kalimah Ébréhan ... 20

2.1.3.4Wanda Kalimah Ébréhan ... 22

2.1.4 Novél ... 24

2.1.4.1Wangenan Novél ... 24

2.1.4.2Ciri-ciri Novél ... 25

2.1.4.3Papasingan Novél ... 26

2.2Raraga Mikir ... 29


(7)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 31

3.1Data jeung Sumber Data ... 31

3.2Désain Panalungtikan ... 32

3.3Métode Panalungtikan ... 34

3.4Wangenan Operasional ... 34

3.5Instrumén Panalungtikan ... 35

3.6Téhnik Ngumpulkeun Data ... 36

3.7Téhnik Nganalisis Data ... 36

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 38

4.1Data Kalimah Ébréhan ... 38

4.2Fungsi Kalimah Ébréhan ... 45

4.2.1 Kalimah Panggentra (Vokatif) ... 45

4.2.1.1Pola 1 ... 45

4.2.1.2 Pola 2 ... 46

4.2.2 Kalimah Anteuran ... 47

4.2.2.1 Pola 1 ... 47

4.2.2.2 Pola 2 ... 47

4.2.2.3 Pola 3 ... 48

4.2.2.4 Pola 4 ... 48

4.2.2.5 Pola 5 ... 49

4.2.2.6 Pola 6 ... 49

4.2.2.7 Pola 7 ... 50

4.2.2.8 Pola 8 ... 51

4.2.2.9 Pola 9 ... 51

4.2.2.10Pola 10 ... 52

4.2.2.11Pola 11 ... 52

4.2.2.12Pola 12 ... 53

4.2.2.13Pola 13 ... 53

4.2.2.14Pola 14 ... 54

4.2.2.15Pola 15 ... 54

4.2.2.16Pola 16 ... 55

4.2.2.17Pola 17 ... 55

4.2.2.18Pola 18 ... 55

4.2.2.19Pola 19 ... 56

4.2.2.20Pola 20 ... 56

4.2.2.21Pola 21 ... 57

4.2.2.22Pola 22 ... 57

4.3Harti jeung Ciri-ciri Kalimah Ébréhan ... 58

4.3.1 Kagét ... 59

4.3.2 Keuheul ... 64

4.3.3 Umajak ... 67

4.3.4 Ngageuri ... 70

4.3.5 Paneges ... 77

4.3.6 Mupuas ... 78


(8)

4.3.8 Tumamprak ... 79

4.4Wanda Kalimah Ébréhan ... 80

4.4.1 Kalimah Komisif ... 80

4.4.2 Kalimah Impositif ... 81

4.4.3 Kalimah Éksprésif ... 83

4.4.4 Kalimah Asértif ... 84

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 86

5.1Kacindekan jeung Saran ... 86

5.1.1 Kacindekan ... 86

5.1.2 Saran ... 88

DAPTAR PUSTAKA ... 90

LAMPIRAN ... 92


(9)

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Manusa salaku mahluk anu istiméwa béda jeung mahluk lianna dibéré kaunggulan mangrupa basa. Dina hirup kumbuhna manusa teu bisa leupas ti manusa séjénna, éta hal nandakeun manusa salaku mahluk sosial anu salawasna aya dina wengkuan hiji masarakat basa. Salah sahiji cara nu dilakukeun dina kalumangsunganana nya éta ku ayana komunikasi atawa interaksi.

Salaku masarakat basa tangtuna manusa teu bisa leupas tina basa. Basa nu miboga fungsi pikeun alat komunikasi. Ngaliwatan basa ogé manusa bisa ngébréhkeun eusi pikiran, rasa, kahayang, jeung lianna. Éta hal miboga tujuan sangkan naon nu ditepikeun ku panyatur (panulis) bisa ditarima ku pamiarsa (pamaca), boh ngaliwatan médium basa lisan boh ngaliwatan médium basa tulisan.

Lian ti mahluk sosial, manusa ogé mangrupa mahluk individu. Hartina, manusa téh miboga sipat unik béda jeung manusa séjénna. Éta hal bakal kapanggih nalika manusa ngagunakeun basana. Tina basa nu dipakéna, karakter hiji jalma bisa katitén. Basa has hiji jalma bisa ogé disebut idiolék (dialék individual) nya éta ragam basa nu has dipaké ku hiji jalma (Sudaryat, 2010: 33).

Nurutkeun Halliday (1973) dina Tarigan (2009: 5) basa miboga tujuh fungsi, di antarana: fungsi instruméntal, fungsi régulasi, fungsi répréséntasional, fungsi interaksional, fungsi personal, fungsi heuristik, jeung fungsi imajinatif.

Dumasar pamadegan di luhur, boh manusa salaku mahluk sosial boh manusa salaku mahluk individu, nalika ngagunakeun basa duanana pada-pada boga fungsi sakumaha anu disebutkeun di luhur. Dua di antarana nya éta fungsi personal jeung fungsi interaksional. Basa dina fungsi personal nya éta manusa salaku mahluk individu ngajadikeun basa pikeun ngaéksprésikeun rasa, émosi, kahayang, pikiran, sarta réaksi-réaksi kajiwaan lianna. Fungsi interaksional nya éta manusa salaku


(10)

2

mahluk sosial ngajadikeun basa salaku alat pikeun interaksi dina hiji komunikasi sosial.

Dina prosés komunikasi sosial nu kalibet di antarana waé panyatur, pamiarsa, jeung jejer omongan. Nalika lumangsungna éta prosés tangtuna aya interaksi nu mangrupa paguneman. Paguneman bisa dilaksanakeun ku dua urang atawa leuwih, saharitaeun, jeung umumna paranjang.

Élmu nu maluruh patalina unsur basa jeung pamakéna dina kontéks situasi nu tangtu disebut pragmatik. Nababan (1987) dina Iskandarwassid (2004: 131) nétélakeun yén pragmatik téh „berkenaan dengan penggunaan bahasa secara efektif dan wajar untuk berkomunikasi dalam situasi tertentu‟. Pragmatik ogé

„mangrupa ulikan anu matalikeun adegan basa jeung nu makéna‟ (Crystal dina

Sudaryat, 2009: 10). Pamadegan sarupa ogé didadarkeun ku Sudaryat (2009: 283) yén:

Pragmatik maluruh bagbagan makéna basa keur kaperluan nu tangtu dina hiji situasi, patalina basa jeung kontéks makéna, atawa carana milih kalimah anu keuna tur luyu jeung kabutuhan panyatur. Pragmatik ngulik kondisi umum komunikasi basa nu ngawujud dina runtuyan kalimah. Ari runtuyan kalimah anu luyu jeung kontéks makéna téh disebut wacana.

