Kecap tina Basa Arab Maca Ngajembaran

62 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas VI

E. Kecap tina Basa Arab

Tengetan kalimah “Pikeun ngahadirkeun kaayaan aslina, rohangan diréka-réka.” Kecap ngahadirkeun, asalna tina kecap hadir. Kecap “hadir” téh kecap nu asalna tina basa Arab. Conto séjénna: ahir, ahlak, akal, alamat, da’wah, hayat, hilap, jumlah. 1. Pék badamikeun jeung babaturan, naon waé harti éta kecap téh Jieun kalimahna. Lisankeun baé 2. Aya informasi dina “Ngawawaas Dahar Cara Sunda” téh, pék pikiran deui, impleng deui. Informasikeun béjakeun maké basa Sunda anu hadé ka babaturan di hareupeun kelas. Geus kitu, tulis gurat badagna 3. Bacaan “Réstoran Sunda” nyaritakeun wirausaha dina widang kadaharan, réstoran atawa warung sangu. Jigana, kaasup kana usaha “kulinér” nya? 4. Cik téangan ku hidep, bagian atawa alinéa mana nu ngadéskrip- sikeun ngajéntrékeun kawaas téa 5. Keur latihan mah hidep bisa nyusun karangan péndék saalinéa baé panjangna dina wangun ‘déskripsi” ngagambarkeun - Baca hareupeun babaturan sakelas - Mun aya nu teu acan paham, taroskeun ka BapaIbu Guru

F. Maca Ngajembaran

Baca heula sing taliti KIRIPIK SAMPEU MA ICIH Rupa-rupa kadaharan di unggal daérah, loba pisan jumlahna. Kadaharan minangka oléh-oléh ka nu nyaba ka hiji kota wisata. Tina rupa oléh-oléh di kota Bandung salasahijina nyaéta kiripik Ma Icih. Kiripik Ma Icih, dijual dimobilan nu diparkir di sisi jalan liliwatan nu pariknik. Kemasan atawa bungkusna gé alus tur narik ati. Di unduh dari : Bukupaket.com 63 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas VI Sababaraha produk Ma Icih geus terkenal ti pausahaan PT Ma Icih Inti Sinérgi nyaéta Kiripik lada keripik pedas. Rupa-rupa varian level, tingkatan ladana. Salian ti kiripik, aya produk séjén di antarana basréng baso goréng. Dua produk kasebut, geus aya ti awal mula basa mimiti ngadeg perusahaan, tetep nagen nepi ka ayeuna. PT Ma Icih Inti Sinérgi téh nyaéta perusahaan kiripik sampeu lada panggedéna di Indonésia. Kantor pusatna aya di Bandung, Jawa Barat. Ieu pausahaan téh ngadeg dina bulan Juni 2010. Tadina mah mangrupa perusahaan “Usaha Kecil Menengah UKM’ kalawan papayung hukum CV. 29 Synérgi, tapi mimiti taun 2011 nu ngadegkeunana Réza Nurhilman ngarobah payung hukum tina CV jadi PT minangka payung hukumna. Taun 2010, Réza mimiti gawé bareng jeung produsén kiripik lada jeung baso goréng di kota Cimahi. Kagiatan produksina sacara komérsial minangka industri rumah tangga nu sacara resmi maké ngaran CV. 29 Synérgi. Réza Nurhilman mimiti ngajual sacara Word-of-Mouth jeung maké “jejaring sosial” twitter akun pribadi. Diropéa tina Ma Icih-Wikipedia bahasa Indonésia, énsiklopédia bébas

G. Carita Narasi jeung Déskripsi