Pragmatik raket patalina jeung wacana sabab wacana mangrupa wujud basa dina pamakéan atawa pragmatis. Ku kituna, wacana disebut ogé pragmatik sarta miboga sipat-sipat pragmatis. Nya éta salah sahiji cabang tina élmu sémiotik. Dua cabang séjénna nya éta sintaksis jeung sémantik. Sakumaha nu ditétélakeun ku Charles Morris (1938) dina Tarigan (2009: 14) sémantik dibagi jadi tilu, nya éta sintaksis, sémantik, jeung pragmatik. Sintaksis maluruh patalina unsur basa nu sipatna formal, sémantik maluruh patalina unsur basa jeung objékna, sedengkeun pragmatik maluruh patalina unsur basa jeung nu napsirkeunana.

Ulikan pragmatik anu nganalisis wacana minangka wangun basa pangjembarna, tangtu moal leupas tina kalimah. Ari kalimah mangrupa unsur pangleutikna dina tata wacana. Unsur kalimah dina wacana disebut ogé omongan atawa obahan (move).

Nilik kana fungsi dina kontéks situasi atawa disawang tina réspon nu dipiharep, aya sababaraha rupa kalimah, nya éta kalimah wawaran (déklaratif), kalimah


(11)

3

pananya (interogatif), kalimah paréntah (imperatif), jeung kalimah ébréhan (éksklamatif). Dina ieu panalungtikan husus medar ngeunaan kalimah ébréhan, nya éta kalimah anu eusina ngébréhkeun rasa (émosi) panyaturna, upamana waé rasa gumbira, nalangsa, kagét, geuleuh, reueus, jste (Sudaryat, 2010: 99).

Kalimah ébréhan bisa kapanggih dina rupa-rupa kontéks jeung situasi, boh lisan boh tulisan. Dina kontéks lisan, kalimah ébréhan bisa kapanggih waktu panyatur nepikeun rasa atawa émosina sacara langsung ka pamiarsa. Contona waé waktu keur bungah, nalangsa, reueus, jeung lianna bakal katitén tina randegan panjang jeung wirahma ahir turun atawa naék anu disebut ogé lentong (intonasi). Dina kontéks tulisan, kalimah ébréhan sok ditungtungan ku tanda panyeluk (!). Salian dina kalimah ébréhan, tanda panyeluk (!) ogé bisa kapanggih dina kalimah paréntah. Ku kituna, diperlukeun katalitian anu leuwih daria sangkan kalimah ébréhan teu pahili jeung kalimah paréntah, utamana dina ngama‟naanana.

Dumasar kana adegan internalna, kalimah ébréhan aya sababaraha fungsi, di antarana aya kalimah salam, kalimah panggentra (vokatif), jeung kalimah anteuran. Kalimah salam nya éta kalimah nu wangunna matok, biasana dipaké nalika tepung jeung jalma lian. Kalimah panggentra (vokatif) nya éta kalimah panyeluk nu diwangun ku nyebutkeun ngaran, gelar, sesebutan, atawa pangkat pikeun nuduhkeun jalma nu diajak nyarita. Kalimah anteuran nya éta kalimah panyeluk anu patalina jeung ébréhan rasa panyatur, misalna kanyeri, kabungah, kakeuheul, jeung lianna.

Dumasar kana wandana, aya opat rupa kalimah atawa omongan nya éta: kalimah komisif, kalimah impositif, kalimah éksprésif, jeung kalimah asértif. Kalimah komisif nya éta kalimah anu fungsina pikeun ngedalkeun jangji, tawaran, atawa pananya. Kalimah impositif nya éta kalimah anu fungsina pikeun ngedalkeun paréntah. Kalimah éksprésif nya éta kalimah anu fungsina pikeun cumeluk jeung sora bituna rasa. Kalimah asértif nya éta anu fungsina pikeun ngedalkeun bebeneran wawaran.

Luyu jeung pedaran di luhur, dina ieu panalungtikan anu dipedar téh ngeunaan fungsi jeung wanda kalimah pragmatis ébréhan. Wacana nu dijadikeun sumber data nya éta wacana nu aya dina novél Rajapati di Pananjung karangan Ahmad


(12)

4

Bakri nu mangrupa salah sahiji wacana fiksi nu janggélékan omonganana maké basa lancaran. Pangna nganalisis novél sabab dina novél tangtuna euyeub ku paguneman-paguneman dina wujud kaliah-kalimah nu mangrupa omongan, kitu ogé kalimah ébréhan. Conto kalimah ébréhan misalna waé saperti ieu di handap:

“Eum, nu dagang téh aya-aya waé!”

“Euleuh, na seueur-seueur teuing ieu téh!?” (Bakri, 1985: 19-20)

Dumasar conto di luhur, ciri kalimah ébréhan bisa katitén tina kecap panyeluk

“eum”, “euleuh”, jeung “na”. Éta kecap panyeluk téh mangrupa wujud émosi

atawa bituna sora.

Panalungtikan ngeunaan kalimah pragmatis saacanna pernah aya nu nalungtik nya éta ku Septiadi Angga Yuda dina taun 2012 nu judulna “Analisis Kalimah Pragmatis dina Naskah Drama Budha Si Narko Karya Dadan Sutisna pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP.” Teu saeutik ogé panalungtikan séjén ngeunaan adegan pragmatis dina kalimah, tapi leuwih museur kana tata sintaksis lain kana kalimah pragmatis. Upamana waé:

a. “Adegan Pragmatis Kalimah Pananya dina Kumpulan Carpon Ajalna Sang Bentang Pasantren Karangan Duduh Durahman” (Irma Dewi Kharisma, 2008);

b. “Adegan Pragmatis Kalimah Pananya dina Naskah Drama Sunda Karangan Siswa Kls XII IPA SMA N 1 Sindangkasih Kab. Ciamis Taun Ajaran 2010/2011”(Endhang Mardhayanty, 2011);

c. “Adegan Pragmatis Kalimah Parentah dina Karangan Paguneman Persuasif Siswa Kelas X SMA Pasundan 8 Bandung Taun Ajaran 2010/2011” (Dian Cesar Maharani, 2011);

d. “Adegan Pragmatis Kalimah Parentah dina Kumpulan Carpon Dukun Lepus

Karangan Ahmad Bakri”(Aryani Purbasari, 2008),

e. “Adegan Pragmatis Kalimah Singgetan dina Novel Kolebat Kuwung-kuwung Kinasih Katumbirian Karangan Tatang pikeun Bahan Pangajaran Di SMP”

(Andika Wibowo, 2010).

Panalungtikan Irma Dewi Kharisma jeung Endhang Mardhayanty medar adegan pragmatis kalimah pananya tina kumpulan carpon jeung naskah drama.


(13)

5

Panaluntikan Dian Cesar Maharani jeung Aryani Purbasari medar kalimah paréntah tina karangan siswa jeung kumpulan carpon. Ari Andika Wibowo medar adegan pragmatis kalimah singgetan. Éta lima panalungtikan téh pada-pada medar tina jihat adegan pragmatis. Kitu deui, ieu panalungtikan mibanda sasaruaan nya éta medar adegan pragmatis dina kalimah, tapi aya bédana. Ieu panalungtikan medar fungsi jeung wanda pragmatis kalimah ébréhan (ékslamatif).

Judul panalungtikan di luhur miboga sasaruaan nya éta sarua medar ngeunaan wangun, harti, jeung adegan kalimah pragmatis. Bédana jeung ieu panalungtikan anu dilaksanakeun nya éta ieu panalungtikan ngabuktikeun yén adegan kalimah pragmatis ébréhan téh bisa kapanggih dina novél. Dumasar fungsina, kalimah ébréhan ngawengku: kalimah salam, kalimah panggentra (vokatif), jeung kalimah anteuran. Dumasar wanda, nyoko kana opat rupa kalimah atawa omongan di antarana: kalimah komisif, kalimah impositif, kalimah éksprésif, jeung kalimah asértif.

Sabada niténan jeung nimbang pedaran di luhur, tétéla can aya panalungtikan anu medar ngeunaan fungsi jeung wanda pragmatis kalimah ébréhan dina novél. Ku kituna, dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan fungsi jeung wanda pragmatis kalimah ébréhan dina novél nu dijudulan “Fungsi jeung Wanda Pragmatis Kalimah Ébréhan dina Novél Rajapati di Pananjung Karangan Ahmad Bakri.”

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah

Sangkan ieu panalungtikan henteu sumebar kana bahasan séjén, luyu jeung kasang tukang nu dipedar ieu masalah bakal diwatesanan jeung dirumuskeun saperti ieu di handap.

1.2.1 Watesan Masalah

Adegan kalimah ngawengku fungsi, harti, ma‟na, jeung wanda. Dumasar kana fungsina, kalimah ébréhan ngawengku: kalimah salam, kalimah panggentra (vokatif), jeung kalimah anteuran. Dumasar kana wanda kalimahna, aya kalimah komisif, kalimah impositif, kalimah éksprésif, jeung kalimah asértif.


(14)

6

Luyu jeung kasang tukang masalah, sangkan ieu panalungtikan leuwih museur jeung teu lega teuing ambahanna kudu diwatesanan. Ieu panalungtikan medar ngeunaan fungsi jeung wanda pragmatis kalimah dina novél Rajapati di Pananjung karangan Ahmad Bakri nu diwatesan kana kalimah ébréhan (éksklamatif).

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kasang tukang jeung watesan masalah, ieu panalungtikan boga sababaraha masalah anu kudu dirumuskeun. Masalah nu ditalungtik dirumuskeun dina wangun panya ieu di handap.

a. Kalimah pragmatis ébréhan naon waé nu aya dina novél Rajapati di Pananjung karanganAhmad Bakri?

b. Kumaha fungsi pragmatis kalimah ébréhan nu aya dina novél Rajapati di Pananjung karanganAhmad Bakri?

c. Kumaha harti jeung ciri pragmatis kalimah ébréhan nu aya dina novél

Rajapati di Pananjung karanganAhmad Bakri?

d. Kumaha wanda pragmatis kalimah ébréhan nu aya dina novél Rajapati di Pananjung karanganAhmad Bakri?

1.3Tujuan Panalungtikan

Dumasar kana kasang tukang jeung rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan miboga tujuan, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungtikan nya éta medar ngeunaan fungsi jeung wanda pragmatis kalimah ébréhan dina novél Rajapati di Pananjung karangan Ahmad Bakri.


(15)

7

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun fungsi jeung wanda pragmatis kalimah ébréhan dina novél Rajapati di Pananjung

karangan Ahmad Bakri. Déskripsina ngawengku:

a. Kalimah pragmatis ébréhan nu aya dina novél Rajapati di Pananjung

karangan Ahmad Bakri;

b. Fungsi pragmatis kalimah ébréhan nu aya dina novél Rajapati di Pananjung

karanganAhmad Bakri;

c. Harti jeung ciri pragmatis kalimah ébréhan nu aya dina novél Rajapati di Pananjung karanganAhmad Bakri; jeung

d. Wanda pragmatis kalimah ébréhan nu aya dina novél Rajapati di Pananjung

karanganAhmad Bakri. 1.4Mangpaat Panalungtikan

Sajaba ti boga tujuan anu geus dipedar di luhur, dina ieu panalungtikan ogé dipiharep méré mangpaat pikeun panalungtik, nu maca, jeung pangajaran basa. Éta mangpaat di antarana waé aya mangpaat sacara tioritis jeung mangpaat sacara praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat:

a. pikeun ulikan élmuning basa, bisa nambahan kabeungharan ulikan pragmatik hususna ngeunaan adegan kalimah pragmatis dina novél;

b. bisa nambahan pangaweruh nu maca, utamana dina widang analisis wacana; c. jadi salah sahiji référénsi pikeun kaperluan-kaperluan nu aya pakaitna jeung

panalungtikan kabasaan. 1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat:

a. méré pangaweruh ngeunaan kalimah pragmatis ébréhan nu aya dina novél


(16)

8

b. méré pangaweruh ka masarakat kana ajén-ajén nu nyangkaruk ngaliwatan paguneman nu aya dina novél Rajapati di Pananjung karangan Ahmad Bakri; c. dijadikeun bahan tinimbangan pikeun guru dina milih jeung nyusun bahan

pangajaran; jeung

d. dijadikeun référénsi pikeun mahasiswa dina mata kuliah kabasaan. 1.5Raraga Tulisan

Ieu tulisan dipidangkeun dina lima bab. Bab I bubuka, nu eusina ngawengku kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan nu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan nu ngawengku mangpaat sacara tioritis jeung mangpaat sacara praktis, sarta raraga tulisan.

Dina bab II dipedar ulikan tiori, raraga mikir, jeung anggapan dasar. Dina ieu bab dipedar tiori-tiori ngeunaan kapragmatisan, kalimah, kalimah ébréhan, jeung novél. Dina subbab kapragmatisan ngawengku kasang tukang pragmatik, kalungguhan pragmatik, sarta watesan jeung ciri pragmatik. Dina subbab kalimah medar watesan kalimah, ciri-ciri kalimah, jeung fungsi kalimah. Dina subbab kalimah ébréhan medar ngeunaan watesan pragmatis kalimah ébréhan, fungsi pragmatis kalimah ébréhan, ciri-ciri pragmatis kalimah ébréhan, harti pragmatis kalimah ébréhan, wanda pragmatis kalimah ébréhan, jeung ma‟na pragmatis kalimah ébréhan. Dina subbab novél dipedar wangenan novél, ciri-ciri novél, jeung papasingan novél. Tuluy dipedar ogé raraga mikir jeung anggapan dasar.

Dina Bab III nu eusina métode panalungtikan dipedar ngeunaan data jeung sumber data, disain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, sarta téhnik nganalisis data.

Bab IV hasil panalungtikan eusina ngadéskripsikeun data tuluy nganalisis fungsi jeung wanda pargmatis kalimah ébréhan dina novél Rajapati di Pananjung

karangan Ahmad Bakri. Di jerona ngawengku data kalimah ébréhan, fungsi kalimah ébréhan, harti jeung ciri kalimah ébréhan, jeung wanda kalimah ébréhan.

Bab V kacindekan jeung saran eusina mangrupa hasil nafsirkeun jeung


(17)

9

panalungtikan. Kacindekan dina ieu panalungtikan ditulis dumasar hasil analisis ditilik tina jihat kapragmatisan kalimah ébréhanna nu aya dina novél Rajapati di Pananjung karangan Ahmad Bakri. Salian ti éta ogé ditulis saran atawa rékoméndasi sanggeus ditulis kacindekan panalungtikan.


(18)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Data jeung Sumber Data

Data ieu panalungtikan nya éta kalimah ébréhan anu dianalisis tina segi fungsi jeung wanda. Éta data kalimah dijaring tina sababaraha data. Sumber data nya éta subjék di mana data dimeunangkeun. Sumber data bisa mangrupa dokuméntasi, nya éta sumber data nu nyadiakeun tanda-tanda dina wangun huruf, angka, gambar, atawa lambang-lambang lianna. Jadi lamun panalungtik ngagunakeun dokuméntasi, mangka dokumén atawa catetan nu jadi sumber data, ari eusi catetan disebutna téh subjék atawa variabel panalungtikan (Arikunto, 2010: 172).

Dumasar kana katerangan di luhur, anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta novél Rajapati di Pananjung karangan Ahmad Bakri. Ieu novél téh médal dina taun 1985, dikaluarkeun ku Rahmat Cijulang nu perenahna di Bandung. Ieu novél anu kandelna 124 kaca, boga ukuran 17,5 cm x 12 cm x 0,6 cm téh kungsi meunang panglélér ti IKAPI Jabar dina taun 1967.

Dina jilid luarna, aya ilustrasi gambar hiji lalaki anu ngagolér dina parahu. Warna nu digunakeun dina éta sampul novél lolobana warna hideung, kitu ogé warna hideung dipaké keur ngagambarkeun keusik jeung parahu, sedengkeun warna jelema nu aya dina éta parahu maké warna héjo. Cai diilustrasikeun ku warna biru. Ari tulisanna mah maké warna biru jeung héjo anu dilataran ku warna konéng. Di tukangeun novél, aya foto jeung data singget pangarang.

Lebah jerona, dina ieu novél diwengku ku sababaraha sub judul, di antarana: Lalampahan ka Pangandaran, Kanceuh, Diontrog, Mayit dina Parahu, Papanggihan, Néangan Raratan, jeung Kaméja Léter L. Sacara gurat badag, eusi novél mangrupa novél misteri anu nyaritakeun telasna hiji lalaki, éta kajadianana aya di hiji tempat nya éta basisir Pangandaran.

Ahmad Bakri salaku panulis ieu novél, dilahirkeun di Rancah, Ciamis tanggal 11 Méi 1917. Taun 1937 kungsi nulis, tapi naskahna ditolak ku Balé Pustaka. Mimiti nulis deui taun 1963, dimuat dina sawatara majalah. Taun 1965 jeung


(19)

31

1966 meunang hadiah tina carita pondok nu dimuat dina majalah Manglé taun harita. Taun 1967 ngirimkeun naskah ka IKAPI Jawa Barat. Opat naskahna meunang hadiah pikeun bacaan barudak, rumaja, déwasa, jeung umum, nya éta

Kabandang ku Kuda Lumping, Nu Seungit Dipulang Asih, Rajapati di Pananjung,

jeung Payung Butut. Karangan-karangan Ahmad Bakri humoristis, seger tur dialog-dialogna hirup, nepi ka matak pogot dibacana.

3.2 Désain Panalungtikan

Rancangan atawa désain panalungtikan dina enas-enasna nya éta sakumna prosés pamikiran jeung panangtu ihwal nu bakal dilakukeun. Hartina, mangrupa dadasar kagiatan nu bakal dilaksanakeun sarta bisa dijadikeun dasar pangajén, boh ku panalungtik sorangan boh ku pihak lianna kana éta panalungtikan. Ku kituna, désain panalungtikan miboga tujuan pikeun méré tanggung jawab kana sakabéh léngkah-léngkah anu bakal dilaksanakeun (Margono, 2010: 100).

Désain panalungtikan kudu disusun sacara sistematis dumasar pola nu tangtu luyu jeung lingkungan di mana panalungtik ngarencanakeun proyék panalungtikan. Léngkah-léngkah panalungtikan ti mimiti nepi ka ahir bisa katitén dina bagan ieu di handap.


(20)

32

3.1 Bagan Alur Panalungtikan Léngkah 4

Ngarumuskeun Anggapan Dasar Léngkah 3

Ngarumuskeun Masalah Léngkah 2

Studi Pustaka Léngkah 1 Milih Masalah

Léngkah 5 Milih Ulikan

Léngkah 6-a Nangtukeun Variabel

Léngkah 6-b Nangtukeun Sumber Data

Léngkah 7

Nangtukeun jeung Nyusun Instrumén Léngkah 8

Ngumpulkeun Data Léngkah 9 Analisis Data

Léngkah 10 Kacindekan Léngkah 11 Nyusun Laporan


(21)

33

Dumasar bagan désain panalungtikan di luhur, yén prosés nu mimiti dilakukeun waktu ngayakeun panalungtikan nya éta: (1) milih masalah, (2) studi pustaka nya éta ulikan pustaka atawa néangan tiori-tiori nu aya patalina jeung objék panalungtikan, (3) ngarumuskeun masalah, (4) ngarumuskeun anggapan dasar, (5) milih pamarekan, ngawengku (6-a) nangtukeun variabel jeung (6-b) nangtukeun sumber data. Diteruskeun ku (7) nangtukeun jeung nyusun instrumén, (8) ngumpulkeun data, ngawengku: (a) maca sagemblengna novél Rajapati di Pananjung karangan Ahmad Bakri, (b) nyirian data nu aya dina éta novél luyu jeung masalah anu baris dipedar, (c) kalimah nu geus dicirian terus disalin kana kartu data, nyusun kartu data sacara alfabétis, nyalin kalimah sacara pragmatis tina kartu data; (9) analisis data, data nu geus dikumpulkeun terus dipasing-pasing, dianalisis dumasar kana kalimah pragmatis ébréhan, ngadéskripsikeun data kalimah pragmatis ébréhan nu geus dianalisis; (10) nyieun kacindekan; jeung léngkah pamungkas dina ieu panalungtikan nya éta nyusun laporan dina wangun skripsi.

3.3 Métode Panalungtikan

Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif anu boga karep pikeun ngaréngséskeun masalah dumasar kana data-data, lian ti éta ogé méré data, nganalisis, jeung ngainterprétasi (Narbuko jeung Achmadi, 2009: 44). Tujuanna pikeun méré gambaran sacara sistematis, fakta anu akurat, jeung karakteristikna ngeunaan populasi atawa widang nu tangtu (Azwar, 2012: 7).

Dumasar pedaran di luhur, dina prak-prakanana métode déskriptif lain ngan saukur ngumpulkeun jeung nyusun data, tapi ogé nganalisis jeung ngainterprétasi ngeunaan éta data. Dina ieu panalungtikan nu baris didéskripsikeun nya éta fungsi jeung wanda pragmatis kalimah ébréhan dina Novél Rajapati di Pananjung

Karangan Ahmad Bakri. 3.4 Wangenan Operasional

Wangenan operasional miboga kalungguhana nu kacida pentingna, nya éta sangkan tujuan, maksud, sarta udaganana bisa kagambar kalawan écés tur jéntré


(22)

34

nepi ka teu nimbulkeun rupa-rupa tapsiran ngeunaan istilah anu patalina jeung judul panalungtikan. Di handap baris didadarkeun istilah-istilah atawa wangenan operasional nu aya patalina jeung ieu panalungtikan.

1) Kalimah ébréhan nya éta kalimah anu fungsina pikeun ngébréhkeun sora bituna rasa panyatur anu sipatna husus, misalna waé ngarasa héran atawa hookeun ku hal-hal anu kaalaman, katénjo, kadéngé, atawa karasa.

2) Fungsi pragmatis kalimah nya éta patalina unsur basa jeung pamakéna dina kontéks nu tangtu, miboga rupa-rupa fungsi miwujud kecap atawa runtuyan kecap-kecap tur miboga ma’na, sarta nyoko kana ma’na kalimah disawang tina résponsi nu dipiarep ku pamiarsa.

3) Wanda pragmatis kalimah nya éta rupa-rupa kalimah disawang tina polah ucap katut kecap pagawéan anu jadi caritaanana, saperti kalimah komisif, kalimah impositif, kalimah éksprésif, jeung kalimah asértif.

4) Novél Rajapati di Pananjung nya éta salah sahiji novél karangan Ahmad Bakri nu dijadikeun sumber data.

Jadi, nu dimaksud fungsi jeung wanda pragmatis kalimah ébréhan dina novél

Rajapati di Pananjung karangan Ahmad Bakri nya éta nalungtik kalimah pragmatis ébréhan, fungsi, harti, ciri, jeung wanda pragmatis kalimah ébréhan. 3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanna leuwih gampang jeung hasilna leuwih hadé, dina harti leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis sangkan leuwi babari diolah (Arikunto, 2010: 203).

Instrumén nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta kartu data. Ukuran kartu data nu digunakeunna 11 x 14 cm. Dina kartu data aya alfabét, data kalimah, kode data (judul novél, kaca, paragraf, jeung jajaran). Jaba ti éta aya komponén analisis nya éta fungsi, harti, ciri, jeung wanda kalima pragmatis ébréhan. Conto kartu data saperti ieu di handap.


(23)

35

E

“Euleuh, na seueur-seueur teuing ieu téh!?” (RdP/20/7/1)

a. Fungsi : Kalimah anteuran b. Harti : kagét

c. Ciri : euleuh, na

d. Wanda : kalimah éksprésif

Sistem Kartu Data

3.6Téhnik Ngumpulkeun Data

Data panalungikan bisa dikumpulkeun ngaliwatan instrumén ngumpulkeun data, obsérvasi, atawa data dokuméntasi. Data nu kudu dikumpulkeun bisa waé mangrupa data primér, data sékundér, atawa duanana. Data primér dimeunangkeun tina sumber kahiji ngaliwatan prosédur jeung téhnik nyokot data nu bisa mangrupa wawancara, obsérvasi, atawa ngagunakeun instrumén pengukuran anu husus dirancang luyu jeung tujuan. Data sékundér dimeunangkeun tina data teu langsung nu bisa mangrupa data dokuméntasi jeung arsip-arsip resmi (Azwar, 2012: 36).

Dina ngumpulkeun data dilaksanakeun ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

1) Maca sagemblengna novél Rajapati di Pananjung karangan Ahmad Bakri; 2) Nyirian opat rupa kalimah pragmatis nu aya dina éta novél;

3) Kalimah nu geus dicirian terus disalin kana kartu data; 4) Nyusun kartu data sacara alfabétis;

5) Nyalin kalimah sacara pragmatis tina kartu data;

6) Masing-masingkeun kalimah sacara pragmatis dumasar kana wandana; 3.7Téhnik Nganalisis Data

Hasil olahan data panalungtikan mangrupa salaku hiji cara ngaorganisasikeun data sangkan bisa dibaca (readable) jeung bisa dihartikeun (interpretable). Kagiatan ngolah data dimimitian ku tabulasi data kana tabél induk, klasifikasi data, analisis-analisis déskriptif, panalungtikan, jeung dipungkas ku nyindekkeun hasil analisis. Tabulasi nya éta prosés nyieun tabél induk anu ngawengku runtuyan


(24)

36

data panalungtikan dumasar kana papasingan anu sistematis sangkan leuwih babari dianalisis. Luyuna téknik analisis jeung tujuan panalungtikan sarta kaayaan data leuwih penting ti batan méré angka-angka jeung tabél-tabél anu loba.

Dina nganalisis data dilaksanakeun ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap. 1) Data nu geus dikumpulkeun terus dipasing-pasing;

2) Data dianalisis dumasar kana kalimah pragmatis dina novél Rajapati di Pananjung karangan Ahmad Bakri;

3) Ngadéskripsikeun data kalimah pragmatis nu geus dianalisis; 4) Nyindekkeun data nu geus diolah.


(25)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

Dumasar hasil analisis jeung déskripsi data, dina ieu bab dipidangkeun kacindekan jeung saran saperti ieu di handap.

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan ngadéskripsikeun kalimah ébréhan dina novél Rajapati di Pananjung karangan Ahmad Bakri disawang tina fungsi jeung wandana pragmatisna. Dumasar kana analisis jeung déskripsi data, hasil panalungtikan fungsi jeung wanda pragmatis kalimah ébréhan dina novél Rajapati di Pananjung

karangan Ahmad Bakri kapanggih aya 175 kalimah ébréhan, anu diwincik jadi tilu bagian, di antarana: (1) fungsi pragmatis kalimah ébréhan nu aya dina novél

Rajapati di Pananjung karangan Ahmad Bakri; (2) harti jeung ciri pragmatis kalimah ébréhan nu aya dina novél Rajapati di Pananjung karangan Ahmad Bakri; jeung (3) wanda pragmatis kalimah ébréhan nu aya dina novél Rajapati di Pananjung karangan Ahmad Bakri.

Kahiji, kalimah ébréhan mangrupa kalimah anu fungsina pikeun ngébréhkeun émosi atawa rasa anu kaalaman ku panyatur, saperti rasa bungah, sedih, hookeun, ngambek, jeung lianna. Tina hasil panalungtikan kapanggih aya dua fungsi kalimah ébréhan, di antarana: (1) Fungsi kalimah panggentra (vokatif) kapanggih aya dua pola anu ngawengku: 1) pola ka-1 jumlahna aya 11 (6,3%) kalimah panggentra (vokatif); jeung 2) pola ka-2 jumlahna aya 2 (1,1%) kalimah panggentra (vokatif). (2) Fungsi kalimah anteuran kapanggih aya 22 pola kalimah ébréhan anu ngawengku: 1) pola ka-1 jumlahna aya 15 (8,6%) kalimah anteuran; 2) pola ka-2 jumlahna aya 4 (2,3%) kalimah anteuran; 3) pola ka-3 jumlahna aya 42 (24%) kalimah anteuran; 4) pola ka-4 jumlahna aya 3 (1,7%) kalimah anteuran; 5) pola ka-5 jumlahna aya 1 (0,6%) kalimah; 6) pola ka-6 jumlahna aya 11 (6,3%) kalimah anteuran; 7) pola ka-7 jumlahna aya 15 (8,6%) kalimah anteuran; 8) pola ka-8 jumlahna aya 34 (19,4%) kalimah anteuran; 9) pola ka-9


(26)

87

jumlahna aya 8 (4,6%) kalimah anteuran; 10) pola ka-10 jumlahna aya 1 (0,6%) kalimah anteuran; 11) pola ka-11 jumlahna aya 5 (2,9%) kalimah anteuran; 12) pola ka-12 jumlahna aya 3 (1,7%) kalimah anteuran; 13) pola ka-13 jumlahna aya 1 (0,6%) kalimah anteuran; 14) pola ka-14 jumlahna aya 2 (1,1%) kalimah anteuran; 15) pola ka-15 jumlahna aya 2 (1,1%) kalimah anteuran; 16) pola ka-16 jumlahna aya 1 (1,1%) kalimah anteuran; 17) pola ka-17 jumlahna aya 3 (1,7%) kalimah anteuran; 18) pola ka-18 jumlahna aya 3 (1,7%) kalimah anteuran; 19) pola ka-19 jumlahna aya 1 (0,6%) kalimah anteuran; 20) pola ka-20 jumlahna aya 4 (2,3%) kalimah anteuran; 21) pola ka-21 jumlahna aya 1 (0,6%) kalimah anteuran; jeung 22) pola ka-22 jumlahna aya 2 (1,1%) kalimah anteuran.

Kadua, kalimah ébréhan miboga rupa-rupa harti, misalna waé kagét, keuheul, umajak, ngageuri, mupuas, karumasan, tumamprak. Nilik kana cirina, misalna waé ayana kekecapan: ih, na, alhamdulillah, nun Gusti, yu, nuhun, emh, jeung lianna. Dumasar analisis data, dina ieu panalungtikan kapanggih aya dalapan fungsi jeung ciri-cirina, di antarana: 1) kalimah ébréhan nu harti pragmatisna kagét aya 42 (24%) kalimah, sarta miboga ciri-ciri di antarana diwangun ku kecap

euleuh, har, ih, wah, jeung lianna; 2) kalimah ébréhan nu harti pragmatisna keuheul aya 40 (22,8%) kalimah, sarta miboga ciri-ciri di antarana diwangun ku kecap bedus, na, jeung lianna; 3) kalimah ébréhan nu harti pragmatisna umajak aya 28 (16%) kalimah, sarta miboga ciri-ciri di antarana diwangun ku kecap

hu/hayu jeung mangga; 4) kalimah ébréhan nu harti pragmatisna ngageuri aya 42 (24%) kalimah, sarta miboga ciri-ciri di antarana diwangun ku kecap ah, euh, eum, heeh, hih, lah, tuda, jeung lianna; 5) kalimah ébréhan nu harti pragmatisna paneges aya 9 (5,1%) kalimah, sarta miboga ciri-ciri di antarana diwangun ku kecap tah; 6) kalimah ébréhan nu harti pragmatisna mupuas aya 1 (0,6%) kalimah, sarta miboga ciri-ciri di antarana diwangun ku kecap hoyah; 7) kalimah ébréhan nu harti pragmatisna karumasan aya 1 (0,6%) kalimah, sarta miboga ciri-ciri di antarana diwangun ku kecap rumaos; jeung 8) kalimah ébréhan nu harti pragmatisna tumamprak aya 1 (0,6%) kalimah, sarta miboga ciri-ciri di antarana diwangun ku kecap alhamdulillah.


(27)

88

Katilu, ditilik tina wandana, aya opat rupa kalimah ébréhan atawa omongan nu ngawengku kalimah ébréhan komisif, kalimah ébréhan impositif, kalimah ébréhan éksprésif, jeung kalimah ébréhan asértif. Dumasar analisis data, kapanggih aya opat rupa wanda pragmatis kalimah ébréhan, di antarana: (1) kalimah ébréhan komisif kapanggih aya 6 (3,4%) kalimah, sarta miboga rupa-rupa ma’na saperti

ma’na ngawawarkeun jeung ma’na ngantebkeun; (2) kalimah ébréhan impositif

kapanggih aya 22 (12,6%) kalimah, sarta miboga rupa-rupa ma’na saperti ma’na nitah, ngajak, ngageuri, jeung miharep; (3) kalimah ébréhan éksprésif aya 131 (74,9%) kalimah, sarta miboga rupa-rupa ma’na saperti ma’na tumamprak, nyarék, kagét, ngageuri, jeung keuheul; jeung (4) kalimah ébréhan asértif aya 4 (2,3%) kalimah, sarta kaasup kana golongan kalimah analitis.

Dumasar data-data di luhur, fungsi pragmatis kalimah ébréhan, harti jeung ciri pragmatis kalimah ébréhan, sarta wanda pragmatis kalimah ébréhan kapanggih dina novél Rajapati di Pananjung karangan Ahmad Bakri.

5.2 Saran

Dumasar kacindekan di luhur, aya sawatara saran anu perlu ditepikeun patali jeung ieu panalungtikan.

Kahiji, ieu panalungtikan téh ngajaring kalimah ébréhan anu kapanggih dina sumber ragam basa tulisan, nya éta dina wangun novél. Éta hal disababkeun can aya nu nalungtik ihwal kalimah ébréhan, boh dina sumber ragam tulisan boh dina sumber ragam lisan. Ku kituna, panalungtik nyokot kaputusan pikeun nalungtik kalimah ébréhan dina wangun tulisan. Sangkan leuwih lengkep, tangtuna hadé pisan lamun ieu panalungtikan téh dimekarkeun deui, nya éta ku cara ngayakeun panalungtikan dina wangun lisan.

Kadua, pikeun ngajembaran ambahan kabasaan hususna kapragmatisan kalimah ébréhan, dipiharep tilikan nu dipedar bisa leuwih dijembaran deui, teu ngan sawates fungsi, harti jeung ciri, katut wanda kalimah pragmatis ébréhan wungkul.

Katilu, novél Rajapati di Pananjung karangan Ahmad Bakri kaasup novél déwasa. Ku kituna, ieu panalungtikan teu dipatalikeun jeung pangajaran, sabab


(28)

89

patali jeung eusi carita anu kurang pantes pikeun diajarkeun dina pangajaran. Pikeun ka hareupna, perlu aya nu nalungtik ihwal kalimah ébréhan nu dipatalikeun jeung pangajaran nu tangtuna sumber datana pantes pikeun dijadikeun bahan ajar. Pangna dipatalikeun jeung pangajaran, sabab unsur-unsur pangwangun kalimah ébréhan lolobana diwangun ku kecap panyeluk nu mangrupa salah sahiji matéri kabasaan nu aya dina matéri pangajaran di tingkat SMP.


(29)

DAFTAR PUSTAKA

Alwi, H. spk. (2003). Tata Bahasa Baku Bahasa Indonesia [Edisi Ketiga]. Jakarta: Balai Pustaka.

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian [Edisi Revisi]. Jakarta: Rineka Cipta. Azwar, S. (2012). Metode Penelitian. Yogyakarta: Pustaka Pelajar Offset.

Chaer, A. (2009). Sintaksis Bahasa Indonesia (Pendekatan Proses). Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama. Fasa, Z. M. (2012). Pengertian, Ciri-ciri, dan Jenis-jenis Novel. [Online].Tersedia:

http://blogtoblogtoo.blogspot.com/2012/04/pengertian-ciri-ciri-jenis-jenis-novel.html [28 April 2013].

Iskandarwassid. (2004). Raksa Rasa (Antologi Basa jeung Sastra Sunda Katut Pangajaranana). Bandung: Geger Sunten.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. (2008). Palanggeran Ejahan Bahasa Sunda. Bandung: Sonagar Press.

Kuswari, U & Hernawan. (2010). Sintaksis Basa Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Leech, G. (2011). Prinsip-prinsip Pragmatik. Jakarta: Universitas Indonesia. Lembaga Basa & Sastra Sunda. (1992). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung:

Taraté.

Margono, S. (2010). Metodologi Penelitian Pendidikan. Jakarta: Rineka Cipta. Narbuko jeung Achmadi. (2009). Metode Penelitian. Bandung: Bumi Aksara. Nesaci. (2013). Jenis dan Pengertian Novel. [Online]. Tersedia:

http://nesaci.com/jenis-dan-pengertian-novel/ [28 April 2013] Parera, J. D. (2009). Dasar-dasar Analisis Sintaksis. Jakarta: Erlangga. Pateda, Mansoer. (1988). Linguistik (Sebuah Pengantar). Bandung: Angkasa. Sudaryat, Y. (2004). Élmuning Basa. Bandung: CV. Walatra.


(30)

91

---. (2007). Makaya Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.

---. (2009). Pragmatik dalam Bahasa Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.

---. (2009). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. ---. (2010). Pedaran Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.

---. (2010). Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten. ---. (2011). Makna dalam Wacana. Bandung: Yrama Widya.

Sumardjo, J & Saini. (1986) . Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia. Tamsyah, B. R. (1996). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia. Tarigan, H. G. (1986). Prinsip-prinsip Dasar Sintaksis. Bandung: Angkasa. Tarigan, H. G. (2009). Pengajaran Pragmatik. Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.


(1)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

Dumasar hasil analisis jeung déskripsi data, dina ieu bab dipidangkeun kacindekan jeung saran saperti ieu di handap.

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan ngadéskripsikeun kalimah ébréhan dina novél Rajapati di

Pananjung karangan Ahmad Bakri disawang tina fungsi jeung wandana

pragmatisna. Dumasar kana analisis jeung déskripsi data, hasil panalungtikan fungsi jeung wanda pragmatis kalimah ébréhan dina novél Rajapati di Pananjung karangan Ahmad Bakri kapanggih aya 175 kalimah ébréhan, anu diwincik jadi tilu bagian, di antarana: (1) fungsi pragmatis kalimah ébréhan nu aya dina novél

Rajapati di Pananjung karangan Ahmad Bakri; (2) harti jeung ciri pragmatis

kalimah ébréhan nu aya dina novél Rajapati di Pananjung karangan Ahmad Bakri; jeung (3) wanda pragmatis kalimah ébréhan nu aya dina novél Rajapati di

Pananjung karangan Ahmad Bakri.

Kahiji, kalimah ébréhan mangrupa kalimah anu fungsina pikeun ngébréhkeun

émosi atawa rasa anu kaalaman ku panyatur, saperti rasa bungah, sedih, hookeun, ngambek, jeung lianna. Tina hasil panalungtikan kapanggih aya dua fungsi kalimah ébréhan, di antarana: (1) Fungsi kalimah panggentra (vokatif) kapanggih aya dua pola anu ngawengku: 1) pola ka-1 jumlahna aya 11 (6,3%) kalimah panggentra (vokatif); jeung 2) pola ka-2 jumlahna aya 2 (1,1%) kalimah panggentra (vokatif). (2) Fungsi kalimah anteuran kapanggih aya 22 pola kalimah ébréhan anu ngawengku: 1) pola ka-1 jumlahna aya 15 (8,6%) kalimah anteuran; 2) pola ka-2 jumlahna aya 4 (2,3%) kalimah anteuran; 3) pola ka-3 jumlahna aya 42 (24%) kalimah anteuran; 4) pola ka-4 jumlahna aya 3 (1,7%) kalimah anteuran; 5) pola ka-5 jumlahna aya 1 (0,6%) kalimah; 6) pola ka-6 jumlahna aya 11 (6,3%) kalimah anteuran; 7) pola ka-7 jumlahna aya 15 (8,6%) kalimah


(2)

87

jumlahna aya 8 (4,6%) kalimah anteuran; 10) pola ka-10 jumlahna aya 1 (0,6%) kalimah anteuran; 11) pola ka-11 jumlahna aya 5 (2,9%) kalimah anteuran; 12) pola ka-12 jumlahna aya 3 (1,7%) kalimah anteuran; 13) pola ka-13 jumlahna aya 1 (0,6%) kalimah anteuran; 14) pola ka-14 jumlahna aya 2 (1,1%) kalimah anteuran; 15) pola ka-15 jumlahna aya 2 (1,1%) kalimah anteuran; 16) pola ka-16 jumlahna aya 1 (1,1%) kalimah anteuran; 17) pola ka-17 jumlahna aya 3 (1,7%) kalimah anteuran; 18) pola ka-18 jumlahna aya 3 (1,7%) kalimah anteuran; 19) pola ka-19 jumlahna aya 1 (0,6%) kalimah anteuran; 20) pola ka-20 jumlahna aya 4 (2,3%) kalimah anteuran; 21) pola ka-21 jumlahna aya 1 (0,6%) kalimah anteuran; jeung 22) pola ka-22 jumlahna aya 2 (1,1%) kalimah anteuran.

Kadua, kalimah ébréhan miboga rupa-rupa harti, misalna waé kagét, keuheul,

umajak, ngageuri, mupuas, karumasan, tumamprak. Nilik kana cirina, misalna waé ayana kekecapan: ih, na, alhamdulillah, nun Gusti, yu, nuhun, emh, jeung lianna. Dumasar analisis data, dina ieu panalungtikan kapanggih aya dalapan fungsi jeung ciri-cirina, di antarana: 1) kalimah ébréhan nu harti pragmatisna kagét aya 42 (24%) kalimah, sarta miboga ciri-ciri di antarana diwangun ku kecap

euleuh, har, ih, wah, jeung lianna; 2) kalimah ébréhan nu harti pragmatisna

keuheul aya 40 (22,8%) kalimah, sarta miboga ciri-ciri di antarana diwangun ku kecap bedus, na, jeung lianna; 3) kalimah ébréhan nu harti pragmatisna umajak aya 28 (16%) kalimah, sarta miboga ciri-ciri di antarana diwangun ku kecap

hu/hayu jeung mangga; 4) kalimah ébréhan nu harti pragmatisna ngageuri aya 42

(24%) kalimah, sarta miboga ciri-ciri di antarana diwangun ku kecap ah, euh,

eum, heeh, hih, lah, tuda, jeung lianna; 5) kalimah ébréhan nu harti pragmatisna

paneges aya 9 (5,1%) kalimah, sarta miboga ciri-ciri di antarana diwangun ku kecap tah; 6) kalimah ébréhan nu harti pragmatisna mupuas aya 1 (0,6%) kalimah, sarta miboga ciri-ciri di antarana diwangun ku kecap hoyah; 7) kalimah ébréhan nu harti pragmatisna karumasan aya 1 (0,6%) kalimah, sarta miboga ciri-ciri di antarana diwangun ku kecap rumaos; jeung 8) kalimah ébréhan nu harti pragmatisna tumamprak aya 1 (0,6%) kalimah, sarta miboga ciri-ciri di antarana diwangun ku kecap alhamdulillah.


(3)

Katilu, ditilik tina wandana, aya opat rupa kalimah ébréhan atawa omongan nu ngawengku kalimah ébréhan komisif, kalimah ébréhan impositif, kalimah ébréhan éksprésif, jeung kalimah ébréhan asértif. Dumasar analisis data, kapanggih aya opat rupa wanda pragmatis kalimah ébréhan, di antarana: (1) kalimah ébréhan komisif kapanggih aya 6 (3,4%) kalimah, sarta miboga rupa-rupa ma’na saperti

ma’na ngawawarkeun jeung ma’na ngantebkeun; (2) kalimah ébréhan impositif kapanggih aya 22 (12,6%) kalimah, sarta miboga rupa-rupa ma’na saperti ma’na

nitah, ngajak, ngageuri, jeung miharep; (3) kalimah ébréhan éksprésif aya 131 (74,9%) kalimah, sarta miboga rupa-rupa ma’na saperti ma’na tumamprak, nyarék, kagét, ngageuri, jeung keuheul; jeung (4) kalimah ébréhan asértif aya 4 (2,3%) kalimah, sarta kaasup kana golongan kalimah analitis.

Dumasar data-data di luhur, fungsi pragmatis kalimah ébréhan, harti jeung ciri pragmatis kalimah ébréhan, sarta wanda pragmatis kalimah ébréhan kapanggih dina novél Rajapati di Pananjung karangan Ahmad Bakri.

5.2 Saran

Dumasar kacindekan di luhur, aya sawatara saran anu perlu ditepikeun patali jeung ieu panalungtikan.

Kahiji, ieu panalungtikan téh ngajaring kalimah ébréhan anu kapanggih dina

sumber ragam basa tulisan, nya éta dina wangun novél. Éta hal disababkeun can aya nu nalungtik ihwal kalimah ébréhan, boh dina sumber ragam tulisan boh dina sumber ragam lisan. Ku kituna, panalungtik nyokot kaputusan pikeun nalungtik kalimah ébréhan dina wangun tulisan. Sangkan leuwih lengkep, tangtuna hadé pisan lamun ieu panalungtikan téh dimekarkeun deui, nya éta ku cara ngayakeun panalungtikan dina wangun lisan.

Kadua, pikeun ngajembaran ambahan kabasaan hususna kapragmatisan

kalimah ébréhan, dipiharep tilikan nu dipedar bisa leuwih dijembaran deui, teu ngan sawates fungsi, harti jeung ciri, katut wanda kalimah pragmatis ébréhan wungkul.


(4)

89

patali jeung eusi carita anu kurang pantes pikeun diajarkeun dina pangajaran. Pikeun ka hareupna, perlu aya nu nalungtik ihwal kalimah ébréhan nu dipatalikeun jeung pangajaran nu tangtuna sumber datana pantes pikeun dijadikeun bahan ajar. Pangna dipatalikeun jeung pangajaran, sabab unsur-unsur pangwangun kalimah ébréhan lolobana diwangun ku kecap panyeluk nu mangrupa salah sahiji matéri kabasaan nu aya dina matéri pangajaran di tingkat SMP.


(5)

DAFTAR PUSTAKA

Alwi, H. spk. (2003). Tata Bahasa Baku Bahasa Indonesia [Edisi Ketiga]. Jakarta: Balai Pustaka.

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian [Edisi Revisi]. Jakarta: Rineka Cipta. Azwar, S. (2012). Metode Penelitian. Yogyakarta: Pustaka Pelajar Offset.

Chaer, A. (2009). Sintaksis Bahasa Indonesia (Pendekatan Proses). Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama. Fasa, Z. M. (2012). Pengertian, Ciri-ciri, dan Jenis-jenis Novel. [Online].Tersedia:

http://blogtoblogtoo.blogspot.com/2012/04/pengertian-ciri-ciri-jenis-jenis-novel.html [28 April 2013].

Iskandarwassid. (2004). Raksa Rasa (Antologi Basa jeung Sastra Sunda Katut

Pangajaranana). Bandung: Geger Sunten.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. (2008). Palanggeran Ejahan Bahasa Sunda. Bandung: Sonagar Press.

Kuswari, U & Hernawan. (2010). Sintaksis Basa Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Leech, G. (2011). Prinsip-prinsip Pragmatik. Jakarta: Universitas Indonesia. Lembaga Basa & Sastra Sunda. (1992). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung:

Taraté.

Margono, S. (2010). Metodologi Penelitian Pendidikan. Jakarta: Rineka Cipta. Narbuko jeung Achmadi. (2009). Metode Penelitian. Bandung: Bumi Aksara. Nesaci. (2013). Jenis dan Pengertian Novel. [Online]. Tersedia:

http://nesaci.com/jenis-dan-pengertian-novel/ [28 April 2013] Parera, J. D. (2009). Dasar-dasar Analisis Sintaksis. Jakarta: Erlangga. Pateda, Mansoer. (1988). Linguistik (Sebuah Pengantar). Bandung: Angkasa.


(6)

91

---. (2007). Makaya Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.

---. (2009). Pragmatik dalam Bahasa Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.

---. (2009). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. ---. (2010). Pedaran Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.

---. (2010). Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten. ---. (2011). Makna dalam Wacana. Bandung: Yrama Widya.

Sumardjo, J & Saini. (1986) . Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia. Tamsyah, B. R. (1996). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia. Tarigan, H. G. (1986). Prinsip-prinsip Dasar Sintaksis. Bandung: Angkasa. Tarigan, H. G. (2009). Pengajaran Pragmatik. Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.